Professional Documents
Culture Documents
ﲔ ِ
َ اﻟْ َﻌﺎﻟَﻤ ب ِ
ِّ ﻣ ْﻦ َر ﻓِ ِﻴﻪ ﺐ
َ َْﻻ َرﻳ
ِ َاﻟْ ِﻜﺘ
ﺎب ﻳﻞِ
ُ ﺗَـْﻨﺰ
2
َ ِِّﻣ ْﻦ َرﺑ
ﻚ اﳊَ ﱡﻖ
ْ ُﻫ َﻮ ﺑَ ْﻞ ۚ ُاﻓْ ََﱰاﻩ ﻳَـ ُﻘﻮﻟُﻮ َن أ َْم 3
ti Pangeran hak/ al-Qur'an teh tapi yen al- maranehna Atawa naha
hidep bebeneran Qur'an nyarita
meunang
nyieun2
ِ ِﻣ ْﻦ ﻧَ ِﺬﻳ ٍﺮ ﻟِﺘُـْﻨ ِﺬ َر
ﻳَـ ْﻬﺘَ ُﺪو َن ﻟَ َﻌﻠﱠ ُﻬ ْﻢ َ ِﻣ ْﻦ ﻗَـْﺒﻠ
ﻚ َﻣﺎ أَ َ ُﻫ ْﻢ ﻗَـ ْﻮًﻣﺎ
maranehna supaya ti samemeh ti nu maranehna jalma2 anu pikeun
meunang maranehna hidep ngelingan can hidep
pituduh kadatangan mepelingan
ِﰲ ِﺳﺘ ِﱠﺔ َوَﻣﺎ ﺑَـْﻴـﻨَـ ُﻬ َﻤﺎ ض
َ َو ْاﻷ َْر
ِ اﻟ ﱠﺴﻤﺎو
ات ََ َﺧﻠَ َﻖ اﻟﱠ ِﺬي ُا ﱠ 4
dina genep sarta naon2 sareng pirang2 ngayuga Dzat Anu Gusti Allah
nu aya marcapada langit
diantarana
ِ ِ ِﻣ ْﻦ ُدوﻧِِﻪ َﻋﻠَﻰ اﻟْ َﻌْﺮ ِش ۖ َﻣﺎ ﻟَ ُﻜ ْﻢ أَﱠ ٍم
ٍّ ﻣ ْﻦ َو
ﱄ اﺳﺘَـ َﻮ ٰى
ْ ﰒُﱠ
tina salian ti teu aya di 'Arasy Mantenna saterasna poe
panyaluuhan Mantenna pikeun lenggah/
/ nu aranjeun menuju
nulungan
ﺗَـﺘَ َﺬ ﱠﻛُﺮو َن أَﻓَ َﻼ ۚ َوَﻻ َﺷ ِﻔﻴ ٍﻊ
merhatikeun naha sareng teu
aranjeun aya nu mere
henteu syafaat
إِﻟَْﻴ ِﻪ ﻳَـ ْﻌُﺮ ُج ﰒُﱠ ِ إِ َﱃ ْاﻷ َْر
ض ِﻣ َﻦ اﻟ ﱠﺴ َﻤ ِﺎء ْاﻷ َْﻣَﺮ ﻳُ َﺪﺑُِّﺮ 5
Penamaan
Surat ieu dinamian surat as-Sajdah lantaran dilebetna nguningakeun gambaran jalma2 mukmin
anu sujud ka Allah SWT sareng tasbeh ka Mantenna nalika nguping ayat2 al-Qur'an.
ﻳﻦ إِ َذا ذُ ّﻛُِﺮوا َِﺎ َﺧﱡﺮوا ُﺳ ﱠج ًﺪا َو َﺳﺒﱠ ُحﻮا ِﲝَ ْﻤ ِﺪ َرِِّ ْﻢ َوُﻫ ْﻢ َﻻ ﻳَ ْﺴﺘَﻜِْﱪُو َن ِ ِﱠ ِ ِ ِ ﱠ
َ إﳕَﺎ ﻳـُ ْؤﻣ ُﻦ َ ﺗﻨَﺎ اﻟﺬ
Satemenna nu ariman kana ayat2 Kami ngan jalma2 nu upama maranehna dielingan ku ayat2
Kami teh maranehna nyuuh sujud bari tasbeh muji Pangeran maranehna, jeung maranehna
henteu nyombongkeun diri. (as-Sajdah: 15)
Keutamaan Surat
Imam al-Bukhari sareng Imam Muslim ti Abu Hurairah, anjeunna nyarios "Rasulullah saw dina
Shalat Subuh dinten Jum'at maca surat as-Sajdah sareng surat al-Insan."
