You are on page 1of 39

BABAK I

Kira wanci sareureuh kolot di kebon awi. Kilat patingburinyay ditéma ku ngaguruhna
sora guludug, patémbalan jeung hawar-hawar babaungna sakadang anjing.
Iswari diuk deukeut dapuran awi bari ngeukeupan orok anu teu eureun gogoaran.
Eksprési Iswari nuduhkeun kaayaan dirina anu keur ngemu kabingung tur keur
nandangan kingkin prihatin.
Teu lila, sora orok jempé. Iswari cengkat bari angger ngais orok tur dikeukeupan ku dua
leungeunna. Iswari rungah-ringeuh, sabab hawar-hawar kadéngé sora galura motah.
Kilat, guludug, jeung sora galura motah piligenti jeung patémbalan.

(1) O.S. SORA LALAKI (harus, tapi semu ngageuri)


Galura anu umpal-umpalan téh milu tunggara!
Jaladri kingkin, jumeriiit mangsa rénghap kapegat musibah!
Cai motah ngutahkeun budah-budah sungkawa!
Ngutahkeun budah-budah sungkawa!

(2) ISWARI
Kang Darma…! Kang Darma…! Kang Darmaaa…!

Orok gogoaran deui.

(3) O.S. SORA LALAKI (halon)


Anaking, budal tsunami, muga sing jadi pépéling diri.

Iswari ngusapan orok pinuh kadeudeuh kalayan dibarung kasedih. Satuluyna Iswari
ngahaleuangkeun lagu, minangka éksprési gerentes ciptaning ati (Bisa didabing atawa
dinyanyikeun langsung), dipirig ku gitar, keabord, atawa waditra naon baé anu nyekrup.

(4) ISWARI

singgetan tina Out Sound, maksudna sora anu euweuh jirimna atawa sora tan katingalan.

1
(Nyanyi lagu “Tsunami”)
Anaking jimat awaking
Basa geunjleung budal tsunami
Bapa hidep keur pakepuk di Basisir

Anaking jimat awaking


Bapa hidep milu perlaya
Mangsa nyiar napkah pikeun hirup urang

Ref.
Masing sabar hidep jadi budak yatim
Urang ngadu’a muga di alam barzah
Sadaya korban nyorang bagja

Moal hilap piwuruk bapa hidep


Lamun musibah tumiba ka urang
Enggal ngucap: Laa Illaha Ilalloh

Rodiah norojol bari nulak cangkéng tur némbongkeun budi parangi haseum. Rodiah
nyampeurkeun Iswari dibarung napsu ngagugudug, tur mudalna amarah.

(5) RODIAH
Paingan atuh ditéangan ka mamana henteu kapanggih! Singhoréng nyumput di
dieu manéh téh, Iswari! Kahayang téh dilegleg maung sakalian, ngarah di lembur
téh aman!

(6) ISWARI
Ampun, Ceu. Ampuuun…

(7) RODIAH
Lain ampun-ampunan siah! Moal bisa mungkir deui ayeuna mah, hayoh ngaku!

(8) ISWARI
Ari abdi kedah ngangken naon, Ceu…?

(9) RODIAH
Tong api-api manéh téh! Teu nginjeum jejebir, teu nginjeum dedeléh, manéh
ngahajakeun ngalilindeuk salaki aing! Kasép nya salaki aing téh hah?! Manéh
kabita ku salaki aing nya?! Hayoh ngaku? Teu sudi teuing aing kudu boga maru!
Hayoh, ngomong!

(10) ISWARI
Henteu, Ceu… demi Alloh… teu pisan-pisan kumawantun…


Serat Kanayagan (Notasi lagu) dilampirkeun dina ieu naskah

2
(11) RODIAH
Tong mamawa ngaran Pangéran sagala, siah! Ari tadi pabuburit, rék nanahaon
salaki aing nganjang ka gogobrog manéh?

(12) ISWARI
Badé maparin béas, Ceu. Teu langkung ti éta…

(13) RODIAH
Alus, alus…! Jadi salila ieu, manéh dibéré nyatu ku salaki aing? Méré naon
manéh ka salaki aing?! Hayoh, ngaku! Méré naon manéééh?!

(14) ISWARI
Bujeng hingga barang pasihan, Ceu. Apan Euceu ogé uninga nyalira kaayaan abdi
anu sakikieuna…

(15) RODIAH
Lain barang-béré nu kitu maksud aing ogé! Manéh pasti barang-béré nu séjénna!
Hayoh ngaku?!

(16) ISWARI
Masihan naon atuh, Ceu? Abdi mah mung kagungan awak sakujur kadua
murangkalih…

(17) RODIAH
Tah geuning ngaku ayeuna mah! Jadi manéh téh méré sakujur awak manéh ka
salaki aing! Rasakeun ayeuna wawales ti aing!

Rodiah ngajenggut buuk Iswari satakerna.

(18) ISWARI
Ampuuun, Ceu… Ampuuun….!

Isud norojol rurusuhan, muru ka Rodiah nu keur ngajenggut buuk Iswari. Isud ngarawél
leungeun Rodiah, sarta ngaleupaskeun leungeun Rodiah tina buuk Iswari.

(19) ISUD
Nanaonan manéh téh, Rodiah?! Leupaskeun siah! Mani taya ras-rasan pisan
ngadon nyiksa jalma teu tuah-teu dosa!

Rodiah malik nyangangang ka Isud.

(20) RODIAH
Dasar lalaki nurustunjung! Abong kéna ka yayangna, mani dibélaan sagala!

(21) ISUD
Naon maksud manéh téh, Rodiah? Sok pararadu ari ngomong téh!

3
(22) RODIAH
Montong mungkir lah, geuleuh! Nanaonan maké jeung untar-anteur béas ka ieu
ungkluk?

(23) ISUD
Astaghfirulloh…! Sing éling manéh téh, Rodiah!

(24) RODIAH
Aing mah éling ti baheula ogé! (bari ngagukguk ceurik) Akang anu teu éling mah!
Akaaang! Akang nu téga salingkuh jeung si randa eusleum! Pasti akang milu
ngolotan orokna meureun nya…

(25) ISUD
Rodiah!!! Akang téh lain lalaki tukang lacur! Pék tanyakeun langsung ka Nyi
Iswari, lamun manéh teu percaya mah…

(26) RODIAH
(nyentak, ceurikna eureun) Meunggeus ditanyakeun tatadi ogé! Akang téh sok
nganteuran béas pan? Sok nganteuran deungeun sanguna pan? Sok nganteuran
duit pan? Sok nganteuran sagala pokona mah pan?

(27) ISUD
(leuleuy) Yeuh, Rodiah, akang mémang sok ngiriman béas jeung kadaharan ka
Nyi Iswari. Tapi lain hartina akang rucah jeung Nyi Iswari.

(28) RODIAH
Ari enggeus, naon maksudna atuh? Hayoh jawaaab!

(29) ISUD
Hih, apan manéh ogé apal, salaki Nyi Iswari téh maot kaléléd tsunami. Ari jenatna
salaki Nyi Iswari téh baheula mindeng pisan nulungan akang. Jadi, geus jadi
kawajiban urang keur ngabantu Nyi Iswari anu kiwari keur nandangan kasusah.
Lamun teu dibéré ku urang, meureun Nyi Iswari moal manggih dahar.
Mangkaning boga orok anu keur meujeuhna uruseun…

(30) RODIAH
Orok batur mah lain urusan akang! (némbongkeun beuteungna anu kempléng)
Yeuh, urusan akang mah orok nu aya di dieu!

(31) ISUD
Har, na ti iraha manéh geus ngandeg? Sukur Alhamdulillah ari kitu mah. Apan
sasatna ti baheula urang tacan kasinugrahan boga anak. Akang bener-bener
bungah lamun manéh geus kakandungan…

4
(32) RODIAH
Bungah-bungah tujuh mulud! Pamajikan keur kakandungan kuat ka teu apal,
balas nguruskeun orok batur jeung indungna!

(33) ISUD
Ké, ké… na bener kitu manéh téh keur kakandungan?

(34) RODIAH
Heueuh, bener! Aing téh keur ngidam! Ngidaaam!

(35) ISUD
Hayang naon atuh? Cik, pok sebutkeun, sugan kabedag!

(36) RODIAH
Hayang akang ulah nyampeurkeun deui si éta! Titik! (bari nunjuk ka Iswari)

(37) ISUD
Ih, hanas dibandungan. Cik atuh sing boga rasa karunya ka sasama téh, Rodiah!
Geus, ayeuna mah geura balik! Geura wudu! Geura solat Isya!

(38) RODIAH
Na akang téh mani kawas Pangéran baé! Maké jeung tutuh-titah solat sagala rupa.
Nu nitah solat mah Pangéran, lain manusa! Sasama manusa mah paling ogé samet
ngajak, lain nitah!

