You are on page 1of 3

SI KABAYAN NGALA NANGKA

(Nyi Iteung pamajikan Kabayan nu keur kakandungan ngora teh nyiram hayang pisan nangka, tapi si
Kabayan nu dasarna kebluk, tara daek ngala nangka. Dina hiji isuk, Nyi Iteung nyampeurkeun Kabayan
nu keur sasarean di bale hareupeun imah) .

Iteung : (Ngagugubrag Kabayan)”Kang, hayu atuh pangalakeun nangka tea keur Iteung!”

Kabayan : (Meletet, langsung reup deui) "Haduh, Nyai, engke weh nya, isukan. Akang teh tunduh
keneh!”

Iteung : (Semu ngambek) "lih, si Akang mah teu nyaah nya ka Iteung!"

Kabayan : (Kerek)

(Saking keheulna, Nyi Iteung indit ka imah kolotna si Kabayan)

Iteung : (Lumpat sabari ceurik langsung nangkeup Ema) "Emaaa...."

Ema Kabayan : (Reuwas) "Eleuh-eleuh, aya naon ieu teh, Nyai?"

Iteung :"Eta, Ma! Kang Kabayan! Kuring teh nyiram, hoyong pisan nangka, ngan Kang Kabayan mah
tara daek pisan pangalakeun!”

Ema Kabayan : "Geus tong ceurik! Keun weh, Emanu ngomong kasi Kabayan!"

(Ema jeung Nyi Iteung balik ka imah Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, katempo si Kabayan sare
keneh dina bale)

Ema Kabayan : "Heh! Kabayan, kebluk! Hudang sia!"

Kabayan :"Naon sih, Ma? Isuk-isuk geus adat-adatan!" (bari nutupan maneh ku sarungna)

Ema Kabayan : "Maneh teh kumaha! (ngadudut sarung Kabayan) Geus nyaho si Iteung keur
kakandungan, nyiram hayang nangka! Anggur mah diturutkeun kahayangna, kalah gogoleran teu puguh!"

Kabayan : "Heueuh Ma, sakeudeung deui dipangalakeun!"

Ema Kabayan : "Geuwat! Ayeuna geura mangkat neangan nangka! Nu kolot nya, nangkana!”

Kabayan : (Hudang) "Heueuh! Kuring mangkat ayeuna lah!"

(Kabayan indit neangan nangka. Tapi si Kabayan teh teu apaleun tangkal nangka nu keur buahan teh di
mana. Sapanjang jalan, manehna luak-lieuk neangan tangkal nangka. Ahirna manehna manggih hiji
tangkal nangka nu buahna leubeut)

Kabayan : "Hahhh! Kapanggih ayeuna mah! Tuh geuning tangkal nangka teh! Karolot deui nangkana!”

(Terekel si Kabayan langsung naek kana tangkal nangka. Manehna nyokot hiji nangka nu pangkolotna.
Teu lila ti kajauhan katempo nu boga tangkal keur leumpang ngadeukeutan sabari mawa bedog)
Kabayan :"Haduh kumaha ieu! Mang ujang datang! Mana mamawa bedog kacida galakna deuih!"

(Kabayan gura-giru turun tina tangkal nangka terus lumpat ka susukan nu aya di tukangeun kebon, jang
malidkeun eta nangka.)

Kabayan : "Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur heula!"

(Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.)

Mang Ujang : (Bari ngaluarkeun bedog) "Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?"

Kabayan : "Henteu Mang"

Mang Ujang : "Ah sia! Alesan wae! Ngaku weh ari rek maling mah!"

Kabayan : "Bener Mang, teu bohong!"

Mang Ujang : "Demi naon sia, Kabayan?"

Kabayan : "Demi Nyi Iteung, Mang!"

Mang Ujang : "Alah, sia! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung urang! Urang ka imah Pa
RT!"

Kabayan : "Duh, Mang! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana barang buktina!"

Mang Ujang : (Mariksa Kabayan) "Heueuh geuning, euweuh! Jung geura mangkat, sia! Ulah kadieu
deui!"

Kabayan : (Lumpat) "Dadah, Mang Ujang!"

(Si Kabayan buru-buru balik ka imahna.. Nepi ka imah, Ema jeung Nyi Iteung keur nungguan na bale)

Iteung :"Euleuh, Akang! Hasil Kang nangka teh?"

Ema Kabayan : "Meunang teu nangka teh?”

Kabayan : "Meunang atuh, Ma! Kolot jeung gede deuih.” (bari nepak dada)

Iteung : "Mana atuh nangkana, Kang?”

Kabayan :"Harrr? Can nepi Eta nangka teh?" (semu reuwas)

Ema Kabayan : "Hah? Nepi kumaha, Kabayan?"

Kabayan :"Si nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku kuring! Geuningan can nepi? Apan eta
nangka teh tos kolot, piraku teu nyaho jalan balik!” (bari melak cangkeng)

Iteung : "Heueuh nya, Kang! Eta nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!” (Nyi Iteung nahan ka
keuheul)
Ema Kabayan: "Naaa..... ari sia! (bari nepak cangkeng si Kabayan) Ku beletbelet teuing, Kabayan!
Maenya nangka bisa balik sorangan! Teu hideng!"

Kabayan : "Yeuh, si nangka nu teu hideng mah, Ma!"

Ema Kabayan : (Nepak tarang) "Hah, ngimpi naon kuring teh boga anak belet kos sia!"

(Ema na langsung indit. Nyi Iteungna oge langsung ceurik. Si Kabayan mangkat ngadagoan nangka di sisi
Susukan, tapi nangkana teu datang-datang.)

You might also like