You are on page 1of 15

This post was republished to LOCALHOST at 12:01:05 AM 2/24/2020

MAPEL : BAHASA SUNDA


1 Tarjamahan kalimat “Orang-orang berhamburan karena takut oleh
harimau yang mengamuk membabi buta” nya eta ....
A jalma-jalma lalumpatan sieuneun maung nu ngamuk lir bagong
bayangan
B jalma-jalma kabur burantakan sarieuneun maung nu ngamuk
nguwak-ngawik
C jalma-jalma paburiak sarieuneun maung nu ngamuk nguwak-
ngawik
D jalma-jalma nyingray sarieuneun manung nu ngamuk lir bagong
bayangan
E jalma-jalma tingkoceak sarieuneun ku maung nu ngamuk ka ditu
ka dieu
2 Nyelang balik hayang nepungan kolot bari sakalian ngalongok
bebene, hoyong jonghok. Kecap nepungan sarua hartina ....
A manggih
B manggihan
C papanggih
D pinanggih
E papanggih
3 (1) Caritana lain tina kahirupan sapopoe
(2) Biasana caritana tina kahirupan sapopoe
(3) Teun ngandung unsur-unsur pamohalan
(4) Kaasup karya sastra modern
(5) Kaasup karya sastra buhun
A 1, 3, jeung 6
B 1, 4, jeung 5
C 2, 3, jeung 4
D 2, 3, jeung 5
E 3 jeung 5
Hiji poe Si Kabayan jalan-jalan, tuluy Si Kabayan manggih tanggal
nangka di kebon batur. Nangka na geus aya nu asak nu matak
Si Kabayan kabitaun. Terekel we atuh naek kana tangkal nangka,
Nangka nu geus asak tea diala, terus dipurak diluhur tangkalna.
Basa Si Kabayan keur ngadahar nangka meunang malingh,
kapergok ku nu bogana.
4 Dongeng si Kabayan di luhur kaasup dongeng....
A parabel
B fabel
C babad
D picontoheun
E sasakala
5 Aksara anu ngabogaan sora vokal dina aksara Sunda disebut ....
A aksara ngalagena
B konsonan
C aksara swara
D aksara hirup
E aksara kagabga
6 Es lilin mah Ceuceu kalapa muda
Dibantunmah mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi
Judul kawih di luhur nyaeta ...
A Es lilin
B Sukajadi
C Bubuy bulan
D Duriat
E Kalapa muda
7 Laporan kagiatan teh kudu di konsep heula sok sanajan ditepikeun
sacara ringkes, alesanna nyaeta .....
A supaya ringkes
B mundel
C supaya gampang nyarita
D supaya ngaguluyur sistematis
E supaya teu poho
8 Perhatikeun babagian di handap ieu !
(1) Salam
(2) Babasan
(3) Bubuka
(4) Eusi
(5) Panutup
Dumarsa kana babagean di luhur, struktur wawancara anu bener
nyaeta ....
A (1)jeung (2)
B (1), (2) jeung ((3)
C (4) jeung (5)
D (3), (4) jeung (5)
E (1), (3) jeung (5)
Doa
(Haturan Pa Otto Iskandar Dinata)
Ku : Apip Mustopa
Jungjunan
Pangnangkeupkeun eta nyawa
Nu indit taya nu nanya
Taya tapakna di dunya
Angin
Pangusikkeun pangeusi buana
Yen aya satria nu perlaya
Di wewengkon langit Sunda

9 Kecap wewengkon dina sajak di luhur miboga harti....


A budaya
B daerah
C desa
D kabengharan
E adat istiadat
10 Rasa nu diebrehkeun dina sajak Doa nyaeta ....
A kamelangan
B katugenahan
C kasedih
D kasono
E kakeheul
Assalamualaikum warohmatulloh wabarokatuh.
Hadirin rohimakumulloh
Langkung ti payun ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan
kana kasumpingan Ibu, Bapa, sareng kadang wargi sadaya
Kasumpingan pangersa sadaya seestuna janten tanaga lahir
sinareng batin anu pohara ageungna kanggo sim kuring dina
enggoning bade lalampahan ka Tanah Mekah al Mukaromah
11 Biantara di luhur teh ditepikeun dina acara....
A walimatul khitan
B walimatussafar
C walimatul urus
D upacara ngunduh mantu
E nujuh bulan
12 Euis bubuka biantara di luhur teh nya eta ....
A muji sukur ka Pangersa
B ngahaturkeun nuhun
C menta dihampura
D menta diduakeun
E maca solawat ka kangjeng nabi
13 Metode biantara anu disebut impromptu, nyaeta metode ...

