You are on page 1of 17

Peserta 004

Salayar Dami

1.

Abringan Televisi asup. Saruka bungah. Rupa-rupa tingkah. Maranggul carangka


runtah.

Sora piriwit. Abringan televisi baris. Terus leumpang jiga tentara, bari nyuhun runtah.
Sora napasna ngawirahma. Jadi musik.

Sora piriwit. Abringan televisi ngawur-ngawur runtahna. Bonéka butut. Sendal butut.
Hitar butut. Baju butut. Bebedilan. Runtah-rantéh. Sakur bubututan bacacaran, abringan
televisi ngalagu:

Saha nu butuh hiburan


kadarieu kadarieu
saha nu keur hayang senang
kadarieu kadarieu
Nu sedih pikasebeleun
Nu senang pikasebeleun
Ongkoh sebel tapi nineung

Sora piriwit. Televisi-televisi ngamaénkeun runtah. Dibawa ngibing, dijieun wayang,


diigelkeun. Rupa-rupa polah televisi. Drama.

salayar dami - 1
Sora piriwit. Abringan televisi nyuhun wadah runtah, ka luar ninggalkeun runtah nu
bacacaran.

2.

Bi Ikem asup. Gogodeg ningali runtah.

Bi Ikem : Gustiii! Geus bacacaran deui baé. Geus pabalatak deui baé. Jeung
anéh, naha jadi mindeng loba runtah di dieu téh. Kalakuan Néng Dami,
moal henteu…

Sora piriwit. Bi Ikem reuwas.

Bi Ikem : Nanaonan éta téh hah? Rék ngareureuwas? (Néangan nu niup


piriwit, ambek) Taya sasaha…
Dami datang.

Bi Ikem : Pangangguran pisan niup piriwit tepi ka ngajelengéng kana ceuli…

Dami niup piriwit.

Bi Ikem : Yéh, geuning Néng Dami…. Manawi téh tadi aya wasit nu badé
néwak Bibi…
Dami : Wasit?
Bi Ikem : Pan wasit sok niup piriwit…
Dami : Meureun Bibi disangka bal.
Bi Ikem : Ih!
Dami : Tong dibérésan, Bi. Keun wé antep.

salayar dami - 2
Bi Ikem : Bala!
Dami : Saeutik.
Bi Ikem : Ké jadi imah runtah…
Dami : Runtah imah meureun.
Bi Ikem : Imah nu eusina runtah.
Dami : Runtah nu eusina imah.
Bi Ikem : Hih.
Dami : (Nyokot bebedilan) Angkat tangan!
Bi Ikem : (Ngangkat leungeun) Nanaonan éta téh?
Dami : Saha ngaran? Jawab!
Bi Ikem : Wasta abdi Ikeu… Duh tong serius teuing atuh, Néng…
Mani asa enyaan…
Dami : Ikeu? Nu bener!
Bi Ikem : Aéh, muhun, Ikem…
Dami : Ayeuna manéh jadi tawanan kuring!
Bi Ikem : Ké heula, ari Néng Dami janten saha?
Dami : (Mikir) Euh… saha nya? Téroris! Jiga nu sok diberitakeun na tipi.
Bi Ikem : Éy…! Sarieun… Ulah serius teuing ah…
Dami : Lain téroris kétang… Ulah téroris ah, jadi naon nya?
Bi Ikem : Tukang moro! Atawa… tentara!
Dami : Mun Néng tukang moro atuh Bi Ikem jadi uncal…
Bi Ikem : Maung!
Dami : Cik sok ngagerem…
Bi Ikem : (Ngagerem) Maauuuuungng…
Dami : Lah, teu jiga… Gerilyawan nu keur perang! Éh, démonstran kétang! Tapi
da nu usumna téroris ayeuna mah nya? Asa arang aya berita nu keur
démontrasi ayeuna mah… Héy, angkat tangan!
Bi Ikem : (Ngangkat deui leungeun) Jangan bunuh aku…
Dami : Ssst!