(39) ISUD
Enya, heug atuh, hayu urang balik, urang wudu, urang solat berjama’ah.

(40) RODIAH
Jung wé tiheula! Aing mah can sugema saméméh nyiksa ieu ungkluk!

Rodiah rék nyerenteng deui ka lebah Iswari. Tapi leungeunna dijéwang ku Isud.

(41) ISUD
(nyentak) Na manéh téh mani teu beunang disabaran, Rodiah! Hayu, balik!

Rodiah roroésan, embung diajak balik. Tapi Isud keukeuh maksa.

(42) RODIAH
Teu sudi aing mah! Leupaskeun Isud! Isuuud…! Dasar Isudamleng!
Isudamplengngng…!

(43) ISUD
Calutak pisan siah wani-wani nyebut ngaran ka salaki! Dasar Rodiah! Rodiaaah!
Rodiaaahorokokok!

5
(44) RODIAH
Isudampleng…! Isudampleng ngok ngok…!

Isud ngagusur Rodiah ninggalkeun Iswari.


Iswari beuki pageuh ngeukeupan orokna bari ngomong sorangan.

(45) ISWARI
(VO) Cacak lamun Kang Darma aya kénéh dikieuna, pamohalan bakal pinanggih
jeung pangalaman siga kieu. Duh, Kang Darma… mugia akang kénging
kabagjaan di alam kalanggengan…

Iswari teu kebat ngumbar sawangan, sabab Odi datang bari bébéléhéman gumasép naker.
Iswari ngaranjug, tuluy tatan-tatan rék lumpat. Tapi pigeulang leungeun Iswari kaburu
dirawél ku Odi.

(46) ODI
Wow, tidak usah lumpat, geulis. Aa Odi mah tidak suka galak da…

(47) ISWARI
Aki… leupaskeun panangan abdi! Sing hawatos, Ki…

(48) ODI
Wow, teu kénging memanggil “Aki” atuh! Panggilah “Aa”. Badé “Aa” saja,
silahkan. Badé “Aa Odi” juga dipersilahkan.

(49) ISWARI
Sumuhun, leupaskeun heula ieu panangan abdi.

(50) ODI
Wow, mangga ku Aa Odi dilésotin. Tapi Nyai jangan ka mamana nya. Aa Odi
memiliki picarioseun anu urgen banget.

Odi ngaleupaskeun pigeulang leungeun Iswari. Satuluyna Iswari nonggongan Odi.

(51) ISWARI
Badé aya naon deui atuh, Ki?

(52) ODI
“Aa”! Sakali deui, panggil sayah “Aa” or “Aa Odi!”

(53) ISWARI
Sumuhun, badé aya naon deui atuh? Na teu acan sugema ngadukeun abdi sareng
Ceu Rodiah?

6
(54) ODI
Wow, sanés Aa Odi nu comél ka Ceu Rodiah mah. Sanés, sanés Aa Odi, tapi Si
Buruy. Saksina ogé Si Aték sama Si Mélon.

(55) ISWARI
Dugi ka iraha ogé moal percanten abdi mah…

(56) ODI
Tidak percaya ka saha? Ka Si Aték?

(57) ISWARI
Ka didinya!

(58) ODI
Ka didinya téh maksudnya ka Aa Odi?

(59) ISWARI
Ka didinya pokona mah…

Odi leumpang ka hareupeun Iswari, tapi Iswari buru-buru malikeun awakna, nonggongan
deui Odi.

(60) ODI
Aa Odi semakin buleud patékadan untuk unggah ka balé nyungcung bersama
Nyai. Badé ngantosan naon deui atuh Nyai téh?

(61) ISWARI
Sakali henteu, salawasna henteu!

(62) ODI
Wow, teu kénging kitu, geulis. Aa Odi mah sanés ku bogoh-bogoh teuing ka
Nyai. Aa Odi mah hanya kasian sama orok nyai. Jikalau nyai tidak berpunya
carogé, badé ku saha deui dibesarkeunnya itu orok?

(63) ISWARI
Tos, ulah nyarios baé, Ki. Kantunkeun abdi nyalira!

(64) ODI
Wow… hancurnya hati Aa Odi. Teu kénging kitu, Nyai sayang. Cinta Aa Odi
mah tulus suci dan murni. Nyai akan diajak menyorang rumah tangga nan
bahagia berlumurkan permata.

(65) ISWARI
Sakali deui, kantunkeun abdi nyalira, Ki! Titik!

7
(66) ODI
Sakali lagi, Aa Odi menandeskan bahwa cinta Aa Odi tidak terdorong apa itu
namanya birahi. Aa Odi mah nyaah and deudeuh ka orok nyai. Koma!

Iswari malikeun awakna, nyanghareup ka Odi. Tuluy ngalaanan samping anu dipaké
ngais orok. Sanggeus kitu, Iswari masrahkeun orok ka Odi.

(67) ISWARI
Upami Aki leres ukur nyaah ka orok abdi, mangga candak ku aki. Rorok ku aki
dugi ka ageung.

Odi nampanan orok. Orok gogoaran. Iswari malikeun deui awakna, nukangan Odi.
Sakedapan Odi bangun nu bingung. Tapi teu lila, Odi seuri sorangan siga nu manggih
bongbolongan.
Odi ngagolérkeun orok dina deukeut dapuran awi. Sanggeus kitu, Odi ngadeukeutan
Iswari.

(68) ODI
Sayang…

Iswari malikeun awakna. Barang paadu hareupan, Odi langsung ngagabrug Iswari
dibarung napsu birahi. Odi rék ngagadabah Iswari.
Iswari satékah-polah ngalawan. Orok beuki harus gogoaran.

(69) ISWARI
Iblis! Leupaskeun siah!

(70) ODI
(bari rénghap ranjug) Sayang, biarlah teu kersa ditikah ku Aa Odi ogé. Tapi
nuhunkeun ayeuna sakali wé, please…

(71) ISWARI
Teu sudi siah, Iblis! Tuluuung…! Tuluuung…!

Odi ngabekem biwir Iswari

(72) ODI
Sssst…! Tenang… tenang… tidak nyeri da…

Dina kaayaan keur papuket, Badar datang rurusuhan (Badar maké pakéan sing sarwa
hideung, katut diteregos hideung, nyorén bedog, sarta ngagandong kantong gedé).
Badar ngarawél awak Odi. Tuluy digampleng dua kali. Odi teu walakaya.
Iswari buru-buru ngarawu orok anu gogoaran, tuluy diais sarta dirangkul pageuh naker.
Orok eureun gogoaranna.

8
(73) BADAR
(ka Odi) Aki-aki nurustunjung!

(74) ODI
Ampuuun… ampuuun…!

Badar mesat bedog, ngagurilap katojo kilat.

(75) ODI
Ampuuun… jangan dimatikan! Aa Odi teu acan nikaaah!

(76) BADAR
Kawin wé engké di jero kubur!

Odi sumujud sarta nyuuh kana suku Badar.

(77) ODI
Ampuuun… ampuuun… badé kumaha mencari istri jikalau Aa Odi dikubur? Sing
hawatos ka Aa Odi… nu saumur-umur jagung teu acan kantos ngalaman rarabi…

(78) BADAR
Yeuh jeung congo bedog rarabina!

Badar geus ngabarkeun bedogna. Odi buru-buru cengkat sarta ngaberetek lumpat
tipararétot ninggalkeun éta patempatan. Badar henteu ngudag Odi, kalah nyampeurkeun
Iswari. Satuluyna Badar ngodok kembang kamuning anu nyelap di jero bajuna. Badar
mikeun kembang kamuning ka Iswari. Kembang kamuning ditarima ku Iswari.
Badar rék ngaléos, tapi pigeulang leungeunna dicepeng ku Iswari.

(79) ISWARI
Saha saleresna salira téh? Tos tilu kali nepangan abdi, maparin kembang
kamuning, lajeng miang deui…

(80) BADAR
Nyai can waktuna apal ka kuring.

(81) ISWARI
Wartosan abdi ayeuna kénéh. Ayeuna pisan waktosna.

Badar ngahuleng sakedapan. Teu lila, Badar léah. Badar muka teregosna. Bréh katingali
rupa Badar. Iswari ngaranjug.

(82) ISWARI
Kang… Kang… Kang…

9
(83) BADAR
Nyai pasti reuwas, sabab beungeut kuring ampir sarimbag jeung Kang Darma.

Iswari teu mairan omongan Badar, kalah beuki hémeng.

(84) BADAR
Tapi kuring lain Kang Darma. Kuring téh adina Kang Darma, anu papisah ti
bubudak. Harita, 25 taun katukang, Kang Darma dibawa ngumbara ku Si
Mamang. Tapi taya béja-taya carita, boh ngeunaan Kang Darma atawa Si
Mamang.

