You are on page 1of 4

MATERI KELAS XI

A. Nyangkem babasan jeung paribasa

Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun bujangga sunda nu mibanda
sistem anjen inajen aktual tur relevan sarta teu laas ku kamajuan jaman. Paribasa jeung
babasan ditilik tina tingkatan  budaya kaasup kana tingkat karsa,anu eusina ngadung rupa-
rupa maksud enggoning ngahontal kadamean, kaengtreman, kaadilan, panyalindungan dina
nyorang parobahan budaya ti mangsa ka mangsa. Nilik kana eusina bisa di bagi jadi tilu
kelompok, nyaeta wawaran luangan, pangjurung laku hade,jeung panyaram lampah salah.
Paribasa wawaran luang eusina ngadung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieuteungeun.
Picontoeun gambaran laku hade sangkan jadi tuladeun milimph kahadean,sedangkeun
pieuteungeun mah jadi gambaran  laku goreng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
      Geura ieu contoh di handap:
      Wawaran luang:
1).uyah mah tara tees ka luhur
Hartina: tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung tabiat kolotna
2). Uncal tara ridueun ku tanduk
Hartina: boga elmu pangeweruh mah moal hese mamawa
3). Wiwirangan dikoloncatang nya gede panjang
Hartina: ngalaman hiji kajadian anu mantak pikaeraeun
4). Umur gagaduhan, banda saapiran
Hartina: umur jeung harta banda hakekatna milik Allah swt.
5). Ungguh balewetangan
Hartina: dibawa ka pangadilan

Panyaram lampah salah


     
6). ulah unggut kalinduan,ulah gedeg kaaingan
Hartina: ulah sieun,kudu gede kawani
7). Ulah komoek memeh di pacok
Hartina: ulah waka nyebut teu sanggup saacan di coba
8). Ulah incah balilhan
Hartina: ulah rek ninggalkeun tapi kudu tetep satia
9). Ulah nyengceurikan upih ragrag
Hartina: ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urangge bakal ngalaman
10). Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
Hartina: ulah babarian bosenan,tapi kudu satia salilana.   

Panjurung laku hade


     
11). Kudu bisa ngeureut pakeun
Hartina: kudu bisa ngajejeuhkeun rejeki,kudu sina mahi
12). Kudu boga pikir rangkepan
Hartina: ulah sabongbrong, kudu aya rasa curiga
13). Kudu hade gogod hade tagog
Hartina: hade basa jeung hade tingkah laku
14). Kudu nepi memeh indit
Hartina: kudu dirancanakeun kalawan asak
15). Kudu bisa kubula kabale
Hartina: kudu bisa mawa awak.
  B.     WAWANCARA
Wawancara teh hiji kagiatan komunikasi nu geus ilahar lumangsung di masarakat.
Wawancara mah biasana dilakukeun ku wartawan,reporter, atawa jalma lianna nu nganggap 
perlu meunang informasi penting ti sauranng atawa sakelompok jalama nu jadi narasumber.
Jadi,tujuan wawancara nyaeta pikeun menangkeun informasi ti narasumber.
            Wawancara kaasup kagiatan nyarita dua arah. aya nu nanya aya nu ngajawab,
samemeh ngalakukeun wawancara kudu tatahar heula nyusun sajumlahing  pananya
ngeunaan materi nu rek di tanyakeun ka narasumber. Narasumber teh jalma nu baris dipenta
kateranganan.

HAL NU KUDU D PERHATIKEUN NALIKA WAWANCARA


1.      Nangtukeun tujuan
2.      Nangtukeun topik wawancara
3.      Nyusun pertanyaan
4.      Menta idin ka narasumber
5.      Ngawanohkeun diri ka narasumber
6.      Nepikeun maksud ngawawancara
7.      Nanya kalawan jelas
8.      Nyadiakeun catatan jeung alat rekam
9.      Ulah lia teuing atawa saperluna

   C.    WARTA
    Kecap warta teh ngandung harti beja, bewara,atawa informasi.nepikeun warta hartina
neupikeun beja. Kecap warta asalna tina basa sansekrta, nyaeta beja atawa kabar barita. 
Hidep kungsi nngadenge kecap kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun
kalawan maneeuhna dina waktu nu geus ditangtukeun,upamana poeana, mingguan, bulanan.
Kalawarta oge bisa dihartikeun koran, majalah,atawa tabloid.
Kiwari mah warta teh leuwih lulasa tur leuwih canggih ditepikeunana teh, sajaba ti koran,
majalah, tabloid, radio,televise ,telepon,oge geus bisa dibandungan dina internet.

