You are on page 1of 20

NO.

21
Khutbah Jumaah ka 3. Juni 2021.
ULAH ANGGANG TI ULAMA
‫ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن‬. ‫ك لَهُ َشهَا َدةَ ُمقِرٍّ بِ ُربُوْ بِيَّتِ ِه َو تَوْ ِح ْي ِد ِه‬َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِالَّ هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل الَّ ِذى اَ َم َرنَا بِاِقَا َم ِة ِد ْينِ ِه‬
َ ِّ
‫صلِّ َو َسل ْم َعلى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد‬ َّ
َ ‫ اللهُ َّم‬. ‫َسيِّ َدنَا َونَبِيَّنَا ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ َشهَا َدةَ ُمتَّبِ ٍع لِّ ُسنَّتِ ِه َو ُسنَّ ِة ُخلَفَا ِء الرَّا ِش ِد ْينَ ِم ْن بَ ْع ِد ِه‬
َ
‫ اَ َّما‬. ‫صاَل ةً َّو َساَل ًما دَائِ َمي ِْن اِلَى يَوْ ِم ْالقِيَا َم ِة‬ َ . ‫ق ِجهَا ِد ِه‬ َّ ‫َو َعلَى َءالِ ِه َو اَصْ َحابِ ِه الَّ ِذ ْينَ َجاهَ ُدوْ ا فِ ْي َسبِ ْي ِل هللاِ بِا َ ْم َوالِ ِه ْم َو اَ ْنفُ ِس ِه ْم َح‬
ِ َّ‫ َو ِمنَ الن‬: ‫َّجي ِْم‬
‫اس َو‬ ِ ‫ اَ ُعوْ ذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيطَا ِن الر‬. ‫ق تُقَاتِ ِه لَ َعلَّ ُك ْم تُ ْفلِحُوْ نَ فِ ْي َجنَّتِ ِه َو َمرْ ضاتِ ِه‬
ُ َّ ‫ فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتَّقُوْ ا هللاَ َح‬: ‫بَ ْع ُد‬
ُ ٌ
‫َز ْيز َغفوْ ٌر‬ َّ َ ْ ْ
ِ ‫ك قلى اِن َما يَخشى هللاَ ِمن ِعبَا ِد ِه ال َعل َماؤُا قلى اِن هللاَ ع‬ َ ْ َّ َ ِ‫ف اَ ْل َوانُهُ كذال‬
َ َ ٌ ِ‫ال َّد َوابِّ َو اأْل َ ْن َع ِام ُم ْختَل‬
“ Jeung ti bangsaning manusa jeung sasatoan anu kumarayap katut sato ingon-ingon, rupa-
rupa warnana teh deuih, taya lian anu wedi ku Allah ti antara abdi-abdi-Na teh ngan ulama.
Saestuna Allah Maha Gagah, Maha Jembar Pangampura “. { QS. Fathir, ayat 28 }.
Hadirin Ahli Jum`ah Rahimakumullah !.
Supaya urang terang kana tugas hirup ti Gusti Allah sarta awas kana jalan
pileumpangan anu bakal dipikaridlo ku Gusti Allah, maka ulah anggang ti ulama, kiyai
atanapi ajengan anu osok mituturan. Balukar hirup tebih ti ulama sareng ahli fiqih bakal
kenging ancaman musibah cobaan. Kanjeng Rasulullah Muhammad SAW. Ngadawuh:
ُ‫ أُوْ اَل هَا يَرْ فَ ُع هللاُ ْالبَرْ َكةَ ِم ْن َك ْسبِ ِه ْم َوالثَّانِيَة‬: ‫ت‬
ٍ ‫ث بَلِيَّا‬ ٌ ‫َسيَأْتِ ْي َز َم‬
ِ َ‫ان َعلَى اُ َّمتِ ْي يَفِرُّ وْ نَ ِمنَ ْال ُعلَ َما ِء َو ْالفُقَهَا ِء فَيَ ْبتَلِ ْي ِه ُم هللاُ بِثَال‬
‫ث يَ ْخ ُرجُوْ نَ ِمنَ ال ُّد ْنيَا بِ َغي ِْر اِ ْي َما ٍن‬ ُ ِ‫ظالِ ًما َوالثَّال‬ َ ‫يُ َسلِّطُ هللاُ تَ َعالَى َعلَ ْي ِه ْم س ُْلطَانًا‬
" Bakal datang Zaman ka ummat kaula anu eta ummat ngajarauhan ti para ulama jeung ahli
fiqih, maka Alloh bakal masihan cocoba ka maranehna ku tilu cocoba, kahiji dileungitkeun
barokah tina kasabna, kadua dipasihan pamingpin anu dholim, katilu kaluar ti dunya{maot}
bari henteu iman". {Nashoihul `ibad, kaca 4}.
Tina Dawuhan Kanjeng Nabi SAW. anu nembe tiasa kauninga yen aya tilu bahaya
musibah anu baris tumiba ka manusa upami hirup tebih ti ulama :
1. Dicabut barokah tina usahana. Sanaos ti suksuk ti dungdung, saur paribasa “ suku dijieun
hulu, hulu dijieun suku, nepika dug hulu pet nyawa ngabelaan harta, eta hartana moal
barokah, bujeng saalit, sanaos bru dijuru bro dipanto ngalayah ditengah imah, eta harta
moal ngaraos mahi, moal janten kauntungan jeung maol janten dangdanan di akherat.
Kunaon pangna kitu ? margi hirupna poekeun jalan, teu terang aturan hirup, teu terang
cara kasab anu halal, teu terang kedah kamana sareng kumaha cara ngagunakeun harta,
hartana kalah diangge royal ngalajur nafsu ngumbar syahwat, diangge gawe maksiyat,
nyalahan nempatkeun kabungah sareng kasusah hirup.
2. Dipasihan pamingpin anu dholim, sanes pamingpin anu ngayomi sareng ngabingbing anu
nyaah ka rahayat, sanes pamingpin anu masihan katengtreman sareng kaamanan, tapi
sabalikna pamingpin anu ngaresahkeun sareng ngaganggu katengtreman masyarakat,
pamingpin tukang maksa anu sanes dina hakna, tegesna pamingpin anu teu taat ka Allah
sareng Rasul-Na, teu sieuneun ku Gusti Allah, teu nyaah ka rahayatna. Naon hartosna
seueur harta upami hirup dikawasa kunu dzolim, tangtos hartana bakal seueur dirampas,
hirup moal aya dina katenangan sareng katentreman.
3. Maot bari teu nyandak iman, berarti maot aya dina kakufuran anu bakal ngalanggengkeun
dina naraka. Ieu mangrupi puncakna balai. Na`udzu billahi min dzalik !.
Kumargi hirup tebih ti ulama, tara tataros, tara babandung kuping ka majlis elmu,
maka hirupna teu terang agama, teu terang batal-haram, teu terang sareng teu ngagem aqidah
tauhid anu leres, akhirna tumiba dina pamusyrikan bari kacandak maot. Mun oge rajeun
ibadah, ibadahna teu ngangge elmu; rajeun kuat kayakinan dina hiji perkara, kayakinanana
teu akur sareng dalil syara`, ceuk panyangkana hirup aya dina jalan anu lempeng, padahal
sasar. Lepat dina patekadan sareng kayakinan, lepat dina amal-amalan, sahingga hirupna
tumiba dina kamusyrikan dugika sumping ajalna. Na`uudzu billahi Min Dzaalik !.
Hadirin Anu Mulya !
Kulantaran kitu, sakumna muslimin mu`minin kahade teu kenging kajongjonan,
ampleng-amplengan, betah hirup bari tebih ti ulama, paling henteu saminggon sakali atanapi
sasasih sakali, bilih poekeun jalan, bilih pareum cacaang hate, bilih kasasar lampah.
Saperti hal na batre / accu anu tara di setrum moal aya gunana sanaos weuteuh, nyakitu
deui iman oge upami tara nampi papatah sareng paringetan tangtos bakal pareum, margi ari
iman jalmi henteu angger tapi turun naek, sedeng ari cara naekeun iman nyaeta ku jalan
ibadah, ngaos, nyaketan ulama bari tataros. Iman teh tataranjang, sedeng anggeananana
nyaeta taqwa, moal tiasa taqwa upami teu disarengan ku elmu. Pidawuh Nabi SAW :
‫ض ْال َم ْيتَةَ بَ َما ِء‬
َ ْ‫ب ْال َميِّتَ بِنُوْ ِر ْال ِح ْك َمةَ َك َما يُحْ َي اأْل َر‬
َ ‫ان هللاَ تَ َعالَى يُحْ ِي ْالقَ ْل‬
َّ َ‫اع كَاَل ِم ْال ُح َك َما ِء ف‬
ِ ‫َعلَ ْي ُكم بِ ُم َجالَ َس ِة ْال ُعلَ َما ِء َو ا ْستِ َم‬
‫ْال َمطَ ِر‬
“ Aranjeun kudu masamoan jeung para ulama, ngupingkeun cariosan hukama. Sayaktosna
Allah Ta`ala ngahirupkeun hate anu paeh teh ku cahaya hikmah sapertos ngahirupkeun
{ nyuburkeunna } Allah kana taneuh anu paeh { gersang } ku cai hujan “.{Nashoihul `ibad,
kaca 4}. Muga-muga urang sadaya ditebihkeun ku Gusti Allah tina balai anu nembe
disebatan.
ُ‫ت َو ال ِّذ ْك ِر ْال َح ِكي ِْم َو تَقَب ََّل ِمنِّ ْي َو ِم ْن ُك ْم تِاَل َوتَهُ اِنَّه‬
ِ ‫بَا َركَ هللاُ ِل ْي َو لَ ُك ْم فِى ْالقُرْ آ ِن ْال َع ِظي ِْم َونَفَ َعنِ ْي َو اِيَّا ُك ْم بِ َما فِ ْي ِه ِمنَ ْال َءا يَا‬
‫ه َُو ْال َغفُوْ ُر ال َّر ِح ْي ُم‬
KHUTBAH KA II
ُ‫ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُه‬. ‫ك لَهُ ْال َوا ِح ُد ْالقَهَّا ُر‬ َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِالَّ هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل َح ْمدًا َكثِ ْيرًا َك َما اَ َم َر‬
ّ ْ َ َ‫ اَللَّهُ َّم ف‬. ‫النَّبِ ُّي ْال ُم ْختَا ُر‬
ُ َّ َّ
‫ اَ َّما بَ ْع ُد فَيَا اَ يُّهَا الناسُ اِتقوْ ا هللاَ فِ ْي َما اَ َم َر‬. ‫ار‬ ِ ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َسيّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى آلِ ِه َواَصْ َحابِ ِه األ ْب َر‬
‫ت اِنَّكَ َس ِم ْي ٌع‬ ِ ‫ت ْاألَحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم َوا‬ ِ ‫ت َو ْال ُم ْؤ ِمنِ ْينَ َو ْال ُم ْؤ ِمنَا‬ ِ ‫ اَللَّهُ َّم ا ْغفِرْ ِل ْل ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬. ‫َوا ْنتَهُوْ ا َع َّما نَهَى َع ْنهُ َو زَ َج َر‬
‫ اَللهُ َّم اِنَّا‬. َ‫ص ْمنَا ِم ْن َش ِّر ْالفِتَ ِن َوعَافِنَا ِم ْن َج ِمي ِْع ال ِم َح ِن َو اَصْ لِحْ ِمنَّا َما ظَهَ َر َو َما بَطَن‬
َّ ْ ِ ‫ اَللَّهُ َّم ا ْع‬. ‫ت‬ ِ ‫قَ ِريْبٌ ُم ِجيْبُ ال َّد َع َوا‬
‫َار َو‬ ِ ‫اب الن‬ َ ً ْ ً ْ
َ ‫ار َربَّنَا َءاتِنَا فِى ال ُّدنيَا َح َسنَة َّو فِى ال َءا ِخ َر ِة َح َسنَة َّو قِنَا َعذ‬ َّ
ِ ‫ك َو الن‬ ْ
َ ِ‫ك ِمن َس َخت‬ َ ِ‫ك َو ْال َجنَّة َو نَعُوْ ذ ب‬
ُ َ َ ‫ضا‬َ ‫ك ِر‬ َ ُ‫نَ ْسئَل‬
َ‫اح ِم ْينَ َو ْال َح ْم ُد هلل َربِّ ْال َعالَ ِم ْين‬ ِ ‫ك يَا اَرْ َح َم ال َر‬ ِ ‫اَ ْد ِخ ْلنَا ْال َجنَّةَ َم َع اأْل َب َْر‬
َ ِ‫ار بِ َرحْ َمت‬
NO. 23
Khutbah Jumaah ka 1. Juli 2021
PAMINGPIN ANU ADIL
. ‫ض ُل َم ْخلُوْ قَاتِ ِه‬ َ ‫ك لَهُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ اَ ْف‬ َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ُ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل َك َما يَ ْنبَ ِغى لَه‬
َ‫ اَ ُعوْ ُذ بِاهللِ ِمن‬. ُ‫ق تَ ْق َواه‬َّ ‫ اَ َّما بَ ْع ُد فَيَا ِعبَا َد هللاِ ِاتَّقُوْ ا هللاَ َح‬. ‫ار ْك َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َو اَ صْ َحابِ ِه‬ ِ َ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َو ب‬ َ ‫اَللَّهُ َّم‬
ْ
‫اس اَ ْن تَحْ ُك ُموْ ا بِال َع ْد ِل قلى اِ َّن هللاَ نِ ِع َّما‬ ْ
ِ ‫ اِ َّن هللاَ يَأ ُم ُر ُك ْم اَ ْن تُ َؤ ُّدوا ااْل َ َمانَا‬: ‫ال َّش ْيطَا ِن ال َّر ِجي ِْم‬
ِ َّ‫ت اِلَى اَ ْهلِهَا ال َواِ َذا َح َك ْمتُ ْم بَ ْينَ الن‬
ِ َ‫يَ ِعظُ ُك ْم بِ ِه قلى اِ َّن هللاَ َكانَ َس ِم ْيعًا ب‬
‫ص ْيرًا‬
“ Saenyana Allah nimbalan ka aranjeun sangkan nyampurnakeun amanat ka ahlina { anu
boga hak } jeung upama aranjeun nibankeun hukum ka jalma-jalma kudu kalawan kaadilan.
Saenyana Allah maparin nasehat ka aranjeun ku perkara anu pangalus-alusna. Saenyana
Allah Maha Ngadangu tur Maha Ningali { QS. An-Nisa, ayat 58 }.
PAMINGPIN ANU ADIL
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Jadi pamingpin di masyarakat upami nurutkeun karesep syahwat mah memang
matak pikabitaeun, pikaresepeun sareng pikabungaheun. Teu kitu kumaha, sabab jadi
pamingpin harga diri jadi undak, kamana-mana pada ngahormat, malihan pasilitas kahirupan
jadi ningkat, lengkah ge manjangan, tambah kasugemaan hirup, alam dunya asa jadi
ngalegaan.
Tapi upami ngemut kacape sareng beuratna tanggung-jawab, boh di dunya, sok
komo nyawang jaga isukan di akherat, mungkin jadi matak hoream, hariwang sareng
pikasieuneun. Tapi moal sae, moal aya dina kaberesan, upami dihiji kumpulan kahirupan
masyarakat alit atanapi lega teu aya anu janten pamingpinna, tangtos kahirupan moal aya dina
kaberesan. Kantun kumaha buktosna, naha diri ditakdirkeun jadi pamingpin atanapi jadi anu
dipingpin { rakyat } ?. Da duanana oge tangtosna ngagaduhan hak sareng kawajiban dina
hirup kumbuh di masyarakatna. Anu ulah soteh maksakeun karep, tipoporoseh, sosorongot
dugika ngangge cara teu pantes, teu leres, teu merenah, sok komo wani ngajual agama demi
hoyong hasil jadi pamingpin. Tapi oge teu kenging nolak upami masyarakat leres-leres tos
mercantenkeun milih janteun pamingpim.
Janten pamingpin tangtos tambih-tambih beban tanggung jawabna, tambih tugas
sareng kawajibana. Padahal upami bade di emut diangken sacara jujur, bujeng-bujeng
nanggel waler awak deungeun-deungeun, nanggung-jawab awak sorangan oge duka bade
kumaha. Kanjeng Nabi Muhammad SAW parantos ngadawuh :