Badar ngahuleng sakedapan. Iswari beuki panasaran, tapi teu wani motong omongan
Badar.

(85) BADAR
Kuring satékah-polah maluruh laratan Kang Darma, tug nepi ka sababaraha taun
katukang, kuring meunang laratan Kang Darma. Tapi… (dareunda) basa tumiba
musibah tsunami, kuring manggih béja deui yén Kang Darma maot kaléléd
tsunami.

Badar ngahuleng deui. Iswari neuteup anteb Badar. Kilat ngaburinyay. Sora guludug
handaruan.

(86) BADAR
Asalna kuring teu boga harepan panggih deui jeung anu jadi lanceuk. Tapi deui-
deui kuring manggih béja yén Kang Darma ninggalkeun anak pamajikan anu
matuh di ieu lembur. Ahirna kuring maluruh Nyai, hayang panggih jeung alo
kuring…

(87) ISWARI
Upami kitu mah… salira téh…

(88) BADAR
(némpas) Enya, kuring téh adi beuteung nyai. Éta budak anu diais ku nyai, tangtu
alo kuring.

(89) ISWARI
Tapi… tapi… naha salira bet sasalingkeran? Naha salira kalah ngageujleungkeun
ieu lembur? Emm… naha salira jadi… jadi…

(90) BADAR
(némpas) Jadi badog? Kuring mémang badog, Nyai.Tapi isuk jaganing géto, nyai
bakal ngarti, kunaon pangna kuring ngabadog.

10
(91) ISWARI
Naon baé alesanana, ngabangsat mah tetep salah. Kunaon salira téh henteu
langsung nepangan abdi sarta ngawanohkeun diri?

(92) BADAR
Nyai, nu jelas mah… barang kuring ningali nyai, teuing kumaha ieu haté ujug-
ujug ngageter. Kuring ngarasa dosa, sabab ujug-ujug… (asa-asa) euh… ka Nyai,
anu sasatna nyai téh pamajikan lanceuk kuring.

Iswari ngaranjug bari mémparkeun paningali. Badar neuteup seukeut Iswari.


Kilat ngaburinyay, ditéma ku sora guludug.

(93) BADAR
(bari tanggah) Anéh… tatadi mula langit angkeub, tapi teu daék hujan…

Tapi teu kebat, sabab hawar-hawar aya nu tingceuleuweung, gogorowokan harus naker
patémbalan. Sora nu gogorowokan beuki lila, mingkin deukeut.

(94) O.S. KOOR


Bangsaaaat…! Bangsaaaat! Eureun siah, bangsaaat…! Garooong…! Paéhaaan…!
Duruuuk…!

(95) O.S. HANSIP BARON


Ka lebah mana, Ki?

(96) O.S. ODI


Ka sebelah sini! Awas hati-hati banyak beling…!

Badar neuteup Iswari sakedapan. Teu pati lila, Badar malikeun awakna sarta ngaberetek
lumpat, ninggalkeun Iswari. Badar ngiles.
Nu jojorowokan sorana beuki deukeut. Hansip Baron, Odi, jeung sababaraha urang lalaki
anjog ka tempat Iswari.

(97) HANSIP BARON


Nyai?! Ka mana lumpatna badog téh, Nyai?

Iswari ngabetem, bingung ngajawabna.


Odi buru-buru némbalan.

(98) ODI
Tuh, ka sebelah ditu sepertina mah! (bari nunjuk ka lebah lumpatna Badar) Tadi
téh galungan dulu sama Aa Odi. Tapi si badog téh melicik, da membongohan Aa
Odi, jadi wé leupas. Padahal kalau tidak melicik mah, ku Aa Odi sudah
diparieuskeun rambutnya, aéh… kakinya!

11
(99) HANSIP BARON
Wah, tétéla Aki Odi téh wanian!

(100) ODI
Wow, benar sekali itu. Sok, sekarang mah udag ku semuanyanya, kudu beunang,
tuman tah badog téh, henteu jéntel pisan!

(101) HANSIP BARON


Enya, bener! Buru-buru udag sing bisa kacerek! Tapi Jang Amanta jeung Cép
Among, wayahna ulah milu ngudag.

(102) CÉP AMONG


Naha uing teu meunang ngudag?

(103) HANSIP BARON


Urang ngajajapkeun heula Aki Odi jeung Nyi Iswari ka imah Kadés.

(104) CÉP AMONG


Oh, enya atuh, kitu hadé.

(105) HANSIP BARON


(ka lalaki nu rék ngarudag bangsat) Sok buru udag! Lain kalah ngajareten di
dieu!

(106) KOOR
(bari lumpat) Siap, Komandan! Udaaag…! Paéhaaaan! Duruuuk…!

(107) LALAKI I
(bari lumpat) Wasit goblooog! Wasit gobloog…!

(108) LALAKI II
(bari lumpat) His, lain keur ngabobotohan mégbal ieu mah…

Kabéhanana lalumpat ngudag Badar. Nu nyésa kari Iswari, Odi, Hansip Baron, Jang
Amanta, jeung Cép Among.

(109) JANG AMANTA


Wah, Si Aki hébat euy. Teu nyangka wanian ka badog…

(110) ODI
Wow… gini-gini ogé Aa Odi téh pernah ikutan taék… taék… taék naon
ngaranana téh? Aya ku poho-poho teuing.

(111) CÉP AMONG


Taék tangkal kalapa, Ki?

12
(112) ODI
Tah, éta! Tepat pisan jawaban téh.

(112) JANG AMANTA


Taék-wondo meureun!

(113) ODI
Tah, éta ogé tepat sekali!

(114) HANSIP BARON


Meunggeus ulah kalah hareureuy! (ngarérét ka Iswari) Aéh, éta kunaon baju mani
rangsak kitu, Nyai?

(115) ISWARI
Mmmm… euuuh….

(116) ODI
(némpas) Justru Si Nyai téh mau digadabah ku Si Wewelek badog. Jikalau tidak
ada Aa mah, sudah barang tangtu Si Nyai bakal kabeunangan.

(117) HANSIP BARON


Lamun kitu mah, Nyai kudu nganuhunkeun ka Aki Odi.

(118) ODI
Wow… tidak kedah lah. Itu kan sudah menjadi kawajiban kita, kudu tolong-
menolong sasama manusa…

(119) HANSIP BARON


Nya atuh ari kitu mah hayu urang ka imah Pa Kadés. Engké wé ku Aki caritakeun
sing lengkep kronologisna…

(120) ODI
Wow… kitu langkung bagus! (ngadeukeutan Iswari) Orokna urang pangku ku Aa
Odi saja!

(121) ISWARI
Teu!

(122) ODI
Oh, iya, hilap. Apan orokna maueun nénén nya…

(123) HANSIP BARON


Hayu, Ki! Bisi kaburu hujan!

13
(124) ODI
Jangankan hujan, gunung yang tinggi pun akan Aa Odi naiki demi membela Nyai
Iswari

(125) HANSIP BARON


Hayu, Ki! Meni kalékéd pisan

Hansip Baron, Jang Amanta, Cép Among, Odi, jeung Iswari, ngabring ninggalkeun éta
patempatan.

14
BABAK II
Wanci tengah peuting di rohangan tengah imah Kadés Ukar, kaayaan caang ngempray ku
lampu.
Ubed diuk melenguk dina korsi, bari sakapeung bulunyah-belenyéh (posisina di tengah).
Ulis Kowi diuk di kéncaeun Ubéd, bari nyekel buku jeung pulpén (nuliskeun sakur
wangkongan).
Néng Lia diuk katuhueun Ubéd, bari muncereng ka Ubéd semu nu ngéwa.
Kadés Ukar lajag-léjég, sakapeung ngahuleng, sakapeung mencrong ka Ubéd.

(126) KADÉS UKAR


(bari neuteup seukeut ka Ubéd) Nu keur mandi ditoong! Nu keur nyatu ditoong!
Nu keur héés ditoong! Sagala rupa ditoong! Na euweuh deui pagawéan nu leuwih
mangpaat batan tuang-toong?!

(127) UBED
Teu aya, Pa Kadés …

(128) KADÉS UKAR


Teu salah dédéngéan déwék téh?

(129) NÉNG LIA


Siksa wé, Pa Kadés!

(130) KADÉS UKAR


(molotot ka Néng Lia) Cicing! Mun teu ditanya, ulah waka nyarita!

(131) NÉNG LIA


Har, naha Pa Kadés mah kalah ngambek ka abdi? Apan abdi téh jelas-jelas nu jadi
korban! Korban… emh… penoongan Si Ubéd! Abdi teu suka, teu rido lahir batin,
nuju ibak ditoong ku Si Ubéd… (bari inghak-inghakan) pokona teu suka…

(132) KADÉS UKAR


Enya, apan ieu ogé keur diintrogasi Si Ubéd téh. Jadi, tenang wé heulaanan,
geulis…

(133) ULIS KOWI


Catet sadayana, Pa Kadés?

