You are on page 1of 7

‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬

‫‪DMDI‬‬
‫‪DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬
‫‪https://seruanmasjid.com‬‬

‫‪KAKAWASAAN, ANTARA‬‬
‫‪AMANAH JEUNG AMBISI‬‬

‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫إن ْال َح ْمدَ َ َّّلِلَ‪ ,‬ن َْح َمدُهُ‪َ ,‬ونَ ْست َ َعينُهُ‪َ ,‬ونَ ْست َ ْغ َف ُرهُ‪َ ,‬ونَعُوذ ُ َب َّ‬
‫اّلِلَ‬ ‫َّ‬
‫ت أ َ ْع َما َلنَا‬ ‫س َيئَا َ‬ ‫ور أ َ ْنفُ َسنَا‪َ ,‬و َ‬ ‫ش ُر َ‬ ‫َم ْن ُ‬
‫ي لَهُ‪,‬‬ ‫ض َل ْل فَالَ َها َد َ‬ ‫ض َّل لَهُ‪َ ,‬و َم ْن يُ ْ‬ ‫َّللاُ فَالَ ُم َ‬
‫َم ْن يَ ْه َد َه َّ‬
‫ش َهادَة َ َم ْن ُه َو‬ ‫أ َ ْش َهد ُ أ َ ْن الَ اَلَهَ اَالَّ هللاُ َو ْحدَهُ َالش ََري َْك لَهُ‪َ ،‬‬
‫س ُن نَ َديًّا‪.‬‬ ‫َخي ٌْر َّمقَا ًما َوأ َ ْح َ‬
‫ار َم‬ ‫ف َب ْال َم َك َ‬ ‫ص ُ‬ ‫س ْولُهُ ْال ُمت َّ َ‬ ‫ع ْبدُهُ َو َر ُ‬ ‫س َيدَنَا م َح َّمدًا َ‬ ‫َوأ َ ْش َهد ُ أ َ َّن َ‬
‫ص َبيًّا‪.‬‬
‫ارا َو َ‬ ‫َكبَ ً‬
‫صادَقَ ْال َو ْع َد‬ ‫ان َ‬ ‫س َي َدنَا ُم َح َّم ٍد َك َ‬ ‫علَى َ‬ ‫س َل ْم َ‬‫ص َل َو َ‬‫اَللَّ ُه َّم فَ َ‬
‫ص ْح َب َه الَّ َذي َْن يُ ْح َسنُ ْو َن‬ ‫علَى آ َل َه َو َ‬ ‫س ْوالً نَ َبيًّا‪َ ،‬و َ‬‫ان َر ُ‬ ‫َو َك َ‬
‫ش ْيئًا فَ َريًّا‪،‬‬ ‫َإ ْسالَ َم ُه ْم َولَ ْم َي ْفعَلُ ْوا َ‬
‫ص ْينَ ْي نَ ْف َس ْي‬ َ ‫ ا ُ ْو‬،ُ‫اض ُر ْو َن َر َح َم ُك ُم هللا‬ َ ‫ فَ َيا أَيُّ َها ْال َح‬،ُ ‫أ َ َّما بَ ْعد‬
.‫ فَقَ ْد فَازَ ْال ُمتَّقُ ْو َن‬،َ‫َو َإيَّا ُك ْم َبت َ ْق َوى هللا‬
: ‫قَا َل هللاُ تَعَالَى‬
‫الر َي َيم‬َّ ‫ان‬ َ ‫ا‬َ ‫ّ ْي‬ َّ ‫عوذ ُ َب‬
َّ ‫اّلِلَ َم َن ال‬ ُ َ‫أ‬
‫ع ْال ُم ْل َك‬ُ ‫قُ َل اللهم ٰم َل َك ْال ُم ْل َك تُؤْ َتى ْال ُم ْل َك َم ْن تََّآ ُء َوت َ ْن َز‬
‫َم َّم ْن تََّآ ُء َوت ُ َع ُّز َم ْن تََّآ ُء َوت ُ َذ ُّل َم ْن تََّآ ُء َبيَ َد َك ْال َخي ُْر اَنَّ َك‬
‫َيءٍ قَ َدي ٌْر‬ ْ ‫ع ٰلى ُك َل ش‬ َ
(QS ali-‘Imron [3]: 26)