Imam Ahmad ngariwayatkeun ti Jabir, anjeunna nyarios "Rasulullah henteu kulem kecuali ngaos
heula surat as-Sajdah sareng surat al-Mulk."
Persesuaian Surah ini dengan Surah Sebelumnya
Hubungan sareng relevansi (kaitan atanapi hubungan erat ngeunaan pokok2 masalah) surat ieu
sareng surat sateuacanna (surat Lukman) tiasa katinggal salah sawiosna yen duanana sami
ngajelaskeun bukti2 tauhid nu mangrupakeun dasar atanapi pokok pertama akidah.
Dina surat Lukman, Allah SWT nguningakeun pokok kadua aqidah hasyr sareng ma'aad
(dibangkitkeun sareng dihirupkeunna deui manusa dina poe kiamat) maka Allah SWT muka
surat as-Sajdah ku katerangan ngeunaan poko aqidah nu sanesna, nyaeta risalah atanapi
karasulan sareng kanabian.
ِ ِ ِ ِ ﺎب َﻻ رﻳ
ِ َﺗَـْﻨ ِﺰﻳﻞ اﻟْ ِﻜﺘ
ﲔ ِّ ﺐ ﻓﻴﻪ ﻣ ْﻦ َر
َ ب اﻟْ َﻌﺎﻟَﻤ َ َْ ُ
Turunna al-Qur'an teh teu mangmang deui ti Pangeran Nu Murbeng Alam. (as-Sajdah: 1-2)
Gedengeun ti eta, sababaraha ayat dina surat as-Sajdah ngajelaskeun surat anu sateu acanna
(Lukman). Misalna dina ayat,
ﻒ َﺳﻨَ ٍﺔ ِﳑﱠﺎ ﺗَـ ُﻌﺪﱡو َن ِ ٍ ِ ِ ﻳُ َﺪﺑُِّﺮ ْاﻷ َْﻣَﺮ ِﻣ َﻦ اﻟ ﱠﺴ َﻤ ِﺎء إِ َﱃ ْاﻷ َْر
َ ْض ﰒُﱠ ﻳَـ ْﻌُﺮ ُج إِﻟَْﻴﻪ ِﰲ ﻳَـ ْﻮم َﻛﺎ َن ﻣ ْﻘ َﺪ ُارﻩُ أَﻟ
Mantenna ngatur urusan ti langit ka marcapada, terus eta urusan teh naek ka Mantenna dina jero
sapoe nu ukuranana sarua jeung sarebu taun nurutkeun itungan aranjeun. (as-Sajdah: 5)
ngajelaskeun sarta ngagambarkeun ayat anu nguningakeun konci2 kagoiban, dina ayat,
ِ ِ َ ﺎﻋ ِﺔ َوﻳـُﻨَـِّﺰُل اﻟْﻐَْﻴ ِ ِ
ﺐ َﻏ ًﺪا ۖ َوَﻣﺎ
ُ ﺲ َﻣﺎذَا ﺗَﻜْﺴ
ِ ِ
ٌ ث َوﻳَـ ْﻌﻠَ ُﻢ َﻣﺎ ﰲ ْاﻷ َْر َﺣﺎم ۖ َوَﻣﺎ ﺗَ ْﺪري ﻧَـ ْﻔ َ إِ ﱠن ا ﱠَ ﻋْﻨ َﺪﻩُ ﻋ ْﻠ ُﻢ اﻟ ﱠﺴ
