You are on page 1of 7

‫َالَّس اَل ُم َع َلْي ُك ْم َو َرْح َم ُة ِهللا َوَبَر َكاُتُه‬

‫الحمدهلل الذى قدرنا من اهل االقتداءفى االهتداء وتوفقنا بطلب العلم‬


‫لصحة االخرة والدنيا والصالة والسالم على سيدنا محمد وعلى اله‬
‫وصحبه اجمعين‬.

‫َف َق ْد َقاَل ُهللا َتَع اٰل ى ِفى اْلُق ْر آِن اْلَع ِظ ْي ِم َوُهَو َأْصَد ُق اْلَقاِئِلْيَن َأُع ْو ُذ ِباِهلل ِم َن‬
‫ الَّش ْي َطاِن الَّرِج ْي ِم ِبْس ِم ِهللا الَّرْح ٰم ِن الَّرِح ْي ِم‬:
‫قد افلح المؤمنون الذىن هم فى صال تهم خا شعون‬.

‫ الصالةمعراج المؤمنين‬: ‫َو َقاَل الَّنِبُّي َص َّلى ُهللا َع َلْي ِه َوَس َّلَم‬.

‫اما بعد‬

Ti payun saba'da ngahaturkeun salam, tawis ciri kaislaman, ya'ni lafad


‫ السالم َع َلْي ُكم‬oge tawis nyata ka agamaan, puja dan puji urang
sandarkeun ka Allah robbul izzati, oge puja urang sandarkeun ka
Allah azza wajalla, ucapan syukur anu kapihatur, urang sandarkeun ka
Allah anu robbul ghofur.

Shalawat ma'a salamna, pamugi tetep dilimpah curahkeun ka sosok


anu mulya, sayyidul mursalin wasayyidil alamin tegesna habibana
wanabiyyana wakarimana wamaulana muhammad saw.
Oge henteu hilap ka para kulawargina ka para sohabatna oge ka urang
sadayana salaku umatna anu mudah-mudahan kenging
Syafa’atul’udzma ti mantenna engkin di Yaumil qiyamah. aamiin yrb.

ngahaturkeun nuhun kapanata cara panjajap waktos anu parantos


masihan waktos kanggo simkuring kanggo cumarios dina ieu waktos

anu kusimkuring dipihormat pengurus yayasan misbahul khoer


purwakarta, wabilkhusus
‫ اقول‬, ‫ َاْلَع اِلُم َاْلَع اَّل َم ُة َص اِح ُب اْلَف ِض ْي َلِة َو الَّس َع اَدِة‬، ‫َش ْيُخَن ا اْلُم َك َّرُم َو اْلُم َك َّرَم ُة‬
‫ ونفعنا بعلومكم فى الدارين امين يا رب‬،‫لكم نفع هللا بطول حيتكم‬
‫العلمين‬.

teu kakantun anu kusimkuring dipihormat para asatid wal asatidah


misbahul khaer anu lam yudzkar ismuhu teu tiasa disebatan namina
hiji hiji nanging teu ngirangan kana rasa hormat simkuring ka
marantena, oge teu hilap ka ibu ibu ahli pangaosan rutinitas dinten
ahad kalih para ibu ibu sepuh wali santriyyin wa santriyat sinareng
hormateun simkuring ka aparatul pemerintah anu sami² hadir di ieu
majlis kanggo nyaksikeun ieu acara kalayan nyandak maksad kanggo
ngagungkeun sareng miemut kana diisrokeun sareng dimirojkeun
nana kn.muhammad saw. pamugi kempel ngariungna urang dina ieu
sa'atul mubarokah aya dina wuwuhan kalih maghfiroh allah
swt.aamiin yrb.

oge teu kacatur rasa kabingah sareng kadedeh ka para santriyin wa


santriyat anu mudah mudahan elmu na manfaat.
pamugi naon rupi hal anu kuaranjenna di perjuangkeun sinareng
dikorbankeun pamugi aya dina kabarokahan, kaberhasilan sinareng
kaistikomahan dina hal kasaean.aamiin yrb.

maasyirol muslimin wal muslimat rahimakumullah


ngadegna simkuring dina ieu saah teu aya sns bade ngadugikeun
sakedik mauidzotul hasanah kalayan nyandak tema kautamian shalat.

