You are on page 1of 6

AQIDATUL AWAM

*
1. Ngawit abdi ku nyebat Allah nu welas . Nu miasih nu ihsana teras lawas

2. Sugri puji ka Allah nu khodim awal .. Nu akhir teu ruksak teu robah tur kekal

*

3. Lajeung rohmat salam Allah salamina Ka Nabi nu pangsaena tauhid na

*

4. Kawargina ka sohabat kanu tumut .. Kana jalan agama haq teu ngabeulut

*
5. Sanggeus kitu sing nyaho yen wajib nyaho ..Rong puluh sifat wajib Allah tong poho

*
6. Allah aya tipayun taya wiwitan . Langgeung teu ruksak ka mahluk nyulayaan

*
7. Sugih ti mahluk nu Esa nu Jumeneng Nu kawasa nu kersa nu maha terang


*

8. Nu ngadangu nu ningali nu ngadawuh Tambih sifat maani nu nyusun tujuh

*


9. Kawasa kersa ngadangu tur ningali Jumeneng terang ngadawuh heunteu lali


*
10. Wenang ku kurniana tur kaadilan Tinggal kabeh mungkin kawas midameulan

11. Ngutus para Nabi palinter balener . Ngadugikeun amanah tara jalingeur

*


12. Sifat jalma wenang dihaq na ambiya Nu teu ngurangan lir sakit teu bahaya

*

13. Nabi wajib karaksa lir malaikah . Malah ngarunggulan para malaikah

*

14. Nu mustahil mah lawan sifat nu wajib .. Jumlah lima puluh pek talar pan wajib

*

15. Deui dua lima Nabi nu di wincik . Wajib nyaho mukalaf talar sing telik


*
16. Hiji Adam, Idris, Nuh, Hud nu kaopat . Soleh, Ibrohim sadayana di taat

*
17. Luth, Ismail salapan Ishaq teu benteun Yaqub, Yusuf, Ayub nu taat teu kinteun

18. Syueb, Harun, Musa, Yasa ka geneplas .. Dzulkifli, Daud tur Sulaiman nu ikhlas

*
19. Ilyas, Yunus tur Zakaria, Yahya .. Isa nu akhir Toha tong sulaya


20. Muga rohmat salam Allah ka ambiya .. Kawargina salagina dinten aya

reff


*

21. Malah mah hamba teu rama teu ibuan .. Tara tuang leueut tara ka kuleuman

*

22. Sapuluh rincian na kahiji Jibril . Mikail, Isrofil ka opat Azroil

*

23. Munkar, Nakir lajeung Roqib nu katujuh .. Atid, Malik sapuluh Ridwan nu patuh

*

24. Opat induk kitab nu rincian nana Hiji Taurot turun ka Musa lungsurna

25. Dua Zabur ka Daud, Injil lungsurna Ka Isa Furqon ka mahluk pangsaena

*


26. Tambih suhud Nabi Kholil, Nabi Kolim .. Pinuh ku dawuh nu maha hakim alim

*
27. Sakur syareat nu dicandak ku Rosul . Mestina pasrah tarima tong matanghul

*
28. Iman urang kana poe akhir wajib .. Jeung sakur kajadianana nu ajib

*
29. Akhirna rek nutur sesana nu wajib Ka mukalaf ti saantero nu wajib

30. Nabi urang Muhammad nu janten Rosul . Ka alamin janten rohmat nu pinunjul

*
31. Ramana Abdullah ti Abdul Mutholib Ti Hasyim ti Abdu Manaf nasab karib


*
32. Ibuna Aminah bangsa Juhriyah . Lajeung nginang ka Halimah Sadiyah


*
33. Lahir di Mekah nagri nu amankeun . Wafat di Toyibah kota nu dicaangkeun

*
34. Waktos nampi wahyu cacap opat puluh Yuswa Nabi langkung tina genep puluh


*
35. Tujuh pala putra Nabi nu tiluan Pameugeut tah kitu hasil pamahaman

*
36. Qosim nu kahiji, kadua Abdullah .. Nu kadua ku Toyib Tohir katelah

*
37. Tilu sayid Ibrohim ti hiji istri . Ku mariyah hadiah ti raja Kibti

*
38. Sajabi Ibrohim, Khodijah ibuna Nyeta nu genep sing rakeut sadayana

39. Opat putri Nabi nu bade ditutur .. Ridho Gusti ka sadayana ka catur

*

40. Fatimah nu suci garwa Iman Ali Nu dua putrana Shibtu nu ungguli

reff

*



*

*

*
*


*

*



*



*

*



*
*

*


*

) ( * ) (
*

You might also like