(134) KADÉS UKAR


(rada halon) Ulah palebah nyebut “geulis” mah, bisi dibaca ku pamajikan.

(135) ULIS KOWI


Oh, mangga upami kitu mah…

15
Kadés Ukar ngaléngkah ka hareupeun Néng Lia.

(136) KADÉS UKAR


Jadi, kumaha mimitina pangna Si Ubéd katohyan noong Enéng téh? Naha kira-
kirana aya saksi séjén?

(137) NÉNG LIA


Teu kedah nganggo saksi sagala, Pa Kadés. Tos jelas Si Ubéd anu sumping ka
rorompok abdi, miwarang ibak ka abdi…

(138) KADÉS UKAR


Ké, ké, asa rada rieut ieu téh…

(139) UBÉD
Kieu Pa Kadés, abi téh saleresna mah gaduh niat saé: badé masihan uninga ka
Néng Lia supados geura ibak. Apan biasana ogé Néng Lia mah ibakna bada Isya.
Hanas abi tos ngadedempes caket tampian, tapi Néng Lia henteu torojol baé…

(140) KADÉS UKAR


Tuluy manéh nyusulan ka imah Néng Lia?

(141) UBÉD
Sumuhun, da apan biasana bada Isya ibakna…

(142) KADÉS UKAR


Jadi, unggal bada Isya, manéh sok noong Néng Lia lamun keur mandi?

(143) UBÉD
Sumuhun…

(144) NÉNG LIA


(bari inghak-inghakan) Tuuuuh… pan ngaku nyalira…

(145) KADÉS UKAR


(ka Ubéd, ngaharéwos) Ké, ké, ari Nyi Enok, sok jam sabaraha mandina?

(146) UBÉD
(ngaharéwos) Wanci Magrib, Pa Kadés.

(147) KADÉS UKAR


Ari Néng Réfani?

(148) UBÉD
Oh, éta mah jam lima sonten, tara kirang, tara langkung…

16
(149) NÉNG LIA
Pa Kadés, terbuka atuh narosna! Tos teu usum sumput salindung jaman ayeuna
mah…

Kadés Ukar ngaranjug. Tuluy ngarobah sikep, jadi leuwih daria.

(150) KADÉS UKAR


(ka Ubéd, tandes tur harus) Naon baé anu kaciri, basa silaing keur noong Néng
Lia?

(151) UBÉD
Étana, Pa Kadés …

(152) KADÉS UKAR


(ngarérét ka Ulis Kowi) Catet, Ulis!

(153) ULIS KOWI


Mangga, Pa Kadés.

(154) KADÉS UKAR


(nanya ka Ubéd) Tuluy naonna deui?

(155) UBÉD
Étana deuih…

(156) KADÉS UKAR


(ngarérét ka Ulis Kowi) Catet, Ulis!

(157) ULIS KOWI


Mangga, Pa Kadés.

(158) KADÉS UKAR


(nanya ka Ubéd) tuluy naonna deui anu kaciri téh?

(159) UBÉD
Étana ogé katawis, Pa Kadés.

(160) KADÉS UKAR


(ngarérét ka Ulis Kowi) Catet deui, Ulis!

(161) ULIS KOWI


Mangga, Pa Kadés.

(162) NÉNG LIA


Heup, heup! Nanaonan tatadi mula ukur ngajawab étana-étana wé! Naon étana
téh?

17
Kadés Ukar ngahuleng. Tuluy nyampeurkeun Ulis Kowi.

(163) KADÉS UKAR


Kumaha cik kira-kirana? Sugan boga pamanggih nu hadé…

(164) ULIS KOWI


Saéna mah ieu pasualan téh dikembangkeun baé, Pa Kadés.

Kadés Ukar unggut-unggutan, belenyéh seuri. Tuluy ngadeukeutan Ubéd.

(165) KADÉS UKAR


(ka Ubéd) Tadi manéh nyebutkeun yén euweuh deui pagawéan séjén salian ti
noong.

(166) UBÉD
Leres pisan, Pa Kadés

(167) KADÉS UKAR


Cik sebutan hiji-hiji, saha baé nu kungsi ditoong ku manéh?

(168) UBÉD
Waaah… harilap deui, Pa Kadés. Pokona mah sadayana ogé kantos ditoong… hé
hé…

(169) KADÉS UKAR


Kaasup déwék?

(170) UBÉD
Kantenan wé…

(171) KADÉS UKAR


Dasar Sarbéééd! Cilaka déwék…

(172) NÉNG LIA


(maké éjaan Inggris) U bad…!

(173) UBÉD
Hé hé hé… punten pisan, Pa Kadés. Tapi da sumpah… moal diwartos-wartos…

Kadés Ukar nepak tarangna sorangan.

(174) KADÉS UKAR


Geus ayeuna mah urang mokus wé kana kasus Néng Lia anu ditoong ku Si Ubéd!

Isud jeung Rodiah datang bari hariweusweus.

18
(175) RODIAH
Kumaha badog téh, Pa Kadés? Tos katéwak? Aduuuh… mangkaning anu dipaling
téh emas meunang nganjuk…

Kadés Ukar rék nyarita, tapi teu kebat, sabab Ubéd nyakakak bari nunjuk Rodiah jeung
Kadés Ukar piligenti.

(176) UBÉD
(ngabagi paneuteup ka Rodiah jeung Kadés Ukar bari éprak) adeuuuh…
adeuuuuh…!

(177) KADÉS UKAR


Adeuh-adeuh nanahaon manéh téh, Ubéd? Ulah ngaliarkeun taleus ateul siah!

(178) UBÉD
Teu aya patula-patali sareng taleus, Pa Kadés. Adeuuuh…! Adeuuuh…!

(179) KADÉS UKAR


(ka Ulis Kowi) Ulis, ulah dicatet nu bieu mah! Geus kasus noong mah dipénding
heula! Urang mokus heula kana kasus badog.

(180) NÉNG LIA


Janten, kumaha nasib abdi, Pa Kadés?

(181) KADÉS UKAR


Wayahna nyambung baé ka isuk-pagéto. Ayeuna mah keur rariweuh nguruskeun
badog!

(182) NÉNG LIA


(bari ngajéngkat ninggalkeun rohangan) Anu noong ogé sarua wé jeung
ngabadog!

Néng Lia ninggalkeun rohangan.

(183) O.S. BU KADÉS


Piiih… Piiih…! Isuk deui wé atuh nguruskeun nu kararitu mah! Mamih geus
tunduh!

(184) KADÉS UKAR


(Bari ngarérét ka lebah panto kamar) Sok wé rék saré mah tiheula!

(185) O.S. BU KADÉS


Papih pan acan solat Isya! Geura solat heula, Pih!

19
(186) KADÉS UKAR
Na kawas Pangéran baé atuh? Nu nitah solat mah Pangéran! Sasama jalma mah
paling ogé ngajak solat!

(187) O.S. BU KADÉS


Pih, hayu urang solat Isya!

(188) KADÉS UKAR


Sok wé tiheula!

(189) ISUD
(bari melong ka Rodiah) Ké, ké… naha omongan Pa Kadés mani sarua jeung
omongan manéh? (neuteup ka Ubéd) Boa-boa…

(190) RODIAH
Ah, kabeneran wé atuh, Akang! Kitu-kitu baé mani anéh…

(191) ISUD
Teu bisa dianggap kabeneran ieu mah! Hayu mulang ayeuna! Réa nu rék
ditanyakeun ka manéh!

(192) RODIAH
Pan urang keur nguruskeun emas anu dipaling… susuganan wé atuh badogna
beunang…

(193) ISUD
(bari ngajéwang leungeun Rodiah) Teu paduli lah! Hayu balik! Harga diri salaki,
leuwih penting batan emas! Manéh kudu ngajawab sakur pananya di imah! Hayu,
buru!

(194) RODIAH
Enya, hayu… tapi ulah tarik teuing atuh nyepeng leungeunna, nyeriii!

Isud jeung Rodiah ninggalkeun rohangan imah Kadés Ukar. Rodiah ngadelékan heula ka
Ubéd, bangun nu keuheul.
Torojol Hansip Baron, Odi, jeung Iswari.
Kadés Ukar paromanna marahmay. Ari Ubéd mah mencrong Odi méh teu kiceup-kiceup.

(195) KADÉS UKAR


(ka Hansip Baron) Tah, geus datang geuningan Mang Baron. Sok caritakeun
kumaha lalakon ngudag badog téh? Jeung deui, mana nu séjénna?

20
(196) HANSIP BARON
Nu sanés mah nuju ngarudag badog. Abdi sareng Jang Amanta katut Cép Among,
kapaksa wangsul tipayun, margi mendak Aki Odi sareng Nyi Iswari di kebon awi.
Numutkeun katerangan Aki Odi, saurna Nyi Iswari badé digadabah ku badog,
namung disalametkeun ku Aki Odi.

