You are on page 1of 4

‫‪Pidato Nyerenkeun Panganten Pameget Ku KANG H.

SUFYAN‬‬
‫سالَ ُم َعلَ ْي ُك ْم َو َعلَ ْي ُكنَّ ال َّ‬
‫ساَل ُم‬ ‫اَل َّ‬
‫س ْو ِ‪+‬ل هللاِ َو َر ْح َمةُ هللاِ تَ َعالَى َوبَ َر َكاتُهُ‬
‫َو َعلَى َر ُ‬
‫ض َّل لَهُ‪،‬‬ ‫سنَا‪َ ،‬منْ يَ ْه ِد هللاُ فَاَل ُم ِ‬ ‫ش ُر ْو ِ‪+‬ر َأ ْنفُ ِ‬
‫ستَ ْغفِ ُرهُ َونَ ُع ْو ُذ بِ ِه ِمنْ ُ‬‫ستَ ِع ْينُهُ َونَ ْ‬‫لح ْم ُد هلِل ِ نَ ْح َم ُدهُ نَ ْ‬
‫اَ َ‬
‫س ْولُهُ {يَا َأيُّ َها‬ ‫ش َه ُد َأنَّ ُم َح َّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َر ُ‬ ‫ش َه ُد َأنْ اَل ِإلَهَ ِإالَّ هللاُ ‪َ ،‬وَأ ْ‬ ‫ي لَهُ‪َ ،‬وَأ ْ‬ ‫ضلِ ْل فَاَل َها ِد َ‬ ‫َو َمنْ يُ ْ‬
‫ث ِم ْن ُه َما ِر َجااًل َكثِ ْي ًرا‬ ‫ق ِم ْن َها َز ْو َج َها‪َ ،‬وبَ َّ‬ ‫اح َد ٍة َو َخلَ َ‬ ‫اس اتَّقُ ْوا َربَّ ُك ُم الَّ ِذي َخلَقَ ُك ْ‪+‬م ِمنْ نَ ْف ٍ‬
‫س َو ِ‬ ‫النَّ ُ‬
‫ان َعلَ ْي ُك ْم َرقِ ْيبًا} [النساء‪{ .]١:‬يَا‬ ‫سا َءلُ ْو َن بِ ِه َو ْاَأل ْر َحا َم ِإنَّ هللاَ َك َ‬ ‫سا ًء‪َ ،‬واتَّقُوا هللاَ الَّ ِذي تَ َ‬ ‫َونِ َ‬
‫سلِ ُم ْو َن} [آل عمران‪{ ]١٢٠ :‬يَا‬ ‫ق تُقَاتِ ِه َواَل تَ ُم ْوتُنَّ ِإاَّل َوَأ ْنتُ ْم ُم ْ‬‫َأيُّ َها الَّ ِذ ْي َن آ َمنُوا اتَّقُوا هللاَ َح َّ‬
‫صلِ ْح لَ ُك ْم َأ ْع َمالَ ُك ْم‪َ ،‬ويَ ْغفِ ْ‪+‬ر لَ ُك ْم ُذنُ ْوبَ ُك ْم‪َ ،‬و َمنْ‬ ‫َأ ُّي َها الَّ ِذ ْي َن آ َمنُوا اتَّقُوا هللاَ َوقُ ْولُوا قَ ْواًل َ‬
‫س ِد ْي ًدا يُ ْ‬
‫سولَهُ‪[ } +‬األحزاب‪."]٧١:‬‬ ‫يُ ِط ِع هللاَ َو َر ُ‬
‫ش َد‪َ ،‬و َمنْ‬‫س ْولَهُ‪ +‬فَقَ ْد َر َ‬
‫سا َع ِة‪َ ،‬منْ يُ ِط ِع هللاَ َو َر ُ‬ ‫ي ال َّ‬ ‫ش ْي ًرا َونَ ِذ ْي ًرا بَ ْي َن يَ َد ِ‬‫ق بَ ِ‬ ‫سلَهُ بِاْ َ‬
‫لح ِّ‬ ‫َأ ْر َ‬
‫صلَّى هللاُ َعلَ ْي ِه‬‫هللا َ‬
‫س ْو ُل ِ‬ ‫ش ْيًئا َأ َّما بَ ْع ُد‪ :‬قَا َل َر ُ‬
‫ض ُّر هللاَ َ‬‫سهُ‪َ +‬واَل يَ ُ‬ ‫ض ُّر ِإاَّل نَ ْف َ‬‫ص ِه َما فَِإنَّهُ اَل يَ ُ‬
‫يَ ْع ِ‬
‫سلَّ َم ‪ :‬اَلنِّ َك ُ‬
‫اح‬ ‫صلَّى هللاُ َعلَ ْي ِه َو َ‬ ‫س ِمنِّي ‪َ ،‬وقَا َل َ‬ ‫سنَّتِي فَلَ ْي َ‬‫ب عَنْ ُ‬ ‫سنَّتِي فَ َمنْ َر ِغ َ‬ ‫اح ُ‬ ‫سلَّ َم ‪ :‬اَلنِّ َك ُ‬
‫َو َ‬
‫س ِمنِّي (اَ ْل َح ِد ْيث‬ ‫سنَّتِي فَلَ ْي َ‬ ‫سنَّتِي ‪ ،‬فَ َمنْ لَ ْم يَ ْع َم ْل بِ ُ‬ ‫ِمنْ ُ‬
‫‪Basmallah anu munggaran‬‬
‫‪Kalawan Asma Pangeran‬‬
‫‪Nu Maha Asih tur Heman‬‬
‫‪Nu Maha Murah tara bosenan‬‬
‫‪Terutami kanu Iman‬‬
‫‪----------------------------------------------‬‬
‫‪Ari Sadaya Puja tur Puji‬‬
‫‪Kagungan Alloh tos Pasti‬‬
‫‪Nu Janten Raja Sajati‬‬
‫‪Nu Maha Gagah Punjul tur Sakti.‬‬
‫‪-----------------------------------------------------‬‬
‫‪Teu aya deui panutan‬‬
‫‪Nu murba di ieu alam-Na‬‬
‫‪Mung Salira Gamparan‬‬
‫‪Teu aya deui nu nyasamian‬‬
‫‪--------------------------------------‬‬
‫‪Rosul nu janten utusan‬‬
‫‪Anu ta`at ka Gamparan‬‬
‫‪Nu kiat nahan ujian‬‬
‫‪Nabi Muhammad Shollalohu a`laihi wasallam. Anu beriman‬‬
‫‪----------------------------------------------‬‬
‫‪Mugi salam miwah rohmat‬‬
‫‪Dikocorkeun ulah pegat‬‬
‫‪Ka kulawargi, sahabat sareng karabat, teu kaliwat‬‬
‫‪Nya kitu deui hamba Alloh anu ta`at….‬‬
