You are on page 1of 19

Peserta 006

BELIS

§§§

Leunjeuran Ka-1
Hiji lawang antara alam manusa jeung alam belis. Rupana kuwung-kuwung lir katumbiri,
warnana bodas. Suasana keueung tur geueuman pisan. Héosna angin mawa kaketir.
Manusa, Juru Catur jeung Belis minuhan rohangan. Tuluy asup ka alamna séwang-séwang.
Manusa ngéngklak, ngibing bangun nu saruka bungah. Suasana hégar tapi Belis
katémbongna alum, bangun kacida tunggara. Kontra jeung kaayaan manusa nu keur kebek
ku kabungah. Bungah lantaran sagala kahayang manusa kacumponan. Manusa bisa asup
kaluar alam belis babarieun naker, belis nu katingal alum laju diseungseurikeun.

Saurang : Heup! Heup! Heup! (tuluy sakabéh peta areureun) Bisa ogé seurieus!
Ngagakgak saleuserian deui. Manusa kalaluar sacarana.

Juru Catur : Kuring deuk nyaksian. Adegan-adegan kahirupan baris tinekanan. Taya nu
biasa dilakonan iwal ti nungguan. Kahirupan salawasna dipirun layung nu
ngurung kasimpé haté, ngalugas rasaning rasa. Marengan léngkah ti
mangsa ka mangsa.
Saksina kuring pisan, saniskara lawang muka lolongkrang kahariwang.
Kahariwang ti abad kalarung. Mangsa pakéwuh nanjung tanding gunung.
Humarurung ngabaju, teu wasa dibadé.
Ka mana tugenah? Di mana tumaninah?
Kuring saukur saksi, najan kahayang manusa laksana. Tungtungna
nungtun rajawisuna. Baruk haréwosna? Haréwos ti halimun? Éh, haréwos
ti katumbiri kétang.

1 | Naskah Drama_Belis
Teuing, saprak sakabéhna katambias, hariring peuting ukur
ngagalindengkeun pati. Alam peteng minuhan manah manusa, manah
salira, haté anjeun! Belis kiwari ngabaju miraga sukma dina awak manusa.
Kuring nyakséni, Belis-belis minuhan wanci.
Juru Catur ngigelan lagu sulaya.
Rumpaka lagu Sulaya:
Langit peuting kumareumbing
kasiput ku aling-aling
silokana, rusiahna
namperkeun rasa tunggara

Mega beurang ku bayeungyang


srangéngé ngabarungsinang
sungapanna, hakékatna
horéng manusa sulaya

Belis-belis bangun lalungsé.


Juru Catur : Layung kayas, lantaran konéngna geus laas ku mangsa. Peuting jadi
kalang, ngalung na saban haté. Kadali jaman aya dina sakur lamunan.
Mangsa datang kasorang, wanci mustari disungsi, laksa tinekanan
karandapan. Kuring ukur nyaksian.
Juru Catur laju indit.

Crit : Geus sabaraha jaman urang teu ngagoda?


Borogod : Tos lami juragan.
Huhoh : Puguh geus lila.
Crit : Gandeng! Aing ménta jawaban nu tangtu!
Borogod : Ah, kadar emosi juragan keur undak. Ari salira nuju ngémutan naon?
Déblag : Tong nanya ka kami, sibuk!
Borogod : Kunaon atuh? Simkuring mah asa pusing teu manggih ahir, bingung nu teu
manggih bujur, raraosan téh taya pacabakan pisan.
Huhoh : Puguh, ayeuna teu usah ngagoda jalma, geuning maranéhna maraksiat
sorangan.

