You are on page 1of 7

‫‪KHUTBAH JUMAT‬‬

‫‪DMDI‬‬
‫‪DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA‬‬
‫‪https://seruanmasjid.com‬‬

‫‪MERDIKA: NGAHAMBA NGAN‬‬


‫‪KA ALLOH SWT‬‬

‫‪KHUTBAH KAHIJI‬‬

‫إن ْال َح ْمدَ َ َّّلِلَ‪ ,‬ن َْح َمدُهُ‪َ ,‬ونَ ْست َ َعينُهُ‪َ ,‬ونَ ْست َ ْغ َف ُرهُ‪َ ,‬ونَعُوذ ُ َب َّ‬
‫اّلِلَ َم ِْ‬ ‫َّ‬
‫ت أ َ ْع َما َلنَا‬
‫س َيئَا َ‬ ‫ور أ َ ْنفُ َسنَا‪َ ,‬و َ‬ ‫ش ُر َ‬ ‫ُ‬
‫ي لَهُ‪,‬‬‫ض َل ْل فَالَ َها َد َ‬ ‫ض َّل لَهُ‪َ ,‬و َم ِْ يُ ْ‬ ‫َّللاُ فَالَ ُم َ‬‫َم ِْ يَ ْه َد َه َّ‬
‫ش َهادَة َ َم ِْ ُه َو‬ ‫أ َ ْش َهد ُ أ َ ْن الَ َالَهَ اَالَّ هللاُ َو ْحدَهُ َالش ََري َْك لَهُ‪َ ،‬‬
‫س ُِ نَ َديًّا‪.‬‬‫َخي ٌْر َّمقَا ًما َوأ َ ْح َ‬
‫ار َم‬‫ف َب ْال َم َك َ‬‫ص ُ‬ ‫س ْولُهُ ْال ُمت َّ َ‬‫ع ْبدُهُ َو َر ُ‬ ‫س َيدَنَا م َح َّمدًا َ‬ ‫َوأ َ ْش َهد ُ أ َ َّن َ‬
‫ص َبيًّا‪.‬‬ ‫ارا َو َ‬ ‫َكبَ ً‬
‫صادَقَ ْال َو ْع َد‬ ‫ان َ‬ ‫س َي َدنَا ُم َح َّم ٍد َك َ‬ ‫علَى َ‬ ‫س َل ْم َ‬ ‫ص َل َو َ‬ ‫اَللَّ ُه َّم فَ َ‬
‫ص ْح َب َه الَّ َذي َِْ يُ ْح َسنُ ْو َن‬ ‫علَى آ َل َه َو َ‬ ‫س ْوالً نَ َبيًّا‪َ ،‬و َ‬ ‫ان َر ُ‬ ‫َو َك َ‬
‫ش ْيئًا فَ َريًّا‪،‬‬ ‫َإ ْسالَ َم ُه ْم َولَ ْم َي ْفعَلُ ْوا َ‬
‫ص ْي َن ْي نَ ْف َس ْي‬ َ ‫ ا ُ ْو‬،ُ‫اض ُر ْو َن َر َح َم ُك ُم هللا‬ َ ‫ فَيَا أَيُّ َها ْال َح‬،ُ ‫أ َ َّما بَ ْعد‬
.‫ فَقَ ْد فَازَ ْال ُمتَّقُ ْو َن‬،َ‫َو َإيَّا ُك ْم َبت َ ْق َوى هللا‬
: ‫قَا َل هللاُ تَعَالَى‬
‫شعُ ْوبًا‬ ُ ‫اس اَنَّا َخلَ ْق ٰن ُك ْم َم ِْ ذَ َك ٍر َّوا ُ ْن ٰثى َو َجعَ ْل ٰن ُك ْم‬ ُ َّ‫ٰيٰٓاَيُّ َها الن‬
‫ع َل ْي ٌم َخ َبي ٌْر‬ ‫َّللاَ اَتْ ٰقى ُك ْم اَ َّن ه‬
َ َ‫َّللا‬ ‫ارفُ ْوا اَ َّن ا َ ْك َر َم ُك ْم َع ْندَ ه‬
َ ‫َّوقَبَآ َئ َل َلت َ َع‬
(QS al-Hujurot [49]: 13)

Alhamdulillah, Mantena Anu Maha Gagah tina sakabéh alam samesta. Anu
Ngahirupkeun jeung Ngamaotkeun. Anu Maha Maparin Rezeki ka sadaya makhluk-
Na.