(197) KADÉS UKAR


Terus, kumaha?

(198) ODI
Wow, ku Aa Odi digebug wé éta sakadang badog téh! Tapi si badog
membongohan Aa Odi, dugi ka Aa Odi cedera pelipis kiri-kanan…

Odi teu kebat nyaritana, sabab Ubéd nyakakak bari nunjuk ka Odi. Ubéd teu beunang
dieureunkeun seurina, malah beuki ngagakgak bari angger tutunjuk ka Odi.
Kadés Ukar nyampeurkeun Ubéd.

(199) KADÉS UKAR


(ka Ubéd) Pasti manéh sok noong Aki Odi nya?

Ubéd unggeuk bari ngagupayan Kadés Ukar, méré isarat rék ngaharéwos.
Kadés Ukar nyampeurkeun. Tuluy Ubéd ngaharéwos ka Kadés Ukar.

(200) KADÉS UKAR


(Bari mésem tur neuteup Odi) Paingan atuh mindeng pisan nganjuk hénbodi…

(201) ODI
(ka Ubéd) Wow… pasti kamu suka menoong Aa Odi, ya?!

(202) KADÉS UKAR


Meunggeus, teu kudu diperpanjang, da Si Sarbéd mah pagawéan sapopoéna
tuang-toong. Kudu dibawa ka psikiater mangkeluk téh…

(203) HANSIP BARON


Janten, kumaha ayeuna saterasna, Pa Kadés?

(204) KADÉS UKAR


Kahiji, jajapkeun heula Nyi Iswari ka imahna!

(205) ODI
Sawios ku Aa Odi wé…

(206) HANSIP BARON


His, ulah waka ka mamana Aki Odi mah! Apan tacan bérés ngalalakonkeun
badog ogé. Keun perkara nganteurkeun Nyi Iswari mah urusan kuring!

21
(207) KADÉS UKAR
Silaing ogé ulah waka ka mamana, Baron! Nitah wé ka Si Amanta atawa Si
Among!

Jang Amanta jeung Cép Among tingtorojol.

(208) JANG AMANTA


Siap, Pa Kadés!

(209) KADÉS UKAR


Siap nanahaon silaing téh?

(210) JANG AMANTA


Sumuhun, siap ngajajapkeun Nyi Iswari.

(211) KADÉS UKAR


Ké heula, déwék mah tacan nitah. Barina ogé teu kudu abring-abringan sagala.
Cukup ku sorangan wé.

(212) JANG AMANTA jeung CÉP AMONG


(bareng) Sawios ku abdi!

(213) KADÉS UKAR


Wayahna nu saurang ngajajap Nyi Iswari, nu saurang cicing di dieu, sabab rék
dititah nganteurkeun Aki Odi.

(214) JANG AANTA jeung CÉP AMONG


(bareng) Sawios abdi nu ngajajap Nyi Iswari!

Kadés Ukar neuteup seukeut ka Jang Amanta jeung Cép Among piligenti.

(215) KADÉS UKAR


Amanta…

(216) JANG AMANTA


Asiiiiik…

(217) KADÉS UKAR


Wayahna silaing cicing di dieu. Ké pangjajapkeun Aki Odi!

Jang Amanta ngulahék, hanjelu. Sabalikna, Cép Among katara semu anu bungah naker.

(218) KADÉS UKAR


Among…

22
(219) CÉP AMONG
Siap, Pa Kadés! Tangtos abdi seja ngalaksanakeun naon rupi pancén ti Pa Kadés!

(220) KADÉS UKAR


Hadé lamun kitu mah. Wayahna ayeuna kénéh pangajajapkeun Si Sarbéd ka
imahna. Omat kudu nepi ka lawang pantona muka, sarta kudu panggih jeung
indungna.

(221) CÉP AMONG


(sorana halon jeung semu anu kuciwa) Sumangga, Pa Kadés…

Cép Among nyampeurkeun Ubéd bangun anu lungsé. Tuluy nungtun leungeun Ubéd,
ninggalkeun rohangan imah Kadés Ukar.

(222) KADÉS UKAR


(ka Ulis Kowi) Ulis! Wayahna anteurkeun heula Nyi Iswari.

Ulis Kowi tibuburanjat nangtung.

(223) ISWARI
Punten, Pa Kadés. Naha abdi teu ditaros? Abdi badé ngadadarkeun kajantenan nu
saleresna. Naon rupi anu dicarioskeun ku Aki Odi…

(224) ODI
(némpas) Udah lah, Nyai mah mending istirahat saja. Biar sama Aa Odi
dicaritakeun sejalantrahnya. Nyai kan masih shock…

(225) KADÉS UKAR


Enya, bener. Nyai mah mending mulang wé heula, tenangkeun haté bari reureuh.
Karunya tah orok, geura golérkeun dina kasur! Matakna buru-buru néangan
gaganti salaki, ngarah aya nu milu ngurus orok!

(226) ODI
Aa Odi juga siap menyayangi orok…

(227) ISWARI
Teu! Teu sudi!

(228) ULIS KOWI


His ari Nyai, meni judes kitu ka Aki Odi téh! Lain kadua nganuhunkeun geus
disalametkeun tina pangrogahala badog. Hayu, Nyai, bisi peuting teuing.

Iswari kapaksa nurut, tatahar ninggalkeun rohangan imah Kadés Ukar


Barang Ulis Kowi rék ngaléngkah, manéhna ngarandeg, siga anu inget kana hiji perkara.
Ulis Kowi malikeun deui awakna, tuluy nyarita ka Kadés Ukar.

23
(229) ULIS KOWI
Punten Pa Kadés, perkawis bantosan kanggo kulawarga korban tsunami, naha
henteu langkung saé ayeuna baé sakantenan. Meungpeung…

Ulis Kowi teu kebat nyaritana, sabab Kadés Ukar molotot bari neuteup seukeut ka Ulis
Kowi.

(230) KADÉS UKAR


(Ka Hansip Baron) Wayahna jajapkeun heula Nyi Iswari!

(231) HANSIP BARON


Euh… Sanés… badé ku Pa Ulis?

(232) KADÉS UKAR


Meunggeus burukeun! Si Ulis mah rék diajak badami…

(233) HANSIP BARON


Sumangga, Pa Kadés.

Hansip Baron ngiringkeun Iswari, ninggalkeun rohangan imah Kadés Ukar.

(234) KADÉS UKAR


(ka Jang Amanta) Amanta!

(235) JANG AMANTA


Gulan, Pa Kadés…

(236) KADÉS UKAR


Wayahna ayeuna kénéh jajapkeun Aki Odi!

(237) AKI ODI


Ah… Aa mah bisa pulang nyalira koq…

KADÉS UKAR
(Ka Aki Odi) His, paroék di luar téh, Ki. Bisi tigebrus ka solokan kéh… (Ngaharéwos ka
Jang Amanata) Sok buru, ulah léléda ari diparéntah ku kadés téh. Engké balikna langsung
ka dieu deui, ulah sumpung-simpang ka Randa Cicih, omaaat!)

(238) JANG AMANTA


Siap, Pa Kadés…

Jang Amanta nuyun leungeun Aki Odi, tuluy ninggalkeun rohangan.


Sanggeus duanana ka luar, Kadés Ukar téténjrag bangun nu ambek.

24
(239) KADÉS UKAR
Kuduna mah silaing ulah waka geruh perkara bantuan korban tsunami!

(240) ULIS KOWI


Naha, Pa Kadés?

(241) KADÉS UKAR


Lain naha-naha! Kudu dirarancang heula saha-sahana nu rék dibéré, jeung
jumlahna sabaraha séwang! Apan silaing ogé kudu kabagéan, buruh cutat-catet
jeung angkag-ingkig!

(242) ULIS KOWI


Simkuring mah rupina teu kedah diémutan, Pa Kadés. Rido lillahita’ala pisan.
Simkuring moal kumawantun motong sumbangan kanggo korban tsunami.

(243) KADÉS UKAR


Ulah so suci jadi jalma mah, bisi kalaparan. Bongan ti luhurna ogé geus
ngabudayakeun korupsi, nya puguh urang ogé ulah nepi ka tinggaleun. Urang
kudu milu miara, ngamumulé, jeung ngamekarkeun seni budaya korupsi.

Ulis Kowi ngahuleng bari neuteup kosong.

(244) KADÉS UKAR


Lain kalah hulang-huleng, Ulis! Béjana motor silaing tebuseun di béngkél.

(245) ULIS KOWI


Su… sumuhun. Tapi…

(246) KADÉS UKAR


Ké isuk dibéré keur nebus motor mah. Wayahna, wanci kieu déwék teu bisa
ngaluarkeun duit, da pamali ceuk karuhun ogé.

