You are on page 1of 3

SABAR TAWEKAL DINA NAMPI COBAAN MUSIBAH TI ALLAH SWT

‫ اَ ْشد ََدُ اَ ْْ َا اّلَدهَ ا َّا‬. ‫ب ْالعَالَ ّميْنَ َو بّ ّه نَ ْستَ ّعي ُْن َعلَى ا ُ ُم ْو ّر الدُّ ْنيَا َو الد ّدِّْ ّْن‬ ّ ِّ ‫ا َ ْل َح ْمد ُ ّ َلِلّ َر‬
ْْ ‫ش ََادَة ً ت ُ ْن ّجد‬َ . ُ‫س ْولُه‬ َ َْ َ ‫ َو اَ ْش ََد ُ ا‬. ‫هللاُ ْال َم ّل ُك ْال َح ُّق ْال ُم ّبي ُْن‬
ُ ‫س ِّّيدَنَا َونَ ّبيَنَا ُم َح َمدًا َع ْبدُهُ َو َر‬
‫دام ْال ُمتَ ّيديْنَ َو َعلَدى‬ َ ‫س ّلِّ ْم َعلَى‬
ّ ‫س ِّّي ّدنَا ُم َح َمدد اّ َم‬ َ ‫ص ِّّل َو‬َ ‫ اَللَ َُ َم‬. ‫قَائّلَ ََا ّم ْن َعذَا ّب ّه َْ ْو َم ال ّدِّْ ّْن‬
‫سدةَ ًما دَائّ َمدي ّْن‬ َ ‫صدةَةً َو‬ َ َ‫ص َحا ّب ّه الَ ّذْْنَ نَالُ ْوا ْال َك َرا َمةَ ّم ْن َر ِّّب ّه َو ُه ْم ّمنَ ْالفَدائّ ِّْْن‬ ْ َ‫آ ّل ّه َو ا‬
‫دق‬َ ‫ ا َ َمدا بَ ْعدد ُ ف فَيَدا ّعبَدادَ هللاّ اّتَيُ ْدوا هللاَ َح‬. َ‫س َْ ّو ْالغَافّ ّليْن‬ َ ‫ُمتَةَ ّز َمي ّْن ُمدَة َ ّذ ْك ّر الذَا ّك ّرْْنَ َو‬
َ‫الدر ّيي ّْم ف َو لَنَ ْبلُ َدونَ ُك ْم ّبشَد ْي ّ ِّمدن‬َ ْ‫ا‬ َ ‫ع ْوذُ ّباهللّ ّمنَ ال‬
َ ‫شد ْي‬
ّ َ ُ َ‫ ا‬. َ‫ت َ ْي َواهُ فَ ُك ْنت ُ ْم ّمنَ ْال ُم ْف ّل ّحيْن‬
َ‫صا ّب ّرْْن‬
َ ‫ش ّر ال‬ ِّ ّ ‫ت قلى َو َب‬ ّ ‫ف َو ْال ُج ْوعّ َو نَ ْيص ِّّمنَ ْاْل َ ْم َوا ّل َو ْاْل َ ْنفُ ّس َو الثَ َم َرا‬ ّ ‫ْالخ َْو‬
" Jeung saestuna Kami baris nyoba maraneh ku sarwa saeutik tina kasieun, kalaparan,
kakurangan banda, jiwa jeung bubuahan. Jeung prak bubungah ku Anjeun jalma-jalma nu
salabar teh ". { QS. Al-Baqoroh, ayat 155 }
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Sadaya jalmi tangtos teu miharep kakeunaan ku musibah. Mun tukang dagang teu
miharep rugi, komo mun bangkrut sametan kalah jadi numpuk. Patani, tatanen ngan kari
kesang jeung daki. Nu sehat alim keuna ku kasakit, teu suka mun harta aya nu maling,
pangkat jeung jabatan diturunkeun, nu kaya jadi jalmi kokoro nyoso jeung sabangsana
musibah sapertos banjir, ombak tsunami, gempa, longsor atanapi gunung bitu. Tapi dina
kanyataanna ku kersaning Allah pernah ningali, ngadangu, oge ngalaman eta cobaan
sareng musibah, naha tina sabab kalepatan nyalira atanapi tina akibat kalakuan batur
atanapi memang meles ujian lansung ti Gusti Allah SWT. Dina mayunan situasi kitu
kanggo jalmi iman kedah waspada sareng ati-ati sok bilih ngendoran atanapi jadi lesotna
kaimanan sareng kayaqinan dina nyepeng agama islam, kaimanan ka Gusti Allah,
ngaragukeun sareng awon sangki kana kanyaah Allah, Maha Kawasa sareng Gagahna
Gusti Allah.
