You are on page 1of 3

TEKS CERAMAH

KUNCI SYURGA YAITU SHALAT

‫ َم ْن يَ ْه ِد ِه‬،‫ت َأ ْع َمالِنَا‬
ِ ‫ َونَعُو ُذ بِاهللِ ِم ْن ُشرُوْ ِر َأ ْنفُ ِسنَا َو ِم ْن َسيَِّئا‬،ُ‫ِإ َّن ْال َح ْم َد هَّلِل ِ نَحْ َم ُدهُ َونَ ْست َِع ْينُهُ َونَ ْستَ ْغفِ ُره‬
‫ َوَأ ْشهَ ُد َأ َّن ُم َح َّمدًا‬،ُ‫ك لَه‬
َ ‫ي لَهُ َأ ْشهَ ُد َأ ْن الَ ِإلَهَ ِإالَّ هللاُ َوحْ َدهُ الَ َش ِر ْي‬
َ ‫ض َّل لَهُ َو َم ْن يُضْ لِلْ فَالَ هَا ِد‬
ِ ‫هللاُ فَالَ ُم‬
ِ َ‫ اَ ُعوْ ُذبِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيط‬.‫آن ْال َك ِري ِْم‬
ِ ْ‫ بِس ِْم هللاِ الرَّح‬.‫ان ال َّر ِجي ِْم‬
‫من ال َّر ِحي ِْم‬ ِ ْ‫الى فِى ْالقُر‬ َ ‫ال هللاُ تَ َع‬ َ َ‫ ق‬.ُ‫َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُه‬
‫ق تُقَاتِ ِه َواَل تَ ُموتُ َّن ِإاَّل َوَأ ْنتُ ْم ُم ْسلِ ُمونَ وقَا َل رسول هللا صلى هللا عليه‬ َّ ‫يَا َأيُّهَا الَّ ِذينَ آ َمنُوا اتَّقُوا هَّللا َ َح‬
َّ ‫وسلم الصل ِم ْفتَا ُح ْال َجنَّ ِة ال‬
‫صالَةُ صدق هللا العظيم وصدق رسوله النبي الحبيب الكيم ونحن عل ذلك‬
‫من الشاهدين واشاكرين والحمدهلل رب العلمين‬

Teu aya kecap nu pantes ku urang ucapkeun, iwal ti manjatkeun puji sinareng sukur ka allah
swt. Puja anu ngajantenkeun panghias rasa ti mimiti urang muka kana ieu acara, mangga urang
sanggakeun ka allah swt, nyatana allah azza wa jalla.

Puji anu ngajantenkeun panghias ati ti mimiti urang ngaji, mangga urang sanggakeun ka allah nu
maha suci, nyatana allah rabbul izzati. Rasa syukur anu ngajantenkeun panolak takabur, ti mimiti
urang, kumpul mangga urang sanggakeun ka allah nu maha luhur, nyatana allah rabbul gofur.

Dimana nu parantos masihan ka urang sadayana mang pirang-pirang kanikmatan ka urang sadayana,
lamun ceunah lautan dijadikeun tinta, tatangkalan di jadikeun péna-na pasti ka nikmatan ti allah moal
réngsé di ucapkeun moal beres di tuliskeun
Anu mugi-mugi ku wasilahna urang nu kempel dina ieu tempat, sing di jadikeun sebab pertama di
hampurana dosa urang ku nu maha kawasa, anu kaduana mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina
ieu tempat, allah swt ngahampura kana dosa urang. Nu ka tiluna mugi-mugi ku wasilahna urang
kempel dina ieu tempat, allah swt ngaluruskeun kana masing-masing permaksadan urang Amiin
Yarobbal....