Sholawat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahcurahkeun ka


Panutan urang sadaya Nabi Muhammad shollallohu ‘alaihi wa sallam. Teu hilap ka
kulawargina, para shohabatna, tabi’in, tabi’ut tabi’in, sareng sadaya umatna anu
istiqomah nikreuh ngeureuyeuh ngalaksanakeun sareng merjoangkeun Islam dugi
ka poé kiyamah.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Prak geura tarakwa anjeun sadaya ka Alloh anu sabener-benerna takwa.


Laksanakeun paréntah Alloh sarta jauhan cegahan-Na. Saéstuna ku katakwaan,
Alloh bakal mukakeun panto kaberkahan sarta kasalametan di dunya jeung ahérat.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Alhamdulillah, cikénéh urang ngarayakeun Poéna Kamerdikaan anu ka-77 taun.


Urang pantes syukuran ka Alloh subhanahu wa ta’ala kanggo nikmat ieu. Nagari ieu
geus merdika tina pangjajahan sacara fisik atawa militér.

Tapi syukuran ulah ngan nepi ka dinya. Salian ti ngagungkeun Alloh subhanahu wa
ta’ala sacara lisan, syukuran kuduna dibarengan ku ngawujudkeun kata’atan kana
paréntah jeung cegahan Mantena.

Kanyahokeun yén merdika lain hartina bébas sabébas-bébasna, saperti kaom


liberal anu misahkeun agama tina kahirupan. Hirupna teu daék diatur ku
katangntuan Sang Pencipta. Teu daék katalian ku ajaran Islam.
Éta hartina, liberalisme téh nuhankeun hawa napsu. Padahal, Alloh anu parantos
ngingetkeun manusa bakal binasa lamun maranéhna nuturkeun kana hawa napsu
sarta ngajauhkeun diri tina agama:

ُ ‫ات َو ْاْل َ ْر‬


ِْ ‫ض َو َم‬ ُ ‫س َم َاو‬ َّ ‫ت ال‬ َ َ‫َولَ َو اتَّبَ َع ْال َح ُّق أ َ ْه َوا َء ُه ْم لَف‬
َ َ ‫سد‬
‫ون‬
َ ‫ض‬ُ ‫ع ِْ َذ ْك َر َه ْم ُم ْع َر‬َ ‫فَي َه َِّ بَ ْل أَت َ ْينَا ُه ْم َب َذ ْك َر َه ْم فَ ُه ْم‬
“Lamun seug kabeneran téh nuturkeun kana hawa napsu maranéhna, pasti bakal
binasa langit jeung bumi ieu, sarta sakabéh nu aya dijerona. Sabenerna Kami geus
ngadatangkeun ka maranéhna paringetan (Al-Qur’an), tapi maranéhna ngabalieur
tina éta paringetan”. (TQS al-Mu’minun [23]: 71)

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Mangrupa kasalahan anu gedé lamun nyebutkeun yén kata’atan kana Islam
ngaborogod kamerdikaan. Sababna, misi kadatangan Islam justru pikeun méré
kamerdikaan sajati keur manusa. Islam datang dina kaayaan harita umat manusa
keur kasusahan ku panindasan kakawasaan zolim jeung sistem perbudakan.
Prinsip éta katembong dina dua perkara:

Kahiji: Islam Ngabébaskeun manusa tina ngahamba ka sasama mahluk jeung


manusia, nuju kana ngahamba ngan ka Alloh subhanahu wa ta’ala. Rosululloh
shollallahu ‘alaihi wa sallam nulis surat ka panduduk Najran anu eusina misi
pambébasan:

‫َّللا َم ِْ َعبَادَةَ ْال َعبَا َد‬


َ َ‫عو ُك ْم إلَى َعبَادَة‬ ُ ‫أَما بَ ْعدُ فَإَني أ َ ْد‬
‫عو ُك ْم إلَى َوالَيَ َة َّللاَ َم ِْ َوالَيَ َة ْال َعبَا َد‬ُ ‫َوأ َ ْد‬
Amma ba’du. Kaula ngagero ka aranjeun keur ngahambakeun diri ka Alloh ku cara
ninggalkeun ngahamba ka sasama hamba (manusa). Kaula ogé ngagero ka aranjeun
pikeun aya dina kakawasaan Alloh ku cara ngabebaskeun diri tina pangawasaan
sasama hamba (manusa)… (Al-Hafizh Ibnu Katsir, Al-Bidâyah wa an-Nihâyah,
5/553).

Islam datang ngaleungitkeun sikep tirani para raja, kaisar, kaom bangsawan, jeung
kaom féodal ka sasama manusa. Islam ngajarkeun prinsip kasataraan jeung
kamulyaan ngan ditangtukeun ku tingkat katakwaan saurang manusa ka Alloh
subhanahu wa ta’ala. Alloh subhanahu wa ta’ala ngadawuh:
‫َّللاَ أَتْقَا ُك ْم‬
َّ َ‫َإ َّن أ َ ْك َر َم ُك ْم َع ْند‬
“Saéstuna anu pang mulya na di antara aranjeun di sagédengeun Alloh ngan jalma
anu paling takwa”. (TQS al-Hujurot [49]: 13)

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Sabalikna, sékularisme anu ngalahirkeun kapitalisme justru nyiptakeun kelas-kelas


sosial, terus méré kaistiméwaan ka kaom beunghar jeung para pangawasa.
Maranéha bisa ngawasa sumber daya ékonomi, ogé bisa nangtukeun hukum. Islam
justru nempatkeun manusa satara di mata hukum.

Ibnu Sirin ngariwayatkeun yén Abdullah bin Umar rodhiyallohu ‘anhu pernah meuli
sajumlah onta. Tuluy manéhna ngangon éta onta di tempat ngangon onta zakat
nepika onta manéhna lintuh jeung hargana beuki mahal. Sabot Amirul Mukminin
Umar bin Khoththob rodhiyallohu ‘anhu apal kana hal éta, anjeuna nyarita ka
putrana, “Henteu aya anu jadi milik anjeun salian ti modalna hungkul. Anapon
kaleuwihanna kudu diasupkeun ka Baitul Mal kaom Muslim!”

Kadua: Islam ngabebaskeun manusa tina perbudakan hawa napsu. Kasalamétan


jeung kabagjaan saurang Muslim nyaéta lamun bisa ngungkulan hawa napsuna
kana aturan Alloh subhanahu wa ta’ala. Manusa nyangka ku hirup bébas tina
aturan, bakal meunangkeun kamerdikaan. Anu kajadian maranéhna kalahkah jadi
budak hawa napsu nu bakal nyéréd maranéhna kana kabinasaan. Rosululloh
shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:

‫اب ْال َم ْر َء‬


ُ ‫ع َو َه ًوى ُمتَّبَ ٌع َو َإ ْع َج‬ َ ‫ش ٌّح ُم‬
ٌ ‫طا‬ ُ :‫ات‬
ٌ ‫ث ُم ْه َل َك‬ ٌ ‫ث َ َال‬
‫َبنَ ْف َس َه‬
“Aya tilu perkara anu ngabinasakeun: kabakhilan jeung karakusan anu dita’atan,
hawa napsu anu dituturkeun, jeung ngabanggakeun diri sorangan”. (HR al-Baihaqi).

