You are on page 1of 69

Peserta 002

PRÉT!
Naskah Drama Rumaja

Jelema mah keuna ku owah gingsir. Ngan aya nu terus owah, aya anu terus gingsir.
Satungtung raga kakurung nyawa, panto tobat molongo. Komo ieu barudak buta tulang buta
daging.

Pamaén :
1. Nita : 17 taun
2. Mariam : 45 taun (indung Nita)
3. Om Hérman : 50 taun
4. Bobi : 17 taun
5. Arul : 17 taun
6. Déwi : 17 taun
7. Barudak SMA

BABAK I

Beurang.
Panggung dibagi dua bagian. Sisi kenca wangunan tempat hiburan. Sisi katuhu Perpustakaan.
Abringan barudak sakola SMA kaluar ti panggung lebah tukang. Museur di tengah. Dina
émprona mah barudak sakola téh jadi ngagrup. Barudak centil jeung gaya mah ngumpul
hareupeun wangunan tempat hiburan. Récok nyarita ilaharna barudak dibarung calecengiran.
Nita mah mencil nyorangan hareupeun wangunan perpustakaan. Kalan-kalan Nita
merhatikeun batur sakolana nu karasa béda jeung dirina. Béda sagala rupana.

DÉWI
Gelo, sirah urang ngebul…

1
Jangar mikiran rumus terus…
LALAKI 1
Ngarah teu jangar, kudu hiburan…
Boga duit sabaraha?

AWÉWÉ 2
Dasar lalaki kéré…
Geus teu payu ka tanteu-tanteu nya?

LALAKI 1
Urang mah teu samakbruk…
Kudu pilih-pilih, teu padu nyawaan.
Teu siga manéh.
Tajir perelu, geulis ogé kudu. Ngarah aya gairah.

AWÉWÉ 2
Kajeun samakbruk tapi urang mah tajir…
Yu lah ku urang ditraktir kabéh…
(NGARÉRÉT KA LEBAH NITA)
Ajakan tuh sakalian istri binangkit…

ARUL
(NEUTEUP SEMU NGÉCÉ)
Édaaan…istri binangkit!

LALAKI 1
Lain istri binangkit…tapi istri surgawi!
Geura jung ambeuan…pasti bau kasturi.

Barakatak barudak gaya téh pating cakakak. Nita mah haré-haré baé. Api-api teu ngadéngé.
Bangun nu geus biasa. Boa neger-neger manéh. Ti panggung bagian tukang norojol Bobi.
Nyampeurkeun barudak nu keur calecengiran. Tapi teu lila. Siga nu teu panuju. Bobi
disurungkeun ku salah saurang baturna méh tijengkang. Bobi nyampeurkeun Nita. Tina
tangtungan jeung pakéan katembong ganjor pisan. Nita mah éstu sing sarwa basajan.
2
BOBI
Rék semesteran masih maceuh hiburan.
Kumaha rék bisa ngajawab soal.
Lieur ngalieuranana urang mah.

NITA
Bisa.
Buktina salila ieu niléyna haradé.
Manasina abdi, Bob.
Ngadekul ngapalkeun.
Paling onjoy niléy téh genep.
Niléy kanyaah…

BOBI
Niléy hadé hasil niron mah taya mangpaatna, Nit.
Buktina teu luyu jeung sikep mentalna…
Jeungna deui dina kahirupan mah teu ditangtukeun ku niléy rapor.

NITA
(SEURI. NYENGSEURIKEUN DIRINA SORANGAN)
Béda ari kutu buku mah.
Nyariosna beurat, Jénderal.
(SEURI. RADA NYAKAKAK NGAN GANCANG DIPENGKEK)
Tapi néangan gawé mah angger baé nu ditinggali niléy, Bob.
Sikep mental mah nomer sakitu…

Bobi nyerengeh. Asa kapeupeuh. Barudak gaya geus arasup ka gedong tempat hiburan.

BOBI
Hayu…cenah rek neangan buku…

NITA
Mun teu maksakeun mah puguh hoream…
3
BOBI
Har…naha maké hoream?
Maenya ‘kutu buku’ horéam ka perpustakaan?

NITA
Asa teu nambahan pinter…
Kurang piknik kitu?

BOBI
Bener?
Sok rék piknik ka mana?
Tapi engké tas réngsé semesteran…

Nita ceuleumeut bangun bingung. Maling-maling neuteup Bobi ti luhur nepi ka handap. Bobi
mah kalahka ngabalieur. Neuteup wangunan. Neuteup langit. Duanana asup ka perpustakaan.
Ti bagian tukang norojol Om Hérman. Tangtunganana gaya. Sok sanajan umurna nincak lima
puluhan, tapi masih katembong gumagah. Om Hérman ngomong sorangan. Siga nu keur
ngobrol. Sakapeung neuteup kana wangunan tempat hiburan, pili genti jeung neuteup
perpustakaan. Lebah ucap-ucapan nu dianggap penting, Om Hérman neuteup ka anu lalajo.

OM HÉRMAN
Ti jaman Nabi Adam kénéh geus aya kénca jeung katuhu.
Cenah kénca téh goréng, katuhu hadé.
Nu matak lamun nitah ka budak barangcokot ku leungeun katuhu,
kapan nyaritana téh nganggé panangan saé!
Tapi ayeuna mah éta pamadegan téh kudu diropéa.
Sabab kénca jeung katuhu gumantung lebah mana urang cicing.
(Neuteup ka anu lalajo)
Kieu maksud téh.
Ayeuna kuring nyinghareup ka sadérék sadaya.
Wangunan perpustakaan aya di kéncaeun.
Tempat hiburan aya dikatuhueun.
Naha wangunan perpustakaan téh tempat anu goréng?
4
Naha tempat hiburan tempat anu hadé?
(Nukangan nu lalajo)
Lamun posisi kuring kieu…
Kéncaeun kuring tempat hiburan.
Katuhueun kuring gedong perpustakaan.
(Malik. Neuteup ka anu lalajo)
Tapi teu penting.
Sabab anu leuwih penting mah ieu…
(Neueulkeun dampal leungeun kana lebah jajantung)
Haté!
Tah…ceuk haté, budak awéwé nu cikénéh asup ka perpustakaan,
kudu ditulungan.
Tumut kana hate ogé…
Nu matak kuring geus aya samingguna ngintip-ngintip.

ARUL
(Rurusuhan kaluar ti gedong hiburan)
Tapi peran Arul jelas Om…
Sadaya data ngeunaan sasaran Om, aya di Arul.

Om Hérman seuri. Duana ngangkat leungeun, sasalaman gaya barudak ngora. Om Herman
ngaluarkeun roko meunang ngalinting. Neuteup ka Arul. Tapi gentak Arul ngideg.

ARUL
Teu aman, Om.
Mendingan nyaritakeun sasaran Om lah…
Ngaranna téh Nita, Om.
Ieu yeuh catenana…Réncang sakola Arul, tapi teu sakelas.

Om Hérman ngimeutan catetan nu diasongkeun ku Arul. Sakapeung katémbong kerung, siga


aya kateupanuju.

OM HÉRMAN
Yatim?
5
ARUL
Leres, Om.

OM HÉRMAN
Naha bisa dicindekeun kieu?
Kapan Nita mah budak bageur.

ARUL
Dumasar kana conto nu aya, Om.
Tapi Arul yakin Om…
Saur sobat dalitna, Nita mindeng nyipta-nyipta…
Kaluar tina kahirupan anu ayeuna…
Semacam éksisténsi Om…

Om Hérman unggeuk. Ngodok pésak. Ngitung duit. Diasongkeun ka Arul jeung bungkus
roko. Arul gentak ngasupkeun duit kana pésak jeung bungkus roko kana jero tas. Barudak
ngabrul ti jero tempat hiburan. Nyalampeurkeun ka Arul. Om Hérman maké kacamata
hideung, gesat-gesut indit. Katembong seuri sorangan.

LAMPU PAREUM.
***

6
BABAK II

Beurang.
Patengahan imah Mariam. Teu loba paparabotan iwal ti korsi jeung mesin kaput. Rohangan
kamar ukur dihalangan ku hordéng. Basajan pisan. Dina dingding aya potrét Mariam
nyanggéyéng. Jam dingding paéh. Diuk dina korsi roda, Mariam keur anteng ngaput. Nita
muka panto sanggeus keketrok. Nyampeurkeun Mariam, nyium dampal leungeun Mariam.
Mariam ungas-ingus bangun ngambeu nu anéh. Nita katembong isin rasa.

MARIAM
Asa anéh, Néng. Maké minyak seungit?

NITA
Bongan disirik baé, Mah, majar Nita bau panon poé.

MARIAM
Tapi…

NITA
Pamasihan. Moal ngaganggu tabungan Nita, Mah.

MARIAM
Sanés kitu, Geulis.
Nu dipaké ku Enung téh minyak seungit keur pameget.
Dipasihan ku saha?

Giliran Nita ungas-ingus, ngambeuan awakna sorangan. Rey beungeutna beureum, tapi
gancang nyalenggorkeun omongan.

NITA
Ngaput acuk saha, Mah?

MARIAM
7
Ngaput acukna nu masihan minyak seungit.
Nita seuri katohyan. Mariam eureun ngaputna. Nyampeurkeun anakna – dina korsi roda –
terus ungas-ingus deui.

MARIAM
Mun enya minyak seungit pamasihan, énggal pulangkeun deui.
Sabab éta mah minyak seungit keur pameget.
Tapi lamun éta minyak seungit ukur napel dina acuk,
hartina…

NITA
Ngabohong!

MARIAM
Urang lain jelema aya.
Lain turunan jelema jegud.
Tapi salila ieu tara disapirakeun batur.
Sabab urang tara bohong…tara julig…
komo jail kaniaya ka sasama.
Dug hulu pet nyawa Mamah ngabiayaan hidep sakola,
lain keur umangkeuh…
Lain sangkan jadi jelema jegud, anaking.
Tapi Mamah miharep ku atikan di sakola,
hidep jadi jelema anu jujur.

NITA
Punten Nita, Mah.

MARIAM
Pamasihan ti saha éta minyak seungit?

Nita gideug. Gabrug ngagabrug Mariam. Lalaunan Mariam ngusapan. Katembong paromanna
ngungun.