ِ ِ ُ ُض َﲤ
ٌﻮت ۚ إ ﱠن ا ﱠَ َﻋﻠ ٌﻴﻢ َﺧﺒِﲑ ٍ َي أ َْر ِ ﺗَ ْﺪ ِري ﻧَـ ْﻔ
ِّ ﺲ ٌ
34. Satemenna Allah, Mantenna nu uninga kana kiamat. Mantenna nu ngalungsurkeun hujan.
Jeung Mantenna nu uninga kana nu aya dina kandungan. Jeung hamo aya saurang oge nu nyaho
kana naon nu bakal dipigawena isukan. Sarta moal aya nu nyaho di nagara mana manehna bakal
maot. Satemenna Allah teh maha uninga kalawan pangaweruh nu sajero-jerona. (Lukman: 34)
Misilna deui,
ِ اﳉﺮِز ﻓَـﻨُخﺮِج ﺑِِﻪ َزرﻋﺎ َْ ُﻛﻞ ِﻣْﻨﻪ أَﻧْـﻌﺎﻣﻬﻢ وأَﻧْـ ُﻔﺴﻬﻢ ۖ أَﻓَ َﻼ ﻳـﺒ
ﺼُﺮو َن ِ ﻮق اﻟْ َﻤﺎءَ إِ َﱃ ْاﻷ َْر
ُ أ ََوَﱂْ ﻳَـَﺮْوا أَ ﱠ ﻧَ ُﺴ
ُْ ُُْ َ ُُْ َ ُ ُ ً ْ ُ ْ ُُْ ض
Atawa naha maranehna teh tara merhatikeun yen Kami ngageyer taneuh teuas ngabaketrak ku
cai? (as-Sajdah: 27)
penjabaran tina ayat,
Tema Surat
Tema surat as-Sajdah teu benten sareng tema surat2 Makiyyah nu sanesna, nyaeta nguatan
pokok2 akidah diantawisna iman ka Allah SWT, kana poe ahir, kana kitab2-Na, ka Rasul2-Na,
kana ba'ts sarta poenan pangwalesan.
Dibuka ku hurup muqotoah saperti ieu sami sareng kaseueuran surat2 Makiyyah nu sanesna,
kalawan tujuan pikeun negeskeun kamukjizatan al-Qur'an sarta kaagunganna, oge matahkeun
pandangan jalma2 musyrik nu nyangkal sarta teu percaya yen al-Qur'an lungsur ti Gusti Allah
bari ngabohongkeun risalah Nabi Muhammad saw.
اﱂ 1
Huruf alif laam miim ku sawatara mufasir dianggap lambang goib nu teu perlu dijadikeun bahan
sawala, sabab hamo bisa kakoreh ma'na hakikina.
Maka tina ayat ieu tiasa di fahami yen al-Qur'an teh Kalam Allah SWT nu teu aya
kamangmangan deui lungsur ti Mantenna.
ِ ِ ِ ِ ﺎب َﻻ رﻳ
ِ َﺗَـْﻨ ِﺰﻳﻞ اﻟْ ِﻜﺘ
ﲔ ِّ ﺐ ﻓﻴﻪ ﻣ ْﻦ َر
َ ب اﻟْ َﻌﺎﻟَﻤ
2
َ َْ ُ
Turunna al-Qur'an teh teu mangmang deui ti Pangeran Nu Murbeng Alam.
al-Qur'an teh teu mangmang deui lungsur ti Gusti Allah SWT ka insan pilihan kangjeng Nabi
Muhammad saw. Maka al-Qur'an teh sanes sihir, syair sanes oge sajak peramal, tapi al-Qur'an
mangrupakeun dawuhan Gusti Allah SWT Pangeran nu murbeng saantero alam.
Rabbil'aalamin aya dina pedaran surat al-Fatihah ayat 2, nu negaskeun yen Pangeran Nu
Murbeng Alam teh nu kagungan sagala puji, ari dina ayat 2 surat ieu mah Pangeran Nu Murbeng
Alam nu ngalungsurkeun al-Qur'an.
