You are on page 1of 10

Campur Aduk

1. Annisaa Solihah : Amira


2. Desi Purnamasari : bu Nike
3. Maulud Zakaria : Pak Hasan
4. M. Luthfan Alwafi : Pak Adit
5. Dina Nur Handayani : Bu Dame
6. Agie Ginanjar : Riki
7. Anjar Ismunandar : Rendy
8. Wanty Widyawaty : Monic
9. Faruq Hidayat : Tirta
10. Fadilla Amalia : Tasya
11. Novianti : Nessa

Adegan 1 (Di bumi)

Pak Hasan anu miboga profesi janten kuli bangunan sakaligus ayah sareng suami ti keluarga anu
pas-pasan .Anjeunna netep di bumi sareng pamajikanna namina Bu Nike sareng Putrina namina Amira .
Sangkilang hirupna pas-pasan tapi anjeuna sok bungah soalna sok ngarasa syukur ka gusti . Sapopoena
Bu Nike jualan cireng sareng Amira ngan lamun Amira mah jualan cirengna di kampusna sabari kuliah .
Amira teh kuliah di Tunas Bangsa, anjeunna tiasa kuliah lantaran meunang beasiswa .
Bu Nike : “Eng..Eng..Eng.. emmmp…”
Amira : “yahhh . ibu kunaon sih ??”
Pak Hasan : “duka atuh ayah oge . urang tinggal yuuk ?”
(Pas Amira sareng ayahna rek nyamperkeun Bu nike , Bu Nike kaburu dongkap)
Bu Nike : “ sadayana waktosna ayeuna makan. Sok mangga raosan emameun anu top markotop , anu
mantap . Masakan Farah Queen oge eleh sok ku ibu mah. Ibu kan Koki handal tahun 2011”
(Pas ditinggal , eta kadaharan eusina jengkol, tumis, asin.. Wayahna)
Amira :”Eleuuuh eta si ibu sugan teh anu spesial ala koki handal teh naon ari pek teh jengkol, tumis,
asin. Bu ari emameun ala koki handal mah pizza, hamburger, spageti, naon deui nya ???”
Pak Hasan :”Peuteeeeeeeeeeyy” (bari tariik ngomongna ngarewaskeun batur)
Amira :”haahaa si ayah mah peutey mah kadaharan urang Balanda lain urang Sunda.”
Bu Nike :”Ehh , Amira putri ibu anu paling geulis, endah, elok rupana anu jiga Nikita Willy tea. Ulah kitu
atuh sayang , ieu teh emameun anu kedah di syukuri ku sabab langka . moal aya atuh di luar
negeri mah kadaharan jengkol, tumis, jeung asiin”
Pak Hasan :”tahhh bener kupingkeun. Syukuri naon nu aya hidup teh nyaeta anugrah kedah jalankeun
hirup ieu ngalakukeun nu terjadi”
Bu Nike : “Siipp si ayah bener euuyy makin Love, Love, Love we lah”
Amira : “nya leres kedah syukur . Engke lamun simkuring tos beungharrr , tos janteun panulis anu sukses
simkuring bade ngabungahkeun ibu sareng ayaaaah”
Pak Hasan dan Bu Nike : “Amiiiiiiiin”
Bu Nike : “sing kacumponannya eta cita-cita teh”

Adegan 2 (di kampus Tunas Bangsa)


