You are on page 1of 29

SÉKSA

Karya DHIPA GALUH PURBA

ADEGAN I
 
WANCI PASOSORÉ. DI HIJI KOTA, PIPIREUN IMAH NU RADA AGRÉNG (IMAH SÉKSA), AYA HIJI
IMAH BILIK NU AMPIR RUBUH (IMAH SUHADI). DI HAREUPEUN IMAH BILIK, AYA DUA PETI
LEUTIK ANU DIHIJIKEUN KU RANCATAN, KALAYAN EUSINA SARUPANING BAHAN KEUR DAGANG
MIE TÉK-TÉK. AYA KORSI RAWING HAREUPEUN IMAH BILIK MALIKNA RADA NYÉRONG KA
LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA, ANU JANGKUNGNA TI SAMET BUJAL NEPI KA SIRAH,
KALAYAN LÉBARNA KIRA-KIRA SATENGAH MÉTER. JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA
DIPINDANGAN KU HORDÉNG  IPIS.
 
GIGIREUN IMAH SUHADI, RADA ANGGANG, AYA WARUNG MANG UJAY, ANU SAPOPIÉNA
DAGANG MIE REBUS, MIE GORENG, CIKOPI, CI SUSU, JEUNG SABANGSANING GOGORÉNGAN.
 
MANG UJAY KEUR PAKEPUK LALADANG. DI WARUNG TÉH AYA GURU ÉRWAN JEUNG MALIK
ANU KEUR NGOPI.
 
AJAG NYURUNTUL LUMPAT TI JERO IMAH SUHADI, SARTA NYALINGKER KA PIPIR WARUNG.
PIRING JEUNG GELAS PALASTIK KATUT HAYAM, TINGBELEWER DIBALEDOGKEUN KA LEBAH
AJAG, SARTA DIANTARANA AYA NU KEUNA KA WARUNG MANG UJAY.
 
O.S. SUHADI
Dasar budak belegug! Budak bodo! Nurun ka saha sia téh hah???
 
TEU LILA, SUHADI KALUAR TI JERO IMAH BARI NULAK CANGKÉNG.
 
SUHADI
Belegug mah belegug wé, henteu kudu loba alesan sagala. Matak teu lulus ogé akibat kebluk
ngapalkeun!
 
IROH NOROJOL TI JERO IMAH, TULUY NGENYANG LEUNGEUN SUHADI.
 
IROH
Meunggeus, akang! Meunggeus…! Nyaho budak téh keur sutrés, kalah hayoh waé
diceramahan.
 
SUHADI
Cicing siah! Kudu diwarah budak belegug mah!
 
IROH
Ih, teu beunang diomongan geuningan. Geus puguh murid nu séjén ogé loba nu henteu lulus. Si
Sudampleng ogé kurang kumaha pinterna, sarua wé henteu lulus UN. Ari Si Aték, nu geus sidik
budak pangedulan, naha bet bisa lulus? Hartina lain salah budak… salah UN éta mah!
 

1 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SUHADI
Gandéng siah! Meni saruana pisan kalah nyalahkeun UN. Ti jaman baheula ogé kabecus murid
mah diukurna ku ujian, deuleu! Lamun teu lulus ujian, hartina budak téh belegug. Meunggeus
pokona mah teu kudu dituluykeun deui sakolana. Kacapé-capé ngabiayaan budak belegug
mah…
 
IROH
His, ulah kitu, Kang. Tuh kabeneran aya Pa Guru. (Ka GURU ÉRWAN) Kumaha perkawis UN téh,
Pa Guru?
 
GURU ÉRWAN
Ari saleresna mah mémang saé diayakeun UN téh, Ceu. Margi, kanggo nguji kamampuh murid
sabada nyorang atikan di sakola séwang-séwangan. Nanging, sajujurna, abdi ogé kirang panuju
upami UN jadi hiji-hijina ukuran kanggo nangtoskeun kalulusan mah. Margi, seueur paktor nu
kedah jadi bahan timbangan murangkalih. Diantawisna, prilakuna sadidinten, kadariaan
diajarna, sareng nu sanés-sanésna deui.
 
IROH
Ari putra abdi, kumaha sadidintenna, Pa Guru? Naha pantes upami putra abdi henteu lulus?
 
GURU ÉRWAN
Putra ibu kalih bapa, saleresna henteu kalebet murid nu bodo. Atuh prilakuna ogé henteu
kalebet budak bangor. Saleresna… abdi ogé rada bingung, naha putra ibu téh hasil UN-na bet
nguciwakeun pisan…
 
SUHADI
Enya, éta téh alatan kedul diajar. (Ka Iroh) Geus lah henteu kudu ngabahas baé UN. Rék indit
usaha aing mah, bisi peuting mantén. Warah budak téh, mun perelu mah gélang ceulina
sakalian ngarah ngagugu kana omongan kolot.
 
SUHADI ASUP KA JERO IMAH, DITUTURKEUN KU IROH. TEU LILA SUHADI KALUAR DEUI BARI
MAKÉ DUDUKUY. SATERUSNA MARIKSA PETI PARANTI DAGANG MIE TÉK-TÉK.
 
SUHADI
Iroh…. cing alungkeun areng anu dina kérésék hideung!
 
KÉRÉSÉK HIDEUNG NGABELEWER TI JERO IMAH.
 
SUHADI
Teu anakna, teu indungna, meni euweuh kasopanan pisan!
 
(O.S) IROH
Apan nitahna ogé dialungkeun.
 
SUHADI
Heueuh dialungkeun! Ari bieu mah da dibalangkeun ngaranna.
 

2 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SUHADI NANGGUNG DAGANGANNA
 
GURU ÉRWAN
Geuning nganggo kénéh areng, Mang? Naha teu nganggo gas élpiji?
 
SUHADI
Hayang kénéh hirup, Pa Guru.
 
MANG UJAY
Upami mie ték-ték mah ciri hasna diasakan nganggo ruhay, Pa Guru. Saurna mah rasana bakal
langkung nikmat
 
GURU ÉRWAN
Oh… kutan bénten éta téh?
 
SUHADI
Lah sarua waé emih, rék maké ruhay, rék maké seuneu, angger emih-emih kénéh. (ka MANG
UJAY) Ngan… lamun kompor gas didinya ngabeledug, ulah sambat kaniaya siah! Ceuk aing mah
mending ganti ku kompor minyak tanah ti ayeuna mula, lamun didinya hayang panjang umur.
 
MANG UJAY
Atuda… mahal minyak tanah mah, Kang…
 
SUHADI
Heueuh, hartina nyawa didinya murah…
 
SUHADI NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN BARI NAKOLAN BUJUR KATÉL. AJAG KALUAR TINA
PANYUMPUTANANA.
 
GURU ÉRWAN
Sing sabar wé hidep téh. Keun baé da batur ogé loba anu teu lulus mah. Diajar sing daria,
ngarah taun hareup bisa lulus UN.
 
AJAG
Sumuhun, Pa Guru.
 
GURU ÉRWAN
Hidep geus dahar?
 
AJAG
Teu acan… aéh, atos, Pa Guru.
 
GURU ÉRWAN
Ulah sok nyiksa beuteung. Hayu urang dahar emih jeung bapa. Mang, nyieun deui mie rebus…

3 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
ADEGAN II
 
WANCI JANARI LEUTIK. WARUNG MANG UJAY GEUS TUTUP (KADÉNGÉ SORA KÉRÉK MANG
UJAY). AJAG DIUK DINA KORSI ROMBÉNG BARI NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH
SÉKSA. KACIRI NGALANGKANG HIJI AWÉWÉ (SÉKSA) NU NYANGIGIR BARI NEUTEUP FIGURA
POTO NU DICEPENG KU DUA LEUNGEUNNA. SATERUSNA SÉKSA MALIK KA LEBAH JANDÉLA
BARI TANGGAH, SIGA NU MANGPENGKEUN PANEUTEUP KA JAUHNA. AJAG BEUKI ANTENG
NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR.
 
SUHADI DATANG BARI NANGGUNG DAGANGANNA. TULUY DAGANGANNA DIÉCAGKEUN.
SATERUSNA MUKA LACI, NYOKOT DUIT LADANG DAGANG. DIITUNG HEULA, TULUY DIPÉSAKAN.
SANGGEUS KITU, SUHADI NGALÉNGKAH MURU KA IMAHNA. SUHADI NGARANDEG
HAREUPEUN AJAG, SARTA MILU MERHATIKEUN SÉKSA SAKEDAPAN.
 
SUHADI
(BARI NGADEGUNGKEUN SIRAH AJAG) Dasar budak belegug! Lamun teu capé mah manéh téh
disiksa ayeuna kénéh!
 
AJAG UKUR NGARÉRÉT KA SUHADI, SATERUSNA NERUSKEUN DEUI NEUTEUP SÉKSA. SUHADI
ASUP KA JERO IMAH.
 
