You are on page 1of 2

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

‫ َو الَّص َالُة َو الَّسَالُم َعلَى َأْش َر ِف الـُم ْر َسِليَن َو َعلَى آِلِه َو َص ْح ِبِه‬، ‫ َو ِبِه َنْسَتِع ْيُن َع َلى ُأُم وِر الُّد ْنَيا َو الِّديِن‬، ‫اْلَحْم ُد ِهَّلِل َر ِّب اْلَع اَلِم يَن‬
‫ َأَّم ا َبْعُد‬، ‫َأْج ـَم ـِع يَن‬

Alhamdulillahirobbil ‘alamin wabihi nasta'inu 'alaa umuuriddunya waddiin, wassholatu


wassalamu ‘alaa asrofil anbiya ii wal mursalin sayyidina muhammadin, wa’ala alihi wa
ashabihi ajmain.
Sampurasun, langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur séwu nuhun kana
saniskanten perhatosan Bapa ibu majlis taklim se desa kendaljaya.
Anu ku simkuring dipihormat, Bapa Ustad KIAYI KILAT MUDA ABDUL QOHAR, S. PD
Anu ku simkuring dipihormat, Bapa/Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, sarta
réréncangan sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh.
Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji ka dzat Allah anu Maha Kawasa,
sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha Ghafur.
kalayan nikmat ti Allah urang sadaya tiasa kumpul mungpulung, patepang raray dina raraga
kagiatan Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW 1445 H/2024 M.
Solawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka
dinten kiamah. Amiin yaa robbal alamin....
Simkuring ngadég di payuneun hadirin sadaya wiréh kapancénan salaku panata acara badé
ngadugikeun sababaraha acara Isra Mi'raj anu baris kasanggakeun, nya éta di antawisna :
1. Bubuka (Maca basmallah)
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Pupuhu sakola
5. Taushiyah ti ustad (nama ustad)
6. Doa/Panutup Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat supados teu nyangkolong kana
waktos, sumangga ieu urang sasarengan buka acara Isra Mi'raj 1445 H maos basmalah.
(Bismillahirrahman nirrahim..)
Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi.
Ka Sadérék (Nama pembaca alqur’an) mangga dihaturanan.
(Maos ayat suci alqur’an sarta solawat nabi)
Acara selanjutna nyeta nu katilu, laporan Pupuhu Panitia Pelaksana.
Ka Sadérék (nama ketua panitia) mangga dihaturanan ka payun.
(Laporan ketua panitia) Hatur nuhun ka Sadérék (Nama ketua panitia) anu parantos
ngadugikeun laporanana.
Nincak kana acara ka opat, pamapag ti Bapa pupuhu (Nama tempat acara) Ka Pangersa Bapa
(Nama kepala sekoah/jst), waktos sinareng tempat disayogikeun.
(Pamapag dari kepala sekolah) Hatur nuhun ka kersana Bapa (Nama kepala sekolah), anu
parantos ngadugikeun pamapagna.
Acara salajengna nyaeta acara inti atawa nu kalima, nya éta taushiyah ti Bapa Ustad (Nama
ustad), Sumangga Bapa (Nama ustad), waktos sinareng tempat disayogikeun.
(Taushiyah) Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad (Nama ustad) anu parantos ngadugikeun
taushiyahna, mugi-mugi ilmuna berkah jeung urang sadaya.
Nincak kana acara nu terakhir, nya éta panutup atawa doa, nu ieu baris dipingpin ku Bapa
Ustad (Nama ustad). Sumangga Bapa Ustad (Nama ustad), dihaturanan kanggo mingpin doa.
(Maca do’a) Hatur nuhun ka kersana Bapa Ustad (Nama ustad), anu parantos mingpin do’a ti
kesempatan acara Isra Mi'raj 1445 H ieu.
Mugia do’a urang sadaya di kobul ku Allah SWT. Aamiin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah babarengan.
(Alhamdulillahirabbil‘alamin)
Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka réngréngan panitia anu parantos ngabantosan tina
sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu.
Hapunten kasadayana bilih aya basa anu kirang merenah. Ashikum nafsi waiyyaya
bitaqwallah. Akhirul kalam, billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum warohmatullah
wabarokatuh.***

You might also like