2 | Naskah Drama_Belis
Émén : Mémang manusa teu apal naon ari Panca Sétan, tapi manusa ngarti, kajaba
milampah ajén-inajénna. Abong manusa, sampurna. Taluk lah.
Borogod : Taluk kunaon sadérék téh?
Émén : Sampurnaning manusa téa. Kapaluruh dina buku Mahabuta kaca 3269.
Eusiana lumayan beurat, komo ninggang dina enas-enasna. Teu kaawakan
da keur sayah mah. Éh, ku manusa mah milampahna kawas babarieun
naker. Lebah dieu geuning kudu maca kahirupan téh.
Borogod : Sanésna kahirupan mah kedahna dilakonan?
Émén : Teu kudu diomongkeun deui, da eukeur ngalakonan hirup mah.
Borogod : Teras?
Émén : Rék kumaha deui eksisténsi kaum belis asli.
Huhoh : Puguh, kudu dihapus belisisasi téh, manusa kalakuanna kawas belis. Karasa
manusa geus euweuh dikieuna, maranéhna geus maksiat ku soranganana.
Nu jinah tempatna merenah, nu mabok kari golokgok, nu ibadah? Alah…
Hiji dua. Geura tingali masjid lalega pisan, ka tajug geus langka nu
ngajugjug! Ka musola…
Crit : Gandéng siah Huhoh! Méndah lah, ceuli aing kalah haroshos ngadéngé
nyanéh ngomong, mabur siah!
Huhoh : Puguh, uing kudu ka mendi deui atuh?
Crit : Rék ka jomantara. Rék ka Sumatra. Rék modar gé kuma dinya. Matak nyeri
ceuli sia ngomong téh!
Huhoh : Puguh, Tapi, Tapi…
Crit : Montong tapi-tapi, héh Borogod bawa éta Si Huhoh sina jauh ti dieu, geura!
Borogod : Teu kénging kitu atuh pangersa juragan. Pareng upami kieu, tos sakedahna
sétan téh sabar.
Crit : Hah. Aral ku manusa, Teu ngalarti dikadar. Lain téh aribadah. Sangkan aing
bisa ngagoda. Ieu mah, maksiat geus ilahar. Kacipta, naraka heurinna…
Émén : Sawarga kana legana. Belisisasi téh program anu diguamkeun nalika
manusa dina mangsa cahayaan. Aturan hirup manusa tina wahyu anu
dikumpulkeun jadi kitab suci. Sabada program belisisasi manusa
dilarapkeun, wawakil manusa jeung wawakil belis nyaluyuan sagala rupa
nu geus direncanakeun. Satuluyna aya jona bébas lar sup ka alam belis.
Siga ayeuna, gaya hirup manusa saalahaeun belis. Upama ditilik tina kasang
tukangna, anu janten masalah nyatana ajén-inajén Panca Sétan ku manusa
3 | Naskah Drama_Belis
geus dijalankeun. Manusa apal naon nu kudu dilakonan upama
ngajalankeun Panca Sétan. Tapi, belis gé hayang ngagoda. Méh bisa ibadah,
da ngagoda keur belis mah geus diridoan ku nu kawasa.
Borogod : Préséntasi.
Émén : Henteu. Tara papanjangan nyarita da. Ari ceuk di dinya kumaha déh?
Mikiran apa sih dirimu?
Déblag : Tong nanya ka kami, sibuk!
Émén : Tuh dirimu mah, ngajedog baé sibuk cenah. Dasar si beungeut rata! Sayah
gé apal dirimu ukur cangeluk nangkeup tuur. Lebah mana sibukna?
Déblag : Dasar si beungeut cucukan, can ngasaan nganggkat bangku sakola.
Émén : Kabeurat-beurat.
Déblag : Cicing kami mah napak dina tiori. Teu panjang nyarita siga di dinya. Loba
saur tanpa bukur, loba omong binarung kosong. Nanahaan? Kami mah geus
euweuh waktu! Réa nu kudu dipikirkeun. Na teu katénjo? Kami téh keur
mikir! Keur mikir!
Émén : Ngemutan naon atuh pangersa beungeut rata téh?
Déblag : Sangkan para belis boga aktivitas. Sangkan manusa teu meunang lawang
asup ka alam belis. Alam urang leuwih heurin. Ayeuna naon deui atuh
gawéeun urang salian nungguan jeung nungguan.
Émén : Terus urangna kudu ibur? Pamiarsa sadaya si raray rata tos sakinten bosén
ngantosan jalma nu kersa ibadah, carana ngalangkungan ngajedog teu
walakaya, mantenna téh si raray rata saurna nuju sibuk bin ripuh. Palebah
mana élékésékéngna nya?
Déblag : Can ngasaan diwewelan bangku sakola silaing mah!
Émén : (Kakapalan) Ngooong, pamiarsa aya bangku terbang. (Calangap
nyapertikeun nu rék ngahuap) Aaaaaaaa…
Crit : Pagawéan geus teu boga. Mangkara kudu nyieun surat lamaran, euweuh ti
karuhunna!
Borogod : Sabar.
Crit : Sing apal daérah mana nu jalmana masih ibadah. Agéh cuang ngagoda!
Déblag : (Seuri sinis) Mikir! Moal bérés ku émosi. Pikirkeun heula. Mikir mah teu
kudu maké urat, tapi uteuk, uteuk!
Émén : Ninggang di Émén nu apal ngan Panca Sétan, da harita sakolana teu anjog
tingkat kuliahan. Ukur apal Panca Sétan kumaha unina. Can bisa
4 | Naskah Drama_Belis
ngajalankeunna mah. Kakara kapikir ayeuna, sabada manusa ngalakonana.
Manusa méh sarua jeung belis. Belis-belis kiwari nu boga lalakon. Tapi
keur belisna sorangan kalah asa sasar pacabakan. Da naon deui atuh
gawéaneun belis, mun manusa geus ngajalanan Panca Sétan mah. Coba baé
urang tataan nu kahiji dawuhna téh Tunggal kagungan Gusti, sabab tunggal
téh hartina hiji. Jadi waé Gustina téh aya hiji. Hiji di diskotik, hiji di
lokalisasi, hiji deui di…..
Déblag : Préséntasi ka saha ari silaing?
Émén : Ka penonton.
Déblag : Moal kadeuleueun, Siah téh belis! Belis!
Émén : Belis? (Seuri) Urang poho. Ah percanten da, nu lalajo di dieu mah sakti bisa
nénjo urang. Bisa ngawatek Ajian Instagram.
Déblag : Urang aya ideu, manusa méh sarua jeung belis. Malah loba pisan manusa
anu cicing di alam belis. Asa hareurin lain?
Crit : Kitu pisan!
Huhoh : Puguh!
Déblag : Posisi ayeuna urang téh di sabudeureun dayeuh, kumaha upama urang
ngagempur lembur? Soang saba désa. Di désa mah tetekon dipaké kénéh.
Pamali masih digugu lin?
Huhoh : Puguh. Satuju!
Crit : Gandeng!
Borogod : Sanggem abdi mah pangersa Crit, pareng upami kieu tos sakedahna sabar.
Crit : Euweuh ti karuhunna! Sétan sabar? Euweuh!
Émén : Sapuk lah. Sabenerna mah sajalan jeung Panca Sétan nu kahiji nyaéta
Tunggal Kagungan Gusti.
Déblag : Hubungana?
Émén : Euweuh.
Déblag : Euh, Dasar Si Beungeut garinjul!
Crit : (Ka Déblag) Di mana lemburna?
Déblag : Boga dulur di ditu téh, asupna mah daérah pakidulan deukeut muara
Citangis,
Crit : Cuang mangkat lah!
Émén : Ékoh lah!
Déblag : Tong e-so sia téh Émén, Iinggrisan salah pisan aya ogé okéh! Nyaho?
5 | Naskah Drama_Belis
Émén : Maksad Émén téh ka palebah dinya.
Crit : Mun jelema balageur, aya nu ibadah, tenjo uing Crit rék ngagoda
pangheulana.
Émén : Sirop lah juragan.
Déblag : E-so sia téh, e-so! Tadi so Inggris ayeuna so Indo, Siap! Aya ogé Siap!
Émén : Mémang ari kadinyana mah. Mémang!
Déblag : Euh. Teu kaop dibéré nyaho satéh.
Crit : Déblag, rék iraha atuh mangkat téh?
Déblag : Mun pagawéan nu hadé ulah diisuk pagétokeun deui. Ayeuna pisan!
Crit : Anjeun rék kana naon?
Déblag : Dasar si beungeut beureum. Kami rék badarat, Jung hiber ka kidul, turun di
pertelon Cicanéom. Ngétan bras ka lembur. Geus di ditu, urang mencar
waé. Sugan manggih nu keur ibadah.
Crit : Geus lila ieu jangjang teu dipaké ngawang-ngawang.
Déblag : Atuh agéh mangkat mah.
Crit : Giru.
Borogod : Siap juragan.
Émén : Huh mangkat deui. (Lampu Pareum)

