You are on page 1of 4

Khutbah I ‫ِإّن اْلَحْم َد ِِهلل َنْح َم ُد ُه َو َنْسَتِع ْيُنُه َو َنْسَتْغ ِفُر ُه َو َنُعْو ُذ ِباِهلل ِم ْن ُش ُرْو ِر َأْنُفِس َنا َوِم

ن َس ّيَئاِت َأْع َم اِلَنا َم ْن‬


‫ َالَّلُهَّم‬،‫ َأْش َهُد َأْن َال ِإلَه ِإّال ُهللا َو َأْش َهُد َأّن ُمَحّم ًدا َع ْبُد ُه َو َر ُسْو ُلُه‬، ‫َيْهِدِه ُهللا َفَال ُمِض ّل َلُه َو َم ْن ُيْض ِلْل َفَال َهاِدَي َلُه‬
‫ َقاَل ُهللا َتَع اَلى ِفي اْلُقْر آِن‬،‫َص ِّل َو َس ِّلْم َع َلى َس ِّيِد َنا ُم َحَّمٍد َو َعلى آِلِه ِو َأْص َح اِبِه َو َم ْن َتِبَع ُهْم ِبِإْح َس اٍن ِإَلى َيْو ِم الّد ْين‬
، ‫ َياَأّيَها اّلَذ ْيَن آَم ُنْو ا اَّتُقوا َهللا َح َّق ُتَقاِتِه َو َال َتُم ْو ُتّن ِإاَّل َو َأْنُتْم ُم ْس ِلُم ْو َن‬، ‫ َأُع ْو ُذ ِباِهلل ِم َن الَّش ْيَطاِن الَّر ِج ْيِم‬، ‫اْلَك ِر ْيِم‬
‫ َأَّم ا َبْعُد‬، ‫ َص َدَق ُهللا اْلَعِظ ْيُم‬، ‫ يا َأَّيُتَها الَّنْفُس اْلُم ْطَم ِئَّنُة اْر ِج ِع ي ِإلى َر ِّبِك راِض َيًة َم ْر ِض َّيًة‬: ‫َو َقاَل‬
Hadirin anu mulya Salaku jalma mu’min, urang yakin yen kamatian pasti datang
jeung dirandapan. Urang oge yakin yen saatos kamatian urang bakal nyorang alam
barzakh jeung ngamimitian alam akherat. Nanging sanaos maot sareng alam
barzakh mangrupakeun perkara anu pasti, urang hoyong kenging bocoran sareng
gambaran kumaha nasib jalma anu iman sareng anu kufur di akherat? Kumaha
saleresna perjalanan ruh jalma mu’min ti kawit mayunan kamatian dugika
ditempatkeun dina liang lahat sahingga kenging rupi-rupi ni’mat kubur.
Tah dina leresan ieu, teu aya anu uninga kecuali ngalangkungan kabar anu parantos
didugikeun ku Al-Quran sareng hadis anu soheh. Salah sawiosna hadis anu
parantos diriwayatkeun ku Imam Abu Dawud, Imam Abu Majah, an-Nasai, Imam
Ahmad, sareng anu sanesna.
Dina eta riwayat dilalakonkeun yen dina hiji dinten, Kangjeng Rosul sareng para
sahabat jajap hiji jenazah sahabat Anshor. Sadugina di pamakaman, jalaran ngagali
liang lahat teu acan rengse, nya Kangjeng Rosul calik dina gundukan taneuh bari
mayun ka kiblat. Sementawis para sahabat calik di sabudeureunnana. Aranjeuna
teu wantun nyarios salemek-lemek acan margi ngaraos bakal aya hal penting anu
baris didugikeun ku Kangjeng Rosul. Salajengna, Kangjeng Rosul ngoreh-ngoreh
taneuh. Teras anjeuna tangah ka langit teras tungkul deui. Kitu na teh dugika tilu
kali. Saparantos kitu, anjeuna ngadawuh ka payuneun para sahabat. “Aranjeun
kedah nyuhunkeun diraksa tina siksa kubur.” Teras anjeuna ngadu’a:

‫َالَلُهَّم ِإِّني َأُع ْو ُذ ِبَك ِم ْن َع َذ اِب اْلَقْبِر‬


Hartosna, “He Allah, saenya-enyana abdi nyuhunkeun perlindungan ka salira tina
siksa kubur,” (Dugika tilu kali). Hadirin sidang Jumah anu mulya Tah eta du’a
teh sakaligus janten bubuka hadis panjang anu ngagambarkeun kumaha kaayaan
hiji hamba mu’min ti kawit kamatian dugika dilebetkeun kana liang lahat, teras
ditingalkeun ku kulawarga sareng anu jajapna. Teras naon wae anu tumiba ka hiji
hamba nalika mayunan sakarotul maot, kamatian, sareng kajadian saparantos
kamatian? Diuningakeun dina eta hadis, yen kaayaan jalma anu dipapag ku
kamatian teh aya dua golongan: mu’min sareng kafir. Naha dibedakeun, margi di
antara dua eta golongan teh beda pisan. Kacaturkeun, hamba anu mu’min mah,
nalika bade ningalkeun ieu alam dunya teh, disumpingan ku para malaikat ti langit.
Sareng deui, rupa malaikat anu sarumpingna oge katingal dina rupa anu pangsaena
sareng nganggo angoan anu pangsaena. Wajah aranjeuna someah tur marahmay
malihan katingal caang cahayaan. Dina panangan aranjeuna aya kaen kafan ti
surga anu fungsina kanggo mungkus ruh si hamba mu’min tea. Bari lengkep sareng
minyak seungitna kango ngabalur sareng nyeungitan ruh tadi tea. Ku hal sakitu,
tong heran upami aya hiji hamba anu jasadnya seungit saparantos pupusna. Eta teh
netelakeun yen eta hamba kalebet jalma mu’min sareng dilebetkeun ruhna kana
kaen kafan anu tos dibalur minyak seungit ku para malaikat. Kajantenan seungit
ieu kantos kasaksen ku Kangjeng Rosul nalika ngalakonan isro-mi’roj. Ku mantena
kaangseu aroma seungit pisan. Jalaran panasaran, Kangjeng Rosul naros ka
malaikat Jibril. Diwaler ku malaikat Jibril, eta teh seseungitan anu kaluar ti
pakuburan Siti Masyithoh, hiji istri anu ngarawat anak-anak Fira’un. Mung
hanjakal, kulantaran mertahankeun kaimanannana ka Alloh, anjeuna dihukum ku
Firaun ku cara dilebetkeun kana minyak panas dugika maotna. Saderek anu
mulya Teu lami saparantos para malaikat langit lungsur ka payuneuneun hamba
mu’min tadi, malaikat maut lungsur teras calik di caket sirahna eta hamba. Anjeuna
sasauran sapertos kieu: ‫ يا َأَّيُتَها الَّنْفُس اْلُم ْطَم ِئَّنُة اْر ِج ِع ي ِإلى َر ِّبِك راِض َيًة َم ْر ِض َّيًة‬Hartosna,
“He jiwa anu tenang…. Kaluar anjeun ka pangeran anjeun dina kaayaan ridho
sareng dipika ridho,” (Q.S. al-Fajr [89]: 27-28). Ruh eta hamba teu tiasa baha.
Anjeuna lalaunan kaluar tina jasad. Persis siga cai anu nuju kaluar tina teko. Jernih
tur beresih. Saatosna kitu, sadayana malaikat langit sareng malaikat bumi ngiring
nyolatkeunana. Teras panto-panto langit dibuka. Sadayana panto ngadu’a ka Alloh
hoyong janten lawang liwatna eta ruh. Nalika ruh si hamba berhasil dikaluarkeun
ku malaikat maot, para malaikat anu hadir nyaksian kamatian teu ngantepkeun eta
ruh sanaos sakedet netra. Aranjeuna langsung nyandak si ruh teras nyimpenna dina
luhur kaen kafan anu tos diminyakan ku minyak seungit ti surga. Kitu pisan