Alhamdulillah, sagala puji pikeun Alloh, anu ngabogaan sakabéh jagat raya ieu.
Anu ngahirupkeun sarta anu ngamaotan, sarta ngabagi-bagi rezeki ka sakabéh
makhluk-Na. Sholawat miwah salam mudah-mudahan salamina
dilimpahcurahkeun ku Alloh ka Nabi anu pang dipikacintana, Rosululloh
Muhammad SAW. Ogé teu hilap ka kulawargina, para shohabatna, tabi’ut tabi’in,
sareng sadaya ummatna anu salamina istikomah ngajalankeun sarta
merjuangkeun Islam dugika yaumil kiyamah.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Prak geura tarakwa ka Alloh. Ingetkeun, ngan takwa wungkul anu bakal
nyalametkeun urang, naha di dunya atawa engké jaga di akhérat? Ku takwa ogé
urang salawasna waspada dina hirup kumbuh sapopoé di dunia ieu. Ibarat
leumpang dina jalan anu pinuh ku cucuk rungkang. Sing saha baé anu lulus
ngaliwatan éta jalan, Alloh bakal ngurniyakeun ka manéhna surga-Na anu pinuh
ku kani’matan. Mudah-mudahan urang sadaya kalebet dina éta golongan. Aamiin.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Loba pisan jalma anu boga ambisi jadi pangawasa, jadi pajabat nagara. Lamun
perlu, saumur hirupna. Sagala cara dijalankeun. Teu maliré halal haram. Anu
penting kakawasaan aya dina cangkingan. Anu ngaganggu kakawasaan
disingkirkeun. Anu teu ta’at ka manéhna disingkirkeun.

Ieu pisan anu disebut fitnah kakawasaan. Di alam sekulér anu miceun ajaran
Islam, hal ieu dianggap wajar sarta bener. Hawa nafsu geus jadi tujuan kahirupan.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Ti tangéhna kénéh Rosululloh SAW parantos nyebatkeun ayana ambisi


kakawasaan ieu. Mantena ogé méré paringetan ka umatna supaya ati-ati tina
balukarna:
‫ير نَدَا َمةً َو َح ْس َرة ً يَ ْو َم‬
ُ ‫ص‬ َ َ ‫ست‬
َ ‫ارةَ َو‬ َ ‫صونَ َعلَى‬
َ ‫اإل َم‬ ُ ‫ست َ ْح َر‬ َ ‫َإنَّ ُك ْم‬
َ َ‫ت ْالف‬
ُ‫اط َمة‬ َ ‫ت ْال ُم ْر‬
َ ْ‫ضعَةُ َو َبئ‬
َ ‫س‬ َ ‫ْال َقيَا َم َة فَنَ ْع َم‬
“Saéstuna aranjeun bakal paboro-paboro tina kapamingpinan (kakawasaan),
sawatara kitu kapamingpinan (kakawasaan) éta bakal jadi kahanjakal sarta karugian
dina Poé Kiyamah jaga. Kacida pisan alus mimitina jeung kacida pisan goréng
panungtunganana”. (HR al-Bukhori, an-Nasa’i jeung Ahmad).

Paringetan Rosululoh SAW ieu kacida pisan écés témbrésna. Ash-Shonani dina
kitab Subulus Salâm ngajelaskeun yén Nabi SAW nyaram ménta al-imârah
(kapamingpinan/kakawasaan).

Kusabab kitu Rosul SAW méré conto kucara teu méré kakawasaan atawa jabatan
ka jalma anu ménta kakawasaan atawa jabatan.

Mantena pernah ngadawuh:

‫ص‬ َ ‫علَى َهذَا ْالعَ َم َل أ َ َحدًا‬


َ ‫سأَلَهُ َوالَ أ َ َحدًا َح َر‬ َّ ‫َإنَّا َو‬
َ ‫َّللاَ الَ نُ َو َلى‬
‫علَ ْي َه‬
َ
“Kaula, demi Alloh, moal rék ngangkat pikeun tugas ieu saurang ogé anu ménta
jeung boga ambisi kana éta perkara”. (HR Muslim, Ibnu Hibban, Ibn al-Jarud jeung
Abu ‘Awanah).

Dina rédaksi anu séjén disebutkeun:

ُ‫الَ نَ ْست َ ْع َم ُل َعلَى َع َم َلنَا َم ْن أ َ َرادَه‬


“Kaula moal rék ngangkat —kana tugas kaula— jalma anu mikahayang kana éta
perkara”. (HR al-Bukhori, Muslim, Ahmad, Abu Dawud jeung an-Nasa’i).