ٍ ‫فَااْل ِ َما ُم َر‬


... ] ‫اع َو هُ َو َم ْسئُوْ ٌل ع َْن َر ِعيَّتِ ِه [ الحديث‬
" Maka ari imam teh pamingpin jeung manehna { bakal } ditaros tina hal mingpinna ".
{ Muttafaq `Alaih tin Ibnu `Umar – Mukhtarul Ahadits, kaca 118 }.
Isukan jaga di akherat pamingpin bakal disuhunkeun tanggung-jawab urusan
kawajiban mingpinna di payunan Mahkamah Robbaniyyah Anu Maha Adil, upami tiasa
nyumponan kawajiban kalawan sae maka bakal tambih kamulyaan sareng kenging pahala
ganjaran anu agung. Sabalikna upami salami jadi pamingpin teu tiasa nyumponan kawajiban,
teu tiasa nyumponan hak-hakna jalmi anu dipingpinna, maka satiap jalmi anu teu
kacumponan hakna bakal jul-jol nurungtut ka eta pamingpin.

Hadirin Rahimakumullah !.
Kanjeng Rasulullah SAW ngadawuh :
‫ اَاْل ُ َم َرا ُء َو ْالفُقَهَا ُء‬: ُ‫ت ااْل ُ َّمة‬
ِ ‫صلُ َح‬
َ ‫صلُحُوْ ا‬
َ ‫ص ْنفَا ِن ِم ْن اُ َّمتِ ْي اِ ْن‬
ِ
" Dua golongan ti ummat Kaula, lamun maranehna beres, maka ummat bakal beres nyaeta
umaro { pamingpin pamarentahan } jeung ulama { pamingpin agama }. { HR. Abu Nu`aim –
Nashoihul `Ibad, kaca 48 }.
Kasolehan para pamingpin, boh umaro sareng ahli elmu agama sanget nangtoskeun
lumangsungna kaberes-roesan kahirupan hiji nagara. Rasulullah SAW ngadawuh :
ِ َ‫َت هَا ِديَةً َم ْه ِديَّةً اِ َذا َكان‬
‫ت‬ ُ ِ‫ت ْال ُوالَةُ هَا ِديَةً َم ْه ِديَّةً َولَ ِك ْن تَ ْهل‬
ْ ‫ك ال َّر ِعيَّةُ َو اِ ْن َكان‬ ْ ‫ك ال َّر ِعيَّةُ َو اِ ْن َكان‬
ِ َ‫َت ظَالِ َمةً ُم ِس ْيئَةً اِ َذا َكان‬ َ ِ‫لَ ْن تَ ْهل‬
ً‫ْال ُوالَةُ ظَالِ َمةً ُم ِس ْيئَة‬

" Rahayat moal ruksak sanajan dolim jeung jahat, upama anu jadi pamingpinna kabingbing
ku pituduh. Tapi rakyat bakal ruksak sanajan kabingbing ku pituduh upama anu jadi
pamingpinna dolim jeung jahat ". { HR. Abu Nu`aim – Nashoihul `Ibad, kaca 48 }.
Diantawis kawajiban anu janten pamingpin nyaeta kedah ngamiliki sifat kaadilan.
Adil dina hartos nempatkeun hiji perkara dina tempatna, sanes hartosna kedah sami dina
ukuran sareng jumlah, tapi disapagodoskeun sareng kaperyogian sareng kamampuhan anu
aya. Pamingpin anu adil, tegesna pamingpin pamarentahan ti kawit anu pangluhurna nepi ka
nu panghandapna dina sagala lapangan, pamingpin anu jujur, tanggungjawab, bijaksana tur
budiman, nyaah ka rahayatna, sadaya rahayat dianggap anakna, tara cueut kanu hideung tara
ponteng kanu koneng, tara langkung mentingkeun kapentingan pribadi, babaturan sareng
golongan; anu lepat diwarah sanajan baraya, anu jujur ditempatkeun dina pantesna sanajan
teu katalian dulur. Pamingpin anu adil ieu kalebet diantara golongan manusa anu bakal
kenging iuh-iuh `Arasy na Allah SWT dina poe kiyamat. Ku kituna, demi kaberes-roesan
kahirupan masyarakat, nagara, peryogi kacida urang silih doakeun ku kasaean. Para
pamingpin ngadoakeun rahayatna, rahayat ngadoakeun para pamingpinna, demi ngawujudna
Baldatun Toyyibatun wa Rabbun Ghofur !. Aamiin !.
ِ ‫ت اِنَّهُ هُ َو ْال َغفُوْ ُر الر‬
‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َو لَ ُك ْم َو لِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
KHUTBAH KA II

ِ ِ‫ك لَهُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ ْالقَائِ ُم بِفَ َرائ‬
‫ض‬ َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل اَ ْه ِل ْال َح ْم ِد َو ُم ْستَ ِحقِّ ِه‬
ِ‫ اَ َّما بَ ْع ُد فَيَا ِعبَا َد هللا‬. ‫اج ِه َو ُسنَّتِ ِه‬ ِ َ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َسيّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى آلِ ِه َواَصْ َحابِ ِه َو التَّابِ ِع ْينَ َعلَى ِم ْنه‬ َ َ‫ اَللّهُ َّم ف‬. ‫هللاِ َو ُسنَّتِ ِه‬
‫ َربَّنَا‬. ‫ت‬ ِ ‫ت ْاألَحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم َوا‬ ِ ‫ت َو ْال ُم ْؤ ِمنِ ْينَ َو ْال ُم ْؤ ِمنَا‬ ِ ‫ اَللّهُ َّم ا ْغفِرْ لِ ْل ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬. ‫ي بِتَ ْق َوى هللاِ َوطَا َعتِ ِه‬ َ ‫ص ْي ُك ْم و َاِيَّا‬ِ ْ‫اُو‬
َّ‫الرِّضا اَللَّهُ َّم اِنا‬
َ ‫ب َو‬ ِ ‫َض‬ ْ ْ ُ َّ َّ
َ ‫ اللهُ َّم اِنا نَ ْسئَلكَ ال َع ْد َل فِ ْي الغ‬. ‫َّح ْي ُم‬ َ ِ ‫ك انتَ التوَّابُ الر‬َّ ْ َ َّ َ ُ ْ
َ ‫ك انتَ ال َّس ِم ْي ُع ال َعلِ ْي ُم َو تبْ َعل ْينَا اِن‬ْ َ َّ َّ
َ ‫تَقَبَّلْ ِمنا اِن‬
. ‫َار‬
ِ ‫ن‬‫ال‬ ‫اب‬
َ َ
‫ذ‬ ‫ع‬
َ ‫َا‬ ‫ن‬ِ ‫ق‬ ‫و‬َّ ً ‫ة‬َ ‫ن‬ ‫س‬ ‫ح‬ ‫ة‬ ‫ر‬
َ َ َِ ِ‫خ‬ ‫آل‬ ْ
‫ا‬ ‫ى‬ ِ ‫ف‬ ‫و‬
َّ ً ‫ة‬َ ‫ن‬ ‫س‬ ‫ح‬
َ َ َ ‫ا‬ ‫ي‬ ْ
‫ن‬ ُّ
‫د‬ ‫ال‬ ‫ى‬ ‫ف‬ ‫َا‬ ‫ن‬‫ت‬ ‫ا‬‫ء‬ ‫َا‬ ‫ن‬َّ
ِ ِ َ َ ِ َ ِ َ ِ ِ ‫ب‬ ‫ر‬ . ‫ار‬ َّ ‫ن‬‫ال‬ ‫و‬ ‫ك‬
َ ‫ت‬ ‫خ‬َ ‫س‬ ْ
‫ن‬ ‫م‬ ‫ك‬
َ ‫ب‬ ُ
‫ذ‬ ْ‫ُو‬‫ع‬َ ‫ن‬‫و‬ َ
َ َ َ ‫ض‬
‫ة‬ َّ ‫ن‬‫ج‬ ْ
‫ال‬ ‫و‬ ‫ك‬ َ ‫ا‬ َ ‫ك ِر‬ َ ُ‫نَ ْسئَل‬
ْ ْ
َ‫ك يَا اَرْ َح َم ال َرا ِح ِم ْينَ َو ال َح ْم ُد هلل َربِّ ال َعالَ ِم ْين‬ َ ِ‫ بِ َرحْ َمت‬.
NO. 28
KHUTBAH JUMAAH KA 1, AGUSTUS 2021.
ISLAM AGAMA TAUHID KA ALLAH SWT
‫ك‬ُ ِ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن ااَّل اِلهَ ِااَّل هللاُ ْال َمل‬. َ‫ُظ ِه َرهُ َعلَى ال ِّد ْي ِن ُكلِّ ِه َولَوْ َك ِرهَ ْال ُم ْش ِر ُكوْ ن‬ ْ ‫ق لِي‬ ِّ ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل الَّ ِذىْ اَرْ َس َل َرسُوْ لَهُ بِ ْالهُدَى َو ِد ْي ِن ْال َح‬
ْ ِّ
‫ص ِّل َو َسل ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد اِ َم ِام ال ُمتَّقِ ْينَ َو َعلَى‬ َّ َ
َ ‫ اَللهُ َّم‬. ُ‫ق ال َو ْع ِد اأْل ِميْن‬ْ ُ ‫صا ِد‬ َ ُ‫ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُه‬. ُ‫ق ْال ُمبِيْن‬ ُّ ‫ْال َح‬
‫ق تُقَاتِ ِه‬ َّ ‫ضرُوْ نَ اِتَّقُوْ ا هللاَ َح‬ ِ ‫ اَ َّما بَ ْع ُد فَيَا اَيُّهَا ْال َحا‬. ‫صالَةً َّو َسالَ ًما دَائِ َم ْي ِن ُمتَالَ ِز َم ْي ِن اِلَى يَوْ ِم ال ِّد ْي ِن‬ َ َ‫َءالِ ِه َو اَصْ َحابِ ِه اَجْ َم ِع ْين‬
ُ‫ك نَ ْستَ ِعيْن‬َ ‫ك نَ ْعبُ ُد َو اِيَّا‬ َ ‫ اِيَّا‬: ‫ اَ ُعوْ ُذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيطَا ِن ال َّر ِجي ِْم‬. َ‫َو اَل تَ ُموْ تُ َّن اِاَّل َو اَ ْنتُ ْم ُم ْسلِ ُموْ ن‬
“ Mung ka Gusti wungkul abdi sadaya ibadah sareng mung ka Gusti wungkul abdi sadaya
neda pitulung “. { QS. AL-FATIHAH, AYAT 5 }.
Hadirin Ahli jum'ah, Rahimakumullah !.
Poko utama dina satiap dakwah para Rasul Allah nyaeta ngajak ka satiap ummatna
supaya nauhidkeun Allah sarta ngajauhkeun tina syirik ka Allah. Tauhid ka Allah ngandung
hartos yen ibadah teh ngan wungkul ka Allah, teu aya anu wajib diibadahan ditaati parentah-
Na sarta disingkahan larangan-Na anging Gusti Allah. Oge Salian ti Allah teu aya anu tiasa
maparin manfaat atanapi madarat sacara mandiri dirina sorangan eta makhluk, naha bangsa
jin, manusa, sato malah kalebet Malaikat. Sanaos eta manusa teh pangkat Rasul Allah.
Sakumaha Pidawuh Gusti Allah swt :
‫ض ًّرا َّو اَل َر َشدًا‬ ُ ِ‫قُلْ اِنِّ ْي اَل اَ ْمل‬
َ ‫ك لَ ُك ْم‬
" pok caritakeun ku Hidep ( Muhammad ) ' Saestuna Kaula henteu mibanda kamadorotan
jeung henteu mibanda kamanfaatan pikeun aranjeun". ( QS. AL-JINN, AYAT 21 ).
Tauhid ka Allah oge ngandung hartos teu aya anu sah disuhunkeun tulung kajaba
wungkul ka Allah. Sakumaha pidawuh Mantenna dina QS . AL- FATIHAH, AYAT 5 anu
tadi diaoskeun. Allah anu nyiptakeun sagala perkara katut anu ku manusa dilakukeun.
Pidawuh Gusti Allah SWT:
َ‫َو هّٰللا ُ خَ لَقَ ُك ْم َو َما تَ ْع َملُوْ ن‬
" Padahal Allah geus ngayugakeun aranjeun jeung saniskara anu ku aranjeun dipigawe teh ".
(QS. As-Saffat 37: Ayat 96)
Pirang-pirang ayat dina Al-Qur'an anu ngajelaskeun katauhidan ka Allah, boh dina
dzat, sifat sareng padamelan-Na.
Hadirin, Rahimakumullah !
Tina hal kituna, sanaos dina realita kahirupan manusa diparentah silih tulungan silih
bantu nyumponan kaperyogian anu mangrupi bentuk ihtiar sareng usaha, sakumaha
dijelaskeun dina pirang-pirang ayat Al-Qur'an, tapi tetep kedah disarengan tekad hate
katauhidan ka Allah swt. yen makhluk anu disuhunkeun tulung sarta nulungan teh teu
ngamilik sifat kapangeranan saeutik oge, teu aya kamampuan maparin kamanfaatan atanapi
kamudaratan sacara mandiri boh di dirina nyalira eta makhluk atanapi kanu lianna, tapi
hakekatna mah pitulung ti Allah. Eta makhluk sakadar mangrupi rangkaian kudrat irodat
sareng kersaning Allah swt . Tanpa kudrat irodat sareng kersaning Allah eta manusa teu
ngagaduhan pangaruh saeutik-eutik acan. Bujeng ka batur kadirina sorangan oge teu
mampuheun maparin manpaat atanapi madarat anging kersaning Allah SWT. Pidawuh Anu
Maha Suci :
َ‫ اَلْ َءايَة‬- ُ‫ض ًّرا َّو اَل نَ ْفعًا ِااَّل َما َشا َء هللا‬
َ ‫ك لِنَ ْف ِس ْي‬
ُ ِ‫فُلْ اَّل اَ ْمل‬
" pok caritakeun ku Hidep ( Muhammad ) : ' Kaula henteu kawasa ngamadaratkeun pikeun
diri Kaula jeung henteu kawasa ngadatangkeun manfaat, kajaba saniskara anu dikersakeun ku
Allah ". ( QS. YUNUS, AYAT 49 ) .
Kajadian adat kabiasaan anu aya dina sabab akibat atanapi anu sok katelah ihtiar
nyareat oge alami {sunatullah}, ulah matak ngaruksak atanapi ngabatalkeun hate kana
katauhidan ka Allah. Nyakitu deui dina mayunan kajadian anu diluar adat kabiasaan ( non
alami ) saperti ayana mukjizat, karomah, ma'unah malah istidraj saperti sihir, ieu oge teu
kenging kaluar tina katauhidan ka Allah dina hate.
Antawis tarekah atanapi usaha ikhtiar dina adat kabiasaan kahirupan sareng usaha anu
diluar adat kabiasaan sanes bates pamisah antara tauhid sareng syirik, dina hartos ulah aya
tekad ihtiar sacara alami diangga positif tauhid sedeng ihtiar anu sacara non alami diluar adat
kabiasaan dianggap ( ditekadkeun ) padamelan syirik ka Allah SWT.
Ku kituna tacan jadi jaminan kapastian yen jalmi anu nyuhunkeun tulung dina
hubungan muamalah sadidinten dibarengan hate tauhid ka Allah, nyakitu deui tacan jadi
jaminan kapastian sarta dinilai syirik ka Allah jalmi anu nyuhunkeun ka sasama ku jalan anu
teu alami ( luar adat kabiasan ), tapi duanana oge gumantung tekad hatena. Anapon ngeunaan
hukum halal haram cara ihtiar boh nu alami atanapi anu non alami, oge hasil henteuna ladang
dua bentuk ihtiar ieu, eta mah diaturna sacara hukum zhohirna ( fiqih ), aya anu halal oge
aya anu hukumna haram. Satiap padamelan syirik pasti haram, ngan teu satiap padamelan anu
haram eta jadi syirik. Diantawis ayat sanes anu nuduhkeun yen dina nyareat tetep kedah
disarengan hate tauhid ka Allah :
َ‫فَلَ ْم تَ ْقتُلُوْ هُ ْم َو اَل ِك َّن هللاَ قَتَلَهُ ْم صلى َو َما َر َميْتَ اِ ْذ َر َميْتَ َو اَل ِك َّن هللاَ َر َمى _ أَلْ َءايَة‬
“ Nya lain aranjeun anu maehan maranehna, tapi Allah anu maehan maranehna teh, Jeung
Anjeun henteu ngabaledog nalika Anjeun ngabaledog, tapi Allah anu ngabaledogna “.
( QS. AL -ANFAAL, AYAT 17 )
Muga-muga urang sadaya dipaparinan hate tauhid ka Allah, oge diriksa tina syirik ka
Mantenna dina mayunan kajadian kahirupan anu kumaha sareng dimana wae, sarta maot aya
dina husnul khatimah disarengan pangampura Allah SWT. Aamiin Yaa Rabbal `Aalamiin !.
ِ ‫ت اِنّه‘ هُ َو ْال َغفُوْ ُر الر‬
‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم َولِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
KHUTBAH KA II
‫ض َّل لَهُ َو َم ْن‬ ِ ‫ت اَ ْع َمالِنَا َم ْن يَّ ْه ِد هللاُ فَاَل ُم‬ ِ ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل نَحْ َم ُدهُ َو نَ ْستَ ِع ْينُهُ َو نَ ْستَ ْغفِ ُرهُ َو نَعُوْ ُذ بِاهللِ ِم ْن ُشرُوْ ِر اَ ْنفُ ِسنَا َو ِم ْن َسيِّئَا‬
ِّ‫صل‬ َّ ُ
َ ‫ اَللهُ َّم‬. ُ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْيكَ لَهُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا َونَبِيَّنَا ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ له‬. ُ‫ي لَه‬ َ ‫يُّضْ لِلْ فَاَل هَا ِد‬
َّ
‫ اللهُ َّم‬. َ‫ ا َّما بَ ْعد فيَا ِعبَا َد هللاِ اِتقوْ ا هللاَ َحق تقاتِ ِه َو ت ُموْ تن اِ َو انت ْم ُم ْسلِ ُموْ ن‬. ‫َو َسلِّ ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلى َءالِ ِه َواصْ َحابِ ِه‬
َ ُ ْ َ ‫اَّل‬ َّ ُ َ ‫اَل‬ َ ُ َّ ُ َّ َ ُ َ َ َ
‫ اَللَّهُ َّم ا ْدفَ ْع َعنَّا ْال َغالَ َء َو ْالبَالَ َء َو ْال َوبَا َء َو ْالفَحْ َشا َء‬. ‫ت‬
ِ ‫ت ْاألَحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم َوا‬ِ ‫ت َو ْال ُم ْؤ ِمنِ ْينَ َو ْال ُم ْؤ ِمنَا‬ ِ ‫ا ْغفِرْ لِ ْل ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
ََّ‫َان ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ عَا َّمةً اِنك‬ ْ
ِ ‫صة َو ِم ْن بُلد‬ً َّ ‫َو ْال ُم ْن َك َر َوال ُّسيُوْ فَ ْال ُم ْختَلِفَةَ َوالشدَائِ َد َوال ِم َحنَ َما ظهَ َر ِمنهَا َو َما بَطنَ ِم ْن بَالَ ِدنَا هَاذا خَا‬
َ َ ْ َ ْ َّ
ِ ‫َار َو اَ ْد ِخ ْلنَا ْال َجنَّةَ َم َع اأْل َ ْب َر‬
‫ار بِ َرحْ َمتِكَ يَا‬ َ ‫َعلَى ُك ِّل َشي ٍْئ قَ ِد ْي ٌر َربَّنَا ءاتِنَا فِى ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َّو فِى الْ َءا ِخ َر ِة َح َسنَةً َّو قِنَا َع َذ‬
ِ ‫اب الن‬
َ‫اَرْ َح َم ال َرا ِح ِم ْينَ َو ْال َح ْم ُد هلل َربِّ ْال َعالَ ِم ْين‬

