You are on page 1of 8

YAYASAN ATTA’AWUN SUKARESMI

SEKOLAH MENENGAH ATAS

SMA-IT ATTA’AWUN
Kp. Pasirkawao Ds/Kec. Sukaresmi Kab. Garut 44163 Telp. (0262) 4706128 Email : smaitatta’awun@gmail.com Website :
http//www.ypiattaawun.blogspot.com

PENILAIAN AKHIR TAHUN ( PAT )


TAHUN PELAJARAN 2019/2020
LEMBAR SOAL

MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDA HARI / TANGGAL :


KELAS :X PUKUL :

I. Pilihlah salah satu jawaban yg tepat.

1. Siswa : Nurutkeun bapa tarekah naon sangkan rumaja teu kalibet kana narkoba?
Narasumber : Barudak salaku generasingora kudu di didik ku ajaran agama sangkan
kandel kaimananna.Apal kudu apal narkoba the haram anu di larang ku
agama jg Pamarentah,sebab bisa ngaruksak mental jeung runtuhna
negara.
Wacana paguneman di luhur the ka asup kana waangun….
a) Rapat
b) Biantara
c) Wawancara
d) Sawala
e) Debat
2. Naon anu jadi jejer utama dina wacana di luhur?
a) Narkoba
b) Generasi ngora
c) Sakola
d) Ngadidik rumaja
e) Ajaran Agama
3. Di handap anu teu kaasup kana nyarita wangun dialog nyaeta….
a) Wawancara
b) Rapat
c) Paguneman
d) Pidato
e) Debat
4. Ceuk Narasumber dina wawancara di luhur pikeun narekahan sangkan barudak teu ancrub
kana narkoba kudu,iwal….
a) Dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga.
b) Apaleun yen narkoba barang haram
c) Diatik ku ajaran agama
d) Narkoba alus ikeun kasehatan
e) Ngaruksakna mental jeng runtuhna nagara
5. Nyarita dina wawancara mah lumangsung dua arah,nyaeta….
a) Aya nu nanya aya nu ngadengekeun
b) Aya nu nanya aya nu jawab
c) Masing masing jalma nanya
d) Nu di Tanya meunang nanyakeun deui
e) Nu ditanya malikan nanya deui
6. Hal hal anu dianggap perlu disadiakeun samemeh wawancara ,kajaba…
a) Keur kaperluan naon
b) Saha nu rek ditanya
c) Naon wae anu kudu ditanyakeun
d) Nyiapkeun babawaan pikeun nu ditanya.
7. Jalma nu mere informasi atawa jalma nu di wawancara di sebut..
a) Narasumber
b) Pangjejer
c) Panumbu catur
d) Moderatot
e) Panata acara
8. Sawatara hal anu kudu dilaksanakeun waktu wawancara nyaeta,iwal….
a) Make basa nu merenah
b) Nyatetkeun informasi penting anu di tepikeun ku narasumber
c) Menta duit ka narasumber lantaran tos di wawancara
d) Leuwih hade ngarekam hasil wawancara
e) Basa anu sopan
Persoalan Putri Harisbayajeung Pangeran Geusan Ulun nu ngajadikeun perselisihan
antara Cirebon jeung Sumedang Larang,nu akhirna Cirebon ngajorag Sumedang Larang tapi
teu nepi kana sasaran kusabab di hadang pasukan Sumedang Larang nu di pinpin ku
senopati Eyang Jaya Perkosa .
Konon sebelum Embah Jaya Perkosa ngahadang pasukan Cirebon,anjeunna melak
tangkal hanjuang di Kutamaya terus ninggalkeun amanat;’Lamun tangkal hanjuang masih
seger tandana kuring masih hirup jeung ulah ninggalkeun Kutamaya’.
Kacaturkeun Eyang Jaya Perkasa pisah jeung katilu dulurna.salah sahiji dulurna nu
ngaranna Nangganan ngirana Eyang Jaya Perkosa tos perlaya di pangperangan.
Akhirna tilu sadulur balik deui ka Kutamaya pikeun mere saran Pangeran Geusan
