You are on page 1of 31

1|Page

NASKAH DRAMA SUNDA

CINTA
KATUNGKUL KU PATI
Ku: Ayi Goblay Sasmita

Rasa cinta pasti aya, Dina mahluk nu nyawaan


Cinta nu kamalinaan, Mantak mawa cilaka
Cinta nu sakaba-kaba, mantak Katalangsara

Cinta anu tumuhu dina hate nu lain wayahmatak nyiksa


Cinta nu Teuilahar matak katalangsara

Cinta nu tumuwuh dina hate Asep jeung Mumun kawilang teuilahar, sabab
maranehananasaturunan, lahir tina Rahim anu beda tapi diyuga ku bapa anu sarua.

Lain salah Asep Lain Salah Mumun, lain oge salahna Cinta, Sabab kalakuan Indung Jeung
Bapana nu ngarempak ugeran.
Antukna mawa cilaka ka turunan.

Sakabeh kalakuan Jalma di mangsa katukang baris kasampeur deui ayeuna atawa jaga.
Sing nyaah ka turunan, piker deui cing asak, pinuh tinimbangan dina lumaku, ulah ngagugu
nafsu ngumbar amarah.

Asep Jeung Mumun salah sahiji korban kalakuan indung jeung bapana.

Cinta nu teuilahar katungkul ku pati,


Kudu Kumaha Asep Jeung Mumun ngalakonan cintana..?
Antukna malikeun deui Hirup Jeung Cinta Kanu Mere jeung nu ngabogaan Hirup Jeung
Cinta.

Saha nu Mere Hirup…?


Saha Nu Ngabogaan Hirup…?
Saha Nu Mere Cinta…?
Saha Nu Ngabogaan Cinta…?

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


2|Page

NU MARAEN

ASEP
Jajaka 25 Taun
Tegep, Pnter, Sabar

MUMUN
Wanoja 22 Taun
Geulis, Pinter, Sabar

AKI OWAH
Lalaki 55/60 Taun
Gagah, Borongongong, ruruntuk jawara Gorombolan Garong
Nyamar Jadi Jalma Owah

ABAH DAYAT
Lalaki 55/60 Taun
Gagah, Borongongong, ruruntuk jawara Gorombolan Garong
Salakina Ambu Minin Bapakna Mumun

AMBU MIMIN
Awewe Tengah tuhu 40/45
Sabar,pinuh rasa nyaah
Pamajikanan Abah Dayat, Indungna Mumun

HAJI MARDUD
Lalaki 55/60 Taun
Gagah, Borongongong, ruruntuk jawara Pingpinan Gorombolan Garong
Salakina Nyimas Romlah Bapakna Asep

NYIMAS ROMLAH
Awewe Tengah tuhu 45/50
Sabar,pinuh rasa nyaah, Pamajikanan Haji Mardud, Indungna Asep

ODIH
Lalaki 35/40 Taun
Badegana Haji Mardud

JAJA
Lalaki 35/40 Taun
Saliwang, Badegana Haji Mardud

BI SUMI
Awewe 30/35 Taun
Cerewet, Borangan, Badegana Nymas Romlah

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


3|Page

DRAMA SUNDA
CINTA KATUNGKULKU PATI
AYI GOBLAY SASMITA

ADEGAN 1
WANCI PASOSORE, HUJAN GIRIMIS DI SISI JALAN AYA SAUNG LEUTIK NU BIASA DIPAKE
NGIUHAN KU SAKUR JALMA NU NGALIWAT.
ASEP JEUNG MUMUN DATANG BARI RADA RURUSUHAN DITIUNGAN KU DAUN CAU KEUR
NUTUPAN SIRAHNA SANGKAN TEU KAHUJANAN.

ASEP
Urang ngiuhan heula di dieu neng.... !

MUMUN
Mangga kang...

ASEP
Tuh anjeun mani rancucut kitu... ceuk akang oge tadi, ulah waka mulang, nepi ka raat
hujan....

MUMUN
Atuda mumun bingung kang, upami mumun telat, si abah pasti bakal ambek deui...

ASEP
Akang ge ngarti, tapi pasti si abah oge ngamaklum, sabab jagatna hujan jiga kieu....

MUMUN
Ahh.. mumun mah teu yakin kang... sok komo mun si abah apaleun mumun indit sareng
kang

DUANANA NGAHULENG SAKEDAPAN, MUMUN GEK DIUK DINA DIPAN SAUNG, ASEP
MASIH KENEH NGEPRIS-NGEPRISKEUN BAJUNA.

MUMUN
Mumun bingung, naha rek kieu bae hubungan urang teh kang...??!!

ASEP (ngarenghap )
Hemmmhh... nya kudu kumaha deui atuh ... Akang mah asa geus beak tarekah pikeun
nyalametkeun hubungan urang teh... tapi...

MUMUN
Kang Asep nyerah...??!!

ASEP
Lain kitu neng... tapi..
Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita
4|Page

MUMUN
Kang Asep, Lima taun urang hubungan, salila eta oge mumum mindeng neureuyan papait,
tapi mumun tetep pageuh kana jangji urang duaan... sanajan naon bae cocoba jeung
gogoda nu tumiba kana hubungan urang... naha akang teu ngahargaan kana tarekah
mumun....??!!!

ASEP
Geulis... lain kitu maksud akang.... akang ngan ngarasa geus beakeun tarekah kumaha
carana meruhkeun hate si abah... kitu..!!

MUMUN NGAHULENG BARI RAMBAY CIPANON

ASEP
Neng.. tingali Panon akang... naon nu ka tenjo ku anjeun.... Cinta..?! Cinta akang ka anjeun
moal ngarah pegat najan nyawa akang nu jadi tandonna...

MUMUN JEUNG ASEP SILIH TEUTEUP, KAGAREUWAHKEUN KU SORA GELAP, MUMUN


NGARENJAG NANGKEUP PAGEUH KA ASEP.

MUMUN
Akang.......!!!

ASEP
Ulah sieun Geulis, akang aya di gigireun anjeun....

DI TEMPAT ANU SEJEN, NGAGAMBARKEUN TEPAS IMAH PANGGUNG, KATINGALI ABAH


DAYAT KEUR LAJAG-LEJENG LEUMPANG BULAK-BALIK JIGA NU KEUHEUL, AMBU MIMIN
DIUK DINA KORSI BARI TUNGKUL.

ABAH DAYAT
Ambu nu salah... tibaheula oge Abah geus teu panuju kana hubungan si Mumun jeung si
Asep...!!!Coba... geus sabaraha kali si bangkawarah teh nyien urang hariwang jiga
kieu....??!!

AMBU MIMIN
Abah... Ambu ngarti, tapi cara abah geus kaleuleuwihi....

ABAH DAYAT
Kaleuleuwihi......??!! buktina... !! sikep Abah nu sakitu, tapi si Mumun angger teu
ngawaro... komo mun siga Ambu....?!! ulah diabur teuing budak teh... sok komo dina
urusan jodo, pisalakieun... kudu puguh asal muasalna....

AMBU MIMIN
Naon gorengna Jang Asep pikeun abah....??!!

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


5|Page

ABAH DAYAT
Eces Goreng....!! si asep anakna Si Mardud... sakabeh jalma geus apaleu saha ari si mardud
teh... garong gede, mindeng kaluar asup bui, pamajikan loba, budakna pabalatak teu ka
urus..... naon tempoeunnana budak jiga kitu....??!!!

