You are on page 1of 2

ASAL MUASAL KAHIRUPAN

. ‫َأَو َلْم َيَر اِذَّل يَن َكَفُر وا َأَّن الَّس َم اَو اِت َو األْر َض اَك َنَتا َر ْتًقا َفَفَتْقَناَمُها َو َجَع ْلَنا ِم َن اْلَم اِء َّلُك ْيَش ٍء ٍّيَح َأَفال ُيْؤ ِم ُنوَن‬
Jeung naha jalma-jalma kapir teh henteu nyarahoeun, yen saenyana langit katut bumi
teh asalna hiji, tuluy duanana ku Kami dipisahkeun. Jeung Kami ngajadikeun tina cai
saniskara anu hirup. Naha atuh maranehna bet henteu ariman?. (Qs. Al-Anbiya [21]: 30)

. ‫ُقْل َأِئَّنْمُك َلَتْك ُفُر وَن اِب ِذَّل ي َخ َلَق األْر َض يِف َيْو َم ِنْي َو ْجَت َع ُلوَن ُهَل َأْنَد اًدا َذ َكِل َر ُّب اْلَع اَلِم َني‬
Pok tanyakeun: “Saestuna naha pantes arandika kupur ka Pangeran nu ngayugakeun
bumi dina dua poe, sarta arandika nyieun tandingan-tandingan ka Anjeunna, padahal
Anjeunna teh Pangeran nu murbeng alam sakabeh?.” (Qs. Fushshilat [41]: 9)

. ‫َو َجَع َل ِف َهيا َر َو اَيِس ِم ْن َفْو ِق َها َو اَب َر َك ِف َهيا َو َقَّد َر ِف َهيا َأْقَو اَهَتا يِف َأْر َبَع ِة َأاَّي ٍم َس َو اًء ِللَّس اِئِلَني‬
Jeung Anjeunna ngajadikeun gunung-gunung anu tarohaga dina bumi sarta Anjeunna
ngaberkahanana, jeung Anjeunna nangtukeun rupa-rupa dahareunana di dinya, dina
opat poe nu sarua, pikeun jalma-jalma anu naranya. (Qs. Fushshilat [41]: 10)

. ‫َّمُث اْس َتَو ى ىَل الَّس َم اِء َو َيِه ُدَخاٌن َفَقاَل َلَها َو ِلأل ْر ِض ِاْئِتَيا َط ْو ًعا َأْو َكْر ًها َقاَلَتا َأَتْيَنا َط اِئِع َني‬
Tuluy Anjeunna nuju ka langit, jeung eta langit teh haseup, tuluy Anjeunna ngadawuh ka
‫ِإ‬
langit jeung ka bumi: “Geura laksanakeun ku maraneh duaan, kalawan ta’at boh
kalawan paksa” Duanana ngajawab: “Abdi sadaya ngalaksanakeun kalayan ta’at.” (Qs.
Fushshilat [41]: 11)

‫َفَقَض اُه َّن َس ْب َع َمَس َو اٍت يِف َيْو َم ِنْي َو َأْو ىَح يِف ِّلُك َمَس اٍء َأْم َر َه ا َو َز َّيَّن ا الَّس َم اَء اُّدل ْنَيا ِبَم َص اِبيَح َو ِح ْفًظ ا َذ َكِل َتْق ِد يُر اْلَع ِز يِز‬
. ‫اْلَع ِلِمي‬
Tuluy Anjeunna ngayugakeun langit tujuh dina dua poe, sarta Anjeunna ngawahyukeun
di saban langit tea urusanana, jeung Kami mapaesan jeung ngaraksa ieu langit dunya ku
bentang-bentang. Jeung eta teh papasten Nu Maha Gagah, Nu Maha Uninga. (Qs.
Fushshilat [41]: 12)

. ‫اِذَّل ي َجَع َل َلُمُك اَأْلْر َض َم ْهدًا َو َس َكَل َلْمُك ِف هيا ُس ُبًال َو َأْنَز َل ِم َن الَّس امِء ماًء َفَأْخ َر ْج نا ِبِه َأْز واجًا ِم ْن َنباٍت َش ىَّت‬
Mantenna anu ngajantenkeun pikeun aranjeun bumi salaku amparan jeung Mantenna
anu ngajantenkeun di eta bumi teh mangpirang-pirang jalan, jeung Mantenna anu
nurunkeun ti langit cai hujan, mangka Kami numuwuhkeun ku eta cai hujan teh sajodo-
sajodo tina mangrupa-rupa tutuwuhan. (Qs. Thaha [20]: 53)

‫َو اُهَّلل َخ َلَق َّلُك َد اَّبٍة ِم ْن ماٍء َفِم ُهْنْم َمْن َيْم يِش َعىل َبْط ِنِه َو ِم ُهْنْم َمْن َيْم يِش َعىل ِر ْج َلِنْي َو ِم ُهْنْم َمْن َيْم يِش َعىل َأْر َب ٍع ْخَي ُل ُق‬
. ‫اُهَّلل ما َيشاُء َّن اَهَّلل َعىل ِّلُك ْيَش ٍء َقِد يٌر‬
Jeung Alloh ngayugakeun unggal jinis sasatoan tina (asalna) cai, mangka diantara
‫ِإ‬
maranehna aya anu laleumpang ku beuteungna, jeung diantara maranehna aya anu
laleumpang ku dua sampeanana, jeung diantara maranehna aya anu laleumpang ku
opat sampeanana. Alloh ngayugakeun perkara anu dipikarep-Na. sayaktosna Alloh kana
unggal perkara teh Maha kawasa. (Qs. An-Nur [24]: 45) (Mengenal Ayat-ayat Sains
dalam al-Qur’an, I/XIV: 5-8)
“Tina cai.” Dumasar dawuhan Alloh ieu, mangka jin kalih malaikat henteu kalebet
kana ieu ayat. (Tafsir al-Qurthubiy)

You might also like