You are on page 1of 22

Kata pengantar

‫الحمد هلل رب العابدين وبه نستعين على أمور الدنيا وال دين وص لى هللا على س يدنا محم د خ اتم وال ه وص حبه اجمعين وال‬
‫ اما بعد‬.‫حول وال قوه اال باهلل العلي العظيم‬
Ari sadayana puji eta kagungan gusti Allah anu mageranan sadayana alam. Solawat sareng
salam mugi ka curah limpahkeun ka junjungan alam nyaeta kanjeng nabi Muhammad SAW.
Kakulawrgina para sohabatna sareng tabiut tabi'in tur dugi ka urang sadayana salaku umat
mantena. Aamiin

Para panyiar elmu anu ku Allah di mulyakeun ieu tulisan mangrupi terjemah atanpi
ringkesan matan kitab safinah anu seueur manfaatna kumargi dilebeutna seeur tuntunan
ibadah anu sok dilakonan ku urang sadayana. Terjemah ieu kengeng tina logat pasantren
sareng tina terjemah matan safinah . Tetapi ieu terjemah te tebih tina kakirangan kumargi kitu
alfaqir nyuhunkeun saran atanpi masukan kanggo nyampurnakeun ieu kitab. Hatur nuhun
kanu ngabantos dina panyusunan ieu terjemah mugia dibales ku Allah SWT.
Pamugi terjemah ieu manfaat kanggo sadayana jalma anu meryogikeun ibadah anu leres
sareng pamugi ieu terjemah janten pahala kanggo simkuring, anu ngamalkeun sareng anu
nyebarkeunana Aamiin

1
‫بسم هللا الرحمن الرحيم‬
‫الحمد هلل رب العابدين وبه نستعين على أمور الدنيا وال دين وص لى هللا على س يدنا محم د خ اتم وال ه وص حبه اجمعين وال‬
‫حول وال قوه اال باهلل العلي العظيم‬

BAB AKIDAH

Faslun

Ari pirang-pirang rukun islam eta aya 5


1. Syahadat
2. Solat
3. Zakat
4. Puasa di bulan romadon
5. Munggah haji ka baetullah piken jalma anu kawasa di jalana.

Faslun

Ari pirang rukun iman eta aya 6


1. Iman ka gusti Allah
2. Iman ka Malaikatna Allah
3. Iman kana kitab²na Allah
4. Iman ka Rosul²na Allah
5. Iman kana poe nu akhir
6. Iman kana Qodo jeung Qodar
Faslun

Ari makna lafadz ‫ الاله اال هللا‬eta teu aya deui pangeran anu wajib diibadahan kalawan sabenerna
dina ayana anging gusti Allah

Faslun

Ari pirang-pirang cirina baleg eta aya 3


1. Sampurna umur 15 tahun di lalaki jeung di awewe
2. Mimpi jima' di lalaki jeung di awewe karena umur salapan taun
3. Hed di awewe hungkul karena umur salapan taun

2
BAB SUSUCI

Faslun

Ari pirang² syarat nyukupkeunana susuci ku batu eta aya 8


1. Kudu susuci si jalma ku 3 batu atawa ku hiji batu anu juruna 3
2. Kudu bersih tempatna
3. Ulah kaburu garing najisna
4. Ulah punduh pindah najisna
5. Ulah datang kana ieu najis, najis anu sejen
6. Ulah ngaliwat ieu najis kana lupat lepit bobokongna jalma jeung kana hasafahna si
jalma
7. Ulah aya cai anu ngeunaan kana ieu najis
8. Kudu aya pirang² batuna anu suci

Faslun
Ari pirang² farduna wudu eta aya 6
1. Niat
2. Ngumbah beungeut ti mimiti jadina rambut nepi kana handapeun gado sarta gigir
pada gigir dua pepentil cepil
3. Ngumbah panangan duanana sarta sikuna duanana
4. Ngusap hiji perkara tina mastaka
5. Ngumbah sampean duanana sarta mumuncangan duanana
6. Tartib

Faslun

Ari niat eta neja kana hiji perkara bari dibarengan prakna migawe.
Ari tempatna niat eta dina hate
Ari ngucapkeunana niat eta sunat.
Ari waktuna niat eta nalika ngumbah hiji juz tina beungeut
Ari ngaran tartib nyaeta ngaheulakeun hiji anggota anu kudu tiheula jeung mandeurikeun hiji
anggota anu kudu paneuri

Faslun

3
Ari cai eta aya anu saeutik aya anu loba
Ari ngaran cai saeutik nyaeta cai anu kurang tina 2 kulah.
Ari ngaran cai loba nyaeta cai anu aya 2 kulah atawa leuwih loba.
Ari cai saeutik eta jadi mutanajis kusabab katibaan najis sanajan teu barobah
Ari ngaran cai loba eta henteu jadi mutanajis kajaba dimana mana barobah rasa, warna jeung
ambena cai.