Leunjeuran Ka-2

Juru Catur : Kiwari halodo ngepriskeun katiris nu ngahariring, katiga ngecrékkeun hujan
ngajuru maung. Roda-roda kahirupan, dihurun kamelang, kahariwang,
guligah jeung katalangasara. Wiwaha lawas ilang! Pangarti leungit! Taya
saéstu nu nyésa. Kahayang katambias ka muara nu ngamalir mupus alas
kajinan. Lunta ngabelesat ka lembur singkur. Lebah suku Pasir Bongkok.
Lembur nu geus pahatu. Poho giri poho diri. Kica-kica geus teu kasampak
baranyayna. Nya, lebah dinya. Lebah désa nu diranjah kota. (lampu
Pareum)
Leunjeuran Ka-3

Di satengahing jalan. Opat manusa keur silih gogonjakan sajajalan. Saleuseurian.

6 | Naskah Drama_Belis
Manusa 1 : Aing tara béakeun pagawéan, aing nu ngatur kahayang aing, heueuh
kahayang tina haté atuh. Mangkara tina sééng kaléng. (Seuri)
Manusa 2 : Aing lain kahayang, tapi waktu aing asa béak keur nyumponan kahayang
batur. (Manusa 1 nyeungserikeun)
Manusa 3 : Uing ahli browsing, bisi aya nu badé ngadownload atawa sedot pélem-
pélem nu matak ngahudang stang, mangga bika waé www.brus.co’o nu
uing.
Dua Belis ngadeukeutan. Nyerangkeun ti kaanggangan.
Manusa 4 : Uing nangtung di dieu, di dieu uing nangtung, nangtungna di dieu kuring,
kuring nangtungna di dieu…
Manusa 1 : Heup. Naha nangtung-nangtung, sasat apan di dinya téh wayah nepangkeun.
Manusa 4 : Manéh hayang apal, kunaha urang nyarita siga tadi?
Manusa 1 : Heueuh, naha?
Manusa 4 : Mikiran ujur!
Manusa 2 : Hareuh, dasar Si Beungeut hideung!
Manusa 1 : Hayu lanjut mangkat ka tempat biasa.
Manusa 2 : Nam lah!
Manusa 4 : Ké heula, urang mah asa geus teu jadi manusa. Manusa asa geus teu jadi di
urang. Naha nya?
Manusa 2 : Ayeuna mah meungpeung ngora. Mangpaatkeun! Iraha deui coba wa?
Manusa 3 : Urang geus searching cenah kieu, ‘nikmati hidup loh, sebelum loe, loe, loe
gué end.’
Manusa 1 : Dimana éta téh?
Manusa 3 : Dina fésbuk, dina status.
Manusa 1 : Bener-bener wijaksana. Penting tah jalma-jalma kawas kitu. Iraha-iraha
kudu jadi pemateri dina seminar. Ceuk uing gé urang ulah cicingeun.
Ugagéh mangkat mah, uing mah teu biasa nu ngaranna nganggur!
Manusa 2 : Kita mah ngikut aja bro.Tapi Si Kanta kamana wa?
Manusa 1 : Sumpang-simpang baé si éta mah, bébéjana mah rék meuli android cenah.
Manusa 2 : Tungguan?
Manusa 4 : Salaku babaturan mah urang kudu silih tungguan, mun hiji peurih kabéh
peurih, hiji boga kabogoh, hartina kabéh boga kabogoh.
Manusa 2 : Seug waé hayang mah kabogoh urang keur manéh.
Manusa 4 : Nu bener?
7 | Naskah Drama_Belis
Manusa 2 : Tuker paké baé lah.
Manusa 4 : Kabogoh manéh mah apanan lalaki.
Manusa 2 : Hak urang atuh, kabogoh kabogoh urang.
Manusa 4 : Enya hak, da asa nyalahan, kumaha ngarundaykeun turunan. Nyieun anakna
kumaha?
Manusa 2 : Mikiran ujur, kadang-kadang nu geus boga budak gé dipiceunan pan. Jaman
ayeuna téa. Taya nu salah, sagalana sah-sah sajah.
Mansua 3 : Urang geus searching deui. Ayeuna mah najan kelaminna sarua bisa boga
turunan.
Manusa 4 : Ning bisa?
Manusa 3 : Carana…
Manusa 2 : Kumaha euy carana?
Manusa 3 : Nyéwa bobogaan awéwé.
Manusa 1 : Sugan mah awéwé rék daékeun?
Manusa 2 : Peluang bisnis, réntal gagaduhan awéwé.
Manusa 4 : Bararaid teuing. Ijid!
Manusa 1 : (Ka manusa 2) Enya rujit pisan si éta mah.
Manusa 2 : Ulah salah harti atuh euy, cing ngartikeun ka jalma nu boga niat usaha,
batina mah jang urang-urang kénéh, lin? Ceuk babasaan mah kumaha baé
carana, naon baé resikona!
Manusa 3 : Éta mah babasaan ala motivator Super Pulalo, urang mah asa rada cangcaya
da ku éta babasaan téh. Can kauji! Malah asa résikona nu bera pisan.
Manusa 1 : Urang téh rék nungguan Si Kanta? Mun moal buru mangkat lah. Kamar
nomor dua puluh genep ulah aya nu ngasupan, jadwal uing.
Manusa 2 : Sing enyaan, mun teu jajaka éta kamar téh eusina parawan. Teuing geus
sabaraha rebu kaparawanan nu béak di éta kamar. Tapi asa teu béak-béak
nu parawan téh?
Manusa 1 : Matak hayu mangkat, kalah adu rényomna baé.
Manusa 4 : Ke heula.
Mansusa 1 : Naon deui?
Manusa 4 : Berarti urang manusa kénéh?
Manusa 1 : Manusa! Hayu mangkat, tinggalkeun baé Si Kanta mah. (Ka manusa 3) Éta
GPS-na aktipkeun. Asa nyasab, jalanna ti dieu kamana?

