You are on page 1of 10

Naskah Drama Basa Sunda – Cilamaya

KAPEUREUMPEUNAN
KARYA : HDK

PAMAÉN :

MÉLI

( Wanoja kurang leuwih 18 taun, Siwi SMA kelas 11/12 )

HÉNDRI

( Lalaki kurang leuwih 18 taun, Siswa SMA kelas 11/12 )

ENDANG

( Lalaki kurang leuwih 18 taun, Siswa SMA kelas 11/12 )

HÉRMAN

( Lalaki kurang leuwih 42 – 49 taun, Pajabat )

POLISI 1

( Lalaki kurang leuwih 40 – 45 taun )

POLISI 2

( Lalaki kurang leuwih 36 – 40 taun )


Naskah Drama Sunda - Cilamaya

KAPEUREUMPEUNAN
Karya : HDK

Séting panggung taman Gedong Olah Raga (GOR) kota nu sering di anggé nongkrong
barudak ngora. Korsi taman ngajajar di nyiuhan ku tangkal caringin badag nu umurna kolot
pas lebah tengah panggung.

BABAK HIJI
Wanci beurang mapag soré di taman GOR kota katempo barudak sakola maraké saragam
sakola silih liwat bari nyaroo gadget sewang sewangan. Aktivitasna béda béda, aya nu
ulinan gadgét, aya nu pacaran, aya nu sakur ngiuh calik di korsi jeung sajabana kalakuan
barudak ayeuna.

Hiji wanoja geulis maraké saragam sakola anu katempona keur nungguan jalmi. Teu lila jol
lalaki paruh baya, dedegana gagah di mamanis ku kumis tipis. Pakéana rapih bari culak
cileuk jiga nu milarian jalmi.

HÉRMAN : méli?
MÉLI : muhun… (bingung) saha nya?
HÉRMAN : (nyodorkeun tangan) hérman…
MÉLI : om hérman?
HÉRMAN : enya… tos lila nungguan?
MÉLI : ah nteu om… nembé pisan balik sakola… apan ayeuna mah fullday
school om… jam tilu téh kakarak balik sakola…
HÉRMAN : oh kitu..?! hayu atuh urang mangkat ayeuna bisi kapeutingan…
MÉLI : muhun om hayu…!

Méli jeung Herman mangkat.

Black Out

Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |1


BABAK DUA
Wanci isuk di di taman atanapi alun-alun kota katempo budak lalaki keur ngajlakatak teu
puguh laku bari narempoan HP. Salah sahiji baladna sibuk neuleuan HPna jongjon teu
kaganggu ku kalakuan baladna.

ENDANG : (ngajlakatak seuri) hahahaha… setres setres… hahahaha… koplok


pisan ieu budak hahahaha…. Dri? Bos?! Héndrii?!! Wuuuy!!!!
HÉNDRI : naon?!
ENDANG : kadieu bos!
HÉNDRI : aya naon sih… keur sibuk yeuh…
ENDANG : sok sibuk manéh bos… kadieu yeuh penting pisan sakeur urang urang
yeuh…
HÉNDRI : (ngadeukeutan) naon cing sok…!
ENDANG : tah status facebook ieu… “sakola téh asa geus teu puguh ti isuk jedur
nepi ka sore jedér belajar belajar jeung belajar” dihandapna téh
héstag korban fullday school hahahaha… lucu pan nya?
HÉNDRI : henteu…
ENDANG : yéh ari manéh bos teu peka pisan ih… apan urang téh milu
ekstrakurikuler téater disakola… salah sahiji manfaatna téh nyaéta
peka ku naon baé kajadian nu disabudeureun urang bos…
HÉNDRI : émang nu mantak pikaseurieuna lebah mana?
ENDANG : ieu tah lamun budak kalobaan nempoan film batman téh… lila
konékna… pikirana sakur imajinasi awéwé geulis, montok, nu pasti
ba-he-nol (seuri)
HÉNDRI : brisik manéh téh… sok ayeuna urang nanya… émang dimana nu
mantak pikaseurieunana?
ENDANG : yeuh nya… menurut survey dilapangan… dan sudah melakukan
wawancara ka sababaraha sumber nu dipercaya… dengan data yang
valid… tujuh ti sapuluh siswa ngeluh kulantaran fullday school…
alasana klasik nyaéta teu boga waktos ulin nu panjang…
HÉNDRI : terus dimana lebah lucuna… garing nyaho…
ENDANG : masih teu paham paham ih… yeuh nya… lamun kuring mah atoh
atuh aya fullday school téh… kuring bisa ménta artos jajan leuwih ka

Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |2


kolot… kulantaran balikna nepi ka sore… jadi anggaran bolos jeung
manéh téh nambah meureun? Lucu pan nya?
HÉNDRI : henteu
ENDANG : seuri atuh lah… ngahargaan kuring… ieu keur ngabodor caritana téh
menghibur diri… mikiran sakola baémah lieur loba PR jeung tugas
numpuk disakola téh… urang urang ogé butuh hiburan… seuri atuh
lah bos please…!
HÉNDRI : (seuri dipaksa) tah enggeus…

Méli asup gék diuk di salah sahiji korsi di taman éta. Paromna katempo jiga nu loba
pikiraneun. Endang jeung Hendri can sadar aya jelma nu datang.