8
NITA
(NAHAN PICEURIKEUN)
Nita capé, Mah.
Capé dihina ku réréncangan.
Capé disapirakeun ku réncang sakelas.
Nita disirik bau panon poé.
Nita dilandi budak leucir pedah tara dipupur.
Nita dilandi calon propésor, tapi niléy angger awon.
Tapi naha réréncangan Nita nu resep ka pésta…
Réréncangan Nita nu dilipen urahak…
Réréncangan Nita nu dipupur camerok…
Tara ieuh ka perpustakaan…
Geningan niléyna bet saraé…

MARIAM
Nita teu lepat…
Tapi omat entong robah, Anaking.
Keun disirik bau panon poé mah moal matak raheut.
Teu nanaon dilandi budak leucir,
sabab can waktuna kudu menor.
Ulah pondok harepan, Geulis.
Getol maca mah moal rugi.
Getol ka perpustakaan mah moal matak cilaka.

Nita hudang. Neuteup beungeut Mariam. Katembong teu panuju. Laju nangtung, asup ka jero
kamar.

NITA
(TI JERO KAMAR)
Lamun Nita nganggo minyak seungit…
Lamun Nita dipupur…
Lamun Nita dilipen…
Lamun Nita lirén ka perpustakaan…
Naha niléy Nita bakal ageung?
9
Siga réréncangan Nita tukang ka pésta?
Siga réréncangan Nita nu tara ka perpustakaan?

Mariam gideug. Teu ngajawab. Lalunan nyusut juru panon ku salindang. Ngadorong korsi
roda ngadeukeutan mesin kaput. Rét kana potrét nu nyanggéyéng. Neuteup jam nu jarumna
eureun.

MARIAM
Pék téh teuing rék maké minyak seungit…
Moal nyarék diwedak atawa dilipen…
Moal ngahalangan mun teu rajin ka perpustakaan…
Pék téh teuing indit ka pésta…
Tapi engké lamun geus rérés sakola.
Engké lamun geus bisa ngala duit sorangan, Anaking.

NITA
Jangji?

MARIAM
(NAHAN PICEURIKEUN)
Mamah jangji, Anaking.
Sok sanajan Mamah cangcaya…

NITA
Naha?

MARIAM
Mamah cangcaya kana pamadegan mamah sorangan.
Naha budak bangor tapi niléyna hade?
Naha budak bageur tapi niléyna goréng?

NITA
Lamun kitu mah mending bangor sakalian…

10
Mariam ngaranjug. Neuteup ka kamar anakna. Leungeuna tipepereket nyekel kana korsi roda.
Pikiranana keur museur kana mangsa ka tukang. Nita tangtu moal apaleun.

MARIAM
Sakola mah keur ngarobah pola pikir, Anaking.
Lamun téa mah loba budak baong tapi suksés,
hidep kudu percaya leuwih loba anu bageur tapi suksés.
Lamun keur sakola resep niron dapon meunang niléy hadé,
sing yakin leuwih mangpaat niléy goréng tapi jujur.
Mamah geus ngarasa nu utama keur hirup mah lain niléy rapor.
Tapi jujur, Anaking.
Suku mamah lumpuh…
Tapi jujur teu butuh ku bantuan suku…
Rejeki angger mayeng sabab dipercaya ku batur.

NITA
Jujur…sabar…silih asih…
Unggal dinten Nita nguping, Mah.
Di bumi…dina angkot…di sakola…
Tapi naha geningan réréncangan mah apilain?
Niron angger dilakonan…
Nganyerikeun babaturan jadi kaulinan.

MARIAM
Lebah dinya pisan ujianana, Geulis.
Sabab lamun teu meunang ujian,
urang moal naék kelas…

NITA
Ujian kanggo saha?
Naha Nita wungkul nu diuji?
Lamun ukur Nita nu diuji,
teu adil atuh, Mah.
Buktina geningan réréncang ogé angger naék kelas!
11
Mariam neuteup kamar Nita. Neuteup pinuh kateungarti. Dina korsi roda di tengah panggung,
Mariam humandeuar. Hawar-hawar kadéngé siga nu eueuriheun. Nita nyingraykeun hordéng,
neuteup sedih ninggali waruga nu jadi indung.

MARIAM
Sok rajeun kamemelangan
Mikiran diri pribadi
Ti mana jeung rék ka mana
Cenah hirup kudu hurip
Rahayu lahir jeung batin
Mana nu bener mana nu palsu
Hésé néanganana
Sok inggis salah pamilih
Palangsiang…palangsiang bener téh
Ngan keur sorangan1

LAMPU PAREUM
***

1
Lagu Liwung, rumpaka yasana Pangeran Djatikusumah dicutat tina buku “Guguritan Tembang Sunda”,
pamedal Lingkung Seni Purwa Wirahma, Cigugur, Kuningan, teu aya titimangsa.

12
BABAK III

Peuting.
Di tempat pésta. Barudak ngora campur jeung nu geus umuran. Nu jarogéd, nu
ceuceuleuweungan, campuh. Dina hiji korsi Nita diuk pagégéyé jeung Om Hérman. Arul
ngawaskeun. Batur-batur sakelasna anteng jeung pangaresep séwang-séwangan. Nu ngaroko
mulek teu eureun.

Ti hiji rohangan kaluar budak awéwé bari ngawiwiw ceurik. Gesat-gesut kaluar ti tempat
pésta. Nita ceuleumeut neuteup ka anu gesat-gesut kaluar. Om Hérman ngusap beungeut
Nita.

OM HÉRMAN
Gubrag ka dunya urang sorangan.
Bagja cilaka karasa ku sorangan.
Tok sok opénan ka batur.
Naha salila ieu batur opénan ka Nita?
Cenah Nita hayang bagja siga batur.
Hayang ngarasa kumaha ngeunahna senang.

NITA
Tapi naha gening aya nu nangis?
Cenah di dieu téh tempat suka-suka…

OM HÉRMAN
Tong kabobodo ku cimata, Nita!
Cimata mah rupa-rupa maksudna.
Kurang pamahugi bisa kaluar cimata.
Di luar mah seuseurian.
Cimata pangérétan ngarana.
Katohyan midua haté kaluar cimata.
Cimata pangakalan disebutna.
Jauh ti urang siga kuda leupas ti gedogan.

13
NITA
Bingung Nita mah, Om.

OM HÉRMAN
Lain bingung, tapi can biasa.

NITA
Can biasa?

OM HÉRMAN
Engké ogé bakal biasa…

NITA
Mun tos biasa?

OM HÉRMAN
Jadi tuman…

NITA
Mun tos tuman?

OM HÉRMAN
Deudeuieun…

Nita katembong kerung. Om Hérman ngasongkeun inuman. Cai hérang dina gelas jangkung.
Tapi waktu Nita rék nginum, diambuan, terus ngabirigidig. Meungpeuk irung. Nahan ongkék.
Om Hérman ngarenyu. Ngiceupan ka Arul nu keur mencrong. Arul unggeuk siga nu geus
ngarti. Surti.

OM HÉRMAN
Tong maksakeun!
Nita can tuman.

NITA
14
Muhun…

OM HÉRMAN
Jus jeruk?

NITA
Citéh baé, Om.
Nita tuhureun…

OM HÉRMAN
Di dieu mah teu aya citéh.
Manasina di warteg.
Jus baé nya?

Nita unggeuk. Mareng jeung Bobi nangtung di lawang. Nita ngarénjag ninggali aya Bobi
datang. Gura-giru nangtung teu pamit heula ka Om Hérman. Lengkah Nita kapiheulaan ku
awéwé séjén, ngaléng Bobi bangun nu geus wanoh. Nita ngajengjen.

NITA
Bobi? Naha geningan ka dieu?
Naha bosen ngapalkeun?

BOBI
(Ngarérét)
Tuh…itu Nita…Nita nu itu nu ditéangan mah…

AWÉWÉ
Kuring gé sarua Nita…

BOBI
Lain…
Nita nu itu tuh…

AWÉWÉ
15
Teu beunang dipikanyaah budak téh.
Jalan!

Bogi rék nelenjeng nyampeurkeun Nita, tapi gancang dijéwang ku saurang awéwé. Nita rék
nyampeurkeun tapi gentak dikenyang ku Om Hérman. Nita ceuleumeut. Teu ngarti. Bobi
murilit. Teu ngarti.

OM HÉRMAN
Ceuk Om oge tong sok opénan.
Urang mah di korsi nu itu!
Cukup saurangeun baé, Nita.
Masing-masing boga korsi séwang-séwangan…
Hirup mah napsi-napsi baé.
Waktu lahir urang ngan sorangan.
Engké maot di jero kuburan ogé sorangan.

NITA
Bobi milarian, Om!

OM HÉRMAN
Ékol éta mah…
Biasa budak ngora mah,
hayang sarwa haratis!
Memangna Bobi téh sahana Nita?
Lanceuk?
Satpam?
Maké jeung néangan sagala rupa.

NITA
Sanés, Om. Réréncangan.
Mémangna naon nu haratis?

OM HÉRMAN
Kasenangan…
16
NITA
Kasenangan téh kedah dipésér, Om?
Maké jeung aya nu haratis sagala…

OM HÉRMAN
Puguh baé…
Kasenangan mah kudu dibeuli.
Nu matak kudu loba duit.
Jaman kiwari mah euweuh anu haratis.
Catet, Nita! Euweuh nu haratis.

Nita jeung Om Hérman diuk deui dina korsi ajangna. Dina méja geus nyampak jus jeruk. Om
Hérman ngasongkeun gelas inuman. Legik-legik Nita nginum. Enya tuhureunana. Tapi teu
kungsi lila Nita katembong nyarandé dina korsi bangun nu taya tangan pangawasa. Om
Hérman imut. Arul unggeuk bari gura-giru kaluar.

LAMPU PAREUM.
***

17
BABAK IV

Beurang.
Hareupeun perpustakaan.
Bobi diuk dina bangku. Lunga-lengo. Aya nu didagoan. Lengo deui lengo deui. Nu didagoan
can kénéh datang.

Datang Déwi, batur sakelas Bobi. Tapi Bobi haré-haré. Lain Déwi anu keur didagoan. Déwi
siga meunang kasempetan. Nyampeurkeun Bobi. Centil. Bobi angger haré-haré.

