You are on page 1of 2

KHUTBAH JUM’AH

NOMOR Dikaluarkeun ku : TAUN

40 Seksi Bimas Islam


Kantor Kementerian Agama Kota Banjar
2022
an Agama Kota Banjar

'AH
BAGJA JALMI NU IMAN KA NABI

ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ
, ُ ‫ك احْلَ ُّق الْ ُمبِنْي‬ُ ‫ اَ ْش َه ُد اَ ْن الَّال هَ االَّ اهللُ الْ َمل‬. ِ ‫ب الْ ُم ْؤ ِمنِنْي َ بُِن ْو ِر اهْل َدايَ ِة َوالْيَقنْي‬ َ ‫اَحْلَ ْم ُد هلل الَّذى َن َّو َر ُقلُ ْو‬
, َ ‫ص لِّى َو َس لِّ ْم َعلَى َس يِّ ِد اْالَنْبِيَ ِاء َوالْ ُم ْر َس لِنْي‬ ِ ِ
َ َ‫ اَللّ ُه َّم ف‬. ُ ‫صاد ُق الْ َو ْعد اْالَمنْي‬
ِ ‫واً ْشه ُد اَ َّن حُم َّم ًدا عب ُده ورسولُه‬
َ ُ ْ ُ َ َ ُ َْ َ َ َ
ُ‫ اَعُ ْوذ‬.‫َّاس اَِّت ُقوا ااهللَ َح َّق ُت َقاتِِه َوالَ مَتُْوتُ َّن اِالَّ َواَْنتُ ْم ُم ْس لِ ُم ْو َن‬ ِ ِ ِ ‫وعلَى اَلِِه و‬
ُ ‫ َفيَااَيُّ َهاالن‬:‫ اََّم َاي ْع ُد‬. َ ‫ص ْحبه اَمْج َعنْي‬َ َ ََ
ِ ‫ بِس ِم‬,‫ان ال َّر ِجي ِم‬
‫ ِإنَّ َما ۡٱل ُم ۡؤ ِمنُونَ ٱلَّ ِذينَ ِإ َذا ُذ ِك َر ٱهَّلل ُ َو ِجلَ ۡت قُلُوبُهُمۡ َوِإ َذا‬.‫اهلل ال رَّمْح ِن ال َّر ِحْي ِم‬ ِ َ‫الش يط‬ ِِ
ْ ْ ْ َّ ‫بِااهلل م َن‬
٢ َ‫تُلِيَ ۡت َعلَ ۡي ِهمۡ َءا ٰيَتُهۥُ زَاد َۡتهُمۡ ِإي ٰ َم ٗنا َو َعلَ ٰى َربِّ ِهمۡ يَت ََو َّكلُون‬
Hadirin Jamaah Jum’ah rohimakumulloh
Salah sawios rukun islam diantawisna nyaeta, ku ayana nyaksi yen henteu aya Pangeran salian ti Allah,
ngandung harti yen kapercayaan urang sadaya kana ayana Allah teh kedah dugi kana tingkatan nyaksian,
nyaeta tingkatan anu leuwih luhur tibatan percaya wungkul.

Ayana kasaksian teh, anu maksudna nyaeta saolah-olah urang sadaya ningali Allah, da ari nyaksian mah
kedah karaos ku pancaindra, ka tingal atawa kakuping atawa kaangseu, eta teh akibat atawa balukar tina
kapengkuhan iman anu tumanceb dina hate urang, balukar tina iman/percaya anu haqqulyaqin (anu
sabenerna), anu henteu mangmang sagede buuk salambar oge. Kayakinan anu sayakin yakinna dugi kana
tingkatan saksi, saolah-olah urang sadaya ningali Allah. Ieu teh anu disebat Ihsan.

Para hadirin sadaya anu sami mulya!


Undak-usuk kaimanan atawa kapercayaan haqqulyaqin teh nyaeta kedah dikawitan ku ngartos kana dalil-
dalil atawa tanda-tanda ayana Allah, nyaeta ayana ieu sakuliah alam anu henteu ujug-ujug bae, upami
henteu aya anu ngadamelna, nyaeta Allah Swt. Eta kaimanan tiasa ngandelan ku nyeueurkeun Dzikrulloh
(emut ka Gusti Allah), ku maos tahlil, Qur’an, tasbih, solawat sareng sajabana, anu balukarna tiasa
nambahan iman, jorojoy hate mikacinta/mahabah ka Allah atawa ngaraos sieun ku Manten-Na, Dzat anu
Mahakawasa, Maha gagah, Maha hebat siksaan-Na. Sakumaha pidwuh Nabi Saw:
)‫ِّد ْوااِمْيَانَ ُك ْم بِالَاِلهَ اِالَّاهللُ (رواه امحد واحلكم‬
ُ ‫َجد‬
Hartosna: “Maraneh kudu ngaweuteuhkeun iman maraneh ku maca: Laa Ilaaha Illallaah."
Sareng pidawuh Allah:
‫ ا‬11‫ تُلِيَ ۡت َعلَ ۡي ِهمۡ َءا ٰيَتُهۥُ َزا َد ۡتهُمۡ ِإي ٰ َم ٗن‬1‫وبُهُمۡ َوِإ َذا‬11ُ‫كِر ٱهَّلل ُ َو ِجلَ ۡت قُل‬ 1َ ُ‫ا ۡٱل ُم ۡؤ ِمن‬11‫ِإنَّ َم‬
َ ‫ون ٱلَّ ِذ‬11
َ ‫ين ِإ َذا ُذ‬
َ ُ‫َو َعلَ ٰى َربِّ ِهمۡ يَتَ َو َّكل‬
‫ون‬
Hartosna: “Saestuna ari jalma-jalma anu iman, nyaeta jalma-jalma anu di mana dibacakeun lafaz ‘Allah’
sok ngageter hatena (sabab inget kana kaagunganna, kagagahan sarta kakawasaan Allah) jeung di mana
ayat-ayat Allah dibacakeun kamaranehanana sok tambah imana/kaprcayaanana kana eta ayat-ayat teh,
jeung ngan ka Pangeranana wungkul -maranehanana tawekal.” (Al Anfal ayat 2)

