Hadirin Jamaah Sholat Idul Adha, Rahimakumullah! Dinten ieu, dinten lebaran agung, Idul Akbar, margi ummat Islam nuju karumpul di Arafah, samodel reuni, atanapi rapat akbar. Sadayana, jutaan ummat Islam, ngangge raksukan ihram serua bodas, manjatkeun du'a ka Alloh, du'a keur pribadina atanapi du'a kanggo kamaslahatan sadaya ummat. Sataun sakali, dikumpulkeun ku Alloh langsung, panggilan langsung ti Alloh, estuning panggilan suci, ti zaman Nabi Ibrahim a.s. Mudah-mudahan taun payun urang kabagean jeung kapanggil pikeun ngalaksanakeun ibadah haji, rukun Islam anu kalima. Lebaran ieu disebut ‘Idul Adha, atawa ‘Idul Qurban, margi dina lebaran ieu disunatkeun meuncit qurban pikeun jalmi anu mampu, malah ditambahan tilu dinten nu disebat dintenan tasyriq. leu hiji kasempetan pikeun ummat Islam, kanggo nyeueurkeun amal, supaya tiasa komunikasi jeung tatanggi, nyambungkeun duduluran, oge ngaraketkeun ukhuwwah di antara ummat Islam. Aya peduli jeung rasa empati ti nu beunghar ka nu fakir, aya tatali kaakraban antara nu dipasihan harta leuwih ku Alloh jeung jalmi anu hirupna kakurangan. Jaba ti eta aya peningkatan gizi, minimal sataun sakali, ngajaran tuang daging. Jalma leutik henteu ngan ngurus wungkul kana domba, ngarit jeung marab, ari ngadaharna tara. Dawuh Kangjeng Nabi Muhammad Saw.: ﺻﱠﻼ ﻧًﺎ َ ُ ﺳﻌَﺔً ﻓَﻠَْم ﯾ َ ﺿّﺢِ ﻓََﻼ ﯾَْﻘَرﺑَﱠن ُﻣ َ ََﻣْن َوَﺟد “Sing saha jalma nu dipasihan kajembaran, tuluy teu qurban, maka ulah ngadeukeutan tempat sholat kami”. Jadi dinten ieu, jalmi nu dipasihan nugraha anu ageung ku Alloh, mangga gunakeun kanggo ngahontal karidhoan Mantenna. Anggo kasempetan pikeun ibadah. Nu gede sing tiasa qurban sabage rasa syukur, nu leutik sing tiasa sabar. Katampi ti Zaid bin Arqam, anjeunna nyarios, para solabat naros ka Rasulullah: Yaa Rosululloh! Timana syareat qurban ieu? Rosulullah Ngawaler. ﻓَﺎﻟ ﱡ، ﻗَﺎﻟ ُْوا,ًﺳﻧَﺔ ُ ﺻﻔ ُْو ف؟ َ ِﺑﻛُِّل: َﻣﺎ ﻟَﻧَﺎ ِﻣْﻧَﮭﺎ ؟ ﻗَﺎَل: ﻗَﺎﻟ ُْوا.ﺳُﻧﱠﺔ ٌ ا َِﺑْﯾﻛُْم ِاْﺑَراِھْﯾَم َ ﺷْﻌَرةٍ َﺣ ٌ ﺳﻧَﺔ َ ف َﺣ ِ ﺻﻔ ُْو ﺳْﻌَرةٍ ِﻣَن اﻟ ﱡ َ ِﺑﻛُِّل: ﻗَﺎَل "Qurban teh sunnah bapa aranjeun, Ibrahim. Kenging naon abdi sadaya tina qurban? Rosul ngawaler: ‘Dina satiap hiji rambutna aya hiji kasaean’. Kumaha bulu-buluna? WalerNa: Dina satiap hiji rambut dina bulu- bulu aya hiji kasaean” (HR. Ahmad sareng