NO. 29
KHUTBAH JUMAAH KA 2, AGUSTUS 2021.
KAMERDEKAAN BANGSA INDONESIA RAHMAT TI ALLAH SWT.
‫ك لَهُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا‬َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل َربِّ ْال َعالَ ِم ْينَ َو بِ ِه نَ ْستَ ِعيْنُ َعلَى اُ ُموْ ِر ال ُّد ْنيَا َو ال ِّدي ِْن‬
‫ف اأْل َ ْنبِيَا ِء ْال ُمرْ َسلِ ْينَ َو َعلَى َءالِ ِه َواَصْ َحابِ ِه‬ ِ ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َسيّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد اَ ْش َر‬ َ َ‫ اَللّهُ َّم ف‬. َ‫َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ َرحْ َمةً لِ ْل َعالَ ِم ْين‬
‫ َو اِ ْذ تَأ َ َّذنَ َربُّ ُك ْم‬: ‫َّجي ِْم‬
ِ ‫ اَ ُعوْ ُذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيطَا ِن الر‬. ‫ت َّو ِحي ٍْن‬ ٍ ‫ اَ َّما بَ ْع ُد فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْ ا هللاَ فِى ُك ِّل َو ْق‬. َ‫الطَّيِّبِ ْينَ الطَّا ِه ِر ْين‬
‫لَئِ ْن َشكَرْ تُ ْم أَل َ ِز ْي َدنَّ ُك ْم صلى َو لَئِ ْن َكفَرْ تُ ْم اِ َّن َع َذابِ ْي لَ َش ِد ْي ٌد‬
“ Jeung (sing inget) nalika Pangeran aranjeun cumeluk “ Saestuna upama aranjeun syukuran,
tangtu Kami baris nambahan ( kurnia ) ka aranjeun jeung upama aranjeun kufur nya saenyana
siksaan Kami kacida peurihna”. (QS. Ibrohim, ayat 7 }.
Hadirin Ahli Jum’ah Rahimakumullah !.
Salah sahiji nikmat dina kahirupan nyaeta hirup merdeka bebas tina pangawasa
penjajahan, tekanan sareng paksaan, naha anu sifatna pribadi atanapi golongan sareng
bernegara ku bangsa deungeun-deungeun, sahingga hirup aya dina katenangan tengtrem
bebas ngalakukeun sagala kagiatan pikeun ningkatkeun taraf kahirupan sareng ibadah ka
Allah, naha anu sifatna dunyawi atanapi ukhrowi.
Tanggal 17 Agustus pikeun sakumna rahayat Bangsa Indonesia mangrupi dintenan anu
sanget bersejarah anu teu kenging kahilapkeun ku sadaya warga nagara ieu sareng ku satiap
generasa, pada khususna ummat islam, margi ummat islam anu dipimipin ku para ulama,
kiyai sareng santri waktos harita sanget ageung kacida jasana dina perjuangan kanggo
ngawujudna kamerdekaan Nagara Kesatuan Republik Indonesia. Dimana 76 taun kapengker
nyatana tanggal 17 Agustus 1945 rahayat Indonesia nganyatakeun kamerdekaan hirupna,
hartosna ngagaduhan cita-cita hirup bebas ti penjajahan bangsa deungeun, boh penjajahan
dina segi politik, ideologi, ekonomi sareng sanes-sanesna.
Ieu kamerdekaan teh mangrupi berkah rahmat ti Gusti Allah, sakumaha anu aya dina
pembukaan UUD 1945. "Atas berkat rahmat Allah Yang Maha Kuasa dan dengan
didorongkan oleh keinginan luhur, supaya berkehidupan kebangsaan yang bebas, maka rakyat
Indonesia menyatakan dengan ini kemerdekaannya “. Ieu nuduhkeun pangakuan para
pejuang, antara syareat nyaeta mangrupi usaha sareng hakekat nyaeta pitulung Allah, takdir
sareng kersaning Mantenna masihan kemerdekaan kanggo sakumna rahayat Indonesia. Anu
hal ieu kedah disyukuran margi kalebet nikmat anu ageung.
Jalaran sakitu Dina raraga syukuran mieling kamerdekaan ayeuna, disagedengeun
ngayakeun kagiatan-kagiatan anu sifatna positip tur manfaat, teu hilap ngadoakeun ka para
pahlawan pejuang kamerdekaan anu tos ngerahkeun sagala kamampuan aranjeunna, tanaga
emutan sareng harta, malah dugika korban nyawa oge demi ngawujudna kamerdekaan hirup
bernegara anu mangrupi hak sadaya bangsa. Ieu doa urang ka aranjeunna sabage salah sawios
wujud syukuran atanapi nganuhunkeun ka aranjeunna anu urang mah can kantenan tiasa
kawas aranjeunna dina perjuangan demi ngaraih kamerdekaan. Kanjeng Rasulullah
Muhammad SAW parantos ngadawuh:
َ َّ‫اَل يَ ْش ُك ُر هللاَ َم ْن اَل يَ ْش ُك ُر الن‬
‫اس‬
“ Teu kelebet syukuran ka Allah, jalmi anu teu syukuran ( nganuhunkeun ) ka manusa ".
{ Syarah Hikam II, kaca 85 }.
Hayu urang sami-sami ngajaga, mertahankeun sarta ngamanfaatkeun tur ngamumule
nikmat hirup di nagara merdeka, jadikeun modal jang ibadah sareng amal sholeh, diangge
modal jang ningkatkeun kahirupan anu ngagaduhan martabat sareng beradab, hirup ngahiji
sauyunan gawe babarengan silihtulungan; sabalikna ulah dijadikeun luang hura-hura, ngalajur
nafsu ngumbar syahwat, papaseaan parebut jabatan, kadudukan jeung pangaruh, sahingga
ngahilangkeun kakuatan persatuan bangsa, komo upami aya maksud ngaruksak atanapi
ngabubarkeun Nagara Kesatuan Republik Indonesia, aya maksud ngarobah ideologi hirup
bernegara nyaeta pancasila. Kukituna, tambahan deui kakuatan rasa ngahijina hirup
bernegara. Aya paribasa BERSATU KITA TEGUH BERCERAI KITA RUNTUH. Urang
sering nguping cariosan jalmi anu miharep tetep berlangsungna bangsa Indonesia yen
kahirupan NKRI harga mati. Sabalikna, teu miharep aya golongan atanapi bangsa deungeun-
deungeun anu ngamaksud ngabubarkeun NKRI atanapi ngamaksud ngajajah deui kalayan
ngangge cara tipu muslihat.
Hadirin Rahimakumullah!
Reugeujeugna alam dunya { khususna kahirupan di hiji nagara } tiasa karaih ku opat
sendi, sakumaha pidawuh Kanjeng Nabi Muhammad SAW:
... ‫را ِء‬Ç ُ ِ‫ َرا ِء َو الثَّال‬Ç‫ ْد ِل اأْل ُ َم‬Ç‫ا ِء َو الثَّانِى بِ َع‬Ç‫ا بِ ِع ْل ِم ْال ُعلَ َم‬Çَ‫يَا َء اَ َّولُه‬Ç‫ ِة أَ ْش‬Ç‫ ُّد ْنيَا بِأَرْ بَ َع‬Ç‫قِ َوا ُم ال‬
َ َ‫ َد ْع َو ِة ْالفُق‬Çِ‫ ُع ب‬Çِ‫ا ِء َو الرَّاب‬Çَ‫ َخ َو ِة اأْل َ ْغنِي‬Ç‫ث بِ َس‬
َ ‫أَ ْل َح ِدي‬
‫ْث‬
“ Reugeujeugna alam dunya ku opat perkara:1. Elmuna para ulama. 2. Adilna para
pamingpin. 3. Bageuranna jalmi-jalmi beunghar. 4 Do`ana jalmi-jami fakir. { Dzurrotun
Nashihin, kaca 17 }. Leresan ieu peryogina ngahiji sareng silih bantu diantara anu opat
golongan.
Kumargi sakitu, sadaya warga nagara Indonesian, naha anu janten pamingpin , ulama ,
agniya sareng fuqoro, tegesna sadaya penduduk nagara, kedah silih tulungan silih bantu silih
pikanyaah sareng saling perhatoskeun, oge silih doakeun. Sadaya warga Nagara Indonesia
kedah ngamiliki rasa cinta ka lemah caina, sakumaha Kangjeung Nabi SAW oge Mantena
sanget mikacinta ka lemah caina. Upami teu aya rasa cinta ka lemah cai dipikapaur ieu nagara
aya anu ngarebut atanapi nagajajah deui, utamana kumargi pangeusi nagarana teu jalujur,
amanah sareng teu tanggung-jawab, sarta teu aya rasa persatuanna. Muga-muga Baldatun
Toyyibatun wa Rabbun Ghofur, tiasa ngawujud di Nagara Indonesia bari aya dina
pangampura sareng rido Allh SWT.!. Aamiin !.
ِ ‫ت اِنَّهُ هُ َو ْال َغفُوْ ُر الر‬
‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم َولِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
KHUTBAH KA II
ُ ِ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلهَ اِاَّل هللاُ ْال َمل‬. َ‫ُظ ِه َرهُ َعلَى ال ِّد ْي ِن ُكلِّ ِه َولَوْ َك ِرهَ ْال ُم ْش ِر ُكوْ ن‬
‫ك‬ ْ ‫ق لِي‬ ِّ ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل الَّ ِذىْ اَرْ َس َل َرسُوْ لَهُ بِ ْالهُدَى َو ِد ْي ِن ْال َح‬
ْ ِّ
‫ص ِّل َو َسل ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد اِ َم ِام ال ُمتَّقِ ْينَ َو َعلَى‬ َّ َ
َ ‫ اَللهُ َّم‬. ُ‫ق ال َو ْع ِد اأْل ِميْن‬ْ َ ‘‫ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُه‬. ُ‫ق ْال ُمبِيْن‬
ُ ‫صا ِد‬ ُّ ‫ْال َح‬
‫ق تُقَاتِ ِه‬ َّ ‫ضرُوْ نَ اِتَّقُوْ ا هللاَ َح‬ ِ ‫ اَ َّما بَ ْع ُد فَيَا اَيُّهَا ْال َحا‬. ‫صالَةً َّو َسالَ ًما دَائِ َم ْي ِن ُمتَالَ ِز َم ْي ِن اِلَى يَوْ ِم ال ِّد ْي ِن‬ َ َ‫َءالِ ِه َو اَصْ َحابِ ِه اَجْ َم ِع ْين‬
ْ‫ َربِّ اجْ َعل‬. ‫ت‬ ِ ‫ت ْاألَحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم َوا‬ ِ ‫ت َو ْال ُم ْؤ ِمنِ ْينَ َو ْال ُم ْؤ ِمنَا‬
ِ ‫ اَللَّهُ َّم ا ْغفِرْ لِ ْل ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬. َ‫َوالَ تَ ُموْ تُ َّن اِالَّ َو اَ ْنتُ ْم ُم ْسلِ ُموْ ن‬
ْ‫ َربَّنَا ءاتِنَا فِى ال ُّدنيَا‬. ‫ي اَن نَ ْعبُ َد اأْل َصْ نَا َم‬ َّ ِ‫ َربِّ اجْ َعلْ هَا َذا ْالبَلَ َد َءا ِمنًا َو اجْ ن ْبنِ ْي َو بَن‬. ‫ت‬
ُ ِ ‫هَا َذا بَلَدًا َءا ِمنًا َو ارْ ُز ْق اَ ْهلَهُ ِمنَ الثَّ َم َرا‬
ِّ‫الرا ِح ِم ْينَ َو ْال َح ْم ُد هلل َرب‬
َ ‫ك يَا اَرْ َح َم‬ ِ ‫َار َو اَ ْد ِخ ْلنَا ْال َجنَّةَ َم َع اأْل َ ْب َر‬
َ ِ‫ار بِ َرحْ َمت‬ َ ‫َح َسنَةً َّو فِى الْ َءا ِخ َر ِة َح َسنَةً َّو قِنَا َع َذ‬
ِ ‫اب الن‬
َ‫ْال َعالَ ِم ْين‬

