You are on page 1of 2

Inyoman Raditya

XII IPS 2

BUDAYA NYAWAH URANG SUNDA

Nyawah, ngawulukuUrang Sunda nu dumuk di pilemburan, pakasabanana


umumna kana tatanen. Ari tatanen anu poko nyaeta melak pare. Baheula mah ilaharna
ngahuma, nyaeta melak pare di lamping atawa di pasir ku cara diaseuk.

Ayeuna mah geus langka anu ngahuma teh da leuweungna oge geus teu aya.
Melak pare ayeuna mah di sawah, disebutna nyawah. Kaasup tatanen poko nyawah teh,
da ari tatanen nu sejenna mah, upamana bae melak sampeu atawa palawija, kaasup
kana pagawean sambilan, minangka panayelang tina melak pare.

Prak-prakan nyawah te ngawengku sababaraha tahap. Pagawean anu munggaran


ngabaladah, nyaeta nyacar jarami atawa jujukutan nu aya dina kotakan sawah. Geus
kitu tuluy macul, malikkeun taneuh ku pacul ngarah bagian taneuh anu suburna aya di
luhur. Rengse macul ditema ku ngawuluku, nyaeta ngancurkeun taneuh beunang macul
make parabot wuluku atawa singkal.

Maksudna ngarah taneuh anu rek dipelakan pare jadi ledok. Wuluku teh dijieunna
tina kai, digunakeunana sok ditarik ku munding. Ayeuna mah geus loba patani
ngagunakeun traktor, minangka gaganti wuluku.
Samemeh macul ilaharna patani sok sasadiaan binih pare heula. Melakkeun binih
pare (gabah) disebutna tebar. Ilaharna tebar teh dina babaladon, nyaeta kotakan anu
panglendona. Lamun umurna geus cukup, binih pare teh dirabut pikeun dipelakkeun
dina kotakan sawah.

Sanggeus ngawuluku, tuluy ngangler, ngararata taneuh. Geus kitu mah kari tandur,
nyaeta melakkeun binih pare dina kotakan sawah tea. Engke lamun pare geus jadi,
jujukutan nu milu jaradi kudu diberesihab, disebutna ngarambet. Rengse dua atawa tilu
kali ngarambet mah kari nungguan usum panen.

Baheula mah matak resep lamun geus cunduk usum nyawah teh, pangpangna
lamun geus tereh usum panen. Pasawahan jadi haneuteun. Barudak oge milu digawe,
tunggu manuk di saung sawah. Dina mangsa pare geus koneng mah manuk teh sok
ngabubuhan datangna, ngadon macokan pare.

Nu matak patani sok nyarieun kenca, tali anu dipasang ranteng ka ditu ka dieu bari
dirarawisan ku kaen bubututan. Tungtung kenca teh ditalikeun kana kokoprak dijieun
tina awi saruas, dibeulah sarta ditihangan. Upama tali kenca dicentok, kokoprak teh
disada gogoloprakan.

Aya oge anu nyieun bebegig, jejelemaan anu ditancebkeun di tengah sawah. Boh
kenca boh bebegig, maksudna sarua pikeun nyingsieunan manuk. Ayeuna mah geus
teu kitu, bubuhan prak-prakan nyawahna geus robah. Dina ngala pare upamana,
baheula mah ngagunakeun etem, tuluy ranggeuyan pare teh ditalian disebutna
digeugeus.

Pare geugeusan teh sok digaringkeun (disangsangkeun) dina lantayan. Ayeuna mah
ngalana geus beda deui, tangkalna dibabad tuluy digebot ngarah buah parena muruluk,
engke tuluy diwadahan kana karung. Nu matak lamun sakalieun aya nu nanyakeun hasil
panen teh ayeuna mah tara ku ukuran geugeus, tapi ukuran karung, da gabahna tea
diwadahan make karung.

Aya deui aliran penca Cikalong. Penca Cikalong mah leuwih anyar lamun
dibandingkeun jeung Cimandé. Mimiti nyebarna kira-kira abad ka-19 ahir. Tokohna
nyaéta R. Jaya Perbata atawa R.H. Ibrahim. Anjeunna urang Cikalong Cianjur, nu matak
disebut aliran Cikalong gé. Saméméhna kungsi guguru heula ka daérah séjénna
diantarana ka Aténg Alimudin urang Jatinagara.

You might also like