DÉWI
Masih satia nungguan Nita, Bob?
Nu matak tong katungkulkeun teuing ku buku.
Talingakeun naon anu kajadian di luar.
Dunia berubah dengan cepat, Bob!
Leuwih gancang ti ambekan urang.

BOBI
Naon sih maksudna?

DÉWI
Nita ayeuna lain Nita nu kamari, Bobi.
Nita geus robah.
Lain budak bageur lungguh timpuh deui.
Kétang…lungguh timpuhna angger.
Ngan baé lungguh timpuh pangérétan.
Lungguh keur meruhkeun Om-om.
Ogo ngarah lalaki bogoh nyoso.
Gélooo…urang bisa nyarita murkawanti nya?

BOBI
Tapi urang teu percaya, Dewi!

DÉWI
18
Har…cenah kungsi manggihan keur otél jeung Om-om?

BOBI
Ceuk saha?

DÉWI
Ceuk saha? Memangna ceuk Obama?
Nya ceuk batur sakelas urang, Bobi.
Aduh…sugan urang mah loba maca téh tambah pinter.
Gawat manéh mah, Bob.
Geus stadium opat sigana.

BOBI
Naon?

DÉWI
Boloho!

BOBI
Naon maksudna?

DÉWI
Karunya!
Sabenerna urang mah karunya.
Unggal poé jangjian di perpustakaan.
Diajar babarengan.
Siga nu heueuh silih pikanyaah.
Tapi sabenerna manéh ukur meunangkeun sésa.
Ngukut awéwé pangacakan batur!
Pangacakan Om-om.

BOBI
Ati-ati nyarita téh, Dewi.
Ulah nyaliarakeun kagoréngan.
19
Pitenah.
Pitenah nu kitu téh.

DÉWI
Naon? Pitenah?
Kajeun teuing ah ari embung dibéjaan mah.
Satadina urang mah karunya.
Enya, karunya ka manéh, Bobi.
Karunya…pédah…

BOBI
Karunya atawa hayang dipikarunya?

DÉWI
Yéy…mémangna urang awéwé apaan?
Awéwé nanahaon?

BOBI
Awéwé nu satékah polah hayang meruhkeun lalaki.
Apal saha lalakina?
Urang!
Sabab dianggapna urang bisa diporot.

DÉWI
Gélooo…wani nyarita kitu manéh.

BOBI
Leuwih ti kitu ogé wani.
Mémangna sieun ku saha?

Déwi katembong ngaranjug. Tapi gentak pura-pura seuri. Bobi rék ngaléos ngan gancang
dijéwang ku Déwi.

DÉWI
20
Baheula waktu urang keur kelas hiji mémang kitu, Bob.
Tapi ayeuna mah geus lain-lainna.
Urang nyaritakeun kaayaan Nita ayeuna kusabab nyaah.
Nyaah ngarah anjeun teu katipu.
Kitu ogé lamun daék dibéré nyaho.
Lamun henteu mah nya kajeun teuing.
Ulah salah di urang.

BOBI
Kuring geus teu percaya ka batur sakelas, Déwi.
Euweuh nu bisa dipercaya.
Kabéhanana oge sarua. Sakelir.
Nganggap sobat mun aya nu dipiharep.
Nganggap babaturan salila masih nguntungkeun.
Iwal ti Nita nu jujur.
Ti kelas hiji mula teu robah.
Tara ngabéda-béda kanu beunghar kanu sangsara.

DÉWI
Tapi kituna téh kamari, Bobi.
Ayeuna mah geus robah.
Nita tara ngabéda-béda sabab ngarumasakeun.
Ngarumasakeun kaayaan dirina nu balangsak.

BOBI
Tapi kuring teu percaya!

Bobi ngaléos asup ka perpustakaan. Teu kungsi lila Nita datang. Dangdanana angger basajan.
Déwi katinggali asa jalan komo meuntas. Nita nu rek asup ka perpustakaan dihalangan. Nita
nyurungkeun Déwi ngarah teu ngahalangan. Déwi gancang jejebris. Siga nu najis
disurungkeun ku Nita. Nita mencrong teu ngarti.

DÉWI
Najis urang mah dicabak ku pérék.
21
NITA
(Neuteup seukeut)
Urang mah pérék payu, teu siga manéh.
Rajeun payu ka supir angkot.

DéWI
Gélooo…manéh wani ngahina!
Awas siah dibéjakeun.

NITA
Manéh nu ngamimitian.
(Seuri ngécé)
Samarukna Bobi rék percaya?
Ngaca, Néng! Ngaca!

DÉWI
Manéh nu kudu ngaca mah!
Budak teu puguh bapana.
Boa-boa sarua indung manéh ogé…

Déwi teu kebat nyarita, kaburu dibanting ku Nita make tas sakola. Untung masih kénéh rada
ngagiwar. Ngan teu wudu rada tijengkang. Saméméh Nita nyusul tepus, Déwi rikat hudang
terus kabur. Nita ngaheneng. Napsu kapegung amarah teu kawadahan. Bari nyinghareup ka
nu lalajo, katémbong mimiti ngembeng cimata.

NITA
Rék dihina naon baé, Nita bakal narima.
Rék dihina siga kumaha baé, Nita sadrah.
Sabab Nita memang pantes dihina.
Tapi tong coba-coba ngahina Mamah.
Kajeun lumpuh tapi Mamah terus bajoang.
Satékah polah usaha sangkan Nita bisa sakola.
(NYUSUT CIMATA)
Sakapeung Nita ogé bosen.
22
Hayang hirup siga nu lian.
Tapi moal bisa maksa ka Mamah.
Teu bisa kudu lamun terus maksa ka Mamah.
Wawuh jeung Om Hérman keur Nita mah jalan.
Jalan ngarah bisa robah.
Jalan ngarah Nita bisa siga batur.
Tapi naha kakara wawuh geus disebut pérék?
Tapi kajeun.
Satungtung Mamah jeung Bobi teu apaleun.

Nita ngaléos. Bobi kaluar ti perpustakaan. Nyusul Nita tapi teu kasusul. Bobi ngaheneng.
Balik deui ka tengah panggung. Paroman katembong bingung.

BOBI
Naha enya Nita geus robah?
Cikénéh ngarérét tapi ukur ngarérét.
Biasana mah kapan ngadagoan.
(NGAHULENG)
Peuting kamari panggih jeung Nita di tempat hiburan.
Nita keur diuk jeung Om-om.
Tapi naha enya Nita geus robah?
Naha enya Nita leuwih milih Om-om?
Ah…Déwi. Déwi pasti ngabohong.
Pitenah.
Sabab ti keur kelas hiji naksir urang ngan teu dilayanan.
Sabab keur urang leuwih cop jeung Nita.
Sosobatan jeung Nita.
Kajeun lain bobogohan.
Tapi haté asa teu bisa kapalingan.
Tapi naha enya Nita geus robah?
Lamun enya geus robah,
gening masih kénéh daék diajak ka perpustakaan.
Tara nyarék lamun kuring nganjang.
Naha enya Nita geus robah?
23
Kudu ka saha kuring nanya?
Aya nu uninga di lebah dinya?
Lebah dieu?
Lebah ditu?
Naha enya Nita geus robah?

LAMPU MOÉKAN.

Bobi masih kénéh kukulintingan. Tanggah neuteup langit.

BOBI
(Make langgam lagu “Alamat Palsu” Ayu Tingting)
Ka saha…ka saha…ka saha
Kuring kudu nanya ka saha.
Naha Nita geus robah?
Naha Nita geus robah?

Di mana di mana di mana


Néangan jawaban nu pasti
Di mana

Nanya ka ditu ka dieu


Tapi teu meunang jawaban
Boa enya Nita geus robah

LAMPU PAREUM.
***

24
BABAK V

Peuting.
Mariam diuk dina korsi roda. Anteng ngabordél. Panto dikentrok ti luar. Nita asup. Mariam
mencrong nu jadi anak pédah peuting kakara balik. Dipencrong kitu Nita ngadadak gugup.
Beungeut nu camerok ledak disusut ku saputangan. Biwir nu urahak gentak disusut. Nyusut
rusuh téa jadi lamédong. Mariam beuki ngarasa anéh. Asa-asa Nita munjungan. Mariam
ungas-ingus ngambeu nu anéh.

MARIAM
Kunaon?
Aya naon anaking?

NITA
(Siga nu kagok asong)
Bongan, Mah. Bongan.
Mun Nita teu dipupur, teu dilipen, dianggapna budak bolon.
Dina angkot diheureuyan.
Di terminal diheureuyan.
Éta meureun gampang ngaheureuyan budak mah.

MARIAM
(Beuki teu ngarti)

NITA
Bénten mun Nita dipupur.
Bénten mun Nita dilipen.
Nu rék ngaheureuyan ati-ati.
Sieun ditarikan sigana mah!

Nita hayang gancang asup ka kamar. Tapi gentak leungeunna dicekel ku Mariam. Neuteup
seukeut ka Nita. Nita ngabalieur. Teu wani paadu teuteup. Luk tungkul. Samar polah. Mariam
neuteup seukeut hayang neuleuman haté nu jadi anak.

25
MARIAM
Diheureuyan jeung teu diheureuyan, Anaking.
Lain pédah lipen jeung wedak.
Diheureuyan jeung teu diheureuyan mah,
kumaha kalakuan urang.

NITA
Mamah sih…

MARIAM
Mamah naon?

NITA
Ayeuna tos robih, Mah.
Sagalana robih teu siga jaman Mamah.

MARIAM
Teu kudu nyalahkeun jaman.
Angger kumaha urangna.
Kajeun beungeut leucir teu dipupur
Kajeun biwir pias teu dilipen
Ari kalakuan hayang diheureuyan mah,
nya angger baé bakal loba nu ngaheureuyan.
Kitu deui kajeun katinggalina lungguh timpuh,
ari keletna begér mah nya diheureuyan.
Sabalikna kajeun camerok ku pupur.
Kajeun urahak ku lipen.
Ari bisa ngajaga tindak tanduk mah.
Lalaki ogé moal sagawayah ngaheureuyan.