sakumaha anu parantos digambarkeun ku Alloh dina Al-Quran: ‫ِإَذ ا َج اَء َأَح َد ُك ُم اْلَم ْو ُت‬
‫ َتَو َّفْتُه ُرُس ُلَنا َو ُهْم اَل ُيَفِّر ُطوَن‬Hartosna, “Nalika datang kamatian ka salah saurang di
antara aranjeun, maka anjeuna diwafatkan ku malaikat-malaikat Kaula, sareng
malaikat-malaikat Kaula eta teu ngalaleykeun kawajibannana,” (Q.S. al-An‘am [6]:
61). Saparantosna ruh pisah sareng jasad, selengseng aroma seungit kaangseu,
ampir minuhan saalam dunya. Kangjeng Rosul nyalira parantos ngagambarkeun
aroma seungit ruh hamba radi, ngalangkungan dawuhannana, “Aroma seungit teh
kaluar tina ruh. Seungitna ibarat minyak kesturi anu pang seungitna anu pernah
kaangseu di muka bumi.” Saparantos hasil nyepeng ruh si hamba, para malaikat
teras ngabujeng ka langit pangluhurna. Di perjalanan, saban kali pendak sareng
kumpulan malaikat, aranjeuna ditaros ihwal candakan ruh anu seungit sapertos
minyak misik tea. Salah sawios di antara aranjeuna ngawaler, “Ieu teh ruh si fulan
bin fulan.” Teu hilap aranjeunna manggil nami ruh hamba tadi ku nami anu
pangsaena anu pernah aranjeuna kuping di alam dunya.” Sadugina ka langit
dunya, para malaikat nu nyandak ruh nyuhunkeun izin ka para malaikat nu ngajaga
langit. Saparantos diizinkeun, aranjeuna diiring oge dijajap ku para para malaikat
langit dunya dugika langit salajengna. Kitu saterasna dugika langit katujuh.
Sadugina di langit katujuh, Rabbul ‘Izzati ngadawuh, “Tuliskeun ku aranjeun
nami hamba Kaula ieu dina ‘illiyyin,” sakumaha dawuhannana dina Al-Quran: ‫َو َم ا‬
‫ َيْش َهُد ُه اْلُم َقَّر ُبوَن‬، ‫ ِكَتاٌب َم ْر ُقوٌم‬، ‫ َأْد َر اَك َم ا ِع ِّلُّيوَن‬Hartosna, “Naha aranjeun terang naon ari
'Illiyyin? (Nyaeta) kitab anu ditulisan, anu disaksian ku malaikat-malaikat anu
didekatkeun (ka Allah), (Q.S. al-Muthaffifîn [83]: 19-21). Sidang Jumat anu
mulya Saparantos diseratkeun eta nami hamba dina ‘illiyyin, teras didugikeun ka
para malaikat, “Uihkeun deui ieu ruh hamba ka bumi. Sabab, Kaula jangji ka
manusia.” Kitu sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Quran: ‫ِم ْنها َخ َلْقناُك ْم َوِفيها ُنِع يُد ُك ْم‬
‫ َوِم ْنها ُنْخ ِر ُج ُك ْم تاَر ًة ُأْخ رى‬Hartosna, “Tina taneuh Kaula ngajadikeun aranjeun jeung
kana taneuh Kaula bakal mulangkeun aranjeun jeung tina taneuh Kaula bakal
ngaluarkeun deui aranjeun,” (Q.S. Thoha [20]: 55). Sarengsena perjalanan langit
oge namina dicatet dina illiyyin, ruh tadi diuihkeun deui ka bumi sareng
dilebetkeun deui kana jasadna. Sahingga, anjeuna tiasa ngadangu deui kana suara
sendal dulur-dulur jeung babaturannana anu aruih ninggalkeun kuburannana
ngabujeng imahna sewan-sewangan. Salajengna eta hamba bakal disumpingan
ku dua malaikat anu suantenna tarik sareng pikareuwaseun. Anjeunna dicalikkeun
teras ditaros opat pertarosan. Pertarosan kahiji ihwal pangeran anu disembahna
sawaktu di dunya. Pertarosan kadua ihwal agama anu dianut ku anjeuna.
Pertarosan katilu ihwal rasul anu diutus janten panutannana. Sareng pertarosan
kaopat ihwal amal-amalna salami di dunya. Sadayana pertarosan eta nunjukkeun
