You are on page 1of 4

TUKANG PEUYEUM

Uneh : Pikasebeleunati2 siah uje, aingnafsu


Nyi Inot : Assalamualaikum..
Uneh : Waalaikumussalam.. Is geningan nyi inot, tos timana nyai ??
Ari Nyai bade kamana ? Tos timana nyai ??
Nyi Inot : Ngahaja We kadieu Ceu, ari kang Uje aya ceu ??
Uneh : Can balik..biasa we dines dagang peuyeum aya naon kitu
nyai ??
Nyi Inot : Kieu euceu..tadi kuring tos ti kota papanggih jeung kang Uje
keur leumpang duaan jajaln2 jeung awewe
Uneh : Jalan2 jeung awewe ?? Nyaan nyai ??
Nyi Inot : Ikhh piraku kuring ngabohong.sumpahna ge daek turun
harga LPG..nyaan euceu
Uneh : Mmmmm..padahal mah ngawakilan euceu, mun baledog ku
batu tong asa2..
Nyi Inot : Nya da kahalangan ku tukang cendol, piraku teu puguh2
kuring kudu maledog tukang cendol
Uneh : Lain tukang cendolsi Uje
Nyi Inot : Euceu .. awewe na teh make bau hejo.. leumpang na oge
meni di tatangkeup
Uneh : Eta mah diangkat atuh nyai..
Nyi Inot : Nya pokona mah ditatangkeup
Uneh : Dasar lalaki tahadol, ati2 siah puguh euceu teh keur keuheul
nyai tadi peuting teh manggih potret awewe dina tangungan
peuyeum, nyelap dina peuyeum..ari nyai kunaon atuh
puputeran wae ?? Cing ieu lain potret awewe anu jalan2 jeung
si Uje teh ?? Ieu lain Nyai ??
Nyi Inot : Tah Ieu Euceu bener
Uneh : Euhh siah nurus tunjung Uje..Ati2 siah tempokeun, lain darah
garut mun aing teu bisa ngalabrak lalaki nungaranna Uje
Nyi Inot : Yeuhh Euceu ari ceuk kuring mah tong make dipikiran teuing,
naon da awewe na ge kitu gening, GEULIS,
Uneh : Nya Heuuh nyai, matak jurig Uje bogoheun oge
Nyi Inot : Euceu ieu mah lain pedah dihareupeun euceu-nya, nya ge
geulis dibandingkeun jeung euceu mah, Mmmm Jauh,
geulisan itu
Uneh : Ati2 siah Uje, di ules Ku aing
Nyi Inot : Ulah ceu,,Ulah di antep atuh kuring bade Permiis nya ceu
nya,
Uneh : sanes permiis atuh nyai, Permisi Panginten
Nyi Inot : Nyaa. Permisi
Uneh : Tahhh datang siah jurig teh, tos timana Uje ??
Uje : Naon make nanya geus timana sagala ?? biasa we atuh
dagang peuyeum.. meunang musibah puguh teh aing uneng
Uneh : Musibah naon??
Uje : Heueuh tadi beurang, aing teh keur leumpang we bari
nanggung, ari jaan keur leutik teh mudun deuih, laleueur ,
dihareupeun aing aya aki2 keur ngungkug leumpang.. aing ti
seureuleu labuh, tangungan peuyeum ngagaleong, jebrog
kababuk tonggong aki2 keur leumpang tea, peuyeum bahe,
aki2 tikusruk/tigebrus ka susukan.
Uneh : Puas siah, eta doraka ti aing, ti pamajikan siah,
Uje : Aing mah puguh bingung mikiran aki2 nu ti kusrukna Uneng,
Uneh : Paduli teuing, na samarukna aing rek sedih, na samarukna
aing rek milu mikiran tigebrus kana susukan,
Uje : Heueuh aki2 nu ti kusruk na teh, Abah sia Uneng
Uneh : Naon Abah?? Eta mah bapak aing, dalam kurung Mitoha
deuleu
Uje : Heueuh da teu nyaho atuh, suganteh lain abah, ku aing ge di
punten2, sena nyingkir merean jalan, kalahkah ngungkug we
leumpang, kumaha atuh da geus nasib, teu kunananon si
abahna??
Uje : Teu ngan kapaehan hungkul, tapi da teu lila, tadi ge hudang
deui, sia mah lain jelema.. Jurig suganmah Uje, indit siah
menta hampura
Uje : Eungeus, harita keneh ge aing teh acong-acongan menta
dihampura, kalakah nonyk deuleu, leuheung mun nonyok
hugkul, da abah sia mah murang maring, peuyeum tina
tangungan di cewolan, di alung-alungkeun ka susukan,
Uneh : Puas siah,, ieuh eta teh wawales ka jelema nu doraka ti
pamajikan, ti aing sia teh