Faslun

Ari anu ngawajibkeun kana adus eta aya 6


1. Ngasupkeun hasafah kana farji
2. Bijil mani
3. Hed
4. Nifas
5. Ngajuru
6. Maot

Faslun
Ari pirang² farduna adus eta aya 2
1. Niat
2. Ngarataan badan ku cai

Faslun
Ari pirang² syaratna wudu eta aya 10
1. Islam
2. Tamyiz
3. Beresih tina hed sareng nifas
4. Beresih tin perkara anu matak ngahalangan tepina cai kana kulit
5. Ulah aya kana anggota wudu perkara anu matak ngarobahkeun kana cai
6. Kudu nyaho kana kafarduana wudu
7. Ulah nekadkeun sijalma kana hiji fardu tina sawareh farduna wudu di tekadkeun sunat
8. Kudu ku cai anu nyucikeun
9. Manjing waktu
10. Tuluy² pikeun jalma anu langgeng hadas

Faslun
Ari pirang² anu ngabatalkeun kana wudu eta aya 4
1. Aya anu kaluar tina salah sahijina dua palawangan tina qubul atawa dubur saperti
angin atawa lian ti angin

4
2. Ilang akal ku sabab sare atawa lian ti sare anging sarena jalma anu mancegkeun kana
bobokongna tina bumi
3. Paantel kulit lalaki jeung awewe anu pada gede tur dengen² duanana
4. Nyabak kubul atawa bubuleud dubur anak adam ku dampal leungeun atawa dampal
pirang² ramo

Faslun

Saha jalma anu batal wuduna maka haram ka ieu jalma 4 perkara
1. Haram Solat
2. Haram towaf
3. Haram nyabak mushaf
4. Haram mawa mushaf

Faslun

Ali paharaman pikeun jalma anu junub eta 6 perkara


1. Haram solat
2. Haram towaf
3. Haram nyabak mushaf
4. Haram mawa mushaf
5. Haram cicing dijero masjid
6. Haram puasa

Faslun
Ari paharaman pikeun jalma anu hed eta aya 10
1. Haram solat
2. Haram towaf
3. Haram nyabak mushaf
4. Haram mawa mushaf
5. Haram cicing dijero masjid
6. Haram maca quran
7. Haram puasa
8. Haram ditolak
9. Haram ngaliwat dijero masjid lamun sieun kana ngotoran masjid
10. Haram dialap suka antara bujal jeung tuur

Faslun
Ari pirang² sababna tayamum eta aya 3

5
1. Kusabab euweuh cai
2. Kusabab geuring
3. Kusabab butuh kana eta cai karna dahagana hayawan nu dimulyakeun ku syara

Ari hayawan anu te dimulyakeun ku syara eta aya 6


1. Jalma anu ninggalkeun solat
2. Jalma anu zina muhson
3. Murtad
4. Jalma kafir anu ngamusuh ka jalma islam
5. Anjing galak
6. Bagong

Faslun

Ari pirang² syaratna tayamum eta aya 10


1. Kudu tayamum make taneuh
2. Kudu aya taneuhna anu suci
3. Ulah aya taneuhna anu urut make
4. Ulah kacampuran taneuhna ku tipung jeung bangsana tipung
5. Kudu neja si jalma kana tayamum
6. Kudu ngusap ieu jalma kana rarayna jeung dua panangana kalawan 2 usapan
7. Kudu ngaleungitkeun ieu jalma kana najis dina mimitina
8. Kudu ati² dina mayun ka kiblat samemeh tayamum
9. Kudu tayamum dina saba'da manjing waktu
10. Kudu tayamum si jalma pikeun saban² fardu

Faslun

Ari pirang² farduna tayamum eta aya 5


1. Mindahkeun taneuh
2. Niat
3. Ngusap raray
4. Ngusap dua panangan sarta sikuna 2 nana
5. Tartib diantara 2 usapan

Faslun

Ari pirang² batalna tayamum eta aya 3


1. Ku perkara nu matak ngabatalkeun kana wudu
2. Murtad
3. Nyangka ayana cai lamun tayamum si jalma karna eweuh cai

6
Faslun

Ari perkara anu jadi suci tina pirang² najis eta aya 3
1. Arak, dimana² jadi cuka eta arak ku dirina sorangan
2. Kulit bangke dimana² dijilid ieu kulit bangke
3. Perkara anu jadi tina hayawan contohna saperti bilatung