fitnah kubur, sakaligus fitnah terakhir anu dihadapkeun ka hiji mu’min. Waktu
harita, teu aya gunana kacerdasan, tipu daya, sareng cara sanes anu bisa
nyalametkeun dirina. Diumpamakeun aya hiji kafir anu ngapalkeun jawaban-
jawaban tadi di dunya, maka jawaban-jawaban eta moal aya gunana sareng moal
tiasa kedal sesuai sareng harepan. Sabab, jalma anu dipasihan pertulungan kanggo
ngajawab anu bener ukur jalmi mu’min anu ditetepkan ku Allah keimanan sareng
amal solehna. Sahingga anjeuna bisa ngajawab kalayan pertela. Hal ieu sesuai
sareng dawuhan Alloh: ‫ُيَثِّبُت ُهَّللا اَّلِذ يَن آَم ُنوا ِباْلَقْو ِل الَّثاِبِت ِفي اْلَح ياِة الُّد ْنيا َوِفي اآْل ِخ َرِة َو ُيِض ُّل ُهَّللا‬
‫ الَّظاِلِم يَن َو َيْفَع ُل ُهَّللا َا َيشاُء‬Hartosna “Alloh neguhkeun (iman) jalma-jalma anu iman ku
ucapan anu teguh dina kahirupan di dunia sareng di akherat; sareng Alloh
nyesatkeun jalma-jalma anu dzolim sareng midamel naon anu dikersakeun ku
Anjeunna,” (Q.S. Ibrahim [14]: 27). Saparantosna kitu kadangu aya suara
panggilan ti langit, “Hamba Kaula teh bener. Maka amparkeun hiji taman ti surga
keur manehna. Bere pakean ti surga. Buka hiji panto ti surga.” Maka datang ka
manehna aroma seungit ti surga. Jeung dilapangkeun kuburannana satungtung
paningalina. Ngiles suara tadi, datang ka eta hamba hiji sosok anu nyarupaan
lalaki. Eta lalaki kacida kasepna, naggo angoan sae, sareng sareungit. Salajengna,
lalaki tadi ngadugikeun kabar bagja anu nenangkeun hatena. Nalika ditaroskeun
saha eta lalaki, kauninga yen eta lalaki teh amal soleh anu pernah dipigawena
salami di dunya. Sementawis harta kakayaan, kulawarga, sareng anakna teu aya di
gigireunnana. Anu tetep jeung manehna teu aya deui anging amal hade anu
salawasna ngarencangan dina alam kubur. Ku ni’mat-ni’matna eta hamba di alam
kubur, anjeuna kiat nyuhunken supaya buburu kiamat. Tujuannana supaya
manehna bisa buburu nyicingan negeri nu endah nyaeta surga, oge meni’mati
perkara tos anu dijanjikeun Allah. Didugikeun ka anjeunna, “Tenangkeun. Sagala
rupi tos ditetepkeun waktuna. Nalika waktu eta datang maka naon anu ditetepkeun
ku Allah bakal terjadi.” Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh Tah kitu anu
tumiba ka hiji jalma mu’min mulai sakarotul maot dugika deg kiamat jeung
dibangkitkeun ti alam kubur, numutkeun hadis Kangjeng Rosul saw. Mudah-
mudahan urang sadayana kalebet jalmi mu’min anu digampangkeun dina mayunan
sakarotul maot, kenging pangkat maot anu husnul khotimah, nami urang dicatet
dina iliyyin, kalayan waktos lebet ka alam barzakh urang ditetepkeun dina
mayunan pertarosan Munkar Nakir, oge salami di alam barzakh urang
ditempatkeun dina salah sawios taman surgana Alloh. Amin ya mujibas sa’ilin.

Sumber: https://islam.nu.or.id/khutbah/khutbah-jumat-bahasa-sunda-gamaran-
kamatian-jalma-mu-min-dugika-alam-barzakh-Km7pA

___
Download NU Online Super App, aplikasi keislaman terlengkap!
https://nu.or.id/superapp (Android/iOS)

You might also like