Sabari kuliah Amira dagang cireng di kampusna . itung-itung babantulah kana kahirupan
kaluargana anu pas-pasan eta..
Amira :”Carireng.. cireng.. cireng.. bade cirengna yeeuuuh sarebu tilu dijamin HALAL ala koki handal
Farah Queeen oge lewatlah”
Tasya :”Hebat euy jualan di kampus”
Amira :”eleuuh jualan cireng di sebut hebat kumaha lamun jualan cimol, gehu, bala-bala”
(Aya murid dongkap)
Riki : “Bu dosen datang”
(sadayana ka korsi)
Braaaaaaaaaaaaaaaakkk
Rendy : “Sory.. sory teu kahaja”
Amira :”Seuri.. seuri boro-boro hayang seuri nu aya mah nyeuri atuh euy. Tinggal yeuh dagangan
simkuring maruragan ahh ” (bari ceurik kokosehan)
Rendy :”enya-enya hapunteun atuh teu kahaja”
Amira :”Gantiaan ahh pokokna mah”
Rendy :”enya-enya diganti” (ngasongkeun duit loba)
Amira :”tah kitu atuh jadi kan deal”
(Ibu Dame jeung anakna Monic datang)
Ibu Dame : “ehh keur naon ieu barudak buru ka tempatna masing-masing sok geura di alajar ieu teh ulah
karedul.”
Amira dan Rendy : “Siaaaaap” (bari hormat)
Ibu Dame :”anak-anak anu ku ibu dipikacinta ayeuna urang mulai pelajaranna. Lemari naon anu tiasa
dibawa kamamana jeung tiasa dilipeut?”
Tirta: “Lemaribuan buu”
Ibu Dame :”ya, bener pinter. Keprok-keprok. Nu kadua. Kunaon polisi make pistol. ”
Nessa :”nya lamun make tongkatmah di sangkana hansip atuh bu”
Ibu Dame : “sip nabati sip , tah ayeuna nu katilu. Apal beurit teu ?”
Riki : “Nya apal atuh bu eta mah kadaharanna si Tirta”
Tirta : “maneh eta mah”
Riki : “maneh”
Tirta :”maneh”
(der weh duaan eta pasea tpi dipisahkeun ku bu Dame)
Ibu Dame :”eleeuh ieu budak nanaonan gelut meuni teu bermutu pisan”
Amira :”lamun teu bermutu mah bercoet atuh bu nya”
Ibu Dame : “ahh enggeus urang di ajar deui. Sok naon jawaban anu tadi aya nu tiasa nebak. Beurit naon
anu sukuna aya dua. Sok Monic jawab yeuh giliran anjeun putri ibu nu dipikacinta ?”
Monic :” ahh duka atuh ibu boro-boro mikiran beurit nu aya mah lamun aya beurit simkuring mah rek
lumpat keur naon nanyakeun ka beurit kieu , Beurit suku anjeun aya sabaraha. Ihh amit dua
anu ay amah simkuring rek lumpattt”
Bu Dame : “ah iyeu mah nya budak sok atuh saha nu bade ngajawab”
Amira :”abdi bu, beurit anu sukuna dua nyaeta Micki Mouse”
Ibu dame :”ye. Pinter keprok-keprok”
(teu lila aya sora bel)

Adegan 3 (di taman deket kampus Tunas Bangsa)


Pak Hasan ngajemput ka kampus Amira didinya anjeuna paamprok jeung bu Dame .
Pak Hasan : “waw aya awewe geulis . didieu gunung didinya gunung dimana-mana gunung ditengahna
pulau Jawa si ibu geulis jiga gunung merapi. Si ibu meuni geulis kieu simkuring langsung
klepek-klepek”
Bu Dame : “eleuuuh disaruakeun jeung gunung merapi . tapi bae lah lalaki na kasep , hate simkuring jadi
ngapung”
Pak Hasan : “Tepangkeun nami simkuring Hasan Sadikin asli Garut”
Bu Dame : “Hasan Sadikin jiga nami Rumah Sakit wae nya . wasta Simkuring Dame Similikiti, simkuring
teh dosen di kampus Tunas Bangsa”
Pak Hasan : “sumuhun ibu, ehh ibu teh dosen . putri simkuring oge di ajar na didieu namina Amira
Wijaya anu jiga Nikita Willy tea, ibu terang”
Bu Dame : ”Muhun terang budak pinter anu meunang beasiswa tea kan ?”
Pak Hasan : “Muhun bu , hayu ahh urang ka hiji tempat abdi bade naroskeun soal Amira di kampusna
kumaha ?”
Bu Dame : ”hayuuu”
(di jalan Bu Hasan jeung Bu Dame panggih jeung Bu Nike pamajikan Pak Hasan)
Bu Nike : “Hasaaaaaaaaan , ih lalaki jaman ayena mah nya PELAYBOY ditinggalkeun sakedeung geus
neang nu anyar . aduh alah iyeu teh kumaha ?”
Pak Hasan :”iyeu mah sanes sasaha da ieu mah dosen na Amira di kampus bener yeuh teu bohong
Suer tekewer-kewer tah”
Bu Nike : “aaaahhhh teuing ahh teu jelasnya (tampar)”
(Suami Sieun Istri Pak Hasan indit nuturkeun Bu Nike)
Bu Dame :”ahhh teu baleg pisannya lalaki jaman ayeuna asalna ngarayu tapi ahirna nyeuri hatekeun,
lalaki jiga kitu mah kudu di basmi. Keur naon aya oge ari ahirna ngarugikeun mah. Lalaki teh
kabehanana buaya darat lamun ceuk istilah sejen mah PELAYBOY teu bisa dipercaya, geus
weh tong aya lali deui di dunya ieu”