(247) ULIS KOWI


Teu kedah ngarépotkeun, Pa Kadés. (mencétan sirahna sorangan) Ieu mastaka
mani nyanyautan, Pa Kadés. Upami diwidian mah hoyong reureuh heula.

(248) KADÉS UKAR


Enya, sok, mulang wé heula. Ké lamun aya nanaon, déwék pasti nitah Si Baron
nyusulan silaing.

(249) ULIS KOWI


Saé, Pa Kadés.

Ulis Kowi ninggalkeun Kadés Ukar bari angger mencétan sirahna sorangan.

25
Sanggeus Ulis Kowi ka luar, Kadés Ukar diuk dina korsi bangun tumaninah naker. Tuluy
ngaluarkeun roko, sarta diseungeut. Kadés Ukar nyerebung bangun anu nikmat.
Kadés Ukar ngabelenyéh. Tuluy seuri lalaunan, naék jadi nyakakak, tug nepi ka ngagak-
gak siga nu manggih kabungahan.

BABAK III

Wanci beurang di rohangan tengah imah Iswari. Kaayaanana basajan. Pipindingna maké
bilik, sarta diamparan saheulay samak. Aya bupét tina kai nu ukuranana rada gedé,
tempat panyimpenan wawadahan.
Iswari (bari ngais orok) ngeprukan kasur kapuk, bantal, jeung guguling. Tuluy nyarékeun
orok dina kasur kapuk anu teu maké sepré. Satuluyna Iswari nyokot baju soéh jeung
jarum kécos katut bolana. Iswari ngaput éta baju.
Sajeroning kitu, hawar-hawar kadéngé sora Isud jeung Rodiah anu hahaok patémbalan,
siga anu keur paséa rongkah.

(250) O.S. ISUD


Teu sudi aing mah! Pokona ayeuna kénéh sia kudu mantog!

(251) O.S. RODIAH


Heug, aing rék indit ayeuna kénéh ogé! Tapi aing teu narima difitnah salingkuh
jeung Si Kadés! Mana buktina?!

(252) O.S. ISUD

26
Geus ulah loba ngabacot siah! Indit ayeuna kénéh! Indiiit!

(253) O.S. RODIAH


Enya arék ieu ogé! Manéh bakal kaduhung nundung aing!

(254) O.S. ISUD


Moal! Cadu teuing mun aing kudu kaduhung!

(255) O.S. RODIAH


Heueuh da manéh mah atoh! Bakal leuwih laluasa ngahéroan Si Iswari!

Iswari ngagebeg. Tuluy ngahuleng.


Teu lila, Rodiah asup ka jero imah Iswari bari manggul gémbolan. Tuluy neuteup seukeut
ka Iswari bari nulak cangkéng. Iswari cengkat lalaunan.

(256) RODIAH
Gara-gara sia, aing ditundung ku salaki! Lebok siah salaki aing! Tapi ulah sambat
kaniaya, nyaho-nyaho engké bakal aya baskom dina beuteung sia!

(257) ISWARI
Euh… Na… naon maksad Ceu Rodiah?

(258) RODIAH
Tong api-api siah ungkluk, bisi ku aing digampleng!

(259) ISWARI
Da… abdi mah teu… teu ngartos…

Rodiah nyerenteng, rék ngagampleng Iswari. Tapi Isud mucunghul kalayan rikat
ngajéwang leungeun Rodiah.

(260) ISUD
Ulah wani-wani ngaganggu Nyi Iswari siah! Nyingkah ayeuna kénéh!
Nyingkaaaah!

Rodiah neuteup seukeut ka Isud

(261) RODIAH
Ulah sambat kaniaya pokona mah! Ulah nyalahkeun aing, lamun dina beuteung
manéh ujug-ujug aya kompor!

(262) ISUD
Mantog siah! Najan dina beuteung aing bakal aya setum ogé, aing mah teu sieun!

Rodiah ngajéngkat ninggalkeun rohangan imah Iswari.


Isud ngajanteng bari melong ka lebah inditna Rodiah. Iswari ngadeukeutan Isud.

27
(263) ISWARI
Kang Isud, hapunten kalepatan abdi. Rupina Ceu Rokayah bendu alatan Kang
Isud sok ngintunan béas ka abdi.

(264) ISUD
Nyai teu salah.

(265) ISWARI
Ti ngawitan ayeuna, hapunten sanés abdi nampik pangasih ti Kang Isud… saéna
Kang Isud teu kénging ngintunan deui nanaon ka abdi.

Isud teu mairan omongan Iswari, kalah ngaléngkah ka lebah orok.


Isud mangku orok kalayan ati-ati. Sanggeus dipangku, Isud nyium tarang orok.
Satuluyna Isud merenahkeun deui orok kana urutna.

(266) ISUD
Teu nanaon lamun nyai geus embung narima paméréan ti akang. Tapi nyai moal
bisa nampik lamun akang rék masrahkeun sakabéh harta banda akang keur orok
nyai.

(267) ISWARI
Maksad Kang Isud?

(268) ISUD
Akang rék indit jauh pisan. Moal aya saceuhil harta anu bakal dibawa ku kuring.
Kabéhanana kudu dibikeun ka orok nyai. Kabéhanana…

Isud ninggalkeun Iswari, kalayan teu méré kasempetan Iswari pikeun nyarita deui. Iswari
ukur ngembang kadu bari neuteup Isud nepi ka ngilesna.
Badar asup ti tukangeun Iswari. Badar henteu maké teregos, ngagandong kantong gedé
bari lengeun katuhuna nyepeng kembang kamuning.

(269) BADAR
Nyai mémang moal bisa nampik milikna orok…

Iswari ngagebeg bari ngan sakilat malikeun awakna.

(270) ISWARI
Kang Badar!

(271) BADAR
Sssst…! Ulah tarik teuing sorana.

(272) ISWARI

28
Tapi… tapi… Aki Odi tos uningaeun raray akang. Tangtos akang bakal dicerek
pami katohiyan aya di dieu.

Badar tetep tenang, ngaléngkah ngadeukeutan Iswari.


Badar ngaluarkeun kembang kamuning tina séla-séla bajuna, diangseu sakedapan,
satuluyna kembang kamuning dibikeun ka Iswari.
Iswari narima kembang kamuning ku dua leungeunna. Tuluy kembang kamuning
diangseu ku Iswari bari neuteup Badar.
Badar ngaléngkah muru ka lebah orok anu keur saré. Satuluyna Badar mangku orok
kalayan pinuh kadeudeuh.

(273) BADAR
(nyium tarang orok) Deudeuh teuing alo kuring…

(274) ISWARI
Kang… Kang Badar… Eum…

(275) BADAR
Teu kudu hariwang, Nyai. Lamun nyai teu nampik, ieu alo kuring téh rék dibawa
ka… ka… ka éyangna.

(276) ISWARI
Sumangga, Kang Badar. Tapi… naha abdi badé diajak?

(277) BADAR
His, puguh wé atuh. Malah… euh… lamun… lamun nyai teu nampik… euh… ieu
alo kuring téh hayang jadi… jadi… anak kuring…

Iswari ngeluk tungkul, teu lémék, teu nyarék.


Badar neuteup anteb ka Iswari.
Iswari nyeuseup deui kembang kamuning. Satuluyna Iswari nyanyi lagu “Asih Kembang
Kamuning”

(278) ISWARI (nyanyi lagu “Asih Kembang Kamuning”)


Kamuning dipelak dina ati
Mapaés kasono ngagalura
Kembangna nyambuang seungit pisan
Kabita ku hoyong énggal metik

Pasini dibeungkeut dina ati


Kaasih nu pageuh hamo pegat
Duh… jungjunan

Serat Kanayagan (Notasi lagu ) dilampirkeun dina ieu naskah.

29
Geura paheutkeun cinta urang

Ref
Adegkeun wangunan cinta
Urang tihangan kanyaah
Adegkeun wangunan cinta
Urang tiungan kadeudeuh

Adegkeun wangunan cinta


Urang pindingan kahéman
Adegkeun wangunan cinta
Urang amparan satia

Éndah cinta urang


Seungit kembang kamuning

Iswari jeung Badar paadu teuteup


Hawar-hawar Kadés Ukar ngageroan Iswari.

(279) O.S. KADÉS UKAR


Nyai…! Nyai..!

Iswari jeung Badar ngaranjug. Badar buru-buru ngécagkeun orok tur ditampanan ku dua
leungeun Iswari. Satuluyna Badar nyumput ka tukangeun bupét.
Teu lila, Kadus Ukar mucunghul bari nengetan sakuriling rohangan imah.

(280) KADÉS UKAR


Kunaon panto mani ngemplong, Nyai? Lain tutupkeun, bisi aya jalma jahat anu
asup!

(281) ISWARI
Euh… teu sawios-wios, Pa Kadés. Asa moal aya jalmi jahat ka saung mah, da…
badé nyolong nanahaon atuh?

