You are on page 1of 6

3 Penyebab Nabi Ibrahim di pilih menjadi Khalilul Rahman

Janten hamba nu paling caket, anu paling raket, sinareng gusti Allah mangrupakeun
dambaan satiap jalmi anu beriman, Jadi manusa nu di pikacinta sareng bisa micinta
Allah swt, eta janten cita-cita satiap jalma anu bertaqwa, salah sahiji insan anu sukses
tiasa janten jalmi anu raket tur caket sareng Allah ta’ala nyatea Nabiyulloh Ibrohim
a.s sakuma Allah masihan gelar ka anjeuna ku jenegan “Khalilur Rahman” atanapi
“Khalilullah”

ِ ِ َّ ‫اهيم حِن ًيفا واتَّخ َذ‬


ِ َّ ِ ِ ِِ ِ ِ
‫يم‬
َ ‫ّللاُ إ ْب َراه‬ َ َ َ َ ‫َح َس ُن د ًينا م َّم ْن أ َْسَل َم َو ْج َه ُه َّّلِل َو ُه َو ُم ْحس ٌن َواتََّب َع مل َة ِإ ْب َر‬
ْ ‫َو َم ْن أ‬

ً ِ‫َخل‬
‫يل‬

Sareng saha jalmi nu langkung sae dina beragama, ti nimbang jalmi nu pasrah
sumerah ka Allah swt, barina midamel amal sae, tur nuturkeun millah Ibrohim, sareng
Allah tos milih Ibrohim janten sahabat layeut na ( Q.s An-Nisa 125 )

Alloh nu nganyatakeun bahwa nabi Ibrohim eta janten kakasih nu raket tur caket
sareng Allah swt, sanes nabi Ibrohim nu ngaku-ngaku atawa Ge-er, jadi kakasih Allah
tetapi memang leres Allah swt nu memproklamirkan Nabi Ibrohim janten sahabat
layeut na, sakumaha dina ayat nu di catat dina Al-Quran, bahkan dina hiji hikayat
Rasulullah kantos masihan hiji riwayat obrolan Nabi Ibrohim sareng malaikat maot,

‫روي أن ملك الموت عليه السلم جاء إلى إبراهيم عليه السلم خليل الرحمن عز و جل‬

1
‫ يا ملك الموت هل رأيت خليل يقبض روح خليله ؟‬: ‫ليقبض روحه فقال إبراهيم‬

Di riwayatkeun bahwa dina hiji dinten malakat maot, datang nyumpingan Nabi
Ibrahim Khalilur Rahman sangkan nyabut ruh na Ibrahim, teras sateuacan na malaikat

1
Tadzkiratul Qurtubi hlm 3
3 Penyebab Nabi Ibrahim di pilih menjadi Khalilul Rahman
2

nyabut kana ruh Nabi Ibrahim malah naros ka malaikat kalayan tujuan pertarosan na
ka Allah “Hai malaikat naha aya kakasih anu tega ngamaotan kekasihna?”

‫ هل رأيت خليل يكره لقاء خليله ؟ فرجع‬: ‫فعرج ملك الموت عليه السلم إلى ربه فقال قل له‬

‫فقال اقبض روحي الساعة‬

Nguping pertarosan samodel kitu : teras malaikat naek deui ka Allah Rabbul ‘alamin,
( ngadukeun kana pertarosan na Khalilur Rahman ) teras Allah ngawaler kana
pertarosan Nabi Ibrahim a.s : Malaikat dugikeun ka Ibrahim “Naha aya seorang
kakasih anu teu seneung papendak sareng anu di kasihi na?”. maka teras uih deui eta
malaikat ka Nabi Ibrahim teras nyampaikeun jawaban ti Allah, sa atos nguping
waleran Allah, maka Nabi Ibrahim nyarios, “Malaikat cabut ruh kuring ayeuna keneh
( di nukil tina mukhtasor tadzkirotul qurtubi )