Adegan 4 (di jalan)


Bu Nike keur jualan cireng papanggih jeung Pak Adit pengusaha kaya nusabenarnya anjeuna
nyaeta ayah ti Rendy anu sakola di Tunas Bangsa
Bu Nike :“Cireng-cireng barade yeuh haraneut sarebu tilu cireng cireng”
Pak Adit :“Alah aya awewe geulis tur indah rupawan keur jualan cireng, sampeurkeun ahh”
Bu Nike :”eh bapak meuni kasep kieu jiga Afgan bade cireng pak enak yeuh kualitas USA alias Urang
Sunda Asli
Pak Adit : “okey . urang borong sadayana”
Bu Nike : “Alhamdullilah nuhun pak , ih si bapak teu ngan saukur kasep wae tapi hatena oge teu eleh
kasepna “
Pak Adit : “ahh si ibu mah bisa wae muji na teh. BTW Anyway Buswey”
Bu Nike : “naon pak BTW Anywey Buswey teh? Abdi mah teu terang”
Pak Adit : “BTW Anyway Buswey the By The Wey Anywey Buswey lamun ceuk b.Indonesia mah
ngomong-ngomong”
Bu Nike :”oh punten atuh pak da simkuring the teu terang-terang acan bahasa kitu , nya maklum lah ti
kampung”
Pak Adit : “ti kampung mana bu linggihna”
Bu Nike : “eta caket ti kampung Balakaciprut”
Pak Adit :”oh kaperengan atuh simkuring oge bade ngaliwat kadinya hayu bade sareng”
Bu Nike :” muhun atuh bade. Sateuacanna simkuring ngucapkeun nuhun”
Pak Adit :”sami-sami hayu atuh”
(Pak Adit indit rek nganteurken Bu Nike terus dijalan panggih jeung salaki Bu Nike nyaeta Pak Hasan)
Pak Hasan :”oh kieu nya kalakuan maneh teh”
Bu Nike :”salah paham ieu mah sanes sasahana simkuring . ieu oge karek manggih di jalan”
(Talak Tilu, Pak Hasan jeung Bu Nike indit ka imahna ngarengsekeun masalah ieu )
Pak Adit : “ihh geulis-geulis teh geus boga salaki geningan “
Rendy : “Papih . keur naon papih didieu ?”
Pak Adit :”ehh anak papih anu pangkasepna biasalah papih parantos patepang sareng klaen papih
biasalah nyarioskeun ngenaan bisnis. Kan bisnis papih dimana-mana”
Rendy :”oh kitu pih . nya atos atuh hayu urang uih bareng pih”
Pak Adit : “hayu anak papih nu dipikacinta urang uih ka bumi”
Rendy : ”yuk mangga”

Adegan 5 (di imah Pak Hasan)