Ieu ayat nerangkeun kaayaan jiwa jalma nu iman nalika nguping atawa maca lafaz ‘Allah’ sareng nguping
atawa maca al-Qur’an. Mangga rarapkeun kana jiwa urang, naha jiwa urang tos kitu upami nuju maca
atawa nguping jenengan Allah atawa nguping kana ayat-ayat Allah?... Upami henteu kitu, tetela pisan iman
urang teh masih keneh taqlid, acan sampurna. Ku margi kitu urang sadaya kedah ngaronjatkeun kaimanan
sangkan tiasa ngahontal kana eta darajat. Upami urang ngantep salira, paur teuing bilih kalebet kana
darajat jalma anu didawuhkeun ku Allah kieu unggelna:
ِ ‫ُن اَّل ي ُۡب‬ٞ ‫وب اَّل يَ ۡفقَهُونَ بِهَا َولَهُمۡ َأ ۡعي‬
‫ان اَّل‬ٞ ‫ا َولَهُمۡ َءا َذ‬11َ‫رُونَ بِه‬11‫ص‬ ٞ ُ‫نس لَهُمۡ قُل‬
ِ ۖ ‫يرا ِّمنَ ۡٱل ِجنِّ َوٱِإۡل‬ ٗ ِ‫َولَقَ ۡد َذ َر ۡأنَا لِ َجهَنَّ َم َكث‬
ٓ ٓ
١٧٩ َ‫ض ۚلُّ ُأوْ ٰلَِئكَ هُ ُم ۡٱل ٰ َغفِلُون‬
َ ‫ك َكٱَأۡل ۡن ٰ َع ِم بَ ۡل هُمۡ َأ‬ َ ‫يَ ۡس َمعُونَ بِهَ ۚٓا ُأوْ ٰلَِئ‬
Hartosna: “Saenyana Kaula geus nyieun pikeun eusi naraka Jahannam teh mangpirang-pirang jin jeung
manusa. Maranehna barogaeun hate, tapi henteu dipake malikir (kana dalil-dalil ayana jeung kakawasaan
Kaula); maranehna ngabarogaan panon tapi henteu dipake nempo (kana kakawasaan jeung kaanehan
mahluk Kaula); maranehna ngabarogaan ceuli, tapi henteu dipake ngadengekeun kana ayat-ayat, jeung
nasehat-nasehat Kaula. Tah jalma-jalma anu kitu teh saperti sato, malah maranehna teh leuwih sasar,
tibatan sato. Jalma-jalma anu karitu teh, nyaeta jalma-jalma anu paroho ka Alloh.” (al- A’rof: 179)

Ieu ayat teh nerangkeun kalawan eces pisan ngeunaan hate sareng pancaindra jalma-jalma anu nukang-
nonggong kana tanda-tanda kakawasaan Allah, nasehat-nasehat-Na sareng pepeling-Na. Nyakitu deui
urang sadaya kaum muslimin diwajibkeun percaya, nekadkeun sareng nyaksian kana karosulan Nabi
Muhammad S.a.w. sahingga henteu ngagaduhan hate mangmang saeutik oge, yen anjeunna teh utusan
Allah, Nabi panutan urang sadaya.

Para hadirin sadaya anu sami mulya!


Pohara untungna urang sareng bagjana umat Nabi Muhammad S.a.w. anu aya di akhir jaman upami urang
sadaya percaya anu sabenerna, yen anjeunna teh utusan Allah sanaos urang sadaya henteu kantos
patepang sareng anjeunna mung sakadar nguping tina wartos anu diterangkeun ku para kiyai, para ulama
anu nerangkeun dawuhan Allah sareng hadis-hadis rasul-Na, dina kitab-kitab-Na.