NO. 31
KHUTBAH JUMAAH KA 4. AGUSTUS 2021.
ELMU ANU MANFAAT.
ِّ‫صل‬َ ‫ اَللَّهُ َّم‬. ُ‫ي بَ ْع َده‬
َّ ِ‫ اَلَّ ِذيْ اَل نَب‬. ‘‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلهَ اِاَّل هللاُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا َونَبِيَّنَا ُم َح َّمدًا َع ْبدُه‘ َو َرسُوْ لُه‬. ‫ق َح ْم ِد ِه‬ َّ ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل َح‬
‫ق تُقَاتِ ِه لَ َعلَّ ُك ْم تُ ْفلِحُوْ نَ فِ ْي َجنَّتِ ِه َو‬
َّ ‫ فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتَّقُوْ ا هللاَ َح‬. ‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬. ‫َو َسلِّ ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َو اَصْ َحابِ ِه ِم ْن بَ ْع ِد ِه‬
‫ك قلى اِنَّ َما يَ ْخ َشى هللاَ ِم ْن‬ َ ِ‫ف أَ ْل َوانُهُ َك َذال‬
ٌ ِ‫اس َو ال َّد َوابِّ َو اأْل َ ْن َع ِام ُم ْختَل‬
ِ َّ‫ َو ِمنَ الن‬: ‫ اَ ُعوْ ُذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيطَا ِن ال َّر ِجي ِْم‬. ‫َمرْ ضاتِ ِه‬
ِ ‫ِعبَا ِد ِه ْال ُعلَ َماؤُا قلى اِ َّن هللاَ ع‬
‫َز ْي ٌز َغفُوْ ٌر‬
“ Jeung ti sabangsaning manusa jeung sasatoan anu kumarayap katut sato ingon-ingon anu
rupa-rupa warnana teh deuih. Taya anu wedi ku Allah tiantara abdi-abdi-Na teh ngan `ulama.
Saestuna Allah Maha Gagah, Maha Jembar Pangampura “. { QS. Faatir, ayat 28 }.
Hadirin Ahli Jum'ah Rahimakumullah !.
Sadaya puji kagungan Alloh SWT nu parantos ngunggulkeun manusa ngelehkeun
makhluk lianna ku mangrupa dedegan nu sampurna sareng akal. Ku ayana akal, manusa
dipasihan kamampuan jang ngaramekeun ieu alam dunya lewat ngalangkungan elmuna Allah
nu dititipkeun ka manusa, sanaos dina buktina elmu nu dititipkeun ku Allah ka manusa aya
nu nyandak manfaat oge aya nu nyandak madarat alatan eta manusa teu mampu ngendalikeun
nafsu syahwat jeung panggoda syetan.
Elmu nu manfaat teh nyaeta elmu nu nambahan kasieun ku siksa sareng bebendon
Gusti Allah, tambah kataqwaan ka Anjeunna, nganteurkeun kana nyaliksik kakurangan jeung
kaaeban diri tur nganteurkeun kana tambah rajin jeung sumangetna ngalakonan ibadah ka
Allah SWT. Elmu nu manfaat nyaeta elmu nu ngajadi sabab ngurangan kacintaan hate kana
dunya (zuhud), tiis ceuli herang mata ditengah-tengah ramena kahirupan alam dunya, sanajan
dirina dititipan harta banda anu langkung punjul ti batur. Sabalikna nambah kacintaan kana
kahirupan akherat, waspada paningal kana tumibana malapetaka nu baris ngaruksak amal
ibadah. Elmu nu manfaat nyaeta elmu anu mampu nguningakeun kana tipu daya jeung
bujukan syetan ka jalma berelmu nu bakal ngalantarankeun tumibana murka Gusti Allah ku
sabab ngajual elmuna ku kahirupan dunya. Elmu anu mampu nahan diri tina ngalakukeun
maksiyat. Nyalametkeun tina tipu daya kahirupan dunya. Kanjeng Rasulullah Muhammad
SAW ngadawuh :
‫اس َع َذابًا يَوْ َم ْالقِيَا َم ِة عَالِ ٌم لَ ْم يَ ْنفَ ْعهُ هللاُ بِ ِع ْل ِم ِه‬
ِ َّ‫اَ َش ُّد الن‬
" Ari pangbanget-bangetna siksaan dina poe qiyamat nyaeta jalma berelmu tapi Alloh teu
maparin manfaat ka eta jalma ku elmuna ". { HR, Thobroni - Bidayatul Hidayah, kaca 6 }.
Ieu Hadits mangrupa paringetan pikeun manusa nu ku Allah dititipan elmu tapi teu
dibarengan jeung kamanfaatan elmuna.
Sedengkeun Elmu nu teu manfaat disagedengeun bahayana ngamadaratkeun ka
dirina oge ngamadaratkeun balarea di dunya keneh sumawona engke di akherat. Kasauran
Syekh Ibnu `Atoillah