Amira nembe uih ti kampusna , anjeuna meuni cape pisan . pas balik ka imah di sambut ku
indung bapana anu nuju pasea.
Amira : ”ayah ibu kunaon ieu meuni asa rarewah da simkuring teh ?
Bu Nike :”Ieu Ra , ayah anjeun teh rek nyerahkeun ibu”
Amira : “hah jadi ayah sareng ibu the rek cerai”
Bu Nike : “ulah , Amira bantuan ibu . Ibu alim cerai sareng ayah ibu Bogoh pisan ka ayah , ibu alim pisah
jeung ayah . teu aya anu tiasa ngagentoskeun posisi ayah di hate ibu. Ayah teh jalmi anu ku
ibu dipikacinta neupi ahir hayat”
Amira :”ayah Amira hoyong ayah tong cerey sareng ibu . ayah Amira nyaah ka ayah sareng ibu . Amira
teu tiasa lamun ayah sareng ibu ceray. Ayah teganya ka ibu anu tos sareng ayah salila 20 tahun
2 bulan 22 hari . Tinggal ibu yah ibu teh nyaah pisan ka ayah”
Bu Nike : “Leres yah anu dicarioskeun ku Amira. Ayah tong jantennya ceray sareng ibu”
Pak Hasan : “ok tapi tong diulangi deui”
Bu Nike : “enya atuh ayah eta mah pasti . ibu mah alim kaleungitan ayah”
Amira : “Tah kitu sae pacantel atuh ayah ibu. Ayah ibu kita tos yu”
(Tos weh Amira sareng ayah jeung ibuna)
Amira :”Ayah , ibu goreng”
Pak Hasan :”Ibu , Amira goreng”
Bu Nike :”ayah, Amira goreng
Adegan 6 (di taman)
Di taman aya budak ngora anu keur karempeul biasa lah budak ngora zaman ayeuna mah osok
nongkrong atawa mejeng . Budak ngora eta teh aya 2 jajaka nyaeta Rendyjeung Tirta teras muncul salah
sahiji baturanna nyaeta Riki.
Riki : “hei barudak keur naraon yeuh meuni eweuh gawe pisannya ieu teh”
Tirta : “ahh si kupret datang . ceuk saha eweuh gawe . gawe urang duaan tatadi nyaeta ngagoda awewe
anu ngalewat wes jaba galeulis pisanlah.”
Riki :”alah eta meuni teu ngajak-ngajaknya masalah ngarayu awewe mah yeuh RIKI SUBAGJA Pelayboy
masa kini”
Tirta :”iyey sok atuh kadieu diuk lamun rek milu mah”
Rendy :” maraneh mah karitu nya awewe weh jeung awewe dipikiranna teh . kumaha Indonesia rek
maju ari Generasi na jiga kieu”
Riki :”nya pasi maneh mah moal mikiran atuh da maneh mah Homo”
Tirta:”ih….Homo”
Rendy :”saha anu homo engke nya tempo Rendy Emraldi Hutama bakalan meunangkeun awewe”
(teu lila aya 2 awewe ngalewat nyaeta Monic jeung Tasya)
Tirta :”eta aya awewe duaan gelis”
Riki :”nya bener sok saha nu rek nyamperkeun”
Tirta :”Gambreng sok”
Tirta, Riki jeung Rendy : “hompipa alaiyum gambreng”
Tirta : “yes urang meunang samperkeun ahh bye”
Tirta : “hay nuju naraon yeuh neng gelis”
Monic : “ih saha.nya deket jiganu wawuh wae”
Tasya :”Nic, tong kitu ahh ieu lalaki kasep oge”
Tirta :”emang kasep sakomplek ieu tos terang yen abdi Tirta Gunawa lalaki paling kasep sakomplek ieu”
Monic : “iiih meuni GR pisan da iyeu lalaki can pernah di alungan ku sapatu high hils nya”
Tasya : “ih ulah kitu da kasep ih, tepangkeun nami simkuring Tasya nu akrab dipanggil chacha . tapi Tirta
tiasa manggil saha weh bebas”
Tirta :”oh ari istri anu hiji deui saha yeuh namina meuni jutek kitu engke aura geulisna leungit”