Dina danget ayeuna wargi urang di palihan Kabupaten Cianjur nuju kenging
cobian musibah anu kaetang pohara ageung ku mangrupi gempa bumi dugika
ngabalukarkeun kareksakan harta banda, sarana bangunan jalaran runtuh ambrukna
bangunan tina pangaruh gempa, malihan ratusan jalmi anu perlaya tina margi katimpa
runtuhna bangunan. Sifat kamanusaan dina nandangan musibah sapertos kitu tangtos
nimbulkeun peraosan sedih, prihatin, nalangsa sareng kanyeri. Urang oge tangtos sareng
sakedahna ngiring bela sungkawa, ngiring ngaraoskeun sedih sareng prihatin ku ayana
musibah anu nimpa aranjeunna, ngiring ngadoakeun sareng merhatoskeun ku mangrupi
bantosan.
Hadirin Rahimakumullah !.
Naon rupi musibah atanapi bencana kersning Allah SWT anu tumiba ka
muslimin sadayana ngandung hikmah anu kedah di alap manfaa`atna, nyaeta sabage ujian
kaimanan, ujian kasabaran, lahan jang balap pasabar-sabar, kanggo ngaraih ganjaran
pahala, panggeuing kanu hilap ka Allah, hilap ka akherat, supaya tambih kayakinan ka
Allah, oge jadi panglebur kana kalepatan sareng kakaliruan anu dilakukeun, sakumaha
anu didawuhkeun ku Kanjeng Rasulullah SAW. anu maksadna yen urusan mu`minin mah
sarwa pianeheun, kening ni`mat disyukuran, keuna musibah disobaran { anu disarengan
katawekalan sareng ikhtiar }, maka sadayana kajadian jadi kasaean. HR. Muslim
{Riyadlush Sholihin, kaca 28-29}. Kanjeng Nabi SAW dina dawuhan sanesna:
‫صب َو اَ ه َِّم َو اَ َحَِ ْ َو اَ اَذًى َو اَ غ َِّم َحتَى‬ َ ‫صب َو اَ َو‬ َ َ‫ْب ْال ُم ْس ّل َم ّم ْن ن‬
ُ ‫صي‬ ّ ُْ ‫َما‬
َ ‫ش ْو َك ّة ُْشَا ُك ََا اّاَ َكفَ َر هللاُ ّب ََا ّم ْن َخ‬
ُ‫َا َْاه‬ َ ‫ال‬
“ Teu pati-pati tumiba ka saurang muslim tina kapayahan, kasakit, kasedih, kanalangsaan,
kanyeri, kabingung, dugika kacugak cucuk oge, anging Alloh bakal nebus kasalahan-
kasalahanana ku eta musibah-musibah”. { Muttafaq `Alaih – Riyadlushsholihin, kaca34}.
Hadirin Anu Mulya !.
Wargi-wargi urang anu nuju nandangan musibah bencana, mugia ku Gusti Allah
dipasihan kakiatan iman, kasabaran sareng katawekalan dina nandangan cobian misibah ti
Gusti Allah, janten wasilah naek martabatna, digentosan kunu langkung sae, anu
parupusna mugia kalebet anu husnul khatimah disarengan pangampura Allah SWT. sarta
kenging ganjaran pahala kasabaran. Gusti Allah ngadawuh :
َ ‫صا ّب ُروَْ أَ ْي َر ُه ْم ّبغَي ّْر ّح‬
‫ساب‬ َ ‫ ّإنَ َما ُْ َوفَى ال‬...
" … ngan wungkul jalma-jalma anu salabar anu dicumponan ganjaranana
tanpa wilangan teh (QS. Az-Zumar, ayat 10).
Kalayan saenggalna tiasa pulih deui sakumaha bihara-bihari ku rojongan sareng
bantosan ti sadaya pihak. Tawis rasa duduluran, dulur saagama, sabangsa salemah cai,
tawis rasa bela sungkawa ka aranjeunna, mangga urang bantos wargi-wargi anu keuna
musibah sakadada-kaduga, sakamampuhan kanggo ngirangan karerepet kaprihatinan
aranjeuna, mudah-mudahan janten amal soleh anu ditampi ku Gusti Allah.
ْ ُ‫اخل‬
‫ف لَ َُ ْم َخي ًْرا ّم ْن ََا‬ ّ ‫ اَللَ َُ َم ا َ ّي ْر ُه ْم فّ ْْ ُم‬. َْ‫ايعُو‬
ْ ‫ص ْي َبتّ َّ ْم َو‬ ّ ‫ّإنَا ّ َلِلّ َو ّإنَا ّإلَ ْي ّه َر‬
" Abdi sadaya milik Allah, jeung ka Anjeuna abdi sadaya bakal marulang. Ya Allah !
Mugi Gusti ngaganjar dina musibah aranjeunna, sareng ngagentosan ka aranjeunna kunu
langkung sae " .
