You are on page 1of 2

Artikel Kasenian daerah pasundan

Indonesia teh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daerah. Saban seler

bangsa, anu nyicingan rebuan pulo di Indonesia, mibanda kabudayaan sewang-sewangan.

Diantarana, kasenian daerah.

Naon ari kasenian daerah teh? Tangtu bae kasenian anu lahir sarta hirup di daerah. Ieu

kasenian teh perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa banda bangsa anu gede ajenna.

Kasenian daerah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain bae ku seler bangsa anu

nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian daerah teh mangrupa unsur pangwangun

kasenian nasional.

Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat teh geus jadi kasenian nasional.

Lain bae urang Sunda nu mikaresep jaipongan teh, tapi oge dipikaresep ku seler bangsa sejen.

Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk beja,

urang mancanagara oge loba nu mikaresep.

Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda teh pohara lobana. Ieu kasenian anu sakitu lobana

teh kiwari nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi ngadenge ngaranna bae.

Ari pangna terus muguran teh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana. Kanyataan ieu teh

puguh matak pohara handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan

kakayaan bangsa anu gede ajenna?


Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal ngaran-

ngaranna, heunteu apal janggelekna oge. Ku sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu

masih hirup boh anu kungsi hirup.

Geura urang tataan, diantarana bae, wayang golek, jaipongan, cianjuran, angklung, calung,

kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, reog, longser,

lais, debus, ubrug, ujungan, dombret, kawih, gending karesmen, bangbarongan, jeung gondang.

Eta teh karek sabagian leutik, dah ceuk beja kasenian Sunda anu kungsi hirup teh leuwih ti tilu

puluh rupana.

Moal boa, di seler bangsa sejen oge mibanda kasenian anu kawilang loba sarta geus loba

deui nu paehna. Lamun ti hiji seler bangsa, sebut bae, mibanda tilu puluh kasenian, pek kalikeun

ku hidep. Enya maksud teh, kalikeun jeung jumlah seler bangsa nu aya di Indonesia. Leuh, pohara

beungharna Indonesia teh.

You might also like