lbnu Maajah, Terjemah Nailul Authar IV kaca 1600). Sing hanjakal, upami urang teu ngiringan qurban taun ieu bari aya kanggo meserna, sing kabita ku amal anu waktosna ngan sataun sakali, bisi taun isuk tos teu kabagean deui umur. Kukituna meungpeung aya keneh waktos, kanu mampu, geura maksakeun meser domba atawa leuwih komo mun sapi, pikeun ngalaksanakeun qurban, malah mandar balesanana ti Alloh langkung ageung, karaos di dunya sareng akherat. Nu teu mampu sing kersa ngadu'akeun kanu mere, margi kakuatan du'a aya di jalmi fakir sareng miskin, moal reugreug ieu dunya lamun fuqara jeung masaakin teu ngadu'akeun kanggo kamaslahatan ummat.
Hadirin Kaom Muslimin Rahimakumullaah! Kanggo ngandelan katakwaan urang sebagai ummat Islam, mangga perhatoskeun dawuh Kangjeng Rosul: ﺳٍن ٍ ُ س ِﺑُﺧﻠ َ ق َﺣ َ ق اﻟﻧﱠﺎ َ ﺳِﯾّﺋ َﺔَ اْﻟَﺣ ِ َوَﺧﺎِﻟ،ﺳﻧَﺔَ ﺗ َْﻣُﺣَﮭﺎ َوأ َﺗِْﺑﻊِ اﻟ ﱠ،ت َ ﷲ َﺣْﯾﺛ َُﻣﺎ ﻛُْﻧ ِ ِاﺗ ﱠ َ ق "Anjeun kudu taqwa dimana bae Anjeun aya, tuturkeun amal goreng ku amal hade jang mupusna, jeung kudu campur gaul jeung sakabeh manusa kalawan akhlak anu hade". Alloh marentah taqwa henteu ngawaktu, lain unggal poe, lain beurang lain peuting, malah lain unggal jam. Tapi parentah taqwa mah estu sapanjang nyawa nyangsang dina badan, dina waktu napas masih keneh ngambekan, eta waktuna taqwa. Margi henteu aya waktu nu kosong tina parentah sareng larangan, anu jadi resiko pangbeuratna dina kahirupan manusa di alam dunya. Kitu deui tempatna, taqwa mah teu dipuguhkeun tempatna, keur aya dimana wae oge, asal aya di kolong langit jeung di luhureun jagat, tur aya keneh akal nu bisa dipake mikir. eta waktu jeung tempat takwa. Satiap saat moal kosong tina aturan Alloh, boh parentah atawa larangan. Lamun urang lengah teu ati-ati, teu masang hate, tangtu tigebrus kana kasalahan, sabab syetan salawasna ngadodoho, tapi lamun urang ati- ati jeung tangginas, masangkeun panon, cepil jeung hate, in syaa Alloh moal tijalikeuh kana salah, kana perkara nu dilarang ku Alloh. Dina Al-Qur`an surat Ali Imron ayat 102 Alloh SWT. parantos ngawanti-wanti: َ ٰﯾٓﺎ َﯾﱡَﮭﺎ اﻟﱠِذْﯾَن ٰاَﻣﻧ ُوا اﺗ ﱠﻘ ُوا ا ﱣ َﺣﱠق ﺗ ُٰﻘﯨِﺗٖﮫ َوَﻻ ﺗ َُﻣْوﺗ ُﱠن ِاﱠﻻ َوا َْﻧﺗ ُْم ﱡﻣْﺳِﻠُﻣْوَن8 “Hei Jalma-jalma anu ariman! Aranjeun kudu tarakwa ka Alloh kalayan takwa nu sanyatana jeung Aranjeun ulah maraot