You are on page 1of 11

Naskah Drama Basa Sunda – Cilamaya

BALÉBAT
( Hiji Kisah - Kampung Bégal )
Karya : HDK

PAMAÉN :

ELA : Wanoja kurang-leuwih 18 taun, sakola SMA kelas 3

TUTI : Wanoja kurang-leuwih 16 taun, sakola SMA kelas 1

MANG KARTA : Lalaki Kurang-leuwih 42 taun, Bapana Tuti

JAMAL : Lalaki kurang leuwih 42 taun, bapana ela

POLISI : Lalaki kurang leuwih 30-35 taun

JELEMA : Bébas arék baraha baé jumlahna, umurna jeung sajabana bébas.
Naskah Drama Basa Sunda - Cilamaya
BALÉBAT
( hiji kisah kampung begal )
Ku : HDK

Séting panggung kabagi kana tilu bagian. Belah kénca tepas imah gedong sigrong
nyanghareup ka tuhu. Beulah tuhu korsi sedeng dihandapeun tangkal caringin. Nyanghareup
ka payun. Di tengah, imah sederhana nu katempona geus rada heubeul.

BABAK HIJI
Wanci soré mapag peuting kadéngé sora azdan silih tépas. Mang karta kaluar ti imah nu aya
di tengah bari pupujian.

MANG KARTA : Éling éling umat//Muslimin muslimat//Hayu urang berjamaah sholat


magrib//Tangtu kawajiban//Keur urang di dunya//Kanggé
pibeukeulan//Urang bagja di ahérat.
O.S TUTI : Ari bapa… pupujian mah mani tarik… tapi sholatnamah tara…
MANG KARTA : Aéh!! cicing manéh téh tuti…!! nyapruk téh kamana karep geuning
manéh mah…
TUTI : ( kaluar ti imah ) Yeuh pa… pupujian étatéh pangémut urang pak…
tah bahwa ayeuna geus asup waktuna sholat magrib… lain pipilueun
pupujian mani sakitu tarikna, tapi sholatnamah henteu…
MANG KARTA : Gandéng tuti ah…!! yeuh ari masalah ibadah mah kumaha niat tut…
lamun urang urang ibadah kulantaran kapaksa, atanapi dipaksa,
étatéh geus nguragan pahala urang urang… jadi mending ayeunamah
tuti anak bapak nu geulis téh, asup ka jero langsung kadapur, tah
pang ninyuhkeun bapak kopi hideung cap kapal seuneu…
TUTI : Engké deuh… masih capé kénéh pak…
MANG KARTA : Astagfirulloh tuti ari manéh téh waras? Di titah ku kolot malah kitu
jawabna…
TUTI : Apanan bapak nu mapagahan tuti nyarios kitu…
MANG KARTA : Iraha bapak magahana ?!

Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 1


TUTI : Idiiih ari bapak… api api poho… apan ti umur genep tahun ogé tuti
mah geus di tinggalkeun ku emak ka Taiwan… nepi ka ayeuna kelas
hiji SMA, hirup duaan jeung bapak nu sapopoé ari ngomong nyapruk
kamana karep… budakmah da kumaha kolot ngadidikna… hayo
ngaku nteu pak… hayo ngaku hayo ngaku (bari nyiringis)
MANG KARTA : Malah jadi nyalahkeun bapak ari maneh téh…geus ah entong
ngabahas kos kararitu geura pang ninyuhkeun kopi…bapak hayang
ngopi… jug ka jero…
TUTI : Kéla pak… ari emak iraha balikna sih? Mani betah cicing di luar
nagri… émang di dieu téh teu aya padamelan kitu?
MANG KARTA : Yeuh néng tuti anak bapak anu bageur… urang téh jelema leutik…
jelema malarat… sakola ogé ukur nepi ka SD… arék gawé naon di
dieu? Geus puguh nu sarjana ogé, hésé néangan pagawéan téh…
ngomongna percuma sakola sarjana ogé, ijasah di dieumah teu ka
paké… tah siga si endang, si hendri sarua… mantak indung manéh
kerja di luar negri… leuwih dihargaan tanagana…
TUTI : Heueuh sih pak… di nagara sorangan mah hésé néang pagawéan
téh… sakalina aya ogé kudu maké calo… terus mayar deui…
MANG KARTA : Tah mantak éta alesanana… kin ogé tuti ngalaman kumaha
memperjuangkeun hirup téh…
TUTI : Pa meuli HP atuh lah nu anyar… nu aya poto di hareupna téa… ieu
HP tuti mah masih tulalit kénéh (némbongkeun HP jadul)
ketinggalan jaman pisan pa?!
MANG KARTA : Sarua baé HP tuti…! nu penting mah bisa SMS bisa ogé nelpon. Tah
éta kegunaan HP saéstuna…
TUTI : Apan emak téh sering ngirim pa? pan gajihna gedé di Taiwan mah…
bapak ogé nyawah… meuli atuh pa ih…
MANG KARTA : Tibang sawah dua petak baé tut… Biaya sakola manéh ogé lieur
tuti… ieu kalahkah méméntaan HP sagala…. ké lah kedeung deui
panén bapak meulikeun HP nu aya kulkasna…
TUTI : Tah kitu atuh pa… éta nembé bapak tuti sing tersayang… tapi kéla pa
maenya HP aya kulkasan sagala… ah bapa mah ngaco… ke
tungguan tuti damel kopi kanggé bapak… (reuwas nempo ela)
nembé uwih téh…
Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 2
Ela nu titadi dengekeun obrolan mang karta sareng tuti. Paromna sedih pisan asa hayang
nangis tapi ditahan. Unggek kana pertanyyaan tuti tuluy asup ka jero imah nu belah kénca.
Tuti asup kajero imahna.
Dijero imah ela, kadéngé sora lalaki nyarékan tarik pisan népi kadéngé kaluar.
OS. JAMAL : Mana duitna kadieu ?!
OS. ELA : Teu aya pa!!
OS. JAMAL : Koplok manéh nya… aing nitah manéh kerja ngahasilkeun duit… sia
teu kerja hah?!!
OS. ELA : Tos atuh pa… ela cape kerja kos kieu… ela rék enggeusan baé…
OS. JAMAL : Ari manéh… lamun teu kerja rék badog naon hah… mana kadieu
dompét manéh…
OS. ELA : Ntong pa… entong… éta keur mayar ujian pak…
Tuti kaluar imah mawa kopi bari nempokeun imah ela. Silih pateuteup tuti jeung mang karta
bingung. Teu lila jamal kaluar imah bari poporongos paromna. Leungeuna ngitungan duit.
JAMAL : Manéh kudu kerja deui isukan!!! Aing teu hayang nyaho…
Tuti jeung mang karta nyelong ka lebah jamal. Teu lila jamal indit.
TUTI : Aya naon pak?
MANG KARTA : Biasa bapana téh éla ngomel ngomel deui…
TUTI : Karunya teuing pa si tétéh…
MANG KARTA : Geus lah entong pipilueun urusan batur tutimah…
TUTI : Siap pa… kela tadi saha si endang jeung si hendri teh pak?
MANG KARTA : Masih inget kénéh waé… Éta… baturana nu nulis naskah ieu… apan
sarjana kabéh… ribut wae ijasahna teu bisa dipake sagala… geus ah
kalahkah nyaritakeun batur… keun baé si hendrimah geus maén film
iyeuh…
Ngaleos bari mawa cai kopi kajero imah dituturkeun tuti
TUTI : Yéh bapak saha pa ih… tuti kepo yeuh…
OS MANG KARTA : Ulin ka karawang téangan nu ngaran endang jeung hendri tah sok…

Lampu pareum.

Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 3


BABAK KADUA
Katempo tuti keur sasapu di hareup imahna. Gutak gitek teu puguh laku bari tetembangan.
Teu lila ela kaluar imah nempo tuti paromna katempo seneng pisan.