8 | Naskah Drama_Belis
Manusa 3 : Gampang. (Langsung searching) Ti dieu ngidul, aya parapatan. Belok ka
kénca, bras ka pertelon, ke di ditu urang maké GPS manual baé.
Manusa 2 : GPS manual?
Manusa 3 : Tatanya. Hampura béakeun kuota.
Manusa 1 : Jah sugan téh enya canggih. Angger waé. Hayu lah.
Manusa 4 : Ke heula.
Manusa 1 : Anjir, naon deui?
Manusa 4 : Mun bener urang manusa naha nya urang mah terus waé masiat?
(Sakedapan jempling)
Manusa 1 : Mikiran ujur!
Manusa 4 : Lebah mana manusana?
Manusa 3 : Oh. (Langsung Searching) Yeuh yeuh. Manusa mah tempatna salah,
manusa ogé tempatna poho.
Manusa 4 : Naha ukur éta? Sempit geuning hartina tina nu kitu mah.
Manusa 1 : Manusa mah nya… Manusa!
Manusa 4 : Jawaban naon kawas kitu.
Manusa 2 : Hampura lain ngabibisani, manusa anu dimaksad téh boa manusa nu
nyangking dina sampurna. Sabab mibanda akal jeung pikiran, sawadina
manusa milampah kahadéan. Lainna kahadéan téh upama urangna senang,
resep. Ayeuna urang resep kana ieu kalakuan, salahna lebah mana mun
dituluykeun, ukur karesep.
Manusa 4 : Enya kitu.
Manusa 3 : Enya, édas ilaing, bisa mikiran éta miheulaan gadget uing. (Kana Gadget)
Asa téh sagala aya dina nu kieu téh. Horéng pikiran ilaing mah jalan kénéh.
Mun baheula mah ilaing téh disebutna (kutak-ketik)… ustad.
Manusa 1 : Ustad?
Manusa 3 : Enya, ustad. Ayeuna mah ustad geus ngahiyang. (Ka manusa 2) Sigana aya
turunan ka manéh mah. Luar biasa. Enya tina otak urang boga akal,
mibanda pikiran, éta nu ngaleuwihkeun urang batan mahluk nu lian.
Manusa 4 : Tapi naha ukur éta?
Manusa 1 : Naon deui, bisi kaburu beurang, tuh balébat hibar ti wetan. Beurang mah
wayah héés. Uing mah geus teu tahan. Naon deui?
Manusa 4 : Béker. (Laju meureumkeun panon)
Sora ngirining jeung manuk kikuk mimiti kasada.
9 | Naskah Drama_Belis
Mansua 1 : Tina akal kana béker, maksuda naon wa? nyaliwang ieu jalma. (Mariksa
taarna) Gering kitu, pedah kamari maénna jeung rangda nu rada owah.
Manusa 4 : Béker nu ngirining na saban wanci. Béker nu disada unggal mangsa.
Manusa 2 : Béker?
Manusa 1 : Hah. Dimana nyimpenna, awak manusa aya békeran. (Garo teu ateul)
Manusa 4 : Aya.
Manusa 1 : Piraku ah? (Nengetan ti hulu nepi ka suku)
Manusa 4 : Enya, cicing geura. Béker nu bisa nyarita, béker nu bisa ngaréka ungkara.
Déngékeun sorana.
Manusa 1 : (Ngadédéngékeun) Euweuh.
Manusa 2 : (Mimiti kabawakeun) Enya geuning, sora béker téh aya dina awak urang.
Manusa 4 : Kiriningna lir kiringing pati. Ungkara nu diréka ngajak ka hiji taman nu
éndah pisan. Kembang-kembang mangkak éndah. Langit béngras caang
narawangan. Béker nu ngahariring kieu. Reungeukeun!
Éling-éling diri, diri urang bakal mulang
Nya mulangna éta, tempatna ka pakuburan
Di pakuburan, poék mongkléng buta rata
Nya nu nyaangan, caangna ku amal urang.
Amal urang. Amal urang, nya amal urang.
Rombongan Sora pamirig béker jeung sora manuk kikuk asup nu nyorana beuki tarik.
Manusa 2 jeung Manusa 3 kabawa kana éta sora.