AMBU MIMIN
Baheula abah.... ayeuna Haji Mardud geus jadi jalma terhormat......!!!

ABAH DAYAT
Aahhhh.... teuaya bedana, rek baheula, rek ayeuna.. sarua bae, Garong mah garong.....!!

AMBU MIMIN
Ari abah...??!! teu nyadar baheula kumaha....??!!

DINA SAUNG, MUMUN JEUNG ASEP KATINGALI GEUS TATAN-TATAN REK NULUYKEUN
LENGKAHNA, HUJAN GEUS RAAT.

ASEP
Hujan geus raat.. hayu urang mulang....

MUMUN
Mangga kang....

ASEP
Sakali deui Akang negeskeun... Mumun ulah peunggas harepa, akang baris terus nyiar
tarekah pikeun meruhkeun hate si abah... akang jangji....

MUMUN
Akang teu perlu jangji ka mumun...

ASEP
Maksad anjeun...??!!

MUMUN
Akang jangji ka diri akang nyalira... da mumun mah bakal tetep satia kana jangji mumun
baheula.....

ASEP (leumpang kaluar ti saung naek kana gundukan taneuh nu rada luhur, ngagorowok)
Poe ieu... Di tungtung Langit... Asep jangji nu ka sakitu kalina.. Mumun tetep jadi milik
Asep, naon bae halanganana baris disinghareupan, teuneung ludeung taya ka sieun.....
mumun kudu nyanding jeung asep.....!!!!

DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


6|Page

ABAH DAYAT (ngagorowok)


Teu bisaaa...!!
Abah teu bisa disaruwakeun jeung si Mardud... Baheula memang Abah jadi Ulon-ulonan si
mardud keur jaman jadi garong... tapi abah leuwih ti heula babalik pikir..., sabab abah
jeung si mardud sering pisan pasalia paham....

AMBU MIMIN
Akhh... sarua bae...!!

ABAH DAYAT
Ambu.. !!! naha ambu ngabelaan si mardud...?!! Abah jadi curiga... Aya hubungan naon
Ambu jeung si Mardud...??!!

AMBU MIMIN (Nyereng)


Abah... puluhan taun Ambu babarengan jeung abah... aya hiji nu ngaganjel nepi ka ayeun
dina hate Ambu.....!!!

ABAH DAYAT
Naon...?!! naha kurang nyugemakeun....??!!

AMBU MIMIN
Jujur... Ambu ngarasa yakin, alesan Abah teu panuju ka Jang Asep lain ngan ukur eta
wungkul... tapi aya nu sejen nu leuwih ti saukur eta....

ABAH DAYAT
Naon maksud Ambu...??!!

AMBU MIMIN
Hajah Romlah.........!!!!

ABAH DAYAT(rampang-reumpeung)
Naon maksud ambu...!!?!! naha make mamawa si Romlah, pamajikana si Mardud
sagala...??!!

AMBU MIMIN
Naha Abah jiga nu reuwas...?!!! Ayanaon Abah jeung Hajah Romlah...!!!???

ABAH DAYAT
Ambu.....!!!

DINA SAUNG LEUTIK.

MUMUN
Kang Asep…!!

ASEP (Turun tina gundukan taneuh, nyampeurkeun mumun)


Mudah-mudahan ieu cukup pikeun anjeun...

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


7|Page

MUMUN (nangkep asep)


Akang.....!!

ASEP JEUNG MUMUN NINGGALKEUN SAUNG.

DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT...

ABAH DAYAT
Naon alesan ambu nuduh ka abah jiga kitu...??!!

AMBU MIMIN
Kapanan Abah kungsi hahadean jeung Hajah Romlah..!!

ABAH DAYAT
Abah moal mungkir... abah memang kungsi hahadena jeung si Romlah.... tapi jauh saacan si
mardund ngawin si romlah...!!

AMBU MIMIN
Eta oge pan nu janten alesan abah ninggalkeun gorombolan Meong pitu, lantaran Hajah
Romlah leuwih milih Haji Mardud tibatan abah...??!!

ABAH DAYAT
Ceuk saha..?!! Gagabah nyaritateh ambu… lain kitu, nu benermah Abah……..

ABAH DAYAT TEU KEBAT NYARITANA, SABAB KADENGE SORA MUMUN ULUK SALAM NU
DI JAJAPKEUN KU ASEP.

MUMUN
Assalamualaikum...

AMBU MIMIN
Waalaikumsalam...

ABAH DAYAT (ka Asep)


Eureun...!! cukup..nepi ka lebah dinya !! jig geura balik deui, dewek teu hayang ningali
silaing aya di hareupeun imah dewek...!!!

MUMUN
Abah...!!

ABAH DAYAT (ka Mumun)


Asup...!!!

MUMUN
Tapi Abah....

ABAH DAYAT
Asuup...!! abah teuhayang ngadenge naon bae alesanana....!!

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


8|Page

MUMUN SATENGAH LUMPAT NYAMPEURKEUN KA INDUNGNA, TULUY NANGKEUP


INDUNGNA BARI DAREUDA, AMBU MIMIN NGUPAHAN.

ABAH DAYAT (Nonggongan Asep)


Naha silaing teu ngadenge omongan dewek anu bieu..??!!

ASEP
Hapunten abah...

ABAH DAYAT
Indit...........!!

ASEP
Abah... sanajan nepi ka pati, asep moal mundur pikeun nyandingkeun puta abah...!!!

ABAH DAYAT
Sanajan dewek ngabugang jadi babatang, dewek moal ngijinan anak dewek nyanding jeung
silaing...!!!

ASEP
Asep baris ninggalkeun neng mumun, tapi asep nyuhunkeun alesan, naon sababna abah
teu panuju kana hubungan asep sareng mumun....!!???

ABAH DAYAT
Nu pasti hiji alesanana... Lantaran silaing anakna si mardud.. peun....

ASEP
Naha naon atuh dosa pun bapa teh..?? dugi ka abah sakitu dengdemna...??!!

ABAH DAYAT
Pasualan Heubeul, anu silaing teu kudu apal...........

ABAH DAYAT NGALEOS INDIT KA JERO IMAH NINGGALKEUN ASEP, MUMUN JEUNG
AMBU MIMIN. SAPANINGGAL ABAH DAYAT, AMBU MIMIN NYAMPEURKEUN KA LEBAH
ASEP.

AMBU MIMIN
Jang asep... hapunten sikep abah nu bieu nya... mugia anjeun teu janten raheut manah,

ASEP
Asep teu pisan-pisan ngamaklum kana sikep Abah... malihan mah asep oge ngahaturkeun
nuhun ka Ambu anu masih keneh nampi kana hubungan asep sareng tuang putra....

AMBU MIMIN
Nya kitu tea jang Asep, urang kedah sami-sami ngamaklum... kapanan urang sarerea geus
pada-pada apal, kasang tukang Abahna mumun sareng tuang Rama....

ASEP UKUR UNGGEUK, TULUY NYARITA KA MUMUN

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


9|Page

ASEP
Mun... Akang amitan heula nya... mumun sing sabar... hiji mangsa Abah pasti bakal narima
Akang...

MUMUN
Kang Asep... hapunten Abah nya....