ELA : Tuti?
TUTI : Éh si tétéh… aya naon téh?
ELA : Kadieu tut… Katempo téh mani bungah kitu…
TUTI : (ngadeukeutan) Ah nya kieu weh téh… menikmati hidup… (seuri)
ELA : Bisa waé tuti téh… urang mah hayang jiga tuti jeung mang karta…
katempona akur pisan… bapa jeung anak… teu jiga teteh jeung bapa
teteh…
TUTI : Ah malah tuti mah hayang jiga tétéh… masih sakola geus damel,
terus bisa meunang gajih… énak teh…
Ela cicing melong neteup ka tuti tuluy ngarénghap.
ELA : Teu sakabéh nu di tempo ngeunah, aslina ngeunah tut…
TUTI : Maksud tétéh?
ELA : Ah engké ogé tuti apal sorangan…
TUTI : Ari tétéh damel naon sih … tuti milu atuh…
ELA : Haduh poho tétéh nuju ngagodog cai… ké di lanjut nya tuti…
Ela asup kajero imahna. Tuti ngalajeungkeun sasapu bari gutak gitek tuluy mang karta
kaluar bari mawa tangki semprot paragi nyemprot sawah.
MANG KARTA : Euleuh euleuh anak bapak mani gutak gitek kitu…
TUTI : Ieu nu ngarana menikmati pekerjaan pa… da nu ngarana kerja teh
kudu apal lebah mana seni na, tah kakarak bisa ngarasakeun kumaha
nikmatna bekerja…
MANG KARTA : Bisa waé ari ngomong manéh téh tut… da biasana ogé boro boro
gawé manéh téh… nu aya lamun libur sakola téh, sapopoé molor..
TUTI : (seuri) kitu nya pa? bapa rék nyemprot sawah pa?
MANG KARTA : Emang katempona rek naon… arék dugem?! Maenya dugem
mamawa téngki mah…
TUTI : Sugan pa ih…
MANG KARTA : Musim téh nuju berobah obah… ké panas ké hujan… kuduna musim
halodo, hujan teu eureun uereun… kuduna musim hujan, panas na
teu kabina bina…
Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 4
TUTI : Hubungana jeung sawah naon atuh pa…
MANG KARTA : Yeuh dengekeun manéh téh… ntong énak dahar sanguna baé… kudu
apal perjuangan petani téh, kos kumaha luar biasana… musim
kararieu téh menyebabkan virus betah di sawah… tah véktorna tina
wereng… tah si wereng téh resep musim kararieu tut…
TUTI : Haduh…bahasa bapa jiga professor, luar biasa…teu ngarti pa (seuri)
MANG KARTA : Intinamah kieu tut… petani kudu paham kana panca usaha tani…
TUTI : (ngahuleng bingung) Panca usaha tani…. Naon tah pa?
MANG KARTA : Dengekeun yeuh… nu pertama memilih bibit unggul… nu kadua
kudu di pupuk supaya séhat… nu katilu kudu bagus pengolahana…
nu ka opat kudu bener pengairana… nah nu terahir sagala hama kudu
di brantas… tah éta téh kudu maké D.U.I.T duuiit tut… mantak tuti
ntong jajan waé nya… lamun paréna alusmah kan meunang duitna
loba… nah urang urang téh kudu belajar ka paré… semakin luhur
semakin menunduk… tah jelema mah kudu kitu tut… ntong ka luhur
waé bisi leumpangna kasandung batu… (seuri)
TUTI : Aslina mah tuti teu ngarti naon nu di omongkeun ku bapa bieu… tapi
keren lah bapa tuti téh…
MANG KARTA : Geus ah bapa ka sawah heula… mun rék jajan tah duitna di luhur
méja… assalamualaikum…
Mang karta indit kasawah. Tuluy tuti asup kajero imah. Kadéngé ti jero imah ela sora jamal
tarik.
OS JAMAL : Ari manéh can mangkat baé hah?! Kaditu mangkat!!! Néang duit nu
loba!!!