َ ‫اَ ْل ِع ْل ُم اِ ْن قَا َرنَ ْتهُ ْال َخ ْشيَةُ فَلَكَ َو اِالَ فَ َعلَ ْي‬
‫ك‬
" Elmu upami disarengan ku sieun {ka Allah} maka eta elmu bakal manfaat keur anjeun, tapi
upami teu disarengan ku sieun {ka Allah}, maka eta elmu bakal ngamadaratkeun ka anjeun".
{ Syarah Hikam, Juz 2, kaca 51}.
Ku kituna pangsae-saena gaduh elmu nyaeta upami eta elmu ngalahirkeun rasa sieun
ku Allah.
ُ‫ت ْال َخ ْشيَةُ َم َعه‬
ِ َ‫خَ ْي ُر ْال ِع ْل ِم َما َكان‬
" Pang sae-saena elmu nyaeta elmu anu disarengan kasieun {ku Allah}". { Syarah Hikam, Juz
2, kaca 49}.
Hadirin , Rahimakumullah !.
Timbulna karuksakan kahirupan masyarakat, nagara, lingkungan alam, seueurna
fitnah, papasean jeung peperangan; teu kurang-kurang kusabab tingkah lakuna jalma-jalma
palinter, luhung elmu panemuna. Ku kituna urang sadaya peryogi nyalindungkeun diri ka
Gusti Alloh tina dipaparin elmu nu teu manfaat. Naha Mangrupa elmu pengetahuan umum
atawa elmu agama pada khususna. Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Anjeunna osok ngadoa
ka Gusti Allah nyuhunkeun perlindungan tina elmu anu teu manfaat. Katampi ti Sahabat
Anas r.a.:
ٍ ‫ك ِم ْن ِع ْل ٍم اَل يَ ْنفَ ُع َو قَ ْل‬
‫ب اَّل يَ ْخ َش ُع َو َع َم ٍل اَّل يُرْ فَ ُع َو ُدعَا ٍء اَّل يُ ْس َم ُع‬ َ ِ‫اَللَّهُ َّم اِنِّ ْي اَ ُعوْ ُذ ب‬
" Ya Allah ! Sayaktosna Abdi nyalindung ka Gusti tina elmu nu teu manfaat (teu diamalkeun,
teu sieun ku Allah }, hate anu teu khusyu { pikeun eling ka Gusti sareng nguping dawuhan
Gusti }, amal anu teu ditampi { kusabab riya } sareng doa anu teu ditampi { teu
disubadanan }“. { HR Ahmad bin Hambal – Bidayatul Hidayah, kaca 6 }.
Elmu anu manfaat ngandung hartos jadi cahaya ka diri, dimana-mana elmu jadi cahaya
ka diri, maka bakal leungit emosi, leungit benci, leungit keuheul kabatur, ibadah selalu siap,
kana toat getol, sosial kemasyarakatan selalu jadi pemikiran. Sabalikna, upami leungit cahaya
elmu komo leungit jeung elmu na, nu aya nyaeta popoek kabodoan. Muga-muga Gusti Allah
nu Maha Bageuran maparin ka urang sadaya elmu nu manfaat. Aamiin !.
ِ ‫ت اِنَّهُ هُ َو ْال َغفُوْ ُر الر‬
‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم َولِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
KHUTBAH KA II
ُ‫وْ لُه‬Ç‫ ُدهُ َو َر ُس‬Ç‫هَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب‬Ç‫ َو اَ ْش‬. ‫ ُد ْالقَهَّا ُر‬Ç‫ك لَهُ ْال َوا ِح‬ َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل َح ْمدًا َكثِ ْيرًا َك َما اَ َم َر‬
ُ َّ َّ َ
َ‫وْ ا هللا‬ÇÇ‫ا الناسُ هللاِ اِتق‬ÇÇَ‫ا ا يُّه‬ÇÇَ‫ ُد فَي‬Ç‫ ا َّما بَ ْع‬. ‫ار‬ َ ّ ْ ْ َ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َسيّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َوا‬ َ َ‫ اَللّهُ َّم ف‬. ‫النَّبِ ُّي ْال ُم ْختَا ُر‬
ِ ‫ َر‬Ç‫ َحابِ ِه األ ْب‬Ç‫ص‬
‫ت اَللَّهُ َّم اِنَّا‬ َ ‫ا ِء ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم‬Çَ‫ت ْاألَحْ ي‬
ِ ‫وا‬Ç ِ ‫لِ َما‬Ç‫لِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْس‬Ç‫ت َو ْال ُم ْس‬ ِ ‫ا‬Çَ‫ْن َو ْال ُم ْؤ ِمن‬Çَ ‫ اَللّهُ َّم ا ْغفِرْ لِ ْل ُم ْؤ ِمنِي‬. ‫ب نَ َوا ِه ْي ِه‬
ِ ‫بِا ْمتِثَا ِل اَ َوا ِم ِر ِه َواجْ تِنَا‬
ْ
. ‫ ِد‬Ç‫ان ال ُخل‬Ç ْ َّ
ِ Çَ‫ل َم فِ ْي اَ ْعلَى ِجن‬Ç‫ ِه َو َس‬Ç‫صلى هللاُ َعلَ ْي‬ َّ َ ‫ك ُم َح َّم ٍد‬ َ ِّ‫ك اِ ْي َمانًا الَ يَرْ تَ ُّد َو نَ ِع ْي ًما الَ يَ ْنفَ ُد َو قُ َّرةَ َع ْي ٍن الَ تَ ْنقَ ِط ُع َو ُم َرافَقَةَ نَبِي‬ َ ُ‫نَ ْسئَل‬
‫ َر ِة‬Ç‫نَةً َّو فِى الْ َءا ِخ‬Ç‫ ُّد ْنيَا َح َس‬Ç‫ا فِى ال‬ÇÇَ‫ا َءاتِن‬ÇÇَ‫ َربَّن‬. ُ‫ه‬Çَ‫ا اجْ تِنَاب‬ÇÇَ‫ا ِطاًل َّو ارْ ُز ْقن‬ÇÇَ‫اط َل ب‬ ِ َ‫ق َو َحقًّا َّو ارْ ُز ْقنَا اتِّبَا َعهُ َو اَ ِرنَا ْالب‬ َّ ‫اَللَّهُ َّم اَ ِرنَا ْال َح‬
َ‫اح ِم ْينَ َو ْال َح ْم ُد هلل َربِّ ْال َعالَ ِم ْين‬ ِ ‫الر‬َ ‫ك يَا اَرْ َح َم‬ َ ِ‫ار بِ َرحْ َمت‬ ِ ‫َار َو اَ ْد ِخ ْلنَا ْال َجنَّةَ َم َع اأْل َ ْب َر‬ ِ ‫اب الن‬ َ ‫َح َسنَةً َّو قِنَا َع َذ‬
NO. 33
KHTUBAH JUMAT ka 2. September 2021
BAHAYA MAKE BARANG HARAM
‫لِلْ فَاَل‬Ç‫ُّض‬ ْ ‫هُ َو َم ْن ي‬Çَ‫ َّل ل‬Ç‫ض‬ ِ ‫د هللاُ فَاَل ُم‬Çِ Çْ‫ا َم ْن يَّه‬Çَ‫ت اَ ْع َمالِن‬ ِ ‫اَ ْل َح ْم ُد هَّلِل ِ الَّ ِذىْ نَحْ َم ُدهُ َونَ ْستَ ْغفِ ُرهُ َونَعُوْ ُذ بِاهللِ ِم ْن ُشرُوْ ِر اَ ْنفُ ِسنَا َو ِم ْن َسيِّئَا‬
‫ا ِم ْن‬ÇÇَ‫هَا َدةً تُ ْن ِج ْي قَائِلَه‬Ç ‫ َش‬. ُ‫وْ لُه‬Ç ‫ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا َونَبِيَّنَا ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َر ُس‬. ُ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْيكَ لَه‬. ُ‫ي لَه‬ َ ‫هَا ِد‬
ْ
: ‫ ُد‬ÇÇْ‫ اَ َّما بَع‬. ‫ص ِّل َو َسل ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َو اَصْ َحابِ ِه َو َم ْن تَبِ َعهُ ْم بِاِحْ َسا ٍن اِلَى يَوْ ِم القِيَا َم ِة‬ ِّ َّ ْ
َ ‫ اَللهُ َّم‬. ‫َع َذابِ ِه يَوْ َم القِيَا َم ِة‬
‫ض‬
ِ ْ‫ر‬َ ‫أْل‬‫ا‬ ‫ى‬ ‫ف‬ ‫ا‬ ‫م‬ ‫م‬
ِ َّ ِ ْ‫و‬Ç ‫ا‬ Çُ ‫ل‬ ُ
‫ك‬ ُ‫اس‬َّ ‫ن‬‫ال‬ ‫ا‬Ç
Ç َ ‫ه‬‫ي‬
ُّ َ ‫ا‬ ‫ا‬Ç
Ç ‫ي‬
َ ِ ِ: ‫ْم‬
‫ي‬ ‫ج‬‫ر‬َّ Ç ‫ال‬ ‫ن‬
ِ ‫ا‬ َ ‫ط‬ ْ
‫ي‬ Ç َّ
‫الش‬ ‫م‬ ‫هلل‬ ‫ا‬
َ‫وْ ِ ِ ِ ن‬Ç‫ب‬ ُ
‫ذ‬ Ç ُ
‫ع‬ َ ‫ا‬ . َ ‫ة‬َّ ‫ن‬‫ج‬ ْ
‫ال‬
َ َ‫وْ ن‬ُ ‫ل‬ ُ
‫خ‬ ْ
‫د‬ َ ‫ت‬ ‫م‬ ُ
‫ك‬ َّ
ْ َ ُ َ َ‫ق ت‬
‫ل‬ ‫ع‬َ ‫ل‬ ‫ه‬ ‫ا‬ ‫و‬ ْ
‫ق‬ َّ ‫فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتَّقُوْ ا هللاَ َح‬
‫ت ال َّش ْيطَا ِن قلى اِنَّهُ لَ ُك ْم َعد ٌُّو ُّمبِي ٌْن‬ ُ
ِ ‫َحاَل اًل طَيِّبًا صلى َو اَل تَتَّبِعُوْ ا ُخط َوا‬
“ Yeuh Manusa ! Pek geura dalahar ku aranjeun tina saniskara anu aya di bumi anu halal
jeung harade jeung poma pisan aranjeun ulah rek nurut kana lengkah-lengkah syetan karana
saestuna ari syetan teh musuh anu tetela pikeun aranjeun “. { QS. Al-Baqoroh, ayat 168 }
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !
Dina ajaran Islam, halal jeung haramna dzat hiji barang ngarupakeun otoritas mutlak
Allah SWT anu moal tiasa diutak-atik ku akal manusa anu terbatas. Manusa sakadar
meunang nyangka maksud hakiki ti Allah, tapi teu kedah nyimpulkeun kalawan mutlak.
Manusa salaku hamba-Na kudu narima kana naon bae perkara anu tos ditangtoskeun ku Gusti
Allah, naha anu mangrupa parentah atawa anu mangrupa larangan. Kakuatan iman anu bakal
nangtoskeun kataatan kana sadaya aturan ti Allah. Dina ajaran islam poko utama dina
enggoning nyadiakeun tuangeun sareng leueuteun teh nyaeta anu halal tur sae. Samulihna
daging anu jadi tina tuangeun sareng inuman anu haram diancam naraka isukan di akherat.
Kanjeng Rasulullah Muhammad SAW ngadawuh :
‫ُكلُّ لَحْ ٍم نَبَتَ ِم ْن َح َر ٍام فَالنَّا ُر اَوْ لَى بِ ِه‬
" Satiap daging anu jadi tina barang haram, maka naraka leuwih pantesna" {HR At-
Turmudzi – Bahaya Makanan Haram, kaca 184 }. Oge pidawuh Mantenna :
ٌ‫صاَل ة‬ ٍ ْ‫صلَّى فِى ثَو‬
َ ُ‫ب بَ َع ْش َر ِة َد َرا ِع َم َو فِ ْيهَا ِدرْ هَ ٌم ِم ْن َح َر ٍام لَ ْم تُ ْقبَلْ لَه‬ َ ‫َم ْن‬
“ Saha jalami anu shalat ngangge pakean ladang meser sapuluh dirham bari dina anu sapuluh
dirhamna aya sadirham tina ladang haram, maka moal ditarima shalat eta jalma “. { HR.
Imam Ahmad – Sulam Taufiq, kaca 29 }. Oge Pidawuh Kanjeng Nabi Muhammad SAW anu
pihartoseunana: “ Sing saha anu ngusahakeun hartana ku jalan anu haram, tuluy manehna
sodaqoh ku eta harta, maka eta sodaqoh moal ditarima {ku Allah} jeung lamun manehna
ninggalkeun eta harta satukangeunana {jadi warisan}, mangka eta harta nambah-nambah ka
naraka" {HR Ahmad- Bahaya Makanan Haram, kaca 186}.
Hadirin, Rahimakumullah !.
Nuang barang haram, naha dzatna atawa cara ngahasilkeunana, bakal ngajurung kana
ngalakukeun dosa jeung ma`siyat anu bakal ngajauhkeun tina tuntunan Allah. Balukarna
bakal terus tikusruk dina kabiasaan-kabiasaan kalakuan anu ditungtun ku hawa nafsu.
Langkung tebihna, tuangeun jeung leueuteun anu teu halal, tangtosna oge henteu dikonsumsi
ku nyalira, tapi oge ku pala putra, bojo jeung anggahota kulawarga. Dina hal ieu, jelas
kabuktian bakal ngalahirkeun balukar dosa anu beuki ngarembet ngalegaan, manca kaki.
Diantara hasil tina tuangeun anu dikonsumsi bakal ngajadikeun kakuatan pikeun
sadaya organ badan, ngadorong daya pikir akal, sareng ngagentos oge ngajadikeun sel-sel
atawa jaringan anggahota badan anu sawarehna mangrupa zat organik {sperma sareng indung
telur} anu ngalahirkeun turunan. Maka payus disangka jeung dicuriga, tuangeun anu haram
oge bakal ngajurung kana kalakuan-kalakuan anu diharamkeun ku ajaran islam sabab syetan
geus ngarasuk jeung ngawasa jiwana, mangaruhan polah anu dilakukeun. Saterusna, terus
netes jeung ngawaris kanu jadi turunan, dugi ka turunan oge aya kacondongan ngalakukeun
padamelan anu dilarang ku Allah.
Akhirna, pantes diemutan ku sadayana !. Ayana Kajahatan jeung angkara murka,
kalakuan jahat, hura-hura dina dosa jeung ma`siyat, pergaulan bebas anu ngarumpak aturan
agama jeung darigama, ngalajur nafsu jeung ngumbar syahwat, kurangna rasa kaamanan
jeung ketengtreman kahirupan tiasa jadi eta teh tina balukar ngonsumsi barang anu
kacampuran unsur haram, sakumaha anu tos dipaparkeun tadi.
kukituna hayu urang sami-sami ngariksa diri urang sareng sadaya anggahota
kulawarga tina ngonsumsi tuangeun sareng leueuteun anu haram, boh dzatna atanapi cara
ngahasilkeuna, sangkan hate urang caang tina rasa caket sareng Allah SWT, aya kasauran
sapalih ulama : “ Sing saha anu anu nuang barang halal maka hatena bakal lembut, leuleuy
tur caang, moal kahalang hatena rasa cakeut sareng Allah. Jeung sing saha anu nuang barang
haram maka hatena bakal teuas, poek, kahalang hatena rasa caket sareng Allah “. { Sulam
Taufiq, kaca 29 }. “ Saha jalmi anu ninggalkeun gawe dosa maka bakal lembut hatena jeung
Saha jalmi anu ninggalkeun nu haram { tuangeun, anggean jeung lian nu eta } jeung nuang
anu halal, maka bakal bersih cekas pikiranna “. { nashoihul `Ibaad, kaca 6 }. Muga-muga
urang sadaya salamina aya dina pitulung Allah SWT, tiasa ngajaga tuangeun sareng
leueuteun anu diharamkeun malah mandar kalebet jalmi-jalmi anu kenging kasalametan
kabagjaan sareng kamulyaan di dunya sareng di akherat. Aamiin !
ِ ‫ت اِنَّهُ هُ َو ْال َغفُوْ ُر الر‬
‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم َولِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
KHUTBAH KA II
‫ك لَهُ َواَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا‬ َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ‫اَ ْل َح ْمد هلل َربِّ ْال َعالَ ِم ْينَ َو بِ ِه نَ ْستَ ِعيْنُ َعلَى اُ ُموْ ِر ال ُّد ْنيَا َو ال ِّدي ِْن‬
‫ان اِلَى يَوْ ِم‬ٍ ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َسيّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َواَصْ َحابِ ِه َو َم ْن تَبِ َعهُ ْم بِاِحْ َس‬ َ َ‫ اَللَّهُ َّم ف‬. َ‫َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ َرحْ َمةً لِّ ْل َعالَ ِم ْين‬
َ‫ت َو ْال ُم ْسلِ ِم ْين‬ ِ ‫ اَللَّهُ َّم ا ْغفِرْ لِ ْل ُم ْؤ ِمنِ ْينَ َو ْال ُم ْؤ ِمنَا‬. َ‫ق تُقَاتِ ِه َواَل تَ ُموْ تُ َّن اِاَّل َو اَ ْنتُ ْم ُم ْسلِ ُموْ ن‬ َّ ‫ فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتَّقُوْ ا هللاَ َح‬: ‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬. ‫ال ِّد ْي ِن‬
‫ك ْال َكفَ َرةَ َو ْال ُم ْش ِر ِك ْينَ َو الظَّالِ ِم ْينَ َو َد ِّمرْ اَ ْعدَائَنَا َو‬ ِ ِ‫ اَللَّهُ َّم اَ ِع َّز ْا ِإل ْسالَ َم َو ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َواَ ْهل‬. ‫ت‬
ِ ‫ت ْاألَحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم َوا‬ ِ ‫َو ْال ُم ْسلِ َما‬
َّ ْ َ َّ َ ُ ْ
‫ك انتَ ال َّس ِم ْي ُع ال َعلِ ْي ُم َو تبْ َعل ْينَا اِنكَ انتَ التوَّابُ ال َّر ِح ْي ُم َربَّنَا َءاتِنَا‬ ْ َ َّ َّ َ ْ
َ ‫ق َربِّ ال َعال ِم ْينَ َربَّنَا تَقَبَّلْ ِمنا اِن‬ ِّ ‫ك اَ ْعدَا َء ال ِّد ْي ِن بِ َح‬ َ َ‫اَ ْعدَائ‬
‫ بِ َرحْ َمتِكَ يَا اَرْ َح َم ال َرا ِح ِم ْينَ َو ْال َح ْم ُد هلل‬. ‫ار‬ ِ ‫َار َو اَ ْد ِخ ْلنَا ْال َجنَّةَ َم َع اأْل َ ْب َر‬ ِ ‫اب الن‬ َ ‫فِى ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َّو فِى ْال َءا ِخ َر ِة َح َسنَةً َّو قِنَا َع َذ‬
َ‫ َربِّ ْال َعالَ ِم ْين‬.
NO. 34
KHUTBAH JUMAT ka 3. SEPTEMBER 2021
PASANTREN MODAL DAKWAH SARENG PANGWANGUNAN
.‫ت‬ ِ ‫وْ دَا‬ÇÇ‫ ِر ْي َع ِة َو ْال َمحْ ُم‬Ç‫الش‬ ِ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ ن‬. ‫ت‬
َّ ‫ ُر‬Ç‫َاش‬ ِ ‫ فَا ْستَبِقُوْ ا ْالخَ ْي َرا‬: ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل ْالقائِ ِل‬
َ ‫ ْي ُكم و‬Ç‫ص‬ ِ ْ‫ا النَّاسُ اُو‬ÇÇَ‫ا اَيُّه‬ÇÇَ‫ ُد فَي‬Ç‫ اَ َّما بَ ْع‬. ‫ت‬ ِ ‫ا‬ÇÇ‫ ِل ْال َك َر َم‬Ç‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َو اَصْ َحابِ ِه ْال ُم َجا ِه ِد ْينَ لِنَ ْي‬ َ ‫اَللَّهُ َّم‬
ْ ْ َ َّ
‫رُوْ ا‬Çِ‫وْ نَ لِيَنف‬ÇÇُ‫ َو َما َكانَ ال ُم ْؤ ِمن‬: ‫ اَ ُعوْ ذ بِاهللِ ِمنَ الش ْيطا ِن ال َّر ِجي ِْم‬. ‫ت‬ ُ ْ ْ
ِ ‫ضاهُ فِى ال َحيَا ِة َو بَ ْع َد ال َم َما‬ َ ‫ي بِتَ ْق َوى هللا َو طا َعتِ ِه لِنَي ِْل ِر‬
َ َ ‫اِيَّا‬
‫ر‬ َ
‫ذ‬ ْ‫ح‬ ‫ي‬ ‫م‬ُ ‫ه‬َّ ‫ل‬ ‫ع‬َ ‫ل‬ ‫م‬ ‫ه‬ ْ
‫ي‬ َ ‫ل‬ ‫ا‬ ‫ا‬
َ‫ِ َ ِ ِ ُوْ وْ َ ْ ِ َ َ ُوْ ِ ِ ْ َ ْ َ ُوْ ن‬‫ع‬‫ج‬ ‫ر‬ ‫ا‬ ‫ذ‬َ ‫ا‬ ‫م‬ُ ‫ه‬‫م‬ َ ‫ق‬ ‫ا‬ ‫ر‬ ‫ذ‬ ْ
‫ن‬ ُ ‫ي‬ ‫ل‬ ‫و‬ ‫ن‬‫ي‬ْ ِّ
‫د‬ ‫ال‬ ‫ى‬ ‫ف‬ ‫ا‬ ‫ه‬ َّ ‫ق‬َ ‫ف‬
ِ ْ‫ِ ٍ ِ ْ ِ َ ُو‬َ ‫ت‬‫ي‬ ِّ ‫ل‬ ٌ ‫ة‬َ ‫ف‬ ‫ئ‬‫ا‬ َ ‫ط‬ ‫م‬ُ ‫ه‬‫ن‬ْ ‫م‬ ‫ة‬َ ‫ق‬ ْ‫ر‬ ‫ف‬ ِّ‫ل‬ ُ
‫ك‬ ْ
‫ن‬ ‫م‬
ِ َ‫ر‬ َ ‫ف‬َ ‫ن‬ ‫اَل‬ ْ‫و‬َ ‫ل‬َ ‫ف‬ ‫قلى‬ ً ‫ة‬َّ ‫ف‬ ‫ا‬ َ
‫ك‬
“ Jeung henteu pantes mu`minin arindit { maju jurit } kabeh. Tapi kacida hadena upama
sabagian deui ti aranjeun maju jurit jeung sabagian deui enya-enya ngulik elmu perkara
agama, tuluy maranehna ngawawadian kaomna upama maranehna mulang deui ka maranehna
supaya maranehna bisa arati-ati }. { QS. At-Taubah, ayat 122 }.
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.
Dakwah islamiyah hiji tugas ti Ilahi, tugas ummat islam anu patarema ti generasi ka
generasi dugi ka akhir zaman. Dakwah urang ayeuna dibandingkeun sareng dakwah Kanjeng
Nabi Saw sareng para sahabatna jauh langkung enteng, nyakitu deui langkung laluasa
tinimbang dakwahna karuhun urang kapungkur.
Tapi sanaos kitu ari ngagarapna mah ayeuna oge teu tiasa sahayuna atanapi
pangangguran, malihan sapertosna kedah langkung tekun, parigel sareng dines, margi
kamajuan elmu pangaweruh anu sakitu makin maju ngamungkingkeun timbulna kakaliruan
paham anu matak ngirangan atanapi ngicalkeun kaimanan, morosot sareng ramijudna akhlak.
Akibat tambah majuna elmu pangaweruh tiasa wae ngalahirkeun sesebatan MANGERAN
KANA ELMU , MANGERAN KANA HARTA BADA, dina hartos sagala-gala teh
gumantung elmu jeung harta.
Diantara syarat kanggo hasilna dakwah islamiyyah nyaeta nyebarna elmu kaislaman
anu sacekap-cekapna, oge muslimin ulah kakirangan ku jalmi-jalmi anu terang sareng paham
soal hukum sareng pendidikan ajaran islam anu disarengan ku katakwaan ka Allah SWT.
Kanjeng Rasulullah Muhammad SAW parantos ngaisyaratkeun sangkan ummat islam ulah
kakirangan jalmi anu leres-leres faham kana kaislaman ku jalan ulah liren-liren nyitak pi
'ulamaeun.
... ‫ان قَلِ ْي ٌل فُقَهَا ُؤهُ َكثِ ْي ٌر ُخطَبَا ُؤهُ قَلِ ْي ٌل ُم ْعطُوْ هُ َكثِ ْي ٌر َسائِلُوْ هُ اَ ْل ِع ْل ُم فِ ْي ِه خَ ْي ٌر ِمنَ ْال ًع َم ِل‬ ْ
ِ َّ‫َو َسيَأتِ ْي َعلَى الن‬
ٌ ‫اس زَ َم‬
" Bakal datang ka manusa hiji zaman anu di eta zaman saeutik anu ngartos kana agama,
seueur tukang pidato; saeutik anu maparin, saeur anu barangpenta; dina eta zaman elmu
leuwih hade tibatan amal ". { HR. At-Turmudz-Ihya 'ulumuddin 1, kaca 8 }.
Ieu kasauran Kanjeng Nabi SAW sanes nyapirakeun amal, tapi ku alatan kakirangan
jalmi-jalmi anu ngartos kana elmu agama ngalantarankeun seueur kakaliruan dina
pamahaman, pangajaran, pengamalan sareng pendidikan ngeunaan kaislaman. Kanggo
nyalametkeunna taya lian kajabi elmu agama islam kedah jadi perhatosan ummat islam ku
jalan panyebaran anu salega-legana sareng saanteb-antebna. Memang eta zaman duka iraha
pibuktoseunna, tapi ikhtiar usaha mah kedah ti ayeuna, malih tikapungkur mula.

