You are on page 1of 3

DOA SAPARANTOS TAKBIRATUL-IHRAM

( DOA IFTITAH )
Disusun ku: Ust. Hasbi Habibi

﴿۱﴾

Riwayat hadits anu katampi ti sahabat Abu Hurairah r.a.:


‫ اَ ٰللّهُ َّم نَـقِّنِي‬،‫ب‬
ِ ‫ق َو ْال َم ْغ ِر‬
ِ ‫ت بَـي َْن ْال َم ْش ِر‬ َ ‫اع ْد بَـ ْينِي َوبَـي َْن َخطَايَا‬
َ ‫ي َك َما بَا َع ْد‬ ٰ
ِ َ‫اَللّهُ َّم ب‬
ٰ
َ ‫ اَللّهُ َّم ا ْغ ِس ْلنِي ِم ْن َخطَايَ ا‬،‫س‬
‫ي‬ ِ َ‫ـوبُ اَْأل ْبيَضُ ِم ْن ال َّدن‬ ْ َّ‫اي َك َما يُـنَـقَّى الث‬ َ َ‫ِم ْن َخطَاي‬
.‫ج َو ْال َما ِء َو ْالـبَ َر ِد‬
ِ ‫بِالثَّ ْـل‬
Ya Allah, mugi Gusti nebihkeun antawis abdi jeung kalepatan-kalepatan abdi,
sakumaha Gusti nebihkeun antawis arah wétan jeung arah kulon. Ya Allah,
mugi Gusti ngaberesihkeun abdi tina kalepatan-kalepatan abdi, sakumaha
beresihna rangsukan anu bodas tina kokotor. Ya Allah, mugi Gusti nyeuseuh
(nyucikeun) abdi tina kalepatan-kalepatan abdi ku salju, cai jeung ibun.
(Dicutat tina Kitab Shahih Muslim, hadits nomer 940;
Kitab Sunan An-Nasai, hadits nomer 885)

Atanapi dina kalimat tungtungna, ngagunakeun kalimat anu aya dina Kitab
Shahih Bukhari, nyaéta:
.ِ‫خطَاي َايَ ب ِال ْمَاء ِ و ََالث ّل ِْج و َال ْبَرَد‬ ّ َ ُ ‫ اَلل ّٰه‬...
َ ْ‫م ا ْغسِل‬
…Ya Allah, mugi Gusti nyeuseuh (nyucikeun) kalepatan-kalepatan abdi ku cai,
ku salju jeung ibun.
(Dicutat tina Kitab Shahih Bukhari, hadits nomer 702)

Doa iftitah diluhur katampi ti sahabat Abu Hurairah. Anjeunna anu langsung
tumaros ka Kangjeng Rasul ngeunaan doa dina sela-sela antawis takbiratul-ihram
jeung bacaan Fatihah. Maka dina hal ieu, numutkeun panalungtikan Ibnu Hajar al-
Astqalani dina Kitab Fathul-Bâri Bab Mâ Yaqûlu Ba’da at-Takbîr nyebatkeun
kieu:
.‫ك‬
َ ِ ‫ذٰل‬ ‫وَحَدِي ْثُ َأ بِي ه ُرَي ْرَة َ َأ صَ ُ ح ّ م َا وَرَد َ فِي‬
Jeung ari hadits anu katampi ti Abu Hurairah éta pang shahihna ngeunaan doa
iftitah.

﴿٢﴾
Riwayat hadits anu katampi ti sahabat Ibnu Umar r.a.:
ِ ‫الله ِ بُك ْرَة ً وََأ‬
.ً ‫صي ْلا‬ ُ َ ‫ح ْمد ُ لِله ِ كَثِيْر ًا و‬
َ‫سب ْح َان‬ َ ‫اَلله ُ َأ كْ ب َر ُ كَبِيْر ًا و َالْـ‬
Allah Nu Maha Agung kalayan kaagungan-Na, jeung sadaya pujian anu kacida
seueurna mung ukur ka Allah. Maha Suci Allah dina sajeroning waktu isuk-isuk
sareng pasosoré.
(Dicutat tina Kitab Shahih Muslim, hadits nomer 943;
Kitab Sunan At-Tirmidzi, hadits nomer 3516; Kitab Sunan An-Nasai,
hadits nomer 876; Kitab Musnad Al-Imam Ahmad, hadits nomer 4399)