Tujuan Warta
Pikeun nepikeun beja, pangajak, iklan, propaganda atawa promosi, jeung sajabana. Ku
lantaran tujuanna rupa-rupa, nya istilahna oge rupa-rupa deuih.
Nilik dumasar cara nepikeunana mah warta teh dibagi jadi sababaraha wanda, nyaeta straight
news, depth news, soft news, jeung reportase.
1)      Straight news atawa warta langsung, nyaeta warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu
sabenerna, teu ditambahan atawa dikurangan kalawan ngagunakeun bahasa nu lugas ngarah
babari kahartina ku nu narima. Eta warta samodel kitu teh sok disebut oge hard news ataawa
spot news.
2)      Depth news nyaeta warta anu dipdangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna oge
sok ditambahan ku informasi sejenna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu
keur kajadian
3)      Soft news atawa warta hampang mah teu ngutamakeun pentingna kajadian atawa ramena
warta, tapi leuwih mentingkeun kana aspek kakmanusannana (human interest). Ari nu disebut
human interest nyaeta warta anu ngajak mikir, nalar, ngarasa, atawa empati masyarakat kana
hiji peristiwa.
4)      Feature, feature story, investigation news atawa warta kisah nyaeta warta anu dilengkepan ku
kasang tukang hji kajadian tur dipidangkeunana ngagunakeun gaya basa anu matak
nimbulkeun rupa-rupa rsa nu narima eta warta,umpana nimbulkeun rupa-rupa rasa nu namina
eta warta
5)      Reportase(interprative news) nyaea ngalaporkeun warta nu ditambahkeun ku pamanggih
panalungtik/pangamat jeng sumbur tinulis sangkan nu narimaata warta ngarsa sugema sebab
meunang data,pakt,atawa informasi nu leuwih munel tur lengkep.
6)      Opinion news nyaeta warta nuu dilengkepan ku pamadegan nu nulis kahiji peristiiwa tur
kahiji kjadian.

MACEM WARTA
1). Warta tertulis
Warta anu di tepikeun ngagunakeun basa tulis bisana wangun mediana mangrupa koran(surat
kabar),tabloid,atawa majalah
2). Warta lisan
Warta nu ditepikeun secara lisan bisa ngagunakeun media
pengeras,radio,televisi,telpon,jeung sajabana.

TUGAS MANDIRI TERSTRUKTUR


A.    Pilihan Ganda

1.      Paribasa wawaran luang eusina ngadung maksud pikeun…..


a.       Picontoeun laku lampah                d. Nyindir
b.      Ngabejaan berita                           e. Nyarita hiji kajadian
c.       Bewara
2.      Uyah mah tara tees kaluhur, paribasa eta ngandung harti …..
a.       Boga elmu moal hese mawana
b.      Ulah sieun, kudu gede kawani
c.       Tabiat anak moal jauh ti kolot
d.      Ulah popoyok ka jalma
e.       Ulah adigung
3.      Nalika urang rek ngulik informasi, hal nu kudu dilakukeun nyaeta….
a.       Biantara                                         d. Wawancara
b.      Babasan                                         e. Warta
c.       Wawaran
4.      Warta teh ngandung harti….
a.       Tanya jawab                                  d. Picontoeun laku lampah
b.      Nyindir ku tulisan                         e. Bewara
c.       Iklan
5.      Dihandap ieu nu kaasup warta tulis, nyaeta….
a.       Majalah                                         d. Telepon
b.      Radio                                            e. Internet
c.       Tv

B.     ESSAY

1.      Jelaskeun  anu dimaksud babasan jeung paribasa !!


2.      Uncal tara riduen ku tanduk. Paribasa eta ngandung harti..!
3.      Tuliskeun naon wae hal nu kudu diperhatikeun nalika urang ngalaksanakeun wawancara!!
4.      Jelaskeun nu dimaksud warta !
5.      Tuliskeun  jeung jelaskeun macam warta !!
JAWABAN
            A.    PILIHAN GANDA
1.      A
2.      C
3.      D
4.      E
5.   A

      B.    ESSAY
N JAWABAN SKOR
O
1. salah sahiji karya para karuhun bujangga sunda nu mibanda sistem anjen inajen 2
aktual tur relevan sarta teu laas ku kamajuan jaman
2. boga elmu pangeweruh mah moal hese mamawa 2
Nangtukeun
3. tujuan 4
Nangtukeun topik wawancara
Nyusun pertanyaan
Menta idin ka narasumber
Ngawanohkeun diri ka narasumber
Nepikeun maksud ngawawancara
Nanya kalawan jelas
Nyadiakeun catatan jeung alat rekam
Ulah lia teuing atawa saperluna

4. warta teh ngandung harti beja, bewara,atawa informasi.nepikeun warta hartina 3


neupikeun beja. Kecap warta asalna tina basa sansekrta, nyaeta beja atawa kabar
barita.
5. Warta tertulis 4
Warta anu di tepikeun ngagunakeun basa tulis bisana wangun mediana mangrupa
koran(surat kabar),tabloid,atawa majalah
Warta lisan
Warta nu ditepikeun secara lisan bisa ngagunakeun media
pengeras,radio,televisi,telpon,jeung sajabana.

You might also like