You are on page 1of 11

NASKAH DRAMA PAMBERONTAKAN GOROMBOLAN DI/TII

DI DESA CIBUGEL, KABUPATEN SUMEDANG, JAWA BARAT

BABAK 1: ORIENTASI

Saatos kamerdekaan, bangsa Indonesia teh masih kudu berjuang ngalawan sababaraha
pambarontakan nu boga maksud jeung tujuan ngagantikeun Pancasila ku ideologi nu bertentangan .

Salah sahijina di taun 1950-an, nyaeta pambarontakan nu dilakukeun ku Darul Islam/ Tangtara Islam
Indonesia nu dipimpin na ku Sekarmadji Maridjan Kartosuwiryo nu arek ngadirikeun Nagara Islam
Indonesia tapina nganut ideologi nu te sasuai jeung syariat islam.

Pamberontakan DI/TII teh muncul kusabab Kartosuwiryo teu tarima kana kaputusan pamarentah
kusabab satuju kana parjanjian renvile nu eusina nyerahkeun Jawa Barat keur Walanda. Kartosuwiryo nu
ngabogaan kasang tukang islam na kuat ngaproklamasikeun Nagara Islam Indonesia di tanggal 7 Agustus
1949.

Kartosuwiryo: "PROKLAMASI NEGARA ISLAM INDONESIA. Bismillahirrahmanirrahim Asyhadu ala ilaha


illallah wa ashadu anna Muhammadar Rasullullah. Kami, Umat Islam Bangsa Indonesia. MENYATAKAN:
Berdirinya, NEGARA ISLAM INDONESIA. Maka hukum yang berlaku atas Negara Islam Indonesia itu ialah:
HUKUM ISLAM! Allahu Akbar!". (ngepeulkeun panangan kaluhur)

Gorombolan: "Allahu Akbar!" (ngepeulkeun panangan kaluhur)

Kartosuwiryo: "Allahu Akbar!" (ngepeulkeun panangan kaluhur)

Gorombolan: "Allahu Akbar!" (ngepeulkeun panangan kaluhur)

Kartosuwiryo: "Allahu Akbar! (ngepelkeun panangan kaluhur)

Gorombolan: "Allahu Akbar! (ngepelkeun panangan kaluhur)

Di na parjuangana nambahan pangikut, DI/TII teh ngintunkeun parwakilan ka Desa Cibugel Kabupaten
Sumedang, Jawa Barat pikeun ngajakan para warga di dinya sina ngiluan ngarojong parjuangan
maranehna.

4 Barudak awewe: (katingali nuju maen engklek)

Aceng: "Assalamualaikum" (nyamperkeun Rasidi nu keur diuk di saung)

Rasidi: "Waalaikumsalam, asa karek ningal. Akang-akang timarana ieu teh?" (nangtung)

Aceng: "Kieu kang, Abdi jeung rengrengan teh parwakilan ti golongan Nagara Islam Indonesia."

Rasidi: (cicing sekedap) "Ohh, aya peryogi naon emangna kang ka desa ieu teh?"
Dadang: "Aya nu bade dicarioskeun ka para wargi didieu teh, pami Kades na saha nya kang?"

Rasidi: "Ohh, pami Kades di dieumah sakaligus ustadz kang, namina teh Pa Hamid."

Dadang: "Ohh sae atuh ari ustadz mah. Jadi leuwih raos engke nyarioskeun na ge ari kitu mah."

Cecep: "Geus lah montong loba omong, sok menta anter weh atuh ka imahna ayeuna!" (ngagorowok ti
tukang).

Aceng: "Ehh maneh teh, sing sopan atuh. Geus mah tatadi cicing wae." (ngaharewos ka Cecep)

Cecep: "Heeh pan tadi ge aing geus ngomong atuh."

Aceng: "Hep geus jempe siah." (nutupan mulut si Cecep)

Dadang: "Muhun kang, maksad abdi sareng rengrengan kadieu teh, bade ka bumina pa Kades, ari akang
kersa ngajajapkeun?"