Hadirin Anu Mulya !


Alhamdulillah, karuhun urang tos ninggalan pasantren-pasantren, paguran paelmuan
pendidikan ka islaman sarta ku pamarentah tos direstui oge dibantos. Pasantren ageung pisan
manfaatna kanggo kamajengan dakwah, kanggo modal dakwah. Pasantren sanes bae nonjol
dina masalah elmu tapi oge dina didikan ibadah, amaliah sareng akhlak, margi para santri
dididik diaping dibimbing siang wengi. Nyakitu deui pasantren tos maparin sumbangan anu
kacida ageung ka nagara sareng bangsa, buktosna teu sakedik pahlawan bangsa wedalan
pasantren, hasil didikan pasantren, malih seueur anu nyangking jabatan penting
dipamarentahan atanapi mingpin dimasyarakat. Cindekna, pasantren ageung jasa sareng
manfaat ka masyarakat sareng nagara. Pisakumahaeun teuing nasib agama sareng muslimin
oge bangsa nagara saupami teu aya pendidikan pasantren sareng anu masantrenna anu khusus
neuleuman ajaran islam anu sagemblengna. Margi namina ulama mah sadayana oge jebolan
hasil didikan pasantren.
Hadirin Rahimakumullah !.
Umumna pasantren ngarupikeun paguron swasta, berdikari, hasil gotong royong
masyarakat sareng para dermawan muslimin anu saterasna hirup-huripna gumantung kana
usaha nu jadi sesepuhna. Kukituna sakedahna ummat islam ngiring merhatoskeun sareng
ngabantos anu mayeng ka pasantren , boh ku harta, tanagi atanapi emutan, da nyakitu tea eta
teh Ing Syaa Allah kalebet ngiring ngahirup-hirup, ngabela sareng ngamajengkeun agama
Allah, kalebet amal jariyah kanggo kabagjaan ummat sareng nagara, malih pahalana bakal
tetep ngalir sanaos anu jariayahna tos pupus. Oge bakal kenging pertulungan Allah. Pidawuh
Anu Maha Suci :
‫ِّت اَ ْقدَا َم ُك ْم‬ ُ ‫يَا اَيُّهَا الَّ ِذ ْينَ َءا َمنُوْ ا اِ ْن تَ ْن‬
ْ ‫صرُوْ ا هللاَ يَ ْنصُرْ ُك ْم َو يُثَب‬

" He jalma-jalma anu ariman. Upama aranjeun nulungan {agama} Allah, tanwande Anjeunna
bakal nulungan sarta nguatkeun tungtungan aranjeun ". { QS. Muhammad, ayat 7 }.
Muga-muga sadaya pasantren anu ngajarkeun didikan ajaran islam anu aqidahna ahli
sunnah wal jamaah anu aya dinagara urang pada khususna salamina kenging pertulungan
Allah SWT dina nyitak Ulama al 'Amilin Imama al Muttaqin Shalihin, sarta ditebihkeun tina
fitnah anu bade ngotoran sareng ngaruksak citra pasantren. Para kiyai ustadzna dipaparinan
kasobaran katawekalan sareng kaikhlasan ka Allah SWT. Aamiin Yaa Rabbal `Aalamiin !.
ِ ‫ت اِنَّهُ هُ َو ْال َغفُوْ ُر الر‬
‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم َولِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
KHUTBAH KA II
‫ك َلهُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو‬ َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ُ‫ي لَوْ الَ اَ ْن هَدَانَا هللا‬ َ ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل هَدَانَا لِهَا َذا َو َما ُكنَّا لِنَ ْهتَ ِد‬
‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َسيّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َواَصْ َحابِ ِه َوالتَّابِ ِع ْينَ َو تَابِ ِع التَّابِ ِع ْينَ اِلَى يَوْ ِم ْالقِيَا َم ِة‬ َ َ‫ اَللَّهُ َّم ف‬. ُ‫ي بَ ْع َده‬
َّ ِ‫َرسُوْ لُهُ الَّ ِذى اَل نَب‬
َ‫ت َو ْال ُم ْسلِ ِم ْين‬
ِ ‫ اَللَّهُ َّم ا ْغفِرْ لِ ْل ُم ْؤ ِمنِ ْينَ َو ْال ُم ْؤ ِمنَا‬. ‫ اَ َّما بَ ْع ُد فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْ ا هللاَ فِ ْي َما اَ َم َر َو ا ْنتَهُوْ ا َع َّما نَهَى َع ْنهُ َو َز َج َر‬.
َّ
‫ اللهُ َّم ا ْدفَ ْع‬. ُ‫اطاًل َو ارْ ُز ْقنَا اجْ تِنَابَه‬
َ ِ َ‫ق َحقًّا َو ارْ ُز ْقنَا اتِّبَا َعهُ َو اَ ِرنَا ْالبَا ِط َل ب‬ َّ ‫ اَللَّهُ َّم اَ ِرنَا ْال َح‬. ‫ت‬ِ ‫ت ْاألَحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم َوا‬ِ ‫َو ْال ُم ْسلِ َما‬
‫طنَ ِم ْن بَالَ ِدنَا هَا َذا‬ َ ‫َعنَّا ْال َغالَ َء َو ْالبَالَ َء َو ْال َوبَا َء َو ْالفَحْ َشا َء َو ْال ُم ْن َك َر َوال ُّسيُوْ فَ ْال ُم ْختَلِفَةَ َوال َّشدَائِ َد َو ْال ِم َحنَ َما‬
َ َ‫ظهَ َر ِم ْنهَا َو َما ب‬
‫َار‬
ِ ‫اب الن‬ َ ‫ك َعلَى ُك ِّل َشي ٍْئ قَ ِد ْي ٌر َربَّنَا ءاتِنَا فِى ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َّو فِى الْ َءا ِخ َر ِة َح َسنَة َّو قِنَا َع َذ‬
ً َ َّ‫َان ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ عَا َّمةً اِن‬ِ ‫صةً َو ِم ْن ب ُْلد‬َّ ‫خَ ا‬
َْ‫ار بِ َرحْ َمتِكَ يَا اَرْ َح َم ال َرا ِح ِم ْينَ َو ْال َح ْم ُد هلل َربِّ ْال َعالَ ِمين‬ َ ‫أْل‬ َّ ْ ْ
ِ ‫َو اَ ْد ِخلنَا ال َجنة َم َع ا ب َر‬
ْ َ

NO. 35
KHUTBAH JUMAAH ka 4. September 2021
NGALEUNGITKEUN SOMBONG
ُ‫هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْيكَ لَهُ َواَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُده‬ َ ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل الَّ ِذىْ هَدَانَا لِهَا َذا َو َما ُكنَّا لِنَ ْهتَ ِد‬
‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل‬. ُ‫ي لَوْ اَل اَ ْن هَدَانَا هللا‬
: ‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬. ‫َو تَابِ ِع التَّابِ ِع ْينَ اِلَى يَوْ ِم ْالقِيَا َم ِة‬ َ‫صلِّ َو َسلِّ ْم َعلَى َسيّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َواَصْ َحابِ ِه َوالتابِ ِع ْين‬
َّ َ َ‫ اَللَّهُ َّم ف‬. ُ‫َو َرسُوْ لُه‬
ِ ‫ اَ ُعوْ ُذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيطَا ِن الر‬.
‫ فَ َس َج َد‬: ‫َّجي ِْم‬ َ‫ش َما ظَهَ َر ِم ْنهَا َو َما بَطَن‬ َ ‫فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتَّقُوْ ا هللاَ فِى ال ِّس ِّر َو ْال َعلَ ِن َو َجانِبُوا ْالفَ َوا ِح‬
ْ
َ‫ْس قلى اِ ْستَ ْكبَ َر َو َكانَ ِمنَ ال َكافِ ِر ْين‬ َ ‫ اِاَّل اِ ْبلِي‬. َ‫ْال َماَل ئ َكةُ ُكلُّهُ ْم اَجْ َمعُوْ ن‬
“ Maka para Malaikat sarerea sarujud. Kajaba Iblis, manehna mah takabur jadi weh ti antara
kafirin “. { QS Shad, ayat 73-74 }.
Hadirin Ahli Jum`ah Rahimakumullah !
Sahabat `Ali r.a., parantos sasauran :