Manusa 3 : Asik, uing teu kudu searcing tapi bisa ngadéngé sora béker dina waruga
uing. Teu kudu ngunduh lagu tapi hariring nyangking na diri uing.
(Ngibing)
Manusa 1 : Sinting.
Manusa 2 : Tong réa cacarita, pék déngékeun sorana.

Manusa 1 nataan manusa 2, manusa 3 jeung manusa 4 nu ngibingna beuki motah, peureum
ngadéngékeun sora béker dina implenganana, Milu ngadédéngékeun lebahna sora béker.
Tapi angger teu kapaluruh. Rombongan sora bekér nguriling Sorana mingkin tarik Manusa
2,3,4 kabawa ku rombongan sora béker.

10 | Naskah Drama_Belis
Manusa 1 : (Ka nu lalajo) Oh. Panasaran? Maranéhna bisa palid jeung rombongan tadi.
Imajinasi tamah wa, ngarah hirup boga warna geuning. Teu perlu mikiran
naon nu teu kapikir ku urang. Tapi uing gé apal nu didéngékeun ku
maranéhna téh sora haté. Ngan api-api bodo waé. Asa teu kudu kitu. Urang
mah biasa sajah. Ké..ké… kawas aya jirim. Kalangkangna. Tuh katempo
teu? (Nunjuk ka posisi belis) Weuy saha di dinya? Ih teu némbalan geuning.
Jurig ta jalma? Saha? (disampeurkeun) Éh manéh geuning, kumaha cageur
ilaing? (Taya nu nembal) Ih naha ngajedog waé nya. Hayu deuk milu moal?
Uing rék ka tempat biasa. Lokalisasi téa. Parawan, rangda, aya!
Crit : Teu hayang!
Borogod : Teu kenging ka tempat nu kararitu ih pamali.
Manusa 1 : (Seuri) Teu matut jeung wujud, teu reunah jeung rupa. Pantes gé manusa nu
ngomong kitu mah. Pamali cenah. Teu bisa mungkir nu geus nyampé ka
dieu rék manusa rék jurig brasna ka lokalisasi. Puseurna di dieu. Rék
néangan awéwé ta lalaki, lengkep. Saha ngaran téh?
Crit : Crit!
Borogod : Anjeunna Pangeran Crit, kuring Borogod ladén satiana.
Manusa 1 : Kuring Sarka, horéng anjeun téh lalaki?
Crit : Memangna naha mun kami lalaki?
Manusa 1 : Teu nanaha si, ngan berarti rék pesenna awéwé atawa lalaki deui, rék nu
sabaraha watt? Upama lima watt lampuna riceng-riceng, eusina bayuhyuh
kajaba tempatna léséhan, upama sapuluh watt aya kasuran ngan teu lega, nu
nungguanna satengah kolot singkayona pabalatak, umpama dua puluh lima
watt mah rada caraang, katangar kumaha layan anu lenjang téh, tempatna
lalega, ngan hawana tina angin-angin. mun lima puluh watt, beuh geus mah
ngarora, gareulis, sareungit, pokona VVIV alias ekslusip, aya aséan deuih.
Rék ngaboking nu sabaraha watt?
Borogod : Kami mah datang rék néang manusa nu keur ngalakonan ibadah, wayah
subuh. Dimana tempat ibadah?
Manusa 1 : Ibadah téh naon?
Borogod : Alaieung, ieu jalma kateuteuari teuing, piraku ibadah teu apal?
Manusa 1 : Teu nyaho.
Crit : Ibadah mah sabot jalma tinemu jeung pangeran-Na.

11 | Naskah Drama_Belis
Borogod : Tuh geuning, Pangeran Crit enya pisan. Pangapunten ieu mah punten
dimana aya jalma anu nuju ibadah? Geuning asa teu mendakan pisan.
Manusa 1 : Ibadah téh naon?
Borogod : Punten ieu mah, punten. Ibadah téh nalika urang ngajalanan sakur aturan nu
geus diparéntahkeun.
Manusa 1 : Rék naha hirup dikurung aturan, pas borojol gé taya buku manualna, hartina
hirup urang téh bebas.
Borogod : Euleuh? Kiamat sakedap deui. Buku manual? Marukanan manusa téh
barang éléktronik.
Crit : Urang kumelendang pikeun ibadah Sarka, ulah salah Sia Sarka! Buku
manual mah apan aya, ngaranna kitab suci.
Borogod : Sumuhun, Sarka.
Manusa 1 : Karep teuing, jurig!
Borogod : Teras dimana nu ibadahna?
Manusa 1 : Teuing, téang sorangan baé. (Ngaléos)
Borogod : Kumaha pangersa?
Crit : Kagok lah. Cuang ngasaan urang dieu.
Borogod : Mangga. (Lampu pareum)

Leunjeuran Ka - 4
Latar di jero imah. Kasampak Rubiah keur sasapu. Barang salakina balik, Sapuna
dibalangkeun.
Rubiah : Balik-balik teuing atuh Andika téh. Ari teu barangjingjing mah, boh hanteu
balik! Kaituh digawé. Kami mah hayang senang cara batur. Deuleu tuh Si
Sanaah, kamari geus dipangmeulikeun Jaguar. Atuh métik-métik keur kami
mah.
Salaki diuk, gegeber bangun hareudang atawa cape pisan.
Salaki : Salaki balik pangninyukeun kopi boh naon.
Rubiah : (Nunjuk hanca sasapuna) Kebul tuh tinyuh!
(Huhoh, Émen asup, nyerangkeun ti kaanggangan)
Salaki : Kami téh masih néangan rejeki nu halal.
Rubiah : Halal halal nanahaon! Endih buktina endih! Hah!
Salaki : (Rumahuh) Emh…

