Professional Documents
Culture Documents
Hadirin rohimakumulloh
Ayat al-Qur’an anu pakait sareng perkawis syukur seueur pisan diuningakeun dina al-Qur’an, salah
sawiosna nyaeta ayat anu di unggelkeun dina surat Luqman ayat 12, Alloh SWT ngadawuh:
َوﻟََﻘ ْﺪ آﺗَـْﻴـﻨَﺎ ﻟُْﻘ َﻤﺎ َن اﻟْ ِﺤ ْﻜ َﻤﺔَ أ َِن ا ْﺷ ُﻜ ْﺮ ﻟِﻠﱠ ِﻪ ۚ َوَﻣ ْﻦ ﻳَ ْﺸ ُﻜْﺮ ﻓَﺈِﻧﱠ َﻤﺎ ﻳَ ْﺸ ُﻜُﺮ ﻟِﻨَـ ْﻔ ِﺴ ِﻪ ۖ َوَﻣ ْﻦ َﻛ َﻔَﺮ ﻓَِﺈ ﱠن اﻟﻠﱠﻪَ ﻏَﻨِ ﱞﻲ
َﺣ ِﻤﻴ ٌﺪ
Hartosna: “Jeung saenyana Kami geus mere hikmah ka Luqman nyaeta: “Kudu syukuran ka Alloh,
sareng saha bae jalma anu syukuran ka Alloh, maka saenyana manehna geus syukuran kadirina.”
َواِ ْذ ﺗَﺄَذﱠ َن َرﺑﱡ ُﻜ ْﻢ ﻟَﺌِ ْﻦ َﺷ َﻜْﺮﺗُ ْﻢ ﻻَ ِزﻳْ َﺪﻧﱠ ُﻜ ْﻢ َوﻟَﺌِ ْﻦ َﻛ َﻔْﺮﺗُ ْﻢ اِ ﱠن َﻋ َﺬاﺑِ ْﻲ ﻟَ َﺸ ِﺪﻳْ ٌﺪ
Hartosna: ”Jeung kudu inget dina waktu pangeran anjeun mere nyaho. Saenyana lamun anjeun syukuran,
pasti kami bakal nambah nikmat ka anjeun, jeung lamun anjeun kupur kana nikmat ti kami maka saenyana
siksa kami kacida nyeurina.” (Ibrohim: 7)
Hadirin rohimakumulloh
Dina tafsir Al-Qosimi disebatkeun yen syukur teh diadegkeun atawa diwangun dina lima dasar, nyaeta:
1. Tundukna hiji jalma ka dzat anu disyukurana, lamun jalma ngaku yen dirina syukur ka Alloh tapi teu
aya rasa tunduk ka dzat nu disyukuranna, maka syukurna bohong.
2. Mikacinta ka dzat nu disyukuranna, sagala parentah nu datangna ti Alloh rek beurat, rek masyakat,
sakabehna dilaksanakeun. Nyakitu deui sagala panyegahna sok sanajan pikabitaeun, ngeunah karasana,
eta sakabehna kudu di jauhan sarta disinglarkeun.
3. Ngaku kana sagala kanikmatan anu dipasihkeun ku mantenna, moal aya hiji kanikmatan nu
dianugrahkeun ka hambana iwalti sadayana karunia mantenna.
4. Muji kana sagala kanikmatan Alloh, sagala nu dipasikeun ka urang sadaya nu diciptakeun moal aya nu
batal hiji oge, sabab sadaya aya dina rencana Alloh SWT.
5. Teu digunakeun eta kanikmatan dina perkara nu teu dipikaridlo ku Alloh SWT, sabab lamun urang
ngagunakeun kanikmatan lain dina jalan anu dipikaridho ku Alloh SWT, maka urang geus kufur kana
kanikmatan, sahingga bakal meunang bebendu ti Alloh SWT sakumaha pidawuhna :
اِ َذاذَ َﻛْﺮ ﺗَﻨِﻰ َﺷ َﻜْﺮ ﺗَﻨِﻰ َواِ َذا ﻧَ ِﺴْﻴـﺘَﻨِﻰ َﻛ َﻔْﺮ ﺗَﻨِﻰ
Hartosna: Dimana anjeun inget ka kami maka anjeun syukur ka Kami jeung dimana anjeun poho ka Kami
maka anjeun keur kufur ka Kami.
ﺼ ْﻮَﻫﺎ ِ ِ ِ
ُ َوا ْن ﺗَـ ُﻌﺪ ْﱡوا ﻧ ْﻌ َﻤﺔَ اﻟﻠﻪ ﻻَ ﺗُ ْﺤ
Hartosna : “Lamun anjeun ngitung-ngitung kana nikmat ti Alloh tangtu anjeun moal bisa ngitung-
ngitungna.”
Hadirin rohimakumulloh
Pamungkas, mudah-mudahan Alloh SWT masihan kakiatan ka urang sadaya sahingga tiasa syukuran kana
nikmat kamerdekaan ieu utamina deui nyaeta nikmat Iman, Islam jeung Ihsan. Aamiin.