Uje : Ekhh ai maneh doraka naon ari aing, ?
Uneh : Alah montong pura pura siah, ari tadi sia di kota jalan-jalan
jeung saha?
Uje : Naon sia mah akh.
Uneh : Ieuh ceuk aing ge montong pura-pura maneh teh jalan-jalan di
kota jeung awewe, awewena teh make baju hejo,
Uje : lain BULAO, ekhhh henteu aing mah teu rumasa,,barige uneh
sia teh ceuk saha? Tong sok ngadenge omongan teu
pararuguh, Fitnah deuh..Fitnah teh lebih kejam dari
perkebunan,
Uneh : Cik jawab siah, ari ieu potret saha siah ieuh??
Uje : Aduh uneh siah, ari maneh gagabah nuna potret dina kotak
post
Uneh : Tungtungna bodo siah, ieu potret saha Uje? Saha siah?
Uje : Potret jelema atuh Une,
Uneh : Aing ge nyaho ieu potret jelema, ngan saha jelemana siah,
saha? Saha siah?
Uje : Kieu atuh uneh, aing rek terus terang ayeuna mah, aing teh
dagang peuyeum hese payu, saminggu katukang, aing teh
datang ka dukun, ceuk dukun lamun hayang payu, dina
tangungan peuyeum kudu ditunaan potret awewe, kabeneran
aing teh meunang mangih potret awewe, teuneun we ku aing
teh dina tangungan puyeum, kitu akh sia hayang nyaho mah..
Uneh : Ari kitu mah lain potret aing we simpen dina tangungan
peuyeum, pan aing ge awewe Uje, awewe,
Uje : Heueuh eungges ku aing ge di cobaan potret sia di tuna dina
tangungan peuyeum, heueuh we isukna, peuyeu buruk kabeh,
Uneh : Sia mah kabina-bina teung Uje, emangna aing teh ragi, kudu
na oge sia nu buruk tiheula teh, geningan mang taun-taun
dikeukeupan teu buruk siah, tuhh tuturkeun tuh kaituh, bae da
aing mah geus kolot, jaba goreng patut, itu mah ngora keneh
jaba geulis, siga bentang film Widyaningsih,
Uje : Widyawati meureun bentang fim mah, widyaningsih mah
bojona juragan sukatma, aing mah apal pisan juragan
sukatma teh papanggih jeung widyaningsih na teh di garut
basa hajat, kieu carita na mah Une, Harita juragan sukatma, ..
Uneh : Ganeng sia jurig, ari sia naon, meus2 nyaritakeun riwayat
batur, aing ge nyaho siah Uje sia teh sok masang togel da eta
meureunnya peryogi kango bobogohan,
Ceu odah : Euleuh2 gening jang Uje jeung nyi uneh timarana ieu teh ??
Uneh : teu ti mamana ceu, didieu we titadi ge,
Ceu Odah : euhh Hampura atuh euceu nya, puguh euceu ge kakara pisan
jol, biasa we ts ngaramet, ke dagoan atuh urang nyieun heula
kopinya,
Uneh : Euceu, naon ari euceu teu pupuguh nyieun kopi weh,
Ceu Odah : ikhh eta mah kawajiban euceu atuh, ngahormat semah
Uneh&Uje : Semah??
Ceu Odah : Enya air nyai pan ieu teh imah euceu,
Uje : Imah Euceu? Da ieu mah imah kuring,
Ceu Odah : Imah jang Uje nya,
Uneh : Nya Imah kuring ceu
Ceu Odah : Astagfirullah gusti nu maha suci, ari rarasaan teh imah euceu,
ieuh hampura nya, jang Uje nyi uneh, euceu teh bet mes mes
ka imha baturnya, ieuh hamoura tepi ka linglung, boa2 euceu
teh rek jadi pejabat,
Uje : Nao ari euceu-euceu jug jug ngos ngos ka pejabat
Ceu Odah : Akhh maenya, jelema garede anu baroga jabatan pan nu sok
lalinglung mah
Uneh : linglung kumaha ari euceu?
Ceu Odah : Yeuh gera nya pikirkeun dibere jabatan teh keur ngurus
masyarakat, keur kamakmuran rakyat, ieu mah der dipake
keur kamakmuran beuteung sordangan, pan eta teh lain
linglung.. tahh ayeun euceu geus linglung sugan wenya jadi
pejabat,
Uje : Amiin ceu
Ceu Odah : Nya geus atuh kitunya, hampura yeuh euceunya , euceu rek
balik nya
Uneh : Mangga ceu..
Ceu Odah : Ieu mah rek dibawa nya, da ieu mah nu euceu tadi ge

You might also like