12 | Naskah Drama_Belis
Rubiah : Mabur kaditu! Ulah balik mun can mawa hasil. Kami mah hayang salaki
balik téh barangbawa.
Salaki : Néangan pagawéan téh hésé, Nyai.
Rubiah : Maling-maling boh naon andika téh! Moal matak miskin deuleu maling ka
nu sugih mah.
Salaki : Astagfir. Pinter ogé pamajikan Aing. Heuheuy.
Rubiah : Tong ngarayu. Moal dibéré! Los kaditu mangkat.
Salaki : Kamana?
Rubiah : Maling! Kami mah éra miskin, kumaha baé carana, naon baé resikona
Andika balik kudu barangjingjing!
Salaki : Nya kami mangkat!
Rubiah : Enos ka ditu! Teu hayang teuing boga salaki teu gableg duit. Suganna hirup
téh teu boga pangabutuh. Itu ieu na ogé ayeuna mah ku duit. Naon gé ku
duit mah jadi leueur. (Katanggar aya mahluk séjén) Saha téa? Jeung ti
mana asupna? Apan panto pawon mah ditulakan! Rék niat maling nya? Hop
baé gé, di ieu imah nu nyesa kari sapu butut pakéun kami.
Huhoh : Kula liwat témbok, lain rék maling.
Rubiah : Terus ék naha kurunyung ka imah batur, abong belis!
Émén : Tadi téh niat mah hayang nénjo rubiah anu ngabrangbrangkeun kacapé
salakina.
Rubiah : Salaki aing, kumaha aing!
Huhoh : Doraka tatéh! Maké niat nitah maling sagala, kumaha amun salaki Nyai aya
nu ngagebugan?
Rubiah : Geus kebal Si éta mah, weduk!
Émén : Hadé tah, bisa kapaluruh dina buku Mahabuta kaca dalapan ratus dalapan.
Rubiah : Terus rék naha maranéh ka dieu? Indit!
Huhoh : Boga niat hadé, tapi nista temen.
Rubiah : Nyarita naon?
Huhoh : Teu. Nam ah néangan manusa nu éling. Di dieu mah geus liwat sinting.
Rubiah : (Mabetkeun sapu) Indit.
Huhoh, Émén kaluar, Rubiah nuluykeun hanca sasapuna, teu lila salaki jol deui.
Salaki : Biah.
Rubiah : Geus meunang sabaraha miliyar?
Salaki : Ampun, biah! Can meuang sapérak-pérak acan.
13 | Naskah Drama_Belis
Rubiah : Kumawani balik. Pan ceuk kami gé tong balik mun can mawa hasil.
Salaki : Kumaha mun biah ngabantosan.
Rubiah : Ngabantu kumaha?
Salaki : Néangan tempat keur maling, uing salaku salaki geus jangar néangan
tempat keur maling. Loba pasukan ngirining.
Rubiah : Salaki téh teu bisa diandelkeun! (Kaluar) (Lampu Pareum)
Leunjeuran Ka-5

