You are on page 1of 3

KHUTBAH I

 ِ ‫جميع أ ْف َعالِ ِه ِم َن ْال َمنَا‬


‫فع‬ ِ ‫وجعل في‬ َ َ‫الحمدهلل الّذي أعظَ َم على عباد ِه ْال ِمنَّةَ والحكمة‬
‫َّحي َْح ِة أشهد أن الاله ااّل هّللا وحده آلشريك له و‬ ِ ‫صي َر ِة الص‬ ِ َ‫ْالكثِي َر ِة الَّتِي اَل يَفهَ ُمهَا إاَّل َذ ُوالب‬
‫ْج َز ِة وأصلّى وأسلّم على سيّدنا مح ّم ٍد قَا ِء ِد‬ ْ ِ‫أن مح ّمدا عبده ورسوله َأ ْل ُمَؤ يَّ ُد ب‬
ِ ‫اال ُمع‬ ّ ‫أشهد‬
‫ب وال ُّسنَّ ِة فيا أيُّهَاالنَّاس‬ ِ ‫لق إلى السّالم ِة و على اله وأصحابه َذ ِو ْال ِه َدايَ ِة و ُمحْ يِى ْال ِكتَا‬ ِ ‫ال َخ‬
‫ت َك ْي‬ ْ ‫ق تُقَاتِ ِه تَفُو ُزو بِا ال َمغفر ِة والرَّحْ َم ِة وا ْف َعلُو ْال َمْؤ ُمو َرا ِة وا ْت ُر ُك‬
ِ ‫واال َم ْن ِهيَّا‬ َّ ‫ق هّللا ح‬ ُ َّ‫إت‬
‫ّجيم قَ ْد اَ ْفلَ َح‬ ِ ‫أت ْالقُرْ َأن فَا ْستَ ِع ْذ بِا هّللا من ال ّشيطان الر‬ َ ‫تَفُو ُزوا فِى ال ُّد ْنيَا واالخرة َوإذا قَ َر‬
ٰ َ ‫ الَّ ِذي َْن هُ ْم فِ ْي‬١ - ۙ ‫ْال ُمْؤ ِمنُ ْو َن‬
٣ - ۙ ‫ْرض ُْو َن‬ ِ ‫ َوالَّ ِذي َْن هُ ْم َع ِن اللَّ ْغ ِو ُمع‬٢ - ‫صلو تِ ِه ْم َخا ِشع ُْو َن‬
ِ َ‫ۙ والَّ ِذي َْن هُ ْم لِل َّز ٰكو ِة ف‬
‫اعلُ ْو َن‬ َ  
Para hadirin sadaya.   Sadaya puji disanggakeun ka hadirot Allah SWT, rohmat sareng salam
kawilujengan mugi diwuwuhkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw, para kulawargi, para sahabat
sareng umatna dugi ka poe kiamah. Para hadirin sadaya    Upami nitenan kana kautamaan rupi-
rupi ibadah ka Allah, telela pisan yen solat teh mangrupi ibadah anu pangpentingna sareng
pangageung hikmahna saparantos maca syahadat. Geura mangga lenyepan padawuh Allah anu
kieu unggelna : 
 
‫ب َواَقِِ`م الص َّٰلو ۗةَ اِ َّن الص َّٰلوةَ تَ ْن ٰهى َع ِن ْالفَحْ َش ۤا ِء َو ْال ُم ْن َك ِر َۗولَ ِذ ْك ُر هّٰللا ِ اَ ْكبَ ُر ۗ َوهّٰللا ُ يَ ْعلَ ُم َما‬
ِ ‫ك ِمنَ ْال ِك ٰت‬
َ ‫اُ ْت ُل َمٓا اُوْ ِح َي اِلَ ْي‬
‫ تَصْ نَعُوْ ن‬ 

“Baca ku andika (Muhammad) naon-naon anu diwahyukeun ka andika tina alkitab (Qur'an) jeung
lakonan solat. Saestuna ngalakonan solat teh matak nyegah tina ngalakonan pagawean anu goring
(Dosa) jeung anu munkar (Dilarang). Jeung ari dikir (tegesna eling) ka Allah eta teh ganjarana
panggedena. Jeung Allah teh Mahauninga kana sakabeh pagawean maraneh.” (Al Ankabut ayat
45)  
Para hadirin sadaya. Maksud ieu ayat numutkeun tafsiran Ibnu Mas’ud jeng Ibnu Abbas r.a mah
kieu, “Yen Solat anu pangaruhna matak ninggalkeun pagawean anu awon teh nyaeta anu solatna
disarengan ku hate anu khusyu’, hate anu gembleng inget ka Allah, sarta sadar yen manehna keur
ngadeuheus ka Allah, bari depe-depe ka Allah, sarta ngaraos yen manehna keur munajat, sarta
ditingali ku Allah, Zat anu Maha agung. Sedengkeun solat anu henteu kitu mah moal matak
nimbulkeun pangaruh anu kitu, tukang doraka tetep ngalakukeun doraka.   Pidawuh Nabi
Muhammad Saw :  