kajaba dina kaayaan ngagem agama Islam”. Sedeng ari maot sok ngadodoho, datangna teu mere tempo jeung teu mere nyaho, teu aya nu terangeun waktuna, teu aya nu bisa neguh waktu pimaoteun, datangna jol norojol, teu pupuntenan. Mangka kacida pisan cilakana, jalma nu maot teu aya dina katakwaan. Ku kituna satiap saat teu meunang aya waktu nu kosong tina takwa, bisi urang keur malaweung, komo mun keur ma'siat, keur ngarumpak larangan Alloh, maot datang ngajemput. Mudah-mudahan henteu su'ul khaatimah, sabalikna tina husnul khaatimah. Sakumaha dawuhan Alloh anu tadi, َوَﻻ ﺗ َُﻣْوﺗ ُﱠن ِاﱠﻻ َوا َْﻧﺗ ُْم ﱡﻣْﺳِﻠُﻣْوَن Kahade Aranjeun maot teu mawa iman, kahade iman jeung islam teu kabawa maot. Teu aya gunana lamun maot teu mawa iman jeung islam, sabab kabeh amal bakal ledis kapupus. Bagja pisan jalma nu maot keur ngalaksanakeun taqwa, bagja pisan jalma maot keur ngalakukeun to’at ibadah ka Alloh, nu kitu pisan nu disebat HUSNUL KHAATIMAH”.
Hadirin Kaom Muslimin Rahimakumullaah! Dina hadits di luhur kaunggel: "Tuturkeun kagorengan ku amal hade pikeun mupusna”. Tegesna lamun urang nincak salah, ngalabrak larangan Alloh, mangka kudu buru-buru migawe amal hade pikeun mupus atawa ngifaratan kagorengan tadi. Rek ku jalan tobat, ku jalan ngalakukeun ibadah nu sampurna, atawa ku jalan sodakoh jeung silaturahmi nepungan baraya. Sabab amal-amal hade bisa jadi kifarat kana dosa. Lantaran saur Kangjeng Rosul, nyampurnakeun wudhu oge bisa ngifaratan kana dosa- dosa nu laleutik. Alusna, tiap poe kudu boga waktu pikeun tobat jeung kifarat, memeh amal disetorkeun ka Alloh ku para Malaikat, pupus heula kagorengan jeung kama'siatan ku tobat jeung ku kifarat. Waktu pergantian malaikat penjaga siang nyaeta waktu subuh, maka satiap subuh, komo mun memeh adzan subuh, tobat heula ka Pangeran, ngalobakeun istighfar nyuhunkeun hapunten, supaya dina setoran harian amal-amal goring teu kabawa. Malaikat penjaga malam diaplus waktu ashar, maka satiap ba'da ashar, kudu ngalobakeun istighfar, tobat ka Pangeran, supaya aranjeuna setor ka Alloh teu mawa kagorengan urang dina poe eta. Hadits di luhur ditungtungan ku kalimah: "Anjeun kudu campur gaul jeung manusa kalawan akhlak anu hade". Hartina, salagi aya keneh di alam dunya ieu moal bisa leupas atawa nyingkah tina kahirupan