Faslun

Ari pirang² najis eta aya 3


1. Najis mugoladoh
2. Najis mukhofafah
3. Najis mutawasitoh
Ari najis mugoladoh eta najis anjing jeung bagong, jeung paranakan salah sahijina anjing
jeung bagong
Ari najis mukhofafah eta cikiihna budak lalaki anu can barang tuang salian ti cai susu jeung
can nepi kana umur dua tahun
Ari najis mutawasitoh eta sasesana pirang² najis

Faslun

Ari najis mugoladoh bisa jadi suci ku 7 pirang² kumbahan dina saba'da ngaleungitkeun
rupana najis mugoladoh
Ari salah sahijina anu tujuh eta make taneuh.
Ari najis mukhofafah eta bisa jadi suci ku ngucurkeun cai kana ieu najis sarta ngalindih jeung
ngaleungitkeun rupana najis mukhofafah.
Ari najis mutawasitoh eta kabagi 2 bagian
1. Najis aeniyah
2. Najis hukmiyah

Ari najis aeniyah nyaeta najis anu aya rupa, ambe jeung rasa maka kudu ngaleungitkeun rupa,
ambe jeung rasana najis aeniyah.
Ari najis hukmiyah nyaeta najis anu teaya rupa, ambe jeung rasa maka cukup ku ngucurkeun
cai kana najis hukmiyah.

Faslun

Ari saeutik²na jaman hed eta sapoe sapeutingna


Ari golib²na jaman hed eta 6 poe atawa 7 poe
Ari kalobaanna jaman hed eta 15 poe 15 peuting
Ari saeutikna jaman susuci diantara 2 hed eta 15 poe

7
Ari galibna jaman susuci eta 24 poe atawa 23 poe jeung teu aya bates pikeun panglobana
jaman susuci

Ari saeutikna jaman nifas eta samajah


Ari galibna jaman nifas eta 40 poe
Ari kalobaanna jaman nifas eta 60 poe.

BAB SOLAT

Faslun

Ari pirang² udzurna solat eta aya 2


1. Sare
2. Poho

Faslun

Ari pirang² syaratna solat eta aya 8


1. Suci tina 2 hadas
2. Suci tina najis dina pakean badan sareng tempatna.
3. Nutupan orat
4. Mayun ka kiblat
5. Manjing waktu.
6. Nyaho Kana kafarduana shola.
7. Ulah nekadkeun kana hiji fardu tina sawarehna kafarduana solat ditekadkeun sunat.
8. Kudu ngajauhan kana perkara anu ngabatalkeun kana solat.

Faslun
Ari pirang² hadas eta aya 2
1. Hadas alit
2. Hadas ageung
Ari hadas alit eta perkara anu ngawajibkeun kana wudu
Ari hadas ageung eta perkara anu ngawajibkeun kana adus

Faslun
Ari pirang² orat eta aya 4
1. Oratna lalaki barina mutlak jeung amat dina solat eta antara bujal jeung tuur
2. Ari oratna awewe merdeka dina solat eta sakabeh badan salian ti beungeut jeung dua
dampal leungeun
3. Ari oratna awewe merdeka jeung amat di sagedengeun lalaki sejen eta sakabeh badan

8
4. Jeung sagendengeun mahramna awewe merdeka jeung amat jeung pirang² awewe eta
perkara anu aya diantara bujal jeung tuur

Faslun

Ari pirang² waktu solat eta aya 17


1. Niat
2. Takbirotul ihrom
3. Nangtung pikeun jalma anu kawasa nangtung
4. Maca fatihah
5. Ruku
6. Tuma'ninah dina ruku
7. I'tidal
8. Tuma'ninah dina takbirotul ihrom
9. Sujud
10. Tuma'ninah dina sujud
11. Calik antara dua sujud
12. Tuma'ninah dina calik antara dua sujud
13. Tasyahud akhir
14. Calik dina tasyahud akhir
15. Maca solawat kakanjeng nabi Muhammad dina tasyahud akhir
16. Maca salam
17. Tartib
Faslun

Ari niat eta aya 3 pirang² darajat


1. Lamun solatna solat fardu maka wajib neja migawe, nangtukeun jeung neja fardu
2. Lamun solatna solat sunat anu diwaktu² saperti solat sunat rowatib atawa solat anu
ngabogaan sabab saperti solat maka wajib neja migawe jeung nangtukeuna
3. Lamun solatna solat sunat mutlaq maka wajib neja migawe hungkul

