You are on page 1of 1

Kadaharan jeung Kasehatan Awak

Miara kasehatan awak teh mangrupa kawajiban unggal jalma. Sangkan awak
salawasna sehat, tangtu loba nu kudu diperhatikeun. Ti mimiti milih rupa kadaharan,
miara kabersihan awak jeung pakean, sarta kabersihan lingkungan.
Dina milih rupa-rupa kadaharan ulah ngan ukur milih kadaharan nu ngeunah, tapi kudu
malire kabersihanana. Kadaharan nu teu dibungkus atawa teu ditutupan, bisa
kakebulan atawa kaeunteupan laleur nu geus eunteup dina runtah atawa tempat-tempat
nu kotor sejenna. Bubuahan jeung lalap-lalapan nu sok didahar atah, samemeh didahar
kudu dikumbah heula. Unggal rek barang didahar, kudu ngumbah leungeun heula.
Leungeun nu kotor ulah dipake nyekel dahareun.
Kawilang loba barudak nu katarajang panyakit, lantaran kurang malire kabersihan
dahareun nu didaharna. Panyakit nu biasana datang balukar salah milih kadaharan
atawa kurang malire kabersihanana, utamana panyakit nu biasana disebut nyeri
beuteung.
Awal ti merhatikeun kadaharan, sangkan salawasna sehat teh kudu merhatikeun
kabersihan awak, pakean, jeung lingkungan. Kudu bisa ngatur waktu, ulah kajongjonan
kana pangaresep. Ulah kamalinaan ulin, boh ulin di luar atawa di imah.
Kerjakeunlah soal-soal di handap ini !
1. Saha nu boga kawajiban miara kasehatan teh ?

2. Naon wae nu kudu diperhatikeun pikeun kasehatan teh ?

3. Kadaharan nu kumaha nu kudu dipilih teh ?

4. Di mana biasana eunteupan laler teh ?

5. Naon nu kudu dikumbah heula samemeh didahar teh?

You might also like