Naon atuh nu janten sabab Nabiyulloh Ibrohim a.s dugi ka tiasa kenging kadudukan
sakitu caket tur raket sareng Allah swt? Ternyata dina hiji dinten Nabi Ibrohim kantos
di taros

‫ َوَما‬.‫اَل َعلَ ْى أ َْم أر غَ ْأْيأه‬ ‫أ‬ ‫أِل أ‬


ْ َ َ‫ت أ َْم َر هللا تَع‬ َ َ‫َي َش ْي ٍئ إختذك هللا َخليال ؟ قَال بثالثة أ ْشي‬
ُ ‫ أَ ْخ َ َْت‬: ‫اء‬
‫ت إأََّّل َمع الضَّيْ أ‬
‫ف‬ ُ ْ‫ َوَما تَ ْع َشي‬.‫ت أِبَا تَ َك َّف َل هللاُ أ ِْل‬
ُ ْ‫ت َوَما تَ غَ َذي‬ ُ ‫ْاهتَ َم ْم‬
َ

Karena perkara naon Allah dugika milih ajjeun janten kakasih-Na? waleran Nabi
Ibrohim ku sabab 3 perkara : 1. Kuring milih ngutamakeun urusan Allah ngelehkeun
urusan salian Allah. 2. Abdi alim ngarasa bingung ku sagala perkara nu atos di
tanggung ku Allah kanggo abdi. 3. Teu pati-pati abdi tuang sonten jeung tuang enjing,
kecuali sareng tamu ( Nasoihul ‘Ibad hlm 10. Bab Tsulasi, Maqolah ka 11 )
3 Penyebab Nabi Ibrahim di pilih menjadi Khalilul Rahman
3

‫َم ِر َغ ْي ِِره‬ ِ
1. ْ ‫َم َر هللا تَ َعاَل ْى َعَل ْى أ‬
ْ ‫َختَ ْر ُت أ‬
ْ‫أ‬

Kuring langkung ngutamakeun urusan nu berkaitan sareng Allah ngelehkeun urusan


nu berkaitan sareng salian Allah.

Sikap ieu nu teu di miliki ku urang, berkaitan urusan anu aya hubungan na sareng
Allah malah talangke, hararese, hare-hare. Dimana hukum Allah di kerdilkeun di
lecehkeun malah hare-hare, cuek bebek, tapi saat pejabat nu di kagumi na di kritik, di
hujat, ngabela mani dug hulu pet nyawa, padahal pejabat teu bisa mere pitulung
nanaon, sarua jelema nu boga ka bingung jeung ka susah.

Urusan anu berkaitan jeung Allah malah di anggap remeh, ibadah di anggap sapele,
tatapi dina nalika nyanghareupan urusan nu berkaitan jeung rekan bisnis, sareng
pidunyaeun antusias jeung sumanget. Salami sikap urang masih kawas kieu, maol
pernah bisa ngahontal cinta ka Allah tur di pikacinta ku Allah.

Adzan teu pernah di denge Tapi mun urusan duit


Kana sholat hararese Sumanget jungkel juralit
Di penta zakat teu mere Paduli tanaga limit
Nu kitu balad na embe Teu paduli waktu geus burit

Naon nu janten alasan urang kedah langkung ngutamikeun urusan sareng Alloh
ngelehkeun urusan sareng salian Allah? Waleran nana karena sagala kabutuh diri
urang aya dina kuasa Allah. Sagala pangabutuh manusa lahir, bathin. Di dunia jeung
akherat aya dina genggaman Allah, sakumaha Allah ngaduh dina Al-Quran

ِ َّ ‫ّللاِ يرُزُق ُكم ِمن‬


ِ ‫اء و ْاْل َْر‬ ِ ِ ِ َّ ‫الناس ا ْذكروا ِنعمت‬
‫ض ََل‬ َ ‫الس َم‬ َ ْ ْ َ َّ ‫ّللا َعَل ْي ُك ْم َه ْل م ْن َخال ٍق َغ ْي ُر‬ َ َ ْ ُ ُ ُ َّ ‫ُّها‬ َ ‫َيا أَي‬

