You are on page 1of 3

Soal Ulangan Harian kelas VIII Bab II Kampung Adat

I.Pilih jawaban nu dianggap paling bener a, b, c atawa d!

1. Kampung anu masih keneh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut
kampung…
A. Buhun
B. Adat
C. Heubeul
D. Babakan

2. Sempalan Teks Deskripsi


Kampung Adat Ciptagelar

Pengawal Prabu Siliwangi the disebutna Bareusan Pangawinan. Ieu kampung the mangrupa
kampung pindahan ti Kampung Ciptarasa di Desa Sirnarasa. Ari pindahna dina bulan Juli taun
2001 dumasar kana “hijrah wangsit” ka Desa Sirnaresmi anu jauhna puluhan kilometer ti Desa
Sirnarasa.

Kampung Kasepuhan Ciptagelar asalna mah pindahan ti…


A. Desa Sirnarasa
B. Desa Sirnaresmi
C. Desa Ciptamulya
D. Desa Cisimeut

3. Sempalan Kampung Adat Ciptagelar…


Padumuk Kampung Ciptagelar dipasing-pasing jadi dua kelompok , nyaeta warga jiwa
jero jeung warga jiwa luar. Warga jiwa jero nya eta warga kasepuhan anu masih keneh
aya hubungan pancakaki jeung Abah Anom najan geus laer.

Warga masarakat kasepuhan anu masih keneh aya rundayan pamingpin kampung
disebutna…
A. Warga jiwa deukeut
B. Warga jiwa luar
C. Warga jiwa jauh
D. Warga jiwa jero

4. Sempalan Kampung Naga…


Kampung Naga the mangrupa salasahiji kampung adat ditatar Sunda. Perenahna di Desa
Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya. Beda jeung umumna kampung
adat, Kampung Naga mah kawilang gampang didongkangna, lantaran tempatna henteu
jauh ti jalan gede antara Garut jeung Tasikmalaya.
Kampung Naga the perenahna di … Kabupaten Tasikmalaya.
A. kacamatan Salawu
B. Kacamatan Singaparna
C. Kacamatan Cilawu
D. Kacamatan Neglasari

5. Kampung Naga disebut kampung adat lantaran…


A. Mindeng ngalaksanakeun upacara adat
B. Jadi salasahiji obyek wisata adat
C. wargana masih ngukuhan adat karuhun
D. Imahna mangrupa imah panggung

6. …wangun imah di Kampung Naga kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung
awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang
aya anu make kenteng.

Wawangunanana umumna mangrupa suhunan…


A. Tagog anjing
B. julang ngapak
C. Badak heuay
D. Parahu kumureb

7. …wangun imah di Kampung Naga kudu imah panggung, anu dijieunna tina kai jeung
awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang
aya anu make kenteng.
Hateup imahna teu meunang tina…
A. Injuk
B. Eurih
C. Kiray
D. Kenteng

8. Gambar suhunan imah adat di luhur nu sok disebut…


A. Jolopong
B. Capit gunting
C. Julang ngapak
D. Badak heuay

9. Di handap nu lain mangrupa kampung adat nu araya di Jawa Barat nyaeta…


A. Kampung adat Cikondang
B. Desa wisata Pasanggrahan
C. Kampung gede Kasepuhan Ciptagelar
D. Kampung adat Wae Rebo

10. Struktur teks deskripsi miboga tilu bagian nu lain kaasup kana bagianna nyaeta…
A. Progresif
B. Identifikasi
C. Deskripsi
D. Kacindekan

II. Uraian singkat!


1. Naon nu dimaksud Teks Deskripsi!
2. Sebutkeun kampung adat nu aya di daerah Tasikmalaya jeung di Bogor!
3. Sebutkeun 2 ngaran suhunan imah adat Sunda!
4. Material nu sok digunakeun pikeun imah adat biasana ngagunakeun…, sebutkeun 2 rupa!
5. Nu dimaksud ciri tujuan teks deskripsi nyaeta…

You might also like