You are on page 1of 6

Puji kagungan Allah nu maha agung, nu tos maparin nikmat henteu ka itung, ti kawit urang borojol tina

rahim indung, bari di bere soca sareng pangambung, di bere suku bari bisa nangtung, di bere paru –
paru jeung di bere jantung, bahkan bapak – bapak mah di bere pestol nu bisa ngacung.

Sholawat mugia ngalir ka Rasul anu panungtung, anu gaduh akhlaq kacida agung, Yakni Nabi
Muhammad SAW nu jadi rohmat kanggo jalma nu pendek atawa nu jangkung, kanggo jalma nu gendut
atawa nu begung, kanggo jalma nu cicing di kota sareng di kampung.

Hadirin hadirot sadayana, mustami’in anu marulya, anu di kerudung sareng di kabaya, anu di peci
sareng di sarung gen aya, anu pada atos garaya

Para pamuda anu bujangan, Bapak bapak – bapak nu tos incuan, oge pamudi jeung ibu ibu nu geulis
menawan, oge nene nenek nu rambut na nu tos reuteum loba huisan, anu sakeudeung deui tereh pinah
ka kuburan, nu kulon nu ti wetan anu pada ridho galihan, kersa ngalangkahkeun dua sampean,
sumping kana ieu pangaosan. Sok sanajan bari nundutan

___________________________________

Ibu Bapak hoyong di doakeun? Bukur silaturahmi ti simabdi, hoyong ngadoakeun sadaya jamaah anu
hadir khusus na, umum na mah sadaya wargi – wargi ieu kampung

Ngadoakeun :

Mudah mudahan nu hadir di ieu pangaosan, yuswana sing paranjang, salira na sing daramang, rezeki na
sing garampang, anu binsis usaha na sing berkembang, di lunaskeun sadaya hutang, virus – virus sing
enggal hilang,

Nu tukang tani sing marukti, tukang dagang sing sarenang, nu ngawarung sing aruntung, anu ngiridit
sing loba duit, anu buburuh pesak na sing lalintuh,

!....‫ببركة أم القران الفاتحة‬

Materi :

‫ والعدل في‬،‫ والقصد في الفقر والغنى‬،‫ فخشية اهلل في السر والعالنية‬: ‫ أما المنجيات‬،‫ وثالث مهلكات و ثالث درجات‬،‫ ثالث منجيات‬،‫عن أبي هريرة رضي اهلل عنه‬
)١٠ ‫الرضا والغضب (نصائح العباد – صحيفة‬

Tilu perkara nu nyalametkeun, tilu perkara nu ngabinasakeun, tilu perkara nu ngangkat darajat,

Anapon ari nu nyalametkeun nyaeta : Sieun ku Allah dina waktu nyumput jeung waktu nemrak, hidup
sederhana dina waktu faqir jeung waktu beunghar, adil dina waktu ridho jeung waktu ambek ( Sumber
Nasoihul Ibad – hlm 10 )

1. Khosyatulloh Fis Sirri Wal ‘Alaniyyah

Anu ka hiji saur Nabi anu bisa nyalametkeun teh, nyaeta “Sieun ku Allah dina waktu nyumput atawa waktu
nemrak”

Jalma nu boga rasa sieun ku Allah dina hate na, bakal salamet tina migawe doraka, moal ti kusruk dina
kalakuan buruk, moal tisoledat dina maksiat, moal ti tajong dina kalakuan buraong,

Contoh Kisah Sumber Dzurrotun Nasihin hlm 215 :

Kapungkur hadirin, di Bani Israil, aya hiji awewe tukang dagang kacang, alias PSK (Pekerja Seks
Komersial) sanes PSK Penjual Sangu Koneng, ceuk barudak santri mah istilah na teh “Awewe Salome”
(Satu lobang rame rame)

Kan dimana – mana gen ari awewe model kitu patut mah, boga prinsip hirup na kieu “KEUN BAE KOLOR
MOROSOT, NU PENTING PESAK JADI NGAGAYOT. KEUN BAE KUTANG NYANGSANG, NU PENTING,
PESAK PINUH KU UANG.
Ngan eta PSK kabeneran di keursakeun teh memang geulis kacida, mun ceuk urang dieu mah di tilik ti
gigir lengik, di teuteup ti hareup sieup, di sawang ti tukang lenjang sahingga di masa harita teu
saeutik Pamuda anu Kagoda, Lalaki anu ka tarik Birahi, para Bujang anu ka Gemang,

Jeung kabeneran imah na teh sisi jalan, bari tiap poe panto imah na di buka keun, heg maneh na diuk
gigireun panto dagang ping-ping, ceuk bahasa jaman ayeuna mah sakalian promosi hadirin.

