You are on page 1of 3

PEMERINTAH KOTA BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SEKOLAH DASAR NEGERI 079 KOPO PAJAGALAN
JalanPasirkoja No. 37 Telp. 022-5223339 Bandung 40242

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) I


TAHUN PELAJARAN 2017 - 2018

Muatan Pembelajaran : B. Sunda


Kelas : V (lima)
Hari/Tanggal : ...........................................
Nama : .......................................................................................................

A. Eusian titik – titik di handap ieu ku jawaban nu bener!

1. Cing cangkeling
Manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa satar buleneng
Kakawihan di luhur aya dina kaulinan……….

2. Dina kecap “kakawihan” ngandung……….konsonan.

3. Dina kecap “wewengkon” ngandung……….vokal.

4. Kecap “brak” mah diwangun ku……….engang.

5. Kecap “tolombong”, lamun dirucat nurutkeun pola engangna jadi……….

6. “Tèh Lilis nuju ngupingkeun lagu dangdut ti Radio Cakra”


Kalimah di luhur upama dipasifkeun jadi……….

Pèpèling
Ujang nyai regepkeun ieu pèpèling
Pikeun cecekelan
Pèk catet na jero ati
Sangkan teu kaliru lampah

7. Guru wilangan jeung guru lagu anu aya dina pupuh di luhur nyaèta……….

8. Dina pupuh di luhur, aya padalisan anu guru wilangan jeung guru laguna 6-a, nyaèta dina
padalisan……….

9. Dina pupuh di luhur dina sapadana diwangun ku……….padalisan.


10. “ukal – èkol susumputan”
Jumlahna aya……….engang.

11. Urang jeung dulur tèh kudu akur, ulah sok……….

12. Sing junun atuh ari barang gawè tèh, ulah sok hèjo……….

13. Barudak – ngabuburit – di – keur – masjid – pakarangan


Susunan kecap nu benerna nyaèta………..

14. Nyarita kudu dibiasakeun jujur.


Kalimah nu lemesna nyaèta……….

15. Badag + ar = ……….


Kalimahna……….

B. Jawab pananya di handap ieu ku jawaban nu bener!

16. Robah kalimah di handap ieu jadi kalimah aktif!


a. Bu Ina nuju masak sayur asem.
b. Nèng Imas keur nyèbor kembang.

17. Robah kalimah di handap ieu jadi kalimah pasif!


a. Bungbuahan ti pasar Sayati dibeuli ku kuring.
b. Buku tulis dibeuli ku Yani.

18. Tuliskeun 2 conto kalimah nu makè kecap rajèkan dwi purwa!

19. Tuliskeun 2 conto kalimah nu makè kecap rajèkan dwi murni!

20. Tuliskeun 2 conto kalimah nu makè kecap rajèkan dwi rèka!


KUNCI JAWABAN PTS 1
B. SUNDA

1. Ucing – ucingan

2. 3

3. 3

4. 1

5. To – lom – bong

6. Lagu dangdut nuju dikupingkeun ku Teh Lilis ti Radio Cakra.

7. 12 – i, 6 – a. 8 – i, 8 – a

8. Ka-2

9. 4

10. 8

11. Parasea

12. Hejo tihang

13. Barudak keur ngabuburit di pakarangan masjid.

14. Nyarios kedah dibiasakeun jujur.

15. Baradag
Kalimahna : Lauk teh mani baradag kitu!

16. a. Sayur asem nuju dipasak ku Bu Ina.


b.Kembang keur disebor ku Neng Imas.

17. a. Kuring meuli bungbuahan ti pasar Sayati.


b.Yani meuli buku tulis.

18. Diserahkan ke wali kelas

19. Diserahkan ke wali kelas

20. Diserahkan ke wali kelas

You might also like