Monic :”Monic” (sabari jiga anu hoream). “Cha hayu ah balik keur naon didieu ngaladenan lalaki
samodel kitu”
Tasya :”mbung ahh engke deui weh atuh jug weh lamun rek balik tiheula mah lumayan yeuh jarang-
jarang meunang lalaki kasep kieu jiga pamaen sinetron . sahanya oh heueh eta the anu di Cinta
Fitri ADLY FAIRUZ”
Monic :”Adly Fairuz timana sih buka atuh panon teh nya”
Tasya :”yeeuuh tos di buka”
Tirta : “cha hayu ahh urang ameng bae antepkeun anu al(Tirta jeung Tasya indit Monic ditinggalkeun)
Monic : “hei antosan urang ngilu”
im di ajak mah”
(Monic indit nyampeurkaeun Tirta jeung Tasya)
Riki :”ih hebat nya si Tirta meunangkeun awewe sakaligus dua. Iraha urang kitu”
Rendy : “engke taun gajah”
(teu lila aya awewe geulis make tiung ngalewat namina Nessa)
Riki :”wes aya awewe deui hayu ahh suit. Yes meunang giliran urang nya”
(Riki nyampeurkeun Nessa)
Riki :”ehhheeeeemm mojang geulis nuju naon yeuh namina saha ?”
Nessa :”eta bade ka bank, bade nyairkeun artos nembe di pasihan cek ku pun bapa. Nami simkuring
Nessa Aulia . lamun anjeun?”
Riki :”Lamun name aa mah Riki Subagja putra juragan sampeu anu tos kawentar . istri geulis mah ulah
papah nyarira bilih digoda ku lalaki Irung belang”
Nessa :”eleuuh meuni tiasaan muji na teh”
Riki :”hayu atuh urang anteurkeun gelis”
(Nessa jeung Riki indit tinggal rendy sorangan teu lila Amira datang)
Amira :”(sabari ningali buku karanganna) asik keluarga teh bahagia deui ayah sareng ibu teu janteun
cerai. Ieu buku cintaan simkuring kedah alus pokokna kedah meunang lomba kan lumayan
hadiahna 100juta tiasa masihan ayah sareng ibu bumi anyar”
(Rendy teu kahaja nubruk Amira )
Braaaaaaaaaaaaaaakkkkkk
Rendy :”punten-punten teu kahaja”
Amira :”Rendy nu bener atuh leumpang teh , teu nyaho nya aya jelema anu leumpang”
Rendy :”eh . naha nyalahkeun lainan anjeun teh lempangna teu luak lieuk tuluy weh ningali buku”
Amira :”ih geus salah teh teu ngaku deui. Kamari nubruk cireng ayeuna nubruk buku. Kumaha sih ?
anjeun terang teu iyeu buku teh bade di lombakeun dina Acara lomba nulis novel sa nasional .
terus ayeuna bukuna tos kotor kieu naon anu kedah di lombakeun . Ahh iyeu buku harapan
simkuring hiji-hijina supados simkuring tiasa nyieun bangga ayah sareng ibu” (bari sedih)
Rendy :”punten atuh sakali deui bener da teu kahaja”
Amira :”Nya atoslah anu enggeus mah enggeus. (bari lumpat jeung kecewa bukuna dianteupkeun teu di
candak)”
Rendy : ahh urang geus ngalakukeun kasalahan anu gede. Pokokna urang kudu ngalakukeun yen
manehna tiasa ngiring lomba (Rendy ninggal eusi buku ciptaan Amira , teras manehna boga akal
rek mikeun novel ieu ka bapana da sabenerna bapa na the anu ngayakeun lomba nulis karya
novel) oh, jadi Amira ngiringan lomba.na di perusahaan Retro kabeneran pisan iyeu perusahaan
teh anu papih pokokna simkuring kedah mikeun iyeu novel ka papih”