Di jajalanan, kasampak korsi panjang, Déblag keur saré deukeut tihang lampu.
Juru Catur : Balébat poho ka layung. Balébat nembus jamparing. Balébat ilang na
manah. Balébat dimana? Layung napsu geus ditutur. Layung kahayang
kalaksana. Ukur kuring saksina. (Juru Catur matung, jadi tihang lampu)
Crit, Borogod, Émén jeung Huhoh asup, Borogod ménta sangkan Crit sabar jeung teu
sagawayah,
Crit : Gandeng!
Borogod : Sabar.
Crit : Euweuh ti karuhunna
Émén : Ari manéh ngiblat téh karuhun waé, kajeun ngaruhun tapi ulah
kakaruhunan. Kajeun pisan ngabandungan, tapi ulah babandungan. Komo
urang mah ti alam jin. Urang tangtu apal…
Crit : Montong presentasi.
Borogod : Kedah kumaha deui lalampahan téh?
Crit : Endih Si Déblag? Huhoh téang Si Déblag.
Huhoh : Siap gan!
Huhoh Néangan Déblag nu kasmpak keur saré deukeut tihang lampu.
Huhoh : Manéh ngadon héés. Hudang! Hudang!
Déblag : (Kuliat)
Huhoh : Agéh, ngamuk sia si Crit.
Déblag : (Hudang) Tulus maén drama téh?
Huhoh : Drama naon?
Déblag : Belis?
Huhoh : Hah. Ngimpi sia mah. Ngimpi. ugagéh (leungen Déblag dikenyang)
Duanana nyalampeurkeun Crit, Borogod, jeung Émén.
Déblag : Iraha drama téh taramna?
14 | Naskah Drama_Belis
Huhoh : Ngadon saré deukeut tihang lampu, ngimpi sia jurig, ngimpi!
Crit : Endi atuh nu baruk di lembur masih baroga papagon. Sarua baé.
Borogod : Sabar.
Crit : Euweuh ti karuhunna!
Émén : Malahan mah sakabéh ajén pancasétan geus dijalankeun kalayan
paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay tangan. Dina
ngajalankeunnana éstuning….
Huhoh : Geus presentasi deui waé!
Déblag : Kieu euy. Geus maca acan status Super Pulalo, Motivator alam ahérat?
Crit : Acan, kumaha?
Déblag : Langit bakal dihontal, mun urang geus ngagantungkeun cita-cita di dinya.
Jadi ék naon deui atuh?
Crit : Maksudna?
Déblag : Karuhun urang téh boga cita-cita. Nya kieu pisan cita-cita karuhun téh.
Crit : Kieu kumaha?
Déblag : Atuh deuleu data statistik. Maké perhitungan sagalana gé, Jalma nu éling
tina sarébu ngan hiji. Bari jeung éta gé, jalmana sok misahkeun manéh baé.
Crit : Teu ngarti.
Déblag : Kieu heuh. Cita-cita karuhun urang nya éta ngagoda manusa sangkan
éngkéna maturan di naraka. Ti dinya pisan program belisisasi kalah
dijalankeun.
Crit : Ngarti kami gé ka dinya na mah. Tuluy?
Déblag : Heuh kacapé-capé teuing kudu ngagoda.
Crit : Nyanéh mah. Apal kumaha rasana nganggur? Apal kumaha rasana gawé teu
hasil?
Borogod : Urang kudu sabar tur tawakal dina enggoning nyanghareupan sagala
perkara. Urang ayeuna kumelendang, saukur ngajalanan hirup, saukur
darma. Naon deui nu rék ditéangan iwal ti kasajatian hirup? Urang ukur
wasa sumerah tur pasrah.
Déblag : Alus tuh, ideu hadé.
Crit : Kumaha?
Déblag : Kieu heuh. Ayeuna kumaha mun ngadakwahan manusa baé. Si Borogod
boga jiwa manusa. Kekecapanna tadi édun lin, saleuwiheun motivator alam
belis.
15 | Naskah Drama_Belis
Crit : Gusti. Jurig dakwah. Euweuh ti karuhunna!
Déblag : Batan ngagoda nu puguh ngajalanan. Sok lah siapkeun mimbarna, urang
cuang latihan heula. Urang geus kagok nganjang ka alam manusa.
Borogod jeung Huhoh ngajungkirkeun korsi panjang sangkan nangtung tur dipaké mimbar.
Déblag : Mén manéh naék mimbar ti heula. Heug diajar biantara.
Émén : Siap Blag, (leumpang bangun nu asa-asa, bari tuurna ngaleleper, nangtung
tukangeun mimbar, teu kedal saucap-ucap acan kalah beuki ngadégdég,
berebet lumpat ka luar)
Déblag : Waduh, naha éta jurig. Cik manéh naék Borogod.
Borogod : Alim abdi mah alim.
Crit : Naha?
Borogod : Abot juragan, abot pisan kedah naék mimbar téh. Kedah luyu sareng
kalakuanna geuning. Abdi wios permios heula juragan?
Crit : Cicing! Pék manéh baé Déblag.
Déblag : Ké atuh uing mah pandeuri, sok manéh Hohoh!
Huhoh naék mimbar.

Huhoh : Puguh. ti dieu kuring ngadeg, kalayan mimiti puji, sawangsulna teu kudu di
rapalan. Pangantén. Puguh ulah nu ka dua… (Nyarita beuki pajeujeut, beuki
gancang teu puguh hartina)
Crit : Gandéng! Mabur sia Huhoh!
Huhoh : Puguh érék teu dititah gé! Teu sanggup! (Lumpat ka luar)
Déblag : Sing bisa ngahargaan jalma keur nyarita atuh euy, uing keur ngaregepkeun
naon nu dicaturkeun ku si Hohoh tadi, eusina pinuh ku ajén pilosofis.
Crit : Peujit ceuli uing kalah pajeujeut ngadéngé omongan Si Huhoh tadi. Pék kari
manéh biantarana.
Déblag : Apan urang geus nyarita ti tadi kénéh, urang mah pandeuri. Ayeuna kari
manéh diajar dakwahna. (Ngagentraan) Mangga ibu-ibu bapa-bapa urang
sami dangukeun piwejang ti pangersa Crit, dihaturanan kanggé ceramah,
kalayan naék mimbar ngadugikeun wejanganana.
Jul-jol jalma daratangan. Dibarengan rombongan békér.
Crit : Ngajebak silaing mah, (asa-asa naék kana mimbar)
Manusa 4 : Geuning wirahma béker téh mawa lunta kuring ka dieu.
Manusa 3 : Teu kudu pusing, uing mawa gadget. Gampang balik mah.
16 | Naskah Drama_Belis
Déblag : Sadayana dihaturanan supados calik.
Manusa 3 : Aya naon?
Déblag : Sakedap deui urang bandungan nu biantara.
Manusa 2 : Naon?
Manusa 3 : (Searching kana alatna) Baheula mah disebut ogé ceramah.
Manusa 2 : Ceramah téh naon?
Rubiah : Déngékeun waé heula, garandéng baé.
Salaki : Tiap jalma boga hak pikeun nyarita biah!
Rubiah : Gandéng satéh hayang diwewelan gagang pacul?
Salaki : Éta rubiah ka salaki geus teu ngajénan pisan, orokaya manéhna nu gandéng.
Ongkoh rék nuduhan tempat maling, naha kalah ka dieu?
Rubiah : Pan di dieu dikumpulkeun, biasana mah balikna sok dibagi duit, atawa
meunang berekat. Pan lumayan, batan lumanyun!
Salaki : Teu mungkin, biah teu mungkin!
Rubiah : Geus cicing, percaya ka kami!
Déblag : Dihaturanan kanggé pangersa Crit ngadugikeun piwejangna.
Sakedapan jempling. Crit dédéhaman.

