You are on page 1of 4

KHUTBAH IDUL ADHA 1433

GUNAKEUN WAKTU PIKEUN IBADAH


Oleh KH. Asep Muhammad Tohir

‫السالم عليكم ورحمة هللا وبركاته‬


٩ ْ‫َأهللُ َأ ْكبَر‬
،‫ض ْال َح َّج َعلَى ِعبَا ِد ِه ِك َرا ًما َّوِإحْ َسانًا‬ َ ‫ َوفَ َر‬،‫اس َوَأ ْمنًا‬ ِ َّ‫َأ ْل َح ْم ُد هللِ الَّ ِذى َج َع َل ْالبَيْتَ ْال َح َرا َم َمثَابَةً لِلن‬
‫طفًا َو َمنًّا‬ْ ُ‫ َوَأ ْغنَانَا بِفَضْ لِ ِه َرحْ َمةً ِم ْنهُ َول‬،
ُ‫ َوَأ ْشهَ ُد َأ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُده‬،‫ َشهَا َدةً تُ ْن ِج ْينَا ِم ْن َع َذابِ ِه َوتُ ْنقِ ُذنَا‬،ُ‫ك لَه‬ َ ‫َأ ْشهَ ُد َأ ْن الَ ِإلَهَ ِإالَّ هَّللا ُ َوحْ َدهُ الَ َش ِري‬
‫ َرسُوْ اًل َأ ِم ْينًا‬،ُ‫ َو َرسُولُه‬،
‫َات فِى تَ ْس ِخي ِْرنَا‬ ُ ‫ت ْال َحيَ َوان‬ ِ ‫صحْ بِ ِه َوالتَّابِ ِع ْينَ َما دَا َم‬ َ ‫ار ْك َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى آلِه َو‬ َ ‫اللَّهُ َّم‬.
ِ َ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َوب‬
َ‫ق تُقَاتِ ِه َواَل تَ ُموْ تُ َّن ِإاَّل َوَأ ْنتُ ْم ُّم ْسلِ ُموْ ن‬
َّ ‫ ِإتَّقُوا هللاَ َح‬،‫ُون‬ ْ ‫ضر‬ ِ ‫ فيَا َأيُّهَا ْال َحا‬،‫َأ َّما بَ ْع ُد‬.
‫ { َولِ ُكلِّ ُأ َّم ٍة َج َع ْلنَا َم ْن َس ًكا لِيَ ْذ ُكرُوا ا ْس َم هَّللا ِ َعلَى‬,‫سم هللاِ الرحْ م ِن ال َّر ِحيم‬ ِ ِ‫ ب‬,‫ان ال َّر ِج ِيم‬ ِ َ‫َأ ُعو ُذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيط‬
‫ت قُلُوبُهُ ْم‬ ْ َ‫َما َرزَ قَهُ ْم ِم ْن بَ ِهي َم ِة األ ْن َع ِام فَِإلَهُ ُك ْم ِإلَهٌ َوا ِح ٌد فَلَهُ َأ ْسلِ ُموا َوبَ ِّش ِر ْال ُم ْخبِتِينَ () الَّ ِذينَ ِإ َذا ُذ ِك َر هَّللا ُ َو ِجل‬
} َ‫صابَهُ ْم َو ْال ُمقِي ِمي الصَّال ِة َو ِم َّما َرزَ ْقنَاهُ ْم يُ ْنفِقُون‬ َ ‫َوالصَّابِ ِرينَ َعلَى َما َأ‬

Hadirin sidang Idul Adha anu dirohmat ku Alloh swt.


Sapeupeuting ngaguruh sora takbir, ngageuing mawa eling ka diri nu perlu ku
pepeling. Ti unggal masjid ti tiap musholla, teu eureun gumuruhna minuhan jagat
raya, dugi ka langit ka tujuh, nu disambut ku para malaikat, maraca istigfar pikeun
nu talakbir ngagungkeun Alloh nu maha wisesa, ngagungkeun Dzat nu Maha Agung,
teu aya pangeran anu sa agung Alloh Subhanahu wata’ala. Teu aya nu nandingan
kana Digjayana Alloh, kana kakawasaanana, raja ning raja. Nu hak disembah sareng
hak di ta’ati parentah sareng laranganana.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Dinten ieu para jama’ah Haji di Mekah, ayeuna nuju marulih ti Arofah, teras ka
Muzdalifah, lajeng ka Mina kanggo ngalempar Jumroh Aqobah, bari teu liren
ngalafadkeun Talbiyyah;