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh,

Kamerdikaan nu dirasakeun umat dina poé ieu kalahkah ngajurungkeun manusa


ngalampiaskeun hawa napsu keur néang kasenangan jasadiah (hédonisme) anu
bakal ngalahirkeun tekanan jiwa jeung sosial. Sabaliknya, Islam ngajarkeun umatna
pikeun ngabogaan sifat cukup (qonaa’ah) kana karunia Alloh subhanahu wa ta’ala.
Kakayaan lain diukur tina lobana matéri, tapi tina beungharna haté. Nabi
shollallohu ‘alaihi wa sallam ngadawuh:

‫ض َولَ َك َِّ ْال َغنَى َغنَى النَّ ْف َس‬


َ ‫ْس ْال َغنَى َع ِْ َكثْ َرةَ ْالعَ َر‬
َ ‫لَي‬
“Beunghar téh lain ku ngabogaan harta anu loba. Tapi, beughar téh nyaéta haté anu
salawasna ngarasa cukup”. (HR Muttafaq ‘alayh).

Kusabab kitu, saenyana nagri ieu téh can merdika sacara hakiki. Ngahamba ka
sasama manusa sarta tunduk kana idéologi jeung kapentingan asing. Kakayaan
alam nagri ini masih terus diéksploitasi ku asing sakumaha baheula maranéhna
ngarampog rémpah-rémpah ti nagri ieu.

Jiwa umat ogé can merdika akibat budaya hédonisme anu diciptakeun idéologi
batil ti Barat: kapitalisme. Urang terus dijauhkeun tina kata’atan ka hukum-hukum
Alloh subhanahu wa ta’ala. Barat terus ngobarkeun islamophobia nepika loba tina
umat ieu anu ngéwa kana agamana sorangan. Kusabab kitu hayu urang hontal
kamerdikaan hakiki nguatkeun kata’atan ka Alloh, ku ngalaksanakeun sakabéh
hukum-hukum-Na pikeun urang ngajadi jalma anu merdika. []

‫ َونَفَعَ َني َو َإيَّا ُك ْم َب َما َف ْي َه‬،‫آن اْلعَ َظي َْم‬


َ ‫ار َك هللا َلي َولَ ُك ْم َفى اْلقُ ْر‬ َ َ‫ب‬
ُ‫ت َوال َذ ْك َر ْال َح َك َيم َوتَقَبَّ َل هللاُ َمنَّا َو َم ْن ُك ْم َتالَ َوتَهُ َو َإنَّه‬َ ‫َم َِ ْاْليَا‬
ُ‫ َوأَقُ ْو ُل قَ ْو َلي َهذَا فَأ ْست َ ْغ َف ُر هللاَ ال َع َظي َْم َإنَّه‬،‫س َم ْي ُع ال َع َل ْي ُم‬
َّ ‫ُه َو ال‬
‫الر َحيْم‬َّ ‫ُه َو الغَفُ ْو ُر‬

KHUTBAH II

.‫لى ت َ ْوفَ ْي َق َه َواَ ْمتَنَا َن َه‬ َ ُ‫ش ْك ُر لَه‬


َ ‫ع‬ ُّ ‫سانَ َه َوال‬ َ ‫لى َإ ْح‬ َ َ‫ا َ ْل َح ْمدُ هلل‬
َ ‫ع‬
‫أن‬ َّ ُ ‫َوأ َ ْش َهد ُ أ َ ْن الَ َالَهَ َإالَّ هللاُ َوهللاُ َو ْحدَهُ الَ ش ََري َْك لَهُ َوأ َ ْش َهد‬
‫ الل ُه َّم‬.‫إلى َرض َْوانَ َه‬ َ ‫ى‬ ‫ع‬
َ ‫ا‬َّ ‫د‬ ‫ال‬ ُ ‫ه‬ُ ُ ‫ع ْبدُهُ َو َر‬
‫س ْول‬ َ ‫س َيدَنَا ُم َح َّمدًا‬
َ
‫س َل ْم ت َ ْس َل ْي ًما‬ ‫علَى ا َ َل َه َوأ َ ْ‬
‫ص َحا َب َه َو َ‬ ‫علَى َ‬
‫س َي َدنَا ُم َح َّم ٍد َو َ‬ ‫ص َل َ‬ ‫َ‬
‫َكثي ًْرا‬

