Professional Documents
Culture Documents
KHUTBAH I
ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ
ُ اَ حش َه ُد اَ حن الَ الهَ االَّ هللا.ُي لَ حو الَ اَ حن َه َد َاَن هللا َ اَ حْلَ حم ُد هلل الَّذ حي َه َد َاَن ِلَ َذا َوَما ُكنَّا لنَ حهتَد
ص ِّل َو َسلِّ حم َّ َ َو حح َدهُ الَ َش ِريح
َ َِك لَهُ َواَ حش َه ُد اَن ُُمَ َّم ًدا َع حب ُدهُ َوَر ُس حولُهُ الَن
َ َ اَللّ ُه َّم ف.ُِب بَ حع َده
ِ ص حابِ ِه والتَابِعِ حْي وََتبِ ِع التَابِعِ حْي اِ ََل ي وِم
القيَ َام ِة ِِ ٍ ِ
َ َح ََ َ َ َعلَى َسيِّ د ََن ُُمَ َّم د َو َعلَى اَله َواَ ح
ِ ِ اضرو َن اِتَّ ُقواهلل حي ثُما ُك حن تُم واِ َّن احجلنَّ ةَ اُ ِع َّد ح ِ
ُالل
ّ ال
َ َ َوق.ْي َ ت لل ُحمتَّق ح َ َ ح َح َ ح اَ َّمابَ حع ُد فَ يَ ااَيُّ َهااحْلَ ُ ح
ُك ُّل: الر ِح حي ِم
َّ الر حْح ِن ِ الر ِجي ِم بِس ِم
َّ هللا الش حيطَان َّ ح ح
ِ َّ هللا ِمن ِ ِ
َ أَعُ حوذُ ِِب،تَ َع َاَل ِِف الح ُق حرأن الح َك ِرحِْي
لش ِّر َواحخلَ حِْي فِ حت نَةً َواِلَحي نَا تُ حر َجعُ حو َن
َّ ت َونَ حب لُ حوُك حم َِبِ س ذَائَِقةُ الحمو
َح ٍ نَ حف
Allah Maha Welas tur Maha Asih ka hamba-Na anu iman. Mantenna nyumponan
sagala nu diarep-arep ku manungsa. Upami urang milampah kahadean bari ngaharep
balesan harita keneh, tanwande Allah baris maparinkeun anu dipiharepna.
Sawangsulna upami urang ngaharep pahala di akhirat, Allah baris maparin imbalan
saluyu sareng naon anu dipiharepna.
Upama urang ibadah, sakuduna mah pikeun tujuan akhirat. Tapi upama urang
nganiatan pikeun kahirupan dunyawi, Allah baris maparin pahala di dunya, tapi lapur
pikeun kahirupan akherat.
Ngeunaan musibah ana dilungsurkeun ku Allah ka jalma mukmin, bisa jadi eta teh
ngelingan abi urang sami, jalma mukmin ulah nepi ka tutuluyan aya dina kamaksiatan.
Allah ngalungsurkeun siksaan langsung ka jalma mukmin sangkan eling kana
kakaliruannana.
Sawangsulna ka jalma anu ingkar, Allah nangguhkeun kana siksana atawa musibah
sangkan tambah-tambah dosana nepi kana poe panungtungan (liyazdadu itsma).
Nu kahiji, upama urang sedih poma ulah kaleuleuwihi cukup wajar, sakadar ulah sesek
dada. Rosulullah nyarek urang sasambat, ceurik ngabangingik balilihan, atanapi
ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat. Laku sikep kitu teh moal bisa
nungtaskeun masalah.
Kadua, urang kudu yakin kana takdir Allah, yen anu musibah taya sanes mangrupa
sunnatullah, bisa ujian kukawonan, bisa oge ku kasaean
Dawuhan Allah
لش ِّر َواحخلَ حِْي فِتح نَةً َواِلَحي نَا تُ حر َجعُ حو َن ِ س ذَائَِقةُ الحمو
َّ ت َونَ حب لُ حوُك حم َِب َح ٍ ُكلُّ نَ حف
“Saban-saban jiwa baris ngarandapan maot. Kami baris maparin cocoba ka maraneh
ku kasussah jeung kabungah minangka ujian, jeung nya ka Kami maraneh baris
dipulangkeun. (QS. al –Anbiya: 35).
Katilu, metik hikmah tina musibah anu nimpa ka dulur urang, yen eta musibah bisa
jadi keuna ka urang, atawa kulawarga urang. Ku kituna urang kudu bisa ngarampa
hate kumaha lamun eta musibah teh keuna kaurang. Urang kudu syukuran rehing eta
musibah teu keuna ka urang.
Kaopat, urang kudu husnudzon ka Allah. Jalma anu beber-bener iman ka Allah sareng
Rosul-Na bakal pinuh kayakinan yen sagala anu tumiba ka dirina, mangrupa ciptaan
Allah pikeun kamaslahatan makhlukna.
Lajeng anu Kalima, yakin kana jangji Allah, sakumaha anu ditulis dina Al-Qur’an, yen
Allah SWT masihan pangbubungah pikeun jalma anu iman, mangrupa surga sareng
kauntungan. Urang yakin yen Allah moal sulaya kana jangji-Na.
Kagenep, yakin kana kaadilan Allah. Kaadilan di dunya ieu nuduhkeun yen dunya teh
fana. Nanging urang kedah yakin yen aya kaadilan nu sampurna nyaeta kaadilan Allah
SWT.
Kadalapan, sabar pasrah tur tawekal. Bukti tina kayakinan manusa ka Allah SWT. ieu
bakal ngabungahkeun tilu komponen penting nyaeta sabar, pasrah tur tawekal.