A langsung
B naskah
C variatif
D ngapalkeun
E perwakilan
14 Ulah bosen aro diajar teh, sok sing leukkeun da moal burung bisa,
geuning ceuk paribasa ge ...
A banda tatalang raga
B cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legog
C balumbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan
D uyah mah tara tees ka luhur
E unggut kalinduan gedag kaanginana
15 Salahsahiji pancen panumbu catur, nyaeta ....
A nepikeun masalah
B ngajawab pananya ti pamilon
C mantuan nulis
D ngawanohkeun dirina
E Ngawanohkeun pangjejer
16 Hadirin sadaya, kanggo urang mah tos teu bireuk deui ka Bapk
Anwar Munawar teh. Anjeunna ahli dina widang basa jeung sastra
Sunda. Supados langkuh wanoh deui, simkuring baris ngadugikeun
riwayat hidup Bapak Drs. Anwar Munawar . Bapak Anwar teh kawit ti
Ciamis namung dibabarkeun di Ciawi ..... jeung saterusna
Ungkaea di luhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu ....
A ngawanohkeun MC
B ngahaturanan pangjejer medar materi
C ngawanohkeun pangjejer
D narik kacendikan tina sawala
E nutup sawala
Beo Botak
Manuk beo nu Mang Obed alus pisab, buluna hideung meles.
Sorana ngoncrang, pinter ngabaceo deuih. Bisa nurutan sagala
kekecapan ku nkaddenge ku manehna. Unggal poe eta beo sok
dikencarkeun tina kurungna.
17 Perhatikeun carita carpon di luhur !
Manuk beo nu Mang Obed teh ....
A alus pisan buluna bodas mejes sorana ngoncrang pinter ngobrol
B alus pisan buluna hejo meles, sorana ngoncang, pinter ngagibah
C alus pisan, buluna hideung meles , sorana ngagerebeg, pinter
ngabaceo
D culamis pisan, buluna hideung meles, sorana ngoncrang pinter
ngabaceo
E alus pisan, buluna hejo meles, sorana ngoncrang pinter ngobrol
Harewos keur Indung
Ti barang kuring dihirupkeun dina rahim indung, ti harita
saenyana kuring sawadina jadi mahkluk. Na anu kudu sukur
nikmat, Indung mangrupa “janggelekna” muara kahirupan
Mantenna pikeun umat-Na. Mun teu aya indung, tinangtu moal
aya kahirupan di dunya. Indungteh “mediator” anatara Mantenna
jeung manusa
18 Carpon di luhur intina mangrupa ....
A indung teh mediator antara Mantenna jeung manusa
B kabagian indung teh nalika anak gelar ka dunya
C mangsa geus bisa hirup sorangan
D mulang tarima ka indung
E jenggelek indung
19 Bedana novel jeung carpon di antarana ....
A carpon bisa beres ku sakali maca
B novel mah karya fiksi, ari carpon mah karya nonfiksi