hadirin walhadirot rahimakumullah


sateacan nyarioskeun kana kautamiannana shalat simkuring bade
ngadugikeun heula hikayat kawit ayana eta shalat
buu..iraha sih ari dongkapna piwarangan shalat anu 5 waktos teh?
teu aya sns buu nyaeta dina waktos kajantenan anu kalintang agungna
nyaeta dina waktos diisrokeun sareng dimi'rojkeun nana kanjeng nabi
muhammad saw.
Margi tidinya awalna piwarangan shalat anu 5 waktos...
isro mangrupikeun perjalanan ti masjidil harom dugi ka masjidil....
tabih teu bu..? tebih bu kinteun² kana 1200 km , cobi ibu pami 1200
km kinteun² ti bojong dugi kamana bu? Tebihh buu ka malaysia ge
dugi, mangga bilihna penasaran cobian ukur kunyalira...
anu intinamah teu cekap ku perjalanan saked..dap.
kanjeng nabi dina waktos wengi² di dongkapan ku malaikat jibril
sareng malaikat mikail dicandak kanjeng nabi kacaket gigir kabah
teras dibelah dadana kanjeng nabi teras di wasuh manahna ku cai
zam² 3kali wasuhan teras dilebetan ku hikmah sareng iman...
anu janteun pertarosannana ku naon manahna kanjeng nabi anu
diwasuh? naha sns usus atanapi ginjalna?anu ngagaduhan peran
penting dina metabolisme tubuh? anu secara biologis mah langkung
kotor sareng tempat ngalangkungna tuangeun, atanapi alat pencuci
anggota tubuh anu snsna anu janteun jalur kotoran kanggo jalmi?
walerannana nyaeta manah jalmi mah eta hal anu langkung penting
dina salirana jalmi. manah eta kanggo metabolisme kaimanan sareng
katakwaan.
sapertoskeun pilot bu manahmah naha disarupikeun sareng pilot naon
hubunganna ibumah teu ngartos? sami
margi ibaratkeun pilot teh dinapada eta manah sok ngarahkeun kana
spritualna jalmi, sareng kualitas spritual eta sacara langsung
nangtoskeun mangaruhan kana tingkah laku sosial hiji jalmi.

sakumaha dina hadits :


" ‫ِإَّن ِفي اْلَجَس ِد ُم ْضَغ ًة ِإَذا َص َلَح ْت َص َلَح اْلَجَس ُد ُك ُّلُه َو ِإَذا َفَس َد ْت َفَس َد‬
‫"اْلَجَس ُد ُك ُّلُه َأَال َو ِه َى اْلَق ْلُب‬

" tina jasad jalmi aya sagomblong getih, sagumpal getih pami
sagumpal getih eta sae maka tiasa ngiring sae sadayana jasadna.
nanging pami gumpalan eta awon maka tiasa janteun reksak sadayana
jasadna. eta gumpalan teh nyaeta manah "

dugi ka pentingna eta manah malihan janteun perkawis anu


nangtoskeun salirana jalmi dugi ka kanjeng nabige ngadauh mintalah
fatwa pada hatimu margi manahmah buu moal tiasa ngabohong leres
teu bu? margi manahmah tempat cicingna ruh anu esensina bersih
sareng suci anu janteun kekuatan anu aya dina lebet manah.
sok sanaos lambey urang nyarios bohong nanging tetep dina lebet
manah mah teu tiasa dibohongan...leres teu bu?

kukituna anu kajantenan dina salira kanjeng nabi eta simbol kanggo
umatna. rehing manah teh eta anu pangpayunna kedah di rawat
ngelehkeun kana anggahota anu sns, nyehatkeun manah sareng
ngarias manah eta langkung penting tinimbang ngarias pamenteu
sapertoskeun skincarean make upan anu kandelna dugi ka berlapis²
margi hyg katinggal gelis...
nanging tangtosna saena manah, bersihna manah eta langkung utami
leres teu bu?