KADENGE SORA ABAH DAYAT TI JERO IMAH NGAGOROWOK

OS.ABAH DAYAT
Ambu..., Mumun... keur ngadaragoan naon di laluar keneh teh.....!!!!

AMBU MIMIN JEUNG MUMUN GURA-GIRU ASUP KA JERO IMAH NINGGALKEUN ASEP NU
MASIH NGAJANTENG DI BURUAN IMAH.
SAPANINGGAL MUMUN JEUNG INDUNGNA, TULUY ASEP INDIT LEUMPANG BARI MAWA
KAKEUHEUL.

ADEGAN 2

DI HIJI TEMPAT ANU HARA-HARAEUN KA SABA KU JALMA, HANDAPEUN PASIR SISI


KAMPUNG(TUNGTUNG LANGIT TUTUGAN PASIR JAJAR LIMA), AYA TEMPAT ANU RADA
RESIK, JIGA AYA NU NYICINGAN.

WANCI PABEUBEURANG ASEP DIUK NGAHULENG DINA TUNGGUL SESA TANGKAL KAI.
RADA LILA ASEP NGAHULENGNA, PAROMANA BINGNGUNG JIGA NU NEUNDEUN
PASUALAN ANU BEURAT KACIDA, SASAKALI KATINGALI ASEP NANGTUNG BARI
RUMAHUH, TULUY GEK DIUK DEUI BARI NGARENGHAP.

KEUR ULENG NGALAMUN TOROJOL AYA AKI-AKI DATANG BARI TETEMBAGAN, SURA-
SEURI JIGA NU BUNGAH PISAN. DANGDANANANA RADA ANEH BEDA TI JALMA ILAHAR.

AKI OWAH
(gaya nembang)
Potret manehna..
Nu katapa taun kamari..
Di piguraan di simpendina koropak... hahahahah.....

(gaya maca saajak)


Cinta katalangsara sabab Bapakna teu tarima...
Dunya asa heureut, Angin asa eureun,
Lengkah sabelong bentor,
Asa linglung teu apal kaler jeung kidul....
Cinta nu dipiharep bakal ka ala..
Balai nu katampa...
Ha ha ha ha......
ASEP (reuwas)
Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita
10 | P a g e

Saha anjeun... ??!!

AKI OWAH (nurutan gaya asep)


Ajen saha...??!!

ASEP
Yehhh... kalahkah malik naya... anjeun saha..??!!

AKI OWAH
Yeehhh.. kalahkah nanya malik.. saha anjeun...??!!

ASEP
Yeehh.. dasar nu gelo...!!!

AKI OWAH
Yeehhh... dasar nu bener...!!!

ASEP
Sugan owah jalma teh.....!!

AKI OWAH
Ha ha ha ha....... timana silaing apal ngaran dewek...??

ASEP BEUKI BINGUNG NYINGHAREUPAN ETA AKI-AKI

ASEP (keuheul)
Neda pangapunten Aki... jigana urang anyar pinanggih, kuring teu wanoh ka aki,pon kitu
deui aki can wanoh ka kuring... kuring teuapal jenengan aki.. pon kitu deui aki moal apal
ngaran kuring....

AKI OWAH
A – s – e – p wikarta putra.. anak juragan haji R – o – m – l – a – h... ha ha ha ha ha....!!!

ASEP
Naha, aki apaal ngaran kuring jeung indung kuring....??!!

AKI OWAH
Tongboroning ngaran silaing jeung indung silaing... saha ngaran bapa silaing oge dewek
apal... ha ha ha ha.....

ASEP
Ah.. atuh puguh ari bapak kuringmah da jalma sohor.. pasti aki apal....

AKI OWAH
Ha ha ha ha..... jelema pinter tapi gampang dibobodo..... mangpuluh-puluh taun silaing
dibobodo ku kaayaan..... jeung egois na dunya... ha ha ha ha....

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


11 | P a g e

AKI-AKI NGALEOS BARI AJRAG-AJARGAN SEURI NGEUNAH NAKERANAN. ASEP


NGAHULENG BINGUNG.

ASEP
Aki... aki... dagoan, naon maksud ajeun....??!!
...”dibobodo ku kaayaan, jeung egoisna dunya....” naon maksud aki-aki tadi teh.....??!!!

ASEP NGAHULENG DEUI MIKIRAN KEKECAPAN AKI OWAHI.

ADEGAN 3

TILU POE TI HARITA DITEMPAT ANU SARUA(TUNGTUNG LANGIT TUTUGAN PASIR JAJAR
LIMA). WANCI PABEUBEURANG NYIMAS ROMLAH KATINGALI KEUR GUNTRENG JEUNG
AKI OWAH.

NYIMAS ROMLAH
Nyarita naon bae anjeun ka anak kuring...??!!

AKI OWAH
Nyuhun pangapunten Nyimas, sim kuring teu kumawantun cumarios nanaon ka tuang
putra...

NYIMAS ROMLAH
Anjeun ulah bohong owah... Tilu poe katukang si asep bebeja yen manehna panggih jeung
aki-aki nu rada owah... kuring yakin pasti anjeun nu dimaksud teh....!!

AKI OWAH
Neda Pangapunten Nyimas... leres pisan, nanging sim kuring teu nyarios nanaon ngeunaan
kasang-tukang...

NYIMAS ROMLAH(nempas)
Cukup....!!! teu kudu diteruskeun owah... anjeun geus nyieun kasalahan gede, anjeun geus
ngarempak perjangjian urang Duapuluhlima taun katukang.... caritaan anjeun ka si asep
tilu poe katukang geus ngabalukarkeun manehna maksa kuring pikeun ngaguar rusiah nu
disidem Duapuluhlima taun lilana...

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama...
numutkeun simkuringmah.. nya ayeuna pisa juragan haji kedah wakca balaka, saacan balai
tumiba ka tuang putra sareng urang sadayana...

NYIMAS ROMLAH
Balai... Naon maksud anjeun...??

AKI OWAH
Neda pangapuntenNyimas, dupi salira parantos uninga.. saha ari neng mumun....??!!
Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita
12 | P a g e

NYIMAS ROMLAH
Mumun.... ??!! kabogohna si asep...??!! naha anjeun nabit-nyabit si mumun...?!!

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... manawi salira uninga Putra saha neng mumun teh...??

NYIMAS ROMLAH
Si Dayat...

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... manawi uninga saha ari dayat teh...?

NYIMAS ROMLAH
Naha saha kitu...,??!! asa pabaliut pertanyaan anjeun teh...??!!

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... salira emut kenah ka Rayana karta..?

NYIMAS ROMLAH(reuwas)
Owah...!!! geus sabaraha kali kuring ngomong ka anjeun... ulah nyebut-nyebut deui eta
ngaran....!!!

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... saleresna neng mumun teh putrana Rayana Karta ti Mimin
Maemunah....!!

NYIMAS ROMLAH(reuwas)
Owah...!! teusalah anjeun nyarita teh...??!

