You are on page 1of 7

1. Tarjamahan tina Agul ku payung butut nyaeta ...

A. Sombong dengan silsilah keluarga atau keluarga sendiri


B. Keluarga yang punya payung sudah butut
C. Sombong oleh payung butut
D. Punya payung yang butut
E. Bahagia punya payung
2. Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok
aya nu nyebut ...
A. Alih basa.
B. Alih kecap
C. Alih kalimah
D. Alih omonga
E. Alih carita
3. Carita anu wangunn pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur
pamohalan disebutna
A. Dongeng
B. Carpon
C. Sketsa
D. Biografi
E. Fiksimini
4. Laporan jurnalistik mah ilaharna di tulis ku………
A. Panalungtik
B. Siswa
C. Guru
D. Wartawan
E. Penyiar
5. Rumpaka kawih teh saenyana mah sarua jeung sajak pedah sok dihaleuangkeun.Ieu
di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur lahir rumpaka kawih,nyaeta
A. Tema
B. Tipografi
C. Gaya basa
D. Purwakanti
E. Imaji
6. Es lilin mah,aduh kalapa muda
Dibantun mah ,geuning,ka Sukajadi
Abdi isin,geuning samar kaduga
Sok sieun mah,aduh henteu ngajadi

Lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina,lagu “Es Lilin”teh di susun
dina wangun…..
A. Paparikan
B. Rarakitan
C. Wawangsalan
D. Papantunan
E. Tatarucingan
7. Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeunkecap pananya 5W+1 H, anu
ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap……
A. Naon,mana,saha,ku saha,naon sababna,kumaha
B. Mana,di mana,saha,ku saha,naon sababna,kumaha
C. Saha,naon,iraha,dimana,naha,kumaha
D. Saha,ku saha,ti saha,di saha,ka saha,keur saha
8. Dina aksara Sunda lamun rek nulis angka, kudu dihapit ku…..
A. Dua gurat condong
B. Dua gurat ajeg
C. Kekenteng
D. Kurung siku
E. Kurung kurawal
9. Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang
sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng
ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad SAW.
Paragrap di luhur ka asup kana...
A. Panutup biantara
B. Bubuka jeung panutup biantara
C. Eusi biantara
D. Bubuka biantara
10. Struktur biantara anu bener nyaeta…..
A. salam pamuka, mukodimah, jeung eusi
B. bubuka, eusi jeung panutup
C. bubuka, eusi jeung salam panutup
D. salam pamuka, eusi jeung salam panutup
E. salam panutup, bubuka jeung eusi
11. Dumasar kana sipatna sisindiran dibedakeun jadi tilu rupa,nyaeta….
A. Paparikan,rarakitan,wawangsalan
B. Piwuruk,sesebred,silih asih
C. Cangkang,eusi,wangsal
D. Wawangsalan,tatarucingan,paparikan
E. Tatarucingan,wawangsalan,rarakitan
12. Di handap cara-cara numbu catur atawa mingpin rapat iwal……………
A. Panumbu catur perlu merhatikeun tatacara sopan santun protokoler di hiji
daerah
B. Omongan panganteur kana kagiatan diskusi alusna mah singgeut tapi jelas
C. Ngarumuskeun hasil anu bisa di tarima ku sakumna pamilon
D. Perlu miboga sikep objektif tur tumarima (terbuka) ka sakur pamilon
E. Omongan panumbu catur bisa ditarima ku para pamilon
13. Anu ngatur acara dina kagiatan disebut…
A. Pamilon
B. Panata
C. Panata calagara
D. Panata acara
E. Panata raga
14. Wanda debat anu sok di pasanggirikeun atawa di lombakeun,nyaeta debat….
A. Pasanggiri
B. Kompetitif
C. Parlemen
D. Anggota legislatif
E. Kusir
15. Ieu di handap sawatara pancen pangjejer dina debat,nyaeta….
A. Nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan anu di debatkeun
B. Nempas atawa mairan pamadegan ti pangjejer sejen anu teu sapaham
C. Ngagugu kana aturan anu di tepikeun ku panumbu catur
D. Ngatur lancar henteuna debat ti mimiti nepi ka rengse
E. Ngajejeleh panumbu catur jeung kelompok pangjejer sejena
16. Gagasan anu ngadadasaran kana carpon,pesen anu hayang ditepikeun ku