hadirin rahimahullah
kanjeng nabi anu dima'sum tina sadayana lepat sareng dosa sanaos teu
kedah dibelah oge dadana sareng diwasuh manahna tetep kn. Mah
bersih tina do..dosa
teras kumaha urang bu anu sadidinteun midambelan dosa, sakinteun
pami teras ditobatan mah kumaha pami ieumah hnt...
kukituna cara ngajagi manah urang teh supados teu ngotoran eta
manah nyaeta kucara kedah nebihan 4 perkawis...naon hiji²na?
1. hasad 2. riya 3. ujub 4. takabur

Kn. Di belek dadana margi eta diantawis hikmahna nyaeta kanggo


persiapan... margi kan saleresna salirana jalmi mah moal tiasa kanggo
naek kaluhur langit, sapertoskeun kabulan oge kan buu kedah gaduh
bekel leres teu? Kedah aya oksigen aya perlengkapan anu
canggihnyaa margi moal kiaten pami teu dibekelan mah, eta nembe
kabulan buuu.
Makana allah nyiapkeun persiapan kanggo kn. Teh nyaeta ku
syafrussodr pembelahan dada
Saparantosna kitu kn. Shalat di masjidil harom 2 rokaat tapi shalatna
sapertos shalatna nabi ibrahim a.s wallahu alam kumahanya tata cara
shalatna, anu tangtosnamah aya etangan rokaatan duka aya ruku
sujudan atanapi hntnamah Wallahualam margi ti awal ayana islam eta
tos aya shalat bu, shalatna dua rokaat enjing² sareng dua rokaat
pasosonteun. Saparantosna shalat kitu kn. Dicandak kaluar ti masjidil
harom tegesna di candak kaluar ti pelataran luar kabah teras kn di
tingalikeun aya hiji kendaraan tegesna tunggangan nyaeta burok anu
warnana bodas semu ka konengan anu bentukna langkung alit
tinimbang kuda sareng langkung ageng tinimbang keledai, burok eta
gaduh sayap sareng maktubaainain kaserat dina taarna lailahaillallah
muhammadurrasulullah, dina waktos kn. Bade naek kana burok,
burok eta alimeun nunduk sareng sapertos anu alim ditaekan maka
malaikat jibril nyarios ya buroq urqub wahai burok tungkul anjeun
fainnahu layarqabu kaahsan min hadza anjeun moal tiasa di
tunggangan deui ku makluk anu langkung mulya tinimbang anjenna
nyaeta nabi muhammad anu namina aya dina taar anjeun...maka
buroq eta isinen teras nunduk teras naek kn. Kana buroqna...
Dina waktos kn. Ditaekeun kalangit paningalina kn. Hnt sapertos
jalmi sapertos urang, nanging paningalina sapertos paningalina para
malaikat...emang kumaha paningalina malaikat?..urang kan margi
tiasa ninggal teh bu margi aya cahaya pami malaikatmah hnt kitu
makana kn. Ngadauh albaitulladzi yuqro fihil quran tataro ali
ahlissama kama tataroannujum liahlil ard bumi anu diaoskeun aosan
alquran eta katinggal caang kanggo malaikat penghuni langit sapertos
katinggalna bintang² dina waktos wengi kanggo penghuni planet
bumi jntn kanggo malaikat siang atanapi wengi teu aya bentenna
ninggal bumi..margi teu aya caritana buu malaikat anu tukang nyatet
amal teu tiasa nyatet kana amal jalmi margi poek ... Ahh engkin deui
we nyatetkeun amalna pami tos caang ayenamah poek teu katinggal
nya moal kitu leres teu buu...makana bu kn.ninggal aya tempat anu
caang di bumi nyaeta anu dibuminateh diaoskeun aosan al..qur'an.

maasyarol muslimin rahimakumullah

kn. Angkat kana burok kanggo menempuh perjalanan ka masjidil


aqso sakumaha dina syiiran
‫ كما سرى بدرفى دج من الظلم‬# ‫سرايت من حرام ليال االقصاء‬
kanjeng nabi diisrokeun
kawit ti masjidil harom
dugi ka masjidil aqso
kalayan berjalan wengi
kanjeng nabi kaya bulan
dina angkatna wengina
dina cepet berjalanna
teu aya bandingannana