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... Sabadana salira ditikah ku Juragan Haji mardud alatan
Rayana karta eleh dina ngarebut kakawasaan pingpinan Gorombolan Meong Pitu, salira
marentahkeun ka sim kuring pikeun indit sajauh-jauhan sangkan rusiah salira teu ka
bongkar ku Juragan haji Mardud, nya simkuring kalunta-lunta teuaya tujuan anu tangtu, nu
antukna sim kuring pendak sareng Rayana Karta di hiji lembur leutik, malihan sim kuring
ngungkulan Rayana Karta nikah ka Mimin Maemunah putri tunggalna Kanjeng Wadana
Anyar, nepi ka aranjeuna ngagaduhan putra istri nu di pasihan nami Mumun Maemunah.
Tah ti danget harita Rayana karta katelah jadi Abah Dayat.

NYIMAS ROMLAH(ngahuleng / reuwas)


Rayana Karta.... naha anjeun datang deui dina kahirupan kuring, sanggeus Duapuluhlima
taun kuring nganggap anjeun Tilar...
...Owah.. naha kang Rayana apaleun yen si asep teh budak kuring...??

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... numawi, Abah Dayat parantos uninga saha Den Asep ti Lima
tau kapengker, tingawitan salira sareng Juragan Haji mardud ngalih ka ieu lembur...

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


13 | P a g e

NYIMAS ROMLAH
Paingan.. si Asep remen pisan nyaritakeun ka kuring, yen kolotna si mumun teu panuju
kana hubungan maranehna... tetela geuning....Emh.. kumaha numutkeun anjeun,..? kudu
kumaha ayeuna...??

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... numutkeun sim kuringmah nya tadi tea... daek-teudaek suka-
teusuka salira kedah jujur ka Den Asep ngeunaan saha ari neng mumun teh....

NYIMAS ROMLAH
Atuh ari kitumah, Duapuluhlima taun kuring nyimpen rusiah teh teuaya gunana, tada
teuing ambekna upama kang haji apaleun...

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... panginten kedah kitu, ulah dugika kalepatan nu jadi sepuh
ngabalukarkeun cilaka ka palaputrana.... mangga geura emutan ku salira....

NYIMASROMLAH(Ngarenghap Jero)
Naha bet jadi kieu owah...!!?? rarasaan teh asa ku heureut ieyu dunya teh.... papisah
puluhan taun ayeuna kudu panggih deui....

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... sadaya nu karandapan di ieu dunya teh teuaya nu
kabeneran, sadayana tos diatur kunu maha Kawasa...

NYIMAS ROMLAH
Kuring can siap upama kudu ngabuka sakabeh na....

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas,... geura emutan deui, sim kuring ningali bakal aya kajadian
aheng alatan pasualan ieu....

ADEGAN 4

WANCI PABEUBEURANG DINA SAUNG LEUTIK NU BIASA DIPAKE KU ASEP JEUNG MUMUN
PANGGIH.

MUMUN
Aya naon akang miwarang mumun ka dieu...?

ASEP
Jigana hubungan urang teh moal bisa dipertahankeun deui mun...

MUMUN
Maksad akang...??!!
Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita
14 | P a g e

ASEP
Kaayaan geus beuki riwuh... kolot akang ayeuna sarua jiga si abah.. teu satujueun kana
hubungan urang...

MUMUN
Naha bisa kitu kang...?? sakaterangmumun mah tuang ibu teh satujueun pisan kana
hubungan urang ....??!!

ASEP
Akang oge teu ngarti, naha bet kitu...

DUANANA TINGHARULENG

ASEP
Jigana ieu aya hubunganana jeung caritaan aki-aki nu harita panggih di sisi pasir tea.....

MUMUM
Aki-aki...? maksad akang...?

ASEP
Opat poe katukang akang panggih jeung hiji aki-aki nu rada owah... tina obrolan akang
jeung manehna aya kekecapan nu matak hemeng keur akang...

MUMUN
Aki Owah..!!?? “mangpuluh-puluh taun silaing dibobodo ku kaayaan..... jeung egois na
dunya...”

ASEP(ngarenjag reuwas)
Mumun... naha anjeun apal kalimah nu diucapkeun ku eta aki-aki.....

MUMUM
Ka mumun oge kungsi nyarita kitu....

ASEP
Mumun apal saha eta aki-aki teh....??

MUMUN
Eta teh Aki Owah.. katelah owah sabab sok ngacapruk teupuguh, mangpuluh-puluh taun
hirup di ieu lembur, tapi teuaya saurang oge nu apal dimana padumukanana et aki-aki
teh... tapi sanajan owah loba ucapan manehna nu nyata kajadian, eta sababna urang
lembur nelah aki-aki tukang ramal...

KEUR KITU TOROJOL AKI OWAH BARI TETEMBANGAN JEUNG IGEL-IGELAN, DUKA
TIMANA DATANGNA

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


15 | P a g e

AKI OWAH
Ha ha ha ha....
(ngalagu)
Mumun milih mana...?
Mumumumumun milih saha...?
Kang asep tong cangcaya..
Mumun pasti milih didinya....
Ha ha ha ha ha......

(gaya maca puisi)


Rasa cinta pasti aya
Dina mahluk nu nyawaan
Cinta nu kamalinaan
Mantak mawa cilaka
Cinta nu sakaba-kaba mantak cilaka.. cilakaaaaaa...
Mangpuluh-puluh taun silaing dibobodo ku kaayaan..... jeung egois na dunya...
ha ha ha ha ha....

MUMUN
Aki Owah... kadieu sakedap...

KI OWAH NYAMPEURKEUN MUMUN TULUY DIUK ANDIPREK HAREUPEUN MUMUN

KI OWAH
Nun.. pangapunten nyimas... bade aya pikersaeun naon...?

MUMUN
Geus sababaraha kali, unggal aki pendak sareng mumun, aki sok ngucapkeun kalimah
“mangpuluh-puluh taun silaing dibobodo ku kaayaan..... jeung egois na dunya...” naon
maksudna...??

ASEP
Aki...ka kuring oge kungsi nyarita kitu.. naon maksudna...??!!

AKI OWAH (korejat nangtung ngabedega bari nyarita rada gagah)


Upama aranjeun hayang nyaho, isukan pasosore, tepungan kuring di tungtung langit
tutugan pasir jajar lima...!!!

AKI OWEH NGAGEDIG INDIT NINGGALKEUN MUMUN JEUNG ASEP, MUMUN JEUNG ASEP
OLOHOK TULUY GOGOROWOKAN NYALUKAN AKI OWAH, TAPI AKI OWAH TETEP
LEUMPANG TEU MALIRE.

MUMUN
Aki...!! aki... antosan sakedap...!! lebah mana tungtung langit tutuganpasir jajar lima
teh...???!!

ASEP
Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita
16 | P a g e

Mumun.. geus tong di udag... akang apal dimana tungtung langit tutugan pasir jajar lima...

MUMUN
Akang uninga tempatna...? lebah mana...?

ASEP
Akang kungsi panggih jeung manehna di eta tempat... tempat anu suni sisi leuweung jajar
lima, kiduleun lembur anjeun .....

MUMUN
Euleuh... leuweung larangan etamah kang....

ASEP
Nya Didinya Aki Owah nganjrekna....

ADEGAN 5

DI TUNGTUNG LANGIT TUTUGAN PASIR JAJAR LIMA WANCI PANON POE LINGSIR
NGULON, NYIMAS ROMLAH DIANTEUR KU SUMI MURU KA PADUKUKAN AKI OWAH.

SUMI
Bade teras kamana atuh ieu teh Nyimas...?