Abu Bakar ath-Tharthusi dina kitab Sirôjul Muluk ngajelaskeun, “Rahasiah di


satukangeun sakabéhna ieu nyaéta yén kakawasaan (jabatan) nyaéta amanah...
Ngabogaan ambisi kana éta amanah nyaéta salah sahiji bukti tina sikep khianat...
Lamun salah saurang anu khianat dibéré amanah mangka hal éta téh saperti
ménta ka serigala pikeun ngangon domba. Akibatna, pasti ruksak sikep rahayat ka
pangawasana. Pasalna, lamun hak-hak maranéhna ancur sarta harta maranéhna
dirampas ku pangawasa maranéhna, mangka pasti bakal ruksak ogé niat
maranéhna jeung lisan maranéhna ku bakal ngucapkeun do’a (anu goréng) jeung
ngadukeun ka Alloh tina kagoréngan pangawasa maranéhna”.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Dina Islam, kakawasaan jeung jabatan nyaéta amanah. Amanah kakawasaan


atawa jabatan téh bakal dipénta pertanggungjawabanana di akhérat jaga.

Kawajiban pangawasa saperti dina hadits Abdulloh bin Umar ra nyaéta ngatur
urusan-urusan rahayat (riâyah syu’ûn ar-ro’yah). Riâyah éta téh dilakukeun maké
siyasah (pulitik) anu bener, nyaéta saperti anu dijelaskeun ku Imam an-Nawawi
dina Syarah Shohîh Muslim. Riâyah atawa siyâsah anu hadé téh nyaéta taya lian ku
ngajalankeun hukum-hukum syaré’at sarta ngutamakeun kamaslahatan sarta
kapentingan rahayat.

Imam ath-Thobari, dina Tafsîr ath-Thobarî, nyutat kasauran Ali bin Abi Tholib ra.,
Kawajiban imam/pangawasa nyaéta ngahukuman ku hukum anu geus
diturunkeun ku Alloh sarta nyumponan amanah. Lamun manéhna geus
ngalaksanakeun hal éta mangka jalma-jalma wajib ngadéngékeun sarta ta’at, ogé
nyumponan panggerona lamun maranéhna digero...

Ieu téh dua sifat anu rapet némpél dina pamingpin anu adil.

Kahiji: Ngalaksanakeun hukum-hukum Alloh SWT dina ngalaksanakeun ibadah


umat, mu’amalah, hukum-hukum ékonomi Islam (ngeunaan kapamilikan, ngolah
kakayaan milik umum, kauangan nagara), hukum peradilan jeung pidana Islam
(hudud, jinayat, tazir, atawa mukholafat), hukum-hukum pulitik luar negeri; jsb.

Kadua: Ngalaksanakeun amanah riâyah, nyaéta ngurus sakabéh urusan umat


saperti ngajamin kacumponanana kabutuhan poko (sandang, pangan, papan
pikeun satiap individu warga nagara); ngajamin bisa kalaksanakeunana
pendidikan, kaséhatan, sarta kaamanan kalawan teu kudu mayar alias haratis;
sarta ngaraksa rahayat tina sagala rupa gangguan jeung ancaman. Dina miara
urusan rahayat, pangawasa sakuduna saperti babu kanu jadi dununganana.
Sababna, Sayyidul qawmi khâdimuhum (Pamingpin kaom téh saperti palayan
maranéhna). (HR Abu Nu’aim).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Naha mungkin dina sistem sékulér saperti ayeuna bakal lahir pamingpin anu
amanah? Padahal agama diapilainkeun. Islam disingkirkeun.
Pamingpin amanah ngan bakal lahir dina kakawasaan anu ditanjeurkeun dina
luhureun pondasi / dadasar agama, nyaéta Islam, jeung ditujukeun pikeun
ngaraksa Islam jeung syaré’atna sarta miara urusan umat.

Imam al-Ghozali kantos nyebatkeun, “Agama nyaéta pondasi, sedengkeun


kakawasaan nyaéta anu ngajagana. Naon baé anu teu ngabogaan pondasi bakal
ancur jeung naon baé anu ngabogaan anu ngajaga bakal leungit”. (Al-Ghozali, Al-
Iqtishad fi al-Itiqod, hlm. 199).

Kusabab kitu, urang kudu jeung wajib ngabalikeun deui Islam jadi dadasar
kahirupan sapopoé. Tinggalkeun sékularisme, kapitalisme, liberalisme, sarta
komunisme. Sabab isme-isme éta nyaéta mangrupakeun sistem jijieunan manusa
anu ngagungkeun hawa nafsu.

Salaku hamba Alloh, naha payus urang sadaya mungpang kana syaré’at Alloh?
Urang kudu yakin yén hukum-hukum Alloh pasti hadé pikeun manusa. Sabab,
Mantena pisan anu nyiptakeun urang sadaya sarta pasti apal karakteristik
sakabéh alam samesta ieu. InsyaAlloh, ku sistem Islam, bakal lahir pamingpin
amanah sakumaha para shohabat Rosululloh SAW.

