You are on page 1of 3

PEMERINTAH KABUPATEN SUKABUMI

DINAS PENDIDIKAN
Jalan Raya Pelabuahn II KM 22 desa Cimanggu Kec Cikembar – Sukabumi
Kabupaten Sukabumi Telp (0266) 321575,Fax.321578 Cikembar 43161
Email : info@disdik.sukabumikab.go.id Website : http://disdik.sukabumikab .go.id

Nomer : 005/2290/Sekret Sukabumi, 17 Fébruari 2022


Lampiran : salembar
Hal : Uar Pangajak Ngareuah-reuah Kahatur
Poé Basa Indung Internasional Bapa/Ibu 1.Pengawas TK/SD/SMP
Taun 2022 2. Penilik Paud/PKBM
3. Kepala TK/PAUD/SPS/KB//SD/SMP

Di
Tempat

Sinareng hormat,
Mugia Bapa/Ibu ginanjar kawilujengan sareng tansah kénging panangtayungan ti Gusti nu Maha
Suci. Amin.

Dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional, anu ditetepkeun ku UNESCO unggal kaping
21 Fébruari, sim umajak ka Bapa miwah Ibu kanggo ngareuah-reuah eta kagiatan. Hal ieu sajalan
sareng pangjurung Unesco – Badan PBB anu ngurus atikan, paélmuan, sareng kabudayaan, anu
tos netepkeun unggal-unggal kaping 21 Fébruari minangka Poé Basa Indung Internasional
(International Mother Tongue Day). Éta katetepan Unesco téh minangka tarékah miara rébuan
basa indung di sakuliah dunya sangkan ajén-inajénna sareng kaarifan lokalna anu generik henteu
musna.

Ngalangkungan ieu serat, sim kuring seja umajak ka Bapa/Ibu Kepala Sekolah/Lembaga di
sabudeureun Dinas Pendidikan Kabupaten Sukabumi, supados ngamangpaatkeun moment
miéling Poé Basa Indung Internasional dina ping 21 Fébruari 2022 kanggo neguhkeun kahanan
(eksistensi) basa Sunda minangka bagian tina kabeungharan kabudayaan nasional.

Ieu uar pangajak téh sajalan ogé sareng rupaning aturan perundang-undangan nu kiwari
dijalankeun di Nagara Kesatuan Républik Indonésia. Antarana baé:
a. Undang-Undang Dasar (UUD) Negara Republik Indonesia Taun 1945 BAB XIII Pasal 32 ayat
(2) anu nétélakeun “Negara menghormati dan memelihara bahasa daerah sebagai
kekayaan budaya nasional”.
b. Undang-Undang (UU) No. 24 taun 2009 ngeunaan “Bendera, Bahasa, dan Lambang
Negara, serta Lagu Kebangsaan”, pasal 42 ayat (1) nétélakeun yén “Pemerintah daerah
wajib mengembangkan, membina, dan melindungi bahasa dan sastra daerah agar tetap
memenuhi kedudukan dan fungsinya dalam kehidupan bermasyarakat sesuai dengan
perkembangan éaman dan agar tetap menjadi bagian dari kekayaan budaya Indonesia”.
Sedeng dina ayat (2) ditétélakeun “Pengembangan, pembinaan, dan perlindungan
sebagaimana dimaksud pada ayat (1) dilakukan secara bertahap, sistematis, dan
berkelanjutan oleh pemerintah daerah di bawah koordinasi lembaga kebahasaan”.
c. Undang-Undang (UU) No. 5 Taun 2017 ngeunaan “Pemajuan Kebudayaan” anu
merenahkeun “basa” minangka salah sahiji obyék pemajuan kebudayaan, ngawengku
basa Indonésia sareng basa daérah (Pasal 5 sareng penjelasanana). Kalih ti éta Pemda
Kabupatén/Kota sareng Provinsi gaduh kawajiban nyusun Pokok Pikiran Kebudayaan
Daerah sareng stratégi ngajalankeunana minangka bagian tina Rencana Induk Pemajuan
Kebudayaan di tingkat nasional.
d. Peraturan Pemerintah (PP) No. 57 taun 2014 pasal 21 ogé negeskeun yén ngabina basa
daérah bisa dijalankeun ku cara ngajalankeun pangajaran basa daérah di tingkat
pendidikan dasar jeung menengah sarta pamaréntah wajib méré fasilitas keur éta
kagiatan. Sumanget ieu PP ogé saluyu sareng jaminan dina UU No. 20 taun 2003 ngeunaan
Sisdiknas anu ngawenangkeun ayana pangajaran muatan lokal.
e. Peran Kepala Daérah dina ngamumulé sareng mekarkeun basa nagara sareng basa daérah
sacara husus ogé diatur dina Permendagri No. 40 taun 2007. Dina Bab II Pasal 2 hurup (b)
ditétélakeun yén “Kepala Daerah bertugas melaksanakan pelestarian dan
pengembangan bahasa daerah sebagai unsur kakayaan budaya dan sebagai sumber
utama pembentuk kosakata bahasa Indonesia”. Sedeng dina pasal 3 hurup (c)
ditétélakeun yén kepala daérah “memberikan fasilitas untuk pelestarian dan
pengembangan bahasa negara dan bahasa daerah”.
f. Perda No. 14 Taun 2014 ngeunaan “Perubahan atas Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat
Nomer 5 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah” teges
tandes ngaamanatkeun ka Pamaraéntah Daerah sangkan milu ngabina hirup-huripna
basa daerah luyu jeung kawijakan nasional.