ِ َّ‫اس َو ُك ْن ِع ْن َد الن‬
ِ َّ‫اس َر ُجاًل ِمنَ الن‬
‫اس‬ ِ ‫اس َو ُك ْن ِع ْن َد النَّ ْف‬
ِ َّ‫س َش َّر الن‬ ِ َّ‫ُك ْن ِع ْن َد هللاِ خَ ْي َر الن‬
“ Kudu Bukti anjeun mungguh Allah mah panghade-hadena manusa, jeung kudu bukti anjeun
mungguh diri sorangan mah panggoreng-gorengna manusa jeung kudu bukti anjeun mungguh
manusa-manusa manusa mah manusa anu sawajarna “. { Nasoihul `Ibad, kaca 12 }.
Sombong mangrupi salah sahiji panyakit rohani anu kacida hese diobatanana lamun
geus nerap di hiji jalma. Kasauran Sufyan Tsauri r.a. { anjeunna guruna Imam Malik } : “
Sakur maksiyat anu lahir tina akibat sombong rada hese diarep-arep hampurana, sedeng ari
sakur maksiyat tina akibat ngalajur nafsu ieu mah aya harepan dihampura dosa “.
{ Nashoihul `Ibaad, kaca 5 }. Sombong saperti ngarasa diri paling mulya, paling gagah,
paling kuat, paling seueur kahadean, paling seueur elmu, tegesna sarwa paling dina sagala
rupa. Ku ayana perasaan eta moal canggung-canggung bakal nganggap handap jeung enteng
ka batur. Tina Perasaan sombong akhirna teu katahan kaluar lewat obrolanana, saperti: " Tah
ieu kuring !, Mun teu aya kuring mah !, Saha tea kuring !, Bisa naon manehna !, Boga naon
manehna !".
Manusa kedah uninga sarta ngartos, yen jalmi anu hade anu saleresna mah nyaeta
jalmi anu hade numutkeun paningal ajaran Islam sarta anu sae isukan di akherat, sedeng hal
eta teh teu aya anu terang, ngan Allah wungkul anu uninga, saha anu bakal ditampi amal
sareng anu ditolak, saha anu bakal husnul khotimah jeung anu suul khotimah.
Hadirin, Rahimakumullah !
Ari cara ngicalkeun panyakit sombong dina hate, sakumaha kasauran Imam Ghozali,
nyaeta: “ Peryogi kacida yen anjeun ulah neteup ka hiji jalmi kajaba bari dibarengan
sangkaan kana sayaktosna eta jalmi langkung sae batan diri anjeun, kumargi kitu, dimana-
mana :
1. Ningali murangkalih, maka pok ucapkeun: “ Eta murangkalih teu acan gaduh dosa,
sedeng kuring mah tos seueur dosa yakin teu ragu deui eta murangkalih langkung sae
batan diri kuring”.
2. Upami ningali anu langkung sepuh, maka nyarita anjeun : “ Eta si bapa tos
tikapungkur ibadahna ka Allah samemeh kuring, teu ragu deui anjeunna langkung sae
batan kuring “.
3. Lamun Ningal jalmi anu ngagaduhan elmu, ucapkeun : “ Eta jalmi tos dianugrahan
pangartos ku Allah anu kuring mah teu dipasihan, tos dugi ka anjeuna perkara anu ku
kuring teu kadugi, anjeuna uninga anu kuring mah teu terang “.
4. Upami ningali jalmi bodo, maka ucapkeun : “ Eta jalma gawe dosa ka Allah teh lantaran
kabodoanna, sedengkeun kuring mah gawe dosa teh bari apal yen eta teh pagawean
dosa, tangtu hujjah Allah ka kuring langkung banget jeung kuring teu apal kumaha
panungtungan hirup kuring jeung panungtungan hirup manehna “.
5. Dimana-mana ningali jalmi kafir, pek ucapkeun ku anjeun : “ Kuring teu apal boa-boa
manehna mah asup islam jeung ditungtungan ku maot husnul khatimah, ku lebet
islmanna seep beresih tina dosa-dosana, sedengkeun mungkin bae { Na`udzu billaahi
min dzaalik ! } Allah nyasarkeun ka diri teras jadi jalma kafir sarta goreng amal
panungtunganna. { Matan Bidayatul Hidayah, kaca 79 }.
Hadirin Anu Mulya !.
Sombong teh kalakuan iblis ngarasa leuwih punjul batan Adam a.s., anu jadi sabab
manehna jeung balad-baladna {syetan} meunang bebendon Allah, isukan bakal jadi ahli
naraka Jahannam. Pidawuh Gusti Allah SWT. :
َ‫ك ِم ْنهُ ْم اَجْ َم ِع ْين‬ َ ‫أَل َ ْملَئ ََّن َجهَنَّ َم ِم ْن‬
Çَ ‫ك َو ِم َّم ْن تَبِ َع‬
“ Yakin saestuna jahannam teh ku kami bakal dipinuhan ku anjeun { Iblis } jeung ku sing
saha anu nurut ka anjeun ti antara maranehna sakabeh “. { QS. Shad, ayat 85 }.
Muga-muga urang sadaya sadaya ditebihkeun tina sifat sombong sangkan hirup sareng
hurip urang dipikaridlo ku Allah SWT. Aamiin !
‫ت َوال ِّذ ْك ِر ْال َح ِكي ِْم َوتَقَب ََّل ِمنِّ ْي َو ِم ْن ُك ْم تِالَ َوتَهُ اِنَّهُ ه َُو‬
ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم فِ ْي ْالقُرْ آ ِن ْال َع ِظي ِْم َونَفَ َعنِ ْي َو اِيَّا ُك ْم بِ َما فِ ْي ِه ِمنَ الْ َءايَا‬
‫ْال َغفُوْ ُر ال َّر ِح ْي ُم‬
KHUTBAH KA II
ِ‫ض هللا‬ِ ِ‫ك لَهُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ ْالقَائِ ُم بِفَ َرائ‬ َ ‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬. ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل اَ ْه ِل ْال َح ْم ِد َو ُم ْستَ ِحقِّ ِه‬
ُ‫ فَيَا اَ يُّهَا النَّاس‬: ‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬. ‫ص ِّل َو َسلِّ ْم َعلَى َسيّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َو َعلَى َءالِ ِه َواَصْ َحابِ ِه َو التَّابِ ِع ْينَ َعلَى ِم ْنهَا ِج ِه َو ُسنَّتِ ِه‬ َ َ‫ اَللَّهُ َّم ف‬. ‫َو ُسنَّتِ ِه‬
‫ َربَّنَا‬. ‫ت‬ َ ْ
ِ ‫ت األحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم َواأل ْم َوا‬ َ ْ ْ ْ
ِ ‫ت َوال ُم ْؤ ِمنِ ْينَ َوال ُم ْؤ ِمنَا‬ ْ ْ َّ
ِ ‫ اَللهُ َّم ا ْغفِرْ لِل ُم ْسلِ ِم ْينَ َوال ُم ْسلِ َما‬. ‫ي بِتَ ْق َوى هللاِ َوطَا َعتِ ِه‬ َ ‫ص ْي ُك ْم واِيَّا‬ ِ ْ‫اُو‬
‫صبُوْ رًا و َّاجْ َع ْلنِ ْي َش ُكوْ رًا َو اجْ َع ْلنِ ْي فِى‬ َ ‫ اَللَّهُ َّم اجْ َع ْلنِ ْي‬. ‫َّح ْي ُم‬
ِ ‫ك اَ ْنتَ التَّوَّابُ الر‬ َ َّ‫ك اَ ْنتَ ال َّس ِم ْي ُع ْال َعلِ ْي ُم َو تُبْ َعلَ ْينَا اِن‬ َ َّ‫تَقَبَّلْ ِمنَّا اِن‬
‫ بِ َرحْ َمتِكَ يَا‬. ‫َار‬ِ ‫اب الن‬ َ ‫ َربَّنَا َءاتِنَا فِى ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َّو فِى ْالْ َءا ِخ َر ِة َح َسنَةً َّو قِنَا َع َذ‬. ‫اس َكبِ ْيرًا‬ ِ َّ‫ص ِغ ْيرًا َّو فِى اَ ْعيُ ِن الن‬ َ ‫َع ْينِ ْي‬
ْ ْ
َ‫ اَرْ َح َم ال َرا ِح ِم ْينَ َو ال َح ْم ُد هلل َربِّ ال َعال ِم ْين‬.
َ
NO. 36
KHUBAH JUMAT ka 1. Oktober 2021
TIPU DAYA SYETAN KA MANUSA DINA PERKARA ZUHUD
‫ اَ ْشهَ ُد‬. ‫ب الس َِّعي ِْر‬ ِ ‫طانَ لَ ُك ْم َع ُد ٌّو فَاتَّ ِخ ُذوْ هُ َع ُد ًّوا إِنَّ َما يَ ْدعُو ِح ْزبَهُ لِيَ ُكونُوْ ا ِم ْن أَصْ َحا‬ َ ‫ إِ َّن ال َّش ْي‬: ‫ اَ ْلقَائِ ِل‬. ‫اَ ْل َح ْم ُد هَّلِل ِ ْال َعلِي ِْم ْال َخبِي ِْر‬
ِّ‫صلِّ َو َسل ْم‬ َّ َ ْ
َ ‫ اَللهُ َّم‬. ُ‫ق ال َو ْع ِد األ ِميْن‬ ْ ُ ‫صا ِد‬ ُ
َ ُ‫ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا َونَبِيَّنَا ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ له‬. ُ‫ك لَه‬ َ ‫اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬
ِ ‫َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد خَات َِم النَّبِيِّ ْينَ َو اِ َم ِام ْال ُمرْ َسلِ ْينَ َو َعلَى َءالِ ِه َو اَصْ َحابِ ِه الَّ ِذ ْينَ َكانُوْ ا يَ ْست َْخ ِد ُموْ نَ ُد ْنيَاهُ ْم لِيَوْ ِم الْ َء‬
‫د‬Çُ ‫ اَ َّما بَ ْع‬. ‫اخ ِر‬
‫ان ال َّر ِجي ِْم يَا أَيُّهَا الَّ ِذ ْينَ َءا َمنُوْ ا ا ْد ُخلُوْ ا‬ِ َ‫ اَ ُعوْ ُذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيط‬. َ‫ق تُقَاتِ ِه َو اَل تَ ُموْ تُ َّن اِاَّل َو اَ ْنتُ ْم ُم ْسلِ ُموْ ن‬ َّ ‫فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتَّقُوْ ا هللاَ َح‬
ُ َ َّ َ
‫ت الش ْيطا ِن قلى إِنهُ لك ْم َعد ٌُّو ُمبِي ٌْن‬ َّ ِ ‫فِي الس ِّْل ِم َكافَّةً صلى َو تَتبِعُوا خط َوا‬
ُ ُ َّ ‫اَل‬
" Yeuh Jalma-jalma anu iman ! Aranjeun kudu asup islam kalawan sampurna, jeung aranjeun
ulah pisan nurut kana lengkah-lengkah syetan. Saestuna ari syetan teh musuh aranjeun anu
tetela". {QS. Al-Baqoroh, ayat 208}
Hadirin Ahli Jum`ah Rahimakumullah !
Godaan Syetan ka manusa anu ngamaksud zuhud nyaeta sok niup-niupkeun harewos
kana hate manusa: " Mun anjeun hayang salamet di akherat tinggalkeun dunya tong cape-
cape neanganana, jauhan kulawarga, apan ceuk Allah jeung Rasulna oge dunya teh matak
nipu jeung nyilakakeun manusa ". Kulantaran eta manusa lepat ngahartikeun Ayat Al-Qur`an
jeung kasauran Rasul SAW ngeunaan dunya anu matak nipu jeung nyilakakeun, tungtungna
maranehna ngajauhan pergaulan jeung kulawarga tatangga, baraya, nyingkur maneh, kadang
aya anu ka gunung atawa ka tempat-tempat anu suni ngamaksud arek ngadekul ibadah jeung
ngawirid, bari ninggalkeun shalat berjamaah, ninggalkeun pangajian diajar elmu agama anu
nerangkeun prak-prakan ibadah, muamalah, nerangkeun hukum halal haram. Eta manusa
dibubungah ku syetan jeung diharewosan yen kitu kalakuan teh zuhud anu sajati.
Jalma-jalma anu karitu teu menyadari yen ku kalakuan kitu teh tos ninggalkeun
kawajiban anu kacida penting nyaeta gawe hade ka indung-bapa, ngurus ngatik ngadidik
kulawarga, nganafakahan lahir jeung batinna pikeun lumangsungna kahirupan dina rumah-
tangga anu aya dina kasugemaan jeung katengtreman, hirup pinuh ku kasumangetan hayang
ningkatkeun tarap kahirupan anu langkung maju.
Hadirin Rahimakumullah !.
Kanjeng Nabi Muhammad SAW , Mantenna osok amengan sareng marurangkalih,
osok heureuy ngawangkong sempal guyon sareng kulawargana, biasa sapatemon
ngabudalkeun kaasih sareng kanyaah. Tapi jalmi anu tijalikeuh dina zuhud nyangka yen
kalakuan kitu teh matak mohokeun ibadah ka Allah, eling ka Allah jeung ka akherat, padahal
ngagumbirakeun, nyenangkeun, mikanyaah mikadeudeuh ka kulawrga kalebet amal kanggo
kapentingan akherat. Da upami teu kitu ma enya kanjeng Nabi SAW ngalakukeun !.
Padahal, naha maranehna langkung zuhud tibatan kanjeng Nabi sareng para sahabatna ?
Kanjeng Nabi Muhammad SAW ngadawuh:
‫ك َحقًّا – روه البخارة و مسلم‬ َ ِ‫اِ َّن أِل َ ْهل‬
َ ‫ك َعلَ ْي‬
" Saenyana pikeun kulawarga anjeun aya haq anu wajib ka anjeun".
Kumargi maranehna tos disasarkeun ku syetan, maka jalma-jalma anu zuhud nyangka
yen kitu kalakuan maranehna teh bener, padahal anu sabenerna mah nyulayaan ajaran Islam.
Upami mah jalmi anu ngamaksad zuhud kersa tataros sanaos saalit ka ulama-ulama
ahli Hadits, ahli fiqih ngeunaan soal dunya ieu, pasti bakal apal, yen dunya teh dina dzatiahna
mah teu dicela. Bade kumaha dicela dzatna, padahal dunia teh karunia ti Gusti Allah jang
manusa, dunya penting kanggo ngalahirkeun turunan manusa, oge jadi cukang lantaran
pikeun ngahasilkeun elmu, pikeun nyampurnakeun ibadah, milari dunyana ku anjeun jadi
salah sahiji jalan ibadah. Maka, tina dunya ayana tuangeun, leueuteun, anggean sareng
masjid tempat ibadah shalat.
Kacela sotenan dunya, upami ngahasilkeunana tina jalan anu teu halal atanapi ngangge
cara zhalim, kokomoan ngalangkungan kabutuhan ngalalaikeun ibadah, sarta
ngagunakeunana nurutkeun kahayang nafsu teu nurutkeun aturan syare`at islam, teu diangge
ibadah jeung amal soleh ka sasama.
Syetan ngaharewoskeun ka jalmi anu gayana zuhud supaya nyapirakeun elmu,
maranehna teu faham yen elmu teh cahaya hate, ngahinakeun ulama bari nuduh ulama
hubbudunya pedah diantara ulama aya hirupna jembar jeung beunghar. Maranehna teu
apaleun, yen harta banda jeung bubungahan ngangge hak milik nyalira hukumna mubah
jeung teu dilarang ku agama. Kitu diantara godaan syetan dina perkara zuhud.
Muga-muga urang sadaya diriksa ku Allah SWT tina tipu dayana syetan, sahingga
tiasa ngalaksanakeun zuhud anu saleresna numutkeun syare`at islam, anu tos dicontoan ku
Kanjeng Nabi dituturkeun ku para sahabatna.
ِ ‫ت اِنَّهُ هُ َو ْال َغفُوْ ُر الر‬
‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم َولِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
KHUTBAH KA II
‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْيكَ لَهُ َواَ ْشهَ ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا َونَبِيَّنَا‬. ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل الَّ ِذيْ َح ْمدًا َشا ِك ِر ْينَ لِنِ ْع َم ِة ْا ِإل ْي َما ِن َو ْا ِإل ْسالَ ِم‬
‫صلِّ َو َسلِّ ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد اِ َم ِام ْال ُمتَّقِ ْينَ َو َعلَى َءالِ ِه َواَصْ َحابِ ِه الَّ ِذ ْينَ َكانُوْ ا فِ ْي‬ َ ‫ اَللَّهُ َّم‬. ‫ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرسُوْ لُهُ َسيِّ ُد َولَ ِد َءا َد َم‬
َ‫ت َو ْال ُم ْسلِ ِم ْين‬ ِ ‫ اَللَّهُ َّم ا ْغفِرْ لِ ْل ُم ْؤ ِمنِ ْينَ َو ْال ُم ْؤ ِمنَا‬. َ‫ق تُقَاتِ ِه لَ َعلَّ ُك ْم تُ ْفلِحُوْ ن‬
َّ ‫ فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتَّقُوْ ا هللاَ َح‬: ‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬. َ‫َج ِمي ِْع اَ ْع َمالِ ِه ْم َسالِ ِم ْين‬
َّ
‫ اَللهُ َّم ا ْدفَ ْع‬. ‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫ك اَ ْنتَ التَّوَّابُ الر‬ ْ
َ َّ‫ك اَ ْنتَ ال َّس ِم ْي ُع ال َعلِ ْي ُم َو تُبْ َعلَ ْينَا اِن‬ َ َّ‫ َربَّنَا تَقَبَّلْ ِمنَّا اِن‬. ‫ت‬ ِ ‫ت ْاألَحْ يَا ِء ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم َوا‬ِ ‫َو ْال ُم ْسلِ َما‬
‫َعنَّا ْال َغالَ َء َو ْالبَالَ َء َو ْال َوبَا َء َو ْالفَحْ َشا َء َو ْال ُم ْن َك َر َوال ُّسيُوْ فَ ْال ُم ْختَلِفَةَ َوال َّشدَائِ َد َو ْال ِم َحنَ َما ظَهَ َر ِم ْنهَا َو َما بَطَنَ ِم ْن بَالَ ِدنَا هَا َذا‬
َ ‫ َربَّنَا ءاتِنَا فِى ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َّو فِى الْ َءا ِخ َر ِة َح َسنَةً َّو قِنَا َع َذ‬. ‫ك َعلَى ُك ِّل َشي ٍْئ قَ ِد ْي ٌر‬
‫اب‬ َ َّ‫َان ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ عَا َّمةً اِن‬
ِ ‫صةً َو ِم ْن ب ُْلد‬ َّ ‫خَ ا‬
ْ ْ ‫هَّلِل‬ ْ
َ‫ار بِ َرحْ َمتِكَ يَا اَرْ َح َم ال َرا ِح ِم ْينَ َو ال َح ْم ُد ِ َربِّ ال َعالَ ِم ْينَ هلل َربِّ ال َعالَ ِم ْين‬ َ ‫أْل‬ ْ ْ
ِ ‫َار َو اَ ْد ِخلنَا ال َجنَّةَ َم َع ا ْب َر‬ ِ ‫الن‬
NO. 37
KHUBAH JUMAT ka 2. Oktober 2021
PAKEWUH POE KIYAMAT
‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن‬. َ‫َاخ ِرين‬ ِ ‫ض إِاَّل َم ْن َشا َء هَّللا ُ َو ُك ٌّل أَتَوْ هُ د‬
ِ ْ‫ت َو َم ْن فِي اأْل َر‬ ِ ‫الصُّور فَفَ ِز َع َم ْن فِي ال َّس َما َوا‬ِ ‫ َويَوْ َم يُ ْنفَ ُخ فِي‬:‫اَ ْل َح ْم ُد هلل ْالقَائِ ِل‬
َ ‫ اَللَّهُ َّم‬. َ‫ك لَهُ َشهَا َدةَ ْال ُم َجا ِه ِد ْينَ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا َونَبِيَّنَا ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ و ََرسُوْ لُه َشهَا َدةَ ْال ُم ِحبِّ ْين‬
ِّ‫صل‬ َ ‫اَّل اِلَهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اّل َش ِر ْي‬
‫ق تُقَاتِ ِه َو اَل تَ ُموْ تُ َّن‬ ُ َّ ْ
َّ ‫ فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتقوْ ا هللاَ َح‬: ‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬. ‫ْن‬Çَ ‫َو َسلِّ ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َّو َعلَى َءالِ ِه َواَصْ َحابِ ِه َو َم ْن تَبِ َعهُ ْم ِمنَ ال ُم ْهتَ ِدي‬
ِ ْ‫ت َو َم ْن فِي اأْل َر‬
‫ض إِاَّل َم ْن‬ ِ ‫ق َم ْن فِي ال َّس َما َوا‬ َ ‫ص ِع‬َ َ‫ور ف‬ ِ ُّ‫ َونُفِ َخ فِي الص‬: ‫ اَ ُعوْ ُذ بِاهللِ ِمنَ ال َّش ْيطَا ِن ال َّر ِجي ِْم‬. َ‫اِاَّل َو اَ ْنتُ ْم ُّم ْسلِ ُموْ ن‬
َ‫َشا َء هَّللا ُ قلى ثُ َّم نُفِخَ فِي ِه أُ ْخ َرى فَإ ِ َذا هُ ْم قِيَا ٌم يَ ْنظُرُوْ ن‬
" Jeung sangkakala ditiup, tuluy saniskara anu kumelendang di langit jeung di bumi teh
paraeh, kajaba saniskara anu dipikersa ku Alloh. Tuluy eta sangkakala teh ditiup deui, nya
ujug-ujug maranehna harudang weh, ngadarago". {QS. Az-Zumar, ayat 68}.
Hadirin Ahli Jum`at Rahimakumullah !
Kanjeng Nabi Muhammad SAW. ngadawuh anu pihartoseunana, kirang langkung
kieu: " Dina dinten kiyamat isukan, jalmi-jalmi bakal dikumpulkeun saperti hal na dintenan
dilahirkeun ku indung-indungna bari kaayaan tataranjang. Siti `Aisyah r.a. naros: ' Ya
Rasulullah ! pameget-pameget sareng istri-istri{pakumpul} ?' . Nabi SAW ngawaler: '
Leres' !. Siti `Aisyah nyarios: ' Atuh kacida isinna tiasa silih tingali kana gagaduhanana
{qubul dubur}'. Rasul SAW nyarios deui bari nepak taktak siti `aisyah: ' He putri Abu
Quhafah ! kasibukan jalmi-jalmi dina saat eta{poe qiyamat} teu aya kasempetan kanggo
ningali anu kitu, maranehna taranggah kalangit ngaradeg salami opat puluh taun teu tuang teu
ngaleueut, aya anu kesangna ngocor dugi kana sampenna, bitisna, lambutna, sareng aya anu
nepi kana biwirna, kaayaan kitu teh tina margi lamina ngadeg, teras para malaikat ngurilingan
`arasy, teras Gusti Allah miwarang nyalukan: ' Dimana ngaran fulan bin fulan !', sadayana
anu hadir luak lieuk ningalian jalmina, maka jalmi anu dicalukan ngurunyung kaluar
menghadep ka Allah, dimana-mana tos menghadep, maka dicalukan jalmi-jalmi anu pernah
dianiaya ku eta jalmi supaya kasaean jalmi anu ngadolim dipasihkeun ka jalmi anu
didolimna, margi saat eta teu aya pang mayar ku emas perak{artos}, maka jalmi-jalmi anu
didolim terus naragih ka jalmi-jalmi anu ngadolim dugika seep amal kasaeanna, upami tos
kitu maka kagorengan{dosa} jalmi anu didolim ditimpakeun ka jalmi anu ngadolim; lamun
tos beres balitunganana saterasna jalmi anu ngadolim dipiwarang mulang ka tempatna nyaeta
naraka Hawiyah, dina dintenan eta teu aya padoliman, saenyana Allah anu gancang pisan
hisaban jeung balesanana. Maka dina saat eta teu aya hiji Malaikat Muqorrobun, Nabi, Rasul,
Syahid, kajaba nyangka yen moal salamet kajaba lamun meunang perlindungan ti Allah".
Dina poe kiyamat Gusti Allah mutuskeun hukuman ka sadaya makhlukna, diantara
domba jeung sato-sato galak, sahingga domba anu teu tandukan dipasihan hak ngabales
domba anu tandukan, satuluyna saatos beres tungtutanana sadaya sato ku Gusti Allah
dipiwarang jaradi taneuh, maka dina waktu harita jalma kafir nyarita bari sasambat ngalengis
ُ ‫َويَقُو ُل ْال َكافِ ُر يَا لَ ْيتَنِي ُك ْن‬
‫ت تُ َرابًا‬
" Jeung jalama kafir ngalengis: ' Hayang teuing kaula jadi taneuh". { QS. An-Naba, ayat 40}.
– { Tanbihul Ghafiliin, kaca 18 }