Ari pagawean eta lafad ( ‫صلّی‬َ ُ‫ )ا‬Usholli


Ari nangtukeun eta lafad ( ‫ ) ظُ ْهرًا‬Zhuhron
Ari neja fardu eta lafad ( ‫ )فَرْ ضًا‬Fardon

Faslun

Ari pirang² syarat takbirotul ihrom eta aya 16


1. Kudu tumiba takbirotul ihrom dina tingkah nangtung
2. Kudu ku bahasa arab
3. Kudu ku lafadz Allah
Kudu ku lafadz akbar
Nartibkeun antara dua lafad

9
Ulah nambahan kana hamzahna lafad akbar
Hente manjngkeun kana ba'na lafad akbar
Ulah nasydidan kana ba'na
Ulah nambahan kana wau anu sukun atawa anu harkatan diantara 2 kalimat
Ulah nambahan kana wawu samemeh lafadz Allah
Hente menang ereun diantara 2 kalimat takbir
Kudu mere denge ka dirina sorangan kana sakabeh huruf
Manjing waktu dina solat anu diwaktu²
Nibakeun takbirotul ihrom dina nalika mayun ka kiblat
Ulah nyacadkeun kana hiji huruf tina pirang² huruf takbirotul ihrom
Ngakhirkeun takbirotul ihromna ma'mum tina takbirotul ihromna imam

Faslun

Ari pirang² syaratna fatihah eta aya 10


Tartib
Tuluy
Ngaraksa sakabeh hurufna fatihah
Ngaraksa sakabeh tasydidna fatihah anu 14
Ulah ereun ieu jalma kalawan ereun anu lila jeung ereun anu sakedeung anu ngamaksud
kana megatkeun bacaan
Maca sakabeh ayatna fatihah ka asup bismillah
Hente menang lahen anu nyacadkeun kana ma'na
Kudu maca fatihah dina tingkah nangtung
Kudu mere denge bacaan fatihah ka dirina sorangan
Ulah nyelang² ku dzikir anu sejen

Faslun

Ari pirang² tasydidna fatihah eta aya 14


Ari tasydidna lafadz ِ ‫ بِس ِْم هّللا‬eta luhureun lam lafadz Allah
Ari tasydidna lafadz ِ‫ الرّحْ َمن‬eta luhureun ro
Ari tasydidna lafadz ‫ اَل ّر ِحي ِْم‬eta luhureun ro
Ari tasydidna lafadz ِ ‫ اَ ْل َح ْم ُد هّلِل‬eta luhureun lam lafad Allah
Ari tasydidna lafadz ‫ الرّحْ َمن‬eta luhureun ro
Ari tasydidna lafadz ‫ اَل ّر ِحي ِْم‬eta luhureun ro
Ari tasydidna lafadz ‫ك يَوْ ِم ال ّدي ِْن‬ ِ ِ‫ َمال‬eta luhureun dal
ُ
Ari tasydidna lafadz ‫ك ن ْعبُد‬ َ َ ‫ إيّا‬eta luhureun ya
َ
Ari tasydidna lafad ‫ك ن ْست ِعيْن‬ َ َ ‫ َو إيّا‬eta luhureun iya
Ari tasydidna lafadz ‫ إ ْه ِدنَا ْالص َّراطَ ال ُمستقِي َم‬eta luhureun shod
ْ َ ْ
Ari tasydidna lafadz َ‫ص َراطَ الّذ ْينَ أ ْن َع ْمتَ َعلَ ْي ِه ْم َغي ِْر ال َم ْغضُوْ ب َعلَ ْي ِه ْم َوال الضّآلّ ْين‬
ِ eta luhureun shod jeung
lam

10
Faslun

Disunahkeun ngangkat leungeun dina 4 pirang² tempat


Dina nalika takbirotul ihrom
Dina nalika ruku
Dina nalika I'tidal
Dina nalika nangtung tina tasyahud awal

Faslun
Ari pirang² syaratna sujud eta aya 7
Kudu sujud dina 7 pirang² anggota
Tarangna kudu dibuka
Kudu ngabeuratkeun kana sirahna
Ulah turun pikeun salian sujud
Ulah sujud dina hiji perkara anu narima barobah
Kudu ngangkat keun bobokongna saluhureun sirahna si jalma
Tuma'ninah dina sujud

Faslun
Ari pirang² anggota sujud eta aya 7
1. Tarang
Tuluy 2 dampal leungeun
Tuluy 2 tuur
Tuluy Dampal pirang² ramo suku duana