Ayat ieu teh sanggahan kana pernyataan maranehna anu diabadikeun dina ayat,
ِ ﺎﻃﲑ ْاﻷ ﱠَوﻟِﲔ ا ْﻛﺘَـﺘَـﺒـﻬﺎ ﻓَ ِﻬﻲ ﲤُْﻠَﻰ ﻋﻠَﻴ ِﻪ ﺑﻜْﺮةً وأ
َﺻ ًﻴﻼ ِ وﻗَﺎﻟُﻮا أ
َ َ ُ ْ َ ٰ َ ََ َ ُ َﺳَ َ
5. Jeung maranehna ngaromong: "Dongeng anggitan jalma-jalma jaman baheula terus
Muhammad nitah supaya dituliskeun geus kitu dibaca hareupeun manehna isuk-isuk jeung
pasosore. (al-Furqan: 5)
Saparantos Allah SWT negeskeun yen al-Qur'an teh dilungsurkeun gedengeun Mantenna, yen
ngeunaan hal eta teh tos teu diragukeun deui, Allah SWT ngubah topik penbicaraan nyaeta
ngajelaskeun ngeunaan fitnah oge pernyataan dusta maranehna nu nuduh yen al-Qur'an ten
jijieunan oge karangan Nabi Muhammad saw. Teras Allah SWT negeskeun kabohongan
maranehna, yen naon anu ku maranehna tuduhkeun teh dusta, fitnah.
ۚ ُأ َْم ﻳَـ ُﻘﻮﻟُﻮ َن اﻓْ ََﱰاﻩ 3
Saterasna Allah SWT ngajelaskeun tugas sarta misi al-Qur'an oge Nabi Muhammad saw., nyaeta
mepelingan jalma2 kafir ngeunaan adzab Allah SWT, kalebet diantarana nyaeta urang kafir
Quraisy. Qatadah, ngeunaan tafsir ( )ﻗَـﻮًﻣﺎdina ayat ieu disebatkeun maksudna teh nyaeta urang
ْ
Quraisy. Maranehna bangsa anu ummiy nu can pernah datang ka maranehna hiji utusan nu
maparin pepeling sateu acan Kangjeng Nabi Muhammad saw..
ِ ِ ِ ِ ِاﳊ ﱡﻖ ِﻣﻦ رﺑ
َ ﻚ ﻟﺘُـْﻨﺬ َر ﻗَـ ْﻮًﻣﺎ َﻣﺎ أَ َ ُﻫ ْﻢ ِﻣ ْﻦ ﻧَﺬﻳ ٍﺮ ِﻣ ْﻦ ﻗَـْﺒﻠ
ﻚ ﻟَ َﻌﻠﱠ ُﻬ ْﻢ ﻳَـ ْﻬﺘَ ُﺪو َن َ َّ ْ َْ ﺑَ ْﻞ ُﻫ َﻮ
3
Lain, tapi eta teh hak ti Pangeran hidep pikeun hidep mepelingan jalma-jalma nu can kadatangan
ku nu ngelingan samemeh hidep supaya maranehna mareunang pituduh.
Urang Arab Quraesy, di antarana kaom karabat Rasulullah saperti Abu Jahal, nyarahoeun kana
riwayat hirup anjeunna ti mimiti orok beureum keneh; maranehna nyarahoeun yen anjeunna teh
pihatu lalis (yatim piatu) nu bisa disebutkeun hirup ku ibun gede ku poe, boloampar aya beya
pikeun nungtut elmu nyungsi harti, dalah pikeun kaperluan sakopeun sahuapeun oge anjeunna
teh ti aalit geus perih buburuh ngangon domba batur. Ringkesna mah anjeunna teh buta huruf,
tapi waktu anjeunna ngadugikeun ayat-ayat al-Qur'an, urang Quraesy nuduh yen eta ayat-ayat teh
anggitan meunang nyieun-nyieun anjeunna. Sedeng para pujanga nu geus kawentar di
lingkungan maranehna sorangan saurang oge teu aya nu bisaeun ngareka basa nu sarua endahna
jeung ayat-ayat nu geus didugikeun ku anjeunna.
