You are on page 1of 3

Nama : Salahudin Al-ayubi

Kelas : VII-i
Pelajaran : Bhs. Sunda
SMPN 1 Weru

Buah Dalima
Dawuh Rosulullah Muhammad SAW, Sing saha ba jalmana anu migaw hiji kahadan, ku
Gusti Alloh bakal diganjar sapuluh tikel.
Caturkeun dina hiji mangsa, Siti Fatimah Zahra putra Kangjeng Nabi, geureuha Sayidina Ali
bin Abi Thalib teu damang. Henteu keresa pisan barangtuang, ngaleueut g langka.
Pikahariwangeun rama katut carogna. Tapi Sayidina Ali hantem w ngagelendut garwa
supaya keresa barangtuang.
Cik atuh Nyi, sahuap mah barangtuang. Lamun teu kerasa barantuang atuh moal aya tanaga.
Sok nyarios, palay naon?
Waler Siti Fatimah, Teu hoyong nanaon, Kakang. Parait, ngan kitu jeung kitu w waleran
ka carogna anu teu welh melangeun th.
Hiji mangsa Sayidina Ali pok deui nyarios, Nyai, bawirasa Kakang, piraku taya pisan anu
dipikahayang. Kajeun Nyai enyaan teu damang. Pok w wakcakeun, moal burung
ditedunan.
Galindeng Siti Fatimah nyarios, Nanging punten Kang, abdi th asa-asa hoyong buah
dalima!
Bingah amarwata suta manah Sayidina Ali bada garwana nyarios kitu. Tuh geuning ayeuna
mah aya pamundut. Sayidina Ali msem leleb neuteup geureuhana anu masih ngalemprh di
pajuaran.
Deudeuh Nyai, kapalay ku Kakang mo burung ditedunan. Kakang sorangan anu rk nyiar
buah dalima ka pasar! dawuhna. Nyarios kituna thbari rada lelenyapan angen sabab nu
gagah satria islam th teu acan uningaeun pasti naha kagungan artos atanapi henteu. Barang
ngodokan saban saku jubahna bet karampa aya artos kajeun henteu sabaraha, Jigana cukup
keur meuli dalima hiji mah.
Nya lajeng pamitan ka geureuhana deuk milari dalima. Teu hs. Di pasar, dalima mh di
unggal tempat dadasar bubuahan ngahunyud. Bareureum pikabitaeun. Brs ngagaleuh
dalima, sayidina Ali niat mulih ka bumi, sabab pameunteu geureuha kokolbatan ba.
1

Soantenna kadangu ba, nyebat asa-asa palay buah dalima. Ayeuna dalima geus aya,
ngagayot dina saku jubahna. Ngagedig ngantunkeun pasar, mapay-mapay sisi jalan nu rada
tiiseun. Keur kitu kadangu sora anu melas-melis. Barang ditngali, ttla andar-andar ngagolr
sisi jalan. Tayohna keur gering da kadangueun ku Sayidina Ali humaregung.
Leugeunna namprak, Duh nu ngalangkung, ieu jisim kuring jalma teu gaduh. Geus tilu
dinten tilu wengi henteu neda. Paparin juragan naon w anu sakira bisa diteda, pasihan
Gan!
Bagnda Ali lalaunan nyampeurkeun ta pakir. Dititnan, mmang keur gering.
Pok si pakir nyarita, Aduh Gusti, alhamdulillah salira ngalangkung ka dieu. Mugi kauninga,
jisim abdi henteu mendak tedaeun tos tilu dinten tilu wengi. Manawi salira nyandak tedaeun
sahuapeun mah, paparin jisim abdi, Juragan! sorana melas-melis kadanguna peurih pisan.
Gap kana saku jubah, aya dalima; kacipta keur meujeuhna amis kareueut. Tapi, kapan ta
mah pesenan Siti Fatimah Zahra, geureuhana? Mun dibikeunkumaha Fatimah? Emutan
Sayidina Ali ngarancabang.
Perang sabil dina manahna, antara mikeun dalima ka nu kalaparan jeung nyanggakeun dalima
ka geureuha anu teu damang. Ditimbang-timbang, ras mut kana dawuhan Rosululloh SAW,
Sing saha ba anu nyieun hiji kahadan, bakal diganjar sapuluh tikeleun.
Emut kana dawuhan Rasululloh, Sayidina Ali nggal ngodok saku jubahna. Gap, dalima anu
pangbadagna. Heug dicepeng, terus nyaketan pakir anu gering. Pok ngadawuh, Kula ngan
boga ieu h dulur.
Dalima dialungkeun ka si pakir. Gancang ditwak. Pohara bungaheunana.
Hatur nuhun, Gusti. Alhamdulillah.alhamdulillah, Sayidina Ali gura-giru mulih. Barang
sumping ka bumi,Siti Fatimah rumanggieung mapagkeun bari naroskeun dalima.
Dawuh Sayidina Ali, K heula dalima mah, Nyai, ku kakang dititipken ka nu ka pasar.
Kakang inget ba ka Nyai, gura-giru balik. Atuh henteu kaburu ka pasar.
Nu teu damang melong carog sari anu teu percanteneun. Tapi tacan g nyarios deui ka
carog, troktrokpanto aya anu ngetrokan. Enggal dibuka ku Saydina Ali. Bengong
ningali tamu nanggeuy baki dituruban kan bodas.
K.ksaha ta Sampan th nya? Kula mah asa kakara tepung. Jeung aya pamaksudan
naon?
Smah ngawalon adab naker. Pokna, Lembur mah sim kuring th jauh. Ari ngaran, Salman
ti Parsi. Ngadeuheus ka Salira, dijurungan nyanggakeun ieu dalima!
Gebeg, Bagenda Ali ngagebeg. Kagt jeung reuwas. Dalima? Pk tutup baki dibuka. Duh
enya w dalima. Diitung aya salapan, geus arasak.
2

Sayidina Ali msem leleb, Ah, naha nya, dalimana ngan salapan? Kapan ti dituna mah
sapuluh?
Ki smah nyeuleukeuteuk seuri. Pokna th, Naha gamparan uninga ta dalima mung
salapan, sareng ti dituna sapuluh?
Ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Kula nyaho. Dawuhna, sing saha ba anu migaw hiji
kahadan, diganjar sapuluh tikel, walon Bagnda Ali.
Barakatak Salman seuri deui bangun anu genah naker. Pk ngodok saku jubahna bari nyokot
dalima.
Tah ieu, dalima teh leres jadi seueur saluyu sareng dawuhan Rosululloh SAW. Tadi mah
pribados hoyong nguji w ka Salira. Sim abdi parantos terang kana eusining dawuhan
Rosululloh.
Teu kanyahoan, iraha jeung ka mana inditna, Salman geus teu aya payuneun Sayidina Ali.
Sohabat Nabi istigfar, Nya bener Salman, anjeun th lir Malaikat, gerendengna.

You might also like