O.S. IROH
Asiiik… mucekil pisan beubeunangan si akang tercinta. Mmmmuaachhh… akang hoyong
dipangdamelkeun naon? Badé cikopi? Badé Téh manis? Atanapi…
 
O.S. SUHADI
Hayang héés aing mah… teu kuat tunduh, capé pisan lah…
 
AJAG BEUKI ANTENG NEUTEUP SÉKSA.
 
LAMPU PAREUM.

ADEGAN III

WANCI ISUK-ISUK. AJAG KEUR NGAHANCA BALA-BALA JEUNG GÉHU, DISELANGAN NYURUPUT
CIKOPI DI WARUNG MANG UJAY. ARI MANG UJAY MAH KEUR KAPRAK-KEPREK DADASAR.
 
MANG UJAY
Heueuh batur mah… imah sakitu ublug-ablag, ukur dieusian ku duaan, anak jeung bapana.
 
AJAG
Ari emana kamana éta téh, Mang?
 
MANG UJAY
Teu apal, Jang. Apan pindah kadieuna ogé kakara saminggu. Tapi… béjana mah pamajikanna
téh di Prancis. Tapi deuih… aya ogé nu nyebutkeun pipisahan. Teuing mana nu benerna, da
kalah jangar ngabandungan jalma beunghar mah.
 
SÉKSA NGURUNYUNG, MAKÉ BAJU SARAGAM SMA NU EROKNA PUNGSAT. TULUY DIUK
GIGIREUN AJAG, SEMU NU NYÉRÉDKEUN.
 
MANG UJAY
Badé ngadamel kopi, Néng?
 
4 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SÉKSA
Gelas leutik wé, Mang. Maké susu saeutik mah. Aéh… Mang, ari di dieu jualan jamu rapet ayu?
 
MANG UJAY
Teu aya atuh, Néng. Apan ieu mah warung kopi, sanés tukang icalan jajamu. Aya ogé STMJ,
badé?
 
SÉKSA
Moal ah…
 
AJAG MALING RÉRÉT KA SÉKSA, TAPI LANGSUNG NGABALIEUR BASA DIPENCRONG KU SÉKSA.
 
SÉKSA
Sendiri ajé?
 
AJAG UNGGEUK.
 
SÉKSA
Nama gué Seks… (bari nyolongkrong ngajak sasalaman)
 
AJAG
Seks…? (KABESÉKAN SAKING KU KAGÉT, TERUS NGAJEGOH BATUK)
 
SÉKSA
Iya, Seks.
 
AJAG
(bari sasalaman)  Emh… bisa nyarita basa Sunda?
 
SÉKSA
Bisa sih, tapi… uing mah ngomongna kasar. Sieun salah ngomong. Kamari ogé uing ngobrol
jeung dulur, kalah dicarékan, disebut teu sopan. Pabeulit pisan atuda basa Sunda mah, maké
jeung aya undak-usuk basa sagala rupa
 
AJAG
Kajeun rék kasar ogé, nu penting mah maké basa Sunda
 
SÉKSA
Manéh moal ngambek kitu?
 
AJAG
Moal, da uing ogé sarua kasar.
 
SÉKSA
Heueuh heug atuh ari kitu mah.
 
SÉKSA CENGKAT, TULUY NGARONGKONG ROKO, SARTA DISEUNGEUT. PELENYUN UDUD,
DISELANGAN NYURUPUT KOPI-SUSU.
 
AJAG
Ari… ngaran manéh téh, enyaan Séks?
 

5 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SÉKSA
Heueuh, Séks. Manéh pasti reuwas nya? Uing mah da serius, mémang éta ngaran uing.  Seks
nyaéta kecap nu éndah.

AJAG
Mani kawas euweuh ngaran séjén waé…
 
SÉKSA
Har… ulah ngaborongkeun siah. Paduli teuing da uing mah sugema ieuh ngagunakeun éta
ngaran. Ari ngaran manéh saha?

AJAG
Ajag…
 
SÉKSA
Ha ha ha… Ajag? Ha ha ha…  lain Ajag mah ngaran anjing leuweung? Sato buas téa? Kabina-bina
teuing kolot manéh mah méré ngaran téh…
 
AJAG
Manéh ogé teu kudu protés. Uing mah tara goréng sangka ka kolot. Bisa baé bapa uing téh
maksudna mah rék méré ngaran Ajang. Tapi ku lantaran keur salésma, antukna jadi Ajag.
 
SÉKSA
Éh… tapi da manéh mah henteu katingali siga sato buas. Justru manéh mah sigana téh lalaki
romantis. Ari imah manéh di mana?
 
AJAG
Apan itu tuh… tukangeun pisan imah manéh
 
SÉKSA
Oh, jadi manéh téh anakna tukang dangan mie tékték  téa?
 
AJAG
Enya, bener. Na kumaha kitu?
 
SÉKSA
Teu kukumaha, ngan hayang ngayakinkeun wé. Hanjakal pisan nya, urang téh sasatna mah
natangga, tapi bet henteu pada-pada wawuh. Padahal dina ieu kahirupan, kuduna mah euweuh
jungkrang anu misahkeun hubungan antara jalma jeung jalma
 
AJAG
Ari manéh sakola kelas sabaraha?
 
SÉKSA
Kelas 12, tinggal ngadagoan hasil UN.
 
AJAG
Lain enggeus UN mah?
 
SÉKSA
Enggeus nanahaon… ngimpi sugan manéh mah. Tapi haroréam rék sakola téh, da guru-guru
jeung babaturan kareuheuleun ka uing. Sigana pédah uing sok ngajak diskusi ngeunaan
pendidikan séks. Padahal maluruh kasangtukang sekstéh kacida matak kataji. Barudak sagedé

6 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
manéh, maksud téh sagedé uing ogé, perelu diajar pendidikan séks. Anu teu meunang mah
apan ngalakukeunana, can waktuna éta mah, kudu engké geus kawin.
 
AJAG
Jadi, manéh can ngasaan?
 
SÉKSA
Nya acan atuh, bebel! Mémangna uing téh ungkluk? Uing mah kieu-kieu ogé boga harga diri.
Parawan kénéh uing mah! Tong boro kikituan, uing mah ngadu papatuk ogé acan nyobaan, teu
harayang teuing patukeur ciduh, geuleuh uing mah. Ulah disaruakeun jeung awéwé murahan
uing mah… Hayang dibanjur cikopi manéh téh?
 
AJAG
His, ulah ngambek atuh, pira ogé nanya…
 
SÉKSA
Heueuh da manéh mah nanyana anu sénsitip. Ceuk uing ogé apan ngalakukeun séks mah teu
meunang. Uing mah ngan resep ngadiskusikeun sisi pendidikanana. Apan dina pelajaran Biologi
ogé, ti jaman SMP mula geus diajarkeun. Contona uing resep pisan lamun geus ngabahas zigot.
Manéh nyaho naon ari zigot?
 
AJAG
Nyaho, tapi… poho deui…
 
SÉKSA
Ha ha ha…. sigana manéh mah tukang nundutan di kelas.
 
MANG UJAY
(ngasongkeun botol kécap) Nu kieu panginten zigot téh, Néng? Hé hé…
 
SÉKSA
Ah saruana pisan, kécap disebut zigot. Déngékeun, Ajag, zigot téh nyaéta sél anu dihasilkeun
tina hasil ngahijina dua kelamin…
 
AJAG
Geus gandéng, sebutkeun wé hasil fértilisasi kituh!
 
SÉKSA
Tah geuning manéh inget. Pasti manéh ogé apal naon nu dimaksud morula,blastosit, gastrula,
émbrio, fetus, jeung saterusna. Tah, apan nu kararitu téh hubunganna jeung séks. Ku kituna,
penting pisan pendidikan séks téh. Éh… ari manéh sakona kelas sabaraha?
 
AJAG
Sarua jeung manéh, kelas 12. Ngan uing mah teu lulus UN.
 
SÉKSA
Gandéng, ulah sok pesemis jadi jelema téh. Maké jeung ngomong teu lulus sagala. Ngapalkeun
sing bener, nagarah lulus. Tapi mémang sakadang UN téh ngajangarkeun pisan. Kunaon
pamaréntah téh mani sok malalurka waé nya? Sigana pamaréntah urang mah kurang weruh
neuleuman pendidikan séks.
 
AJAG
Ngaco pisan. Naon hubunganana UN jeung pendidikan séks?
 
7 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SÉKSA
His, puguh waé raket pisan. Loba pisan pejabat nu lalieur téh. Ari ceuk dokter, apan séks téh
bisa dijadikeun salahsahiji ubar lieur….
 
AJAG
Meunggeus gandéng! Lila-lila sirah uing nu lieur, hayoh baé ngomongkeun séks.
 
SÉKSA
Kunaon manéh nyebut lieur bari melong ka uing? Ari acan kawin mah manéh ulah waka hayang
ngubaran lieur ku seks… komo ngajak uing.
 