NITA
Jadi Nita kedah jejebris?

MARIAM
26
Jejebris ogé ari bari iirihilan mah sarua baé, Geulis.
Sing percaya ka Mamah.

NITA
Janten Nita kedah kumaha, Mah?

MARIAM
Nita nu jadi diri sorangan.
Nita anak Mamah siga kamari-kamari.

Nita siga béakeun omong. Rék asup ka kamar teu bisa sabab leungeuna dicekel pageuh.
Mariam merhatikeun tangtungan nu jadi anak nu keur nonggongan. Luk tungkul. Panon
indung teu bisa kapalingan. Nita teu sadar naon keur kajadian.

MARIAM
Nganggo minyak seungit nu saha?

NITA
Nu biasa!
Leres, Mah, nu biasa.

MARIAM
Luas kitu ngabohongan Mamah?

Nita malik. Mencrong beungeut indungna. Terus ngabalieur. Lalaunan ngenyang leungeunna
tapi Mariam nyekel beuki pageuh.

MARIAM
Éta mah minyak seungit lalaki, Anaking.
Mamah moal kapalingan.
Geus sababaraha kali Nita seungit minyak lalaki.

NITA
Gening Mamah apal bau minyak seungit pameget?
27
Kapan teu aya pameget di dieu mah.
Tara aya pameget ka dieu.

MARIAM
Teu aya sotéh ayeuna, Anaking.
Moal aya hidep mun Mamah teu wawuh jeung lalaki.
Bapa hidep…

NITA
Jadi Nita gaduh bapa?

MARIAM
Nya tangtu, Anaking.

NITA
Saha? Di mana?
Kenalkeun ka Nita…
Ngarah Nita teu disebut budak teu bapaan.

Nita siga nahan piceurikeun. Leungeunna dilesotkeun, tapi teu daék ngejat.

MARIAM
Nyeri…nyeri Mamah téh, Anaking.
Unggal inget kana kalakuan bapa hidep.
Hampura Mamah teu boga daya.
Hampura Mamah teu sanggup nyadiakeun kasabaran,
lamun kudu ngenalkeun hidep…

Nita sakuat tanaga nahan piceurikeun.

MARIAM
Mamah ngalaman lumpuh sanggeus kacilakaan.
Kacilakaan nu ngahaja…
Kacilakaan nu dihaja.
28
Nita neuteup, terus ngabalieur. Telenjeng asup ka kamar. Nyetel radio rada tarik. Nyetel radio
ngarah teu kadéngé ceurik. Mariam ngusap beungeut. Neruskeun ngabordél tapi teu kebat.
Cimata terus ngagenclang.

MARIAM
Baheula jaman Mamah keur budak.
Baroraah wani ngejat komo bari nyetel radio.
Kakara ninggali rindat indung teu panuju,
geus ngeleper sieun tideuha.
Gening hidep mah béda.
Sakalieun aya ka teu panuju, ngejat ngajauhan.
Naha teu sieun tideuha?
Atawa barudak ayeuna geus robah?
Geus robah ceuk hidep ogé.
Biheung apal ogé hanteu naon ari tideuha.
Komo tideuha ti indung.

Mariam ngadeukeutan kamar Nita.

MARIAM
Emam heula kaituh!

NITA
Wareg…

MARIAM
Wareg?
Na emam di mana kitu?
Kapan bekel mah ukur cukup keur ongkos…

NITA
Wareg.
Wareg digelendeng…

29
Mariam ngarenghap. Rék pok pisan nyarita, ngan kaburu panto aya nu ngetrok. Mariam
ngadeukeutan panto bari diuk dina korsi roda. Nita nyingkabkeun hordéng saeutik.
Katémbong tas ceurik. Bobi nu datang. Munjungan. Diuk dina alketip.

MARIAM
Naha teu sareng Nita geningan, Cep Bobi?

BOBI
Teu pendak ti énjing kénéh ogé, Mah.

MARIAM
Teu pendak?
Naha Cep Bobi teu sakola?

NITA
(Ti jero kamar)
Aya tugas di laboratorium, Mah.
Nu mawi teu pendak…

Bobi ngarérét Nita nu keur molotot dina lawang kamar. Tapi waktu Mariam ngarérét, gentak
hordéng ditutupkeun deui. Bobi katembong samar rampa.

MARIAM
Hapunten, Cep Bobi, Nita mah kitu geningan…

BOBI
Euh…teu sawios, Mah.
Muhun tadi téh Bobi mah kéngéng tugas nu bénten.
Ngerjakeunana di Perpustakaan.
(Beungeutna nyéak rumasa geus ngabohong)

MARIAM
Dugi ka jam sabaraha di sakola?

30
BOBI
Normal…aéh…maksadna téh…
Bobi mah normal dugi ka jam dua.
Duka Nita mah…

NITA
Magrib…

Bobi unggeuk. Neuteup Mariam. Luk tungkul.

BOBI
Dugi ka magrib, Mah.

MARIAM
Enya da nembé jol pisan.
Ka dieu atuh, Nita, ieu aya Cép Bobi.
Sanés gogorowokan ti jero kamar.

BOBI
Wios, Mah. Ieu badé nyanggakeun ieu.
Bilih Nita peryogieun…

MARIAM
Euleuh saé éta téh, Cép Bobi.
Tanggung jawab namina.
Wios budak kénéh ogé kedah diajar koloteun.
Ulah sotéh kokoloteun.
Hésé ngalandonganana.
Dibodasan kalahka siga hapur.
Diantep kalah nyeueuran.
Maung loréng téh simaan, da ari kokoloteun mah awon.
Maenya aya jalmi loreng onaman…

31
Bobi nyéréngéh. Beungeutna siga getihan deui. Sanggeus saméméhna siga anu kabur
pangacian. Mariam ngarérét kamar Nita.

MARIAM
Néng anaking ieu Cép Bobi.
Nyandak naon cenah…aya titipan!

NITA
(Ti jero kamar)
Sareng Mamah wé lah…

MARIAM
Har…
Naha?

NITA
Cocok…sami-sami koloteun.
Nita mah teu acan kataekan.

MARIAM
Hus…ari nyarios téh.
(Ka Bobi)
Kitu Nita mah ari capé teuing téh…

BOBI
Muhun, Mah.
Sawios.
Permios atuh…

MARIAM
Ih…ké heula!
(Bari ngarérét ka lebah kamar)
Nita…kaluar, Geulis.
Tong sok kamana léorna ari nyarios téh.
32
Pamali.
Jeungna deui awéwé mah teu kudu diajar tataékan sagala.

Hésé béléké Mariam maké korsi roda, asup ka dapur. Bobi ngarenghap narik napas panjang.
Ngarasa bébas sanggeus teu disinghareupan ku Mariam. Nita kaluar ti kamar. Headset masih
kénéh napel dina ceuli. Bari diuk nanghunjar, katémbong édég. Bobi neuteup. Nyéh seuri
sorangan.

Mariam datang mawa baki dieusi gelas.

MARIAM
Har…geningan kalah siga di kuburan.
Mani jempling!

Nita ngarérét. Nampanan baki dieusi geulas. Mariam asup deui ka dapur.

NITA
Sanés di kuburan, Mah.
Ieu mah sési obrolan di jero batin.
(Neuteup seukeut ka Bobi)
Kumaha sih? Kapan jangji ulah panggih di dieu.
Kararagok…

BOBI
(Ngarérét ka lebah dapur)
Naha atuh susah dihubungi?
Disms teu dibales.
Ditelpon teu diangkat.
(Ngarérét deui ka lebah dapur)
Tas ti mana?
Teu aya di lab pan?

Nita méré isarat sangkan teu loba nyarita.

33
NITA
Hapé jadul…
Teu bisa diajak kompromi.
(Bari ngarérét ka lebah dapur)
Doakeun nya sugan aya milik.
Bisa kabeuli hapé anyar.
Hapé Cina ogé teu nanaon.
Nu penting jagjag waringkas.
Ngarah bisa komunikasi.
Sabener-bener di sakola,
hayoh disangka tas ngablu…

Bobi teu ngarti yén sabenerna Nita nyindiran indungna. Ku Bobi mah Nita nyarita kitu téh
dianggapna bener baé. Nu matak teu kireum-kireum Bobi nyarita.

BOBI
Doana diijabah, Nit.
Yeuh Bobi nyandak hapé anyar.
Hapé kaseneng Nita, type anyar.
Tiasa internétan sareng…

Bobi ngaluarkeun bungkusan tina kantongna. Nita marahmay. Bungkusan téh langsung
ditarima teu sirikna bari surak ajrag-ajragan. Mariam noong ti lebah lawang dapur. Katinggali
ukur gogodeg.

NITA
Ngaleueut, Bob.
Sok tambi lumayan citéh wungkul…
Lalawuhna mah di ditu baé nya.
Di toko kuéh.

BOBI
Nuhun…ayeuna mah teu tuhureun deui Bobina gé.
Tadi mah enya.
34
NITA
Pédah ngobrol jeung Mamah nya?
(Ngalak-ngilik bungkusan)
Sabaraha kalieun ieu téh?

BOBI
Mémangna tukang kiridit.
Éta mah keur Nita.
Sok anggo!

NITA
Bukti cinta lain?

BOBI
Naha kitu?

NITA
Lamun bukti cinta, horéam narimana.
Engké dimana cintana geus laas,
hapéna kudu dipulangkeun deui.

Bobi seuri. Tapi seuri maur. Mariam sakali deui ukur gogodeg. Bobi inget deui kana kajadian
waktu tepung jeung Déwi. Nita asup ka kamar. Bobi nangtung. Nyinghareup ka anu lalajo.

BOBI
Naha enya Nita geus robah?
Maenya balik sakola nepika magrib.
Tas ti mana heula?
(NGAHULENG)
Bulan tukang panggih jeung Nita di tempat hiburan.
Nita keur diuk jeung Om-om.
Tapi naha enya Nita geus robah?
Naha enya Nita leuwih milih Om-om?
Urang geus lila sosobatan jeung Nita.
35
Najeun lain bobogohan.
Tapi hate asa teu bisa kapalingan.
Tapi naha enya Nita geus robah?
Lamun enya geus robah,
gening masih kénéh daék diajak ka perpustakaan.
Tara nyarek lamun kuring nganjang.
Naha enya Nita geus robah?
Tas ti mana nepika balik magrib?
Tadi di sakola euweuh tugas nanaon.
Naha enya Nita geus robah?