Faslun

Ari pirang² tasydid tasyahud eta aya 21


Ari lima eta dina panyampurnaan
Ari genep belas dina pang saeutikna tasyahud
Ari tasydidna lafadz ‫ اَالتّ ِحيّات‬eta luhureun ta jeung ya.
Ari tasydidna lafadz ‫صلَ َوات‬ ّ ‫ات ال‬ ُ ‫ ال ُمبار َك‬eta luhureun shod.
Ari tasydidna lafadz ‫ات‬ ّ
ُ َ‫الطيّب‬
Ari tasydidna lafadz ِ ‫هّلِل‬
Ari tasydidna lafadz ‫ال ّساَل ُم‬
Ari tasydidna lafadz ‫ك أَيُّهَا النّبِ ّي‬َ ‫َعلَ ْي‬
Ari tasydidna lafadz ِ ‫َو َرحْ َمةُ هّللا‬

11
Ari tasydidna lafadz ‫َوبَ َر َكتُهُ ال َساَل ُم‬
Ari tasydidna lafadz ِ ‫َعلَ ْينَا َو َعلَى ِعبَا ِد هّللا‬
Ari tasydidna lafadz َ‫الصّالِ ِح ْين‬
Ari tasydidna lafadz َ‫أ ْشهَ ُد أن اّل اِلَه‬
Ari tasydidna lafadz ‫إِاّل هّللا‬
Ari tasydidna lafadz ‫َوأَ ْشهَ ُد أَ ّن‬
Ari tasydidna lafadz ‫ًارسُوْ ُل هّللا‬ َ ‫ُم َح ّمد‬

Faslun

Ari pang saeutikna maca solawat ka kanjeng nabi eta aya 4


Ari tasydidna lafad ‫ أَاللّهم‬eta luhureun lam jalalah sareng mim
Ari tasydidna lafad ِّ‫صل‬
َ eta luhureun lam
Ari tasydidna lafad ‫ عَلي ُم َح َّم ٍد‬eta luhureun mim

Faslun
Ari pang saeutikna maca salam eta ‫أَل ّسالَ ُم َعلَ ْي ُكم‬
Ari tasydid lafad ُ‫ ال ّساَل م‬eta luhureun sin

Faslun
Ari pirang² waktu solat eta aya 5
Waktu zhuhur
Ari mimitina waktu zhuhur eta lingsirna panon poe.
Ari akhirna waktu zhuhur eta jadina kalangkang hiji perkara nyarupaan eta perkara
Waktu asar
Ari mimitina waktu asar eta dimana jadi kalangkang hiji perkara nyarupaan kana ieu
perkara jeung lewih saeutik
Ari akhirna waktu asar eta surupna panon poe
Waktu magrib
Ari mimitina waktu magrib rta surupna panon poe
Jeung ari akhirna waktu magrib eta surupna mega bereum
Waktu isya
Ari mimitina waktu isya eta surupna mega anu bereum.
Jeung ari akhirna waktu isya eta bijilna fajar anu bener
Waktu subuh
Ari mimitina waktu subuh eta bijilna fajar anu bener
Jeung ari akhirna waktu subuh eta bijipna panon poe

Faslun
Ari pirang² mega eta aya 3
Mega bereum

12
Mega koneng
Mega bodas

Ari mega bereum eta waktu magrib


Ari mega koneng jeung mega bodas eta waktu isya
Jeung disunatkeun Ngakhirkeun solat isya nepika leungit mega anu koneng jeung anu bodas

Faslun

Haram ngalaksanakeun solat anu te ngabogaan sabab anu tiheula atawa sabab anu
ngabarengan dina 5 pirang² waktu
Dina nalika bjila panon poe nepika naek kira² satumbak
Dina nalika lian poe juma'at nepika lingsir panon poe
Nalika kararoneng matahari nepika surup
Saba'da solat subuh nepika bijilna panon poe
Saba'da solat ashar nepika surup panon poe

Faslun

Ari pirang² saktahna solat eta aya 6


Diantara takbirotul ihrom jeung doa iftitah
Diantara doa iftitah jeung ta'awudz
Diantara fatihah jeung ta'awudz
Diantara akhirna fatihah jeung amin
Diantara amin jeung awal surat
Diantara akhir surat jeung rukuk

Faslun
Ari pirang rukun solat anu wajib tuma'ninah eta aya 4
Ruku
I'tidal
Sujud
Calik antara dua sujud
Ari tuma'ninah eta cicing saba'da barobah kalawan sakira² tumetep saban² anggota
dina tempatna kalawan sakira ngucapkeun subhanallah