َ َ‫ك ل‬
‫ك‬ َ ‫ك َو ْال ُم ْل‬
َ ‫ الَ َش ِري‬،‫ك‬ َ َ‫ ِإ َّن ْال َح ْم َد َوالنِّ ْع َمةَ ل‬، َ‫ك لَبَّ ْيك‬ َ ‫لَبَّ ْيكَ اللَّهُ َّم لَبَّ ْي‬.
َ َ‫ لَبَّ ْيكَ الَ َش ِريكَ ل‬،‫ك‬
Rangkaian manasik sareng ibadah haji teu leupas tina sunnah Kanjeng Nabi
Muhammad saw. anu neraskeun sunnah nabi Ibrohim sareng Nabi Ismail, katut
ibuna anu sholehah tegesna Ibunda Siti Hajar alaihimissalam.
Arofah, hartosna Kangjeng Nabi Ibrohim yakin yen ngimpenna sebagai wahyu ti
Alloh SWT. di Muzdalifah mulung batu kanggo maledogan syetan anu mere
karaguan, ngagoda sangkan teu ngagugu kana parentah Alloh. Lajeng ngalempar
Jumroh Ula, jumroh wusto sareng jumroh Aqobah, ngalambangkeun ngusir syetan
sangkan jauh tinu keur ibadah.
Sadayana nu dilakukeun ku Kangjeng Nabi Ibrohim, Nabi Ismail sareng Siti Hajar,
diturutan ku jama’ah haji, didamel conto, sakumaha nu janten syari’at Kangjeng
Rosululloh saw. ieu mangrupi ‘ibroh, picontoeun kanggo urang sadaya,
mangrupi tuntunan anu kedah di emutan, di tafakuran kumaha perjalanan jalmi-
jalmi anu saroleh mayunan parentah Alloh SWT.
Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.
Ayeuna, upami bandingkeun sareng kahirupan urang, nu sapopoe ngagugulung
dunya, sapopoe mikirkeun hirup jeung kahirupan, mikirkeun eusi beuteung jeung
kamewahan, mikirkeun imah jeung mobil, mikiran meuli kuota jeung mayar pajeg
motor.
Teu gaduh waktu khusus pikeun nyembah Alloh, teu aya waktu nu longgar pikeun
khusyu’ ibadah ka Alloh. Urang mah sok ngaheulakeun karesep, dari pada
ngalakukeun parentah Alloh, osok keneh ngaheulakeun ngurus budak batan sholat
berjamaah ka masjid, Allohu Akbar.
Naha teu sieun kitu ku ancaman Alloh?, dawuh Alloh;

‫ت َكال ِإنَّهَا َكلِ َمةٌ هُ َو‬ َ ‫) لَ َعلِّي َأ ْع َم ُل‬٩٩( ‫ُون‬


ُ ‫صالِحًا فِي َما ت ََر ْك‬ ُ ْ‫َحتَّى ِإ َذا َجا َء َأ َح َدهُ ُم ْال َمو‬
ِ ‫ت قَا َل َربِّ ارْ ِجع‬
َ‫قَاِئلُهَا َو ِم ْن َو َراِئ ِه ْم بَرْ َز ٌخ ِإلَى يَوْ ِم يُ ْب َعثُون‬

“Dimana geus datang maot, manehna ngomong; “Gusti wangsulkeun deui abdi ka
dunya, yakin abdi bade ngalakukeun amal soleh, nambalan nu katinggaleun”.
Dawuh Alloh; “Eta mah kalimah basa-basi, dagoan we di alam barzakh nepika
hudang tikubur engke”.

Allohu Akbar, Wa lillahil Hamd.


Naha aya keneh nu wani ngalawan ka Alloh?, wani ngalawan kana parentah Alloh?,
naha teu cukup jadi conto kaayaan ummat nu baraheula?.
Rarasaan teh ari sholat mah teu matak sehat, rasana ari sholat mah matak ruwet
kana pikir, padahal saur Alloh;
ْ ‫َأاَل بِ ِذ ْك ِر هَّللا ِ ت‬
ُ‫َط َمِئ ُّن ْالقُلُوب‬
“Sing inget, nu nengtremkeun hate ngan ukur Dzikir”
Moal manggih katenangan jiwa, kajembaran hate kajaba ku dzikir, mesing indit
kaditu-kadieu, katempat nu rame, atawa ka tempat anu sepi hayang niiskeun pikir,
moal.. moal manggih.., anggur geuwat dzikir ka Alloh, sholat, wiridan, maca qur’an,
ngaji ka majlis taklim, ngariung jeung jalmi-jalmi anu saroleh, dijamin ku Alloh;
Tatmainnul Qulub, jembar, tenang, aman jeung kondusif.
Ibnul Qoyim al-Jauziyyah nyaurkeun;