Lampu Pareum.

BABAK TILU
Wanci peuting mang karta kaluar ti imah maké kaos bari sarung mawa hihid. Teu lila jamal
kaluar.

JAMAL : Ta… karta!


MANG KARTA : Naon?
JAMAL : Jam sabaraha ieu?
Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 5
MANG KARTA : Tabuh sapuluh
JAMAL : Poe naon ieu?
MANG KARTA : Poe kemis malam jumaah… aya naon manéh nanyaan kitu?!
JAMAL : Biasa lah arék operasi aya pesenan ti pelanggan…
MANG KARTA : Ari maneh moal insyaf insyaf mal…?
JAMAL : Insyaf? (seuri) émang lamun aing insyaf manéh arék maraban
kulawarga aing?
MANG KARTA : Lain kitu mal… se pinter pinterna bajing lucat aya labuhna mal…
JAMAL : Lamun labuh nya hudang deui atuh ah…
MANG KARTA : Dasar ari adat geus kakurung ku iga nya kitu… inget mal manéh boga
anak… lamun manéh kumaonam kumaha nasib anak manéh… geus
mah indungna maot alatan capé ka manéh…
MANG KARTA : Hirup hirup aing manéh nyaho naon?! Aing ogé lamun di nagara ieu
ngajamin pekerjaan sakur jelema malarat jeung bodo jiga aing jeung
manéh… aing rék ereun… apan pamaréntah mah atoheun sakur
kampanyé mun rék ngajabat deui… “mensejahterakan rakyat kecil..
maka pilihlah saya” podol serok lah… angger geus jadimah poho…
jeung deui lamun urang ereun… polisi ukur ngadahar gajih buta…
tah jadi saling menguntungkan pan?
MANG KARTA : Kumaha manéh wéh lah… nu jelas coba pikirkeun deui… moal
salawasna manéh bakal lolos ti polisi…
JAMAL : Nya enya duh… ké di pikiran lamun geus beunghar (seuri) Kela ieu
malam jumaah keliwon lain?
MANG KARTA : Pahing
JAMAL : Ah… alamat ieu mah… pahing téh goreng uy itung itunganana… tapi
ieu pesenan kudu dianteurkeun… ah moal jauh jauh ah… nu deukeut
béh di hareup alfamart ogé loba… geus ah… aing mangkat heula…
doakeun sing hasil hasil nya…
Jamal indit. Mangkarta ngagarutu tuluy asup ka jero imah.
MANG KARTA : Arék maling baé sagala itung itungan lah… bari jeung ménta di
doakeun sing hasil hasil… mudah mudahan manéh jamal katewak
polisi…
Mang karta asup kajero imah. Teu lila ela katempo sedih paromna nahan ci mata. Gek diuk
dina korsi handapeun tangkal caringin.
Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 6
ELA : Duh gusti beurat beurat teuing jalan hirup téh… (muka kempék
ngaluarkeun kertas di baca tuluy nangkeup bari ceurik) ieu siksaan
kudu dialaman ku kuring… piraku tespéck ieu salah?! Asa teu
percaya… ambu naha ambu ninggalkeun ela… ela kangen ka
ambu… ela bingung kudu kumaha… mun ambu masih aya mah
meureun ela teh moal jiga kieu… ela reuneuh bu…(ceurik
ngadingdiut) ela teu apal saha bapana… ieu alatan si bapak bu…
bapa nu geus ngajual ela jadi pelacur bu… ela geus ngalayanan loba
lalaki hidung belang… kedah kumaha ieu gusti…
Ela ceurik nepi kacapena tuluy sare dina korsi. Teu lila mang karta kaluar bari mawa senter
jeung pedang. Rupanamah rek ngobor beurit di sawah.
MANG KARTA : Bapa angkat nya tut… konci wéh pantone… moal lila bapa ogé balik
deui da… geura sare manéh téh… geus rék subuh