Kacarioskeun satiap lalaki hidung belang, nu datang ka eta mojang, di tarip ongkos kanggo ngajegang,
seueur na minimal 10 dinar emas, kirang langkung pami di konversi kana rupiah mah (Rp. 32.500.00)

___________________________________

Ari pek teh hadirin, eta dina hiji dinten aya pamuda soleh, heg keur soleh teh ahli ibadah, ngaliwat ka eta
imah PSK anu keur promosi, ari ret teh kana lawang panto, aya istri geulis, umat imut matak kapincut,
anu keur dagang eusi cangcut,

Eta pamuda nu soleh ahli ibadah teh maca istigfar, bari langsung mabret ka bumi na, di bumina istigfar
puluhan kali, eta istri nu tadi teh teu leungit leungit, lamun saur bang Haji Roma Irama tea mah :

Malam ini ku tak dapat tidur


Wajah mu menggoda selalu
Aku ingin memandang wajah mu
Agar reda rasa rinduku

Aku pun begitu


Tak lelap tidurku
Sebelum memandang wajah mu

Pami ceuk budak santri mah

Ti peuting ngaji Imrithi


Ti beurang ngaji yaqulu
Ti peuting ka impi-impi
Ti beurang asa mimilu

Akhirna hadirin eta pamuda soleh, sabab kapincut ku nu imut, ka goda ku wanita, ka pelet ku liang
cocopet, maneh na ngumpul ngumpul duit, belaan nepikeun ka sagala di jual, ka kolor kolor di gadekeun,

Singkat carita eta pamuda ahli ibadah teh datang ka eta PSK, rek ngabooking hadirin, pas beres tawar
menawar, ceuk eta PSK, bagen akang jadwal na dinten enjing. (da loba langganan na jadi geus di jadwal)

Datang teh peutingan anu di janjikeun, si PSK geus siap – siap dangdan bari cicing luhureun kasur, si
pamuda nu soleh gen geus datang ka imah eta PSK, pas kakarek ge arek gaprek hadirin, Allah nu maha
kawasa nyaaheun ka eta pamuda ahli Ibadah, :

‫فوقع في قلبه أن اهلل يراه في هذه الحالت وقد حبط عمله كله‬

Allah nibakeun dina hate eta pamuda, ngarasa di pencrong ku Allah dina eta kondisi, sahingga kabayang
ku eta pamuda, muruluk na amal ibadah maneh na, lamun maksiat jiga kieu

Eta acan oge preng gaprek, eta pamuda ahli ibadah ngadeg-deg sakujur tubuh na, wajah na pucat luar
biasa, sabab asa di tingal ku Allah, bari sieun ku Allah

Pas di tanya ku wanita PSK, aa ku naon ? jawaban eta pamuda ahli ibadah
..‫إني أخاف اهلل رب العالمين‬

Kuring sieun ku Allah, nu ngurus sakabeh alam raya,

Izinan kuring kaluar ti ieu imah, kuring sieun ku Allah, duit nu ku kuring di pake ngabooking mah, pek
mere keur maneh, ngan izinan kuring kaluar ti ieu imah.

Akhir na si PSK na gen molohok hadirin, bari mikir, ieu “Pamuda karek sakali arek nyieun dosa, geus
ngadeg-deg kitu, sieun ku Allah, komo atuh kuring, nu bolokot ku dosa, tiap poe ngalayanan lalaki
ucing garong, atuh kuring kudu lewih sieun ku Allah batan eta pamuda”

Ti harita si PSK, ngajam hadirin bari kalawan niat nu buled, PENSIUN jadi Salome, taubat ka Allah bari
bebeakan ibadah,

Tah hadirin tetela we, boga rasa sieun ku Allah bisa nyalametkeun diri tina maksiat, rek maksiat leutik
rek maksiat gede,

___________________________________

Cik bu mun dina hate urang aya rasa sieun ku Allah, aya rasa di pencrong ku Allah, Wani moal nyokot
duit batur? Wani moal urang Korupsi, lamun sadar di pelong ku Allah? Wani moal urang dzolim ka
pamajikan lamun sadar di pelong ku Allah? Wani moal urang salingkuh, lamun sadar di
talingakeun ku Allah?