salayar dami - 3
Bi Ikem : Ampuun… Éh, bibi jadi sandera?
Dami : Ulah loba nanya!
Bi Ikem : Éy mani daria.
Dami : (Nyokot hapé) Halo! Ieu jeung persidén? Uing Dami. Pamajikan
didinya keur disandera ku uing!
Bi Ikem : Asiik, jadi pamajikan persidén…
Dami : Tungtutan kuring, bébaskeun pingpinan kuring! Halo?
Oh enya, uing mah teu boga pingpinan kétang. Euh, naon nya? Biaya
sakola montong mahal teuing! Enya! Terus jaringan internét ménta sing
alus! Ulah lelet waé! Terus harga-harga turunkeun, ngarah kolot uing teu
jaradi robot! Mun teu nurut, pamajikan didinya bakal jadi korban. Ieu
bedilna gé keur dicekel ku uing!
Bi Ikem : Terus Bibi kedah kumaha?
Dami : (Nitah nyarita kana hapé nu keur dicekel ku manéhna)
Bi Ikem : Haloo… Akaaang! Tulungaaan!
Dami : Tah, kadéngé sorana? Hah? Naha kalah seuri? Halo? Ituh geura…
(Nyarita ka Bi Ikem) Pék wé cenah méré, da di dieu gé aya kénéh tilu
deui… Kumaha ieu téh? (Nelepon deui) Halo, ieu téh jeung persidén
atawa saha? Jeung Mang Kanta? (Mareuman hapé) Baé lah, api-apina
Mang Kanta jadi persidén…
Bi Ikem : Mang Kanta satpam?
Dami : Enya. Héy, Bibi masih kénéh jadi sandera!
Bi Ikem : Iiih, Jangan sandera aku…!
Dami : Ogoan! Gandéng!
Bi Ikem : Oh Tuhan…!

3.

salayar dami - 4
Abringan televisi asup. Breaking news. Raéng ngaberitakeun kasus téroris. Teu puguh
kadéngéna. Runtah-rantéh jadi alat peraga.

Dami jeung Bi Ikem lalajo.

4.
Dami niup piriwit. Kabéh televisi ngabigeu. Tablo.

Bi Ikem : Dunya beuki harénghéng, beuki pikakeueungeun! Gusti…


Dami : Barosen.
Bi Ikem : Ku naon nagara téh jiga nu teu walakaya nyanghareupan téroris
nya? Asa mending lalajo pilem Koréa…
Dami : (Heuay)
Bi Ikem : Lalajo naon atuh nya?
Dami : Musik!

Musik ngagembrung. Televisi-televisi jarogéd. Alay.


Dami niup piriwit. Musik eureun. Televisi-televisi tablo.

Dami : Garila.
Bi Ikem : Film India!
Dami : Néhi.
Bi Ikem : Sinétron?
Dami : Iiiy…!
Bi Ikem : Infotainmen?
Dami : (Api-api utah)
Bi Ikem : Toktokwow!
Dami : Talkshow…!
Bi Ikem : Tah éta, tokwow…

salayar dami - 5
Dami : Mending Bibi ngadongéng.
Bi Ikem : Dongéng naon nya? Téangan dina tipi atuh sugan aya. Dongéng-dongéng
pieunteungan, dongéng-dongéng nu leubeut ku pesan moral…
Televisi : Dongéng?
Televisi : Dongéng téh naon?
Televisi : Sarua jeung sinétron, ngan ieu mah caritana jadul…
Televisi : Oh. Di uing gé aya!
Televisi : Uing gé boga. Jadul tapi modéren!
Dami : Bibi wé nu ngadongéng.
Bi Ikem : Bibi? Dongéng naon nya?
Televisi : Cicing ah. Bagéan urang nu lalajo yeuh…
Televisi : Siap! Dariuuk!
Bi Ikem : Dongéng… Si Kabayan?
Dami : Kabayaan!