OS TUTI : Mun lila nya paling ka warungna rangda Taiwan téa lah moal gagal…
MANG KARTA : His ah sok nyahoanan da maneh mah… (kagét nempo ela di korsi)
astagfirulloh jurig!!! Kéla ieu mah si ela geuning… naha bet saré di
dieu budak téh… tuti kadieu geura…
Tuti kaluar nyampeurkeun mang karta
TUTI : Aya naon pa?
MANG KARTA : Tah!! (nunjuk si ela)
TUTI : Teh ela?
MANG KARTA : Lain ieumah tangkal cau… ari manéh na teu maké panon nempo téh?
Nya ieu ela… coba geura hudangkeun karunya…
Tuti nyoba ngahudangkeun ela. Awakna panas bari rada ngadaregdeg. Tuti nempo aya
tespéck dihandapeun ela tuluy dicokot.
TUTI : Panas pa awakna… ieu naon pa…(merekuen tespéck ka mang karta)
MANG KARTA : MasyaAllah… ieu tespéck paragi ngetés kehamilan… ieu positif
tuti… ela téh reuneh… Karunya teuing budak téh… geus ayeuna tuti
coba hudangkeun…
Ela kahudangkeun ku sora tuti jeung mang karta tuluy ceurik nempo tespeck geus aya di
leungeun mang karta.
ELA : Mang karta, tuti…(ceurik) jadi mang karta jeung tuti geus apal nya…
TUTI : (nangkeup ela) Sing sabar téh… ntong keueung aya tuti…
MANG KARTA : Ieu pasti kalakuan bapak maneh nya?
Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 7
ELA : Mang karta apal?
MANG KARTA : Nya amang apal kusabab aya kana tilu poe mah, aya jelema datang
kadieu nanyakeun si jamal… tuluy nyaritakeun kabéh… termasuk
(cicing) punten… ela jadi pelacur…
TUTI : Bapak!!! Ngomong naon sih… sembarangan!!
ELA : Mang karta ngomong bener tut… tétéh di jual jadi pelacur…
TUTI : Masya Allah… sing sabar téh…
ELA : Kuring kedah kumaha mang? kuring geus nyieun dosa sakieu
gedéna…
MANG KARTA : Haduh kumaha atuh néng… saran mamang mah entong nepikeun éta
budak di gugurkeun… éta titipan néng…
ELA : Pasti si bapak nuju maling motor deui nya mang?
TUTI : Maling motor?
MANG KARTA : Nya tadi jam sapuluh indit… ngomongna mah moal jauh… geus
ayeunamah kieu weh… néng ela kudu ngomong ka jamal… engké
mamang mantuan ngomongna… geus cukup indung manéh nu
ngarasakeun kumaha kalakuan si jamal… ieu carita kudu
diréngsékeun… mun si jamal balik urang ngomong nya… geus
ayeunamah ela di imah mamang heula… ké mamang dagoan
dihareup… lamun si jamal balik mamang langsung sampeurkeun…
Teu lila aya sora raméh. Suasana jadi getir wanci poék jempling di pecah ku sora jelema
loba.
OS. JELEMA : Ntong kabur manéh bangsat!!! Téwak hayu téwak… bakar… paéhan
sakalian… udag hayu udag…
TUTI : Astagfirulloh aya naon pa….
Jamal asup rusuh bajuna geus pinuh ku getih. Beungeutna geus beureum ku getih. Ela
nangkeup jamal. Tuti jeung ela reuwas.
ELA : (nangkeup jamal) Bapak…!!!
JELEMA : Tah ieu bangkawarahna hayu paéhan!!! Hayu!!!
ELA : Ntong!!! Ieu bapa kuring… ntong ampun…
MANG KARTA : Kela… kela… aya naon ieu?!
JELEMA : Éta si bangsat… tadi maling motor dihareup masjid basa merebot rek
ngahudangkeun sholat subuh… geus lah kadieu keun urang paéhan
sakalian… (ngababétkeun ela) minggir manéh ah…
Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 8