Urang mah teu wani cukat cokot teh pedah we aya cctv nu ningalikeun. Urang teu wani ngadzolim batur
pedah we teu aya tatangga anu melong, giliran aman aman saja mah, wani maksiat teh, matak jaminan
keur jalmi nu boga rasa sieun ku Allah mah di gelaran na oge Ulama
ۗ ۟ ‫اد ِه ٱ ۡلعل‬
ِ ‫ِإنَّما ی ۡخ َشى ٱللَّهَ ِم ۡن ِعب‬
ٌ ‫َمـُٰۤؤ ا ِإ َّن ٱللَّهَ َع ِز ٌیز غَ ُف‬
‫ور‬ َُ َ َ َ

Pastina hamba – hamba nu sieun ku Allah eta teh Ulama, saestuna Allah maha mulia sareng maha
pangampura (Q.S Fatir 28)

Bahkan jaminan pangbalikan keur jalmi nu dina hatena aya rasa sieun ku Allah, di pasihan surga

‫س َع ِن ٱ ۡل َه َو ٰى ۝ فَِإ َّن ٱ ۡل َجنَّةَ ِه َی ٱ ۡل َم ۡأ َو ٰى‬ ۡ ِ َ ‫َو ََّأما َم ۡن َخ‬


َ ‫اف َم َق َام َربِّهۦ َو َن َهى ٱلنَّف‬
Saha jalma nu sieun ku kedudukan Rabb na, jeung nahan diri tina hawa nafsu anu goreng, maka surga
tempat pangbalikan na (Q.S An – Nazi’at 40-41)

Hadirin numawi Rasulullah mah sok nyuhunkeun di paparin dina hate rasa sieun ku Allah, sakumaha dina
hadist masyhur tos di unggelkeun

،‫ ومن اليقين ما تهون علينا مصائب الدنيا‬.‫ ومن طاعتك ما تبلغنا به جنتك‬.‫اللهم اقسم لنا من خشيتك ما تحول به بيننا و بين معسيتك‬

Ya Allah paparin kanggo abdi sadaya, tina sebagian rasa sieun ka gusti, nu ngahalang abdi sadaya tina
maksiat ka gusti, paparin abdi taat ka gusti, nu ngadugikeun abdi a surga na gusti, paparin abdi
kayakinan, nu matak karasa hampang ujian dunia.

2. Qosdu Fil Faqri Wal Gina

Ka dua nu nyalametkeun teh nyaeta, “Hirup sederhana dina waktu faqir sareng waktu sugih”

Hirup sederhana teh hadirin, matak nyalametkeun diri tina loba masalah, tina loba kariweuh,

Rasulullah mangrupikeun manusia nu paling sederhana, sanajan Nabi sosok nu beunghar, ngan
kabeungharan Rasulullah mah di anggo kangge ummat, Bumi Rasulullah saur sebagian ahli sejarah
ukuran na 8m X 4m. Padahal Nabi sanggup ngadamel bumi langkung lega batan eta, tapi Rasulullah teu
ngabangun bumi nu luas, naon alasan Rasulullah ngadamel bumi mung sakitu sederhana na teu laleuga
cara kahayang urang, alasan Rasulullah supaya teu loba ka riweuh, meresan na babari, ngurusna teu
matak meakeun waktu,
Coba urang boga imah lega pisan, bari 3 lantai, sasapuna hungkul 2 jam eun, acan ngepel, 2 jam mun di
pake maca Quran geus meunang sabaraha juz atuh bu.. leres teu

Sakali deui kasederhanaan eta nyalametkeun diri tina kariweuh,

___________________________________

Hadirin kamari kaping 1 Desember 2021, di kota Bandung aya 2 budak pamuda umur 20 tahun an, naek
mobil Honda Mobilio, tuluy parkir ka hareupeun masjid, ari pek teh ka masjid lain rek solat lain rek
wiridan, kadon ngagubug kotak amal, ngan ka rekam ku CCTV,

Lamun ninggal saliwat mah asa aneh, jelema naek mobil maok kotak amal masjid, ari pek teh di telisik
ku polisi, eta 2 pamuda teh mobil na meunang ngarental, tos apel ka kabogoh na, ngan keur mayar
sewaan mobil teu bisa mayar, akhir na maling duit masjid dina kotak amal,