LAMPU PAREUM.
***

36
BABAK VI

Peuting.
Panggung dibagi dua : panggung réalita jeung panggung imajinasi. Panggung imajinasi di
latar tukang, rada jangkung ti panggung réalita. Tempat dua urang baléria tari. Tari imajinasi.

Sedeng panggung réalita mangrupa hiji taman. Remeng-remeng. Nita diuk dina bangku
ngaréndéng jeung Om Hérman. Kéncaeun bangku, Bobi nyumput tukangeun tatangkalan.
Dina panggung imajinasi lumangsung tarian (silhouette). Tari balet lalaki jeung awéwé.

Beuki lila Nita jeung Om Hérman diukna beuki pagégéyé. Bobi ukur gogodeg. Rék ngejat
sukuna siga nanceb kana taneuh. Antukna nanghunjar. Ari panon mah rét deui rét deui ka
lebah Nita nu keur pagégéyé.

Dina panggung imajinasi. Tanpa soara. Tarian balét lalaki jeung awéwé beuki maceuh.
Mareng jeung adegan leungeun balérina lésot terus pajauh, Nita nangtung satengah ngejat.
Bobi géhgéran ngilu nangtung. Tapi teu kabireungeuh ku Nita jeung Om Hérman mah. Nita
nangtung di sisi panggung lebah katuhu. Riwih-rawah. Bobi nyerangkeun ti kaanggangan.
Om Hérman nangtung, ngadeukeutan Nita. Ngalelemu. Panggung imajinasi poék meredong.
Jadi latar peuting baé.

OM HÉRMAN
Iraha Om bohong?
Iraha Om jali jangji?

NITA
Kumaha lamun Néng?

Nita Ngaragap beuteung. Nging ceurik. Bobi sajungjungeun nangtung ninggali Nita ceurik
téh. Tapi teu jadi. Mandeg mayong.

OM HÉRMAN
Kumaha Néng baé.
Lamun hayang terus sakola, kaluarkeun!
37
Paksa!
Bobi neuteup teu ngarti. Mencrong ka Om Hérman. Tapi gancang ngabalieur. Awakna beuki
nyumput tukangeun tangkal. Nita masih kénéh rambisak.

OM HÉRMAN
Loba tukang urut nu pinter.
Loba dokter nu daékeun.
Tapi lamun Néng moal neruskeun sakola, baeu téh teuing.
Urang rumah tangga.
Ti mimiti wawuh ogé Om geus jangji.
Om serieus hayang rumah tangga jeung Néng.
Kacinta…kanyaah…katresna Om ngan keur Enéng.
Tapi naha siga anu cangcaya?

NITA
Sabab Om seueur istrina…

OM HÉRMAN
Éta téh tanda Om mampuh, Néng.
Mampuh duitna…
Mampuh tanagana.
Mampuh keur adilna.

Bobi siga nu diseureut éngang. Harita kénéh labuh. Nita ngarérét tapi teu sidik. Om Hérman
mah bangun anu teu kapangaruhan. Jung nangtung. Leumpang pinuh ku kayakinan ka
hareupeun panggung. Lajag-léjég. Bobi murungkut bari undur-unduran ngajauhan. Padahal
Om Hérman mah teu ninggalieun.

OM HÉRMAN
Kangaranan urusan jeung budak bolon.
Tong sentak sengor.
Bisi kabur.
Tong getas harupateun, bisi gagal.
Siga nguseup baé.
38
Lamun disangut ulur heula, kenyed saeutik.
Keun antep sina motah.
Antep sina béakeun tanaga.
Geus béak tanaga mah tinggal tarik…

Nita teu ngartieun. Bobi sarua baé. Tapi ninggali Nita teu eureun ceurik mah, Bobi lahlahan.
Ngumpulkeun tanaga jeung kawani. Kaluar tina panyumputanana. Telenjeng nyampeurkeun
Nita nu rambisak. Nita katémbong kagét. Harita kénéh nangtung bari nyurungkeun Bobi. Om
Hérman masih kénéh nyinghareup ka nu lalajo.

NITA
Rék naon maké ka dieu ari Bobi?
Ieu mah tempat ulin nu geus déwasa.
Lain tempat ulin budak bolon.

BOBI
(Ngahuleng)
Ari Nita geus déwasa kitu?
Kapan urang téh saumuran?
Masih kénéh sakola.
Nyobat ti baheula.

NITA
Déwasa jeung henteuna lain ukur ditangtukeun ku umur.
Tapi ku tangtungan jeung pikiran.

BOBI
Ceuk saha?

NITA
Ceuk buku…

BOBI
Ceuk buku?
39
Buku anu mana? Geningan Bobi mah teu manggihan.

NITA
Sabab Bobi mah ngan maca buku pelajaran wungkul.

BOBI
Ari Nita maca naon?
Kapan perpustakaanana mah sarua…

NITA
Éta bédana urang téh, Bobi.
Urang masih sok maca buku-buku déwasa.
Nu matak gancang jadi déwasa.
Dina macana buku carita,
Bobi mah ukur semet Dora The Explorer
Paling copel Dora Émon.

BOBI
Ari Nita?

NITA
Nita mah sagala dibaca.

BOBI
Ih…naha teu ngabéjaan.
Coba lamun sarua maca carita déwasa.
Meureun urang gé bakal gancang déwasa.

Om Hérman mencrong ka anu keur gunem catur. Nyéh seuri. Bari mencrong ka anu lalajo,
Om Herman seuri. Seuri bungah kacida.

OM HÉRMAN
Ieu nu ngarana karagragan menyan bodas téh.
Teu kudu susah-susah.
40
Rejeki gubrag ti langit.

NITA
Ieu mah Bobi, Om.
Sanés rejeki.
Tadi mah tigorobas kusabab kagét.
Sanés gubrag ti langit.
Bener pan, Bob?

BOBI
Muhun, Om.
Leres pisan kitu caritana.

Om Hérman keur sakitu kalina seuri. Seuri nimat pisan kadéngéna. Bobi jeung Nita ukur silih
pencrong. Teu ngarti naha Om Hérman bet seuri siga kitu.

LAMPU PAREUM
***

41
BABAK VII

Beurang.
Buruan hareup imah kolotna Bobi. Imah agreng. Bobi kakara datang masih keneh
ngagandong tas sakola jeung disaragam. Ti jero imah bapana dicangkalak pulisi. Bobi miraga
meneng. Teu ngarti naon nu keur kajadian. Komo barang ninggali ti jero imah Arul sarua
dicangkalak ku pulisi. Salah saurang pulisi masangkeun police line dina pager imah.

Arul dibawa ngajauhan ti buruan, kaluar ti panggung. Pulisi nu nyangkalak bapana Bobi mah
méré kasempetan ka Bobi keur cacarita. Ngarah teu soak teuing. Tapi ari Bobi mah kalah ka
palahak-polohok puguh teu ngarti téa. Keur Bobi mah éta kajadian téh siga aya di alak paul.
Hésé keur ngadongkangna.

BAPA
Hampura Bapa, Bobi.
Kaliwatan nyaah jeung sieun, bapa jadi kieu.
Kaliwatan nyaah ka hidep.
Kaliwatan nyaah ka kulawarga, Anaking.
Bapa geus poho bener jeung salah.
Bakating bapa sieun ahirna jadi kieu.
Sieun sakola jeung kahirupan hidep jaga sangsara.
Sieun kulawarga teu manggih bagja.

BOBI
Bapa kunaon?
Naha aya Arul geningan?

BAPA
Isuk atawa pagéto tangtu hidep bakal apal sorangan.
Naha bapa jadi kieu.
Naha Arul sarua nasibna siga kieu.

BOBI
Bapa bohong ka Bobi?
42
BAPA
Lain. Lain maksud bohong.
Tapi bapa bakat ku nyaah jeung sieun.

BOBI
Naha? Naha jadi kieu?

Bobi gogodeg weléh teu ngarti naon nu geus karandapan ku bapana. Pulisi nu nyangkalak
bapa Bobi ngajak indit. Bapa Bobi keukeuh merod. Neuteup ka Bobi nu weléh teu ngarti.
Bari satengah digusur, ahirna mah bapa Bobi indit. Ngajauhan. Ninggalkeun Bobi.
Ninggalkeun rajakaya. Saméméh kaluar ti panggung, kadéngé bapa Bobi satengah
ngagorowok.

BAPA
Mamah aya di imah aki, Bob!

BOBI
Mamah?
Nun Gusti paingan mamah alim cicing di bumi ieu.
Paingan mamah milih di bumi aki.

Bobi cinekul hareupeun imahna nu geus dikuriling police line. Masih katinggali ukur
gogodeg. Siga nu can narima kana naon nu keur lumangsung. Masih kénéh maké saragam.
Bobi beuki tarik gogodeg ari ras inget tadi isuk-isuk kahirupan masih kénéh lumangsung
sabiasana. Bobi indit ka sakola.

BOBI
Naon hartina imah dikuriling tulisan konéng?
Naon hartina bapa dicangkalak?
Naha aya Arul di imah?
Enya…tadi Arul teu sakola.
Ceuk béja nu katarima, Arul keur gering.
Tapi naha nu keur gering maké dicangkalak?

43
Déwi nyampeurkeun Bobi. Sarua masih kénéh maké saragam. Ngan Déwi mah kaluhurna
maké sweater.

DÉWI
Ieu meureun nu disebut kahirupan téh panggung sandiwara.
Masing-masing meunang peran nu béda.
Caritana gampang robah.
Aya nu wajar. Tapi lolobana pura-pura.

BOBI
Naha apal ka dieu, Déw?
Aya naon maké nyampeurkeun ka dieu?

DÉWI
Urang rék ngabuktian, Bob.
Kajeun kahirupan kulawarga anjeun keur robah,
tapi urang mah angger teu robah.

BOBI
Deukeut tapi karasa jauh.
Wawuh tapi karasa deungeun-deungeun.

DÉWI
Keur urang?