‫‪Pamugia poe jaga kenging syafa`at…..Aaaaaamiiiin.‬‬
‫‪------------------------------------------------------------------‬‬
FAYAA – AYYUHAS-SAADATUL-MUHTAROMUN...WAYAA-AYYUHASSAADATUL-U`LAMAIL-
A`MILIIN, WAL-MU`ALLIMIINAL-MUKHLASIIN, WAZUMROTUL-MU-MINIINA-WALMU-MINAT-
ALLADZIINA YAHDHURUUNA FI HADZAL MAKAANIL MUBAAROK.
Segenap para Kiyaihi bin Ajengan, para A`lim alias U`lama ti golongan Ash-habul Fatwa, hukuma,
sinareng kubaro anu ku pribados dipihumat.
Para Ustadz, para sesepuh, pinisepuh, para tokoh masyarakat, wabil kusus sakampung naon
ieu.................sekaligus puji pribados teu diwiji-wiji ka para kiyaihi, para sesepuh pini sepuh anu
sami-sami hadir didieu,anu banget-banget ku pribados dipikahurmat tur diteda doana, anu
pamudah-mudahan para kiyaihi, para guru ku Alloh salawasna dipaparin kasehatan lahir
tumekaning batin, sing ditambih-tambih rezeqina, barokah yuswana dina kumawula ka Alloh Swt.
Nyatana dina raraga miharep ridho Alloh Swt.
Te hilap aparatur pajabat pamarentahan, atasan, bawahan anu sami-sami ku pribados
dipikahurmat, pamugi para pajabat didieu salawasna aya dina jalan ridho Alloh Swt.
Al-hamdulillah, dina danget anu mulya ieu, urang sadayana tiasa riung mumpulung, bongkok
ngaroyok, hempak merbayaksa, di ieu haplah mubarokah.
Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu lugina. Kiwari pameungkeut ranggeuy
kadeudeuh, panyangcang simpay kanyaah, tali patri kaasih nu dianti ti bihari, nu didago ti baréto
kiwari medal mangsana.
Salajengna pribados ngahaturkeun nuhun ka sadayana, réhna pribados tos dipaparin widi,
dipasihan alas pikeun ngadugikeun maksud nu dikemu ti kapungkur, ngabalakakeun maksad anu
diheungheum tibaheula.
Dina kiceup anu ieu, dina rénghap anu ayeuna. pribados keuna ku paripaos, biwis samung
leméh suku samung léngkah, seja nyesepuhan tipihak pangantén pameget.
Dongkapna pribados miwah rombongan ka ieu tempat ngandung maksad anu kawengku,
nyandak maksad anu kariksa, gaduh niat anu utama seja masrahkeun 4 tutungkusan:
‫صلة الرحم‬
1. Nyanggakeun SHILATURROHMI, (shilah=sambungan, panyambung, hubungan, anapon
rohmun/ rohimun = famili/ kulawarga/ wawargian, babarayaan, shilaturrohmi nyaeta
nyambungkeun tali babarayaan) Mugia katampi, pangraket mimitran antawis urang SINDANGSARI
nu dipupuhuan ku pribados sinareng wargi di dieu tegesna di CILILIN, anu dipupuhuan ku Kang
Besan di dieu.
Khususna ka nu gaduh maksad umumna ka balaréa kalayan laksana harepan tina ladang
silaturahmi, buah nepangan baraya, sing sugih rigi jeung pangarti, jembar harta nu manfaat,
panjang yuswa nu barokah.
Salajengna pribados seja nyuhunkeun dihapunten ti sadayana, bilih temah ti rombongan, khususna
pribados pribadi aya laku lampah nu teu ka ukur aya basa nu teu biasa, rumaos pribados keuna ku
basa biwir teu di wengku létah teu tulangan, biwir keuna ku jalir janji létah keuna ku salah basa.