ُ ْ‫ َو ْال َمو‬،‫ار اآْل ِخ َر ِة‬


َ ‫ت يَ ْقطَ ُع‬
‫ك َع ِن‬ ِ ‫ضا َعةَ ْال َو ْق‬
ِ ‫ت تَ ْقطَعُكَ ع َِن هللاِ َوال َّد‬ َ ‫ت َأِل َّن ِإ‬
ِ ْ‫ت َأ َش ُّد ِمنَ ْال َمو‬
ِ ‫ضا َعةُ ْال َو ْق‬ َ ‫ِإ‬
‫ال ُّد ْنيَا َوَأ ْهلِهَا‬.
“Miceunan waktu jeung kasempetan eta leuwih bahaya dari pada kematian, sabab
miceunan waktu eta megatkeun eling ka Alloh jeung ngajauhkeun tina perkara pi-
akherateun. Sedengkeun kematian ngan ukur ngajauhkeun tina dunya jeung
eusina”.
Dunya jeung eusina ukur tinggalkeuneun, isuk duka pageto bakal di tinggalkeun,
meunang kukumpul mang taun-taun, meunang ngudag-ngudag nepika beak waktu
beak umur, kabeh bakal di tinggalkeun malah ngan ukur jadi rebutan ahli waris.
Tapi dzikir ka Alloh, eling kana yen diri diciptakeun ku Alloh pikeun ibadah bakal
mawa kabagjaan dunya akherat.

Bade iraha deui urang sadaya balik ka Alloh, bade iraha deui urang ngagunakeun
waktu jeung kasempetan pikeun ibadah, ayeuna, ayeuna, jeung ti ayeuna, urang
sadaya niat dina hate sewang-sewangan, yen ti detik ieu, ti menit ieu, ti poe ieu,
abdi bade ngagunakeun waktu pikeun mayun ka Alloh, abdi bade maksakeun
pikeun ibadah ka Alloh, ti poe ieu abdi bade sholat awal waktu berjamaah, ti poe
ieu abdi bade nyeueurkeun wiridan, nyeueurkeun dzikir ka Alloh, ti dinten ieu abdi
bade getol maca Quran, ti dinten ieu abdi bade leres-leres nyiar elmu, lebet ka
majlis taklim, ngariung sareng anu saroleh, ngadu’a kalayan khusyu’.

Ya Alloh pangeran abdi, mugi Gusti masihan kakiatan ka abdi kanggo getol ibadah,
masihan pitulung kanggo abdi tiasa angkat ka pangaosan, mugi dipasihan
kajembaran kanggo maca Qur’an sareng dzikir ka Gusti.

Ya Alloh pangeran abdi, mugi Gusti masihan kasobaran ka abdi, kanggo mayunan
panggoda syetan, sareng pangajak nafsu. Ya Alloh Ya Robbana, pasihan abdi
kakiatan kanggo mayunan sagala rupi cobian ti Gusti. Ya Alloh, mugi Gusti masihan
pitulung taufik sareng hidayah kanggo salamina abdi aya dina jalan anu sae
mungguh Gusti.

Mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya nu teu tiasa hormat ka sasama, teu tiasa
akur jeung tatangga, rumaos sok maseaan ka dulur jeung baraya. Ya Alloh mugi
Gusti ngahapunten ka abdi sadaya, rumaos abdi sok nganyenyeri indung bapa, teu
heman kana piwarangna, wantun ngahulag bahkan nyentak ka aranjeuna. Ya Alloh
lungsurkeun rohmat sareng kanyaah Gusti kanggo abdi sadaya anu tukang dosa,
lebetkeun abdi kana Surgana Gusti, tebihkeun abdi tina naraka, sareng tina sagala
kalakuan anu matak ngagebruskeun abdi ka naraka. Ya Alloh mugi ngahapunten ka
abdi sadaya, ka pun bapa, ka pun biyang anu ngurus abdi ti leuleutik, mugi
dirohmat ku Gusti sapertos aranjeuan tos mikanyaah ka abdi, hapunten sadaya
dulur-dulur abdi, baraya, tatangga sadayana, kitu deui guru-guru sareng muslimin
muslimat sadaya, amin. Ya Alloh pangeran abdi mugi rohmat salam di dugikeun ka
Kangjeng Nabi Muhammad saw.

