You are on page 1of 5

Materi Pembelajaran Bahasa Sunda kelas 8

Struktur Rumpaka Kawih

Basa minggu kamari hidep geus nulis Rumpaka Kawih nu judulna” Dewi Sartika” Sanggian :R Machyar

Angga Kusumadinata. kerjakeun Pancen Kelompok!

Ayeuna hidep di bagi jadi lima kelompok.Tiap kelompok Ngajawab tur Ngadiskusikeun hiji pasualan
tina struktur rumpaka kawih “ Dewi sartika”.

Kelompok1

1. Naon jejer atawa ngarangsang ka pangarang rumpaka kawih tepi ka manehna ngedalkeun
pangalamanana?
2. Amanat naon nu ditepikeun ku pangarang rumpaka kawih ka urang?

Kelompok 2

1.Kumaha Perasaan Pengarang nu ebreh dina rumpaka kawih?

2.Kumaha sikep Pangarang ka urang ka nu maca?

Kelompok 3

1.Dina eta rumpaka kawih the aya kecap –kecap kieu:

a.Jujuluk =Sesebutan ngaran

Naon ari ngaran ,wasta,kakasih,Jenengan?

b.Naon hartina kecap wawangi,ngadalingding ,kasanggi,menggahing.

2.Kecap konkrit (denotative)jeung kecap hiasan (konotatif)naon bae nu kapanggih dina eta rumpaka
kawih?

Kelompok 4

1.Pada kahiji eta rumpaka kawih di wangun ku opat padalisan (jajaran).

Kecap-kecap dina tiap jajaran ngabogaan purwakanti anu husus ,nyaeta:

Jajaran ka-1 ngabogaan sora /u/-/u/-/u/

Jajaran ka-2 ngabogaan sora/i/-/i/ - /i/

Jajaran ka -3 ngabogaan sora/a/ - /a/ - /a/

Jajaran ka-4 ngabogaan sora/a/ -/a/ - /a/


2.Ayeuna pek rumuskeun purwakanti rumpaka kawih tina pada kadua,katilu,kaopat,kalima,jeung
kagenep!

Kelompok 5

1.Caritakeun deui eusi rumpaka kawih “Dewi Sartika”kalawan ringkes!

2.Kumaha gambaran imaji(daya wangwangan )pangarang rumpaka kawih anu


katempo,kadenge,atawa,karasa,ku dirina?

Nuliskeun Rumpaka Kawih


Tuliskeun hiji kawih sunda nu hidep apal terus apalkeun.Engke kawihkeun di hareupeun babaturan
sakelas! Mun can apal Bisa wae hidep ningal tina internet!

Ngalenyepan Kawih
Baca atawa hariringkeun rumpaka kawih ieu di handap. Geus kitu,lenyepan eusina!

Jang
Juru kawih :Oon

Jang

Hirup teh teu gampang

Teu cukup di pikiran

Bari kudu dilakonan

Jang

Jalan kahirupan

Heunteu sapanjang na datar

Aya mudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang

Ulah neupak dada beunghar

Salawasna kudu syukur

Eling ka nu Maha Agung

Kade hidep bisi kufur


Jang

Cing jadi jalma hade

Cing jadi jelema gede

Beunghar harta jeumar hate

Jang

Hidep cing ngajalma

Turut parentah agama

Ulah jauh ti ulama

Nyobat sareng ahli tobat

Dalit sareng para kiyai

Hirup keuna ku owah gingsir

Ngarah aya anu ngageuing

Mangsa lengkah ninggang salah

Cing pinter tur bener

Cing jujurton bohong

Ulah nganyeurikeun batur

Ngarah hirup loba batur

Raksa ucap langkah

Tekad jeung tabe’at

Ngarah pinanggih bagja

Salamet dunia aherat


Jang

Jang

Cing Jadi jalma sholeh

Jang……Jang…

Hidep cing sholeh

Pikeun ngalenyepan eusi rumpaka kawih,jawab ieu pananya di handap!

1.Kumaha ari hirup teh?

2.Kudu ngajaga naon urang hirup teh?

3.Kudu kumaha urang hirup teh?

4.Urang kudu nyobat jeung saha?

5.Keur naon gunana kudu nyobat jeung ahli tobat?

Pancen kelompok!

1.Aya sabaraha pada eta kawih?

2.Naon temana eta kawih?

3.Naon amanatna eta kawih teh?

4.Nyaritakeun naon eusi eta kawih teh?

5.Kumaha rarasaan hidep sanggeus maca atawa ngaregepkeun eta kawih ?

6.Hartikeun kekecapan nu dianggap hese tina eta kawih?

You might also like