AJAG NANGTUNG, TULUY NGALÉOS, MURU KA IMAHNA.
 
SÉKSA
Ajag …! Rék kamana manéh?! Héy, Ajag! Jaaag…! Ih, belikan pisan budak téh…
 
SÉKSA NGUDAG AJAG, TAPI AJAG KABURU ASUP KA JERO IMAH. ANTUKNA SÉKSA
NGAGEDORAN PANTO IMAH.
 
SÉKSA
Ajag …! Jaaag…! Buka pantona, Jag.
 
PANTO IMAH MUKA. SUHADI KALUAR BARI NGAGISIKAN PANON, DITUTURKEUN KU IROH NU
MAKÉ SAMPING BARI HEUAY.
 
AJAG
Aya naon ieu téh isuk-isuk geus gegedor?
 
SÉKSA
Éh… maaf, maaf nya… maaf pisan ngaganggu.
 
SÉKSA BURU-BURU LUMPAT KA WARUNG MANG UJAY.
 
SUHADI
Budak saha éta téh? Mani dusun kabina-bina….
 
IROH
(NUNJUK KA IMAH SÉKSA) Éta anakna tukang korupsi…. Kakara saminggu pindahna ogé. Sigana
nyumput alatan diberik pulisi.
 
SUHADI JEUNG IROH ARASUP DEUI KA JERO IMAH.
SÉKSA NGAREGOT SÉSA KOPI SUSU DI WARUNG MANG UJAY
 
SÉKSA
Gélo… wayah kieu masih kénéh nyieun zigot…
 
MANG UJAY
Apan mulih icalanna ogé wanci janari, Néng…
 
SÉKSA
Éh, mang… ari Mang Ujay pamajikanana dimana?
 
MANG UJAY
Parantos ngantunkeun, Néng…
8 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SÉKSA
Néangan deui atuh gantina, mang. Bahaya lamun séks henteu kasalurkeun téh, bisa-bisa émosi
Mang Ujay moal stabil. Jadi sabarahaeun Mang? Sakalian wé itung jeung anu Si Ajag.
 
MANG UJAY
Maksadna… diétang sadaya sametanana?
 
SÉKSA
Mémangna Si Ajag sok nganjuk kitu?
 
MANG UJAY
Wah, sanés nganjuk deui. Teu putrana, teu ramana, ngalanggan nganjuk ka emang.  Tah ieu
catetanana (NÉMBONGKEUN BÉRÉNDÉLAN HUTANG)
 
SÉKSA
Gustiiii…! Budak sagedé kitu patut geus diajar ngajeblug. Itung wé sakabéh hutang Si Ajag, rék
dibayar ku uing. Tapi anu bapana mah ulah, da teu resep uingna. Kéla dagoan, uing rék nyokot
heula duitna…
 
MANG UJAY
Mangga, Néng…
 
SÉKSA NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. MANG UJAY KUTRAT-KOTRÉT NGITUNG HUTANG
AJAG.
 
LAMPU PAREUM.

ADEGAN IV
 
WANCI TENGAH PEUTING. AJAG DIUK DINA KORSI ROMBÉNG BARI NEUTEUP KA LEBAH
JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA. KATINGALI SÉKSA DI SATUKANGEUN HORDÉNG IPIS, NYANGIGIR
BARI NEUTEUP FIGURA POTO. SATERUSNA SÉKSA MALIK KA LEBAH JANDÉLA BARI TANGGAH,
SIGA NU MANGPENGKEUN PANEUTEUP KA JAUHNA. AJAG BEUKI ANTENG NEUTEUP KA LEBAH
SÉKSA.
 
MANG UJAY KEUR BÉBÉRÉS RÉK NUTUP WARUNG. MANG UJAY NYELANG HEULA MILU
NEUTEUP KA LEBAH SÉKSA.
 
MANG UJAY
Nanahaonan unggal peuting ditingali waé? Mending kénéh sampeurkeun kaditu jung! Geus
puguh Si Enéng Séks téh apan resepeun ka ujang… matak mangmayarkeun hutang ujang ogé…
 
AJAG
Itu mah lain Séks, Mang. Itu mah awéwé séjén…
 
MANG UJAY
Awéwé séjén kumaha? Geus sidik pangeusina ukur duaan, teu kurang, teu leuwih: Si Enéng
Séks jeung bapana.
 
AJAG
Lain, Mang… awéwé itu mah lain Séks… Sok sidik-sidik ku Mang Ujay, sanajan tangtunganna
nyeplés Séks ogé, tapi da béda, Mang… béda pisan…
 

9 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
MANG UJAY
Béda naonna, Jang?
 
AJAG
Tingali wé ku Mang Ujay… awéwé itu mah sakitu lungguhna, ngungun alum lir ngumbar
lamunan. Siga anu jararauh panineungan. Atawa siga aya anu keur dianti-anti… Béda pisan
jeung Séks anu sakitu jalingkakna dibarung ngomong songong sakacamprungna…
 
MANG UJAY
Enya kitu?
 
AJAG
Bener, Mang… sok wé bandingkeun. Lamun uing neuteup awéwé itu, bener-bener asa neuteup
awéwé téh.
 
MANG UJAY
Mémangna lamun ningali Si Enéng Séks, siga ningali naon?
 
AJAG
Nya… sarua wé ari awéwéna mah. Tapi… nyanghareupan Séks mah uing asa keur adu hareupan
jeung ungkluk nu keur ngobral ajén dirina…
 
MANG UJAY
Ah, teuing atuh emang mah teu ngalalarti. Teu kuat tunduh, geus waktuna saré ayeuna mah,
Jang…
 
MANG UJAY ASUP KA WARUNGNA. AJAG NULUYKEUN DEUI NEUTEUP SÉKSA. TEU LILA,
KADÉNGÉ SORA KÉRÉK MANG UJAY.
 
SUHADI DATANG BARI MANGGUL DAGANGANANA. TULUY DIÉCAGKEUN, SATENGAH
DIGEJRÉTKEUN. PAROMANNA KATARA KEUR HANJELU PACAMPUR AMBEK.
 
SUHADI
Nanahaonan manéh mah pagawéan téh ngan huleng-jentul? Naha manéh téh masih kénéh
mikiran sakola manéh nu bangkar? Geus diomongkeun sababaraha kali, pantesna ogé manéh
mah dagang emih! Meunggeus siah, diajar dangang emih ka ditu, batan euweuh gadag pisan
mah!
 
AJAG
Abdi mah teu aya bakat sakola, Pa…
 
SUHADI
Ngomong naon siah?!
 
AJAG
Euh… maksad téh…abdi mah  teu aya bakat icalan emih
 
SUHADI
Jadi bakat manéh naon? Ohhh… enya, kakara inget… manéh masih kénéh sok milu latihan
ékting? Hayang jadi béntang sinétron manéh téh? Ngaca siah! Euweuh kabecus manéh mah
hirup téh. Kalah légég wé diheulakeun!

10 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
AJAG
Teu acan kapendak jalanna wé ayeuna mah, Pa. Apan ari usaha mah kirang kumaha. Unggal
minggu ogé, abdi sok ngiring késting…
 
SUHADI
Késting, késting wé hayoh! Naha manéh téh rék ngagugulukeun baé késting nepi ka cetuk huis?
 
AJAG
Nya henteu atuh, Pa. Apan sasih kamari ogé, abdi ngiring maén… emh… jadi piguran dina
sinétron Ratapan Ibu Tiri. Bapa ogé nongton, sanés?
 
SUHADI
Teu sudi aing kudu ngalalajoanan manéh! Cumah asup tivi ogé, ari angger teu kabeuli keur
nyatu-nyatu acan mah. Tuh jeblug manéh ka Si Ujay, geura bayar! Piraku aya artis nganjuk
kénéh barang hakan?
 
AJAG
Atos, Pa…
 
SUHADI
Nu balég siah? Meunang maling timana duitna?
 
AJAG
Eumh… kénging nambut ti réréncangan sanggar…
 
SUHADI NGAJÉNGKAT NINGGALKEUN AJAG, TULUY ASUP KA JERO IMAH.
 
AJAG NULUYKEUN DEUI NEUTEUP SÉKSA.
 
TEU LILA KADÉNGÉ SORA TINGGOLOMBRANG TI JERO IMAH. SUHADI JEUNG IROH PASÉA.
 
O.S. IROH
Matakna ari ngarumasakeun boga penghasilan leutik, ulah sok maksakeun manéh. Maké jeung
nyandung sagala! Duit téh pasti lolobana dibikeun ka nu ngora nya?!
 
O.S. SUHADI
Gandéng siah, ulah sok pararadu ari ngomong téh! Apan aing geus nalék ka manéh ti basa éta
ogé: daék atawa henteu dicandung ku aing? Lamun teu daék, ku aing rék diserahkeun. Buktina
sia henteu nampik…
 
O.S. IROH
Heueuh ayeuna mah aing geus teu kuat. Kabina-bina teuing méré duit ngan sakieu. Aing mah
rék balik ayeuna kénéh ogé. Serahkeun aing! Talak tilu sakalian…! 
 