pangarang ka anu macana di sebut…
A. Puseur sawangan
B. Amanat
C. Galur
D. Palaku
E. Tema
17. Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana
ngarancabang (kompleks) di sebut…..
A. Carpon
B. Cartibag
C. Hikayat
D. Dongeng
E. Novel
18. Tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma,disebut….
A. Geografi
B. Monografi
C. Biografi
D. Leksikografi
E. Paleografi
19. Pupuh anu mindeng di pake dina guguritan, kaasup Sekar Ageung nyaeta…
A. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
B. Kinanti, Sinom,Maskumambang,Dangdanggula
C. Kinanti, Mijil, Asmarandana, Maskumambang
D. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
E. Kinanti, Sinom,Magatru, Asmarandana
20. Minangka karangan panjang dina wangun pupuh,wawacan the sok di
haleuangkeun. Ngahaleuangkeun wawacan the di sebutna….
A. Mantun
B. Nembang
C. Ngawih
D. Ngabeluk
E. Nadoman
21. Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih
dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat,disebutna….
A. Folklor
B. Budaya
C. Tradisi
D. Etika
E. Tatakrama
22. Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu ngajentrekeun hiji
perkara,tehnik nulis pedaran ku cara neangan jeung medar ciri-cirina eta perkara
atawa barang disebut tehnik….
A. Identifikasi
B. Klasisifikasi
C. Definisi
D. Ilustrasi
E. Proses
23. Ngeunaan tipe jeung gaya kapamingpinan Sunda bisa kapanggih dina naskah…
A. Sanghiyang Siksa Kandang Karesian
B. Amanat Galunggung
C. Sewaka Darma
D. Carita Ratu Pakuan
E. Darmajati
24. Jalma anu sok ngamaenkeun wayang disebutna….
A. Dalang
B. Sinden
C. Halok
D. Juru kawih
E. Juru mamaos
25. Carita Bharatayudha kaasup tina salah sahiji bagian carita wayang…..
A. Ramayana
B. Arjuna Sasrabahu
C. Mahabarata
D. Dewa Ruci
E. Jagal Bilawa
26. Anu disebut Putra panengah Pandawa teh nyaeta
A. Yudistira
B. Bima
C. Arjuna
D. Sadewa
E. Nakula
27. Hal-hal anu teu ka asup kana unsur-unsur resensi nyaeta…..
A. Nuliskeun identitas buku
B. Medar ngeunaan eusi buku
C. Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran eusi buku
D. Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku
E. Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun balarea
28. Ngajen atawa meunteun kana hiji karya,saperti buku,film atawa pintonan drama
jeung musik(konser),disebutna
A. Apresiasi
B. Ekpresi
C. Resensi
D. Esey
E. Kritik
29. Hal hal anu henteu kaasup kana cara-cara dina nepikeun kritik,nyaeta…
A. Kaunggulan jeung kahengkeran di tepikeunna kudu saimbang atawa
proposional
B. Kudu sopan dina ngedalkeun ka teu panuju atawa ka teu sugema
C. Tembongkeun rasa resep atawa teu resep sawajarna
D. Singkahan jejer atawa pasualan nu sipatna pribadi
E. Bisa ngan nepikeun kahengkeran atawa kagorengan anu di kritik
30. Bagean tina ulikan sastra anu nyaritakeun kalawan langsung karya sastra saperti
nganalisis,napsirkeun,jeung ngajen karya sastra,disebutna….
A. Apresiasi sastra
B. Ekspresi sastra
C. Kritik sastra
D. Esey sastra
E. Artikel sastra
31. Karya sastra dina wangun paguneman(dialog) di antara para palakuna,kalawan
dibarengan ku katerangan – katerangan sejena nu di butuhkan pikeun kaperluan
pintonan (pagelaran) disebutna…..
A. Teater
B. Pilem
C. Drama
D. Sinetron
E. Gending karesmen
32. Anu henteu kaasup kana unsur-unsur drama nyaeta,….
A. Pertelaan palaku
B. Prolog jeung eiplog
C. Babak jeung adegan
D. Candraan
E. Wirahma
33. Sanip : Buru lalaunan,lalauanan!!!
Ajen : Buru bantuan,lain lalaunan-lalaunan!
Sanip: Sip atuh,urang gancang asupkeun kana karung!
Ajen : Bawa tuh katel jeung sosodok!