﴿۳﴾
Riwayat hadits anu katampi ti sahabat Ali bin Abi Thalib k.w.:

‫ض َحنِْي ًف ا َو َم ا َأنَ ا ِم ْن‬ َ ‫َألر‬


ِ
ْ ْ‫الس َم َاوات َوا‬ َّ ‫ت َو ْج ِه َي لِلَّ ِذي فَطَ َر‬ ُ ‫َو َّج ْه‬
َ‫ب اْ َلع الَ ِمنْي َ ال‬ ِّ ‫ِهلل َر‬ ِ ‫ ِإ َّن ص الَيِت ونُس ِكي وحَمْي اي ومَمَ ايِت‬، ِ‫الْم ْش ِرك‬
ََ َ َ ُ َ َ َ ‫نْي‬ ُ
َّ‫ك الَ ِإلهَ ِإال‬ ِ‫ اَللّه َّم َأنْت الْمل‬،‫ش ِريك لَه وبِذلِك ُِأمرت وَأنَا ِمن الْمسلِ ِمني‬
ُ َ َ ُ َ ُْ َ َ ُ ْ َ َُ َْ َ
‫ت‬ ‫ف‬
ْ ‫ر‬ ‫ت‬‫اع‬ ‫و‬ ‫ي‬ ‫س‬ِ ‫ف‬ْ ‫ن‬
َ ‫ت‬ ‫م‬ ‫ل‬
ََ‫ظ‬ ، ‫ك‬َ ‫د‬ ‫ب‬ ‫ع‬ ‫ا‬َ‫ن‬‫َأ‬‫و‬ ‫يِّب‬‫ر‬ ‫ت‬ ‫ن‬
ْ ‫َأ‬ ، ‫ك‬َ ِ ‫َأنْت س بحانَك وحِب م‬
‫د‬
ُ َ َْ َ ُ ْ ُ َْ َ َ َ َْ َ َ َ ُْ َ
‫َِألح َس ِن‬ ‫يِن‬ ِ ‫ واه‬،‫الذنُوب ِإالَّ َأنْت‬
‫د‬ ُّ ‫ر‬ ِ ‫ فَا ْغ ِفر يِل ذُنُويِب مَجِ يعا الَ ي ْغ‬، ‫بِ َذنْيِب‬
‫ف‬
ْ َْ َ َ ْ ُ َ ًْ ْ ْ
‫ف‬ ُ ‫ص ِر‬ ‫ي‬ ‫ال‬
َ ‫ا‬‫ه‬ ‫ي‬
ِّ ‫س‬ ‫يِّن‬‫ع‬ ‫ف‬ْ ِ
‫ر‬ ‫اص‬ ‫و‬ ، ‫ت‬ ْ‫ن‬‫َأ‬ َّ
‫ال‬ ‫ِإ‬ ‫ا‬ ‫ه‬ِ‫اَْألخالَ ِق الَ يه ِدي َِألحس ن‬
ْ َ َ ‫َ َ َئ‬ ْ َ َ َ َْ َْ ْ
‫ك‬ َ ‫س ِإلَْي‬ ‫ي‬
َْ‫ل‬ ‫ر‬
ُّ ‫الش‬
َّ ‫و‬ ‫ك‬َ ‫ي‬
ْ ‫د‬
َ ‫ي‬ِ‫ك واخْلَْي ر ب‬ َ ‫ي‬
ْ ‫د‬َ ‫ع‬ْ ‫س‬ ‫و‬ ‫ك‬َ ‫ي‬
ْ ‫ب‬َّ‫ل‬
َ ، ‫ت‬
َ ‫ن‬
ْ ‫َأ‬ َّ‫َعيِّن َس يَِّئ َها ِإال‬
َ َ َ ُ َ َ َ
‫ت‬ ‫ك‬ْ ‫ار‬ ‫ب‬ ‫ت‬
َ ، ‫ك‬ ‫ي‬َ‫ل‬‫ِإ‬ َّ
‫ال‬ ‫ِإ‬ ‫ك‬ ‫ن‬
ْ ِ ‫ الَ مْنج ا‬،‫ك‬
‫م‬ ‫ي‬‫ل‬
َ ‫ِإ‬ ‫و‬ ‫ك‬ ِ
‫ب‬ ‫ا‬َ‫ن‬‫َأ‬ ، ‫ت‬ ‫ي‬‫د‬ ‫ه‬ ‫ن‬ ‫م‬ ‫ي‬ُّ ِ ‫والْمه‬
‫د‬
َ ََ َ ْ َ َ َ َ ْ َ َ َ
َ ْ َ ْ َ َْ َ
ِ ‫وَتعالَيت َأست ْغ‬
.‫ك‬ َ ‫ب ِإلَْي‬ ‫و‬ ‫ت‬
ُ ‫َأ‬‫و‬ ‫ك‬َ
ُ ْ َ ُ َْ َ ْ َ َ ‫ر‬ ‫ف‬
Abdi madepkeun wajah abdi ka Dzat anu nyiptakeun pirang-pirang langit jeung
bumi kalayan tunduk, jeung abdi henteu kalebet jalmi-jalmi anu nyarékatkeun