[]

‫ َونَفَعَ َني َو َإيَّا ُك ْم‬،‫آن اْل َع َظي َْم‬ َ ‫ار َك هللا َلي َولَ ُك ْم فَى اْلقُ ْر‬ َ َ‫ب‬
‫ت َوال َذ ْك َر ْال َح َك َيم َوتَقَبَّ َل هللاُ َمنَّا َو َم ْن ُك ْم‬ َ ‫َب َمافَ ْي َه َم َن ْاْل َيا‬
‫ َوأَقُ ْو ُل قَ ْو َلي َهذَا فَأ ْست َ ْغ َف ُر‬،‫س َم ْي ُع العَ َل ْي ُم‬
َّ ‫َتالَ َوتَهُ َو َإنَّهُ ُه َو ال‬
َّ ‫هللاَ ال َع َظي َْم َإنَّهُ ُه َو الغَفُ ْو ُر‬
‫الر َحيْم‬
‫‪Khutbah II‬‬

‫لى ت َ ْو َف ْي َق َه َواَ ْم َتنَا َن َه‪.‬‬


‫ع َ‬‫ّ ْك ُر لَهُ َ‬ ‫سا َن َه َوال ُّ‬ ‫لى َإ ْح َ‬
‫ع َ‬ ‫ا َ ْل َح ْمد ُ هللَ َ‬
‫َوأ َ ْش َهد ُ أ َ ْن الَ اَلَهَ َإالَّ هللاُ َوهللاُ َو ْحدَهُ الَ ش ََري َْك لَهُ َوأ َ ْش َهد ُ َّ‬
‫أن‬
‫إلى َرض َْوانَ َه‪ .‬الل ُه َّم‬ ‫س ْولُهُ الدَّا َعى َ‬ ‫ع ْبدُهُ َو َر ُ‬ ‫س َيدَنَا ُم َح َّمدًا َ‬ ‫َ‬
‫س َل ْم ت َ ْس َل ْي ًما‬
‫ص َحا َب َه َو َ‬ ‫علَى ا َ َل َه َوأ َ ْ‬ ‫علَى َ‬
‫س َي َدنَا ُم َح َّم ٍد َو َ‬ ‫ص َل َ‬ ‫َ‬
‫َكثي ًْرا‬
‫ع َّما نَ َهى‬ ‫هللا فَ ْي َما أ َ َم َر َوا ْنت َ ُه ْوا َ‬
‫اس اَتَّقُو َ‬ ‫أ َ َّما بَ ْعد ُ فَيا َ اَيُّ َها النَّ ُ‬
‫َوا ْعلَ ُم ْوا أ َ َّن هللاَ أ َ َم َر ُك ْم َبأ َ ْم ٍر بَدَأ َ َف ْي َه َبنَ ْف َس َه َوثَـنَى َب َمآل َئ َك َت َه‬
‫لى‬‫ع َ‬ ‫صلُّ ْو َن َ‬ ‫س َب َح َة َبقُ ْد َس َه َوقَا َل تَعاَلَى َإ َّن هللاَ َو َمآلئَ َكتَهُ يُ َ‬ ‫ْال ُم َ‬
‫س َل ُم ْوا ت َ ْس َل ْي ًما‪ .‬الل ُه َّم‬ ‫صلُّ ْوا َ‬
‫علَ ْي َه َو َ‬ ‫النَّ َبى يآ اَيُّ َها الَّ َذي َْن آ َمنُ ْوا َ‬
‫علَى آ َل‬ ‫س َل ْم َو َ‬ ‫صلَّى هللاُ َ‬
‫علَ ْي َه َو َ‬ ‫س َي َدنَا ُم َح َّم ٍد َ‬ ‫علَى َ‬ ‫ص َل َ‬ ‫َ‬
‫س َل َك َو َمآل َئ َك َة اْل ُمقَ َّر َبي َْن‬ ‫علَى ا َ ْن َبيآ َئ َك َو ُر ُ‬ ‫س َي َدنا َ ُم َح َّم ٍد َو َ‬ ‫َ‬
‫ع َمر‬ ‫الرا َش َدي َْن أ َ َبى بَ ْك ٍر َو ُ‬ ‫اء َّ‬ ‫ع َن اْل ُخلَفَ َ‬ ‫ض الل ُه َّم َ‬ ‫ار َ‬ ‫َو ْ‬