HAJAH ROMLAH
Tong loba tatanya Sumi, tuturkeun weh kami.....

SUMI
Sanes kitu Nyimas, asa keueung ibi mah.. kapanan ieu teh leuweng larangan, leuweung
sanget tara kasaba ku manusa, tiwas mun aya sato leuweung datang kadieu ngarekeb
urang... iihhh bararaid teuing, Gustiii.........!!

NYIMAS ROMLAH
Meungeus sumi, montong di wawaas, tong sieun da kami mah geus remen nyaba ka dieu ...
tara aya nanaon...

SUMI
Kutaannn..... leres Nyimas... !! salira kungsi nyaba ka dieu...??!!

NYIMAS ROMLAH
Lain kungsi.. leuwih ti sakali...

SUMI
Aduuhhhh....... nyaan teureuh jawara mah benten hehehe.....
NYIMAS ROMLAH
Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita
17 | P a g e

Meunggeus ah... ulah ngahuntu bae.. hayu tuturkeun kami...

SUMI
Mangga pangersa..., aeh tapi...

NYIMAS ROMLAH(muncereng)
Naon deui atuh sumiiii........!!!

SUMI
Heheh... henteu juragan.. mangga ti payun...

NULUYKEUN LEUMPANGNA, TEULILA MARANEHNA NEPI KA TEMPAAT ANU DI TUJU.


NYIMAS ROMLAH RURAT-RERET KASBUDEUREUN ETA TEMPAT JIGA AYA NU DITEANGAN,
BI SUMI REREMPODN MUNTANG KANA LEUNGEUN DUNINGANANA.

SUMI
Nyimas ... naha ibimah bet muringkak bulu geuning....

NYIMAS ROMLAH
Bulu naon sumi...??!!

SUMI
Muhun sarupaning bubuluan weh...

NYIMAS ROMLAH(ngepeskeun leungen sumi anu mereket pageuh dina taktakna)


Nanaon ieu teh sumi........??!!

SUMI
Sieun Nyimas... keueung... hayu atuh urang wangsul deui, da sepi geuning didieumah...

NYIMAS ROMLAH
Meunggeus cicing ulah baceo bae... can panggih-panggih acan geus ngajak balik...

SUMI
Muhun bade nepangan saha atuh Nyimas teh...?

NYIMAS ROMLAH(keuheul)
Rek manggihan jurig jarian........!!!

SUMI (beuki pageuh muntang kana taktak dununganana)


Aduuu......!! jurangan istighfarrrr.. ulah saucap-ucapna di leuweung larangan mah.. bilih
kajantenan..., Bilih Kumaonam….

NYIMAS ROMLAH
Atuda mani teu daek cicing...... baceooo bae... tuh diuk beulah ditu ari sieun mah.. (nunjuk
kana tunggul tangkal kai)

SUMI

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


18 | P a g e

Juragan….!!! Tempat naon ieu teh, karareueung kieu ibimah..

NYIMAS ROMLAH(ngales indit)


Dagoan di dieu nya…

SUMI
Nyimassss………!!!

NYIMAS ROMLAH
Cicing dagoan…!! Dasar borangan siah…!!

SUMI
Sieun Nyimas....

NYIMAS ROMLAH
Sieun naon…??!

SUMI
Sieun taeun Nyimas….

NYIMAS ROMLAH
Moal aya nu beukieun ka maneh mah..

NYIMAS ROMLAH NGALEOS NINGGALKEUN SUMI SORANGAN

SUMI (RAMPANG-REUMPEUNG BARI CULANG-CILEUNG SIEUEUN)


Aduuhhhh…. Nyimassss aya ku tega ka ibi, dikantunkeun nyalira di temapat anu kieu…
Ampun Uyutttt, Akiiiii,, ieu incu nyuhunkeun ditangtayungan… Pait..pait..pait…

TEU SAWATARA LILA NYIMAS ROMLAH BALIK DEUI BARI DITUTURKEUN KU AKI OWAH

MYIMAS ROMLAH
Kuring teu panuju kana pamadegan anjeun owah…. Can waktuna…!!!

AKI OWAH
Neda pangapunten Nyimas…. Numutkeun pangemut abdi mah nya ayeuna pisan waktuna…

NYIMAS ROMLAH
Naon nu jadi tinimbangan anjeun..??!!

AKI OWAH
Neda Pangapunten Nyimas… Den Asep sareng Nyi Mumun geus layeut pisan, lima taun
aranjeuna hahaden, cinta aranjeuna geus kaliwat jero, moal bisa dipisahkeun ku kaayaan
naon bae… upama diantep langkung lami deui kaula yakin cilaka bakal tumiba ka
aranjeuna, sareng urang sadayana…

NYIMAS ROMLAH

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


19 | P a g e

Cilaka…??!!

AKI OWAH
Neda Pangapunten Nyimas… manga emutan, kumaha hukumna upama Den Asep nekad
nikah sareng Nyi Mumun….?? Panginten anjeun oge uninga naon anu bakal karandapan ku
aranjeuna…??!! Sabab Den Asep sareng Nyi Mumun pada-pada putra pituin Abah Dayat di
dua istri anu benten…!!

NYIMAS ROMLAH
Owah…….!!!!

SUMI(ngarenjag)
Hahhhh…… Astagfirulloh…!! Leres etateh aki……??!! Naha bisa kitu…. Ka ka kapanan Den
Asep teh Putrana Juragan Haji Mardut sareng Juragan Nyimas Hajh Romlah….??!!

NYIMAS ROMLAH
Cicing Sumi……!!

AKI OWAH
Panjang mun dicaritakeun mah Bi Sumi,… nu puguhmah kitu kanyataannana…

NYIMAS ROMLAH NGAHULENG, BINGUNG NAON PILAMPAHEUN, SAKAPEUNG


NGANGRES BARI NGURUTAN DADANA.

SUMI
Alahhhhh…palias teuing Gustiiii… ana kitumah an kitumah Pernikahan Sedarah atu
nya..Cnta terlarang aki….

AKI OWAH
Jauh saacan Nyimas Haajh Romlah di tikah ku Juragan Haji Mardud, anjeunan tos
kakandungan…

NYIMAS ROMLAH
Cukup Owah……..!!!
(dareuda)….. Lebah dieu kuring ngarasa teu adil hirup teh … naha bet kasalahan kuring di
mangsa katukang kudu jadi balai ka turunan kuring ayeuna…. Duh Gusti… Naha anjeun
nurunkeun cina ka maranehanana…??!!

SUMI
Sanes kaayaan, sareng sanes Cinta anu lepat mah juragan,… nanging..

NYIMAS ROMLAH
Cukup Sumi… kuring sadar lain maranehanana nu salah…. Lain maranehanana anu kudu
nanggung kasalahan kuring….

JEP TILUANANA JAREMPE, KAAYAAN JADI SIMPE SAKDAPAN

NYIMAS ROMLAH

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


20 | P a g e

Owah, sumi…!! Jajapkeun kuring ayeuna keneh ka padumukanana Kang Rayana Karta…

SUMI
Rayana Karta… saha deui etateh Nyimas…??!

AKI OWAH
Abah Dayat Sumi…

SUMI
Ohhhh….

AKI OWAH
Naon ohhh… ngarti..?

