Professional Documents
Culture Documents
DMDI
DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA
https://seruanmasjid.com
KHUTBAH KAHIJI
Ibadah haji téh nyaéta ibadah anu istiméwa pikeun saurang Muslim. Saha anu
teu hoyong ngalaksanakeun ibadah haji ka tanah suci? Cobi perhatoskeun, Nabi
shollallohu ‘alaihi wa sallam nyamikeun kautamaan ibadah haji sareng
kamulyaan jihad. Dawuhan mantena:
ُ َّوال ْ ُم ْع َّت ّمر،اج َّ ْ َّوا، اَّلْ َّغازي: َّوفْ ُد اهلل ثَّلاَّثَّ ٌة
ُ لح
ّ ّ
“Duta Alloh téh aya tilu: Jalma anu miluan perang (di jalan Alloh), jalma anu
ngalaksanakeun ibadah haji jeung, jalma anu ngalaksanakeun ibadah umroh”.
(HR al-Hakim sareng al-Baihaqi)
Mantena ogé kantos ditaros, “Amal naon anu pang utamana?” Mantena
ngawaler, “Iman ka Alloh”. Mantena ditaros deui, “Teras naon deui?” Mantena
ngawaler, “Jihad dijalan Alloh”. Mantena ditaros deui, “Teras naon deui?”
Mantena ngawaler, “Haji mabrur”. (HR al-Bukhari sareng Muslim)
Hal ieu pisan dina mangsa katukang, khususna di Nusantara, saéstuna kaom
Muslim teu ngabéda-bédakeun antara kautamaan haji jeung jihad. Haji jeung
jihad jadi dua amalan utama anu sarua pada-pada dipikasono ku umat. Buktina,
dina mangsa kolonial abad ka-19 jeung awal abad ka-20, misalna, jama’ah haji
anu balik deui ka lemah cai loba ngainspirasi perjoangan nepika mingpin jihad
sacara langsung ngalawan para panjajah Belanda di Nusantara. Ieu lumangsung
kalawan rongkah di Padang, Banten, Garut, Bekasi, nepika Tangerang.
Para jama’ah haji aya di garda panghareupna dina ngalawan panjajah Belanda.
Ieu téh bukti yén ngalaksanakeun haji dina mangsa harita kacida kentelna ku
nuansa perjoangan, nepika kacida pisan ideologisna. Namung sabalikna, wanci
kiwari, sing sanajan nagri Islam masih dijajah, naha sacara militer, pulitik, katut
ékonomi, sora anu ngagerokeun perlawanan ti para haji téh kurang atawa teu
aya ka kuping deui.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,
Mémang, di nagri ieu jihad dina harti perang teu aya, kusabab Indonesia lain
wilayah perang. Namung, sabenerna aya amalan anu ganjaranana nyaruaan
amalan jihad, nepika disebutkeun salaku ‘jihad’ anu pang utamana. Amalan ini
sakaligus ngabogaan harti sarua atawa bisa leuwih utama tinimbang ibadah haji.
Panutan urang Rosululloh shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:
َّ َّ ْ ُ َّ ْ َ َّ ُ َّ َّ َّ ْ ُ َّ ْ َّ
ان جائّ ٍر
ٍ أفضل ال ّجها ّد ك ّلمة ح ٍق ّعند سلط
“Jihad anu pang utamana nyaéta nepikeun kalimah anu hak di hareupeun
pangawasa anu lalim”. (HR at-Tirmidzi sareng Abu Dawud)
Hal ieu jihad anu kudu dilakukeun dina mangsa ayeuna, nyaéta nganaséhatan
pangawasa lalim jeung nembrakeun bebeneran di hareupeun maranéhna. Teu
perlu ngorbankeun harta anu cukup loba saperti haji. Cukup kahayang jeung
kawani dina nanggung résiko. Di antarana maot (maot syahid). Hanjakalna,
justru teu loba jalma, kaasup para jamaah haji, anu ngarasa sono kana aktivitas
mulya ieu, komo deui nyongsrong hayang maot syahid salaku ”cita-cita anu
gedé” dina hirupna. Padahal di antara tanda haji anu mabrur, nurutkeun Imam
al-Hasan, nyaéta, “Manéhna anu mulang tina ngalaksanakeun ibadah haji jadi
saurang anu zuhud kana dunya jeung sono kana kahirupan akhérat”. (As-
Suyuthi, Dûrr al-Mantsûr, I/473; al-Qurthubi, Tafsîr al-Qurthubi, II/408).
Nepika para ulama, anu sajatina ngabogaan kasempetan gedé pikeun éta, ogé
teu loba anu nyumponan ‘jihad’ ka pangawasa dlolim ieu. Kalolobaanana
kalahka cicing ngabetem. Nepika aya di antara maranéhna malah kalawan
sukaréla lélétak ka pangawasa durjana.
Lamun kasadaran ieu aya, maranéhna pasti bangkit jeung merdéka. Sakabéh
kakuatan anu ngahalangan kabangkitan maranéhna ogé bakal bisa ku
maranéhna diperuhkeun, kaasup para pangawasa antékna panjajah.
Nincakeun suku di tanah suci sarta paham kana siroh Rosululloh shollallohu
‘alaihi wa sallam, sakuduna ngaronjatkeun sumanget jeung kasadaran anu
ngagalura dina diri jama’ah haji pikeun ngabéla Islam sarta ngabalikeun deui
kajayaan Islam, sakumaha anu dilakukeun ku Nabi shollallohu ‘alaihi wa sallam
sareng para Sohabat.
KHUTBAH II