Ayeuna dina ayat 2 jeung 3 ieu Allah SWT ngabantah sarta nyanggah ku ditegaskeun deui yen al-
Qur`an teh dilungsurkeun ku Gusti Allah ka Rasul-Na pikeun mepelingan ummat manusa nu can
kungsi aya nu mepelingan samemehna. Nu pangheulana bakal narima eta pepeling teh tangtuna
oge nu aya di Mekkah, jadi urang Arab Quraesy supaya maranehna mareunang pituduh kana
jalan kasalametan di dunya jeung di aherat. Dawuhan Allah dina ayat,
آﺧُﺮو َن ۖ ﻓَـ َﻘ ْﺪ َﺟﺎءُوا ﻇُْﻠ ًﻤﺎ َوُز ًورا ِ ٌ ْﻳﻦ َﻛ َﻔُﺮوا إِ ْن َٰﻫ َﺬا إِﱠﻻ إِﻓ ِ وﻗَ َ ﱠ
َ َﻋﺎﻧَﻪُ َﻋﻠَْﻴﻪ ﻗَـ ْﻮٌم
َ ﻚ اﻓْ ََﱰاﻩُ َوأ َ ﺎل اﻟﺬ َ
4. Jeung jalma-jalma nu kalafir ngaromong: "Ieu teh taya lian iwal ti kabo hongan meunang
nyieun-nyieun manehna jeung dibantuan ku kaom no sejen." Nya satemenna maranaehna teh
milampah kadoliman jeung ngabarohong. (al-Furqan: 4)
ﻒ َﺳﻨَ ٍﺔ ِﳑﱠﺎ ﺗَـ ُﻌﺪﱡو َن ِ ٍ ِ ِ ﻳُ َﺪﺑُِّﺮ ْاﻷ َْﻣَﺮ ِﻣ َﻦ اﻟ ﱠﺴ َﻤ ِﺎء إِ َﱃ ْاﻷ َْر
َ ْض ﰒُﱠ ﻳَـ ْﻌُﺮ ُج إِﻟَْﻴﻪ ِﰲ ﻳَـ ْﻮم َﻛﺎ َن ﻣ ْﻘ َﺪ ُارﻩُ أَﻟ
5
5. Mantenna ngatur urusan ti langit ka marcapada, terus eta urusan teh nack ka Mantenna dina
jero sapoe nu ukuranana sarua jeung sarebu taun nurutkeun itungan maraneh.
Dina surat al-Ma'arij ayat 4 sapoe teh sarua jeung lima puluh rebu taun, ayeuna dina ayat ieu
disebutkeun sarua jeung sarebu taun.
Kolong langit alam syahadah dieusi ku 10 milyar galaksi, salah sahiji ti antara nu sakitu lobana
teh nya eta galaksi Kabut susu atawa Bima Sakti atawa Milky Way. Garis tengah galaksi Kabut
susu teh 100.000 taun cahaya. Pangekeran bentang raksasa di Ustrali bisa naropong bentang nu
jauhna 5 milyar taun cahaya. Gancangna cahaya dina sasekon 300.000 km. Jadi lamun urang
naek tutumpakan nu gancang- na 300.000 km jero sasekon, urang bakal bisa nepi ka eta bentang
dina jero 5 milyar taun. Bentang-bentang di galaksi Kabut Susu teh aya 100 juta, jadi masih loba
nu leuwih jauh batan bentang nu geus kataro- pong ti Ustrali. Ieu teh kakarek di hiji galaksi,
sedeng jumlah sakabeh- na nu aya di alam syahadah teh 100 milyar galaksi.
Kumaha kaayaan langit nu sejen, da langit teh pirang-pirang loba. Bentang jarah nu aya di
kolong langit urang nu jumlahna ditaksir kira- kira 100 milyar x 100 juta henteu ngunggul di
satempat tapi nyebar pajarauh. Galaksi nu natangga jeung galaksi Kabut Susu nya eta galaksi
Andromeda, salah sahiji planitna nu geus kataropong, jauhna ti urang kira-kira 2.500.000 taun
cahaya. Ayeuna ku urang kaharti naon sabab- na aya perbedaan jangka waktu, sapoe teh aya nu
sarua jeung sarebu tam, lima puluh rebu taun, dua satengah juta taun, lima milyar taun, jeung
sajaba ti eta. Tapi ari pikeun Gusti Allah mah sapoe atawa mangmilyar-milyar taun cahaya teh
ngan ukur sakiccup.
Sagala urusan nu aya di saantero alam teh diatur jeung dikontrol ku Mantenna taya kendatna,
henteu meleng sanajan ngan ukur sakiceup.
6. Kitu tah Mantenna nu uninga kana nu goib jeung nu nyata, Nu Maha Gagah Perkosa tur Nu
Maha Welas Asih.