Rasidi: "Ohh...kersa wae kang, hayu atuh."

Maranehna tepi ka bumi pa Kades. Rasidi ngetrok panto sabari ngucapkeun salam.

Rasidi: "Assalamualaikum." (ngetrok panto)

Kades: "Waalaikumsalam (ngabuka panto). Eh Rasidi, sugan teh saha. Ai eta akang-akang dipengker
saha, asa kakara ninggal?"

Rasidi: "Ieu pak aya tamu, saurna ti Nagara islam Indonesia, aya picarioseun ceunah."

Kades: "Nagara Islam Indonesia? (kabingungan jeung cicing sakedap). Mangga atuh mening ge caralik
heula, meh ngeunaheun ngobrolna."

(Para sémah dariuk dina korsi teras bumi pak Kades).

Kades: "Mah punten pang damelkeun cikopi 4, aya tamu." (ngagorowok ka jero bumi)

Istri Kades: "Muhun pak, kela sakedap." (ti lebet bumi).

Kades: "Kela, maksadna Nagara Islam Indonesia teh naon nya? Asa kakara ngadangu da simkuring mah."

Dadang: "Jadi kieu pak, kusabab pamarentah nyatujui parjanjian renvile, dunungan rengrengan teh
gewat langsung ngabentuk Nagara Islam Indonesia pikeun ngalawan jeung ngabantah ka
pamarentahan."

Kades: "Ohh muhun, teras maksadna kumaha dongkap kadieu teh?"

Dadang: "Muhun pak, niat abdi sareng rengrengan teh bade ngajakan ka para wargi didieu pikeun lebet
ka na Nagara Islam Indonesia. Jadi bade amit basa heula ka bapa salaku kades. Langkung sae mah, lamun
bapa lebet tipayun, meureun nu lainna ge bakalan nuturkeun atuh."
Aceng: "Muhun kang, pasti na ge lamun lebet ka dieu teh bakalan asop sorga."
Istri Kades: (dongkap ka teras saterasna masihan kopi). "Mangga ieu dileut heula atuh kang, mumpung
panas keneh."

Aceng: "Muhun, hatur nuhun bu."

Istri Kades: (mulang asup ka bumi).

Kades: (ngarenghap sakedap). "Tapi simkuring mah da moal ngiluan asup kanu kararitu, jeung teu
ngawidian lamun akang-akang sadaya teh ngajakan wargi nu lainna. Kusabab ge pasti maroal gera, sok
weh ai wantun mah cobi taroskeun hiji-hiji, da loloba na mah nolak gera, meureun kabehanana."

Cecep: (nangtung sabari ngagorowok). "Maksudna naon nu kararitu teh? Tong ngahina euy!"

Kades: "Lain maksadna rek ngahina, nu kararitu teh nu nentang, ngalawan, jeung berontak ka
pamerantah. Kusabab da kuring mah bakalan tetep satia ka pamarentah jeung Indonesia!"

Cecep: "Naha bet embung asup atuh euy? Maneh sieun ku maot? Keun weh atuh da urang sarerea teh
pastina ge bakalan syahid kusabab kaasup na jihad!"

Kades: "Ari syahid mah pan berjuang di na jalan nu bener. Emang na ieu bener kitu?"

Cecep: (kehel sabari ngaluarkeun bedog). "Maneh hayang dikadek ku aing?"

Rasidi: (nangtung tina korsi na sarta siap tarung)

Dadang: "Geus-geus, engke deui eta mah." (haharewosan nenangkeun Cecep)

Aceng: "Muhun atuh kang ari kieu mah, tinggalikeun engke weh pokokna mah."

Dadang: "Abdi sareng rengrengan bade aruih heula atuh nya kang. Hatur nuhun sagala rupina."