Faslun

Ari pirang² sabab sujud sahwi eta aya 4


Ninggalkeun hiji sunah ab'ad atawa sabagian sunah ab'ad
Migawe perkara anu matak batal ngahajana jeung te matak batal ku sabab pohona
Mindahkeun rukun ucapan lian dina tempatna

13
Nibakeun rukun bangsa pagawean sarta mangmang dina nambahan rukun.

Faslun

Ari pirang² sunat ab'ad eta aya 7


Tasyahud awal
Calik tasyahud awal
Maca solawat ka kanjeng nabi Muhammad dina tasyahud awal
Maca solawat ka kulawargi na kanjeng nabi dina tasyahud akhir
Qunut
Maca solawat jeung salam ka kanjeng nabi dina qunut
Maca solawat jeung salam ka kulawargina kanjeng nabi.

Faslun

Batal solat ku 14 pirang² perkara


Ku sabab hadas
Ku sabab katibaan najis lamun te kaburu di piceun pada harita kalawan hnte dibawa
Kabuka orat lamun te kaburu ditutupan pada harita
Ngucap ku dua huruf atawa ku sahuruf anu mere harti bari ngahaja
Ku perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa bari ngahaja
Barang tuang anu loba barina poho
Tilu pirang² robah anu tuluy²
Luncat anu goreng
Nenggel anu ngabatalkeun
Nambahan rukun anu bangsa pagawean bari ngahaja
Miheulaan ka imam ku dua rukun anu bangsa pagawean kalawan teaya udzur
Niat megatkeun solat
Nyantelkeun megatkeun solat kana hiji perkara
Mang mang dina megatkeun solat

BAB BERJAMA'AH

Faslun

Ari solat anu misti pikeun imam niat jadi imam eta aya 4
Solat jumat

14
Solat anu dibalikan deui (i'adah)
Solat anu di nadzarkeun bari berjamaah
Solat anu dijamak taqdim ku sabab hujan

Faslun
Ari pirang syarat sah na ngama'mum eta aya 11
Ulah nyaho nyaho si ma'mum kana batal solatna imam ku sabab hadas atawa lianti hadas
Ulah nekadkeun ma'mum kana wajib ngodoana imam
Ulah kabuktian ieu imam jadi ma'mum
Ulah kabuktian ieu imam anu ummi (te bisa maca)
Hente miheulaan ieu ma'mum ka imam dina tempat cicing
Kudu nyaho ieu ma'mum jeung imam dihiji masjid atawa aya 2 nan dina 300 siku (150 m)
Kudu kumpul ieu makmum jeung imam dihiji masjid atawa kana berjamaah
Kudu niat ieu jalma kana ngama'mum atawa kana berjamaah
Kudu akur ma'mum jeung imam dina runtuyan solat
Ulah nyulayaan ma'mum ka imam dina sunat anu goreng nyulayaana
Kudu turut ma'mum ka imam

Faslun

Ari pirang² gambaran berjamaah eta aya 9


Sah ngama'mum dina 5 perkara
Ngama'mumna lalaki ka lalaki
Ngama'mumna awewe ka lalaki
Ngama'mumna banci ka lalaki
Ngama'mumna awewe ka banci
Ngama'mumna awewe ka awewe deui

Batal ngama'mum dina 4 perkara


Ngama'mumna lalaki ka awewe
Ngama'mumna lalaki ka banci
Ngama'mumna banci ka awewe
Ngama'mumna banci ka banci

15
Faslun

Ari pirang² syarat jamak takdim eta aya 4


Ngawitan kalawan solat anu awal
Niat jama dina solat anu awal
Tuluy² diantara dua solat
Langgeng na udzur

Faslun
Ari pirang² syarat jama takhir eta aya 2

Niat Ngakhirkeun jeung nyesa keneh tina solat anu awal zaman anu nyukupkeun kana solat
Langgeng udzur nepi ka beres solat anu kadua

Faslun

Ari pirang² syaratna qosor eta aya 7


Kudu aya nyabana 2 pamondokan
Kudu aya nyabana anu di menangkeun
Kudu nyaho kana menangna ngosor
Niat qosor nalika takbirotul ihrom
Solatna kudu anu bangsa 4 rokaat
Kudu langgeng nyabana nepi ka sampurna solat
1. Ulah ngama'mum ka jalma anu nyampurnakeun solat dina hiji juz tina solatn

BAB SOLAT JUM'AT

Faslun

Ari pirang² syaratna jumat eta aya 6


1. Kudu aya sakabeh jumat dina waktu lohor
2. Kudu di adegkeun ieu jumat di tengah lembur
3. Solatna kudu berjamaah
4. Kudu aya ahli jumat eta 40 lalaki merdeka anu baleg tur cicing di lembur
5. Ulah miheulaan atawa ngabarengan kana eta jumah,jumah anu sejen dina eta lembur
6. Ulah mihelaan kana eta jumah dua khutbah