‫ِإَل َه ِإ ََّل ُه َو‬


3 Penyebab Nabi Ibrahim di pilih menjadi Khalilul Rahman
4

Hai manusa… kudu eling anjeun, kudu sadar anjeun, kana ni’mat Allah ka aranjeun.
“naha aya Dzat nu tiasa nyipta salian ti Allah? Naha aya Dzat nu bisa mere rezeki ti
langit jeung ti bumi? Teu aya pangeran nu nga hak di sembah iwal Allah ( Q.s Al-Fatir
3)

Diri urang nu butuh ku Allah, diri urang nu mikabutuh pitulung Allah, diri urang nu
mikabutuh rezeki kagungan Allah, diri urang anu mikabutuh ampunan Allah, diri
urang nu mikabutuh pahala ti Allah, diri urang anu mikabutuh hukum Allah, diri urang
nu mikabutuh syareat Allah, diri urang nu mikabutuh jannah na Allah. Matak wajar
lamun urusan nu berkaitan jeung Allah kudu lewih utama batan urusan jeung salian
Allah.

Lamun nyarioskeun soal nilai, bisi teu percaya urusan jeung Allah lewih berharga
batan bisnis. Emutan jeung tafakuran dauhan Rasulullah saw

ِ ُّ ‫ال « َرْك َعتَا اْلَف ْج ِر َخ ْيٌر من‬ ِ َّ ‫َع ْن َع ِائ َش َة َع ِن‬


» ‫يها‬
َ ‫الد ْن َيا َو َما ف‬ َ ‫ َق‬-‫صلى هللا عليه وسلم‬- ‫النب ِى‬

Ngalangkungan jalan Siti Aisyah r.a, katampi ti Rasulullah saw : ari dua rokaat
netepan subuh eta langkung bernilai, langkung berharga, langkung sae, ti nimbang
alam dunya jeung sagala eusina ( H.r Sahih Muslim )

Cobi emutan urang ninggalkeun hiji urusan anu nilai na langkung berharga batan
dunia jeung eusina, taros sabarahah gaji urang janten padamel? Gajih presiden
sekalipun teu ngabandingan kana nilai solat dua rokaat, komo deui kawajiban nu lain.
Rugi pisan lamun diri urang langkung mentingkeun urusan salian Allah,
3 Penyebab Nabi Ibrahim di pilih menjadi Khalilul Rahman
5

‫اهتَ َم ْم ُت بِ َما تَ َكَّف َل هللاُ لِي‬


ْ ‫َو َما‬
ْ
2.

Sareng abdi alim mikabingung ku perkara anu Allah tos nanggung kanggo abdi. Sikap
anu model kieu nu teu di miliki ku urag sadayana, dina nalika urang sibuk mikiran
jumlah penghasilan, sibuk ngetang nilai nominal gaji, maka Nabi Ibrahim sibuk ku
nyukuran ka ni’matan.

leres anu di dugikeun ku Nabiyulloh Ibrohim a.s dimana manusia sibuk mikiran jumlah
rezeki nu katarima tapi teu sibuk nyukuran, pasti bakal di rundung ka bingung, di
euntreupan kamelang, di bebanan ku kahariwang. Padahal rezeki manusia teu ka
batas ku nominal jeung nilai, pengaturan rezeki manusia tos di atur ku Allah dengan
adil,

‫ّللاِ ِرْزُق َها‬ ٍ ‫وما ِمن داب‬


ِ ‫َّة ِفي ْاْل َْر‬
َّ ‫ض ِإ ََّل َعَلى‬ َ ْ ََ

Teu aya tina hiji mahluk anu hirup di alam dunya kecuali ku Allah di tanggung rezekina
( Q.s Huud 6 )

Bayangkeun, cakcak nu teu bisa ngapung, teu boga jang-jang secara logika asa ku
moal bisa menang dahar lamun rezekina kudu nuang reungit nu bisa ngapung, tapi
real na? satiap hewan di rezekian, urang kedah yakin kana janjina Allah, tugas urang
mah syukur, lain ngatur jumlah rezeki. Bahkan nabi kantos negaskeun