Tah conto bu keur urang, jelema teu boga lamun teu hirup sederhana, nu aya jadi cilaka. Malah
nimbulkeun masalah

Hadirin... da ari biaya hirup mah pasti mahi, nu matak teu mahi wae mah gaya hirup,

Biaya hirup mah pasti murah, nu mahal mah biaya gengsi,

Allah mah da teu ngadamel kasangsaraan keur jelema, matak dina Al – Quran lalawanan kata sugih teh
lain faqir, lain sangsara, lain miskin, tapi CUKUP

‫َوَأنَّهۥُ ُه َو ۡغَأنَ ٰى َوَأ ۡقنَ ٰى‬

[Surat An-Najm 48]

Jadi lamun jalmi geus beunghar masih ngarasa teu cukup wae, eta mah jelema nu di jajah ku gaya hidup

Lagu Tulang Rusuk

Katanya diriku tercipta


Dari tulang rusuk mu yang hilang satu
Nyatanya jadi tulang punggung
Di titah usaha ka saudi ngapung

Eta ku salaki di jadikeun TKI


Ceunah sangkan ka beuli
Imah jeung mobil mercy

Tapi Geus di Saudi


Istri jadi TKI
Eta jangkar salaki
Kadon kalah kawin deui

Ku Allah urang tos di emutan geuning dina Quran

‫َّى ُز ۡرتُ ُم ٱ ۡل َم َقابَِر‬


ٰ ‫َأ ۡل َه ٰى ُك ُم ٱلتَّ َكاثُ ُر ۝ َحت‬

Poya – poya, megah – megahan tos ngalalaikeun ka anjeun, nepi ka poho rek balik ka Kuburan ( Q.S At –
Takasur )

__________________________________

Matak hadirin Abu Dzar Al Gifari kantos sasauran, Abdi di wasiatan ku Rasulullah ku perkara nu paling
sae di alam dunya

‫ بأن أنظر إلى من هو فوقي وأن أنظر إلى من هو دوني‬،‫أوصاني خليلي بخصال من الخير‬
Rasulullah ngawasiatan ka abdi, sangkan ulah ningal dina urusan dunia ka saluhureun, tapi ninggal ka
sahandapeun (H.R Sahih Ibnu Hibban)

‫السالم عليك يا نبي * السالم عليك يا رسول‬

‫السالم عليك يا نبي * السالم عليك يا رسول‬

Lamun tangah we kaluhur,


tangtu moal arek syukur,
hate na bakal tagiwur,
mikiran pakaya batur,

Lamun henteu jadi sukses,


akhir na mah jadi stress,
otak ge jadi teu beres,
nepika teu bisa hees,

Sanajan sagala weuteuh,


Loba harta gen paciweuh,
ku dunya mah moal seubeuh,
iwal mun di ruang taneuh,

Sanajan eunggeus milyaran,


mahi keur tujuh turunan,
tetep anger ka kurangan,
iwal mun geus di kuburan

Lamun rido kana qodar


Tangtu hate na gen jembar
Ngeunah sare ngeunah dahar
Sanajan teu jadi beunghar

Najan hirup rada ripuh


Pagawean kur buburuh
Boga imah gen rek runtuh
Tapi awak na mah lintuh

Mending hirup cukup bari sehat, batan ngudag hayang sagala pohara tapi teu bahagia, batan ngudag
sagala herang, tapi fikiran teu tenang, batan ngudag sagala gableg, tapi hate teu reugreug, batan
ngudag sagala mewah, tapi hirup jadi teu merenah.

Mending Badan & Pikiran sehat, Dahar na Nikmat, Jeung Uyah Ngeunah, Jeung Galeno Eco, Jeung
Karedok Cudok, Jeung Kecap Sedap, Jeung Tutut gen Segut.

Ti batan cicing di imah mewah bertingkat, tapi hasil maok duit rakyat, aya diut bansos, di parekos, di
pake meuli terios,

___________________________________

)٣٤٠٢ ‫بار ْك له فيه وكان كالَّذي يأ ُك ُل وال يشبَ ُع ( صحيح ابن حبان‬ ِ
ٍ ‫بإشراف‬ ٍ ‫يب‬ ِ ‫أخذه‬
ِ ‫بط‬ ِ َّ
َ ُ‫نفس له لم ي‬ ‫أخذه‬
َ ‫ومن‬
َ ‫نفس بورك له فيه‬ َ ‫فمن‬
َ ٌ‫المال ُحلْوةٌ خضرة‬
َ ‫إن هذا‬
Hei Hakim saenyana ieu harta amis tur hejo, saha jalma nu nyokot kana ieu harta ku kabageuran hate,
maka bakal di barokahan, jeung saha jalma nu nyokot ieu harta ku leuleuwiheun na nafsu, maka moal di
barokahan, lir ibarat jalma nu dahar teu pernah seubeuh