ٌ ْ‫ َوتَقَب ََّل ِمنَّا َو ِم ْن ُك ْم تِاَل َوتَهُ ِإنَّهُ َج َوا ٌد َك ِر ْي ٌم رَُّؤ و‬،‫ت َوال ِّذ ْك ِر ْال َح ِكي ْم‬
‫ف َّر ِح ْي ٌم‬ ِ َ ‫اركَ هللاُ لَنَا َولَ ُك ْم فِي اآْل يا‬
َ َ‫ب‬.
‫‪KHUTBAH KA 2‬‬
‫‪ x‬أهلل أكبر ‪٧‬‬
‫اح ِد اَأْل َح ِد‪ ،‬الَّ ِذي لَ ْم يَلِ ْد َولَ ْم ي ُْولَ ْد َولَ ْم يَ ُك ْن لَّهُ ُكفُواً َأ َح ٌد‪ ،‬نَحْ َم ُد َربَّنا َ َونَ ْش ُك ُرهُ َعلَى‬
‫اَ ْل َح ْم ُد هللِ ْال َو ِ‬
‫صى َواَل تُ َع ْ ّد‬
‫‪،‬نِ َع ِم ِه َوآاَل ِئ ِه الَّتِي اَل تُحْ َ‬
‫ص َم ُد‪َ ،‬وَأ ْشهَ ُد َأ َّن نَبِيَّنَا َو َسيِّ َدنَا ُم َح َّمداً َع ْب ُدهُ‬ ‫َأ ْشهَ ُد َأ ْن اَّل ِإلهَ ِإاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِري َ‬
‫ْك لَهُ اَِإْل لهُ ال َّ‬
‫‪َ ،‬و َرس ُْولُهُ ال َّدا ِع ْي ِإلَى ُسنَن ال َّر َشا ِد‬
‫صحْ بِ ِه َذ ِوي ْالفَضْ ِل َوال ُّس َد ِد‬‫ك ُم َح َّم ٍد‪َ ،‬و َعلَى آلِ ِه َو َ‬ ‫ار ْك َعلَى َع ْب ِد َ‬
‫ك َو َرس ُْولِ َ‬ ‫‪.‬اللّهُ َّم َ‬
‫صلِّ َو َسلِّ ْم َوبَ ِ‬
‫از ْال ُمتَّقُ ْ‬
‫ون‬ ‫َّاي بِتَ ْق َوى هللاِ فَقَ ْد فَ َ‬ ‫ُون ُأ ْو ِ‬
‫ص ْي ُك ْم َوِإي َ‬ ‫اضر ْ‬ ‫اال َح ِ‬‫َأ َّما بَ ْع ُد‪ ،‬فَيَا َأيُّهَ ْ‬