SUMI (bari gideng)


Hente…

TULUL NYIMAS ROMLAH INDIT NIHEULAAN, DITUTURKEUN KU AKI OWAH JEUNG BI


SUMI NINGGALKEUN ETA TEMPAT MURU KA IMAHNA ABAH DAYAT.

ADEGAN 6

DINA WANCI ANU SARUA, DI BURUAN IMAH ABAH DAYAT.JURAGAN HAJI MARDUD
JEUNG DUA URANG BADEGANA KEUR GUNTRENG

HAJI MARDUD
Bener ieu imah si dayat teh odih…?

ODIH
Lers pisan juragan….

HAJI MARDUD
Naha jiga nu suwung pribunina oge odih..?

ODIH
Nuju di lalebet panginten juragan…

HAJI MARDID
Heueuh atuh sok uluk salam kadinya…

ODIH
Mangga juragan..
Assalamualaikum… sampurasuuuunnn…

HAJI MARDUD
Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita
21 | P a g e

Naha teuaya nu nembalan geuning…??!

ODIH
Urang cobian sakali deui.. Asalamualaikum… sampurasunnnn…

ODIH
Jaja… kadie..cing pecakan ku nyaneh…

JAJA NGAGAJLENG NGADEUKEUTAN ODIH TULUY HUT-HET METAKEUN JURUS-JURUS


PENCA

ODIH
Ari nyaneh kunaon..??!!

JAJA
Kapanan tadi cenah ceuk silaing nitah dewek menca…

ODIH
Yehhh… Pecakan.. Pe..ca..kan… cobaan ku nyaneh uluk salamna.. lain kalahkah menca..!!!

JAJA
Ohhh… cing jentre atuh nyarita teh…

ODIH
Ah..ah.. oh.. oh.. ah.. ah.. ohh… oh… tong dikukut atuh torek teh…. !!

JAJA
Alahhh..!! istigfar odihhh… istigfar.. !! ulah luluasan kitu ngalanggar hukum deuleu…

ODIH
Naon Ari nyaneh…??!! Jol-jol kana ngalanggar hukum sagala..?!

JAJA
Heueuh pek atuh tah ari maksamah.. (ngasongkeun korek api ka odih)

ODIH
Naon ieu…??!! Nanaonan make jeung ngasongkeun korek api sagala..??!!

JAJA (ngaleos gura-giru ngajauhan odih)


Tapi..upama silaing ditewak nu berwajib dewek ulah dibabawa nya….

ODIH
Jawok…!!!

JAJA
Hempek weh silaing dewek mah embung…!!!

ODIH

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


22 | P a g e

Naon ieuteh…??!!

JAJA
Heueuh ceunah bieu silaing menta korek, rek ngaduruk imah si Dayat..!!

ODIH(ngadeukeutan jaja)
Astagfiruloohhh… Jawok..jawokk….!!! (ngagorowok ditompokeun kana ceuli jaja)
Toreeekkkkk jaja..lain koreekkkkk….!!!

HAJI MARDUD
Meunggesss…!! Nyingkah ka ditu..!! Kadonkah parasea… Cikan ku dewek…
Assalamualaikumm… Sampurasuunnn…

KADENGE SORA TI JERO IMAH

OS. AMBU MIMIN


Waalaikum salammm… rampeessss…. Sakedapantosan nuju di pawon…

BRAY PANTO IMAH MUKA, KALUAR AMBU MIMIN BARI REUWAS KADATANGAN TAMU
HAJI MARDUD

AMBU MIMIN
Aehhh..geuning Juragan Haji… Aduh… ngimpen naon nya, Juragan Haji kersa Rurumpaheun
ka saung butut… manga linggih Juragan Haji…

HAJI MARDUD
Haturnuhun aceuk, keun didieu bae lah… kamana ari salaki aceuk…?

AMBU MIMIN
Aya nuju di jamban, ke antosan sakedap juragan….

KADENGE SORA ABAH DAYAT TI JERO IMAH

OS. ABAH DAYAT


Saha ambu…? Sok atuh titah kajero semah teh, ulah ngawarangkong di buruan…

AMBU MIMIN
Ieu abah aya juragan…

ABAH DAYAT NOROJOL TI JERO IMAHNA BARI TUNGKUL MEMENER KANCING BAJUNA,

ABAH DAYAT
Saha ambu..?!

HAJI MARDUD
Kula Meong Bodas,..…. inget keneh andika ka kula, …??

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


23 | P a g e

NGADENGE ETA SORA, ABAH DAYAT NGARANDEG, TULUY NGAHULENG, BARANG RET
MENCRONG KA LEBAH SEMAH, ABAH DAYAT REUWAS NINGALI SEMAH
DIHAREUPEUNANA.

ABAH DAYAT (neuteup seukeut ka Haji Mardud, pinuh ku rasa amarah)


Me..on..ng Bodas…

HAJI MARDUD (nyolongkrongkeun dua leungeuna someah pinuh rasa ka sono, jiga nu
hayAngnagkeup abah dayat)
Meong Hideung Jawara Gorombolan Meong Pitu,… hahahaha.. lawas pisan urang teh teu
panggih nya, duapuluhlima taun lain waktu anu sakeudeng lain..?! yap kadieu ki dulur,
naha andika teu sono ka kula..??!!

ABAH DAYAT MENCRONG SEUKEUT, BEUNGEUT BEUREUM NAHAN AMARAH,


LEUNGEUNAN GEUS DIKEPELKEUN JIGA NU TAKI-TAKI REK NYERANG KA HAJI MARDUD

HAJI MARDUD (leumpang ngadeukeutan Abah Dayat)


Diantara Tujuh anggota Gorombolan Meong Pitu, ngan tinggal tiluaneuy nu masih keneh
aya, Andika si meong hideung, Kula si meong bodas jeung si Owah si Meong Beureum, …
Kula teu nyangka bakal panggih deui jeung andika meong hideung…

ABAH DAYAT (ngasongkeun peureupna ka hareup, Haji Mardud ngarandeg reuwas)


Eureun….!!! Andika tong nyebut-nyebut deui Meong Hideung…!! Kula geus lain anggota
Gorombolan Meong Pitu deui…

HAJI MARDUD (ngarerepeh Abah Dayat, bari ngalengkah deui ngadeukeutan)


Aehh - aehh… heheheh.. aya keneh geuning, sesa wawanen andika teh… sabra ki dulur…
kula lain rek malikeun deui ingetan andika ka mangsa katukang, kula mah ngan ngarasa
sono ka andika, sono kula teh ki dulur… hehehe..

ABAH DAYAT
Gandeng…!!! Maju deui..ulah nyalahkeun dewek mun ieu peureup ngalayang….!!

HAJI MARDUD
Ee eh… jadi kitu kahayang andika teh.. ??!! panasaran keneh ka kula, sokatuh diladenan ku
kula, itung-itung olahraga weh.. geus lawas teu ngoyagkeun awak… heheh

DUANANA MASANG KUDA-KUDA TAKI-TAKI METAKEUN KABISA MASING-MASING, ODIH


JEUNG JAJA UNDUR-UNDURAN NGAJAUHAN. AMBU MIMIN NGAJERIT BALUAS NINGALI
DUA JAWARA ADU JAJATEN

AMBU MIMIN
Abah…!!! Ulah luluasan abah… geus pada-pada kolot, tong disaruakeun jiga baheula,..ulah
ngagugu nafsu ngumbar amarah…….