(Tiluanana kaluar ti bumi pak Kades sabari nunjukkeun bengeut keheul)

Kades: "Waalaikumsalam. Tuh tinggali gera Rasidi, asa hayang seuri, ongkoh cenah ngakuna ti Nagara
Islam tea, tapina henteu ngucapkeun salam. Kumaha caritana atuh bisa syahid teh? Ngerakeun Islam
weh hungkul eta mah!"

(Tiluanana balik deui ka markas sabari ngalaporkeun panolakan ieu ka Kartosuwiryo).

Dadang: "Lapor pa, abdi jeung rengrengan ti parwakilan nu ka desa Cibugel."

Kartosuwiryo: "Sok, laporkeun!" (diuk di na korsi)

Dadang: (nitah Aceng nu nyarita)

Aceng: "Kieu pa, ajakanana teh ditolak keras ku wargi desa didinya. Tarutama kades na pak, malahan eta
mah wawanian ngahina sabari nantang ka rengrengan teh." (neuteup ka handap pedah sieun nyarita)
Kartosuwiryo: "DASAR KAFIR! (ngagorowok keheul). Sok buru cirian desa cibugel, eta teh geus kaasup
darul harbi! Jadi urang sarerea teh geus bisa mawa harta atawa nyawa maranehanana! Geus halal!
Lamun ku cara lemes teu bisa, artina na kudu make cara kasar ieu mah!"

BABAK 2: KOMPLIKASI

Dinten-dinten salajengna, pasukan DI/TII teh ngadatangan deui Desa Cibugel peuting-peuting.
Pasukana geus mulai wani ka imah-imah para wargi pikeun mentaan harta banda nu dipiboga ku cara
maksa. Salah sahijina warga nu dipenta, nyaeta Sukatma. Anjeuna dipenta beas ku pasukan DI/TII nu
datang na teh sok sacara gorombolan wae.

Cecep: (ngetrok panto tarik pisan)

Sukatma: (ngabuka panto). "Aya naon ieu teh?"

Cecep: (langsung asup ka imah Sukatma, ka dapurna)

Sukatma: "Heh siah teu sopan pisan!"

Cecep: "Geus! Montong loba omong! Berekeun aing beas ayeuna! Di mana maneh nyimpena?"

Sukatma: "Beas? Kela naon maksudna ieu teh? Asup-asup ka imah batur, jol-jol menta beas? Eling teu?
Urang wawuh ka maneh ge hanteu!"

Cecep: "Geus sia teu kudu nyaho ka aing! Berekeun aing beas ayeuna! Ku sabab maneh mah katinggali
na ge balangsak. Jadi aing menta maneh beas weh! Da pasti harta banda jiga emas atawa nu marahal
lainna mah pasti teu boga!"

Sukatma: "Sabalangsak-balangsak na urang, masih boga keneh ka era! Teu menta-menta ka batur jiga
maneh! Komo ka nu teu wawuh mah!"

Cecep: (kehel)

Istri jeung budak Sukatma datang ka dapur kusabab kagandengan.

Istri Sukatma: "Aya naon kang meni gandeng? Si neng ge jadi kageungingkeun ieu teh."

Budak Sukatma: (heuay, katinggali tunduheun)

Sukatma: "Ieu teuing saha, nu gelo meren! Asup-asup jol menta beas gera."

Cecep: "Eta pamajikan maneh? Geulis ningan. Kieu atuh, kumaha lamun beas na diganti ku pamajikan
maneh weh atuh? (seuri sabari ngaluarkeun bedog)

Sukatma: "Geuwat lumpat sing gancang jeung si neng!" (nitah ka istrina)

Istri Sukatma: "T-tapi kang…"


Sukatma: "Geuwat!" (ngaunggekan istrina, sabari mawa peso dapur)

Istri Sukatma: (unggek, langsung lumpat jeung budakna, lewat tukang)

Istri jeung budakna Sukatma nu rek kabur rewas ninggali ka harepeun imahna geus loba pasukan DI/TII
nu marawa bedil. Istri jeung budakna Sukatma berusaha kabur weh lalaunan lewat tukang ngarep henteu
kanyahoan. Duanana berhasil kabur terus gewat neangan bantuan.