‫صلة الوعد‬
2. Nyanggakeun SHILATUL WA’DI, (shilah=sambungan, panyambung, hubungan, anapon wa`di =
jangji) Cunduk waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari, Pasini
jangji pasang subaya,waktu anu di tunggu tunggu, mangsa anu di tunda-tunda dina danget ieu
pisan pun anak, teu aya sanes seja nohonan janji anu parantos pasini, nyambungkeun carita nu
katunda, saur paripaosna teu aya sanes seja Sacangreud pageuh sagolek pangkek.

Bancet cai ti Karawang


Tangkal jagong dicecebkeun
Kasep Nyai tong hariwang
Pasini urang paheutkeun.
‫صلة المال‬
3. Nyanggakeun SHILATUL MALI, (shilah=sambungan, panyambung, hubungan, anapon maali =
harta) pribados kalih rombongan dongkap kadieu, Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-
ngembat nyatang pinang, namung teu jing-jing teu bawa da puguh ti enjing ge barang bawa, teu
kupal teu keupel da aya ge kapal teu ka keupeul, teu pusar teu peser da puguh pasar mah teu ka
peser, Jingjingan anu kajingjing, panggulan anu ka panggul, cacandakan anu kacandak, sasieureun
sabeunyeureun mangga nyanggakeun. Sok sanaos mung alakadarna, sanes badé nyapirakeun kana
maksud ngalalaworakeun kana maksad, nanging ieu mah tawis kaisin, tilam kasono ciri kadeudeuh
sareng katineung, sakali deui hapunten, pribados ngaraos janten jalmi anu heureut pakeun pangsat
bahan teu tiasa ngabageakeun. Manawi bahan ka tampi, da ari lebet ka istimewa mah tetebiheun,
utamina mah nyanggakeun ti rombongan pribados, nu miosna saba’da subuh nanging angkatna
mah qobla seubeuh.
Kantos ka kuping ku pribados, Si eneng na didieu, kantos nyarios kieu:”kang abdimah teu hoyong
di candakeun naon-naon ti akang teh, eneng mah hoyong ieu we...
Kajeun jeungjing sisi rawa
Manuk bondol di astana
Kajeun teu jingjing teu bawa
Asal nu ngajendol jero calana

Jengkol ngora keur coel sambel tarasi


Hoyong nu ngajendol jero calana
Karesepna para istri

‫صلة اللّحم‬

4. Nu pamungkas nyanggakeun SHILATUL LAHMI, (shilah=sambungan, panyambung, hubungan,


anapon lahmi = daging) nyanggakeun ieu pun anak anu namina (.................) ka calon besan didieu. ti
luhur sausap rambut sareng kotombena, ti handap sausap dampal sareng rorombeheunana, ti gigir
sa bentik cingir sareng nu hanyir na, ti tengah sausap-usap sareng usapeunana, ti hareup sabuleud
peureup mangga nyanggakeun.

Nyanggakeun daging sakeureut. Ti beh ditu keneh dipupusti ku Pun Anak geusan jadi ATM
sanggakeuneun ka Si Geulis di dieu. Taya lian ATM teh Alat Tusuk Manual, anu tangtosna oge bade
diaktifkeun di dieu, lantaran bank-na aya di dieu, BCA alias Barang Colokeun Aa. Insyaalloh ATM
Pun Anak teu kinten gress turta masih strong.

Nanging hapunten pun anak teh tuna harta tuna harti, sepi ku pangarti suda ku ka tiasa, naon rupi
ka kirangan oge ka alfaan pun anak pamugi calon besan sarimbit didieu tiasa nampi oge nga
ma'lum tina sadaya ka kirangan nana.

Cariosna mang otong ka ci kajang


sanaos leumpang kukurusukan,
cumarios montong panjang-panjang
wartosna patuangan tos kukurubukan.

Kang Besan sarimbit…!

Kirang langkungna mah sakitu, sakali deui pribados sareng rombongan neda sihapunten,
4neda jembar panghampura. Atuda awahing ku bingah, lir caang bulan opat welas, jalan gede
sasapuan.

َّ ‫سالَ ُم َعلَ ْي ُك ْم َو َعلَ ْي ُكنَّ ال‬


‫ساَل ُم‬ َّ ‫َوال‬

ُ‫س ْو ِل هللاِ َو َر ْح َمةُ هللاِ تَ َعالَى َوبَ َركَاتُه‬


ُ ‫َو َعلَى َر‬

You might also like