Kabayan asup, leumpang anteng bari melong hapé nu dicekelna.

Dami : Héy! Kabayan!


Kabayan : Tong ngaganggu, uing keur keur néangan sinyal…
Dami : Keur nanahaon néangan sinyal? Kawas nu boga pulsa wé…
Kabayan : Nya euweuh pulsa gé, aya aya sinyal atuh…
Dami : Euweuh pulsa mah, percumah masing aya sinyal gé.
Kabayan : Ah teu nanaon, da hapéna gé bobohongan…
Dami : Haar…
Televisi tingcakakak.
Kabayan : Naha maké nyeungseurikeun? Da teu maksud ngabodor.
Bi Ikem : Mémangna rék nelepun saha atuh, Akang?
Kabayan : Ah, moal nelepun sasaha… Pan hapéna gé bobodoan, moal enya bisa
dipaké nelepun? Ééh sok ngaco waé ah…

salayar dami - 6
Dami : Keur naon atuh dibabawa?
Kabayan : Ngarah aya nu nanya, terus ku uing diterangkeun yén ieu téh
bobohongan. Lumayan, ngarah aya kasibukan. Yu ah, marangga ka
sadayana…
Kabayan kaluar.

Dami : Kacow!
Bi Ikem : Biasana mun Si Kabayan datang, bibi sok jadi Iteungna…
Dami : Kabayan geus keuna ku virus…
Bi Ikem : Dongéng naon atuh nya nu ramé? Lutung Kasarung! Ngarah bibi jadi
Purbasari…
Televisi : Lutung? Pan geus paéh. Kamari diberitakeun ku kuring, aya nu
rék ngimpor lutung ilegal ka Amérika, diasupkeun kana peti wadah kopi.
Paéh, basa kapanggih ku béa cukai di palabuan…
Bi Ikem : Gustii… Abdi moal tiasa janten Purbasari deui atuh…
Dami : Dongéng naon deui atuh?

Saréréa mikir

Televisi : Uing boga dongéng!


Dami : Dongéng naon?
Televisi : Dongéng impor… biasa…
Televisi : Uing gé boga, dongéng holiwud!
Televisi : Di uing komo loba! Perang wungkul!
Televisi : Uing boga dongéng sedih!
Televisi : Dongéng cinta…
Dami : Dongéng cinta?
Bi Ikem : Taah! Cing sok atuh…

salayar dami - 7
Televisi nu rék ngadongéng nangtung, mawa dua barang pikeun alat peraga.

5.

Dongéng televisi.

Televisi : Roméoo jeung Juliéét!


Dami : Bosen!
Televisi : Khais jeung Lailaaa!
Dami : Boseen!
Televisi : Sangkuriang jeung Dayang Sumbii!
Dami : Asik, Sangkuriang!

Sangkuriang datang.

Sangkuriang : Dayang Sumbi?

Sangkuriang rarat-rérét. Melong Dami…

Televisi : Saha manéh?


Sangkuriang : Kuring Sangkuriang. Saha nu cikénéh ngageroan?
Televisi : Lah, aya jalmana geuning…
Sangkuriang : (Nengetan kaayaan) Ukur aya dua jalma, sésana ngingetkeun
kuring ka mangsa harita keur nyieun talaga…
Televisi : Uing rék ngadongéng! Tong ngaganggu!
Sangkuriang : Lah, hirup geus di jaman modéren kieu, masih kénéh percaya
kana dongéng…
Televisi : Hiburan!
Televisi : Jalma kurang hiburan jigana manéh mah…