Cecep: "Peso ngalawan bedog mah eleh atuh!" (maju ngalawan sukatma)

Sukatma: (bisa ngahindar ti serangan bedog, terus nusuk beuteung Cecep make peso)

Cecep: (meringis kesakitan, lalu terjatuh) "Tulungan atuh euy!" (ngajorowok ka luar)

Di sisi nu lain, Istri Sukatma rek neangan bantuan ka tatanggana. Tapi teu lila kadangu sora bedil, Istri
Sukatma jeung budakna geuwat tiarap, para wargi lainna nu ngadangu langsung kaluar ti imah na sewang-
sewangan pikeun neangan sora bedil eta.

Aep: "Aya naon eta euy?" (kaluar ti imahna)

Ujang: Sora ti mana eta?" (kaluar ti imahna)

Rasidi jeung Istrina nu nempoen Istri Sukatma jeung budakna keur ceurik sabari tiarap geuwat nyamperkeun
duanana.

Istri Rasidi: Heh kunaon?" (nyamperkeun duanana).

Istri Sukatma: Si akang etamah ceu..." (ceurik)

(Rasidi jeung Istrina papelong-pelong, terus teh duanana saling unggek).

Istri Rasidi: "Hayu atuh ka bumi abdi weh" (nenangkeun istri Sukatma)

(Istri Sukatma jeung budakna asup ka bumi na Rasidi).

Rasidi: "Hayu atuh urang sarerea nempo ka imah Sukatma! Jal maneh bagean bejaan pa Kades!"

Ijal:" Siap, urang ka imahna ayeuna."

Dandi: "Hayu atuh geuwat!"

Maranehna langsung geuwat lumpat ngadatangan imah na Sukatma.

Istri Rasidi: (mukakeun panto)

Budak Rasidi: "Aya naon mah ieu teh?" (ninggali ka tukangeun indungna) Ehh geningan aya Ita, kunaon bet
ceurik?

Istri Rasidi: "Teu aya nanaon. Jug bobo deui weh ka kamar sareng Ita, tos wengi."

Budak Rasidi: "Nya atuh ari kitu mah, hayu atuh ta!" (ngajakan Ita)
Budak Sukatma: (ragu-ragu ninggali ka indungna)

Istri Sukatma: (unggek)

Istri Rasidi: "Sok teu nanaon, teu kedah sieun. Keun weh mamah mah aya di dieu da sareng abdi."

(Budak Rasidi jeung budak Sukatma asup ka kamar).

Istri Rasidi: "Sok atuh calik ah, abdi nyandak cai heula nya sakedap."

Istri Sukatma: "Muhun, nuhun ceu." (diuk di nu kursi)

Istri Rasidi: (datang nyandak cai) "Sok dileuet heula."

Istri Sukatma: (nginum cai) "Tadi teh nya ceu, abdi kaluar ti kamar kusabab kagandengan. Pas ditinggali, si
akang teh keur adu renyom jeung batur. Ditanya ku abi teh saha, dijawab na nu gelo, menta beas cenah. Tapi
atuh maenya nu gelo teh mawa bedog ceu, si akang nitah abdi kabur. Geus teu ngarenah hate didinya teh,
tapi karunya oge ka si neng. Abdi teh gewat lumpat, pas ditinggali di payun, aya gorombolan jalmi nu marawa
bedil." (langsung ceurik deui)

Istri Rasidi: (nenangkeun Istri Sukatma)

Satepina para wargi di imah Sukatma, maranehna reuwaseun ningali Sukatma anu geus getihan jeung teu
nyawaan. Para gorombolan geus teu katingali deui di dinya, kabehanana kabur sanggeus maehan Sukatma.
Ngan saukur aya tulisan "rek ngilu atawa hayang jiga kieu?" tina getih.