3. ‘Adlu fir Ridho wal Ghodob


Anu ka tilu adil dina waktu ridho jeung dina waktu ambek, eta nyalametkeun tina masalah,
Adil dina diri sorangan, saimbang ngabagi kebutuhan jasmani & rohani, saimbang dina dunia &
akherat
Adil di rumah tangga, mere erok ka budak awewe, mere calana ka budak lalaki,
Adil dina pemerintahan, nyaruakeun hak satiap ummat,
Hadirin kapungkur di tahun 25. H/603. M Ummat Islam pernah di pimpin seorang Sultan ti kalangan
Sahabat Rasulullah, anu nami na Mu’awiyah Ibn Abu Sufan
Muawiyah Ibn Abu Sufyan kantos bersengketa sareng seorang Sahabat Namina Abdullah Bin
Zubair, hiji dinten padamel di perkebunan Muawiyah lebet kana perkebunan Abdullah Bin Zubair,
bari ngarusak pepelakan nu di tanam ku Abdullah Bin Zubair
Akhirna Abdullah ngadamel serat ka Muawiyyah :
‫بسم اهلل الرحمن الرحيم‬
Ti Abdullah Ibn Zubair, Putra Penolong Rasulullah Zubair Ibn Awwam putra Dzatun Nuthaqain
Rasulullah/Asma Binti Abu Bakr
Ka Muawiyyah Bin Hindun anu geus wani meulah jeung nuang jantung mamang na Rasulullah
Tukang kebon pagawe ajeun, asup ka kebon kuring bari ngarusak pepelakan, Demi Allah mun anjeun
teu ngalarang pagawe anjeun,
Anjeun bakal boga urusan jeung kuring,
Ieu serat di pasihkeun ka putra na Yazid Ibn Muawiyyah, kumaha pendapat anjeun ?
Ceuk budak na, bapak kudu nyiapkeun pasukan nu panjang na ti Madinah tung tung na di
Damaskus, bari mastaka Abdullah bin Zubair di saembarakeun,
Tapi kumaha sikap Muawiyah Ibn Abi Sufyan nu kadidik ku Rasulullah,
Muawiyyah nyodakohkeun tanah nu di samping kebon Abdullah bin Zubair berikut sakabeh padamel
na,
Maka Adil dina nalika Ridho jeung ambek teh nyalametkeun tina masalah,
‫ص ࣰریا‬ َ َ َ َ ُ ِ ‫َى َأ ۡه ِل َها َوِإ َذا َح َكتُۡمم بَ ۡی َن ٱلن‬
ِ ‫َّاس َأن تَ ۡح ُكم ۟او بِٱ ۡل ع ۡد ِۚل ِإ َّن ٱللَّهَ نِ ِع َّما ی ِعظُ ُكم بِ ِه ۤۗۦ ِإ َّن ٱللَّهَ َكا َن س ِمی َۢع ا ب‬ ٰۤ ‫ت ِإل‬ِ ٰ‫ُّو ٱ ۡل َأمـٰنَـ‬
َ ‫ِإ َّن ٱللَّهَ یَ ۡأ ُم ُر ُۡمك َأن تَُؤ د ۟ا‬
[Surat An-Nisa' 58
Adil teh mangrupakeun inti tina ajaran Islam
Barang bere kudu adil, mere calana ka lalaki, mere erok ka lalaki
Jadi hakim kudu adil, mere hukuman ka nu salah, mere kabebasan ka nu teu berdosa
Bahkan boga kahayang pamajikan dua ari can bisa adil mah di titah hiji ku Allah gen nyak bu,
‫ك ۡدَأىَنٰۤ َأاَّل َت ُعولُو ۟ا‬ ِ ۟ ِ
َ ‫فَِإ ۡن ِخ ۡفتُمۡ َأاَّل تَ ۡعدلُوا َف َو ٰ ِح َد ًة َأ ۡو َما َملَ َك ۡت َأ ۡی َمـٰنُ ُكمۡۚ َذ ٰ ل‬
[Surat An-Nisa' 3]

You might also like