salayar dami - 8
Televisi : Teu gaul.
Televisi : Kuuleun!
Televisi : Teu gaul. Kuuleun. Jadul. Ngok!
Sangkuriang : Saha? Ka aing éta téh? Yeuh, aing Sangkuriang! Hirup aing
disupata kudu ngangkleung ti dongéng ka dongéng! Ngalilipur haté batur,
najan haté aing sorangan rajét teu mangrupa gé! Maranéh apal naon kana
kahirupan aing? Hah?
Televisi : Tong kasar teuing ah, bisi aya KPI.
Televisi : Komite Penyiaran Indonésia.
Televisi : Acara tipi teu meunang kasar, bisi ditarurutan ku barudak!
Sangkuriang : Mémang uing mah kieu! Heueuh – Sangkuriang geus nyangking
kasabaranana nu sajati, nu sajati, kasajatén Sangkuriang, kasajatén
kuring, sabar, kudu sabar… – Duh, hampura, kalan-kalan kasedih sok
tara kawawa…
Televisi : Sedih ku naon, Lur?
Sangkuriang : Ah, sedih wé. Maranéh mah moal ngarti…
Televisi : Nya moal ngarti atuh ari teu dijelaskeun mah.
Televisi : Sok atuh curhat…
Sangkuriang : (Melong Dami. Asa-asa) Henteu ah…
Televisi : Euh teu paruguh. Yeuh, salahsahiji acara televisi téh nyaéta
curhat. Sok der!
Dami : Panasaran, acan can kungsi ngadéngé Sangkuriang curhat…
Sangkuriang : Sumbi… Keur sono ka Dayang Sumbi. Mangabad-abad lilana
kuring usaha satékah polah sangkan bisa poho ka manéhna. Kuring
meuntasan rupaning jaman, panggih jeung jutaan wanoja, tapi ukur
beungeut manéhna nu teu weléh ngalangkang dina ingetan…
Bi Ikem : Pan abdi Dayang Sumbi…
Televisi : Dayang Sumbi?
Bi Ikem : Enya, abdi Dayang Sumbi…

salayar dami - 9
Sangkuriang : Lah…
Dami : Cicing atuh, Bi…
Bi Ikem : Sangkuriang…

Sangkuriang ngahuleng. Melong Bi Ikem. Rét ka Dami.

Sangkuriang : Réa awéwé nu ngaku-ngaku Dayang Sumbi… Tapi kuring moal


kapalingan, ieu Dayang Sumbi kuring… (Nyampeurkeun Dami) Sumbi…
Dami : Naon, sih?
Sangkuriang : Dayang Sumbi…
Dami : Urang mah Dami, lain Dayang Sumbi…
Sangkuriang : Beuki jelas, beuki deukeut beuki écés. Geus lila kuring ngawaskeun
anjeun, Sumbi…
Dami : Ngawaskeun?
Sangkuriang : Urang mindeng patepung pelong, tapi kakara ayeuna kuring
ngarasa yakin…

Dami ngahuleng. Ngarérét ka Sangkuriang, terus jiga nu mikiran hiji hal.

Televisi : Wah, ramé euy!


Televisi : Sstt!
Televisi : Bakal aya gelutan moal?
Televisi : Gandéng!
Sangkuriang : Urang sababaraha kali amprok, di réa tempat, di réa kajadian.
Tapi kuring ukur wasa ngawaskeun ti kajauhan. Heubeul pisan urang teu
jonghok, dipisahkeun anggang, di luar kanyataan. Tapi kuring percaya,
aya mangsana urang bakal babarengan…
Dami : Kéla, urang masih kénéh asa-asa…
Sangkuriang : Teu nanaon, da teu kudu langsung yakin…