Ulun supaya mindahkeun pemerintahan Sumedang ka Dayeuh Lujur anu paling strategis
pikeun ngahadang Cirebon.
9. Dongeng di luhur ka asup kana jenis dongeng…..
a) Sasakala
b) Fabel
c) Mite
d) Babad
e) Parabel
10. Palku utama dina dongeng di luhur nyaeta….
a) Nangganan
b) Ratu Harisbaya
c) Eyang Jaya Perkosa
d) Pangeran Cirebon
e) Pangearan Geusan Ulun
11. Naon sababna Babad ka asup kana dongeng
a) Sabab eusi caritana logis
b) Sabab eusina ngandung unsur pamohalan
c) Sabab ngandung unsur sajarah
d) Sabab aya pangarangna
e) Sabab sumebarna sacara lisan
12. Carita Babad di luhur nyaeta….
a) Karajaan Demak
b) Karajaan Sumedang larang
c) Karajaan Siliwangi
d) Karajaan Cirebon
e) Gerbang Karajaan Demak
13. Nu jadi bukti ayana aksara sunda dina jaman karuhun sunda baheula nyaeta….
a) Prasasti
b) Naskah dongeng
c) Surat pribadi
d) Catetan Budaya
e) Batu Tatapakan
14. Kecap maca buku upama di tulis dina aksara sunda wangunna….
a) .
b) .
c) .
d) .
e) .
15. Aksara sunda sok di sebut oge aksara….
a) Aksara hanacaraka
b) Aksara kaganga
c) Aksara datasawala
d) Aksara abatasa
e) Aksara Sanghyang
16. Aksara Vokal dina aksara sunda jumlahna
a) 5
b) 6
c) 7
d) 8
e) 9
17. Disebut aksara sunda kaganga lantaran….
a) Asalna tina Prasasti Kawali
b) Abjadna dimimitian ku lambing ka,ga,nga
c) Mangrupa aksara nu dianggap asli Sunda
d) Beda jeung aksara sunda Cacarakan
e) Meunang nyokot tina rarangken
18. Aksara nu ngabogaan sora vocal dina aksara sunda disebut….
a) Aksara ngalagena
b) Konsonan
c) Aksara Swara
d) Aksara hirup
e) Rarangken
19. Aya sababaraha aksara nu ampir sarua,iwal…
a) Ka jeung sa
b) Ba jeung nya
c) Ja jeung da
d) Ha jeung na
e) Sa jeung xa
20. Rarangken anu gunana pikeun ngarobah vocal/a/jadi /i/nyaeta…
a) Panghulu
b) Panyecek
c) Panglayar
d) Panyuku
e) Panyiku
21. Panglayar gunana pikeun….
a) Nambahan konsonan/+r/Nulisna handapeun aksara dasar
b) ,, /+t/ ,, luhureun ,,
c) ,, /+r/ ,, tukangeun ,,
d) ,, /+r/ ,, hareupeun ,,
22. Rarangken anu di tulisna handapeun aksara dasar nyaeta…
a) Pangwisat
b) Paneleng
c) Panyuku
d) Paneuleung
e) Panolong
23. Paneuleung meh sarua wangunna jeung…
a) Paneleng
b) Pamepet
c) Panolong
d) Panyuku
e) Pangwisat
24. Anu gunana pikeun ngaleungitkeun sora vocal aksara dasar anu miheulaanna nyeata…
a) Pangwisat
b) Panyiku
c) Pamingkal
d) Pamaeh
e) Panglayar
25. Kecap Prabu Siliwangi Raja Pajajaran upama di tulis dina aksara sunda wangunna….
a) .
b) .
c) .
d) .
e) .
26. Kalimah Sampurna nyaeta
a) Kalimah anu sakurang kurangna jejer jeung caritaan
b) Kalimah anu di wangun ku jejer jeung caritaan wungkul
c) Kalimah anu di wangun ku unsur utama nyaeta keterangan
d) Kalimah anu teu merlukeun objek
e) Kalimah anu ukur caritaan wungkul
27. Mana kalimah anu diwangun ku jejer,caritaan jeung keterangan
a) Kamarimah hujan meni gede
b) Tukang sayur mah sok balanja rebun rebun keneh
c) Bapa nuju maos koran di teras
d) Otong nutupan panto mani di jablogkeun
e) Ani gering
28. Kalimah mana anu diwangun ku jejer,caritaan,objek nyaeta