َ ‫ت اّنَهُ ُه َو ْالغَفُ ْو ُر‬
‫الر ّح ْي ُم‬ ّ ‫ار َك هللاُ ّل ْْ َولَ ُك ْم َو ّل َج ّميْعّ ْال ُم ْس ّل ّميْنَ َو ْال ُم ْس ّل َما‬
َ َ‫ب‬
KHUTBAH KA II
ُ ‫احدد‬ ّ ‫شد ّدرْ َْك لَدهُ ْال َو‬ َ ‫ ا َ ْشد ََد ُ ا َ ْْ َا اّلدهَ ا َّا هللاُ َو ْحددَهُ َا‬. ‫ا َ ْل َح ْمدد ُ ّ َلِلّ َح ْمددًا َك ّث ْيد ًدرا َك َمددا ا َ َمد َدر‬
‫سد ّلِّ ْم َعلَدى‬ َ ‫صد ِّّل َو‬ َ َ‫ اَللِّ َُد َم ف‬. ‫دار‬ُ َ ‫ْ ْال ُم ْخت‬ ُّ ‫س ْولُهُ النَ ّبد‬
ُ ‫ َو ا َ ْش ََد ُ ا َ َْ ُم َح َمدًا َع ْبدُهُ َو َر‬. ‫ار‬ ُ ََ َ‫ْالي‬
‫اس اّتَيُ ْوا هللاَ فّ ْي َمدا ا َ َم َدر‬ ُ َ‫ اَ َما بَ ْعدُ فَيَا اَ ُّْ ََا الن‬. ‫ص َحا ّب ّه اْْلِّب َْر ّار‬ ْ َ ‫سيِّ ّدنَا ُم َح َمد َو َعلَى آ ّل ّه َوا‬ َ
َ‫ت َو ْال ُم ْسدد ّل ّميْن‬ّ ‫ددر ّل ْل ُمددمْ ّمنّيْنَ َو ْال ُممْ ّمنَددا‬ ْ ‫ اَللَ َُدد َم ا ْغ ّف‬. ‫ددر‬َ ‫َو ا ْنت َ َُ ْددوا َع َمددا نَ ََددى َع ْنددهُ َو زَ َي‬
‫َأْنَدا َربَنَدا َو َا‬ َ ‫اخذْنَآ ا ّْْ نَ ّس ْينَآ اَ ْو اَ ْخ‬ ّ ‫ َربَنَا َا ت ُ َم‬. ‫ت‬ ّ ‫اء ّم ْن َُ ْم َو اْْل َ ْم َوا‬ ّ ‫َو ْال ُم ْس ّل َما‬
ّ ‫ت اْْل َ ْح َي‬
‫طا قَةَ لَنَا ّب ّه‬ َ ‫ص ًرا َك َما َح َم ْلتَهُ َعلَى الَ ّذْْنَ ّم ْن قَ ْب ّلنَا َربَنَا َو َا ت ُ َح ِّّم ْلنَا َما َا‬ ْ ّ‫ت َ ْح ّم ْل َعلَ ْينَآ ا‬
‫ اَللَ َُ َم‬. َ‫ص ْرنَا َعلَى ْاليَ ْو ّم ْال َكافّ ّرْْن‬ ُ ‫ت َم ْو َانَا فَا ْن‬ َ ‫ْف َعنَا َو ا ْغ ّف ْر لَنَا َوا ْر َح ْمنَا اَ ْن‬ ُ ‫َوا ع‬
‫دن‬ ْ ‫دك ّمد‬ َ ‫داك َو ْال َجنَ دةَ َو نَعُ ْوذُبّد‬ َ ‫ضد‬َ ‫ اَللَ َُد َم اّنَددا نَ ْسدئَلُ َك ّر‬. ‫شد ُك ْو ًرا‬ َ ‫ايعَ ْلنَددا‬ْ ‫صدبُ ْورا َو‬ َ ‫ايعَ ْلنَددا‬ ْ
‫َدار َو‬ ّ ‫اب الن‬ َ َ‫سدنَةً َو ّقنَدا َعدذ‬ َ ‫خخ َدر ّة َح‬ّ ْ‫سنَةً َو ّفدى ا‬ َ ‫ َربَنَا آ ّتنَا ّفى الدُّ ْن َيا َح‬. ‫ار‬ َ َ‫ََ َك َو الن‬ ّ ‫سخ‬ َ
َ‫ب ْال َعالَ ّميْن‬ّ ِّ ‫اح ّميْنَ َو ْال َح ْمدُ ّ َلِلّ َر‬ ّ ‫الر‬ َ ‫ ّب َر ْح َمتّ َك َْا ا َ ْر َح َم‬. ‫اَدْ ّخ ْلنَا ْال َجنَةَ َم َع ْاْلَب َْر ّار‬

You might also like