BOBI
Bapa. Bapa urang, Déw.
Teuing nepi ka iraha kudu aya di jero panjara.
Teuing kudu kumaha urang ngaléngkah ka hareupna.
Imah jeung pangeusina teu meunang diganggu.
Sabab geus dijabel ku nagara.

DÉWI
Keun baé sagala rupana robah, Bob.
44
Sabab memang geus kitu kuduna.
Tapi urang mah teu robah.
Angger bakal deukeut jeung anjeun.
Angger bakal jadi babaturan anjeun.
Sok sanajan ari kahayang mah leuwih ti éta.

BOBI
Kamari urang nu nyangka anjeun keur pura-pura.
Tapi ayeuna kuring nu kudu pura-pura.
Teuing nepi ka iraha.
Pura-pura sakola.
Pura-pura loba duit.
Pura-pura…

DÉWI
Pura-pura ngarah Nita angger micinta?

BOBI
Meureun kitu.
Ngan ka anjeun urang teu bisa pura-pura.
Sabab anjeun geus jadi saksi…
Ninggali sorangan imah dijabel.
Ninggali sorangan kumaha bapa dicangkalak.

DÉWI
Mémang kitu kuduna.
Anjeun teu kudu pura-pura ka urang.
Urang gé tara pura-pura ka anjeun, Bobi.

BOBI
Ka nu lian?

DÉWI
Alusna mah teu kudu pura-pura.
45
Rajakaya kolot teu kudu jadi ukuran.
Nu matak teu kudu pura-pura.
Anjeun sabenerna bageur. Bageur lain pura-pura.
Nu matak naon pereluna pura-pura?

BOBI
Naha masih kénéh aya nu daék ngawawuhan?

DÉWI
Anjeun pinter, Bobi. Pinter lain pura-pura.
Anjeun sabenerna tigin. Tigin lain pura-pura.

Bobi neuteup Déwi. Neuteup nu teu biasa. Neuteup anyar nu kakara harita karasa éndahna ku
Bobi. Bobi ngusap beungeut. Kakara sadar yén sabenerna Déwi mitresna lain karana
kakayaan. Tapi teuteup anteb téh ngolembar deui.

BOBI
Lamun urang sabenerna keur sandiwara,
naha anjeun angger moal robah?

DÉWI
Sakabéh jelema ogé kapan hirup mah lir maén sandiwara.
Naha maké kudu robah?

BOBI
Urang pura-pura kuat.
Urang pura-pura tigin.
Urang pura-pura getol diajar.

DÉWI
Pura-pura saayeunaeun.
Sabab urang moal kabobodo ténjo.
Urang yakin naon nu hayang dihontal ku anjeun, Bobi.
Cita-cita anjeun moal pareum kajeun di sakuriling geus euweuh cahaya.
46
BOBI
Naha anjeun yakin?

DÉWI
Yakin. Sabab anjeun sumber cahaya.
Naha anjeun teu inget, Bob?
Urang babarengan ti keur di TK kénéh.
Nu matak kuring bisa nyindekeun.
Kajeun teuing anjeun keur pura-pura,
tapi ukur saayeunaeun.
Cita-cita jeung kahayan anjeun lain pura-pura.

Nita datang. Ngarengkog ninggali Bobi keur uplek ngobrol jeung Déwi. Beungeut ngadadak
robah. Tayohna Nita timburuan. Gégéjrét hayang ngusir nu keur uplek ngobrol. Tapi
lengkahna siga nu dipatok.

Rasa timburu leler basa Nita ninggali imah Bobi dikuriling police line. Ngahuleng sakedapan
tapi gancang mundur. Ngajauhan. Saméméh kaluar ti panggung, Bobi ngarérét. Harita kénéh
nguniang hudang. Tapi saméméh bisa nyusul Nita, bajuna ditarik ku Déwi. Bobi
ngadangheuak, bru diuk deui dina taneuh hareupeun imahna.

Bobi nguniang hudang keur kadua kalina. Neuteup kana imahna. Déwi ngarasa teu dianggap
waktu ninggali Bobi rék nyusul Nita. Lalaunan Déwi mundur ngajauhan. Ngaléngkah bari
tungkul. Katembong beungeutna alum. Tapi Bobi siga anu teu maliré. Enya teu maliré. Bobi
keur sibuk jeung lamunana sorangan.

BOBI
Kudu pura-pura jadi naon ayeuna?
Nita geus apaleun imah bapa dijabel.
Déwi geus apaleun yén urang teu bisa midua.
Rasa cinta jeung asih ngan ukur jang Nita.
Kudu pura-pura jadi naon ayeuna?
Biheung isukan kuring teu meunang sakola.
47
Sabab bapa dicangkalak.
Biheung isukan batur-batur ngajauhan.
Sabab apaleun bapa kuring di pangberokan.
Lamun téa mah sakola angger ngidinan.
Naha kuring bakal mampu ngalakonana?
Nyinghareupan batur sakelas?
Nyinghareupan batur sasakola?
Nyinghareupan Nita?
Nita atawa Déwi…
Pasti bakal nguar-nguar ieu beja.

Bobi ngalengkah rumanggieung. Neuteup imahna. Neuteup ka nu lalajo. Neuteup ngenca.


Neuteup ngatuhu.

BOBI
Mamah?
Mamah di bumi aki?

Bobi leumpang rurusuhan.

LAMPU PAREUM.
***

48
BABAK VIII

Beurang.
Tepas imah Mariam. Om Hérman sakedapan ukur olohok. Mariam diuk dina korsi roda. Teu
katémbong aya renyu tapi ogé henteu baeud. Om Hérman rék sapokpokeun nyarita tapi
gancang diteureuy deui.

Om Hérman nangtung. Ngadeukeuteun ka Mariam. Tapi gentak Mariam ngajauhan. Antukna


Om Hérman ngajanteng di juru. Bari nyinghareup ka anu lalajo, Om Hérman mimiti nyarita.
Pegat-pegat.

OM HÉRMAN
Gusti Alloh boga cara nu remen teu kahontal ku pikiran.
Waktu ngaléngkah kaluar ti imah tadi.
Kuring rék nepungan budak.
Keur nembongkeun tanggung jawab.
Tapi duka ayeuna.
Sanggeus tepung jeung anjeun, Mariam.

MARIAM
Halimpu kakupingna.
Hem…tanggung jawab.
Manawi téh lalaki samodél anjeun,
geus laas tina tanggung jawab.

Ngajalankeun korsi roda ka hareup. Neuteup Om Hérman nu keur nonggongan.

MARIAM
Kuring lumpuh sanggeus kajadian harita.
Kacilakaan nu dihaja.
Tapi Gusti Alloh Maha Wenang.
Kandungan mah geningan salamet.
Sehat nepi ka lahirna ka ieu alam.
Anjeun?
49
Lalaki leutik burih.

Om Hérman katémbong ngaranjug.

MARIAM
Tapi ayeuna anjeun datang ka dieu.
Nyarita rék tanggung jawab.
Tanggung jawab naon nu dimaksud?

OM HÉRMAN
Akang rumasa.
Tapi sanggeus kacilakaan harita,
sababaraha kali akang ka lembur.
Natanyakeun dimana anjeun.
Tapi weléh teu meunang laratan.

MARIAM
Naha teu natanyakeun ka rumah sakit?
Naha teu natanyakeun ka polisi?

OM HÉRMAN
Kungsi…

MARIAM
Keur ngagugurkeun kawajiban?
Boa-boa tanggung jawab nu dicaritakeun tadi ogé sarua.
Ukur keur ngagugurkeun kawajiban.

OM HÉRMAN
Teu nanaon rék disebutkeun keur ngagugurkeun kawajiban ogé.
Tapi … kuring datang ka dieu.
Sabab budak parawan papacangan kuring.
Nyebutkeun imahna di dieu.

50
MARIAM
Nita…
Éta ngaranna nu jadi papacangan anjeun?

Om Hérman unggeuk. Mariam colohok. Awakna ngageder nahan kareuwas jeung napsu. Om
Hérman ukur ngarérét, tapi gentak ngabalieur. Ngaléngkah ngadeukeutan Mariam. Tapi
Mariam gentak ngajauhan. Tina paroman jeung gerak lakukna katembong keur nahan
amarah.

MARIAM
Rék tanggung jawab?
Budak parawan papacangan anjeun?
Nita…anak teges kuring?
Boa-boa…
(Nahan piceurikeun)
Paingan budak téh loba huleng-jentul.
Suda dahar…suda gawé…suda sakola.

Om Hérman ngarenjag. Mencrong Mariam. Mariam miceun beungeut. Ceuceub. Geuleuh.


Amarah. Leungeun tipepereket kana panyekel korsi roda.

OM HÉRMAN
Nita? Anak anjeun?
Anak urang?
Anak urang nu keur dikandung ku anjeun?
Anak nu kabawa kacilakaan harita?

MARIAM
Nita…anak kuring.
Teu rido kudu jadi anak anjeun.

OM HÉRMAN
Tapi kapan kuring bapana.
Kajeun geus nalangsarakeun anjeun.
51
Geus ngantep anjeun belasan taun.
Tapi Nita angger…

MARIAM
Bapa nu jadi papacangan?
Bapa naon kasebutna?

Om Hérman ngalengkah ngajauhan. Nyinghareup ka anu lalajo. Bingung. Liwung. Tapi siga
nu geus kagok asong. Nyarita leuleuy. Mungkin lain leuleuy anu saenyana. Tapi leuleuy
sabab geus teu jeung tanaga. Om Hérman nandangan kagét nu luar biasa.

OM HÉRMAN
Lebah dinya kuring teu nyaho.
Siga teu nyahona kuring kana kahirupan anjeun, Mar.
Hampura.
Cenah Gusti Alloh baé lautan hampura.

MARIAM
Heh…geningan masih inget ka Gusti Alloh?
Naha waktu ngaheureuyan anak kuring…
Anjeun inget ka Gusti Alloh?