O.S. SUHADI
Heug, jung geura mantog! Geus teu kuat aing ogé neuleu beungeut manéh!
 
PANTO IMAH MUKA. IROH  KALUAR BARI MANGGUL BUNTELAN.
 
IROH
Dasar lalaki teu gableg cedo! Kaduhung aing daék dikawin… kaduhung pisan siah…
 
AJAG
Badé kamana, ma?
11 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
IROH
Gandéng siah teu kudu nyebut ema sagala. Geus lain-lainna deui ayeuna mah. Mun sotéh
manéh téh anak aing…
 
AJAG
Ma, hapunten abdi, ma…
 
IROH
Pan ku aing geus dibéjér-béaskeun: Indung manéh mah teuing aya dimana. Tanyakeun tuh ka
bapa manéh!
 
SUHADI KALUAR TI JERO IMAH
 
SUHADI
Meunggeus Ajag, ulah diajak nyarita waé! Isukan ogé bakal aya indung manéh nu anyar.
 
IROH NGAJÉNGKAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. SUHADI ASUP DEUI KA JERO IMAH BARI
NGAGABLOGKEUN PANTO. AJAG NYUUH KANA TANEUH NGARASA TUNGGARA.
TEU LILA, SÉKSA NGAHINGHING CEURIK. AJAG NGARÉNJAG, TULUY MALIK KA LEBAH JANDÉLA
KAMAR IMAH SÉKSA. AJAG NEUTEUP SÉKSA ANU KEUR CEURIK SEMU KANYENYERIAN.
 
LAMPU PAREUM

ADEGAN V
 
WANCI BEURANG. DI WARUNG MANG UJAY AYA GURU ÉRWAN, IMRON, JEUNG MALIK KEUR
NGOPI.
 
AJAG KALUAR TI JERO IMAH, MAKÉ PAKÉAN RAPIH. KAKARA SABABARA LÉNGKAH, TOROJOL
SUHADI ANU PAKALÉNG-KALÉNG JEUNG RANI.
 
SUHADI
(KA RANI) Tuh, itu anak akang nu ngan hiji-hijina téh… (KA AJAG) Ieu indung manéh nu anyar.
Sok geura munjungan ka indung téh!

AJAG MUNJUNGAN KA RANI


 
RANI
Euleuh-euleuh mani kasép, ngala bapana ieu mah… saha ngaranana?
 
AJAG
Ajag...
 
RANI
Ajang?
 
AJAG
Ajag...
 
RANI
Aéh-aéh, Ajag? Kabina-bina Si Akang mah méré ngaran téh. Ngaran téh du’a, akang. Ulah
sagawayah kitu. Ganti engké mah nya, Kang… Ganti ku Satria, Dépan, Ruli, atawa naon wé nu
kerén…
12 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
 
SUHADI
Enya, gampang. Urusan ngaran-ngaran waé mani riweuh…. Ulah nu hararésé nyieun ngaran
mah, ngarah gampil ngapalkeunana. Engké, lamun urang boga anak, rék dingaranan: Ajig.
Cukup dua wé boga anak mah, Ajag jeung Ajig. Geus hayu geura asup, era ku batur!
 
RANI
His, naha bet éra sagala, da urang mah pasangan sah ieuh, akang. Surat kawin apan boga,
sanajan nyieunna ladang némbak ogé. (KA NU KEUR NGAROPI DI WARUNG) Akang-akang
sadaya, nepangkeun abdi Néng Rani Juliana… kawitna mah abdi istri kadua Kang Suhadi.
Nanging, ti kawit dinten ieu, abdi tos resmi jadi istri tunggal Kang Suhadi…. Leres teu, Kang?
 
SUHADI
(BARI NGENYANG LEUNGEUN RANI) Enya, meunggeus… hayu asup…
 
RANI
Ih, akang, teu kénging jorse ih… upami badé lebet ka rorompok téh, sendalna kedah dibuka.
Engké mah didieu téh kedah aya kékéséd. Teras, kedah aya rak kanggo nyimpen sapatu.
 
SUHADI
Enya, gampang… céréwéd pisan nya.
 
SUHADI JEUNG RANI ASUP KA JERO IMAH.
 
O.S. RANI
Ih akang mani panas kieu di lebet téh. Upami AC-na dimana, Kang? Hareudang ah… wios acuk
abdi dibuka?
 
AJAG MURU KA WARUNG MANG UJAY, TULUY NGAJAK SASALAMAN KA GURU ÉRWAN, SARTA
TULUY DIUK.
 
MALIK
Jag, mani geulis indung téré nu ayeuna mah. Engké pangméntakeun Facebookna nya, uing
hayang kenalan…
 
GURU ÉRWAN
His… ulah, kasép…! Bisi salakina ngamuk.
 
MALIK
Mung hoyong kenalan wungkul, Pa Guru. Apan sareng tatanggi mah kedah wanoh…
 
GURU ÉRWAN
Oh… ari sugan téh rék ngajak teu uni. Ari wawanohan mah nya hadé atuh, da kudu akur jeung
tatangga mah… (KA AJAG) Jadi, kumaha hidep téh enyaan rék eureun sakola?
 
AJAG
Sumuhun rupina mah, Pa. Margi, pun bapa miwarang lirén waé.
 
GURU ÉRWAN
Duh… padahal mah lebar pisan. Da mun seug bapa jalma beunghar mah, hidep téh rék
dibiayaan ku bapa. Sabab dina jaman ayeuna, keretas sacewir ladang sakola téh masih kénéh
diperelukeun. Najan boga kaahlian rupa-rupa ogé, ari teu boga ijasah mah sasarina sok hésé
néangan gawé.
 
13 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
AJAG
Badé kumaha deui, Pa Guru… abdi mah teu wantun baha ka pun bapa.
 
GURU ÉRWAN
Enya, mémang ari ka kolot mah teu meunang ngalawan. Tapi hadéna mah dipikirkeun deui sing
asak. Lantaran ieu mah patalina jeung masa depan hidep. Mun bisa mah kumaha baé carana,
hidep kudu nuluykeun sakola. Kajeun sakola bari digawé, naha dagang koran atawa naon wé nu
halal…
 
AJAG
Sumuhun, Pa… abdi ogé da saleresna mah hoyong pisan sakola. Nanging teu acan kaémutan
kanggo ngawaragadanna.
 
GURU ÉRWAN
Enya, sok, ku bapa didungakeun. Lamun hidep keyeng tangtu bakal pareng. Éh… ari ayeuna rék
kamana? Geuning mani saged kieu? Rék néangan gawé?
 
AJAG
Sumuhun, Pa Guru… emmhh… badé ngiringan késting sinétron…
 
GURU ÉRWAN
Oh, kitu nya? Hadé atuh… Sok, sugan wé hidep kapaké jadi artis. Omat mun ngabutuhkeun
peran guru, béjaan bapa nya. Bapa ogé da kungsi milu latihan téater basa jaman keur kuliah
téh, malah kungsi milu maén sababaraha kali.

AJAG
Mangga, Pa…
 
GURU ÉRWAN
Bapa mah ieu téh rék tuluy mulang waé. Sok, hidep bisi rék dahar heula (MIKEUN DUIT KA
MANG UJAY) pulangna mah paké mayar Jang Ajag wé.
 
AJAG
Teu kedah ngarépotkeun, Pa…
 
GURU ÉRWAN
Keun baé, da bapa anyar gajihan. Kadé, bisi aya lowongan peran guru téa, béjaan bapa nya…
 
AJAG
Mangga, Pa…
 
GURU ÉRWAN NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN.
 
MANG UJAY
Rék nyieun naon, Jang?
 
AJAG
Emih rebus wé, Mang, ulah maké endog.
 
MALIK
Enggeus maké endog waé! Yeuh, ditambahan kurangna mah ku déwék…
 

14 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
MALIK CENGKAT TINA DIUKNA, TULUY MÉRÉ DUIT KA MANG UJAY. IMRON OGÉ CENGKAT.
SARTA NGASONGKEUN DUIT KA MANG UJAY.
 
MALIK
Tapi tong poho… facebook indung manéh téa nya. Mun bogaeun, sakalian jeung YM-na…
 
AJAG
InsyaAllah….
 
MALIK
Lain insyaAllah, kudu!
 
AJAG
Muhun, mangga…
 
MALIK NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN, PATUTUR-TUTUR JEUNG IMRON. MANG UJAY
KAPRAK-KEPREK NYIEUN MIE REBUS.
 
SÉKSA NGETEYEP DATANG TI GIGIREUN WARUNG, MAKÉ SARAGAM SMA. NGINTIP AJAG
JEUNG MANG UJAY.

MANG UJAY
Naon judul sinétronna, Jang?
 