‫ُصلُّ ْو َن َع َ‬
‫لى النَّبِ ِّي‪،‬‬ ‫َّحيم اِ َّن هللاَ َو َمآل ِئ َكتَهُ ي َ‬
‫سم هللاِ الرحْ م ِن الر ِ‬
‫َّج ِيم‪ ,‬بِ ِ‬ ‫َأ ُعو ُذ بِاهللِ ِم َن ال َّش ْيطَ ِ‬
‫ان الر ِ‬
‫صلُّ ْوا َعلَ ْي ِه َو َسلِّ ُم ْوا تَ ْسلِ ْي ًما‬
‫‪.‬يآ اَيُّهَا الَّ ِذي َْن آ َمنُ ْوا َ‬
‫ت اَأْلحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم‬
‫ين َو ْال ُمْؤ ِمنَا ِ‬
‫ت َو ْال ُمْؤ ِمنِ َ‬
‫ين يا َ َربَّ ْال َعالَ ِمي َْن‪ ،‬اَللّهُ َّم ا ْغفِرْ لِل ُم ْسلِ ِمي َْن َو ْال ُم ْسلِ َما ِ‬
‫آ ِم ْ‬
‫ين‪ .‬اَللّهُ َّم َسلِّ ْمنَا‬ ‫ت‪ ،‬اَللّهُ َّم َسلِّ ِم ْال ُحجَّا َج َو ْال ُم ْعتَ ِم ِر ْ‬
‫ين‪َ ،‬و ُر َّدهُ ْم ِإلَى َوطَنِ ِه ْم َسالِ ِم ْ‬ ‫َواَأْل ْم َوا ِ‬
‫ِّين‪ ،‬اللَّهُ َّم َأصْ لِحْ لَنَا ِد ْينَنَا‬
‫ب ال ُّد ْنيَا َوالد ْ‬ ‫َو ْالم ْسلِ ِمي َْن َو َعافِنَا َو ْال ُم ْسلِ ِمي َْن‪َ ،‬وا ْكفِنَا َوِإيَّاهُ ْم َش َّر َم َ‬
‫صاِئ ِ‬
‫الَّ ِذي هُ َو ِعصْ َمةُ َأ ْم ِرنَا‪َ ،‬وَأصْ لِحْ لَنَا ُد ْنيَانَا الّتِي فِ ْيهَا َم َعا ُشنَا‪َ ،‬وَأصْ لِحْ لَنَا آ ِخ َرتَنَا الّتِي ِإلَ ْيهَا‬
‫احةً لَنَا ِم ْن ُكلِّ َشرٍّ‪ ،‬اللَّهُ َّم اجْ َعلْ‬ ‫َم َعا ُدنَا‪َ ،‬واجْ َع ِل ْال َحيَاةَ ِزيَادةً لَّنَا فِي ُكلِّ َخي ٍْر‪َ ،‬واجْ َع ِل ْال َم ْو َ‬
‫ت َر َ‬
‫ك‪ .‬اللَّهُ َّم اجْ َع ْلنَا َأ ْغنَى َخ ْلقِ َ‬
‫ك‬ ‫آخ َرهَا‪َ ،‬و َخي َْر َأ ْع َمالِنَا َخ َواتِ َمهَا‪َ ،‬و َخ ْي َر َأيَّا ِمنَا يَ ْو َم لِقَاِئ َ‬ ‫َخي َْر َأ ْع َم ِ‬
‫ارنَا ِ‬
‫ص َّحةً الَ تُ ْل ِه ْينَا‪َ ،‬واَ ْغنِنَا اللَّهُ َّم َع َّم ْن َأ ْغنَ ْيتَهُ‬ ‫ك‪َ ،‬وهَبْ لَنَا ِغن ًى الَ ي ْ‬
‫ُط ِغينَا‪َ ،‬و ِ‬ ‫ك‪َ ،‬وَأ ْفقَ َر ِعبَا ِد َ‬
‫ك ِإلَ ْي َ‬ ‫بِ َ‬
‫آخ َر َكالَ ِمنَا ِم َن ال ُّد ْنيَا َشهَا َدةَ َأ ْن الَ ِإلَهَ ِإالَّ هللاَ َوَأ َّن ُم َح َّمدًا َّرسُو ُل ِ‬
‫هللا‪ .‬اللَّهُ َّم ثَبِّ ْتنَا‬ ‫َعنَّا‪َ ،‬واجْ َعلْ ِ‬
‫ين‪َ .‬و ْال َح ْم ُد هللِ‬ ‫ين‪َ ،‬ويَا َأرْ َح َم الر ِ‬
‫َّاح ِم ْ‬ ‫أكر َم اَأْل ْك َر ِم ْ‬ ‫الحيَا ِة ال ُّد ْنيَا َوفِي ِ‬
‫اآلخ َر ِة يَا َ‬ ‫بِالقَ ْو ِل الثَّابِ ِ‬
‫ت فِي َ‬
‫‪َ .‬ربِّ ْال َعالَ ِمي َْن‬

‫ان َوِإيتَا ِء ِذي ْالقُرْ بَ ٰى َويَ ْنهَ ٰى َع ِن ْالفَحْ َشا ِء َو ْال ُم ْن َك ِر‬ ‫هللا‪ِ ،‬إ َّن هَّللا َ يَْأ ُم ُر بِ ْال َع ْد ِل َواِإْل حْ َس ِ‬
‫ِعبَا َد ْ‬
‫ُون‪َ .‬ولَ ِذ ْك ُر هللاِ َأ ْكبَرْ ‪َ ،‬وهللاُ يَ ْعلَ ُم َما تَصْ نَع ُْو َن‬
‫‪َ .‬و ْالبَ ْغ ِي ۚ يَ ِعظُ ُك ْم لَ َعلَّ ُك ْم تَ َذ َّكر َ‬

You might also like