ka Gusti. Saéstuna shalat abdi, sadaya pangorbanan/ibadah abdi, hirup jeung
maot abdi mung ukur ka Allah anu mangéranan sadaya alam, kalayan henteu
nyarékatkeun ka Gusti. Ku kituna, abdi patuh kana anu diparéntahkeun ku
Gusti, jeung abdi diantawis jalmi-jalmi anu sumerah diri. Ya Allah, Gusti Nu
Maha Ngarajaan, teu aya deui Pangéran anu layak disembah anging Gusti.
Maha Suci Gusti kalayan pujian mung ukur ka Gusti. Nyata Gusti nu janten
Pangéran abdi, sedengkeun abdi nu jadi hamba Gusti. Abdi parantos
ngadoliman ka diri abdi kalayan abdi ngaku kana dosa-dosa abdi. Ku kituna,
mugi Gusti ngahapunten kana sadaya dosa-dosa abdi, margi teu aya deui anu
mampu ngahapunten kana sadaya dosa anging Gusti. Mugi Gusti maparin
pituduh ka abdi kana akhlak anu pang hadé-hadéna, margi teu aya deui anu
sanggup nuduhkeunnana anging Gusti, jeung tebihkeun abdi tina akhlak anu
goréng, margi teu aya anu sanggup nebihkeunana anging Gusti. Abdi siap
nedunan kana paréntah Gusti, kalayan ari kahadéan aya dina cepengan Gusti,
sedengkeun ari kagoréngan éta sanés ti Gusti, jeung jalmi anu kenging pituduh
nyaéta jalmi anu dipaparinan pituduh ku Gusti. Abdi gumantung ka Gusti jeung
muntang ka Gusti. Teu aya kasalametan anu kawitna ti Gusti anging
disanggakeun deui ka Gusti. Saéstuna Gusti anu maparin kabarokahan, jeung
Maha Luhur Gusti, ku kituna abdi nyuhunkeun pangapunten ka Gusti jeung
abdi seja tobat ka Gusti.
(Dicutat tina Kitab Al-Umm li Asy-Syafi’i Juz I, Bab Iftitâh ash-Sholâh;
Kitab Musnad Asy-Syafi’i, hadits nomer 170)

Dina kitab Al-Umm, Imam Syafi’i cumarios kieu:

‫ب َأ ْن يِْأيِت َ بِ ِه َك َم ا يُ ْر َوى َع ْن‬ ِ ‫ال الشَّافِعِي) وهِب َذا ُكلِّ ِه َأُقو ُل وآمر و‬
ُّ ‫ُأح‬ َ َ‫(ق‬
َ ُُ َ ْ َ ُّ
‫ص لَّى اهللُ َعلَْي ِه َو َس لَّ َم الَ يُغَ ِاد ُر ِمْن هُ َش ْيًئا َوجَيْ َع ُل َمك اَ َن َوَأنَ ا‬
َ
ِ ‫رس و ِل‬
‫اهلل‬ ُْ َ
‫ص ُه‬ َّ
‫ق‬ ‫ن‬
َ ‫َأو‬ ‫ا‬ ‫ي‬ ‫ش‬
َ ِ ‫ال) فَ ِإ ْن زاد فِي‬
‫ه‬ َ ‫ق‬
َ ( ، ِ ِ‫ََّأو ُل اْملس لِ ِم وَأنَ ا ِمن اْملس ل‬
‫م‬
َ ْ ْ ْ َ ‫ًئ‬ َ َ ‫َ ُ ْ نْي‬ َ َ ‫ُ ْ نْي‬
.ُ‫ك َْأو نَ ِسيَهُ َْأو َج ِهلَه‬ ِ َّ ِ‫َك ِر ْهتُهُ َوالَ ِإ َع َاد َة َوالَ ُس ُج ْو َد ل‬
َ ‫لس ْه ِو َعلَْي ِه َع َم َد ذل‬
Imam Syafi’i cumarios, “Jeung ku do’a iftitah sadayana ieu (dibaca lengkap),
nya kuring sok maca éta, jeung kuring maréntahkeun sarta kuring mikaresep kana
éta doa sakumaha parantos diriwayatkeun ti Rasulullah Saw, ku kituna ulah
ninggalkeun/ngurangan éta bacaan saeutik ogénan. Jeung jadikeun gagantina tempat
lafadz “ana awwalul muslimîn” ku lafadz “wa ana minal muslimin.” Saterasna
Imam Syafi’i cumarios, “Upama aya anu nambahan atawa ngurangan kana éta doa,
maka kuring henteu mikaresep, sanajan teu kudu ngulang deui jeung teu kudu sujud
sahwi, boh dihaja boh poho atawa teu apal.”

(Dicutat tina Kitab Al-Umm li Asy-Syafi’i Juz I, Bab Iftitâh ash-Sholâh)

﴿٤﴾
Riwayat hadits anu katampi ti sahabat Abu Sa’id al-Khudri r.a.:
ِ
.‫ُّك َوالَ ِإلهَ َغْي ُر َك‬
َ ‫َجد‬ َ ُ‫ك اللّ ُه َّم َوحِب َ ْمد َك َوَتبَ َار َك امْس‬
‫ك َوَت َعاىَل‬ َ َ‫ُسْب َحان‬
Maha Suci Gusti ya Allah kalayan pujian mung ukur ka Gusti. Maha Barokah
asma Gusti, Maha Luhur kadudukan Gusti, jeung teu aya Pangéran anu layak

disembah anging Gusti.


(Dicutat tina Kitab Sunan An-Nasai, hadits nomer 890; Kitab Sunan Ibnu Majah,
hadits nomer 796; Kitab Musnad Al-Imam Ahmad, hadits nomer 11230; Kitab
Mustadrok ‘ala ash-Shahihain, hadits nomer 892)
Ngeunaan doa Iftitah ieu, Imam al-Hakim cumarios:

.ُ‫جاه‬ ِ
‫ر‬ ْ ‫خُي‬ ‫مَل‬‫و‬ ِ ‫ث ص ِحيح اِْإل سن‬
‫اد‬ ٌ ‫ي‬‫د‬ِ ‫ه َذا ح‬
َ ْ َ ْ ُْ َ ْ َ َ
Ieu hadits (ngeunaan doa iftitah di luhur) jalur sanadna shahih sanaos (Imam
Bukhari sinareng Imam Muslim) henteu ngaluarkeun ieu hadits.

Wallohu a’lamu bi ash-showab!

You might also like