C carpon caritana leuwih panjang jeung kompleks tibatan novel
D carpon jeung novel caritana sarua panjangna
E carpon sok aya dina koran, sedengkeun novel mah sok
dibukukeun
20 Di handap ieu sawantara hal anu ilaharna kaasup kana eusi biografi,
iwal ....
A ngaran tempat, titimangsa jeung kulawarga
B cita-cita jeung pangalaman atikan
C kaayaan jeung harta benda nu dipiboga
D pangalaman gawe jeung organisasi
E prestasi nu kungsi kacangking
Iwa Kusuma Sumantri
Iwa Kusuma Sumantri mangrupakeun salahsahiji pahlawan
nasional jeung menteri pertahanan dina era Presiden Soekarno.
Anjeuna lahir di Ciamis, 31 Mei 1899. Satamatna ti OSVIA (Opleiding
Scholl Voor Indische Ambltenaren), diteruskeun ka Recht School
(Sakola Hukum) di Jakarta nepika tamat dina tahun 1921.
Sataun sanggeus lulus, neuleuman deui elmu hukum di Universitas
Leiden, Walanda. Anjeunna nu nngagagas istilah “ Proklamasi”
pikeun ngaganti istila “Maklumat” nu samemehna dipake ku
21 Soekarno
Teks di luhur teh eusina ngenaan....
A biografi Iwa Kusuma Sumantri
B otobiografi Iwa Kusuma Sumantri
C Iwa Kusuma Sumantri samemeh jadi rektor
D kahirupan Iwa Kusuma Sumantri
E tempat asrama Iwa Kusuma Sumantri
22 Iwa Kusuma Sumantri neuleuman elmu hukum di ....
A UPI Bandung
B Universitas Sebelas Maret
C Universitas Padjadjaran
D OSVIA
E Universitas Leiden, Walanda
23 Mun urang rek nulis karangan eksposisi, aya sawantara cara anu
bisa dilaksanakeun dihandap ieu, iwal ....
A netepkeun pasualan atawa perkara nu rek ditulis
B nyusun raraga atawa rangkay karangan
C mikiran pijuduleun nu mata kataji
D ngumpulkeun bahan atawa data ti unggal sumber
E nulis daftar patalekan
24 Nepi ka kiwari interpretasi Utuy ka dua tokoh dongeng titinggal
kahurun Sunda teh tacan aya nu ngabantah. Hartina tacan acan nu
lian anu mere interpretasi orisinal boh ngeunaan si Kabayan boh
ngeunaan Sangkuriang.
Kecap interpretasi leuwih merenah lamun dihartikeun ....
A apresiasi
B tapsiran
C anggapan
D pamanggih
E kritik
25 Prosesi perkawinan adat Sunda teh dianggap ngagaduhan pesen
kaabadian jeung kabahagian. Di handap ieu aya sababaraha prosesi
acara upacara adat Sunda, iwal....
A narosan
B sawer
C muka panto
D nincak endog
E ngalepas sapasang japati
26 Di handap ieu silsilah dina pawayangan Mahabarata, Nakula jeung
Sadewa mangrupakeun putra tina pasangan ....