Mang karta ngahalangan warga. Ela goréjat hudang tuluy nangkeup jamal deui.
MANG KARTA : Kéla… ieu nagara hukum… urang prosés maké jalur hukum… ulah
maén hakim sorangan…
JELEMA : Percuma jelema kos kitu teu dipaéhan mah… asup penjara lamun
kaluar pasti maling deui… geus paéhan bae lah…
Teu lila dua urang polisi datang menenangkan warga nu motah hayang maéhan.
POLISI : Tenang tenang… ieu geus jadi tanggung jawab polisi… ieu bakal di
proses… barang bukti geus di bawa ka polsek… ayeuna malingna
arék dibawa ka kantor… jadi geus ayeunamah bapak bapak baralik…
sing percaya ka penegak hukum…
JELEMA : Hukum di nagara ieumah teu adil pa… geus pa paehan bae lah…
POLISI : Tenang… urang kudu percaya heula ka penegak hukum… geus
pokona ieu maling pasti dibawa ka kantor…
Polisi mawa jamal paksa. Jamal mota tuluy ela nyeupeungan bae suku jamal. Jelema beuki
motah wae nenggeulan jamal.
POLISI : Hayu ka kantor…!!!
ELA : Ntong pa ntong!!!
MANG KARTA : Tah jamal… ceuk kuring naon… manéh pasti aya apesna… tah
ayeuna karasa kumaha manéh? Manéh kudu apal alatan kalakuan
manéh… anak manéh jadi korban… ayeuna anak manéh keur
kakandungan bari teu apal saha bapana… manéh ngajual anak manéh
jadi pelacur… manéh boga haté enteu hah? Geus pa bawa bae
ayeuna… keun néng ela ngabaturan tuti… ku kuring di urus anak
manéh… manéh mikir tah di penjara…
POLISI : Hayu!!!
ELA : Bapaa!!!
Jamal disérét kaluar. Ela ceurik tuluy mang karta jeung tuti mawa ela ka korsi handapeun
tangkal caringin.
MANG KARTA : Sing sabar néng… ieu geus jalan tinu kawasa… tinggal urang sing
sabar…
TUTI : Enya téh… aya tuti nu ngabaturan tétéh…
ELA : Nuhun mang karta… nuhun tuti… (ceurik) dosa nu geus dilakonan ku
kuring hamo bisa di ampunan ku gusti… dosa nu kalintang ageungna
moal kaitung ku talaran…
Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 9
MANG KARTA : Geus ayeunamah néng ela tobat…
ELA : Kumaha carana mang? Gusti numaha agung moal narima tobatan
kuring mang… kuring geus kotor…
MANG KARTA : Neng… Gusti nu maha agung téh maha pengasih lagi maha
penyayang ka umatna… sok geura néng ntong di engké-engké… sok
geura mumpung masih aya waktu…
ELA : Kumaha carana mang?
MANG KARTA : Sholat tobat neng… Ceuk kolot baheula mun ntos sholat tobat,
sadiakeun anggel lima siki tuluy ngadua bari ceurik nepi ka tembus
ka anggel nu paling handap… artina sok bener bener tobatna… tos
sholat tobat ngadua ka gusti ménta ampunan nu saéstuna… éta nu
ngarana tobatan lilalamin…
ELA : Hatur nuhun mang…
MANG KARTA : Tut anteur si tétéh ka imahna… manéh ngéndong wéh heula di imah
si tétéh… baturan…
TUTI : Muhun pa… hayu téh…

Tuti ngaréndéng ela asup ka imah na. Mang karta asup ka imahna.sora azan subuh silih
tépas. Kadéngé pupujian.

“robbana yaa robbana


dolamna angfusana
lailam fagfirlana
watar hamna nana kunana
minal khosirin”

Lampu Pareum Lalaunan.

RÉNGSÉ
Cilamaya Kulon, 21 Mei 2017
04.30 WIB

Naskah Drama Basa Sunda_ FAJAR SIDIQ_Ku: HDK_Cilamaya 10

You might also like