‫ص َحابَ َة َوالتَّا َب َعي َْن َوتَا َب َعي‬ ‫ع ْن بَ َقيَّ َة ال َّ‬ ‫علي َو َ‬ ‫عثْ َمان َو َ‬ ‫َو ُ‬
‫عنَّا َمعَ ُه ْم‬ ‫ض َ‬ ‫ار َ‬ ‫الدي َْن َو ْ‬ ‫ان َالَى يَ ْو َم َ‬ ‫س ٍ‬ ‫التَّا َب َعي َْن لَ ُه ْم َبا َْح َ‬
‫اح َمي َْن‬
‫الر َ‬‫َب َر ْح َم َت َك َيا أ َ ْر َح َم َّ‬
‫ت‬ ‫ت َواْل ُم ْس َل َمي َْن َواْل ُم ْس َل َما َ‬ ‫اَلل ُه َّم ا ْغ َف ْر َل ْل ُمؤْ َمنَي َْن َواْل ُمؤْ َمنَا َ‬
‫ت الل ُه َّم أ َ َع َّز اْ َإل ْسالَ َم َواْل ُم ْس َل َمي َْن‬ ‫اَالَ ْحيآء َم ْن ُه ْم َواْالَ ْم َوا َ‬
‫ص ْر َعبَادَ َك اْل ُم َو َح َديَّةَ‬ ‫الّ ْر َك َواْل ُم ّْ َر َكي َْن َوا ْن ُ‬ ‫َوأ َ َذ َّل َ‬
‫اخذ ُ ْل َم ْن َخذَ َل اْل ُم ْس َل َمي َْن َو دَ َم ْر‬ ‫الدي َْن َو ْ‬ ‫ص َر َ‬ ‫ص ْر َم ْن نَ َ‬ ‫َوا ْن ُ‬
‫عنَّا‬‫الدي َْن‪ .‬الل ُه َّم ا ْدفَ ْع َ‬ ‫الدي َْن َوا ْع َل َك َل َما َت َك َإلَى يَ ْو َم َ‬ ‫أ َ ْعدَا َء َ‬
‫س ْو َء اْل َفتْنَ َة َواْ َلم َح َن َما‬ ‫الزالَ َز َل َواْ َلم َح َن َو ُ‬ ‫اْلبَالَ َء َواْ َلوبَا َء َو َّ‬
‫سائَ َر‬ ‫صةً َو َ‬ ‫ع ْن بَلَ َدنَا اَ ْند ُونَ ْي َسيَّا خآ َّ‬ ‫ا َن َ‬ ‫ظ َه َر َم ْن َها َو َما بَ َ‬ ‫َ‬
‫ب اْل َعالَ َمي َْن‪َ .‬ربَّنَا آتَنا َ َفى‬ ‫ان اْل ُم ْس َل َمي َْن عآ َّمةً َيا َر َّ‬ ‫اْلبُ ْلدَ َ‬
‫ار‪َ .‬ربَّنَا‬ ‫عذ َ َ‬
‫اب النَّ َ‬ ‫سنَةً َو َقنَا َ‬ ‫ْلخ َر َة َح َ‬‫سنَةً َو َفى اْ َ‬ ‫الدُّ ْنيَا َح َ‬
‫اإن لَ ْم ت َ ْغ َف ْر لَنَا َوت َ ْر َح ْمنَا لَنَ ُك ْون ََّن َم َن‬‫سنَا َو ْ‬ ‫ظلَ ْمنَا ا َ ْنفُ َ‬‫َ‬
‫اْلخَا َس َري َْن‪.‬‬
‫ْتآء َذي‬ ‫ان َو َإي َ‬ ‫س َ‬‫َعبَادَهللاَ ! َإ َّن هللاَ يَأ ْ ُم ُرنَا َباْل َع ْد َل َواْ َإل ْح َ‬
‫ظ ُك ْم لَعَلَّ ُك ْم‬ ‫ّآء َواْل ُم ْن َك َر َواْلبَ ْغي يَ َع ُ‬ ‫ع َن اْلفَ ْح َ‬ ‫بى َويَ ْن َهى َ‬ ‫اْلقُ ْر َ‬
‫لى نَ َع َم َه‬ ‫ع َ‬ ‫تَذَ َّك ُر ْو َن َوا ْذ ُك ُروا هللاَ اْلعَ َظي َْم يَ ْذ ُك ْر ُك ْم َوا ْش ُك ُر ْوهُ َ‬
‫يَ َز ْد ُك ْم َولَ َذ ْك ُر هللاَ أ َ ْكبَ ْر‬

You might also like