AJAG
Mun teu salah mah… Jaka Tingting
 
MANG UJAY
Hanjakal emang mah teu boga tivi, jadi moal bisa ngalalajoanan ujang.
 
AJAG
Lah, boa kapaké, boa henteu, Mang. Kakara ogé rék késting. Apan sainganna ogé riab, Mang.
 
MANG UJAY
Oh, ari sugan téh langsung maén. Pédah wé mangkukna ogé di pasar aya nu keur késting.
Emang ogé lalajo sakeudeung. Kitu geuningan nya késting téh, mani loba pagawéna jeung
mindeng balikan deui-balikan deui. Keudeung-keudeung kat! Keudeung-keudeung…
 
SÉKSA
Éksen…!!! Kat! Kat! Kat!
 
MANG UJAY
Astaghfirullah… aduh Si Enéng mani ngareureuwas… Tingali itu cai dugi ka bahé… untung sanés
cai panas…
 
SÉKSA
Atuda Emang mah ngaco…
 
MANG UJAY
Ngaco kumaha, Néng?
 
SÉKSA
Anu ditingali ku emang mah sanés késting, tapi syuting…
 
15 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
MANG UJAY
Tah, enya, syuting… na naon bédana jeung késting?
 
SÉKSA
Kieu, mang… lamun diibaratkeun kana urusan séks, késting mah kakara milih-milih pasangan nu
pipanteseun. Tah, anu kapilih ogé tacan tangtu ngajodo, lantaran aya prosés séjénna deui, dina
harti bisa baé batal ku lantaran kurang cocok. Ari syuting mah tingkatna geus resmi jadi
pasangan suami-istri, kari der jijieunan.
 
 
MANG UJAY
Tapi pan barang jieun ogé, aya nu jadi, aya nu henteu. Buktosna seueur geuning anu teu tiasa
gaduh putra…
 
SÉKSA
His, syuting ogé sarua, mang. Aya adegan anu dicokot, aya nu dipiceun. Dipilihan deui éta téh,
Mang.
 
MANG UJAY
Ohhh… aéh, dupi enéng badé ngaleueut naon?
 
SÉKSA
STMJ wé ayeuna mah, mang…
 
MANG UJAY
Mangga, Néng.
 
MANG UJAY NGASONGKEUN MANGKOK MIE REBUS KA AJAG, TULUY NYIEUN STMJ.
SÉKSA DIUK GIGIREUN AJAG, SEMU NYÉRÉDKEUN.
 
SÉKSA
AJAG, manéh nyaho teu lamun susu, telor, madu jeung ginséng dihijikeun, bakal jadi kumaha?
 
AJAG TEU NÉMBALAN. JONGJON NGADAHAR EMIH REBUS.
 
SÉKSA
Jawab atuh bebel?
 
AJAG
Budak orok gé nyahoeun.
 
SÉKSA
Enya, naon jawabanna? Mani geregeteun uing mah…
 
AJAG
Susu, telor, madu, jeung ginséng dihijikeun? Nya puguh jadi STMJ
 
SÉKSA
Lain, salah. Kalah wé morongos…
 
AJAG
Jadi naon atuh?
 

16 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SÉKSA
Nya jadi ngeunah… Tapi, moal leuwih ngeunah batan séks. Manéh kudu nyaho, nu
ngaranna séks téh kacida éndahna.
 
 
AJAG
Geuning manéh mangmayarkeun hutang uing? Manéh ihlas?
 
 
SÉKSA
Meunggeus gandéng, nu ngaran ihlas mah teu kudu diomong-omong. Ihlas mah ukur
dipikanyaho ku jelemana jeung Pangéran. Teu kudu diomong-omong. Nu perelu diomongkeun
mah kumaha carana pendidikan séks jadi salahsahiji mata pelajaran di sakola.
 
AJAG
Séks, ari nu sok nangtung tengah peuting dina jandéla téh manéh?
 
SÉKSA
Ih ari si bebel, diajakan ngobrol penting téh kalah nanya nu lain-lain, kalah sok api-api teu
ngawaro. Déngékeun siah, Ajag …  Lamun nyaritakeun perkara séks, aya kalana urang kaeurad
ku permainan di atas ranjang. Padahal henteu kitu, Ajag. Seks henteu idéntik jeung
ranjang.  Manéh mah sigana nyangka adeganpermainan ranjang dina film-film téh mangrupa
gambaran tina pornografi. Sabenerna seks mah henteu siga kitu, Ajag. Sabab anu disebut seks
mah tangtu pinuh ku kehalusan, lembut, indah, dan penuh gairah. Seks kalintang rusiah jeung
kacida banggana lamun digambarkeun ku omongan…
 
AJAG
Mang, cik ménta cipanas hérang. Lada pisan yeuh, teu kahaja ngagares céngék…
 
SÉKSA
Ajag, manéh nyaho, kunaon pangna urang Tiongkok neuleuman élmu séks? Sabab…
 
AJAG
Mang, emih téh tambahan deui satengah mah…
 
MANG UJAY
Piraku mie rebus satengah, Jang. Teu bisa atuh. Engké nu satengah deui keur saha?

AJAG
Séks téh kacida pentingna, Ajag. Teu pati béda jeung manéh nu unggal poé ngadahar mie
rebus.  Tapi uing mah banget teu ngarti. Naha loba jalma sok kalah nutup jejebir, lamun aya nu
keur nyaritakeun perkara seks? Padahal urang téh perelu pisan  neuleuman élmu séks, teu
béda jeung barudak nu sina dialajar ngitung. Ieu tungtutan jaman; barudak jaman ayeuna, kudu
dikenalkeun jeung élmuning séks, teu kudu asa-asa, komo kalah éra mah. Bisi maranéhna sasab
laku-lampahna ku salah kaprah  wawanohan jeung séks.
 
AJAG
Mang,  ditambah bala-bala opat, géhu hiji, jeung ménta udud satengah. Kurangna sabaraha
nya?
 
SÉKSA
Ajag, aya kalana séks ngajirim jadi kajahatan. Manéh nyaho mangkeluk nu jadi ulon-ulon
kajahatan séks?

17 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
AJAG
Éh, Mang, tapi kurangna mah dicatet wé heula. Ké isukan mayarna nya.
 
SÉKSA
Tah Ajag,  séks mah moal bisa dianjuk. Moal siga manéh nganjuk géhu ka Mang Ujay.
 
AJAG
Mang, uing mangkat heula… sieun kabeurangan ah….
 
SÉKSA
Héy, Ajag …! Rék kamana manéh? Ih, diajakan ngomong téh kalah ngaléos. Dusun pisan
geuning manéh mah, AJAG. Déngékeun uing keur ngomong kénéh. Ajaaag…!
 
AJAG NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. SÉKSA TERUS NYALUKAN AJAG.
SUHADI KALUAR TI JERO IMAH, DITUTURKEUN KU RANI.
 
SÉKSA
Ajaaag! Ajaaag…!
 
SUHADI
Gandéng siah! Nanahaonan tengah poé ceuceuleuweungan?! Ngaganggu jelema keur héés…
 
RANI
Kang, atos, Kang…. hayu ah, urang bobo deui…
 
SÉKSA MOLOHOK NEUTEUP RANI. TULUY NYAMPEURKEUN.
 
SÉKSA
Naha pamajikanna bet béda jeung nu kamari?
 
SUHADI
Teu kudu loba tatanya bebenyit mah. Sakola sing bener, diajar tatakrama kadituh! Teu gableg
kasopanan pisan siah…
 
SUHADI JEUNG RANI ASUP DEUI KA JERO IMAH.
SÉKSA NYAMPEURKEUN KA MANG UJAY.
 
SÉKSA
Mang, ari si bebel itu téh pamajikanna aya sabaraha hiji?
 
MANG UJAY
(SEMU NGAHARÉWOS) Wartosna mah gaduh opat. Kamari dipirak saurang, janten kantun tilu.

SÉKSA
Gélooo… paingan Si Ajag siga stres atuh. Ngabatin sigana mah budak téh… Mun bikeun ka
Mang Ujay hiji waé mah.
 
MANG UJAY
Ah, emang mah tos teu ngémutan nu kararitu.
 
SÉKSA
Tong sok munafik, Mang. Uing geus ampir hatam neuleuman élmu séks téh. Lalaki saumuran
emang téh napsuna gedé kénéh. Mending kénéh kawin deui, Mang. Ké dipangnéangankeun
randa beunghar ku uing…
18 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SÉKSA NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. IMRON NGURUNYUNG RURUSUHAN, NUTURKEUN
SÉKSA.

MANG UJAY GOGODEG. TULUY KALUAR TI WARUNG, KEKETEYEPAN KA IMAH SUHADI.


SANGGEUS LUAK-LIEUK, MANG UJAY NOONG IMAH SUHADI.
 
LAMPU PAREUM

ADEGAN VI
 
WANCI JANARI LEUTIK. WARUNG MANG UJAY GEUS TUTUP. KAAYAAN SIMPÉ. SÉKSA
NANGTUNG DINA JANDÉLA KAMAR IMAHNA, SEMU NU NGUYUNG.
 