Para Wargi: "Innalilahi wainnalilahi raji'un."

Aep: "Saha nya palaku na?"

Ujang: "Heeh saha nya? Meni tega pisan."

Dandi: "Keun weh, ayeuna mah urang urus heula mayitna atuh."

Aep: "Heeh urang bersihan heula getihna."

Dandi: "Ehh di belah dieu aya tulisan." (maca tulisan getih)

Ujang: "Naon eta teh jiga anceman ka arurang."

Rasidi: (ngahuleung maca tulisan getih eta).

Teu lila pa Kades datang jeung istrina datang ka imah Sukatma.

Kades: "Assalamualaikum. Innalilahi wainnalilahi raji'un."

Istri Kades: "Innalilahi wainnalilahi raji'un (reuwasen)

Rasidi, Aep, Dandi, Ujang: "Waalaikumsalam pa, bu."

Kades: "Naha ieu teh kalah ngaharuleng? Hayu urang urus mayitna, karunya!"
Rasidi: "Tinggal heula tulisan ieu pa."

Kades: (ninggali tulisan getih) "Eta mah engke deui weh, leuwih hade mah bersihkeun. Ayeuna mah urang
pokus heula ngurus mayitna.

Di sisi nu sanes, di gorombolan pasukan DI/TII teh keur balik ka markas sabari ngagarotong Cecep nu gening
geus jadi mayit oge.

Isukanana di Desa Cibugel, para wargi di dinya sadayana ngiring ngurebkeun Almarhum Sukatma. Kades
salaku Ustadz di Desa eta mingpin doa sasarengan.

Kades: "Hayu atuh urang sasarengan ngadoakeun Almarhum Sukatma, mugia ditampi sagala amal islamna,
dipasihkeun tempat nu pang saena. IngsyaAllah ngantunkeuna kaasup syahid. Al-Fatihah."

Para Wargi: (membaca Al-Fatihah)

Saatos ngurebkeun, Kades ngadakeun rapat jeung para bapak-bapak Desa di imahna pikeun ngabahas solusi
tina parsoalan kaamanan para wargi Desa Cibugel.

Kades: "Supados teu kajadian deui sapertos kamari, urang sadayana teh kudu neangan solusi pikeun
kaamanan para wargi desa di dieu."

Rasidi: "Punten pa, bade tumaros. Atos ngalaporkeun kajadian ieu ka pusat teu acan pa?

Kades: Atos, ngan masalahna teh lami bantosana. Isuk pageto cenah, katambah ngan tiasa ngintun hiji
tangatara nu ngajagaan di dieu. Kusabab, pamberontakan sapertos kieu teh lain di dieu hungkul. Tos seeur
pisan, marajalela di mamana ge aya."

Rasidi: "Leres oge nya pa, lamun kitu mah kumaha atuh lamun urang sasarengan weh nu ngajaga kaamanan
desa teh?"

Kades: "Tah, sae mun jiga kitu. Hayu urang ngabentuk OKD weh atuh nya."

Rasidi: "Punten pa, emangna OKD teh naon?"

Kades: "Singkatan ti Operasi Kaamanan Daerah eta teh."

Rasidi: "Ohh, kumaha bapak-bapak nu sanesna kersa teu?"

Aep: "Abdi kersa, supados teu aya deui kajadian kitu".

Dandi: "Abdi kersa, warga didieu ulah sampe kajadian kitu deui!"

Ijal: "Abdi ge kersa!"

Ujang: "Muhun pak abdi ngiringan"

Rasidi: "Alhamdulillah atuh ari sadayana kersa mah."

Pak kades: "Alhamdulillah hatur nuhun sateuacanna, mangga bade di kawitan ti iraha atuh?"
Rasidi: "Muhun pak, Ingsya Allah wengi ayeuna. Urang damelkeun heula jadwal na. Bapak-bapak hayu
engke urang kumpul di saung nya, saatos tahlilan weh.