OM HÉRMAN
Sajujurna, Mariam.
Waktu mimiti tepung, jorojoy rasa nyaah.
Rasa nu bangga ngajelaskeunana.
Kuring sorangan teu ngarti.
Sabenerna éta meureun rasa nyaah kolot ka anakna.
Tapi…

MARIAM
Tapi anjeun geus ngaruksak anak kuring.
Budak jadi huleng jentul.
Suda kana sagala rupa.
52
(Nahan napsu jeung sedih)
Kuring ukur pangawakan awéwé.
Kabisana ukur kana ngaput jeung nyulam.
Bisa nyakolakeun nepi ka SMA baé,
hasil tina neukteuk neundeun.
Maksakeun samalah mah.
Tapi ayeuna.
Sedeng budak geus kelas dua.
Anjeun…nu teu éra-éraeun
Masih ngaku bapana.
Datang sanggeus ngaruksak.
Ngaruksak ku pangolo.
Ngaruksak ku nyumponan pangabutuhna.
Naha kuring masih kénéh kudu méré hampura?

OM HÉRMAN
Lamun lawang hampura geus ditutup,
naon nu kudu dilakukeun ku kuring, Mariam?

MARIAM
Gusti Anu Maha Suci
Mémang lautan hampura.
Tapi keur saha heula éta lautan hampura?
Naha lalaki samodél anjeun.
Lalaki nu geus ninggalkeun tugas jeung tanggung jawab.
Lalaki nu geus ngaruksak anakna sorangan.
Masih kénéh kudu narima pangampura?

OM HÉRMAN
Kuring datang rék ménta dihampura.
Ménta dihampura ka Nita.
Menta dihampura ka anjeun.

Mariam ngeluk tungkul. Nahan piceurikeun jeung kaambek méh teu kawadahan. Ngagolak.
53
OM HÉRMAN
Ka Nita rék ménta dihampura.
Sabab kereteg katresna nu mimiti datang.
Ahirna mah gening jadi katresna lalaki ka awéwé.
Lain katresna bapa ka anakna.
Ka anjeun, Mariam, kuring ménta dihampura.
Tina kasalahan nu geus lain caturkeuneun deui.

Om Hérman nonggongan Mariam. Lalaunan Nita datang. Boh Mariam kitu deui Om Hérman
teu aya anu apaleun. Nita ngaheneng. Bingung.

OM HÉRMAN
Éta cenah anjeun teu ngahampura, teu jadi soal, Mariam.
Sugan baé ari Nita mah, masih daék ngahampura.
Sok sanajan lamun enya bener éta béja.
Teuing kudu kumaha kuring nyinghareupanana.

Nita ngajengjen. Nahan ambekan. Mariam ngarérét. Tapi gentak ngabalieur. Teu geruh.
Nyusut cimata nu nyalangkrung. Mariam embung katinggali sedih. Salaku indung nu
ngarangkep tugas jadi bapa, kudu angger katémbong kuat.

OM HÉRMAN
Gusti Maha Uninga.
Kana naon nu nyangkaruk jeroeun dada kuring ayeuna.
Kana naon ku ngalantarankeun kuring kudu ménta dihampura.
Ménta dihampura ka anjeun, Mariam.
Lamun kasalahakan kuring salila welasan taun.
Dibalitungkeun kana duit.
Tangtu moal mampuh nambahkeun enol di satukangeun angka hijina.

Mariam ngadorong korsi roda. Panyangka Om Hérman rek mukakeun panto. Gentak malik.
Tapi nu mimiti katembong lain Mariam tapi Nita. Om Hérman ngaranjug liwat saking.
Sakedapan ngajengjen. Om Hérman beuki reuwas sanggeus mireungeuh Nita bet siga nu
tenang. Om Hérman ngeluk tungkul.
54
NITA
Nita bakal ngahampura.
Lamun Om nyumponan jangji.
Sakumaha anu dikedalkeun di taman.
Tapi…
(Neuteup Mariam piligenti jeung ka Om Hérman)
Lamun enya Nita téh budak
nu dikandung ku Mamah basa lumangsungna kacilakaan
Duka kedah kumaha Nita ayeuna.
(Ngeluk tungkul)
Bulan kamari Nita henteu kareseban.

MARIAM
Nitaaa?

Nita asup ka jero kamar. Mariam gura-giru nuturkeun. Om Hérman beuki ngajengjen.
Lalaunan awakna nu gagah téh katémbong layu. Ngudupruk. Ahirna sok sanajan lalaki, Om
Hérman ceurik balilihan. Sasambat. Melas-melis.

OM HÉRMAN
(Dilagukeun dibarung dareuda)
Duh Gusti anu maha suci.
Sim abdi rumaos.
Lamun maot langkung saé.
Kanggo nungtaskeun masalah.
Mangga Gusti abdi rido.
Paragatkeun nyawa ayeuna.

Om Hérman nu lumengis, sorana pegat-pegat. Karasa sedihna. Karasa hanjeluna. Komo basa
sumambat semu-semu dilagukeun. Lagu katunggara. Ti jero kamar teu kadéngé nu nyoara.

OM HÉRMAN
Nyanggakeun Gusti nyanggakeun.
Kalepatan nu taya watesna.
55
Duh Gusti Anu Maha Suci
Hapunten abdi hapunten.
Rumaos hirup tos gagal.
Salah dirémpak larangan dipungpang
Pamajikan teu diurus
Anak geningan nya kitu.

Duh Gusti Anu Maha Suci.


Héabna seuneu naraka.
Tangtos moal tiasa mayunan.
Upami abdi ayeuna.
Teu kéngéng pangampura salira.

Om Hérman neuteup ka jauhna. Neuteup ku panon nu baseuh cimata. Lalaunan muka


beubeur. Beubeur dialak-ilik. Simpé. Simpé sakedapan. Ti jero kadéngé Mariam jeung
inghakna Nita. Inghak pinuh ka kanyeri jeung rasa kaduhung. Mariam ngalelemu. Sok
sanajan kadéngé sorana pegat-pegat.

MARIAM (OS)
Teu nanaon hidep teu nyaah ka Mamah.
Teu nyaah ka diri sorangan.
Tapi omat kudu nyaah ka utun inji.
Nu aya di jero beuteung hidep ayeuna.
Yeuh geulis anaking.
Hirup hidep ayeuna teu beda ti endog.
Lamun dipaksa ku kakuatan ti luar.
Tangtu bakal kana ancurna.
Tapi lamun didorong ku kakuatan ti jero.
Sarua endog bakal peupeus.
Tapi peupeus keur lahirna kahirupan anyar.

Nita kadéngé masih kénéh sisimekeun. Mariam nyarita beuki pegat-pegat.

MARIAM (OS)
56
Mamah rumasa geus gagal.
Beurat kacida gening anaking.
Kudu jadi indung ngarangkep jadi bapa.
Mamah bisa méré dahar.
Tapi gening gagal ngajaga kahormatan hidep.
Mamah bisa nyakolakeun.
Tapi gagal ngabebener hidep.

Om Hérman geus gilig kana pilihanana. Mareng jeung sora Nita nu teu eureun nginghak.
Nginghak kanyenyerian. Om Hérman meulitkeun beubeur kana beuheungna. Krek ditarik
satakerna. Om Hérman tungkul siga keur sujud.

Nita masih kénéh sisimekeun. Mariam kaluar ti kamar. Beungeutna baseuh urut ceurik. Bari
nyusut urut cimata, ngarérét ka anu keur sujud. Mariam neuteup. Tina paroman beungeut
kagambar rupa-rupa pananya.

Lalaunan ngadeukeutan ka Om Hérman nu keur sujud. Neuteup. Tapi sanggeus katémbong


Om Herman teu gerak, Mariam katembong hanjelu. Neureuy ciduh. Tungkul. Lalaunan
katémbong awakna ngadégdég. Ngadégdég nahan rupa-rupa rasa. Sedih. Ambek. Hanjakal.

MARIAM
Hanjakal teuing, Kang Herman.
Anjeun milih nelasan pati.
Horéng belasan taun teu panggih.
Nyatana mah geningan anjeun teu robah.
Milih jalan sakahayang sorangan.
Ukur némbongkeun kateutanggungjawaban anjeun.
Baheula anjeun ngiles tanpa laratan.
Sanggeus pulisi nangtukeun.
Anjeun nu ngahaja nabrakeun mobil.
Ayeuna anjeun ogé ngiles ku jalan nelasan pati.
Sanggeus Nita kabogoh jeung anak urang.
Dina jero beuteungna.
Keur mimiti tumuwuh utun inji.
57
Mariam neuteup Om Hérman nu angger siga keur sujud. Nita kaluar ti kamarna sanggeus
ngadéngé galindengna nu jadi indung. Nyampeurkeun tapi teu ngadeukeutan Mariam.
Mariam teu apal aya Nita.

MARIAM
Jadi ieu nu ku anjeun baheula diagung-agung?
Hirup kudu bébas.
Keur nembongkeun jati diri.
Padahal kuring sorangan, Kang Herman.
Ngarasa hirup bébas kulantaran sadar.
Hirup urang gumantung ka alam, masarakat jeung Gusti Anu Ngayuga.

Nita neuteup Om Hérman. Sanggeus yakin yén Om Hérman téh geus maot, Nita
ngalenggerek kapiuhan.

LAMPU PAREUM
***

58
BABAK IX

Beurang.
Nita katémbong gering ngalanglayung. Diuk dina korsi nyinghareupan Bobi. Tapi pikiranana
mah teuing di mana. Bobi bari ngobrol anteng maca buku. Kalan-kalan nyarita bari neuteup
ka Nita. Sakapeung mah nyarita tapi bari anteng kana buku.

BOBI
Diajar mah euweuh usumna.
Kajeun urang geus teu sakola,
tapi angger moal eureun diajar.
Sanajan teu dikaluarkeun ti sakola.
Tapi urang teu sanggup nyinghareupan babaturan.

NITA
(Bari semu malaweung)
Anjeun éra pédah bapa dipanjara?
Urang éra pédah geus dua bulan teu kareseban.
Anéh…

BOBI
Anéh kumaha?

NITA
Anjeun ngarasa éra ku babaturan,
padahal can karuhan maranéhna ngéwa.
Sabab anjeun mah budak bageur.
Sabab anjeun mah budak jujur.
Sabab anjeun mah budak pinter.
Tapi pinterna anjeun teu keur ngabobodo.
Jujurna anjeun lain aya paménta.
Bageurna anjeun lain keur sandiwara.

BOBI
59
Ah…saha nu apal kana haté urang?
Saha nu apal yén urang keur pura-pura?