Ogé teu hilap solawat sinareng salam mugia salamina dicurah tur di limpahkeun ka
jungjunan urang sadayana, pamingpin ti jaman jahiliah nuju ka jaman islamiyah, pamingpin anu
parantos nyandak umatna ti jaman naék kuda nepi ka naék avanza, nyatana habibana wasyafi’ana
wamaulana muhammad SAW.
Anu ku sim abdi dipikahormat para alim ulama, para hujajul ustad miwah ustadah, para
santri anu insyallah ku alloh di mulyakeun.Teu hilap ka para bapa bapa, ibu ibu sadayana anu
mana namina teu tiasa di sebat satu persatuna tapi insyallah teu ngirangan rasa hormat sim abdi
mudah mudahan sadayana anu parantos hadir dina iyeu tempat anu insyallah dimulyakeun, mudah-
mudahan di pasihan kaberkahan sareng magfiroh ku allah SWT... Aamiin Yarobb...
Hadirin rohimakumullah sateu acana sim abdy bade naros ka ibu sareng bapak sadayana.
Upami Ibu sareng bapak hoyong lebet syurga?... Pasti hoyongnya... Sabab kabeh jalma pasti
hoyong asup ka surga, sabab engke pangbalikan di akherat ngan aya 2 nyaeta surga jeung naraka.
Tahh kumaha cenah upami urang hoyong lebet syurgateh, Upami hoyong lebet syurga pastina
urang kudu gaduh koncina, Sabab Moal bisa asup urang ka surga lamun teu boga koncina. Ngan
naon atuh ari koncina surga ka teh?

Sakumaha pidauh Rosul:

                       َّ ‫ِم ْفتَا ُح ْال َجنَّ ِة ال‬


             ُ‫صالَة‬
Miftaahul Jannati As Sholaah

Hartosna: Kunci surga nyaeta shalat (HR Ahmad).

Tah jadi koncina surga teh nya eta sholat sabab:

Inna sholata anilfahsya iwal munkar

Sholat teh bisa ngajauhkeun urang tina perbuatan keji jeung mungkar.

Matak insya alloh lamun urang jauh tina pamungkaran jauh tina larangan alloh urang insya
alloh asup ka surga .
Matak sok jaga sholat urang jeng bari kudu bener urang sholatna ulah gereges gedebug mikum
mikum gajleng waeh, sing nyatai ari solatmah sing khusyu. Da arek asup ka surga kumaha lamun
teu sholat mah, pan sholat teh mangrupakeun kawajiban Umat muslim.

Dina nalika urang teu ngalaksanakeun, dosa hukumna jeung naraka bagean nana. Bahkan
aya salah sawios hadist riwayat at tirmidzi nyebatkeun Barang Siapa Yang Meninggalkan Shalat,
Maka Ia Telah Kafir... Naudzubillah Himindalik

Kudu era pan rukun islam anu ka 2 teh sholat,  lain ge islam lamun teu sholat mah, ari anu tara
shalat ngarana ge islam ktp, ngan dina ktp we hungkul islamna teh migawe sholat tara boro boro
shalat ningcak ka masjid ge can pernah .
Tah urang mah ulah kitu, lakonan sakabeh pagawean umat islam Anu di wajibkeun ku allah
pang pangna sholat, jeung jauhan sagala laranganna. Ameh urang teh jadi jalma anu takwa, mun
harayang asup ka surga matak kudu sarolat anu balener.

Iyeumah omong hayang asup ka surga tapi ieu mah lolobana kasibukeun we ku perkara duniawi
nepikeun ka poho kana ibadah. Matak hayu urang sadaya getolan kana ibadah urang, utamana dina
sholat sing bisa tarepat waktu.

Tahh... Mudah mudahan ku ieu cariosan anu sakedik tiasa nambihan kana kasumangetan
urang kana ibadah utamana dina ngalaksanakeun sholat anu lima waktu. amin ya alloh ya robal
alamin.

Hadirin Rahimakumullah rupina moal seueur anu dicarioskeun ku sim abdy kirang sareng
langkungna sim abdi nyuhunkeun dihapunten. Sareng hapunten bilih aya cariosan anu kirang
merenah kana manah, rupina eta sadaya kalepatan teh ti sim kuring sareng sadaya kasaean
sumpingna ti gusti Allah SWT.

Wabilahi taufik walhidayah. Waasalamualaikum wr wb.

You might also like