salayar dami - 10
Dami : Urang asa mindeng ningali kamu, tapi di mana nya?
Sangkuriang : Di hareupeun bioskop, basa ngantri rék lalajo film horor. Di mal,
basa anjeun rék ka ATM. Di péngkolan, basa anjeun mulang tas latihan
karaté. Di buruan sakola, basa anjeun jajan ciréng. Di…
Dami : Geus, geus… Enya meureun. Terus ayeuna rék kumaha? Kamu ngahaja
nutur-nutur urang nya?
Sangkuriang : Henteu niat nuturkeun, tapi ka mana kuring ngaringkang, sok
panggih waé jeung anjeun. Kuring gé asalna mah teu yakin, tapi waktu nu
geus mangratus taun jadi umur kuring, geus méré lolongkrang di lebah
mana kuring kudu netepkeun kayakinan.
Bi Ikem : Tapi, kuring nu sok jadi Dayang Sumbi mah. Mun kuring keur
mépéndé Néng Dami ku dongéng Sangkuriang, basa Néng Dami keur
leutik, nya kuring nu jadi Dayang Sumbina dina ingetan…
Televisi : Gandéng atuh!
Televisi : Enya, néwo-néwo waé…!
Bi Ikem : Kumaha urang wé! Urang mah enya gé ukur babu di ieu imah, tapi
ka Néng Dami geus asa ka anak pituin. Ti orok mula, Néng Dami diurus
ku urang, da indung bapana saribuk ku pagawéan…
Televisi : Heueuh, apal. Pan uing gé aya di imah ieu, saban waktu dihirupan
najan taya nu ngalalajoanan gé…
Televisi : Ssst!
Dami : Jadi ayeuna rék kumaha?
Sangkuriang : Mun geus kieu sok jadi hésé picaritaeun. Padahal ieu dada geus
beurat ku gerentes nu hayang ditepikeun. Padahal ieu rasa geus méh
rangsak digunasika kakangen. Lebah dieu, siksaan nu ditibankeun ku
cinta nu tan watesan, beuki karasa nyasaak lelembutan… Nyorangan
nyanghareupan bagantina poé, bagantina usum, bagantina jaman. Nya
kuring pisan Sangkuriang, nunggelis di tengah umpalan pajamanan…
Nu jadi batur hirup ukur hiji-hijina tujuan, hayang bisa tepung jeung
wanoja nu salawasna dipicangcam…

salayar dami - 11
Televisi-televisi koor. Lagu romantik.

(Lagu)
Sora simpé nu ngaweuhan
sora haté karumasaan
dimana kudu nyandingkeun
cinta nu sok teungteuingeun

Sangkuriang : Kuring rumasa, pancén hirup keur ngalilipur haté batur.


Didongéngkeun diwayangkeun, dipapantes dina galur nu teu bisa
dirobah: kudu sadrah ditibanan kapeurih sapanjang lumakon. Cenah
kuring bogoh ka indung, cenah bapa kuring anjing, tapi kapan kitu ceuk
nu mapantesna, sangkan leunjeuran carita puseurna aya dina kahéngkéran
kuring, sapanjang kumelendang jadi babandan katresnan nu ahéng.

Televisi-televisi koor

(Lagu)
Duh kumaha ngariksana
duka kumaha ngayonanana
cinta nu batan sakieu
kembangna katunggaraan

Sangkuriang : Ayeuna kuring ditepungkeun deui jeung Sumbi. Tangtuna gé dina


wujudna nu fana. Sedeng asih kuring nu langgeng dina ieu angen, can
tangtu tepung jeung muarana…
Dami : Sangkuriang…
Sangkuriang : Ieu kuring, Sumbi…