AJAG DATANG BARI LEUMPANG RURUSUHAN. PANONNA MANCO KA SÉKSA. TULUY DIUK DINA
KORSI RAWING. AJAG NEUTEIP SÉKSA KALAYAN ANTEB.
 
TEU LILA, RANI NGURUNYUNG RURUSUHAN BARI NGAJINGJING SELOP.
 
RANI
Kasép… ari Si Bapa tos uih?
 
AJAG
Teu acan…
 
RANI
Duh… syukur atuh, mani reuwas… sieun kapiheulaan. Engké ulah diwartoskeun ema wangsul
wayah kieu nya. Wartoskeun wé ema mah aya di rorompok, teu kamamana nya.
 
AJAG
Mangga…

RANI
Duuuh… dasar si kasép… anak ema. Mmmuaachh… sok sing anteng di luar nya….
 
RANI ASUP KA JERO IMAH. AJAG NULUYKEUN DEUI NEUTEUP SÉKSA.
 
TEU LILA, SUHADI DATANG BARI NANGGUNG DAGANGANANA. TULUY DIÉCAGKEUN. MUKA
LACI, NYOKOT DUIT, DIITUNG, SARTA DISAKUAN.
 
SUHADI
Dasar budak pangedulan! Meunggeus ulah melongkeun waé imah éta. Manéh hayang
katépaan panyakit korupsi?! Bisi manéh hayang nyaho, bapana téh koruptor. Sakeudeung deui
ogé dibui. Mending kénéh siga urang hirup mah, moal kudu urusan jeung KPK.
 
AJAG TEU NÉMBALAN. SUHADI RÉK ASUP KA JERO IMAH, TAPI NGARANDEG.
 
SUHADI
Ari indung manéh teu kamamana?
 
AJAG
Hen… henteu…
19 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SUHADI
Kadé ulah calutak ka indung manéh. Sing sopan nya. Lamun dititah, ulah nepi ka henteu digugu.
 
AJAG
Mangga, Pa…
 
SUHADI
Wayahna manéh teu kudu maké anggel saréna, sabab indung manéh nu ayeuna mah anggelna
teu cukup dua. Gulungkeun wé seuseuhan jang ngaganjel sirah mah…
 
AJAG
Mangga, Pa…
 
SUHADI
Aéh… ari harga blackberry sabarahaan? Sugan manéh nyaho…
 
AJAG
Teu terang, Pa…
 
SUHADI
Cik, engké pangnanyakeun ka Si Ono. Mun aya mah nu séken wé kituh…. tuh indung manéh
keukeuh hayang blackberry.
 
AJAG
Mangga, Pa…
 
SUHADI
Ari… emmmm… blackberry téh nu kumaha, Ajag? Naha aya hubunganana jeung black méjik?
 
AJAG
Teu aya, Pa…
 
SUHADI
Nya sukur atuh ari euweuh mah…
 
SUHADI ASUP KA JERO IMAH.
AJAG NEUTEUP DEUI SÉKSA. TEU LILA, KADÉNGÉ SORA RANI NYIKIKIK. AJAG NUTUPAN
CEULINA, TAPI ANGGER KADÉNGÉ. TULUY AJAG MANGGUL KORSI, DIPINDAHKEUN KA
DEUKEUT WARUNG MANG UJAY. DIDINYA AJAG DIUK, NEUTEUP DEUI SÉKSA. TAPI SORA KÉRÉK
MANG UJAY HANDARUAN NAKER. AJAG MANGGUL DEUI KORSI, KALAYAN DITEMPATKEUN DI
TENGAH-TENGAH ANTARA IMAHNA JEUNG WARUNG MANG UJAY. DIDINYA AJAG NEUTEUP
SÉKSA KALAYAN ANTEB.
 
LAMPU PAREUM

20 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
ADEGAN VII
 
WANCI ISUK-ISUK. LOBA JALMA NU LALAR-LIWAT. GURU ÉRWAN, MALIK, IMRON, JEUNG
SABABARAHA URANG SÉJÉNNA KEUR NGAROPI DI WARUNG MANG UJAY. MALIK SAKAPEUNG
NGALONGOKAN KA LEBAH IMAH SUHADI.
 
AJAG SARÉ DI JAJALANEUN, DINA POSISI DIUK NA KORSI ROMBÉNG. TEU LILA, SÉKSA DATANG,
MAKÉ SARAGAM SAKOLA. SÉKSA NGARANDEG BARANG NINGALI AJAG. TULUY
NYAMPEURKEUN. SÉKSA NGUSAPAN AJAG.
 
SÉKSA
AJAG… ulah dibiasakeun saré luar. Isuk jaganing géto, manéh bakal nyaho pangaruhna saré di
luar kana urusan séks…
 
AJAG HUDANG BARI NGAGISIKAN PANON. TULUY NEUTEUP SÉKSA.
 
AJAG
Séks?
 
SÉKSA
Enya, ieu uing, Jag…
 
NU NGAROPI DI WARUNG MANG UJAY MIMITI BUBAR. IMRON NINGGALKEUN WARUNG BARI
NYÉRANGKEUN SÉKSA. MALIK NINGGALKEUN WARUNG BARI NGADENGOAN IMAH SUHADI.
GURU ÉRWAN MAH NGALIWAT KA TEMPAT DIUK AJAG. GURU ÉRWAN NEUTEUP SÉKSA.
 
GURU ÉRWAN
Sakola dimana hidep téh?
 
SÉKSA
Sakola mah dimamana ogé sarua, Pa Guru. Nu penting mah guru jeung muridna husu sarta
boga wawasan nu lega. Komo lamun di sakolana aya pendidikan séks mah, pasti leuwih
mantep…
 
GURU ÉRWAN
Hadé pisan cara mikir hidep téh. Mémang kudu kritis barudak ngora mah. Didungakeun ku
bapa, sing jadi présidén. Engké mun hidep geus jadi présidén, sing nyeni ngurus nagarana, siga
kaéndahan seni dina séks. Hidep kudu nyaah ka rahayat, ulah korupsi, ulah ngutamakeun
kapentingan urang deungeun, jeung ulah daék dijieun kékéséd ku nagara tatangga…
 
SÉKSA
Puguh baé, Pa Guru…  Mémang kudu kitu. Tah, ieu kakara guru ngaranana. Kakara bapa pisan,
hiji-hijina guru nu bisa nyambung diajak ngomong ku uing. Uing panuju pisan, Pa Guru. Uing
ogé ngadu’akeun muga-muga Pa Guru sing jadi Kadiknas, atawa… Mentri Pendidikan.
 
GURU ÉRWAN
Hadé, hadé… hadé pisan, geulis. Sanajan bapa masih kénéh guru honorér, tapi ari cita-cita mah
mémang hayang jadi mentri…
 
SÉKSA
Tah… nu kieu ngaranana guru. Guru nu optimis, jajauheun kana lebay.
 
GURU ÉRWAN
Bapa amitan heula, geulis. Bisi kabeurangan ngajar…
21 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
 
SÉKSA
Mangga, bapa… sing salamet di jalanna…
 
GURU ÉRWAN NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN.
 
SÉKSA
Ajag, ari manéh kungsi maca buku Shu Ni Jing?
 
AJAG GIDEUG
 
SÉKSA
Seni permainan ranjang aya di dinya. Urang Tiongkok mémang hébat dina ngulik
paélmuan seks. Ari buku Kamasutra, manéh geus maca?

AJAG GIDEUG
 
SÉKSA
Ari manéh sok maca atawa tara sih? Maca téh penting, bebel. Komo manéh geus eureun
sakola, kuduna leuwih rajin maca, ngarah manéh punjul ku élmu. Jaman ayeuna mah kualitas
jalma téh diukurna ku élmu anu dipibogana, lain ku ijasahna. Cumah ijasah S-3 ogé ari teu
begug nanaon mah. Élmu nu penting mah, Ajag. Ku ayana élmu,  manéh bisa jadi jalma iman,
taqwa, jeung moal poho syukuran. 
 
AJAG
Séks, naha nu sok nangtung tengah peuting hareupeun jandéla téh, bet asa lain manéh? Tapi,
mun lain manéh, na saha atuh?
 
SÉKSA
Ih, dasar si bebel mah, kalah hayoh dipéngkolkeun kana jandéla. Déngékeun Ajag, uing can
bérés ngajelaskeun élmu. Jadi, akal manéh téh jadi sabangsaning jandéla keur asupna élmu.
Maca, mangrupa hiji usaha keur ngabuka jandéla manusa dina prosés transper élmu. Sabab,
dunya élmu mah lain dunya ngomong, tapi dunya maca. Manéh perelu maca Ajag. Baca
buku Shu Ni Jing! Baca buku Kamasutra! Ari… buku Radost Seksa, manéh geus maca?
 