ABAH DAYAT (Ngepeskeun leungeun pamajikana)


Cicing ambu…!!! Nyingkah kaditu tong pipilueun, urusan kahormatan lalaki ieumah,…!!!

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


24 | P a g e

AMBU MIMIN LUMPAT NGAJAUHAN, KALACAT KANA TEPAS IMAH, BARI NGAWASKEUN
DUANANA DIBARUNG KU RASA BALUAS.

NYIMAS ROMLAH DATANG KA ETA TEMPAT DITUTURKEUN KU AKI OWAH JEUNG BI


SUMI.

NYIMAS ROMLAH
Eureun…..!!! geus karolot aranjeun teh.. ulah ngalajurnafsu ngumbar amarah jiga keur
ngora… ngerakeun ku anak incu…!!

AKI OWAH
Hahahahahahahah…. Dua jago, dua jawara Gorombolan Meong pitu rek ngadu
jajaten..euyyy… hahahahaha…

ABAH DAYAT JEUNG HAJI MARDUD ANU GEUS MEH SILIH TEUNGGEUL NGARERET KA
LEBAH DATANGNA SORA.

HAJI MARDUD
Romlah… !!

ABAH DAYAT
Nyimas….!!

NYIMAS ROMLAH NANGTUNG DIANTARA ABAHDAYAT JEUNG HAJI MARDUD

NYIMAS ROMLAH
Marebutkeun naon atuh aranjeun duaan the, naha teu cukup baheula silih bobok silih tarok
teh…?!!

HAJI MARDUD
Haling romlah…!! Montong ngahalangan…. Bisi nyalahan ieu peureup kakang…!!

SABOT KITU AYA KAJADIAN ANEH, AKI OWAH ANU SAMEMEHNA RENGKUH, AJRIH DINA
NYINGHAREUPAN HAJI MARDUD JEUNG NIMAS ROMLAH DADAKSAKALA JADI TEUGEUG.

AKI OWAH
Hahahahah… sanajan arandika tiluan teu ngedalkeun eusi hatena sewing-sewangan, tapi
tina sikep jeung caritaan arndika nyirikeun yen arandika sakabeh pada-pada nyidem
dendem anu jero… hahahah

ABAH DAYAT
Gandeng siah owah….!!! Cicing tong pipilueun…!!!

AKI OWAH
Andika nu kudu cicing Dayat…!!! lalakon andika geus anggeus… ayeuna arandika kabeh
kudu ngadengekeun kula cumarita…

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


25 | P a g e

NYIMAS ROMLAH
Owah…!!

AKI OWAH
Sakedap Nyimas… keun kula nu cumarita ngaguar sakabehna anu tumiba ka urang
sarerea…

ABAH DAYAT
Naon maksud andika owah…??!!

AKI OWAH
Cicing..dayat…!!! Anjeun nu nyieun pucuk ti girang, nya anjeun nu kudu tanggung jawab…

ABAH DAYAT
Naon maksud andika…??!!

AKI OWAH
Ulah pura-purabodo andika…!! duapuluh lima taun kula geus nyimpen rusiah arandika…
beurat deuleu, nya ayeuna pisan kudu di bolekerkeun, lantaran upama hente.. balai bakal
tumiba ka urang sarerea…

HAJI MARDUD
Rusiah…. ? Rusiah naon owah…??!!

AKI OWAH NGARENGHAP JERO, TULUY NGAHULENG SAKEUDEUNG JIGA ANU NGINGET-
NGINGET KAJADIAN NU GEUS LAWAS.

AKI OWAH
Sabadana Meong Hejo nemasing pati tumekaning perlaya ditembak ku musuh..basa
ngarampok Sodagar emas ti malaka, kaayaan Gorombolan Meong Pitu geunjleung sabab
masing-masing pimpinan wilayah silih sikut keur marebutkeun kaluuhan pimpinan
gorombolan meong pitu… nya arandika duaan anu kaasup boga pangaruh gede diantara
sakabeh anggota turun kalangan, tarung ngarebutkeun kaluuhan pimpinan….

ABAH DAYAT
Da memang kitu tata cara nu lumaku di gorombolan meong pitu mah…! Naon salahna…??!!

AKI OWAH
Bener… memang kitu… tapi, aya hiji hal anu salah dina eta patarungan….

HAJI MARDUD
Naon owahhh…? Ceuk rarasaan mah kula meunangkeun eta kaluuhan ku jalan anu sah,
jujur…

AKI OWAH
Jujur memang jujur, sah memang sah..tapi, naha arandika teu inget.. sapeuting saacan
arandika turun ka pakalangan…?! Andika duaan nyieun mufakat, sing saha bae diantara

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


26 | P a g e

arandika anu unggul, bakal jadi pimpinan,… nu eleh kudu ninggalkeun gorombolan, jeung
masrahkeun sagala nu dipibanda, kaasup pamajikan atawa bebenena kanu unggul…!!!

ABAH DAYAT/HAJI MADRUD (Heh bareng)


Owah….!!

HAJI MARDUD
Cucungah siah… !!!

ABAH ADYAT
Gagabah andika nyarita…!!!

AKI OWAH
Dua puluhlima taun kula kasiksa ku rusiah ieu… nya ayeuna pisan waktuna pikeun kula
jujur…!!
….Nya ti harita si Meong Hideung nu eleh di pakalangan..lunta ninggalkeun Gorombolan,
jeung bebenena anu harita keur kakandungan… Si Meong bodas nu unggul diistrenan jadi
pingpinan Gorombolan Meong pitu, kasup ngawin bebene si meong hideung anu
ditinggalkeun lunta duka kamana….

HAJI MARDUD (reuwas)

NYIMASROMLA (nyarita bari reumbay cipanon)


Meunggeus Cukup owahh…!!anjeun teu kudu nyarita nanaon deui.. ayeuna bere
kasempetankuring pikeun nuluykeun caritana….

NYIMAS ROMLAHNGALENGKAH NYAMPEURKEUN SALAKINA, TULUY NGENYANG


LEUNGEUNA DIANTELKEUN KANA PIPINA.

NYIMAS ROMLAH
Kakang, kuring neda dihapunten samudaya kalepatan… duapuluh lima taun kuring nyidem
rusiah ieu..nyanggakeun sadaya-daya, kuring rumaos lepat, saleresna Asep teh putra pituan
kang Dayat…

HAJI MARDUD NEUTEUP KOSONG, LEUNGENA NGEUPEUL NAHAN AMARAH, AWAKNA


NGAGETER, BIWIRNA NGADEGDEG, MATA BEUREUM NEUTEUP KAJAUHNA.

SUMI
Aduhhhhhh…….. jentre ayeunamah, tetela geuningDen Asep sareng Nyi Mumun teh Rayi
Raka….!!!

DITEMPAT NU BEDA,(SAUNG SISI JALAN), MASIH DINA WAKTU NU SARUA, MUMUN


LUMPAT BARI RAMBAI CIPANON DIUDAG KU ASEP BARI NGENYANG LEUNGEN MUMUN.

MUMUN
Teu mungkin…!!! Pasti maranehanana bohong…!!