‫ع َّما نَ َهى‬ ‫اس َاتَّقُوهللاَ فَ ْي َما أ َ َم َر َوا ْنت َ ُه ْوا َ‬ ‫أ َ َّما بَ ْعد ُ فَيا َ اَيُّ َها النَّ ُ‬
‫َوا ْعلَ ُم ْوا أ َ َّن هللاَ أ َ َم َر ُك ْم َبأ َ ْم ٍر بَدَأ َ فَ ْي َه َبنَ ْف َس َه َوثَـنَى َب َمآل َئ َكتَ َه‬
‫لى‬ ‫ع َ‬ ‫صلُّ ْو َن َ‬‫س َب َح َة َبقُ ْد َس َه َوقَا َل تَعاَلَى َإ َّن هللاَ َو َمآلئَ َكتَهُ يُ َ‬ ‫ْال ُم َ‬
‫س َل ُم ْوا ت َ ْس َل ْي ًما‪ .‬الل ُه َّم‬ ‫صلُّ ْوا َ‬
‫علَ ْي َه َو َ‬ ‫النَّ َبى يآ اَيُّ َها الَّ َذي َِْ آ َمنُ ْوا َ‬
‫س َي َدنا َ‬ ‫علَى آ َل َ‬ ‫س َل ْم َو َ‬ ‫صلَّى هللاُ َ‬
‫علَ ْي َه َو َ‬ ‫س َي َدنَا ُم َح َّم ٍد َ‬ ‫علَى َ‬ ‫ص َل َ‬ ‫َ‬
‫ض‬ ‫ار َ‬ ‫س َل َك َو َمآل َئ َك َة اْل ُمقَ َّر َبي َِْ َو ْ‬ ‫علَى ا َ ْن َبيآ َئ َك َو ُر ُ‬ ‫ُم َح َّم ٍد َو َ‬
‫علي‬ ‫عثْ َمان َو َ‬ ‫ع َمر َو ُ‬ ‫الرا َش َدي َِْ أ َ َبى بَ ْك ٍر َو ُ‬
‫اء َّ‬ ‫ع َِ اْل ُخلَفَ َ‬ ‫الل ُه َّم َ‬
‫ان‬ ‫س ٍ‬‫ص َحا َب َة َوالتَّا َب َعي َِْ َوتَا َب َعي التَّا َب َعي َِْ لَ ُه ْم َبا َْح َ‬ ‫ع ِْ بَ َقيَّ َة ال َّ‬ ‫َو َ‬
‫عنَّا َمعَ ُه ْم َب َر ْح َم َت َك يَا أ َ ْر َح َم‬ ‫ض َ‬ ‫ار َ‬ ‫اَلَى يَ ْو َم ال َدي َِْ َو ْ‬
‫اح َمي َِْ‬
‫الر َ‬ ‫َّ‬