manusa, mangka campur gaul mah teu nanaon, malah kudu, tapi kahade akhlak, kalakuan jeung budi pekerti kudu make akhlak anu hade, ieu oge pikeun ngadorong jeung nambahan lahan katakwaan, sabab ku campur gaul jeung manusa bisa nambahan lahan amal, boh silaturahami (nepungkeun duduluran), boh mere maweh ka sasama, ka tatangga, ka dulur-dulur saturunan atawa dulur saagama. Mugia Allah maparinan kamampuan tur kakiatan kanggo ngalaksanakeun sagala piwaragan-Na sakaligus nebihan cegahan-Na. ت ِإﻧّﮫ ُ ھَُو اْﻟﻐَﻔ ُْوُر اﻟّرِﺣْﯾِم ﺑﺎَرَك ﷲ ُ ِﻟْﻲ َوﻟَﻛُْم َوِﻟَﺟﻣْﯾﻊ اْﻟُﻣْﺳِﻠِﻣْﯾَن َواْﻟُﻣْﺳِﻠَﻣﺎ ِ KHUTBAH KA DUA 6اْﻟَواِﺣد ُ اْﻷَﺣِد 6اْﻟَﺣْﻣد ُ .ا َْﻟَﺣْﻣد ُ ِ ﷲ ُ ا َْﻛﺑَْر ) (٧xﻻَ ِاﻟَﮫَ ِاﻻ ﱠ ﷲ ُ َوﷲ ُ ا َْﻛﺑَْر .ﷲُ ا َْﻛﺑَْر َو ِ ﻋﻠﻰ ِﻧﻌَِﻣِﮫ َوآَﻻِﺋِﮫ اﻟﱠِﺗْﻲ اﻟﱠِذي ﻟَْم ﯾَِﻠْد َوﻟَْم ﯾ ُوﻟَْدَوﻟَْم ﯾَﻛُن ﻟﱠﮫ ُ ﻛُﻔ ُوا ً أ ََﺣد ٌ ﻧَْﺣَﻣد ُ َرﺑﱠﻧَﺎ َوﻧَْﺷﻛُُره ُ َ ﺳِﯾّدَﻧَﺎ ُﻣَﺣﱠﻣدًا ﺷِرْﯾَك ﻟَﮫ ُ َوأ َْﺷَﮭد ُ أ َﱠن َ ﺻﻰ َوَﻻ ﺗ ُﻌَد ﱡ .أ َْﺷَﮭد ُ أ َْن ﻵ ِإٰﻟﮫَ ِإﻻ ﱠ ﷲ ُ َوْﺣدَه ُ ﻻَ َ َﻻ ﺗ ُْﺣ َ ﻋْﺑِدَك َوَرﺳُْوِﻟَك ﻰ َ ﻋﻠ َ ﺳ ِﻠّْم َوﺑَﺎِرْك َ ﺻِّل َو َ ﺷِد .اﻟﻠﱠُﮭﱠم َ ﻰ ﺳُﻧَن اﻟﱠر َ ﻋْﺑد ُه ُ َوَرﺳُْوﻟ ُﮫ ُ اﻟدا ﱠِﻋْﻲ ِإﻟ ََ ﺻْﯾﻛُْم ﺿُرْوَن ،أ ُْو ِ ﺳدَِد .أ َﻣﺎ ﱠ ﺑَْﻌد ُ ﻓَﯾَﺎ أﯾﱡَﮭﺎ اْﻟَﺣﺎ ِﺿِل َواﻟ ﱡ ﺻْﺣِﺑِﮫ ذَِوي اْﻟﻔَ ْ ﻰ آِﻟِﮫ َو َ ﻋﻠ َ ُﻣَﺣﱠﻣٍد َو َ ﻋﻠَﻰ ﺳ ِﯾِّدﻧَﺎ ُﻣَﺣﱠﻣٍدَ ،و َ ﻋﻠَﻰ َ ﺳ ِﻠّْم َوﺑَﺎِرْك َ ﺻِّل َو َ ﷲ ﻓَﻘَْد ﻓَﺎَز اْﻟُﻣﺗ ﱠﻘ ُْوَن .ا َﻟﻠﱠُﮭﱠم َ َوﻧَْﻔِﺳْﻲ ِﺑﺗ َْﻘَوى ِ ﻋﻠَْﯾﻧَﺎ َﻣﻌَُﮭْم ِﺑَرْﺣَﻣِﺗَك ﯾَﺎ أ َْرَﺣَم ﺳﺎٍن ِإﻟَﻰ ﯾَْوِم اﻟ ِد ّْﯾْنَ ،و َ ﺻَﺣﺎِﺑِﮫ َوَﻣْن ﺗ َِﺑﻌَُﮭْم ِﺑﺈِْﺣ َ آِﻟِﮫ َوأ َ ْ ت ا َﻷ َْﺣﯾَﺎِء ِﻣْﻧُﮭْم ت َواْﻟُﻣْؤِﻣِﻧْﯾَن َواْﻟُﻣْؤِﻣﻧَﺎ ِ اﻟﱠراِﺣِﻣْﯾْن .ا َﻟﻠُّﮭﱠم اْﻏِﻔْر ِﻟْﻠُﻣْﺳِﻠِﻣْﯾَن َواْﻟُﻣْﺳِﻠَﻣﺎ ِ ﺳ ِﻠّْﻣﻧَﺎ ﺳﺎِﻟِﻣْﯾَن .اﻟﻠُّﮭﱠم َ طِﻧِﮭْم َ ﺳ ِﻠِّم اْﻟُﺣَﺟﺎَج َواْﻟُﻣْﻌﺗ َِﻣِرْﯾَن َوُرد ﱠھُْم إﻟَﻰ َو َ ت .اﻟﻠﱠُﮭﱠم َ َواْﻷ َْﻣَوا ِ ب اﻟد ﱡْﻧﯾَﺎ َواﻟد ﱠْﯾِن َرﺑﱠﻧَﺎ آِﺗﻧَﺎ ِﻓﻲ ﺻﺎِﺋ ِ ﺷﱠر َﻣ َ ﻋﺎِﻓﻧَﺎ َو اْﻟُﻣْﺳِﻠِﻣْﯾَن َواْﻛِﻔﻧَﺎ َوإﯾﱠﺎھُم َ َواْﻟُﻣْﺳِﻠِﻣْﯾَن َو َ ب اﻟﻧﱠﺎِرِﺑَرْﺣَﻣِﺗَك ﯾَﺎ أْرَﺣَم اﻟﱠراِﺣِﻣْﯾَن َو ﻋذَا َﺳﻧَﺔً ﱠوِﻗﻧَﺎ َ ﺳﻧَﺔً ﱠو ِﻓﻲ اْﻵِﺧَرِة َﺣ َ اﻟد ﱞْﻧﯾَﺎ َﺣ َ ب اْﻟﻌَﺎﻟَِﻣْﯾَن.َ 6ر ّ ِ اْﻟَﺣْﻣد ُ ِ ِ Editor : Tim Kreatif Seksi BIMAS Islam Pangandaran, Juni 2022 Cetak By. Percetakan Teman Wonoharjo Pnd. Disusun Kepala Seksi Bimas Islam Kantor Kementerian Agama Kabupaten Pangandaran