Hal ieu teh dumasar kana waleran Kanjeng Nabi Muhammad Saw. kana patarosan para sahabatna
diantawisna nyaeta Mu’adz bin Jabal ngeunaan kana kaimanan jalma mu’min di akhir jaman di
bandingkeun sareng kaimanan para sahabatna. Waleranana:

“Puguh wae aya jalma-jalma mu’min anu leuwih gede ganjaranana dibandingkeun jeung aranjeun sarerea
numutkeun pandangan Allah, nyaeta kaimanan jalma-jalma anu harirup saba’da aranjeun. Maranehanana
ariman ka kaula padahal maranehanana henteu kungsi panggih jeung kaula.” (Tina tafsir Ibnu Katsir juz I
kaca 41)

‫الر ِحْي ُم‬ ِ ِ ‫بار َك اهلل ىِل ولَ ُكم وجِل ِمي ِع الْمسلِ ِم والْمسلِم‬
َّ ‫ات انَّهُ ُه َوالْغَ ُف ْو ُر‬ َ ْ ُ َ َ ‫َ َ ُ َ ْ َ َ ْ ُ ْ نْي‬
= KHUTBAH KADUA =

‫اَ ْش َه ُد اَ ْن الَّاِل هَ اِالَّاهللُ َو ْح َد ُه‬.‫اب َن َو ِاهْي ِه‬ ِ َ‫اجتِن‬ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ ِ


ْ ‫اَحْلَ ْم ُد هلل الَّذ ْى اََمَرنَ ابِ َك ْثَر ِة ذ ْك ِراهلل َو ْامتثَ ال اََوام ِراهلل َو‬
‫ك َس يِّ ِدنَاحُمَ َّم ٍد‬ ِ ِ
َ ‫ص ِّل َو َس لِّ ْم َعلَى َعْب د َك َو َر ُس ْول‬ َ ‫ اَللّ ُه َّم‬,ُ‫ َواَ ْش َه ُد اَ َّن َسيِّ َدنَا حُمَ َّم ًدا َعْب ُدهُ َو َر ُس ْولُه‬,ُ‫ك لَه‬ َ ْ‫الَ َش ِري‬
ِ ‫ اَِّت ُقوا اهلل ح َّق َت ْق واه واَحثُّ ُكم علَى طَع ِة‬,‫اهلل‬
‫اهلل َوطَ َع ِة َر ُس ْولِِه ىِف ْ ُك ِّل‬ ِ ‫اعباد‬ ِ ‫ َفي‬:‫ اََّمابع ُد‬.‫وعلَى اَلِِه واَصحابِِه‬
َ َ ْ ُ ََُ َ َ َ َ َ َْ ََ َ ََ
‫ات اَالَ ْحيَ ِاء ِمْن ُه ْم‬ ِ ‫ات والْمس لِ ِم والْمس لِم‬
َ ْ ُ َ َ ‫َ ُ ْ نْي‬
ِ َ‫ اَللّه َّم ا ْغ ِف ر لِْلم ْؤ ِمنِ والْمْؤ ِمن‬.‫ت لَّعلَّ ُكم ُت ْفلِح و َن‬
ُ َ َ ‫ْ ُ نْي‬ ُ ْ ُ ْ َ ْ‫َوق‬
ٍ
ۡ ‫ َربَّنَا ۡٱفت َۡح بَ ۡينَنَا َوبَ ۡينَ قَ ۡو ِمنَا‬. ِ‫ ربَّناَأنْ ِزلْن ا من زالً مبارك اً وَأنْت خي ر الْمن ِزل‬.‫ات‬ ِ
ۡ َ‫ق َوَأنت‬
‫ ُر‬1‫خَي‬ ِّ ‫بِٱل َح‬ َ ‫َواْالَ ْم َو َ َ َ ُ ْ َ َُ َ َ َ َ ْ ُ ُ ْ نْي‬
‫اح َس نَةً َّو ِىف‬ ‫ِ ىِف‬ ِ ِ
َ ‫انص ْرنَا َعلَى الْ َق ْوم الْ َك اف ِر‬
ٰۡ
َ َ‫ َربَّنَااتنَ ا الدُّني‬.‫ين‬ ُ ‫ت َأقْ َد َامنَا َو‬ ْ ِّ‫اص ْبًر َاو َثب‬َ َ‫ٱلفَتِ ِحينَ َربَّنَ اَأفْ ِر ْغ َعلَْين‬
. َ ‫ب الْ َعالَ ِمنْي‬ ِّ ‫هلل َر‬ ِ ‫الرامِح ِ واحْل م ُد‬ ‫م‬ ‫ح‬ ‫ر‬ ‫ا‬ ‫ا‬‫ي‬ ‫ك‬ ِ‫ بِرمْح ت‬.‫الخر ِةحسنَةً َّوقِنَاع َذابالنَّا ِر‬ ِ
َْ َ َ ‫نْي‬ َّ ََ َ َ َ
ْ َ َ َ َ َ َ َ ْ‫ا‬
Disusun ku: Jamal shidiq, S.Pd.I

You might also like