Wargi nu sanesna: "Muhun pak siap."

Rasidi jeung para wargi: "Pak hatur nuhun sateacanna abdi sareng rengrengan izin mulih."

Pak kades: "Ehh abdi anu nuhun pisan kasadayana."

Rasidi jeung para warga: "Sami-sami pak. Assalamualaikum"

Pak kades: "Waalaikumsalam."

Wengina, para wargi desa di dinya na sadayana ngariung ngumpul pikeun tahlilan di bumi na Sukatma.
Kades ngadugikeun caramah saacan mulai tahlilan na.

Kades: "Salaku islam, urang teh teu meunang nyalahgunakeun agama pikeun kapentingan awon
sorangan. Sapertos gorombolan, nepi kuat ka tega ka Almarhum Sukatma. Urang sadayana ngan tiasa
ngirim doa ka almarhum, mugia Almarhum ngantunkeuna syahid. Aamiin ya robbal alamin. Hayu urang
kawitan. (Tahlilan)

Saatos tahlilan, Rasidi jeung bapak-bapak nu sanes na aruih heula ka imahna sewang-sewangan pikeun
parsiapan ngumpul ngariung di saung ngalaksanakeun program OKD.

Istri Aep: "Ieu jaketna diangge nya kang, tariris. Palaur asup angin.

Aep: "Muhun neng, nuhun pisan nya. Neng ge gera bobo, tos wengi. Karunya si utun (ngusapan
beuteung istrina nu keur hamil)

Istri Aep: "Muhun kang, ieu ge tos tunduh da."

Aep: "Kade nya neng, selotan pantona. Mun aya nu teu wawuh gegedor, tong dibuka!"

Istri Aep: "Siap kang"

Aep: "Assalamualaikum" (ngabuka panto terus kaluar)

Istri Aep: "Waalaikumsalam" (nutupakeun panto)

Satepina Aep di saung, tos seeur bapak-bapak nu ngarumpul di saung.

Aep: "Hapunten bapak-bapak sadayana abi telat."

Ujang: "Keu bae da karek bieu dikawitan na ge."

Rasidi: "Hayu atuh urang ngabagi jadwal jeung tugasna heula. Sawengi teh aya genep jalmi weh nya. Aya
duaan nu ngajagaan di saung. Duaaan nguriling ka belah kaler jeung kidul, duaan deui ka belah wetan
jeung kulon."
Dinten-dinten salajengna, program OKD geus ngawitan dilaksnakeun. Tapi anggeur weh para pasuka
gorombolan teh datang nerror wargi Desa, Pernah sakali aya saurang pasukan DI/TII nu datang tuluy
mabur saatos ngalungkeun batu ka imah wargi nu ditulisan "mun embung ngilu, bakalan diburu." Teu
asup ka jero desa, da jigana sieuneun ka OKD. Katambah geus aya saurang parwakilan tangtara nu
datang ngajagaan Desa Cibugel.

Tapi di na hiji wengi kaping 23 November 1959. Pasukan DI/TII sacara gorombolan, leuwih loba ti nu
basa eta ngadatangan deui Desa ti dua arah nu berlawanan, sawareuh lewat hareup jeung sawareuhna
deui lewat tukang sabari marawa obor, bengsin, bedil, jeung bedog.

Nu lewat hareup, datang-datang langsung ti jauh ngalungkeun obor jeung bengsin ka saung. Dandi
jeung Ijal nu keur ngajagaan di dinya, reuwasen ninggali eta. Maranehna gewat lalumpat sabari
ngajarowok ngabejaan wargi nu lain sabari menta bantuan tapi naas duanana kaburu ditembakan ku
para gorombolan.