ENDANG : bos… ari manéh tadi nempo hp mani serius téh keur lalajo naon sih?
Film batman nya?
HÉNDRI : yeuh (nempokeun hp na) tempo ku manéh… jaman téh geus édan
euy… ayeuna barudak sakola ogé masang tarip di medsos euy…
ENDANG : tarip naon bos? (bingung bego)
HÉNDRI : tarip listrik!!! Ari manéh tah tempo!! Prostitusi online…

Méli reuwas balik melong nempokeun ending jeung hendri.

MÉLI : ehem…

Endang jeung hendri teu malirékeun méli. Tuluy ngobrol deui.

ENDANG : nga…jang…gol bos?!


HÉNDRI : hus ntong tarik teuing ah…
MÉLI : ehem!!!
ENDANG : woooow ada ceéw bos…
HÉNDRI : naon ceéw téh?
ENDANG : cewé bos… harim!! Urang kenalan ah…
HÉNDRI : héh dimana mana ogé bos heula atuh ari manéh… ieu jatah bos!!!
(ngadeukeutan meli)
ENDANG : ari nu hérang méncrang kitu giliran bos… ari urang iraha?!
Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |3
HÉNDRI : cicing manéh ah (ka endang)… ehem (ka meli) sorangan baé néng?
Boléh aa temenin?
MELI : naon sih ah…
HÉNDRI : nami aa hendri (nyodorkeun tangan)
MÉLI : (cicing)
ENDANG : hajar bos!!!
HÉNDRI : (ka endang) modar murun di hajar mah! cicing ieu obos keur usaha
yeuh… doakeun nya… (ka meli) neng saha ngaran téh?
MÉLI : kepo!!
HÉNDRI : (ka endang) dang… ngarana enéng képo uy…
ENDANG : (seuri garing) lucu bos… bisa ngabodor ogé…

Teu lila Hérman datang.

HÉRMAN : aya naon ieu?


HÉNDRI : (gagap geumpeur) eu… eu eta kang urang mah di titah si éta (nunjuk
ka endang)
ENDANG : naha ka urang sih ih… (geumpeur)
HÉRMAN : teu nanaon néng?
MÉLI : teu om…
HÉRMAN : hayu urang mangkat…
MÉLI : hayu om…

Méli jeung om hérman indit ninggalkeun endang jeung hendri.

ENDANG : om télolét om (seuri)… sieun nya? (nyiringis) hayooo geumpeur nya?


HÉNDRI : cicing manéh…
ENDANG : kéla bos… ieu aya nu ganjil yeuh… tadi kira kira sahana nya?
Manggilna om… apa mamangna kitu nya? Tapi asa wawuh urang ka
om tadi uy… éta kan pajabat téa nya?
HÉNDRI : manéh ntong hayang nyaho urusan batur dang… arék éta mamangna
sugan, kolotna sugan, pacarna sugan, présiden republik indonésia
sugan keun baé atuh masing masing étamah…

Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |4


ENDANG : lain kitu bos… pan tadi bos némbongkeun situs prostitusi online
pelajar téa… tah sugan wéh tadi termasuk euy…
HÉNDRI : geus ah… ngomong téh Kamana karep manéh mah… fitnah étatéh
euy… can aya bukti… geus ah ieu geus beurang… urang pindah
tempat bolos nu rada indehoy… ngarah pikiran urang tentrem…
hayu sakalian urang néang dahar…
ENDANG : tarifna sabaraha nya?
HÉNDRI : endang!!! Geus hayu!!!

Endang jeung hendri mangkat néang tempat dahar. Endang masih kénéh ngahuleng mikiran
kajadian tadi bari leumpang.

Blackout

BABAK TILU
Wanci peuting jam dalapan meli katempo diuk di korsi taman GOR kota. Paromna jiga nu
nahan kasedih, kapeurih, rambisakan cai mata ceurik.

MÉLI : (ceurik) gusti… kedah kumaha ieu abdi nungkulanana… ieu pasualan
sakieu beuratna… kudu carita ka saha?!... naha bet jadi kieu gusti…

Teu lila hendri jeung endang datang.