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


27 | P a g e

ASEP
Mumun…!!! Dangukeun heula akang…

MUMUN NGARANDEG, DIUK DINA TUNGGUL TANGKAL KAI


ASEP
Naha anjeun bet nyarita kitu… akang surti, anjeung pasti teu narima kana kaayaan
ieu..sarua akang oge kitu, tapi… dalah dikumaha deui atuh…??!! Da kitu kanyataannana….

MUMUN
Kang Asep… Kunaon atuh lalampahan Cinta urang teh kudu kieu…., naha naon salah
mumun..?!!

ASEP
Anjeun teusalah mun… tapi kalakuan kolot urang baheula nu salah mah….!!!

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

NYIMAS ROMLAH
Kuring ngaku salah, teu jujur ka kakang ngeunaan kakandungan kuring sacan dipigarwa ku
kakang, tug dugi ka ayeuna…. Tapi…!!!

HAJI NARDUD (neuteup kosong ka jauhna)


Lain anjeun nu salah nyimas… tapi Kakang nu salah, coba upama harita kakang teu
ngarebut anjeun ti bahan salaki anjeun, moal aya masalah jiga kieu…

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI SAUNG SISI JALAN

MUMUN
Enya… tapi naha kasalahan maranehna kudu jadi dosa keur urang…??!!! Naha kudu urang
nu nanggung dosa na..??!!jawab akang, jawabbbb…. !!!

MUMUN NYEGRUK CEURIK BARI NYUUH DINA SUKU ASEP.

ASEP(ngusapan sirah mumun)


Aya nu leuwing penting tibatan ngaragragkeun cipanon dina pasoalan ieu…. Bere
kasempetan akang keur mikir, sangkan lengkah akang jadi jawaban anu bener….

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

AMAH DAYAT
Kula nu salah, sabab moal aya kajadian kieu upama baheula kula teu ngalajur nafsu
melakeun bibit rurujit ka anjeun nyimas….

HAJI MARDUD
Urang sakabeh nu salah, urang kudu nyiar tarekah sangkan dosa-dosa urang baheula teu
jadi mamala pikeun katurunan urang, ayeuna, jaga jeung satuluyna….

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


28 | P a g e

NYIMAS ROMLAH
Nya kudu kumaha urang ayeuna…??!!

HAJI MADRUD
Bere kasempetan kula keur mikir…. Kumaha pamadegan andika owah…??
AKI OWAH
Urang sarerea kudu narima kana kaayaan ieu…

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI SAUNG SISI JALAN

MUMUN
Mumun mah teu bisa narima…!!upama rasa cinta mumun ka kang asep kudu sirna diganti
ku rasa nyaah adi ka lanceukna…

ASEP
Sarua mun, akang oge kitu… piraku urang kudu maksakeun hubungan ieu…???!!

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

AKI OWAH
Hubungan maranehna teu bisadipaksakeun, urang sarerea kudu bisamisahkeun
maranehanana kumaha bae carana….

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI SAUNG SISI JALAN

MUMUN
Cara naon bae bakal dilakonan sangkan urang bisa tetep ngahiji….!!!

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

AMBU MIMIN
Kumaha upama maranehanana teu bisa di paksa pikeun pisah, sabab kuring appal pisan
kumaha jerona rasa cinta Asep jeung Mumun…. Ceuk pangemut kuringmah moal aya jalan
pikeun misahkeunana…

AKI OWAH
Pasti aya jalan…..!!

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI SAUNG SISI JALAN

ASEP
Enya, Pasti aya jalan….!! Naha anjeun siap ngalakonana..??!!

MUMUN
Siap teu siap kuring kudu siap… keur merjuangkeun cinta…!!

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


29 | P a g e

NYIMAS ROMLAH
Kumaha upama lengkah urang salah….?

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI SAUNG SISI JALAN

MUMUN
Salah Jeung teu salah, bener jeung teu bener, geus lain ukuran pikeun kuring…

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

AKI OWAH
Salah jeung teu salah kudu dilakonan sangkan teujadi kasalahan nu leuwih gede sabab
ngantep Adi jeung Lanceuk ngabgaan rasa anu lain dina tempatna, mibanda cinta nuteu
iahar…

ABAH DAYAT
Kaasup ku jalan Paeh…

HAJI MARDUD
Naon Maksud Anjeun Dayat…??!!

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI SAUNG SISI JALAN

ASEP
Paehh…..!! eta hiji-hijina jalan pikeun urang bisa ngahiji di alam kalanggengan…

ASEP MULUNG REGANG, DINA TANEUH TULUY NEUTEUP SEUKET TUNGTUNG REGANG

MUMUN
Maksad Akang…??!!

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

ABAH DAYAT (nyabut bedog tina sarangkana anu titatadi aya dina cangkengna)
Kula teu sanggup upama kudu nyakseni dua urang turunan kula, nanggung kasalahan tina
dosa-dosa anu geus dipilampah ku kula baheula…

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI SAUNG SISI JALAN

MUMUN
Teuaya alesan pikeun kuring, sanajan kudu paeh…

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT

AKI OWAH
Naon alesan anjeun milih jalan eta…??!!

DITEMPAT NU BEDA, MASIH DINA WAKTU NU SARUA, DI SAUNG SISI JALAN

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


30 | P a g e

MUMUN
Saha nu nyieun Hirup….???!!

ASEP
Saha nu ngabogaan hirup…??!!

MUMUN
Saha nu nyieun cinta…??!!

ASEP
Saha nu ngabogaan cinta…??!!

MUMUN
Urang pasrahkeun deui ieu hirup jeung cinta, kanu nyieun jeung ngabogaannana…!!!

ASEP JENG MUMUN NGAJERIT MARATAN LANGIT NALIKA REGANG NANCEB KANA
DADANA SEWANG-SEWANGAN, TEULILA DUANANA NGUSRUK DINA TANEUH DINA
KAAYAAN PATAREMA LEUNGEUN.

ASEP/MUMUN
GUSTIIIIIIII……………………….!!!!!

DITEMPAT NU BEDA, MEH DINA WAKTU NU SARUA, DI TEPAS IMAH ABAH DAYAT
ABAG DAYAT NGAHULANGKEUN BEDOGNA NUSUK KANA ANGENNA SORANGAN, ABAH
DAYAT JAJALIGJEUGAN TULUY NAMBRU PALEBAH DAMPAL SUKU HAJAH ROMLAH.

SAREREA ANU AYA ETA TEMPAT NGAJERIT MEH BARENG.

ABAH DAYAT
GUSTIIIIIIIII…………………..!!!!!

SAREREA
GUSTIIIIIIII……………..!!!!

ABAHDAYAT
Hampura kakang nyimas……….!!!
RENGSE
Catetan:
Seting Panggung Dibagi Tilu Bagian, Beulah Katuhu Tepas Imah Panggung, Beulah Kenca
Saung Leutik Sisi Jalan, Di Tengah Tutugan Pasir Sisi Leuweung Aya Tunggul Sesa Tangkal
Kai Gede Ngajajar 5.

Adengan Bunuh diri bisa di visualkeun atawa henteu, gumantung kana kasiapan
nungagarap.

Ahad, Basisir laut kaler November 2013


Ayi Goblay Sasmita

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita


31 | P a g e

NASKAH DRAMA SUNDA

CINTA
KATUNGKULKU PATI
Ku: Ayi Goblay Sasmita

Drama Sunda “Cinta Katungkul ku Pati” | Ayi Goblay Sasmita

You might also like