salayar dami - 12
Dami : Kuring bisa ngarampa kakingkin nu ku anjeun keur karandapan.
Kuring apal dongéng anjeun jiga kumaha, da mindeng didongéngkeun ku
si Bibi… Kuring gé kungsi maca dongéng anjeun tina sababaraha buku
sastra… Jadi kuring bisa ngarasakeun amarah anjeun, kasedih anjeun.
Tapi kuring lain Sumbi…
Sangkuriang : Nu karasa béda geterna, Sumbi. Mun anjeun percaya, salah sahiji
siksaan nu kudu karandapan ku kuring, nyaéta tepung sakolébatan jeung
wanoja-wanoja nu sarimbag, jeung nu ku kuring dipikangen. Salila
ratusan taun, duka sabaraha rébu wanoja nu semuna jiga Sumbi, nu
imutna jiga Sumbi, nu teuteupna jiga Sumbi, tapi lain Sumbi kuring.
Kuring sadar pisan kana ieu kanyataan.
Televisi : (Maca narasi) Sangkuriang, hirup langgeng dina dongéng.
Manéhna ukur bisa ngararasakeun getirna kaasih, dina saban léngkah
lumampahna. Manéhna neuteup anteb Dayang Sumbi, hayang meunang
kayakinan yén nu keur disanghareupan téh enya Dayang Sumbi nu
manéhna. Tapi, sakumaha nu geus remen kajadian, wanoja nu kiwari
tepung jeung manéhna lain wanoja nu ratusan taun kalarung kungsi
ménta tanjakan, hayang dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna.
Manéhna kuciwa, tapi teu bisa kumaha…

Sabot Televisi macakeun narasi, adegan lumangsung antara Sangkuriang jeung Dami.

Sangkuriang : (Nyekel leungeun Dami) Geus waktuna kuring neruskeun deui


lalampahan. Duka di mana, duka iraha kuring bisa panggih jeung Sumbi
kuring…
Dami : Mugia tinekanan, Sangkuriang…

Sangkuriang deku, nyium leungeun Dami, terus nangtung. Gagah.

Televisi : Hayu, Sangkuriang, ieu lalakon geus tamat saheulaanan…

salayar dami - 13
Televisi jeung Sangkuriang kaluar.

Televisi nu séjén keprok ramé pisan.

6.

Dami hareugeueun. Bi Ikem ngahuleng.

Dami : Bi…
Bi Ikem : Kah…
Dami : Ka mana Sangkuriang inditna?
Bi Ikem : Kumaha kitu?
Dami : Ngadadak asa leungiteun…
Bi Ikem : Asa leungiteun kumaha?
Dami : Naha enya manéhna sok merhatikeun Néng? Néng mah asa kakara aya
nu merhatikeun jiga kitu. Salila ieu rarasaan ukur aya Bibi di ieu dunya
téh. Nu bisa jadi batur pakumaha. Nu bisa jadi batur nyarita…
Bi Ikem : Ah, éta mah ukur perasaan Néng Dami. Pan seueur atuh réréncangan
Néng ogé, di SMA, di tempat lés…
Dami : Babaturan mah atuh ngaranna gé babaturan, lain batur enyaan. Béda deui
jeung Bibi nu salila ieu ngabaturan Néng.
Bi Ikem : Sangkuriang mulang deui ka dunyana…
Dami : Ka mana?
Bi Ikem : Nagri dongéng.
Dami : Fiksi?
Bi Ikem : Enya…
Dami : Jigana naon nu disebut kasajatian cinta ayana di Sangkuriang. Manéhna

salayar dami - 14
bisa tukuh kana kayakinan cintana, najan ceuk alur carita wanoja nu
disebut Dayang Sumbi téh indungna. Cintana bedegong pisan. Ah,
senang meureun mun bisa hirup dina fiksi.
Bi Ikem : Yéy ari nanaon téh… Dunya urang dunya nu sampurna. Hirup urang aya
dina kahirupan nu sampurna. Kalan-kalan urang sok ngarasa
diteungteuinganan, tapi dina hiji mangsa urang gé sok kamalinaan.
Ngaranna hirup aya pait aya manis, kalan-kalan bungah kalan-kalan
sedih. Kudu pinter ngawayahnakeun…

Dami ngagoléhé kana lahunan Bi Ikem.

Bi Ikem : (Ngusapan) Masih panjang lalakon, ulah sok ngarasula…


Dami : Jigana Néng bakal sono ka Sangkuriang…
Bi Ikem : Enya, keun ké urang dongéngkeun deui…

Dami saré dina lahunan Bi Ikem. Bi Ikem ngusapan bangun deudeuh.