a) Barudak mah tos arulin di walungan Cimanuk
b) Pasar Cigasong the rek dipindahkeun taun2017
c) Mimin keur ngumbah piring di pancuran
d) Anak hayam the keur macokan beunyeur
e) Dodo keur ulin ka sawah
Ka saha kudu nyebut Ema?
Ka saha kudu nyebut Apa?
Estuning hese jeung sieun
Tileuleutik ,kuring can pernah
Diparende ku Ema
Di akod ku Apa
Estuning Teteh jeung Aa
Nu unggal poe di calukan
Naha kuring teu sarua jeung batur
Hayang jajan menta ka Ema
Hayang cocoan lumpat ka Apa
Naha kamana jeung dimana
Ari Ema jeung Apa
Ngadenge beja Ema jeung Apa teh
Tos tilar dunya.
29. Eusi sajak diluhur nyaritakeun,Iwal….
a) Hiji budak nu teuapal indung jeung bapa
b) Hiji budak nu di tinggalkeun ku indung bapana
c) Hiji budak nu indung bapana tilar dunya
d) Hiji budak anus ok diparende ku Ema
e) Hiji budak nu sok di akod ku bapa
30. Rasa anu kagambarkeun tina sajak di luhur,nyaeta….
a) Melang
b) Sedih
c) Bagja
d) Waas
e) Hariwang
31. Numutkeun sajak di luhur,saha nu sok dicalukan teh…
a) Bibi jeung Ema
b) Teteh jeung Aa
c) Ema jeung bapa
d) Nini jeung Aki
e) Ema jeung Teteh
32. Kecap dicalukan the ngandung harti….
a) Dipentaan
b) Dibaturan
c) Digeroan
d) Diajakan
e) Ditinggalkeun
33. Ebrehan jiwa anu di antarana bae katembong sacara fisik dina paroman(mimic) jeung pasang
peta(gestur) di sebut
a) Wirahma
b) Ekspresi
c) Nada
d) Rasa
e) Vokal
34. Ancad gancangna dina maca sajak disebut
a) Wirahma
b) Ekspresi
c) Nada
d) Rasa
e) Lenyepan
35. Gambaran anu karasa,kadenge,katenjo anu rek diebrehkeun dina sajak disebut
a) Wirahma
b) Imaji
c) Suasana
d) Simbol
e) Jejer
36. Kecap anu ngandung harti saujratna di sebut
a) Kecap Konotati
b) Kecap Denotatif
c) Kecap Kiasan
d) Kecap Langsung
e) Kecap teulangsung
37. Di handap ieu mangrupa manfaat tina ngagalantangkeun sajak,iwal…
a) Ngalatih kawanter
b) Ngalatih ekspresi
c) Bisa ngaapresiasi sajak
d) Sangkan puitis
38. Istilah ikeun buku nu eusina mangrupa kumpulan karangan sajak di sebut
a) Antologi Sajak
b) Kliping
c) Tesis
d) Kumpulan puisi
e) Kumpulan sajak
39. Gaya basa anu mapandekeun barang paeh kana barang hirup/anu kalakuanna siga jelema di
sebut
a) Gaya basa mijalma(Personipikasi)
b) Gaya basa ngupamakeun
c) Gaya basa alegori
d) Gaya basa kadalon
e) Gaya basa sindir
40. Di antara gaya basa nu aya di handap nu ka asup gaya basa mijalma nyaeta
a) Sora suling melas melis lir ngagerihan hate nu keur sedih
b) Lumpatna Tarik kawas peucangS
c) Ajat mah henteu sagala bisa siga lanceukna
d) Peso teh meunang ngasah matak seukeut
e) Loba nu nyeri hate ku manehna mah sabab omonganna sok seukeut bae

II. Jawab pananya di handap ieu ku jawaban anu merenah!

41. Hal hal naon wae anu kudu di perhatikeunmun urang rek ngawawancara?
42. Sebutkeun nu ka asup carita Babad minimal 5!
43. Sebutkeun unsur intrinsic dongeng Babad!
44. Salin kana aksara sunda paribasa ieu ”Elmu tungtut dunya siar sukan sukan
sakadarna”
45. Jieun sajak nu temana kanyaah indung!

You might also like