(282) KADÉS UKAR


His, ari nyai sok lalawora pisan. Kangaranan jalma jahat mah tara pipilih. Lamun
di dieu euweuh emas atawa duit, apan nyai ogé bisa jadi sasaran…

Iswari teu némbalan.


Sakedapan Kadés Ukar neuteup anteb ka Iswari.

(283) KADÉS UKAR


Nyai, ari kahirupan nyai téh kumaha? Maksud téh… sapopoé sok manggih dahar
ti mana? Apan ayeuna mah geus euweuh anu mangusahakeun nyai…

(284) ISWARI

30
Alhamdulillah, Pa Kadés, kanggo neda-neda baé mah henteu kantos kakirangan…

(285) KADÉS UKAR


Oh, sigana nyai boga céngcéléngan nya? Hadé pisan éta téh. Mémang kudu rajin
nabung, ngarah boga andelan dina mangsa karerepet.

Iswari teu némbalan, kalah nyarékeun orok kana kasur.

(286) KADÉS UKAR


Ngahaja datang ka dieu téh, hayang bunta-bantu ka nyai, sasieureun-
sabeunyeureun…

(287) ISWARI
Teu kedah ngarépotkeun, Pa Kadés.

(288) KADÉS UKAR


His, éta mah geus jadi kawajiban Kadés atuh. Tapi… euh… ari nyai…?

(289) ISWARI
Kumaha maksad Pa Kadés?

(290) KADÉS UKAR


Maksud téh, euh… ari nyai tacan minat boga salaki deui?

(291) ISWARI
Punten, Pa Kadés. Abdi teu ngartos kana patarosan Pa Kadés…

(292) KADÉS UKAR


Kieu atuh cindekna mah, Nyai, euh… kumaha lamun Nyai dijieun anu ka…

Kadés Ukar teu kebat nyaritana, sabab aya nu ngagolombrang tukangeun bupét.
Kadés Ukar curinghak bari mencrong ka lebah bupét. Ari Iswari ngadadak pias, tapoi
satékah-polah nyumputkeun pasemon.

(293) KADÉS UKAR


(bari nunjuk ka tukangeun bupét) Aya saha di ditu, Nyai?

(294) ISWARI
Euh… Teu aya sasaha, Pa Kadés. Paling… paling ogé em… ucing…

(295) KADÉS UKAR


Pamohalan ucing mah! Pasti aya jalma di tukangeun bupét!

Kadés Ukar ngaléngkah muru ka lebah bupét, tapi dihalangan ku Iswari.

(296) ISWARI

31
Teu aya sasaaha, Pa Kadés! Teu aya…

(297) KADÉS UKAR


Lamun euweuh sasaha, ulah ngahalangan atuh! Panasaran, hayang ningali…

Iswari teu bisa nyegah Kadés Ukar, tapi kakara ogé saléngkah, Kadés Ukar ngarandeg,
sabab aya sora Hansip Baron jojorowokan.

(298) O.S. HANSIP BARON


Pa Kadééés! Innalillahi, Pa Kadééés…!

Hansip Baron norojol bari rénghap ranjug.


Kadés Ukar teu tulus mariksa tukangeun bupét.

(299) HANSIP BARON


Pa Kadés, Innalillahi…!

(300) KADÉS UKAR


Innalillahi nanahaon silaing téh? Cik sing pararuguh nyaritana!

(301) HANSIP BARON


Mang Isud bunuh diri, ngagantung manéh!

(302) KADÉS UKAR


Nu balég nyarita téh!

(303) HANSIP BARON


Leres, Pa Kadés! Piraku abdi ngabohong ka pangersa? Mangga wé urang
buktoskeun! Pa Kadés kedah énggal-énggal nguningaan ka bumina Mang Isud…

(304) KADÉS UKAR


Ngagantung manéh atawa aya nu ngagantung? Ulah waka nyindekeun kajadian
lamun tacan ditalungtik kalayan taliti…

(305) HANSIP BARON


Pasti bunuh diri, Pa Kadés, kumargi… teu aya tapak-tapak ngarogahala.

(306) KADÉS UKAR


Hayu atuh urang tingali!

Kadés Ukar jeung Hansip Baron geus rék ngaléos. Tapi Kadés Ukar ngarandeg, bari
tuluy mencrong deui ka lebah bupét.

(307) KADÉS UKAR

32
Déwék yakin, di tukangeun bupét pasti aya jalma! (sorana harus bari mencrong ka
lebah bupét) Hayo kaluar! Ulah susulumputan kitu! Lamun mémang boga
kawani!, kaluar ayeuna!

(308) ISWARI
(beuki geumpeur) Teu aya sasaha, Pa Kadés…

(309) HANSIP BARON


Sawios urang pilari ku abdi, Pa Kadés!

(310) KADÉS UKAR


(ka Hansip Baron) Ké heula! Urang itung nepi ka lima. Lamun teu daék ka luar
baé, langsung cerek wé! (mencrong ka lebah bupét) Hiji… dua… tilu… opat…
lima… Téwak Barooon!

Hansip Baron rék ngaléngkah, tapi teu kebat, sabab ti tukangeun bupét aya nu mucunghul
bari ngangkat leungeunna. Saréréa ngaranjug, sabab anu mucunghul téh Ubéd.

(311) UBÉD
Ampuuun…! Ampuuun…! Ulah ditéwak abi mah!

(312) KADÉS UKAR


Aéh, aéh, geuning Si Sarbéd! Dasar tukang noong! Sagala rupa ditoong!

(313) UBÉD
Ampun, abi moal sakali-kali deui noong…

(314) KADÉS UKAR


Baron, borogod Si Sarbéd! Kerem di balé désa!

(315) HANSIP BARON


Punten, Pa Kadés, pan urang téh badé ningali anu gantung diri!

(316) KADÉS UKAR


Heueuh, silaing ka Balé désa heula mawa Si Sarbéd! Keun déwék ka imah Mang
Isud tiheula.

(317) HANSP BARON


Mangga, Pa Kadés.

Hansip Baron ngaborogod Ubéd, tuluy ninggalkeun rohangan imah Nyi Iswari.
Kadés Ukar neuteup Iswari. Ari Iswari mah ngeluk tungkul.

(318) KADÉS UKAR

33
Nyai bakal disenangkeun, lamun daék dijieun anu kadua. Mangkaning Nyai geus
dijamin engké jaga di akhérat bakal asup surga. Daék atawa henteu?

(319) ISWARI
Em… rup… rupina badé diémutan heula, Pa Kadés.

(320) KADÉS UKAR


Hadé lamun kitu mah. Engké peuting, Nyai kudu geus boga jawaban anu pasti.
Lamun daék sukur, atuh lamun teu daék wayahna rék dipaksa. Pék wé pilih,
mending kawin biasa atawa kawin dipaksa?

Iswari teu némbalan.


Kadés Ukar malikeun awakna, ninggalkeun Iswari.
Sanggeus Kadés Ukar indit, Badar ka luar tina panyumputanana, sarta ngaléngkah ka
lebah Iswari.

(321) BADAR
Nyai, urang teu boga waktu deui. Meungpeung saréréa keur tamplok ka imahna
Mang Isud, ayeuna kénéh hayu urang ninggalkeun ieu imah. Tong hariwang,
masalah bekel mah kalintang cukupna. Dina kantong kuring téh eusina emas
jeung duit.

Iswari neuteup seukeut ka Badar.

(322) ISWARI
Abdi kersa diajak ku Kang Badar. Tapi…

(323) BADAR
Tapi naon, Nyai? Sok mending balaka!

(324) ISWARI
Getih abdi sareng orok abdi, alim kakotoran ku barang haram! Langkung saé, éta
kantong kantunkeun baé di dieu.

(325) BADAR
(ngaranjug) Nyai, ieu téh keur bekel urang!

(326) ISWARI
Teu tiasa, Kang Badar. Abdi sareng orok abdi, mending kénéh kalaparan batan
neda barang anu sanés hakna.

(327) BADAR
Na nyai téh mani bodo-bodo teuing! Urang mah ukur badog leuleutikan…

(328) ISWARI
(némpas) Sanés urang, tapi Kang Badar!

34
(329) BADAR
Aéh, enya, hampura. (ngarénghap panjang) Kuring mah ukur badog leuleutikan,
Nyai! Na nyai teu nyaho? Tuh… jalma-jalma terhormat nu ngorupsi duit rayat
miliyaran, malah triliunan!

(330) ISWARI
Wios batur mah… nu penting sanés urang… aéh… sanés abdi.

(331) BADAR
Réa pamingpim nu nyontoan jadi badog! Urang ogé ulah tinggaleun atuh, Nyai!
Lamun urang teu jadi badog, hartina urang téh jalma goblog!