Hadirin, Anu Mulya !


Salajengna Sahabat Ikrimah nyarioskeun: " Dina poe kiyamat hiji bapa nyekel anakna
bari nyarita: ' Kuring teh bapa anjeun waktu di dunya', maka eta anakna ngalem kahadean
bapana, eta si bapa nyarita deui: ' He anaking, ayeuna bapa peryogi tina ladang amal hade
anjeun najan saeutik, sugan ku eta kahadean ti anjeun bapa bisa salamet tina poe ieu
sakumaha anu katingal ku anjeun. Eta
si anak ngajawab: ' Bapa ! abdi oge sami nuju ngaraos sieun sakumaha anu ku bapa
dipikasieun. Tuluy eta si bapa nyarios kanu jadi bojona waktu di dunya, tapi jawabanana sami
saperti jawaban anakna. Hal ieu sakumaha dawuhan Gusti Allah dina QS Fatir, ayat 18
... ‫ االية‬... ‫ع ُم ْثقَلَةٌ إِلَى ِح ْملِهَا اَل يُحْ َملْ ِم ْنهُ َش ْي ٌء َولَوْ َكانَ َذا قُرْ بَى‬
ُ ‫َوإِ ْن تَ ْد‬
" Jeung upama anu beurat dosana nyambat menta dipangnanggungkeun beungbeuratna, moal
bisa dipangnanggungkeun saeutik oge, sanajananu disambatna teh barayana anu deuket".
Dina pada banget ripuhna mayunan balitungan poe kiyamat jalma kafir hayang buru-
buru dibereskeun najan kana narakaeun, Rasulullah SAW ngadawuh:

ِ َّ‫ك ْاليَوْ ِم َحتَّى يَقُوْ َل يَا َربِّ اِرْ َح ْمنَا َولَوْ اِلَى الن‬
‫ار‬ َ ِ‫اِ َّن ْال َكافِ َر لَي ُْل َج ُم بِ َع َرقِ ِه ِم ْن طُوْ ِل َذال‬
" Saenya-enyana jalma kafir bakal diliputan tina kesangna tina sabab lilana eta poe, nepika
manehna nyarita: ' Gusti, pikanyaah abdi sanajan kedah kana naraka' ".
Kitu diantara sapalih kajadian pakewuhna poe kiyamat anu dijelaskeun dina Al-
Qur`an sareng dawuhan kanjeng Nabi Muhammad SAW.. { Tanbihul Ghafiliin, kaca 18-19 }
Muga-muga jadi paringetan kanggo urang sadaya sangkan dina hirup kumbuh ayeuna
leres-leres dibarengan ku kaimanan sareng kataqwaan ka Allah SWT., aya dina kaberes-
roesan jeung sasama, sangkan jaga dina balitungan isukan lungsur-langsar, ditulungan ku
Allah SWT. sanaos sapalih pitulungna teh tina wasilah {cukang lantaran} ayana syafa`at
Kanjeng Nabi Muhammad SAW. kalayan idzin Allah SWT. Aamiin !.
ِ ‫ت اِنَّهُ هُ َو ْال َغفُوْ ُر الر‬
‫َّح ْي ُم‬ ِ ‫بَا َركَ هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم َولِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِم ْينَ َو ْال ُم ْسلِ َما‬
KHUTBAH KA II
ِ ‫اَ ْل َح ْم ُد هلل الَّ ِذيْ نَحْ َم ُدهُ َونَ ْست َِع ْينُهُ َونَ ْستَ ْغفِ ُرهُ َونَعُوْ ُذ بِاهللِ ِم ْن ُشرُوْ ِر اَ ْنفُ ِسنَا َو ِم ْن َسيِّآ‬
‫ اَ ْشهَ ُد اَ ْن اَّل اِلهَ اِاَّل هللاُ َوحْ َدهُ اَل‬. ‫ت اَ ْع َمالِنَا‬
: ‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬.ِ ‫صلِّ َو َسلِّ ْم َعلَى َسيِّ ِدنَا ُم َح َّم ٍد َّو َعلَى َءالِ ِه َواَصْ َحابِه‬ َ ‫ اَللَّهُ َّم‬.ُ ‫ك لَهُ َو اَ ْشهَ ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا َونَبِيَّنَا ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ و ََرسُوْ لُه‬ َ ‫َش ِر ْي‬
ْ‫ح‬
‫ت األ يَا ِء‬َ ْ ْ ْ ْ ْ ْ
ِ ‫ت َوال ُمسلِ ِمينَ َوال ُمسلِ َما‬ ْ ْ ْ ّ َ ُ ْ َ ‫اَّل‬ ُ ُ
ِ ‫فَيَا ِعبَا َد هللاِ اِتقوْ ا هللاَ َحق تقاتِه َو ت ُموْ تن اِ َو انت ْم ُّمسلِ ُموْ نَ اللهُ َّم اغفِ لِل ُمؤ ِمنِينَ َوال ُمؤ ِمنَا‬
ْ ْ ْ ْ‫ر‬ ْ َّ َ ‫اَل‬ َ َّ ُ َّ
‫ك اَ ْنتَ التَّوَّابُ ال َّر ِح ْي ُم َربَّنَا َءاتِنَا فِى ال ُّد ْنيَا َح َسنَةً َّو فِى‬ َ َّ‫ك اَ ْنتَ ال َّس ِم ْي ُع ْال َعلِ ْي ُم َو تُبْ َعلَ ْينَا اِن‬ ِ ‫ِم ْنهُ ْم َو ْاألَ ْم َوا‬
َ َّ‫ت َربَّنَا تَقَبَّلْ ِمنَّا اِن‬
َ ْ ْ َ
َ‫ك يَا ارْ َح َم ال َرا ِح ِم ْينَ َو ال َح ْم ُد هلل َربِّ ال َعال ِم ْين‬ َ ِ‫ار بِ َرحْ َمت‬ َ ‫أْل‬ َّ ْ ْ
ِ ‫َار َو ا ْد ِخلنَا ال َجنةَ َم َع ا ب َْر‬ َ ِ ‫اب الن‬ َ ‫ْال َءا ِخ َر ِة َح َسنَةً َّو قِنَا َعذ‬
َ

You might also like