You are on page 1of 5

Naskah Ngagondang

(ku Andi Setiyadi)


Lagu Ninun :
Mojang: Dina iuh-iuh tanjung
Dina kalangkang katapang, deuh....
Mojang karumpul ngariung
Nyangking halu rek ngagondang
Heunteu eureun sukan-sukan
Di pirig kacapi suling

Gentrung lisung nu ngagondang


Sada ketuk sada kendang , deuh ...
Trang tring trung tarutunggulan
Sora lisung nu ngagondang
Tolokprang tolokprang torolok lor kolomprang

Duh seuyang seuyang duh seuyang


Duh seuyang seuyang duh seuyang
Duh seunyang seuyang duh seuyang
Aduh seuyang seuyang duh seuyang…………

Yu batur uuurang ka lisung


Urang makayakeun indung
Nutu barui ngahariring
Kawihna kawih ladang kawihna kawih ladang
Duh seuyang seuyang duh seuyang
Duh seuyang seuyang duh seuyang
Duh seunyang seuyang duh seuyang
Aduh seuyang seuyang duh seuyang…………

Trangtringtrung trangtringtrung tarutunggulan


Ngagondang ngagondang karuhun urang
Nu maranti warisan ti nini aki
Tutunggulan adat pamake baheula
Ngagondang teh kasenian
Ngagondang teh ngabudaya
Duh seuyang seuyang duh seuyang
Duh seuyang seuyang duh seuyang
Duh seunyang seuyang duh seuyang
Aduh seuyang seuyang duh seuyang…………

Jajaka: Ngala suung ka ciwulan


Ngalana teh jeung mang dadang
Hawar lisung tutungulan
Boa Mojang keur ngagondang

Hayu urang sukan-sukan


Rang deukeutan rang heureuyan
Urang intip ti kajauhan
Tuluy ke urang wanohan

durirang duraring hahariringan 6X


Caang bulan narawangan
Alam padang lenglang taya aling-aling
Hawar-hawar sora lisung tutunggulan
Moa boa para mojang keur ngagondang
Hayu batur urang pada sukan-sukan
Rang cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Urang ngintip mojang lenjang
Nu gareulis keur ngagondang
Mojang : malam ini malati ligar di taman
Aduh sayang kembangnya tak kunjung datang
Jajaka : oh rembulan jangan risau jangan bimbang
Ada madu pasti si kumbang datang
Mojang : bukan rindu ya tuan bukannya bimbang
Rindu dinda tak karuan
Bukan tuan yang ku harap kan menjelang
Satria dari kahyangan aduh yang diinginkan
Jajaka: biasanya bintang suka pura-pura. Dalam kelam berkelip dibalik awan
Biasanya istri suka pura-pura. Dalam hati aduh ingin berkawan
Mojang: bukan rindu ya tuan bukanya bimbang
Rindu dinda tak karuan
Bukan tuan yang kuharap kan menjelang
Satria dari kayangan aduh kita hiraukan
Aduh kita sialan..
deungkleung dengdek-deungkleung dengdek
Buah kopi buah kopi raranggeuyan
Jajaka : - tah nu eta anu pendek anu dewek, omat pisan ku anjeun tong diheuyeuyan
- nu kuring mah tuh nu itu anu jangkung, omat pisan ku anjeun tong dicirian
- nu uing mah tuh nu itu anu lenjang anu urang omat pisan ku anjeun tong dicikeupan
- tah eta mah nu campernik anu urang, omat pisan ku anjeun tong dipimilik
- kuring mah kajen sesana nu ceutik bulu kelekna

Mojang: Euleuh-euleuh henteu nyangka


Aya jajaka perceka
Ngan hanjakal henteu sopan
Henteu boga tatakrama
Hey jajaka tong ngagoda
Rek nempo heula tangtungan
Punten heula tenjo rupa
Samaruk kuring kagoda
Jajaka: hey nu gareulis tong waka ngahina
Kieu-kieu oge akang teh sarjana
Pan akang oge geus jadi insinyur
Yeuh akang oge geus jadi direktur
Yeuh akang geus jadi dokter
Akang oge geus jadi ahli komputer
Piraku nu geulis teu kapincut ku akang arek dilamar
Mojang: teu percaya teu percaya
Lalaki jaman ayeuna
Gandang soteh panganggona
Padahal gede bohongna
Halik nyingkah masing jauh
Samaruk urang kagoda
Ulah waka ngaraku jadi sarjana
Lamun tacan bukti karya nyata
Jajaka: sumpah akang teu bohong
Sumpah akang teh cinta
Lamun eneng teu percaya
Pek beulah dada akang
Akang teh cinta sagede dunya
M + J : solali-lali solali-lali solali solali
Wau wau waeng 2x
Jajaka: Kaso pondok kaso Panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono ngajang
Sono patepang di jalan
Wanoja: Ulah sok arancin teuing
Bisi engke ngabegengan
Lalaki ulah cunihin
Bisi engke dibaeudan
Jajaka: Kaliki daun caringin
Tangkal suren baruahan
Lalaki pantes cunihin
Ngarah balik babawaan
M+J: Saninten buah saninten
Saninten diparapan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

You might also like