Adegan 7 (di imah)


Amira dongkap kabumina bari jeung miboga rasa kacewa jeung sedih . Amira sedih pisan soalna
manehna teu tiasa ngiringan lomba nulis novel ku lantaran tos kotor.
Bu Nike :”AMira putri ibu ku naon geulis?”
Amira :”ibu novel ciptaan Amira anu bade di lombakeun kotor tadi asup ka leutak. Amira jadi teu tiasa
ngiringan lomba nulis novel deui tapikan bu AMira hoyong nyieun ibu sareng ayah bangga,
Amira hoyong janten juara ngameh artosna tiasa kanggo ayah sareng ibu di angge modal kanggo
nyieun usaha supados urang teh hirupna teu sangsara wae”
Bu Nike :”Amira, teu kedah ngiringan lomba oge anjeun mah tos ngabungahkeun aya sareng ibu . Amira
tos bageur sareng soleh oge eta mah tos cekap saur ibu mah”
Amira :”tapi kan bu eta lomba teh harapan simkuring hiji-hijina”
Bu Nike :”saur saha ? masih aya keneh harapan. Tong pondok harepan kitu pokokna putrid ibu kedah
sumanget”
Pak Hasan :” putri ayah sareng ibu ulah pondok harepan kedah Sumanget”
Amira :”hmm leres oge anu dicarioskeun ku ibu sareng ayah . Okey ayeuna mah moal pondok harepan
deui kedah Sumanget yeaaahh”
Bu Nike :”tah kitu , eta namina Amira Wijaya putrina ibu sareng ayah”
Amira :”nuhunnya ayah ibu tos ngahibur simkuring, ayeuna simkuring kedah bangkit”
Bu Nike , Pak Hasan , Amira :”SUMAAAAANGEEEEEEET”

Adegan 8 (di imah pak Adit)


Rendy uih ka bumi.na manehna rek mikeun novel ciptaan Amira ka Pak Adit ayahna nu
sabenerna ayahna teh anu ngayakeun eta lomba nulis novell
Rendy :”papih”
Pak Adit :”aya naon putra papih anu paling kasep?”
Rendy :”kieu pih, kan papih ngayakeun lomba nulis novel tah simkuring teh bade ngadaftarkeun
rencangan simkuring”
Pak Adit :”mana ninggal novelna?”
(Rendy ngasongkeun novel)
Pak Adit :”iyeu mah novelna kotor”
Rendy :”nya sih tapi tong ninggal luarna tapi tinggal heula geura jerona. Sae pisan pih eusina. Baca heula
geura sinopsis novelna”
Pak Adit :”mana cik ? (pak rendy maca synopsis novel nepi ka rengse) bener euy novel iyeu teh sae.
Nembe oge maca synopsisna tos resep kieu hebat “
Rendy :”sip papih usahakeun sing meunang nya”

Adegan 9 (di taman)


Di taman, aya hiji wanoja anu keur diuk bari ngalamun jeung ninggal pamandangan anu aya di
sakulilingna. Ojol-ojol aya pameugeut nyamperkeun
Pak Adit :”didieu gunung didinya gunung dimana-mana aya gunung ditengahna pulau Jawa aya awewe
geulis nuju calik meuni termenung jiga nu linglung ”
Bu Dame :”Naon sih meuni teu nyarambung”
Pak Adit :”tepangkeun nami simkuring Adit Untung, kunaon namina Adit Untung ? soalna osok untung
wae”
Bu Dame :”iiih meuni PD”
Pak Adit:”Sumuhun atuh Neng, PD mah nomor hiji. Sok atuh Neng nyanggakeun, name Neng the saha?
Neng teh meuni geulis nepikeun hate akang teh klepek-klepek.”
Bu Dame:”Euleuh-eleuh ari Akang. Sa Bandung oge tos terang lamun simkuring teh wanoja
panggeulisna anu tiada tara tiada banding tiada akhir nepi akhir jaman. Tepangkeun atuh name
simkuring the Dame Similikiti.”
Pak Adit:”Euh, namina meuni unik, jiga rarayna. Ari Neng damel naon?”
Bu Dame:”Dosen di Kampus Tunas Bangsa
Pak Adit : “ Oh kaleresan pisan, pun anak oge diajar di Kampus Tunas Bangsa.”
Bu Dame : “ Oh. Saha atuh jenengannana pun anak the?”
Pak Adit : “Rendy Emraldi Hutama. Anu pangkasepna kawas bapana.”
Bu Dame:” Oh pami eta mah teurang atuh.”
Pak Adit:”Ari Neng bade ngiring Akang dangdutan?”
Bu Dame:”Ih ari Akang naon sich? Meuni maman jawa sumedang”
Pak Adit:”Naon eta the neng, meuni jalosinghising alias jalma loba singkat hirup ge singkat.”
Bu Dame:” Ah Akang mah jiga nu teu terang wae, maman jawa sumedang the mamantes maneh jaba
ngewa sugan menarik da ngga.”
Pak Adit:”Hayu atuh Neng, bade ngiring Akang moal.”
Bu Dame:”Hayu atuh, saha nya nu bade nolak lamun diajak ku lalaki jiga Akang anu kasep tur endah
rupawan.”
(Der weh duaan eta the arangkat. Lagu Sunda oge ngahariring langkah aranjeunna.)