Crit : Wiwitan. Puji anu jadi panghias ati urang sanggakeun ka gusti nu maha
suci. Nu ngusik malikeun ieu diri, sangkan raga bisa waluya dina unggal
kaca mangsa. Salawasna manusa kedah salawasna éling kana diri, dipahing
lali purwadaksi, hilap kana sungapanana. Sakumaha manusa sakumaha anu
ditugaskeun pangeran nu ngawasa sagala alam. Ti alam lemes aweuhan
tunggara karasa ngahéaban raga lemesna. Pikir bati gering. Nu hurung tina
kahayang. Enya kahayang birahi nu mawa lampar. Katambias ka naraka nu
kacida panasna. Mo bisa mulang najan maksa, mo bisa balik najan ceurik
satarikna ceurik, najan ceurik nu nyisit langit. Réhna éta, nu sok maling, éta
teu kénging. Nu sok ngaranjah pakaya, éta téh ulah, hayu! Taya lepatna
urang ajak diri urang, ajak dulur baraya urang sangkan total jadi hiji hamba.
Jalan gedé sasapuan, balungbung timur caang bulan opat belas mugia
narawangan haté. Haté urang séwang-séwang. Hatur nuhun.

Crit turun mimbar. Manusa tinggerendeng bangun nu hanjakal datang ka éta tempat, tuluy
api-api saralim siga nu menta amplop, tapi lapur. Kutuk gendeng.
17 | Naskah Drama_Belis
Manusa 4 : Angger teu manggih jawaban.
Manusa 3 : Enya.
Manusa 4 : Alah béker téh mawa ka tempat kawas kieu, nanaoan! Naon atuh manusa
téh? (kaluar)
Manusa 2 : Kamana?
Manusa 4 : (Ti luar panggung) Nyusul Si Sarka!
Manusa 2 : Ceuk belis titah tobat siah!
Manusa 4 : (Ti luar panggung) Nya ké néang tobat ka apoték!
Manusa 2 : Kami mah kuma ceuk umum waé, rék tobat hayu.
Manusa 3 : Hanjakal nutur sora béker, geuning anjogna ka tempat nu ahéng kieu. Apal
rék kieu mah moal nuturkeun tadi téh. Sué! (Kaluar)
Manusa 2 : Kamana nya? Rék nyampeur tobat ah, sugan aya di imahna. (Kaluar)
Salaki : Hayu Nyi urang kudu tobat.
Rubiah : Ah, urang kudu néangan tempat keur maling deui, teu meunang amplop
acan sasalaman téh! Beubeunangan kakara pacul kieu patut.
Salaki : Sugan tadi teu ngarti? Urang kudu tobat!
Rubiah : Sakali deui nitah tobat, ieu pacul ngabelewer kana sirah. Arék?
Salaki : Ampun biah, rubiah geus ngancam mah uing teu bisa ngalawan. Nam ka
wétan sugan aya nu bisa dipaok. (salaki rubiah kalaluar)
Déblag : Tah geuning. Ayeuna mah geus jentré pangersa. Peupeuriheun ngagoda
geus taya rohang pisan, atuh ceramah ka manusa téh. Pentingna mah
didéngé lin. Palebah ngagugu henteuna mah kumaha maranéhna waé.
Crit: : Borogod kumpulkeun kabéh bangsa bélis!
Borogod : (Nyora siga sirineu atawa nyora kodeu keur ngumpulkeun bangsa belis)
Blis Siah!
Belis karumpul.
Crit : Hey bangsa belis, geus kasaksi ku kami, manusa geus poho huluwatonna.
Manéhna geus lain kawas manusa nu ninggang dina sampura. Buktina
leuwih hésé ngajak bener ka manusa, ayeuna kula seja ngajak ibadah ka
para iblis, urang tanjeurkeun bebeneran, laksanakeun hirup luyu jeung
aturan ti nu kawasa. Sangkan para belis teu kalebuh dina jungkrang
kanistaan. Geus teu kudu ngajak salah ka manusa. Urang kudu panceg
ngadeg sangkan teu katambias di dunya nu ukur aya kafanaan. Tinggalkeun
ngagoda manusa! Geura ibadah, laksanakeun samudaya paréntah nu
18 | Naskah Drama_Belis
kawasa, kalawan ngajauhan ogé tina rupa perkara anu caram ku Mantenna.
Total jadi hamba, Satuju?
Belis-belis nembalan kalawan hempak: Satuju! (Lampu pareum)

Leunjeuran Ka-6
Juru Catur jeung rombongan béker keur nungguan. Tuluy siga néangan layung, sasambat
ka layung. Laju nungguan deui. Diuk.

Juru Catur : Béker! Rék kumaha deui lalampahan? Sakabéhna geus laksana. Boa anjeun
mah can kabéjaan. Béker geura ajak sakabéh manusa nu poho yén manéhna
téh manusa. Sok Cicing waé téh. (Békér-béker nembalan) Susuganan
anjeun mah daék ngélingan ka manusa. Kuring da ukur saksi. Réa pisan nu
mikiran cahaya batan nu nyiptana, Iraha atuh manusa mulangna? Hayang
siga baheula! Heueuh deuh, anjeun kungsi nembalan yén ayeuna baheula
sabenerna sarua! Manusa nu robah. Bisa ka mangsa baheula teu nya?
(Békér-béker nembalan) Éh enya kudu tumpak imajinasi, supirna
implengan, nya? Écés kénéh dina ingetan éta mah. Lebar ku manusa téh,
maranéhna boga titingalian tapi kalan-kalan henteu awas, boga dédéngé tapi
teu ngadéngé, maranéhna baroga haté tapi siga teu apal kudu
dikumahakeun. Teuing, demi kuring mah ukur saksi! (Nyanyi lagu Sulaya)
(Lampu Pareum)
§§§

Réngsé
Cinangsi, 2014/2016.

19 | Naskah Drama_Belis

You might also like