NITA
Urang nu apal, Bobi.
Sabab salila ieu urang sosobatan.
Sok sanajan batur mah ngajarauhan.
Pédah urang sangsara.
Pédah urang resep ka Perpustakaan.
Padahal urang mah ka Perpustakaan
Kulantaran teu mampuh meuli buku.

BOBI
Lebah dinya urang yakin yén anjeun
lain keur pura-pura.
(Neuteup ka Nita nu sarua keur neuteup)
Nu matak lamun enya anjeun keur kakandungan.
Diajar ulah nepi ka eureun.
Samalah utun inji kudu diajak.
Ngarah jaga sumanget kana diajar.

NITA
(Ngahuleng. Neuteup teu ngarti)
Apal timana anjeun, Bob?
Naha enya utun inji bisa diajak diajar?

BOBI
Tina buku naon poho deui.

NITA
Tapi kétang keur naon terus diajar?
Kapan urang mah moal bisa ngilu ujian…

BOBI
60
Diajar mah lain ukur keur ujian, Nita.
Diajar mah keur kabutuhan.
Kabutuhan hirup.
Kabutuhan kamanusaan.
Sabab ngan ku cara diajar.
Manusa béda jeung sato.

Bobi anteng mukaan buku. Nita anteng ngalamun. Samalah waktu Bobi nyarita deui bari
maca, Nita mah can leler tina ngalamunna. Tapi Bobi teu sadar keur nyarita jeung anu keur
ngalamun.

BOBI
Bapa urang ayeuna keur dipanjara.
Tapi angger bapa urang. Moal bisa dileungitkeun.
Moal bisa dipupus.
Ceuk pulisi mah hukuman bapa beurat kacida.
Salaku pagawé bapa nyéléwéngkeun dana bencana alam.
Salaku kapala rumah tangga bapa nyambi dagangan sabu.
Apal saha nu jadi kurirna?
Arul, Nit. Babaturan urang.
Babaturan urang nu ngawanohkeun anjeun ka Om Hérman.

Bobi neuteup Nita. Katémbong masih kénéh ngalamun. Bobi seuri. Lalaunan neundeun buku
dina lahunan Nita. Nita ngarénjag reuwaseun. Nyéh maksakeun seuri. Seuri kapiasem. Bobi
seuri. Ngarasa lucu ngabandungan kalakuan Nita.

BOBI
Bapa salila ieu ngatik ngadidik ka urang.
Ngatik kumaha pentingna diajar.
Ceuk bapa urang baheula.
Nu ngarana ujian sakola mah ngan salah sahiji cara
Keur nangtukeun naha urang lulus atawa acan
Satemenna cenah ujian nu saenyana mah
Dina kahirupan sapopoé
61
NITA
Percaya kana caritaan bapa anjeun, Bob?

BOBI
Percaya.
Tangtu percaya pisan.

NITA
Lamun enya ujian sabenarna dina kahirupan
Geningan bapa anjeun dipenjara?
Naha can manggihan tina hasil diajarna?
Naha can manggihan cara sangkan teu dipenjara?

BOBI
Bapa lulus ti sakola.
Bapa lulus ti perguruan tinggi.
Tapi can lulus tina ujian nu sabenerna.
Nu matak urang mah tetep percaya ka bapa.
Anjeun percaya kana caritaan Mamah?

NITA
Tangtu percaya.
(Neuteup Bobi siga anu neuleuman haténa)
Percaya pisan.

BOBI
Lamun enya percaya naha geningan teu ngagugu?
Teu ngagugu waktu dicarék diwedak.
Teu ngagugu waktu dicarék dilipen.
Teu ngagugu waktu dicarék ulah mulang peuting.

NITA
Sabab kuring teu ngarti.
Babaturan urang nu awéwé, diwaredak.
62
Babaturan urang nu awéwé, dilalipen.
Babaturan urang. Teu lalaki teu awéwé resep mulang peuting.
Kuring teu apal naha maké dicarék.
Da geningan waktu ujian mah niléyna aralus.
Sabalikna urang kajeun ngadekul ngapalkeun.
Hasilna ukur meunang genep.

BOBI
Lamun teu ngarti naha teu nanya?
Kapan pentingna diajar téh ngarah ngarti.
Tina ngarti cenah bakal jadi pangarti.
Geus jadi pangarti bakal jadi paranti.
Paranti nanya. Paranti ngukur. Paranti…

NITA
Paranti nyalahkeun?
Siga anjeun ayeuna nyalahkeun urang?
Kusabab teu nanya waktuna teu ngarti.
Jadi kieu ahirna?

BOBI
Teusing rék nyalahkeun.
Salah keur anjeun can tangtu salah keur urang.
Bener keur anjeun can tangtu bener keur urang.

NITA
Lieur ah…
Naon maksudna?

BOBI
Teuing.
Éta téh kakara nimu dina ieu buku.
Can réngsé macana.
Ké sugan lamun geus réngsé bisa ngajawabna.
63
NITA
Siga nu kaalaman ku kuring ayeuna, Bob.
Siga keur maca buku tapi can tamat.
Teu apal bakal kumaha ahirna.
Naha urang bakal boga budak?
Naha urang masih keneh hirup?
Naha budak urang sehat waringkas?
Naha urangna sehat waringkas?

BOBI
Naha maké nyarita kitu?
Meunang manggih tina buku?

NITA
Lain. Ieu mah nu kaalaman.

Nita nangtung bari rumanggieung. Leumpang ka juru panggung. Bobi neuteup. Nita
ngagupayan. Bobi nguniang hudang. Sanggeus adu hareupan, Nita nyarita.

NITA
Ieu mah rusiah diantara urang.
Omat ulah nepika Mamah apaleun.
Saminggu ka tukang kuring tas diurut.
Cenah ceuk Ema Paraji ngarah utun inji kaluar.
Tapi nepika ayeuna euweuh nu kaluar.
Jero saminggu urang teu eureun nginum jajamu.
Ceuk tukang jajamu ngarah utun ijin kaluar.
Tapi nepika ayeuna euweuh anu kaluar.

BOBI
Teu ngarti, Nit.
Urang teu ngarti.
Naha kudu dipaksa kaluar?
Urang can manggihan buku soal nu kararitu.
64
Naon maksudna?

NITA
Sarua. Urang gé teu ngarti.
Siga teu ngartina urang ayeuna.
Naha anjeun bet cicing di dieu?
Di imah Mamah kuring.
Padahal kapan lain baraya.

BOBI
Sabab Mamah nitah urang cicing di dieu.

NITA
Kumaha lamun engké ditarikan?
Dikawinkeun?
Sabab lamun urang ngajuru kapan kudu aya bapana.
Karunya teuing boga budak euweuh bapaan.
Anjeun ogé tangtu apal.
Kumaha kuring sok diréngréakeun.
Majar budak euweuh bapana.

BOBI
Bisa kitu?

NITA
Teuing.
Meureun bisa.

BOBI
Kumaha engke Om Hérman?
Tangtu bakal ambek.
Mangkaning sobatna Arul.
Batur sakelas urang.
Waduh…
65
Waktu harita
Cacak kakara nyampeurkeun ka tempat hiburan
Om Hérman sakitu ambekna.
Tapi kétang waktu tepung di taman mah siga nu bageur.
Om Hérman kalahka seuseurian.

NITA
Moal. Om Hérman moal ambek.
Sabab can aya mayit bisa ngambek.
Kajaba dina film Ghost.
Mayit marakayangan sabab paéhna mamawa cinta.

BOBI
Gelooo…
Apal kana film Ghost sagala rupa.
Padahal ceuk dina majalah éta mah film heubeul.

NITA
Enya, urang gé cenah.
Cenah ceuk resensi dina majalah heubeul.

BOBI
Lamun film Ghost film heubeul keur ukuran urang.
Hartina urang budak kénéh.

NITA
Enya. Urang budak kénéh.

BOBI
Tapi geus mikiran kawin.

NITA
Heueuh. Naha maké kudu mikiran kawin.
Kamari ogé saméméh tigebrus.
66
Urang teu mikir uleng siga ayeuna.
Gara-gara ninggali babaturan diwedak,
urang nurutan diwedak.
Gara-gara babaturan balik peuting.
Maksa nurutan balik peuting.

BOBI
Heueuh. Abong budak meureun, Nit.

NITA
Waktu diwanohkeun ka Om Hérman ku Arul
Atoh baé nu aya.
Waktu dijajanan suka.
Waktu diajak lalajo moho.
Waktu diajak ka pésta beuki gumbira.
Waktu dipangmeulikeun perhiasan asa diogo.
Waktu sagala paménta ditedudan
Urang ngarasa Om Hérman nyaah lain pupulasan.

BOBI
Padahal tadina mah ukur tuturut munding.

NITA
Heueuh. Mimitina tuturut munding.
Padahal sanggeus kajadian kieu mah
teu bisa nyalahkeun batur.

BOBI
Hanjakal Om Hérman maot.
Lamun masih kénéh aya mah meureun…

NITA
Meureun tanggung jawab?
Mustahil, Bobi.
67
BOBI
Naha? Kapan sakitu nyaahna?
Sakitu bro-broanana…
Waktu urang méré hapé anyar.
Isukna diganti ku hapé nu pangmahalna.
Ceuk anjeun paméré ti Om Hérman.

NITA
Mustahil sabab sabenerna Om Hérman téh…

BOBI
Geus maot?

Nita ngahenghap narik napas panjang. Bobi beuki panasaran.

NITA
Sabab sabenerna Om Hérman téh…
Bapa urang sorangan, Bobi!

Bobi colohok.

NITA
Maenya anak kawin jeung bapa sorangan.

BOBI
Enya. Can ngadéngé dongéngna.
Can maca tulisanana.
Aya ogé dongéng Sangkuriang nu bogoh ka indung.
Tapi kapan can kacaturkeun nepi ka kawin.

Nita imut. Ngabalieur. Asa lucu ku polah jeung pikiran Bobi.

LAMPU REYEM-REYEM.

68
Bobi nungtun Nita ngajauhan ti juru panggung. Ngajauhan tina tempat muka rusiah.

LAMPUR PAREUM.
RÉNGSÉ.

69

You might also like