AJAG GIDEUG
 
SÉKSA
Tah…. sarua éta mah uing gé can maca, teu ngarti basana. Tapi ari filmna mah geus ngadonlot
tina internét… mun teu salah judulna téh The Joy of Sex Radost Seksa.
 
AJAG
Séks, ari manéh henteu bisa ngomongkeun masalah séjén, iwal ti perkara Séks? Sigana
kahirupan manéh nu hédonis bakal leuwih resep mun dicaritakeun
 
SÉKSA
Kumaha? Dédéngéan téh uing disebut hédonis? Naha manéh bet boga anggapan siga kitu?
 
AJAG
Sabab manéh mah jalma beunghar. Biasana anu ditéangan ku jalma beunghar mah ukur
kasenangan wungkul lin?
 

22 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
SÉKSA
Henteu, Ajag! Seks ogé bisa dirasakeun ku jalma miskin. Jalma miskin jeung jalma beunghar,
taya salahna ngalakukeun hubungan seks, asal geus nyumponan sarat-saratna. Kaasup manéh
jeung uing ogé bisa waé ngalakukeun hubungan séks…

AJAG
Séks, manéh ulah nyarita nu lain-lain!
 
SÉKSA
Manéh ulah GR, Ajag. Uing ngan ukur nyebutkeun bisa. Na ceuk saha teu bisa? Masalahna uing
nu moal daék.
 
AJAG
Geus atuh ulah ngomongkeun waé urusan séks… sirah uing geus jangar.
 
SÉKSA
Angger manéh mah ari nyebut jangar téh sok bari mencrong ka uing. Cik atuh peupeuriheun
batur mah sigana geus bosen ngadéngékeun uing ngomogkeun masalah séks téh. Kahayang
uing mah, manéh sing jadi pendengar setia uing. Unggal poé, uing rék nyaritakeun
perkara séks anu béda-béda
 
AJAG
Apan ceuk manéh ogé, séks  téh masalah pribadi?
 
SÉKSA
Puguh baé, tapi tetep perelu dicaritakeun. Manéh nyaho, ayeuna mah koran-koran geus nutup
rubrik konsultasi séks. Situs-situs kabeuki uing di internét ogé geus henteu bisa diaksés deui.
Katingali ku manéh ogé, baner anti-séks dipajang méakeun tempat di unggal parapatan. Uing
jadi bingung, ka saha uing nyaritakeun pasualan séks. Ukur ka manéh, Ajag. Ngan manéh nu
diharepkeun ku uing daék ngadéngé…
 
SAKEDAPAN TAYA NU NYARITA
 
AJAG
Séks… ari lalaki nu salawasna halabhab ku awéwé jeung mindeng gunta-ganti pamajikan,
padahal manéhna lain jalma beunghar, naha bisa diasupkeun kana golongan pelaku
kejahatan séks?
 
SÉKSA
Tah geuning, manéh mimiti kataji, nya? Uing sugema pisan ngadéngé manéh daék tatanya
urusan séks… Hayu ka imah uing, ngarah uing tumaninah ngajelaskeunana.
 
AJAG
Moal nanaon bapa manéh?
 
SÉKSA
Moal! Bapa uing gé ngadukung pisan uing kampanye pendidikan séks keur rumaja téh…
 
SÉKS NGENYANG LEUNGEUN AJAG, NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. MANG UJAY MOLOHOK
BARI NINGALIKEUN SÉKS JEUNG AJAG.
 
LAMPU PAREUM

23 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
ADEGAN VIII
 
 
WANCI TENGAH PEUTING. MANG UJAY KEUR BÉBÉRÉS WARUNG RÉK TUTUP.
AJAG DIUK DINA KORSI ROMBÉNG BARI NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR SÉKSA.
 
MANG UJAY
(BARI MELONG KA LEBAH JANDÉLA) Naha can aya nya? Sasarina mah wanci kieu ngajanteng
dina jandélana téh…
 
AJAG
Rék didagoan nepi ka jam sabaraha waé ogé. Manéhna pasti bakal aya…
 
MANG UJAY
Geus tunduh emang mah. Rék saré heula, Jang.
 
AJAG
Mangga, Mang…
 
AJAG ANTENG NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA. TEU LILA, SÉKSA DATANG TI
PIPIREUN WARUNG MANG UJAY. SÉKSA MAKÉ BAJU SING SARWA BODAS, NYEPENG FIGURA
POTO, LEUMPANG ANTARÉ NYAMPEURKEUN AJAG. SÉKSA LUNGGUH TIMPUH ANDALEMI.
 
AJAG
Séks…. Séks… naha bet kadieu? Apan biasana ogé di… di ditu…
 
SÉKSA
Mun teu salah titingalian, anjeun tatadi mula mencrong waé ka lebah jandéla. Saha ari anjeun?
Jeung naha bet mencrong baé kana jandéla kamar kuring?
 
AJAG
Séks… naha manéh bet nanya kitu? Apan urang téh geus nyobat?
 
SÉKSA
Séksa ngarang kuring. Séksa Arina. Ari ngaran anjeun saha? Kuring kakara ayeuna panggih
jeung anjeun.
 
AJAG
SÉKSA? Oh… ngaran manéh téh Séksa? Piraku manéh geus poho deui ka uing. Kakara ogé tadi
beurang apan urang ngobrol di tepas imah manéh. Uing Ajag. Sobat manéh téa.
 
SÉKSA
Ajag? Asa kungsi kadéngé ngaran anjeun téh. Tapi… ah, poho. Geus lila pisan sigana mah. Tapi
tina sikep jeung paroman anjeun, kuring yakin, anjeun lalaki nu bisa dipercaya. Anjeun
katingalina bisa jadi sobat kuring…

AJAG
Puguh wé atuh, Séksa… apan uing téh geus jadi sobat anjeun.
 
SÉKSA
Ajag, muga anjeun jadi hiji lalaki langit. Lalaki nu daék ngajénan kaum wanoja. Lalaki anu
hormat ka wanoja. Lalaki nu neuteup wanoja binarung kasucian.
 

24 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
AJAG
Maksud anjeun?
 
SÉKSA
(NÉMBONGKEUN FIGURA FOTO) Tingali ieu poto adi kuring, Ratna Saritem… nu ahirna
ngemasing pati dina umur ngora… alatan tigebrus kana pergaulan nu ngumbar kabébasan séks.
Adi kuring mémang salah, tapi kuring nu leuwih salah….
 
AJAG
Lebah mana salah anjeun téh, Séksa?
 
SÉKSA
(CEURIK) Kuring leuir teuing mépélingan adi. Kuring leuir teuing… kuring nu salah…. kuring nu
tara daék ngadéngékeun adi, lamun mangsana adi ngajak diskusi perkara séks… kuring harita
bet embung miroséa. Padahal… lamun kuring daék ngabandungan adi, tangtu adi téh moal
tibegrus leuwih jauh… masih bisa disalametkeun… moal nepi ka maotna…
 
AJAG
Maksud manéh… Ratna Saritem téh maot katarajang aids?
 
SÉKSA
Bener pisan, Ajag… bener… kuring nu salahna…
 
SÉKSA NYUUH DINA LAHUNAN AJAG.
 
AJAG
Nya… ari geus kitu mah, manéh kudu sabar, Séksa. Manéh kudu ihlas narima papastén ti Gusti…
 
 
SÉKSA
AJAG, tangtu baé kuring narima. Tapi… kuring geus buleud patékadan, rék neuleuman
élmuning séks. Kuring hayang jadi séksolog. Kuring rék ngémbarkeun yén pendidikan séks
pikeun rumaja téh kalintang pentingna. Kuring rék kampanye pendidikan séks…
 
AJAG
Hadé pisan pamaksudan téh, Séksa…
 
 
SÉKSA
Anjeun daék jadi sobat kuring? Anjeun daék jadi gaganti adi kuring, ngabaturan kuring salilana?
 
AJAG
Daék, Séksa.
 
SÉKSA
Anjeun moal ninggakeun kuring?
 
AJAG
Moal.
 
SÉKSA
Anjeun moal maot… alatan aids?
 
AJAG
25 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
Moal!
 
SÉKSA
Nuhun, Ajag … kuring reugreug boga sobat siga anjeun…
 
DATANG SARIP JEUNG IMRON, NYAMPEURKEUN SÉKSA.
 
SARIP
Séksa…
 
SÉKSA
Éh, bapa… kumaha buku-buku pesenan Séksa téh? Buku Pendidikan Séks Remaja, Shu Ni
Jing, Kamasutra, Radost Séksa…
 
SARIP
Sadayana atos dipésér ku bapa. Hayu geura, urang baca…
 
SÉKSA
Hayu, Pa… badé ditamatkeun sawengi… (KA AJAG) Jag, peuting isukan urang ngobrol deui…
 
AJAG
Didagoan ku uing, Séksa…
 
SARIP JEUNG SÉKSA NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. IMRON NYAMPEURKEUN AJAG.
 