Jalaran éta, simkuring miharep pangersa Bapa/Ibu Kepala Sekolah/Lembaga di wewengkon


séwang-séwangan, ngahangkeutkeun kagiatan dina raraga ngareuah-reuah Poe Basa Indung
Internasional, malahmandar basa Sunda dipaliré sareng diaranggo deui, sarta diajénan minangka
kaarifan lokal (local genius) minangka bagian tina kabeungharan budaya nasional.

Aya sawatara kagiatan anu tiasa dilakonan ku sakola/lembaga dina raraga miéling Poé Basa
Indung Internasional, di antawisna:
1. Supados murangkalih sakola, guru, TU, sareng karyawan di lingkunganana dinas pendidikan
séwang-séwangan dina ping 21 Fébruari 2022 ngaranggo raksukan kasundaan sareng
ngutamakeun nganggo basa Sunda kanggo komunikasi boh formal boh informal;
2. Masang spanduk/banner miéling Poe Basa Indung Internasional supados masarakat
aruningaeun yén basa Sunda minangka bagian tina kabeungharan kabudayaan nasional
kedah dimumulé, diaranggo di lingkungan kulawarga/ masarakat, diajarkeun di sakola, jsb.
(conto téks spanduk/banner tiasa diuningaan dina lampiran surat).
3. Ngayakeun rupaning kagiatan pasanggiri/lomba kanggo ngahudang aprésiasi, sumanget,
sareng karesep murangkalih dina nganggo basa Sunda.

Sakitu uar pangajak, mugia rupaning pamaksadan tiasa tinekanan tur lancar. Mugi-mugi Gusti nu
Maha Suci nangtayungan urang sadaya.

Hormatna,
Pupuhu Dinas Pendidikan
Kabupaten Sukabumi,

Drs. MOHAMMAD SOLIHIN M.MPd


NIP.196303051985121002
Lampiran Surat Kadisdik Kabupaten Sukabumi
Nomer :005/2290/Sekret.

Conto Kalimah/Ungkara pikeun Spanduk/Banner


Miéling Poé Basa Indung Internasional
Ping 21 Fébruari 2022

Conto Kalimah:
1. Miara Basa Sunda, Ngajungjung Darajat Bangsa
2. Basa téh Cicirén Bangsa, Aya Basana Langgeng Bangsana.
3. Basa Sunda anu Urang, Pék Mumulé Ngarah Langgeng
4. Urang Sunda Kudu Bisa Nyarita ku Basa Sunda.
5. Ulah Éra Nyarita ku Basa Sunda.
6. Hayu Urang Maké Basa Sunda, di Imah, di Sakola, di Mamana.
7. Basa Inggris Tapis, Basa Indonésia Ngawasa, Basa Sunda Teu Bisa. Teu Éra?
8. Jsté.

Conto Banner:

Miéling Poé Basa Indung Internasional


(21 Fébruari 2022)

Miara Basa Sunda, Ngajungjung Darajat Bangsa


Pemda Kabupaten Sukabumi

Sukabumi, 17 Fébruari 2022


Pupuhu Dinas Pendidikan
Kabupaten Sukabumi,

Drs. MOHAMMAD SOLIHIN M.MPd


NIP.196303051985121002

You might also like