(332) ISWARI
Sakali deui, sanés urang, tapi Kang Badar!

(333) BADAR
Nyai ogé badog! Nyai geus ngabadog haté kuring nepi ka kuring wani ngabadog
demi nyai!

Iswari malikeun awakna, tuluy ngaléngkah, rék ninggalkeun Badar. Tapi Badar buru-
buru néwak leungeun Iswari.

(334) BADAR
Demi nyai, ieu kantong moal dibawa…

Badar ngécagkeun kantong.


Iswari malik deui, nyanghareup ka Badar.

(335) ISWARI
Nuhun, Kang Badar.
(336) BADAR
Hayu, urang buru-buru indit ti dieu!

(337) ISWARI
Mangga, Kang Badar.

Iswari jeung Badar geus saged, siap pikeun ninggalkeun imahna. Iswari ngais orok, bari
dua leungeunna ngajingjing kantong gedé.
Barang rék ngaléngkah, duanana ngaranjug, sabab di luareun imah kadéngé nu
tingjorowok, tingceuleuweung.

(338) O.S. KOOR


Bangsaaaat…! Téwak euuuy…! Téwaaaak…! Tingkeeer…!

Iswari jeung Badar ngaranjug.

35
(339) ISWARI
Kang Badar, énggal nyumpuuut!

Badar unggeuk, sarta buru-buru ngaléngkah ka tukangeun bupét.


Teu lila, torojol Ubéd dina kaayaan leungeun diborogod, biwirna ngégél keretas.

(340) UBÉD
(mere isarat ka Iswari sangkan nyokot keretas tina biwirna) hem hem hem…!

Iswari giak ngarawél keretas tina biwir Ubéd, sarta tuluy dibaca.

(341) ISWARI
(VO) Surat wasiat?

(342) UBÉD
Leres, Ceu! Asli seratan Mang Isud.

(343) ISWARI
Kumaha caritana bet aya di hidep?

(344) UBÉD
Disumputkeun ku Pa Kadés, Ceu. Nya… ku uing dipaling wé tina lomarina!

Hansip Baron norojol ti beulah kénca. Jang Amanta jeung Cép Among norojol ti beulah
katuhu. Kabéhanana ningker Ubéd.
Teu lila, norojol Kadés Ukar.

(345) KADÉS UKAR


Beunang ayeuna mah siah, Badog! Geus moal bisa kabur deui kalah kumaha ogé!
Paingan hésé ditéwakna badog téh, da puguh ngancikna teu jauh! Teu nyangka
siah, Sarbéd! Sajabana ti tukang noong téh, manahoréng manéh tukang ngabadog!

(346) HANSIP BARON


Kumaha atuh, Pa Kadés? Urang cangkalak baé lah, tuman!

Ubéd nyumput ka tukangeun Iswari.

(347) KADÉS UKAR


Puguh baé wajib pisan dicangkalak mah! Tapi urang kudu maluruh, naon sababna
Si Sarbéd lindeuk ka imah ieu? (ngarérét ka Iswari) Boa-boa sakongkol jeung ieu
randa!

(348) HANSIP BARON


Leres, Pa Kadés…

36
Ngan sajorélat Badar ka luar tina panyumputanana. Tuluy nangtung hareupeun Iswari.
Saréréa ngaranjug, sarta taki-taki.

(349) BADAR
Kuring badog mah, lain Si Ubéd atawa Nyai Iswari!

(350) ISWARI
Kang… Kang Badar…

Badar silih teuteup jeung Iswari. Satuluyna Iswari ngagabrug Badar bari ceurik
ngagukguk.

(351) KADÉS UKAR


Oooh… jadi badog anu salila ieu ditéangan téh nyamuni di gogobrog randa! (ka
Hansip Baron) Téwak, Barooon!

Hansip Baron rék narajang Badar, tapi Badar kaburu ngangkat leungeunna nandakeun
serah bongkokan.

(352) BADAR
Pék kuring téwak. Tapi ulah aya nu kumawani ngaganggu Nyi Iswari jeung Si
Ubéd! Maranéhna teu boga salah!

(353) KADÉS UKAR


Lamun kitu, manéh kudu ngadapang!!!

Badar nurut kana paréntah Kadés Ukar. Badar ngadapang.

(354) KADÉS UKAR


(ka Hansip Baron) Buru, borogod!

Hansip Baron jeung Jang Amanta ngaborogod Badar. Sanggeus diborogod, Badar disina
nangtung deui.
Srenteng Kadés Ukar ka lebah Badar sata ngagampleng Badar. Hansip Baron, Cép
Among, jeung Jang Amanta, méh bareng milu nareunggeulan Badar. Iswari jejeritan, tapi
taya nu nolih. Iswari malah direjengan ku Kadés Ukar.

(355) ISWARI
Kang Badaaar…! Kang Badaaar…!

Badar diiringkeun ka luar ti imahna Iswari bari teu eureun digarebugan.


Anu aya di imah Iswari, kari Kadés Ukar, Iswari jeung Ubéd.

(356) (OS) CÉP AMONG


Urang duruk wé di Alun-alun!

37
(357) (OS) KOOR
Duruuuk…! Duruuuk…!

Kadés Ukar neuteup Iswari. Ari Ubéd nyumput di tukangeun awak Iswari.

(358) KADÉS UKAR


Nyai ogé teu bias leupas tina ieu perkara. Nyai bakal dibérok, lantaran geus
ngampihan badog di imah nyai. Kajaba…

Kadés Ukar eureun heula nyaritana, laju nuluykeun deui.

(359) KADÉS UKAR


Kajaba nyai masrahkeun éta surat wasiat Mang Isud, sarta nyai ulah betus ka
sasaha ngeunaan eusi surat wasiat.

Iswari unggeuk, tuluy ngasongkeun keretas surat wasiat. Barang rék ditampanan ku
Kadés Ukar, keretas surat wasiat dijejewét ku Iswari. Tuluy diawurkeun kana beungeut
Kadés Ukar.

(360) ISWARI
Abdi sareng orok abdi teu peryogi harta Mang Isud, Pa Kadés! Abdi ogé teu sieun
sanaos kedah dibérok!

Iswari malik ka Ubéd, tuluy muka aisan orokna. Iswari mangku orok ku dua leungeunna,
sarta dibikeun ka Ubéd.

(361) ISWARI
Ubéd, wayahna mihapé ieu budak.

Ubéd nampanan orok. Sanggeus kitu, iswari ngaléngkah ka lebah kantong gedé anu
Badar. Kop, kantong dicokot, sarta digandong. Iswari nyampeurekun deui ka Kadés
Ukar.

(362) ISWARI
Dina ieu kantong, eusina mangrupa barang-barang meunang maling. Mangga,
cerek abdi sarta lebetkeun abdi ka pangbérokan!

Kadés Ukar ngahuleng sakedapan bari neuteup seukeut ka Iswari.

(363) KADÉS UKAR


Batan Nyai hirup di pangbérokan, asa leuwih hade Nyai dienangkeun jadi
pamajikan…

(364) ISWARI

38
(némpas) Teu! Haté abdi bakal langkung laluasa di pangbérokan, batan kersa jadi
bojo Pa Kadés.

Kadés Ukar ngahuleng deui bari ngabagi paneuteup ka Iswari jeung Ubéd anu keur
anteng ngayun-ambing orok.
Sabot kitu, torojol Hansip Baron.

(365) HANSIP BARON


Kumaha, Pa Kadés? Naha Nyi Iswari ogé kedah dicerek?

(366) KADÉS UKAR


Enya, téwak wé! Sabab geus kumawani ngampihan badog!

Hansip Baron langsung ngagiringkeun Iswari, ninggalkeun rohangan imah Iswari,


dituturkeun ku Kadés Ukar. Tapi Kadés Ukar ngarandeg, tuluy malik ka lebah Ubéd.

(367) KADÉS UKAR


Sarbéd! Lamun silaing kumawani nyarita teu uni, mangka silaing ogé bakal milu
dibérok! Ngarti?

(368) UBÉD
Ngartos, Pa Kadés…

Kadés Ukar ninggalkeun rohangan imah Iswari. Nu nyésa kari Ubéd kadua orok.
Orok ngadadak gogoaran. Ubéd buru-buru ngabatakan bari diayun-ambing tur
hahariringan

(369) UBÉD
(hahariringan bari ngaléngkah ninggalkeun rohangan imah Iswari)
Néléngnéng kong néléngnéng kong
geura gedé geura baong… geura diajar tuang-toong…
noongan tukang badog

Néléngnéng kong néléngnéng kong


geura gedé geura baong…geura ngabadog tukang badog
bagikeuneun ka nu marolohok

Néléngnéng kong néléngnéng kong


geura gedé geura baong…geura noong ka pagéto
geura ngintip ka bihari
geura nyawang ka mangsa nu baris datang

Réngsé

39

You might also like