OS. HÉNDRI : malam minggu téh asa kareueung kieu nya? Pada kamarana cabé-
cabéan téh… geus pada di angkut kitu?!
OS. ENDANG : embé sugan diangkut bos (seuri)
HÉNDRI : (reuwas) kéla brow… éta awéwé pan nya?
ENDANG : mana?!
HÉNDRI : éta keur diuk…
ENDANG : ari ka awéwé mah panon téh asa aya sinyalna nya… arapaleun wéh
kajeun peuting ogé…
HÉNDRI : geus ayeuna manéh cicing diuk di ditu… urang rék sampeurkeun éta
awéwé… sugan peuting ieu urang hasil… moal jomblo deui…
ENDANG : ari giliran urang iraha bos…
Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |5
HÉNDRI : dimana mana ogé bos heula atuh ari urusan kieu mah…
ENDANG : nasib nasib… (gék diuk na korsi bari ngaluarkeun HP)
HÉNDRI : (ngadeukeutan meli) néng?
MELI : (reuwas langsung nyusut cimata)
HÉNDRI : kéla urang pernah ketemu nya? ayeuna amprok deui geuning…?!
Jodoh jiganamah… tapi kéla.. néng téh ceurik?... waduh… kunaon
néng bilih aya nu badé di caritakeun mah mangga… sok carita ka
urang… sugan bisa nyieun haté néng tenang… sagala masalah pasti
aya jalan kaluarna néng…

Endang ongkoh-ongkoh ulinan hp na. meli kalahkah ceurik.

HÉNDRI : aduh kumaha ieu euy… néng menggeus atuh ulah ceurik… bisi aya
nu nempoeun pajarkeun dinanaonkeun ku urang… dang… endang
kumaha ieu uy… endang yih… tulungan urang ieu…
ENDANG : engké bos nanggung ieu berita penting…
HÉNDRI : yih ari manéh ieu leuwih penting nyaho…
ENDANG : moal gagal deui ieu mah berita téh… ieumah lain hoax… ieu
permasalahana… pasti ieu… moal gagal soalna mirip… inisial MI…
HÉNDRI : (ngadeukeutan endang) ari manéh keur naon… éta awéwé ceurik
teuing kunaon éta endang…
ENDANG : sakedap bos… jigana urang apal permasalahan manéhna…
(ngadeukeutan meli) ari ngaran téh saha néng?
HÉNDRI : ari manéh waras?! Éta jelma keur ceurik ditanyaan ngaran…
ENDANG : (ka hendri) tenang bos cicing tempokeun diditu… (ka meli) me-li-in-
dri-ya-ni lain?
MÉLI : (melong ka endang) naha apal ngaran kuring?
ENDANG : jadi bener manéh meli indriyani budak SMK 107 nya?!
MÉLI : nya… naha manéh apal?
ENDANG : (ngadeukeutan hendri) bos jelas ieumah… ieu permasalahana kunaon
manéhna ceurik (nembongkeun HP)
HÉNDRI : (reuwas) astagfirulloh… “seorang siswi SMK terjerat kasus prostitusi
online. Inisialna MI. serta foto bugil bersama salah satu pejabat
tersebar di dunia maya”… karunya teuing…
Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |6
Héndri gék diuk gigireun meli.