‫ت‬ ‫ت َواْل ُم ْس َل َمي َِْ َواْل ُم ْس َل َما َ‬ ‫اَلل ُه َّم ا ْغ َف ْر َل ْل ُمؤْ َم َني َِْ َواْل ُمؤْ َمنَا َ‬
‫ت الل ُه َّم أ َ َع َّز اْ َإل ْسالَ َم َواْل ُم ْس َل َمي َِْ َوأ َ َذ َّل‬
‫اَالَ ْحيآء َم ْن ُه ْم َواْالَ ْم َوا َ‬
‫ص ْر َم ِْ‬ ‫ص ْر َعبَادَ َك اْل ُم َو َح َدي َِْ َوا ْن ُ‬ ‫الش ْر َك َواْل ُم ْش َر َكي َِْ َوا ْن ُ‬‫َ‬
‫الدي َِْ‬ ‫اخذ ُ ْل َم ِْ َخذَ َل اْل ُم ْس َل َمي َِْ َو دَ َم ْر أ َ ْعدَا َء َ‬ ‫الدي َِْ َو ْ‬ ‫ص َر َ‬ ‫نَ َ‬
‫عنَّا اْل َبالَ َء َواْ َلوبَا َء‬ ‫الدي َِْ‪ .‬الل ُه َّم ا ْدفَ ْع َ‬ ‫َوا ْع َل َك َل َما َت َك َإلَى يَ ْو َم َ‬
‫ظ َه َر َم ْن َها َو َما‬ ‫س ْو َء اْل َفتْنَ َة َواْ َلم َح َِ َما َ‬ ‫الزالَ َز َل َواْ َلم َح َِ َو ُ‬ ‫َو َّ‬
‫ان اْل ُم ْس َل َمي َِْ‬ ‫سائَ َر اْلبُ ْلدَ َ‬
‫صةً َو َ‬ ‫ع ِْ بَلَ َدنَا اَ ْند ُونَ ْي َسيَّا خآ َّ‬ ‫ط َِ َ‬ ‫بَ َ‬
‫سنَةً َو َفى‬ ‫ب اْل َعالَ َمي َِْ‪َ .‬ربَّنَا آتَنا َ َفى الدُّ ْنيَا َح َ‬ ‫عآ َّمةً يَا َر َّ‬
‫اإن لَ ْم‬ ‫ار‪َ .‬ربَّنَا َ‬
‫ظلَ ْمنَا ا َ ْنفُ َ‬
‫سنَا َو ْ‬ ‫عذ َ َ‬
‫اب النَّ َ‬ ‫سنَةً َوقَنَا َ‬ ‫ْلخ َر َة َح َ‬‫اْ َ‬
‫ت َ ْغ َف ْر لَنَا َوت َ ْر َح ْمنَا لَنَ ُك ْون ََِّ َم َِ اْلخَا َس َري َِْ‪.‬‬

‫بى‬ ‫ر‬‫ْ‬ ‫ُ‬ ‫ق‬‫ل‬‫ْ‬ ‫ا‬ ‫ي‬ ‫ذ‬‫َ‬ ‫ْتآء‬


‫َ‬ ‫ي‬ ‫إ‬
‫َ‬ ‫و‬‫َ‬ ‫ان‬
‫َ‬ ‫س‬
‫َ‬ ‫ح‬
‫ْ‬ ‫إل‬
‫َ‬ ‫ْ‬ ‫ا‬‫و‬‫َ‬ ‫ل‬
‫َ‬ ‫ْ‬
‫د‬ ‫َ‬ ‫ع‬ ‫ل‬‫ْ‬ ‫ا‬‫ب‬
‫َ‬ ‫ر‬
‫ُ‬ ‫م‬
‫ُ‬ ‫َعبَادَهللاَ ! َإ َّن هللاَ يَأ ْ‬
‫َ‬
‫ظ ُك ْم لَعَلَّ ُك ْم تَذَ َّك ُر ْو َن‬ ‫شآء َواْل ُم ْن َك َر َواْلبَ ْغي يَ َع ُ‬ ‫ع َِ اْلفَ ْح َ‬ ‫َويَ ْن َهى َ‬
‫لى نَعَ َم َه يَ َز ْد ُك ْم‬ ‫ع َ‬ ‫َوا ْذ ُك ُروا هللاَ اْلعَ َظي َْم يَ ْذ ُك ْر ُك ْم َوا ْش ُك ُر ْوهُ َ‬
‫َولَ َذ ْك ُر هللاَ أ َ ْك َب ْر‬

You might also like