‫المنكر لم يَ ْز َد ْد من هّللا ِ إاّل بُ ْعدًا‬


ِ َ ُ‫ من لم تَ ْنهَه‬ 
‫صاَل تُهُ عن الفَحْ َشا ِء َو‬

“Sing saha jalma anu solatna henteu matak nyegah tina pagawean anu matak dosa jeung munkar,
maka eta jalma teh tambah jauh tina rohmat Allah” (Riwayat Thobroni)   Ku margi kitu, solat teh
janten tihang agama. Kuat atwa henteuna nyekel agama gumantung kana solatna, sakumaha
pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw. :

  ‫الدين‬ ‫ فمن أقامها فقد أقام الدين ومن تركها فقد هدم‬،‫الصالة عماد الدين‬
 
“Ari solat teh tihang agama. Saha jalma anu ngalakonan solat, mangka eta jalma the
nangtungkeun agamana jeung saha jalma ninggalkeun solat, maka eta jalma ngarugrugkeun
agamana.” (Riwayat Baihaqi)   Malah di akherat oge anu pangpayunna diparios teh ngeunaan solat
pisan, sakumaha pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw :
`‫ وأول ما يرفع من أعمالهم الصلوات‬،‫أول ما افترض هللا تعالى على أمتي الصلوات الخمس‬
‫ وأول ما يسألون عن الصلوات` الخمس‬،‫ الخمس‬ 
“Anu pangheulana diwajibkeun ku Allah ka umat kaula, nyaeta ngalakonan solat lima waktu. Amal-
amalan umat kaula anu pangheulana diangkat (kalangit), solat lima waktu. Amal-amalan umat
kaula anu pangheulana bakal dipariksa teh nyaeta solat lima waktu keneh. “ (Riwayat Al Hakim)  

Para hadirin sadaya   Sajaba ti eta ciri wanci anu eces pisan ngabedakeun antara jalma muslim
jeung anu kafir oge ku ngalakonan solat, da pagawean sanesna mah ampir sami antara muslim
sareng kafir teh. Kumargi kitu ibadah solat teh perlu dimumule anu sasae-saena, ulah
dilalaworakeun, sanaos repot sakumaha repotna oge, satungtung sanes daruratmah. Sakumaha
pidawuh Nabi Saw :

  ‫قبلها‬ ‫ إال كانت له كفارة لما‬،̀‫ فيحسن وضوءها وخشوعها وركوعها‬،‫ما من امرئ مسلم يحضره صالة مكتوبة‬
‫ ما لم يأت كبيرة و ذلك الدهر كله‬،‫ من الذنوب‬ 

“Teu pati pati aya jalma muslim anu nyanghareupan waktu solat fardu terus manehna wudu anu
sampurna, solatna bari khusyu’ (henteu malaweung), ruku’ jeung sujudna beres, anging eta
solatna teh bakal jadi kafarat (panglebur) kana dosana anu geus kaliwat, satungtung henteu
ngalakonan dosa gede ( ari dosa gedemah bisa leburna ngan ku tobat anu nasuha / nyumponan
pasaratanana ). Tah eta kitu teh tina salilana jaman.” (Riwayat Muslim)  