Singkat cariosan saparantosna transit dibabaraha tempat maka dugi ka


masjidil aqso..saparantos di masjidil aqso singkat cariosan shalat kn.
sarta dihadiran ku para malaikat, anbiya, rasul, jin sareng jalmi.
masjidil aqso dilegakeun ku allah kanggo ngahurmat ka kn. dugi
kapara nabi rasul sadayana mangrupikeun ruh iwal nabi isa sareng
nabi idris . sadayana shalat diimaman ku kn.muhammad saw.

singkat cariosan saparantosna shalat maka miroj kn. kalangit dugi ka


langit ka 7 tilangit ka 7 diteraskeun ka sidratilmuntaha naek deui ka
arasy kasinggasanana allah kanggo beraudensi langsung sareng allah.
dina sapalih qaol aya anu nyarioskeun rehing percakapan allah sareng
kn. teh sapertos kieu wahai muhammad ari langit eta anu saha?
dauh kanjeng nabi nu gusti
ari eta arsy nu saha?nu gusti
ari sidratul muntaha eta nu saha? nu gusti
ari bumi anu ku salira di tincak eta nu saha? nu gusti
ayena kaula bade naros ari anjeun anu saha?
dina waktos ditaros anjeun anu saha langsung pingsan kanjeng nabi
teu lami tidinya ngadauh allah qum ya muhammad irfa rosaka gugah
hei muhammad teras gugah kn. teras ditaros deui ku allah ari anjeun
anu saha? dauh kn. sami wae anu gusti, saness saur allah maka
pingsan dugi ka 3 kali uihan bu kalayan waleran allah, "saness, sns nu
kaula anjeun mah"
Maka ngadauh kn. teras anu saha? anjeunmah anu umat anjeun..
da ari nyarios anjeun anu kaulamah etamah tadi ge tos dicarioskeun
langit nu kaula, arasy nu kaula, sidratul muntaha nu kaula, bumi nu
kaula anjeun ge tangtos nu kaula nanging anjeun teu di angkeun anu
kaula nanging anu umat anjeun..
umat anu mana anu ngamilik kakaula? umat anjeun anu sok maos
shalawat tah eta anu memiliki anjeun mah...
saur kr. sabaraha maos shalawat ya gusti dugi ka kaula diangkeun nu
umat, cekap sakali dauh allah..ibu maos shalawat sakali oge di angken
keun bahwa kn. teh anu urang, atuh sadayana anu hadir didieu ge
umat kn.
margi cekap ku sakali maos shalawat, nanging sakalina maos
shalawatna ngangge nurani pami maos shalawat berarti emut ka allah
emut kamalaikatna allah emut kakitabna emut ka piwaranganna emut
kana wagelanna maka tiasa diangkeun janteun umatna kn.

yaallah yarabbi pami abdi ieu nu umat abdi kumargi maos shalawat
sareng naon deui dugi ka abdi teh anu umat abdi sahingga umat teh
anu gusti? saur gusti allah farodtu alaika waala ummatika khomsina
shalatan ieu oleh² tikaula bentukna shalat nyaeta shalat anu kawitna
50 janteun 5, ning naha dioleh²an shalat ya gusti allah?
saur gusti allah pami anjeun isro sareng miroj melalui burok umat
anjeun mah bakal tiasa isro walmi'roj melalui shalat...
Makana dina hadits kn.ngadauh
‫الصالةمعراج المؤمنين‬
Ari shalat eta mi'rojna jalmi mu'min...makana pantes pami urang nj
gundah gulana pusing ku urusan dunia maka solusi cara
nenangkeunana ku shalat euuhh raoseun atuh bu pami urang tos
kecanduan anu namina shalat dugi ka tos sns dianggap jntn kawajiban
deui nanging tos dianggap shalat teh eta kaperyogian..
Pami urang hyg ditebihkeun tina kaawonan² hyg ditebihkeun tina
pamungkaran² maka jalan hiji²na nyaeta ku shalat nanging shalatna
tangtosna kedah anu leres. Sakumaha allah ngadauh dina alquran inna
shalata tanha anil fahsa iwal mungkar saleresna shalat eta nyegah tina
fahsa sareng mungkar...
Ibu siap rajin shalat ? InsyaAllah...

Hadirin rahimahullah

Waktu demi waktu sudah berlalu tanpa terasa perpisahanlah yang


sudah menunggu kukituna urang candak wae kasimpulannana
Kahiji

You might also like