16
Faslun

Ari pirang² rukun khutbah eta aya 5


1. Muji ka Allah dina dua khutbah
2. Maca solawat ka kanjeng nabi Muhammad dina dua khutbah
3. Wasiat kalawan takwa dina dua khutbah
4. Maca aya tina Alquran dina salah sahijina 2 khutbah
5. Ngadua pikeun sakabeh mu'min lalaki jeung mu'min awewe dina khutbah anu akhir

Faslun

Ari pirang² syarat 2 khutbah eta aya 10


1. Suci tina 2 hadas
2. Suci tina najis dina pakean badan sareng tempatna
3. Nutupan orat
4. Nangtung pikeun jalma anu kawasa
5. Diuk diantara 2 khutbah
6. Tuluy² diantara 2 khutbah
7. Tuluy² diantara dua khutbah jeung antara solat
8. Kudu kabuktian rukun 2 khutbah ku bahasa arab
9. Kudu mere denge ieu khotib kana khutbah na ka 40 jalma
10. Kudu aya sakabeh khutbah dina waktu dzuhur

BAB JANAZAH

Faslun

Ari perkara anu wajib pikeun mayit eta aya 4 perkara


1. Ngadusan mayit
2. Ngafanan mayit
3. Nyolatan mayit
4. Ngubur mayit

Faslun

● Ari pang saeutikna ngadusan mayit eta ngawalatraan sakbeh badan ku cai.
● Jeung ari pangsampura na ngadusan eta kudu ngawasuh si jalma kana dua gogorengna
ieu mayit

17
● jeung kudu ngaleungitkeun kana kokotor tina irungna mayit
● Kudu ngaduwan jalma ka mayit
● Jeung kudu ngosok² kana badana ieu mayit ku daun bidara
● Kudu ngucurkeun cai ka mayit kalawan 3 kali

Faslun

Ari pang saeutikna mungkus eta pakean anu nyurambahan ka mayit.


Ari pang sampurna na mungkus pikeun lalaki eta 3 pirang² lapis jeung pikeun awewe eta
gamis tiung jeung samping jeung dua lapis

Faslun

Ari pirang² rukun sholat janazah eta aya 7


1. Niat
2. 4 pirang² takbir
3. Nangtung pikeun jalma anu kawasa
4. Maca fatihah
5. Maca solawat ka kanjeng nabi Muhammad saba'da takbir anu kadua
6. Ngadua pikeun mayit saba'da takbir anu katilu
7. Maca salam

Faslun

Ari pang saeutikna ngubur eta sagalian anu nyumputkeun kana ambeuna mayit jeung
ngaraksa mayit tina sato galak
Ari pang sampurna na ngubur eta satangtung jeung salebar leungeun
Jeung di tendeun pipina mayit kana taneuh jeung wajib nyanghareup keun mayit ka kiblat

Faslun

Jeng digali deui mayit karena 4 pirang² perkara


1. Karna dek diadusan dimana² hente barobah ieu mayit
2. Karna rek disangharepkeun ieu mayit ka kiblat
3. Karna harta dimana² dikubur sartana mayit
4. Karna awewe dimana² dikubur sarta janina anu mungkin hirup ieu janin

Faslun

Ari pirang² menta tulung eta aya 4

18
1. Anu di wenangkeun
2. Khilap aula
3. Anu makruh
4. Anu wajib

● Ari anu di wenangkeun eta ngadekeutkeun cai


● Ari anu khilaf aula eta ngucurkeun cai ka umpama jalma anu wudu
● Ari anu makruh eta ka jalma anu ngumbah pirang² anggota wudhu
● Jeung Ari anu wajib eta pikeun jalma anu gering nalika apes

BAB ZAKAT

Faslun

Ari pirang² harta anu wajib di zakatan ata aya 6 pirang² warna
1. Ingon²
2. Emas perak
3. Pirang² harta anu diperpuluh
4. Pirang² harta dagangan
5. Pependeman jahiliyah
6. Barang galian

BAB PUASA

Faslun

Wajib puasa romadon ku salah sahijina pirang² perkara anu 5


1. Sampurna bulan sya'ban 30 poe
2. Ningalina bulan dina hak na jalma anu ningali kana bulan sanajan jalma faseq
3. Netepna hilal dina hakna jalma anu hente ningali kana hilal ku panyaksian jalma adil
4. Bejana jalma adil anu dipercaya