Para hadirin sadaya    Ngalakonan solat fardu teh sajabi ti hikmah anu kasebat tadi anu sakitu
pentingna, ngandung deui hikmah ngeunaan kasehatan rohani katut jasmani jeung kamajengan
kabudayaan anu rongkah pisan, margi ngalakonan solat teh ngandung hartos deui kana:  
Ngawajibkeun ka urang kedah ngartos kana masalah cai anu najis sareng anu suci, anu matak
nyegerkeun badan sareng anu henteu. Etateh aya bentena;  Ngawajibkeun nutup orat badan. Eta
ngandung hartos kana wajibna ngadegkeun pabrik tinun ka umat Islam, margi kalebet kana
kaedah “Sakur perkara anu nyampurnakeun kana pagawean wajib, mangka eta perkara teh wajib
deui.” Nyakitu deui fardu kifayah tiasa ngaput/ngajait anggoan oge; Ngawajibkeun mayun ka
kiblat, ngandung hartos wajibna ngartos kana elmu bumi; Ngawajibkeun solat bari ngadeg, ruku’
jeung sujud, ngandung hartos diwajibkeun ka umat Islam ngartos kana elmu kasehatan;
Ngawajibkeun solat dina waktosna, ngandung hartos diwajibkeun ka umat Islam ngartos kana
elmu falak; Dianjurkeun solat di masjid, ngandung hartos diwajibkeun ngartos kana elmu
teknologi, sareng hikmah sanesna anu seueur pisan mangpaatna.   Tah ieu rupi-rupi elmu teh
hukum fardu kifayah nyiarna ka sakumna umat Islam. Upami urang nyiar eta elmu sarta diniatan
pikeun nyumponan piwarangan Allah, tinangtu kenging ganjaran dunya akherat. Ku ayana kitu,
upami kaum muslimin leres-leres ngartos kana hukum Islam sarta ngartos deui kana hikmahna
sareng rajin ngamalkeunana, tangtu kaum muslimin teh bakal jadi kaum anu maju sapertos kaum
muslimin di jaman kajayaan Islam kapungkur.   Para hadirin sadaya    Tadi parantos diterangkeun,
yen titik sentral anu utama dina ngahontal hikmah solat anu sakitu agungna, sajaba ti kedah
nyumponan kana sarat sareng rukunna, ditambih kedah khusyu’ . Sakumaha pidawuh Allah :

  ِ َ‫ص ٰلو تِ ِه ْم خ‬
َ‫اشعُوْ ن‬ َ ‫ قَ ْد اَ ْفلَ َح ْال ُمْؤ ِمنُوْ نَ الَّ ِذ ْينَ هُ ْم فِ ْي‬ 
“Pasti bakal bagja jalma mu’min anu ngalakonan solatna bari khusyu’.” ( QS. Al Mu’minun 1-2)  
Ari ngalakonan solat bari khusyu’ teh sakumaha anu diterangkeun dina kitab tafsir Ruhul Bayan juz
Vl kaca 67, Ashowi juz lll kaca 93, nyaeta kieu:   “Ari khusyu’ teh ngawengku kana dua rupa,
nyaeta lahir jeung batin. Ari khusyu’ lahir, nyaeta solat anu nyumponan kana sarat, rukun katut
sunat sunatna, saperti : bandanna tenang, henteu sambarangan gerak atawa usik, sirahna tungkul,
ningali atawa neuteup kana tempat sujud jeung sajabana. Ari Khusyu’ batin, nyaeta hatena
salawasna inget ka Gusti Allah, ngaraos keur munajat atawa ngadeuheus ka Zat anu salamina
ningali, sarta mohonkeun kana urusan sejenna tina rupa-rupa pagawean dunya.”   Para hadirin
sadaya   Tah solat anu kitu anu ngandung hikmah anu pohara seueurna the, kahijina matak
ngagaduhan hate anu tenang dina mayunan sagala kajadian oge.   Sawangsulna solat anu henteu
khusyu’, henteu matak ngahasilkeun kana hikmah anu kasebat tadi, malah henteu matak nyegah
kana midamel kama’ saitan, padahal sok solat.   Dawuhna kanjeng Nabi Muhammad Saw :

  َ َّ‫صالَتِ ِه التَّ َعبُ َوالن‬


ُ‫صب‬ ُّ ‫ َك ْم ِم ْن قَاِئ ٍم َح‬ 
َ ‫ظهُ ِم ْن‬
“Mangpirang-pirang jalma anu solat, anu ngan sakadar meunang kacape bae hasilna teh.” (Riwayat
Ibnu majah jeung Nasa-i)   Akhirna, Mangga urang sasarengan ngaronjatkeun katakwaan ka Allah
Swt., ngamumule kana solat ku cara satekah polah, meunngpeung masih keneh dipasihan umur.
Kalawan muntang kana hidayah sareng taufik Allah Swt.
 

ِ ‫بارك هللا لى ولكم بِااٰأْل يَا‬


‫ت وال ِّذ ْك ِر الحكيم وتقبّل منّى ومنكم تالوته إنّه هو السّميع العليم‬
‫ين‬ ِ ‫ وقُلْ ربِّ إ ْغفِر َوارْ َح ْم و أنت خي ُر الر‬ 
َ ‫َّاح ِم‬

You might also like