ADEGAN 10 (Di Kampus daragang cireng)


Di payuneun kampus, Amira sareng ibuna jarualan cireng. Aya weh babaturan Amira, nyaeta
Tasya, Monic jeung Nesa.
Tasya:”Heh maraneh! Keur nararaonan didieu?”
Amira:”Abdi the sareng ibu nuju icalan cireng. Maeunya anjeun heunteu niggal abdi nuju naon.”
Tasya: “Urang oge nyaho maraneh keur jualan cireng. Naha beut jualan didieu?”
Monik:”Boga otak teu, naon sih jualan didieu, emang ieu pasar?”
Nesa:”Nya nya nya eta beneur!!”
Bu Nike:”Heh, barudak. Aranjeun the tiasa teu ngangge basa sunda nu lemes? Kalah sakola we lalaluhur,
ari basa teu dijaga. Hormat atuh ka kolot the.”
Monik:”Ah, cicinglah. Tong so’ ngajarkeun.”
Amira:”Eh Monik, jaga cariosan the. Ieu the ibu abdi.”
(Monik, Nesa, Tasya teu pararuguh ngahancurkeun dagangan Amira jeun Bu Nike. Geus kitu torojol we
Tirta, Rendi jeung Riki nyampeurkeun. Ngabereskeun kaributan. )
Rendy:”Eh ieu nanaonan? Ngarusak dagangan.”
Tirta:”Eh nya. Eh Tasya, kunaon ieu the?”
(Tasya gendok, aya lalaki nu dipikareseup ku manehna. Eh manehna kanyahoan keur jahat).
Tasya:”Hehe ( senyum terpaksa )”
Riki:”Ieu deui aya Neng Nesa. Nuju nanaraonan atuh di darieu?”
Nesa:”Henteu, abdi mah teu ngiringan.”
Rendi:”Teu ngiringan,kumaha?. Sakitu jelas kieu. Tah eta aya buktina. Rek nyangkal naon deui atuh?
Naon sih maksud maraneh ngalukukeun ieu?”
Monik:”memang sih, tapi ieu the Kampus, maenya dipake dagang siga di pasar wae atuh.”
Rendi:”Nya bae atuh. Naon urusanna jeung maneh?”
(Bari bengeut kesel tiluan eta, Monik, Tasya jeung Nesa indit)
Rendi:”Dupi ibu sareng Amira henteu kunanaon?”
Bu Nike:”Oh muhun teu kunanaon. Nuhun nya Jang tos ngabantuan ibu sareng Amira”
Rendi:”sami-sami, Bu. Amira, hayu ka kelas bilih telat.”
Amira:”Hayu atuh.”
(Amira salam ka ibu, Rendi oge pamit)

ADEGAN 11 (Di kelas)