A Dewi Gendari jeung Destaraka


B Dewi Kunti jeung Pandu
C Dewi Madrin jeung Pandu
D Dewi Subadra jeung Arjuna
E Dewi Utari jeung Abimayu
27 Di handap ieu ditataan sawantara hal anu sarua antara dongeng
jeung carita wayang, iwal ....
A sok kapanggih hal-hal anu pamohalan atawa teu asup akal
B ngandung nasehat, papatah jeung pieunteungen pikeun nu
macana
C awal sumebarna secara lisan, tatalepa ti hiji jalma ka jalma
sejenna
D disusun mangrupa carita
E Palakuna bisa jalma, sato jeung buta atawa mahkluk sejenna
28 Nu teu ka asup struktur atawa babagian resensi, nyaeta ....
A bubuka
B eusi
C panutup
D judul
E piwuruk
29 Di handap ieu kalimat nu ngagunakeun kecap pangantet, nyaeta ....
A di mana Bapa nyimpen kantong teh ?
B dibawa ku saha atuh, nya buku teh ?
C kana tangkal nangka kuring naik
D ti imah Bu Nina abdi mah
E ti putri Pa Ajat kamari nikah
(keur kiti ujug –ujug aya sora ngabeledug, siga sora pestol mu
dibekaskeun. Nu cocorowokan ngadadak jempe, bari reuwas
jeung silih pelog)
Mang Pengki :”saha nu wayah kieu nyengeut lodong euy?”
Aki Ursin : “sing bener siah Pengki, lodong atawa pestol?”
Urang lembur : (bareng) “pestoooollll????
30 Drama di luhur nyaritakeun ....
A urang lembur anu keur cocorowokan rek ngademo Pa Camat,
tapi tuluy balubar lantaran ngadenge sora pestol
B budak dicarekan ku indungna, pedah ulin pepetasan
C Pagawe kacamatan nyanghareupan urang lembur anu demo
D sekwilmat jadi sasaran kaambek urang lembur nu daremo
E Urang lembur demo, tapi Pa Camatna taya di tempat
31 Nyi Iteung nyampeurkeun Kabayan nu keur sasarean di bale
hareupeun imah. Kecap bale sarue hartina jeung ....
A golodog
B tepas
C teras
D palupuh
E paranggong
32 Nyi Iteung, pamajikan Kabayan teh keur kakandungan ngora.
Manehna teh nyiram hayang pisan nangka, tapi si Kabayan nu
dasarna kebluk, tara daek ngala nangka. Dina hiji isuk, Nyi Iteung
nyampeurkeun Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.
Cutatan drama di luhur disebutna....
A prolog
B epilog
C monolog
D dialog
E solilokul
33 Di handap ieu mangrupakeun lengkah-lengkah dina nyungsi
bahasan Sunda , iwal ....
A nangtukeun tema
B nangtukeun topik jeung judul
C nangtukeun tujuan bahasan
D nangtukeun bahan jeung milah-milah
E nangtukeun kasimpulan jeung saran
34 Perhatoskeun pernyataan di handap ieu !
1. Bahasan deskripsi
2. Bahasan narasi
3. Bahasan ilmiah
4. Bahasan kesehatan
5. Bahasan bisnis
Dumarsa parnyataandi luhur, bahasan anu ditilik dumarna kana
eusina nyaeta nomor ....
A 1 jeung 2
B 2 jeung 5
C 3 jeung 4
D 1 , 2 , jeung 3
E 3 , 4, jeung 5
35Perhatoskeun kecap di handap ieu !
1. Rajah
2. Narasi
3. Dialog
4. Miang
5. Mulang
Dumarsa kana kecap di luhur, anu kaasup kana srtuktur dina carita
pantun, nyaeta nomor ...
A 1 jeung 2
B 4 jeung 5
C 1 jeung 3
D 1 , 2 , jeung 3
E 3 , 4 , jeung 5
36 Bagian dina drama anu nembongkeun robahna kajadian carita,
umpamana ganti setting disebut ....
A babak
B dialog
C monolog
D pituduh
E adegan
37 Doa atawa jampe nu biasana dilagukeun, memeh prak mantun
supaya salamet lahir batin, salamet nu ngalalakonkeun, salamet nu
nanggapna disebut .....
A juru pantun
B kacapi
C rajah pamuka
D rajah panutup
E dalang
38 Bagean guneman dina carita pantun kabagi kana dua bagean,
nyaeta ....
A panjang jeung pondok
B hade jeung goreng
C resmi jeung teu resmi
D dialog jeung monolog
E jauh jeung deukeut
39 Nu kacelukNagara Galuh Pakuan kaceluk nagara mamur, kawentar
murah sandang murah pangan. Rajana anu wijaksana serta adil
palamarta, kakasihna Sang Permana di Kusuma.
Kagungan dua prameswali, anu sepuh jenenganana Naganingrum,
anu anom Dewi Pangrenyep jenenganana.Hanjakal, sang Raja teu
acan kagungan putra.
Nagara nu kaceluk nagara makmur nyaeta ....
A Pajajaran
B Galuh Pakuan
C Sunda
D Kutai
E Banten
40 Prameswari anu sepuh jenenganan nyaeta ....
A Sunan Ambu
B Naganingrum
C Purbasari
D Purbadewata
E Dewi Pangrenyep

KUNCI JAWABAN
1 C 11 B 21 A 31 D
2 B 12 B 22 E 32 A
3 D 13 A 23 E 33 E
4 A 14 A 24 C 34 A
5 C 15 E 25 C 35 D
6 A 16 C 26 C 36 A
7 D 17 C 27 D 37 C
8 D 18 A 28 E 38 D
9 B 19 E 29 A 39 B
10 A 20 C 30 A 40 B

You might also like