You are on page 1of 3

1. Novel mangrupa karya sastra wangun….

a. Drama
b. Wawacan
c. Carita
d. Puisi
e. Prosa
2. D
3. D.K. Ardiwinata
4. (1) karangan fiksi
(2) tokohna loba
(3) alurna teu ngarancabang
(4) latarna laluasa
(5) tokohna saeutik
Nu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaéta....
a. 1,2,3
b. 2,3,4
c. 1,2,4
d. 3,4,5
e. 1,3,5
5. w
6. Pesen nu rék ditepikeun ku pangarang dina novel disebut….
a. tema
b. amanat
c. puseur sawangan
d. galur
e. papatah
7.
8. Novel nu eusina nyaritakeun kahirupan jaman baheulana. Galur nu digunakeun dina éta
novel nya éta….
a. mundur
b. campuran
c. méréle
d. Mobok tengah
e. Maju
9. But-bat jalan nu dibalay ku batu walungan. Lebah nu nanjak, diéntép batu-batu lémpar
mangrupa séngkéd. Kénca-katuhueunna dipelakan rupa-rupa tutuwuhan. Pager puring
dapuran hanjuang. Tangkal soka tangkal culan, tingrunggunuk caringin kurung jeung
tangkal tanjung. Ditata diréka-réka, lir patamanan di Sawargamaniloka. (dicutat tina
Perang Buabat, karangan Yoséph Iskandar).
Cutatan di luhur leuwih dominan ngandung unsur....
a. téma
b. plot
c. amanat
d. palaku
e. latar

10. Ari Aom Usman téh nya éta putra hiji ménak gedé sarta beunghar. Anjeunna téh masih
bubujangan kénéh, tapi enggeus bumen-bumen. Ari Aom Usman téh nya éta putra hiji
ménak gedé, anjeunna keur kaédanan ku Nyi Rapiah anak Haji Abdul Raup urang pasar.
(dicutat tina Baruang Ka Nu Ngarora, karangan D.K. Ardiwinata).
Cutatan di luhur leuwih dominan ngandung unsur....
a. Téma
b. Plot
c. Amanat
d. Palaku
e. Latar
11. Pasanggrahan supa amayak alun-alun Bubat diranggeum simpéna peuting. Bulan di langit
kalimpudan mega bodas ayang-ayangan. Cihcir peuting patémbalan jeung caricangkas.
Koréak tingkocéak disenggakkan ku kukkeukna buek. (dicutat tina Perang Buabat,
karangan Yoséph Iskandar).
cutatan di luhur leuwih dominan ngandung unsur....
a. latar waktu
b. latar tempat
c. puseur sawangan
d. palaku jeung karakterna
e. suasana
12. Erom banget ngarasa bingung. Ras deui inget yén Jamhur sobatna, atawa sakurang-
kurangna ungsi jadi sobat, lain waé dina mangsa perang révolusi, tapi deuih ti jaman keur
budak kénéh. Naha aing téga hianant ka manéhna? Erom tumanya ka dirina sorangan.
(dicutat tina Kakarén Révolusi, karangan Tatang Sumarsono).
cutatan di luhur téh dominan ngandung unsur....
a. latar waktu
b. téma
c. puseur sawangan
d. palaku jeung karakterna
e. amanat
13. Mimiti wawuh jeung kusdinar téh ti kelas dua SMA, basa kulawargana kakara mulang ka
Bandung lantaran ramana ditarik ti luar negeri pikeun nyepeng jabatan di Kementrian
Luar negeri Jakarta. Kulawarga Kusdinar kagungan bumi di Jalan Cipaganti Bandung, ari
raman bulak-balik Bandung-Jakarta ngantor. (dicutat tina Kabungbulengan, karangan
H.D. Bastaman).
Mun ditilik tina alurna, cutatan di luhur téh alurna....
a. mérélé
b. mundur
c. maju mundur
d. mobok tengah
e. jelas alurna
14. Kuring nyuuh kana méja. Dalapan taun kuring jeung manéhna babarengan hirup téh.
Dalapan taun kuring jeung manéhna sakanyeri sakapeurih téh. Ayeuna, manéhna geus
dipundut ku Nu Kagungan. Kamari mah asa geus rék cageur. (dicutat tina Pipisahan,
karangan RAF).
Ditilik tina puseur sawanganana, cutatan di luhur téh maké puseur sawangan....
a. jalma kadua
b. jalma kalima
c. jalma kahiji
d. jalma kaopat
e. jalma katilu
15. sajeroning ngabebenah nagrina, Sang Bunisora Suradipati kungsi meunang lalayang
lontar ti Prabu Hayam Wuruk Bré Majapait, nu eusina ngiberan, yén Majapait bakal
ngirimkeun wadiabala angkatan lautna ka Pulo Suwarnadwipa, kalawan bakal ngaliwatan
sagara wilayah Nagri Sunda. Maksudan ngabéjaan heula téh taya lian, sangkan jurit-jurit
sagra Nagri Sunda ulah salah sangka, ulah ngagempur angkatan laut Majapait. Prabu
hayam Wuruk nandeskeun na lalayang lontarna, Majapait tetep tigin kana jangji, hayang
diaku dulur ku Nagri Sunda. (dicutat tina Watu Kancana, karangan Yoséph Iskandar).
Téma anu merenah luyu jeung gambar cutatan novel di luhur nyaéta....
a. sosial
b. agama
c. sajarah
d. cinta
e. pulitik

You might also like