HÉNDRI : meli sing sabarnya?! Ieu cobaan mel… sabar nya…


MÉLI : (seuri bari ceurik) sabar… foto bugil kuring tersebar di medsos
manéh ngomong sabar?! Manéh teu ngarasakeun jadi kuring…
kumaha beuratna nu kudu dirandapan ku kuring… ari manéh boga
haté nteu hah?!!!
HÉNDRI : tenang heula tong waka maké nafsu néng… kulantaran urang boga
haté urang daék diuk didieu maturan… sok cobi caritakeun kumaha
juntrungna…
MÉLI : manéh daék ngadengekeun kuring…?
HÉNDRI : enya sok kumaha?
MÉLI : kuring nyesel ayeuna… kuring geus salah asup kana pergaulan anu
teu bener… kuring kudu nanggung akibatna ayeuna… kelas salapan
SMP geus leungit parawan kuring lantaran di cekok eksimer jeung
dekstro ku barudak SMA lantaran barolos bareng… kuring di ancem
lamun bebeja ka nu lian kuring bakal di kumaha kumahakeun…
kelas sapuluh SMA geus teu apal sabaraha kali kudu saré jeung
barudak lalaki kulantaran mabok bareng… (ceurik ngadingdiyut)
kelas sabelas SMA kuring asup kadunia prostitusi online kulantaran
pangabutuh jeung biaya sakola bari jeung nyumponan gaya hidup di
jaman nu mémang nuntut urang kudu hidup méwah… ayeuna kuring
kudu nanggung akibatna…
HÉNDRI : punten sateuacana… tapi di dinya menikmati hasil prostitusi éta?
MÉLI : kuring kapaksa… mémang kuring sempet mikir rék ereun… tapi
lamun kitu kuring moal dahar, moal sakola… kuring ogé hayang
hirup jiga batur… normal… tapi lamun teu kitu kuring bakal jadi
naon?
HÉNDRI : tapi (cicing) émang kudu éta jalana?
MÉLI : (ambek) kuring ogé hayang jiga manéh (nunjuk ka hendri)… manéh
(ka endang) jeung barudak awéwé nu kacumponan lahir batina ku
kaluarga.. perhatian,kanyaah, kuring teu pernah ngarasakeun…
timimiti indung jeung bapak kuring cerai hirup kuring geus robah…
nepika indung teu aya tilar kulantaran sakit sakitan waé saprak pisah
Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |7
jeung bapak… si manusia nu disebut bapak kuring éta nepi ka
ayeuna teu apal dimana manéhna… kuring broken home… mantak
kuring milih jalan kieu… kusabab kuring hayang neruskeun sakola…
ENDANG : tapi tetep cara manéh kurang tepat nyanghareupan kaayaan…
HÉNDRI : beurat nya… ari ayeuna cicing jeung saha?
MÉLI : nini… manéhna hungkul nu tersisa di hirup kuring… manéhna geus
kolot geus teu bisa nanaon…

Teu lila jelma duaan marake seragam polisi datang.

POLISI : selamat malam… sekarang ikut kami ke kantor (ka meli)


MÉLI : aya naoan ieu pa?!
ENDANG : engké heula pa polisi… ieu ntong asal tangkap waé…
HÉNDRI : enya ieu aya surat penangkapanna nteu pak?
POLISI 2 : tah ieu suratna… budak awéwé ieu geus dijadikeun tersangka
pelanggaran undang undang ITE no.11 tahun 2008 dengan ancaman
pelanggaran kesusilaan pasal 27 ayat(1) UU ITE jeung prostitusi
online
ENDANG : ieumah korban pa!!!
POLISI 1 : untuk tindak lanjut akan kami proses dikantor polisi…
HÉNDRI : tapi pa?!
POLISI 2 : manéh hayang sakalian dibawa ka kantor polisi lantaran ngahalangan
tugas polisi?! Apa manéh ogé terkait kasus prostitusi online?!
MÉLI : kéla pa… maranéhna duaan teu aya sangkut pautna… kuring ménta
waktu sakedap… (ka endang jeung hendri) hatur nuhun maranéh tos
ngadéngé carita kuring… hiji deui… béjakeun ka awéwé kabéh…
ieu kajadian nu keur karandapan ku kuring cukup kuring nu
ngarasakeun… ieu carita sing jadi pelajaran pikeun awéwé kabéh…
jadi awéwé kudu bisa ngajaga kahormatana… kudu pinter gaul… nu
pasti entong kapeureumpeunan ku hingar bingarna pergaulan bébas
numantak nyilakakeun… nu terahir kanggé lalaki tulung jaga
kahormatan awéwé lantaran indung manéh ogé awéwé… (ka polisi)
mangga pa ayeuna kuring pasrah…

Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |8


Hendri jeung Endang teu bisa ngomong nanaon. Polisi mawa meli indit ka kantor polisi.

ENDANG : karunya teuing nya éta awéwé… émang saha nu ngalaporkeunana…


geus puguh manéhnamah korban ieu téh…
HÉNDRI : geus nu kararitumah lain di ranah urang… ayeunamah urang tulungan
si méli…
ENDANG : kumaha nulungana bos?!
HÉNDRI : ari manéh teu nyimak naon omongan méli tadi? Urang sampékeun
pesan méli tadi… bahwa urang urang téh entong nepika
kapeureumpeuman ku jaman nu geus édan… kudu bisa ngajaga diri,
ngajaga pergaulan bari ngajaga adat budaya nu aya di tempat
urang… di nagara urang… sempitna urang urang generasi ngora téh
kudu pinter ngigeulan jaman… ayeunamah urang balik… urang bisa
belajar ka kajadian ieu… jadikeun pelajaran sakeur kahirupan
kahareupna… hayu…

Hendri jeung endang indit. Nyésakeun korsi taman GOR nu jadi saksi bisu carita.

Fadeout

Réngsé
Cilamaya Kulon,, 25Mei 2017
23.25 WIB

Naskah Drama Basa Sunda_Cilamaya_Kapeureumpeunan_Karya : HDK |9

You might also like