7.

Televisi : Asik ogé nya?


Televisi : Asik, tapi teu payu dijual ka iklan nu kitu mah. Tadi gé euweuh
iklanan…
Televisi : Kéla, uing rék briking nyus heula! (Saged) Berita penting.
Sababaraha urang jalma nu maraké jangjang tur ngaku keur mélaan
agamana, cikénéh geus ngaburak-barik tempat karaoké jeung tempat
ibadah agama séjén. Numutkeun pamingpinna, hal ieu dilakukeun pikeun
nanjeurkeun bebeneran. Di tempat kajadian, sababaraha urang patugas
kaamanan milu lalajo jeung warga nu teu bisa kukumaha, lantaran jalma
nu jangjangna hideung mamawa bom nuklir dina haténa…
Televisi : Infotainmen! Pamiarsa… Artis sinétron kawentar Hérnia Abortus

salayar dami - 15
paséa jeung artis dangdut Aslina Imbit Wasir. Biduan nu kasohor ku
goyang gibrig meri ieu nyarita ka wartawan, yén Hérnia Abortus geus
ngarebut kabogohna, nyaéta artis indo Barétto Diabétés. Imbit Wasir
nétélakeun, Hérnia jeung Diabétés kapanggih paduduaan di buruan hiji
puskésmas, padahal duanana teu kacaritakeun keur garering. Pamiarsa
tangtu panasaran, kumaha jawaban Hérnia Abortus nu geus dituduh
ngarebut kabogoh batur? Naha enya Barétto Diabétés maké obat kumis?
Terus, naon hubunganana antara kumis jeung gibrig meri? Panasaran?
Omat, ulah ka mamana!

Televisi midangkeun iklan. Nu lalebay, nu gedé rahul. Durasina tong lila teuing.

Dami jeung Bi Ikem talibra.

8.

Televisi : Heup, heup! Heup heula.


Televisi : Dipikir-pikir urang téh jiga nu teu aréling. Hayoh wé motah, bari taya
nu ngalalajoanan. Nu lalajona gé keur sararé.
Televisi : Baé atuh, nu penting mah meunang iklan. Meunang duit. Paduli
teuing taya nu lalajo gé.
Televisi : Ari ilaing keur naon?
Televisi : Keur lalajo nu saré…
Televisi : Sok araranéh, kuduna gé urang nu dilalajoan, lain urang lalajo nu
lalajo!
Televisi : Puguh bosen dilalajoan waé, sakali-kali mah uing hayang lalajo.
Kakara apal, geuning kieu nu salila ieu sok lalajo urang téh…
Televisi : Sarua urang gé bosen.
Televisi : Cik, ngésér, kuring hayang milu lalajo…

salayar dami - 16
Bi Ikem kérék tarik.
Televisi kompak nyoara: Uuuuh…
Bi Ikem nyegrok.
Televisi kompak nyoara: Iiiih….
Dami gundam: Maah… Mamah… Mamah téh ka mana waé? Papah di mana?
Dami sono…
Televisi kompak nyoara: Oooh….

Televisi : Kitu wungkul?


Televisi : Maranéhna tangtu keur ngarimpi.
Televisi : Impian nu pasti leuwih ramé tibatan nu ku urang mindeng
dipidangkeun.
Televisi : Uing gé jadi hayang ngasaan saré. Salila ieu nyaring waé.
Televisi : Urang mah rék siaran di tempat séjén wé, sugan wé aya kénéh nu
butuheun ku urang…

Televisi mérésan runtah, diwadahan, disaruhun, ngabring ka luar.

Televisi : Baradé runtaah…? Raruntaah! Baradé runtaah? Baradé yeueuh…?!

Di panggung tinggal Dami jeung Bi Ikem. Lampu museur ka maranéhna, terus pareum.

Réngsé.
27 Juli 2016

salayar dami - 17

You might also like