Alam nu diwangun ku mangpirang-pirang langit katut eusina didamel ku Nu Maha Kawasa dina
genep jaman. Bentang jarah nu mangbilyun-bilyun nu nyebar pajarauh, di antarana planit nu
kawilang leutik lamun dibandingkeun jeung bentang jarah nu sejenna, ayeuna jadi padumukan
urang nu disebut marcapada atawa bumi. Tapi sa- leutik-leutikna planit, marcapada teh legana
kira-kira 500.000.000 km pasagi dieusi ku rupa-rupa mahluk nu teu kaitung macemna, komo
atuh ari jumlahna mah. Saniskara nu aya di marcapada jeung nu aya di bentang jarah sejen nu
mangbilyun-bilyun lobana ku Gusti Allah kauninga. Ku Mantenna diatur rejekina, diatur sagala
rupa tatali huripna, nepi ka sieur nu leuwih leutik ti sireum ateul ge katoweksa beurang peuting.
Tah ieu teh ngabuktikeun tanda-tanda kakawasaan Mantenna Nu Maha Gagah Perkosa tur Nu
Máha Welas Asih.
ٍ ﺎن ِﻣ ْﻦ ِﻃ
ِ اﻹﻧْﺴ
ِ ٍ ِ
ﲔ ْ اﻟﱠﺬي أ
َ ْ َﺣ َﺴ َﻦ ُﻛ ﱠﻞ َﺷ ْﻲء َﺧﻠَ َﻘﻪُ ۖ َوﺑَ َﺪأَ َﺧْﻠ َﻖ
7
7. Nu ngadamel saniskara ciptaana-Na kalawan hade jeung Mantenna teh ngawitan ngayuga
manusa tina taneuh.
Gusti Allah ngadamel pirang-pirang langit katut eusina kalayan sampurna. Contona langit alam
syahadah nepi ka kiwari henteu cecel henteu bocel, oge bentang jarah nu mangbilyun-bilyun
kabeh mulus aya dina orbitna masing-masing. Nya kitu deui marapada padumukan urang katut
eusina didamel kalayan taya kuciwana. Sanggeus sagala rupa tatali hurip nu mutlak pentingna
disayagikeun, Gusti Allah ngalungsurkeun Adam jeung Hawa. Adam, manusa nu mimiti,
didamel tina taneuh. Rundayanana nu mangmilyar-milyar paburencay di saantero jagat jadi
sababaraha bangsa jeung seler, beda basana, beda warna kulitna jeung beda budaya hirupna.
9. Terus Mantenna nyampurnakeun kandungan jeung niupkeun roh-Na ka jero badanna, jeung
Mantenna ngajadikeun pangde- nge, panenjo jeung hate pikeun maraneh, tapi saeutik pisan
maraneh mulang tarima.
Waktu masih aya dina kandungan indung sanggeus umur 120 poe Gusti Allah niupkeun roh
insani nya eta roh nu ngabedakeun antara manusa jeung mahluk sejenna, sakumaha nu dipedar
dina surat al-Hajj ayat 5 Juz 17. Barang gubrag lahir ka alam dunya, mimitina orok teh dipaparin
pangdenge, terus panenjo sanggeus kitu dipaparin hate. Ieu mah sacara ringkesna da salian ti
pangdenge jeung panenjo teh kapan urang dipaparin irung pikeun ngambeu, leungeun pikeun
ngaragap, ngarasa, nyekel jeung neunggeul, saterusna suku pikeun leumpang, nangtung jeung
nyepak.
Pancadria ieu teh bakal ngadatangkeun ni'mat nu karasa dina hate, tapi omat kudu digunakeun
nurutkeun aturan nu geus ditetep- keun ku nu maparinna malar urang salamet di dunya jeung di
aherat. Tah ieu teh nu disebut mulang tarima atawa syukur ka Nu Maha Rahman Rahim, tapi
hanjakal nu nurut kana dawuhan Mantenna teh ngan saeutik pisan, lolobana mah kufur,
pangdenge dipake ngadengekeun obrolan atawa kakawihan nu cawokah lain kana da'wah;
panenjo dipake nenjo tulisan nu dilarang, melong anu donto jeung nempoan kartu domino lain
dipake ngileng-ngileng nu ngandung pepeling.