َّ ِ ِ ‫ّللا وأ‬
َ َ ‫ َفِإ َّن َنْف ًسا َل ْن تَ ُم‬، ‫َجمُلوا في الطَل ِب‬
‫وت َحتَّى تَ ْستَْوِفي ِرْزَق َها‬ ْ َ َ َّ ‫ اتَُّقوا‬, ‫اس‬ َّ ‫ُّها‬
ُ ‫الن‬ َ ‫أَي‬

Hai manusia kudu taqwa anjeun ka Allah, sareng kudu ngaluskeun anjeun dina milari
rezeki, saestuna raga moal pernah nagalaman maot, sahingga sampurna pemenuhan
rezekina ( H.r Ibnu Hibban )
3 Penyebab Nabi Ibrahim di pilih menjadi Khalilul Rahman
6

ِ ‫الضي‬ َّ
3. ‫ف‬ ْ َّ ‫َو َما تَ ْع َش ْي ُت َو َما تَ َغ َذ ْي ُت ِإَل َم َع‬

Teu pati-pati abdi tuang sonten sareng tuang enjing-enjing kecuali sareng tamu, sikap
nu sapertos kieu anu tos jarang dina zaman kiwari, dimana jelema ayeuna pada sibuk
mikiran kabutuhan masing-masing, teu paduli ka sasama, teu paduli ka tatangga, teu
paduli ka dulur, komo deui ka batur. Tapi Nabi Ibrohim a.s milih sibuk supaya bisa
nyisihkeun waktu sakadar ngaringankeun beban sasama manusa, bahkan sapalih
riwayat nyarioskeun

‫أك ُل َم َع ُه‬ َ ِ‫ان َي ْم ٍش ْي َم ْي ًل ل‬


ُ ‫طْل ِب َم ْن َي‬ َ ‫َو َك‬

Kabuktosan Nabiyullah Ibrohim a.s rela lelempangan jarak na sa mil, pikeun milarian
jalmi nu kersa di ajak emam sasarengan.

Bahkan Al-Quran ngabadikeun sikap karamahan Nabiyullah Ibrohim dina nalika


kadongkapan tamu,

ِ ِ ِ ِ ِ ُ ‫اك َح ِد‬
‫ال َس َل ٌم َق ْوٌم‬ َ ‫يم اْل ُم ْك َرِم‬
َ ‫) إ ْذ َد َخُلوا َعَل ْيه َفَقاُلوا َس َل ًما َق‬24( ‫ين‬ َ ‫ض ْيف إ ْب َراه‬
َ ‫يث‬ َ َ‫َه ْل أَت‬

‫ْكلُو َن‬
ُ ‫ال أ َََل تَأ‬ ِ ِ ٍ ‫َهلِ ِه َف َجاء ِب ِع ْج ٍل س ِم‬
َ ‫) َفَقَّرَب ُه إَل ْيه ْم َق‬26( ‫ين‬ ْ ‫) َف َارغَ ِإَلى أ‬25( ‫ُم ْن َك ُرو َن‬
َ َ

Naha tos dugi ka anjeun Muhammad kabar tina tamu Ibrohim anu di mulyakeun?
Bahkan Rasulullah saw masihan pesan bahwa ciri jalma anu beriman nyaeta jalmi nu
tiasa ngahormat ka nu janten tamuna, sakumaha nu di catat ku Imam bukhary

ِ َ ‫م ْن َكان يؤ ِمن ِباهللِ واليو ِم ا‬


َ ‫َلخ ِر َفْل ُي ْك ِرْم‬
‫ض ْيَف ُه‬ َْ َ ُ ُ َ َ
Saha jalmi nu kabuktian hatena iman ka Allah sareng poe kiamat maka kudu
ngamulyakeun kanu janten tamuna ( H.r Sahih bukhary )

You might also like