Di kelas, Bu Dosen ngumumkeun jawara lomba novel. Amira tos teu gaduh harepan. Kusabab
anjeunna teu ngiringan lomba.
Bu Dame:”Barudak, ayeuna Ibu bade ngumunkeun hiji prestasi gemilang anu hadiahna saratus juta. Aya
nu terang henteu saha jalmina?”
Monik:”Abdi Bu. Ah pasti eta mah”.
Bu Dame:”Naon atuh nya sok riweuh tea.”
Rendi:”Abdi terang Bu saha jalmina. Wios ku ibu we di sebatkeunnana mah. Mangga.”
Bu Dame:”Teu kedah disebatkeun ku ibu oge. Ieu anu ngayakeun lomba datang, Urang sambut Pak Adit.
Keprokan !!”
(Barudak sing kaleprok)
Pak Adit:”Assalamualaikum.”
Barudak jeung Bu Dame:”Walaikumsalam”
Pak Adit:”Tepangkeun simkuring Pak Adit Untung. Ku naon di sebat Untung? Kusabab hirup simkuring
mah untung wae.’
Barudak jeung Bu Dame : “Haha”
Rendi:”Papih ih meuni ngisinkeun abdi.”
(Pak Adit ukur mesem)
Pak Adit:”Langsung we nya, Bapak didieu the bade ngumumkeun saha nu janten jawara lomba novel nu
bakal menangkeun hadiah saratus juta.”
(Barudak jeung Bu Dame pada deg-degan)
Pak Adit:”Nya eta…Amira wijaya !!”
(Amira bingung, barudak sing kaleprok, kitu oge Bu Dame jeung Pak Adit. Amira bingung pisan, naha bet
bias manehna nu jadi jawara. Padahal manehna ngarasa can pernah ngirimkeun tulisannana. Nu
sabenerna eta novel the dikirimkeun ku Rendi. Rendi menang tulisan eta the pas tabrakan jeung amira.
Geus kitu Amira ka hareup narima hadiah ti Pak Adit)
Amira:”Abdi heran, Perasaan mah abdi the tara ngirimkeun tulisan abdi. Naha bet tiasa aya di lomba
eta..”
Pak Adit:”Duka atuh, Bapak oge teu terang Neng.”
(Kabehannana bingung. Geus kitu Rendi nyamperkeun Amira)
Rendi:”Sabenerna, abdi Amira, anu ngirimkeun tulisan anjeun ka Lomba novel ieu.”
Amira:”Naha bet tiasa kitu?”
Rendi:”Waktos abdi tabrakan jeung anjeun, abdi the mendakan kertas nu isina carita. Sigana eta tulisan
Amira. Ku abdi ngahaja eta tulisan dikirimkeun, da meuni sae.”
Amira:”Oh kitu caritana. Naha anjeun bet teu nyungkeun izin heula ka abdi?”
Rendi:”Punten sateuacanna. Ieu sadaya ku abdi dilakukeun sabab abdi hoyong nebus kasalahan abdi tos
ngarusak novel Amira.”
Amira:”Oh janten kitu. Ku abdi di hapunten, malah abdi oge nuhun pisan tos dipangirimkeun tulisan ieu
ka lomba nulis novel.”
Rendi:”Sami-sami”
(Rendi jeung Amira bungah. Pak Adit terus ngasongkeun cek sanilai 100 juta ka Amira. Amira nampi
kalawan bungah).
Pak Adit:”Mangga Neng ieu ditampi hadiahna.”
Amira:”Hatur nuhun Pak.”
Pak Adit:”Sami-sami”

ADEGAN 12 (Di Rumah)


Amira:”Ibu… Ayah…”
(Amira gogorowokan)
Amira:”Ibu.. Ibu dimana??”
Bu Nike:”Aya naon atuh Neng meuni rarariweuh kitu??”
Amira:” Bu Ayah mana Bu?”
Bu Nike:”Ayah.. Ayah.. Ieu Amira yah??”
Pak Hasan:”Aya naon ieu the?”
(Amira narik nafas jero)
Amira:”Ibu.. Ayah… Amira menang lomba..”
Bu Nike:”Alhamdulillah. Lomba naon Neng?”
Amira:”Lomba nulis novel Bu. Amira dapat hadiah.”
(Amira henteu ngalanjutkeun)
Amira:”Saratus juta, Bu!!”

Rengse !! 

Created By : Annisaa Solihah

You might also like