Cutatan di luhur dina naskah drama Kaasup kana bagean……


A. Babak
B. Adegan
C. Epilog
D. Prolog
E. Dialog
34. Dina pagelaran Drama bagean nerangkeun kaayan latar,suasana,palaku,kajadian
jeung nu liana,disebutna…
A. Candraan dina awal babak
B. Prolog jeung epilog
C. Pertelaan palaku
D. Babak jeung adegan
E. Paguneman
35. Di Desa Bojongsoang ribut yen aya garong nu sok ngararad sakurnu aya
hareupeunana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa newak eta
garong….
Cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagean …..
A. Pertelaan palaku
B. Prolog
C. Epilog
D. Babak
E. Adegan
36. Karangan anu di susun pikeun ngebrehkeun pamadegan nu nulis kana hiji
fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika nu tangtu,disebutna…
A. Esey
B. Artikel
C. Pedaran
D. Makalah
E. Skripsi
37. Anu ngabedakeun pedaran jeung artikel teh,diantarana wae,nyaeta….
A. Panjang pondokna karangan
B. Alus gorengna basa nu digunakeun
C. Eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah
D. Aya henteuna daftar rujukan
E. Wangun huruf atawa font anu di gunakeun
38. Anu henteu ka asup unsur-unsur dina artikel
A. Judul
B. Alinea bubuka
C. Alinea panandes
D. Alinea pamungkas
E. Alinea panambah
39. Dina sastra Sunda pantun teh mangrupa carita panjang, ari dina sastra Indonesia
mah pantun teh sarua jeung ………………dina sastr Sunda
A. Sisindiran
B. Wawangsalan
C. Pupujian
D. Tatarucingan
E. Paparikan
40. Mantra anu di papatkeun ku samemeh disebutna….
A. Jampe
B. Ajian
C. Rajah
D. Singlar
E. Jangjawokan
Esey

Jawab kalayan singget tur jentre


41. Nama Ibu saya Rinda Rindu Sadewi, lahirnya di Limbangan 01 Agustus 1979. Ibu
saya memiliki badan yang langsing, tinggi, dan memiliki kulit putih. Rambutnya
panjang dan ikal dengan mata bulat dan ada lesung pipi di kedua pipinya yang
tirus.

Tarjamahkeun paragraf di luhur kana basa Sunda kalayan jentre!

42. Lengkepan wawangsalan di handap ieu kalayan jelas kalimahna sarta luyu jeung
papagon nyieun wawangsalan,sarta teguh naon eusi tina wawangsalan ieu..!
Kembang bodas buah bunder
…………………...nya pipikiran

43. Jieun conto kalimah bubuka lamun kapeto jadi panumbu catur dina acara Debat
Siswa

44. Dina carita wayang Mahabarata aya nu disebut Pandawa Lima minangka lima urang
Satria Putra Pandu anu perang ngalawan Kurawa Putra Destrarasta. Tuliskeun saha
wae Satria nu disebut Panda Lima teh!

45. Aya tilu unsur nu kaasup kana struktur carita Pantun,naon wae tilu unsur struktur
carita pantun ?

You might also like