Faslun

Ari pirang² syarat sah na puasa eta aya 4 perkara


1. Islam
2. Berakal sehat
3. Bersih tina umpama hed
4. Nyaho kana ayana waktu di tarimana puasa

19
Faslun

Ari pirang² syarat wajibna puasa eta aya 5 perkara


1. Islam
2. Ka perdih (ka taklip)
3. Kuat
4. Sehat
5. Mukim

Faslun

Ari pirang² rukun puasa eta aya 3


1. Niat dina waktu peuting pikeun saban² poe dina puasa fardu
2. Ninggalkeun anu matak ngabatalkeun kana puasa bari inget tur bisa milih
3. Jalma anu puasa

Faslun

Jeung wajib mayar kifarat anu gede sarta qodo jeung ngawiwirang ka jalma anu ngabatalkeun
kana puasana dibulan romadon dina sapoe anu sampurna anu doraka ku sabab jima karna
arah² puasana

Jeung wajib ngeker sarta qodo kana puasa dina 6 pirang² tempat
1. Jalma anu ngahaja buka dibulan romadon
2. Jalma anu ninggalkeun niat dina waktu peuting dina puasa fardu
3. Jalma anu sahur bari nyangka kana tetepna peuting tuluy jelas salahna sangkaan nana
4. Jalma anu buka bari nyangka kana surup na panon poe tuluy jelas salahna sangkaana
nana
5. Jalma anu jelas poe an 30 bulan sya'ban eta tina bulan romadon ²
6. Jalma anu nereuy cai ngabangetkeun tina kekemu jeung ngingsrek cai kana irung

Faslun

Batal puasa ku sabab 7 perkara


1. Murtad
2. Hed
3. Nifas
4. Ngajuru
5. Gelo najan sakeudeung

20
6. Sakalor
7. Weureu anu ngahaja² lamun nyurambahan kana sakabeh poe

Faslun

Ari pirang² buka dina bulan romadon eta aya 4 pirang² warna
1. Buka anu wajib sacara bukana jalma anu hed jeung anu nifas
2. Buka anu wenang sacara bukana jalma anu nyaba jeung anu gering
3. Buka anu te wajib te wenang saperti bukana jalma anu ngakhirkeun qodo romadon
sarta kongangna ieu jalma sahingga rupek tina qodo

Jeung ari pirang² buka eta aya 4


1. Wajib qodo jeung fidyah ieu aya 2
● Jalma anu buka karna sieun ka jalma sejen
● Buka sarta ngakhirkeun qodo nepi ka datang romadon anu sejen
2. Wajib qodo bari hente wajib fidyah eta aya loba sacara jalma anu sakalor
3. Anu wajib fidyah bari hente wajib qodo nyaeta kolot anu ges pikun
4. Hente wajib qodo hente wajib fidyah nyaeta jalma anu gelo anu henteu dihaja² gelo na

Faslun

Ari perkara anu te ngabatalkeun kana puasa tina barang anu nepi kana lingliangan eta aya 7
1. Barang anu nepi kana lingliangan ku sabab poho
2. Ku sabab bodo
3. Ku sabab kapaksa
4. Sabab berjalana ciduh tina perkara anu aya di antara pirang² huntu jeung apes tina
ngutahkeunana karena udzurna ieu jalma
5. Perkara anu nepi kana lingliangan tina kebulna jalan
6. Perkara anu nepi kana lingliangan nyaeta kebul tipung
7. Laleur anu hiber jeung bangsana laleur

21
Panutup

Abdi nyuhunkeun ka gusti Allah anu barahan kalawan jah(pangkat) nabi na gusti Allah anu
sae budi pekertina kana ngaluarkeun gusti Allah ka abdi jeung pirang² ka kasih abdi jeung
jalma anu nyubangsa ka abdi ti alam dunya dina ka ayaan muslim jeung muga ngahapunten
gusti Allah ka abdi jeung kasadayana kana pirang² dosa anu ageung jeung anu alit

Mugia rohmat Allah tetep ka gusti urang sadayana tegesna kanjeng nabi Muhammad putrana
Abdullah putrana Abdul Mutholib putrana Hasyim putrana Abdi Manaf anu jadi utusan gusti
Allah ka sakabeh makhluk tur jadi utusan perang tur anu jadi kakasih Allah anu jadi bubuka
jeung jadi panutup jeung mugia rohmat ka ka kulawargina kanjeng nabi sareng para
sohabatna kanjeng nabi tegesna sadayana.

‫َو ْال َح ْم ُد هّللا ِ ربّ ْال َعالَ ِمیْن‬

22

You might also like