IMRON
AJAG, nuhun pisan geus daék sosobatan jeung Séksa. Sabenerna… otak Séksa téh kaganggu.
 
AJAG
Kumaha maksadna?

IMRON
Harita… Séksa kanyenyerian pisan sanggeus adina tilar dunya. Séksa boga tékad hayang jadi
séksolog. Sapeuting jeput manéhna macaan buku-buku ngeunaan séks. Tapi sanggeus bérés
dibaca, manéhna kalah luncat tina jandéla imah lanté dua. Séksa geger otak. Ingetanna jadi
kaganggu. Lamun wanci beurang, manéhna maké saragam sakola, tuluy leuleumpangan
kamana karep bari nyaritakeun pasualan séks. Tapi dina wanci tengah peuting, manéhna
néangan poto adina, tuluy dibawa ka deukeut jandéla kamar, diteuteup bari nginghak tug nepi
ka wanci Subuh.
 
AJAG
Séksa téh katarajang panyakit Goldfield Syndrome? Ingetanna jadi pondok?
 
IMRON
Panyakit siga kitu mah ukur aya dina film 50 First Dates. Séksa henteu parna teuing siga tokoh
Lucy dina éta film. Buktina, Séksa henteu poho ka anjeun. Unggal poé, Séksa bisa ngobrol jeung
anjeun.
 
AJAG
Tapi… bieu mah Séksa teu wanoheun ka kuring…
 

IMRON
26 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
Séksa beurang jeung Séksa peuting mémang béda. Séksa siga boga kapribadian ganda, siga nu
boga dua dunya. Lebah dieu kaanéhan gangguan otak jeung gangguan jiwa anu tumiba ka
Séksa.
 
AJAG
Naon maksudna Séksa diajak pindah kadieu? Naha éta mangrupa usaha keur nyageurkeun
Séksa?
 
IMRON
Kieu, Ajag … ku lantaran ngarasa melang, bapana Séksa ngahaja néangan tempat anyar tur
milih didieu. Ari didieu mah rada anggang ti diskotik jeung tempat hura-hura para rumaja.
Sanajan kitu, kuring tetep nalingakeun Séksa dimana waé jeung kamana waé manéhna indit.
 
AJAG
Jadi… anjeun téh pengawalna Séksa?
 
IMRON
Enya, kuring meunang pancén ti bapana pikeun ngajaga kasalametan Séksa. Ku kituna, kuring
nganuhunkeun ka anjeun, Ajag. Lantaran sanggeus wanoh jeung anjeun, Séksa tara lunta jauh ti
dieu. Sajabana ti éta, ingetan Séksa ogé geus loba kamajuan. Ayeuna Séksa geus henteu nolak
deui pikeun diajak ka Amérika.
 
AJAG
Ka Amérika? Naha diajak ka Amérika?
 
IMRON
Séksa rék dirawat di klinik gangguan otak nepi ka bener-bener cageur. Peuting ieu kénéh… boa
ayeuna geus indit kétang…
 
AJAG
Sabaraha lila kira-kirana Séksa diubaran di Amérika?
 
IMRON
Teu apal, Ajag. Bisa saminggu, bisa sataun, bisa sapuluh taun, malah bisa baé salilana…
 
AJAG
Naha bapana Séksa mani teu ngabéjaan kuring? Padahal kuring geus jangji, moal jauh ti Séksa.
Kuring geus kedal jangji, bakal maturan Séksa salawasna. Séksaaa…!
 
IMRON
Bapana Séksa jalma sibuk, anggota DPRRI. Moal bogaeun waktu keur ngobrol jeung anjeun.
 
AJAG
Teu kaharti… wakil rakyat nepi ka henteu boga waktu pikeun rakyatna…. Kuring kudu
manggihan Séksa! Séksaaa…! Séksa….! Séksaaaa…!!
 
AJAG LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN BARI NYAMBAT NGARAN SÉKSA.
 
IMRON
Geus indit sigana mah, Ajag!
 
RANI DATANG RURUSUHAN BARI NGAJINGJING SELOP, LANGSUNG ASUP KA JERO IMAH. TEU
LILA SUHADI DATANG BARI NGAMANG-NGAMANG RANCATAN.
SUHADI
27 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
Dasar awéwé tukang rucah! Indit ayeuna kénéh ti imah aing! (KA IMRON) Mana Si Malik?
Dipodaran ku aing ayeuna kénéh. Mana Si Malik?!
 
IMRON
Du…. duka… Kang…. teu kenal abdi mah….
 
SUHADI
Montong api-api siah! Hayoh. Tuduhkeun dimana Si Malik ngancikna? Manéh sok babarengan
ngopi di Warung Si Ujay!
 
IMRON
(BARI LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN) Ampuuun… teu terang Kaaang… teu
terang…. ampuuun….

RANI KALUAR TI JERO IMAH BARI NGAJINGJING KOPER.


 
SUHADI
Indit siah!
 
RANI
Muhun, badé pan ieu ogé Kang… mangga permios….

SUHADI
Buru! Bisi kaburu dibabuk! Awas mun wani-wani ngagubug blackberry!
 
RANI
Mangga, Kang… mangga…. henteu… blackberry mah disimpen di luhur méja…
 
RANI LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. SUHADI NGABALANGKEUN RANCATAN,
TULUY DIUK DINA KORSI ROMBÉNG, MALIK KA LEBAH JANDÉLA IMAH SÉKSA. SUHADI
NGAHERUK BARI KANYENYERIAN.
 
TEU LILA, AJAG DATANG, LEUMPANG BANGUN LANGLAYEUSEUN.
 
AJAG
Tos teu aya ayeuna mah, Pa..  tos angkat tebih pisan.
 
SUHADI
Enya, geus indit, Ajag. Keun baé lah, isukan ogé bakal aya indung manéh nu anyar.
 
AJAG ASUP KA JERO IMAH.
SUHADI CENGKAT, TAPI NGAGUBRAG DEUI KANA URUTNA. SUHADI SAKARAT, SARTA
NGEMASING PATI DINA KAAYAAN POSISI DIUK.
AJAG KALUAR TI JERO IMAH, MAKÉ DUDUKUY. TULUY MALIK KA SUHADI, BARI TUNGKUL.
 
AJAG
Hapunten sagala rupi kalepatan abdi salami ieu, Pa. Ti kawit dinten ieu, abdi badé nurut ka
bapa. Abdi moal ngiringan késting deui. Abdi badé icalan mié ték-ték waé. Nanging… abdi
nuhunkeun widi, Pa… abdi tetep hoyong sakola. Sawios wengina abdi icalan mie ték-ték, asal
énjingna abdi sakola. Mugi bapa ngawidian… abdi hoyong sakola…
 
AJAG NYUUH KANA SUKU SUHADI. TAPI AWAK SUHADI OYAG KABÉH. AJAG REUWAS. TULUY
MARIKSA KAAYAAN SUHADI. AJAG KAKARA SADAR YÉN SUHADI GEUS TILAR DUNYA. AJAG
CEURIK NGAGUKGUK.
28 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a
 
AJAG
Bapaaa…. bapaaa…. Innalillahi wa inna ilaihi rozi’un….
 
AJAG NGARANGKUL LAYON SUHADI.
 
AJAG
Bapaaa… hapunten abdi, Paaa….
 
O.S. SÉKSA
Ajag, apan anjeun ogé nitah sabar ka kuring sanggeusna kuring kaleungitan adi nu dipicinta.
Sing ihlas Ajag … kaleungitan jalma nu dipicinta téh mangrupa pangorbanan hakiki…
 
AJAG
Séksaaa….! Séksaaa….! Séksaaa….!
 
AJAG LULUMPATAN KADITU-KADIEU BARI NYAMBAT NGARAN SÉKSA. NEPI KA AHIRNA AJAG
NYUUH DINA TANEUH.
 
LAMPU PAREUM DIPIRIG LAGU:
 
Nun Gusti Nu Maha Asih
Mundut widi abdi seja susuci
Sumujud nundung laku lampah salah
Sumerah salaksa bayah
Dina amparan sajadah
Panggugah hidayah
Ka Anjeun masrahkeun diri
Nyanggakeun sadaya-daya
 
Galindeng kalam Ilahi
Ti saban munara masjid
Meupeus simpé wanci janari
Ngageuing ati
Ngahudang rasa rumasa
Diri anu lamokot ku dosa
Sadrah mundut pangampura Gusti
Tina sagala lampah nu salah
 
Duh Gusti Robbul Izati
Mugi Gusti nampi tobatna abdi
Detik ieu seja ngubur tapak diri
Nu tos hilap ka temah wadi
Nu teu tumut ka Nu Agung
Ampun, Gusti...
 
 
 
RÉNGSÉ
 
Ranggon Panyileunkan, 21 Ramadhan 1431 H

29 | SÉKSA : D h i p a G a l u h P u r b a

You might also like