Ijal: "Aya gorombolan! Karabur euy" (lumpat, dibedil langsung maot)

Dandi: "Tulungan euy!" (lumpat, pas dibedil langsung maot)

Istri Rasidi jeung Istri Sukatma nu keur pareureum jadi kageuingkeun ku sora bedil eta, maranehna
langsung paranik katambah ngarambeu bau nu kaduruk.

Istri Sukatma: "Astagfirullah! Aya gorombolan kitu ceu?" (benta, cengkat tina kasur)

Istri Rasidi: (benta) "Nya jigana, ngambe teu? Asa aya nu kaduruk ieu teh." (cengkat tina kasur).

Istri Sukatma: "Nya ceu ngambeu, urang kudu kumaha atuh?" (panik)

Istri Rasidi: "Kela, abdi tinggali heula kaayaan di luar, asa raribut. (ninggali ka jendela) Innalilahi geus kacau
pisan, loba seneu, kahuruan ieu mah. Kudu gewat indit, bisi kaburu kadieu seneu na."

Istrina Sukatma: "Indit ka mana ceu? Di luar ge pastina loba gorombolan gera."

Teu lila kadangu deui sora bedil ti luar, budak Rasidi jeung Sukatma jadi kageuingkeun.

Istri Sukatma: "Allahuakbar." (kasieunan langsung nutupan ceuli)

Budak Sukatma: "Mah aya naon?" (nangkeup indungna)

Budak Rasidi: "Nya mah naha aya sora jiga basa itu?."

Istri Rasidi: "Engke deui weh ngajelaskeuna, ayeuna mah urang indit heula."

Budak Rasidi: "Indit ka mana mah?"

Istri Rasidi: "Ka mana weh, nu penting mah ulang cicing di dieu, hayu neng." (unggek ka Istri Sukatma)

Maranehna leuwih milih indit ti imah, sangkan teu dilahab ku seneu. Di sisi nu sanes, tangtara jeung Ujang
nu keur nguriling ka belah kaler jeung kidul rarewaseun ngadenge sora bedil eta, maranehna gewat tiarap.
Tangtara: "Tiarap!" (tiarap)

Ujang: (tiarap) "Sora timana eta euy?".

Tangtara: "Jigana sora eta arahna ti saung."

Ujang: "Kumaha atuh urang samperkeun?"

Tangtara: "Ehh tinggali ka belah ditu jiga aya nu ngebul."

Ujang: "Mana? (ninggali ka arah ditu) KAHURUAN!?."

Tangtara: "Kacau euy ieumah, gorombolan geus teu sieun deui ka arurang."

Samentara eta, Aep jeung Rasidi nu keur nguriling ka belah wetan jeung kulon nyarumput xi tukangen
imah ninggali para gorombolan nu keur ngincar para wargi, nu kapanggih langsung dibedil ku
maranehanana.

Aep: "Urang kudu kumaha atuh kang?"

Rasidi: "Urang nyumput heula weh, maranehna lobaan soalna."

Aep: "Muhun atuh kang"

Para gorombolan ngalungkeun deui obor jeung bengsin pikeun ngaduruk deui imah-imah wargi. Aep
jeung Rasidi panik sabab imah nu dipake nyumput ku maranehanana, erek diduruk.

Aep: "Kang, ieu imah na rek diduruk kumaha atuh."

Rasidi: "Euhh, ayeuna urang kudu gewat indit."

Aep: "Kumaha mun keur lumpat, urang dibedil kang?"

Rasidi: "Urang kudu ngalihkeun heula fokus maranehana."

Aep: "Carana kumaha kang?"

Rasidi: "Urang alungkeun awi ieu ka belah ditu, geus eta gewat indit, tong disoraan."

Aep: "Siap kang."

Rasidi ngalungkeun awi eta, para gorombolan ngadatangan tempat awi eta dialungkeun, teras
maranehna duaan indit lalaunan sangkan henteu kanyahoan. Untung rencana eta teh berhasil.

Aep: "Alhamdulilah kang, urang teh salamet keneh."

You might also like