You are on page 1of 2

ISRO’ MI’RAJ

َ ‫ْج ِد ْاأل ْق‬


، ‫صى‬ ِ ‫ب بِِإس َْرا ِء ال َّرس ُْو ِل ِم َن ْال َم ْس ِج ِد ْال َح َر ِام اِلَى ْال َمس‬ َ ‫ اَ ْل َح ْم ُد ِهللِ الَّ ِذيْ َأحْ َر َم َر َج‬، ِ‫اَ ْل َح ْم ُد ِهلل‬
‫ َوالَّ ِذيْ يَْأ ُم ُرنَا ِبالتَّ ْق َوى ْم َّدةَ ُأ ُم ْو ِرنَا‬،
ُ‫ َوَأ ْشهَ ُد َأ َّن ُم َح َّمدًا َع ْب ُدهُ َو َرس ُْولُه‬،ُ‫ك لَه‬َ ‫َأ ْشهَ ُد َأ ْن اَل إله إال هللا َوحْ َدهُ اَل َش ِر ْي‬
‫ان ِإلَى يَ ْو ِم القيام ِة‬ٍ ‫ص ّل َو َسلّ ْم َعلى سيدنا ُم َح ّم ٍد َو َعلى آلِ ِه ِوَأصْ َحابِ ِه َو َم ْن تَبِ َعهُ ْم بِِإحْ َس‬ َ ‫اَللَّهُ ّم‬ 
ِ ‫ فَيَا أيُّهَا النَّاسُ ُأ ْو‬: ‫أ َّما بَ ْع ُد‬
ِ ‫ اَ ُع ْو ُذ بِاهللِ ِم َن ال َّش ْيطَا ِن الر‬. ‫ص ْي ُك ْم بِتَ ْق َوى هللاِ َوال َّس ْم َع َوالطَّا َع ِة‬
. ‫َّجي ِْم بِس ِْم‬
‫َّحي ِْم‬ ِ ْ‫ هللاِ الرَّح‬:
ِ ‫من الر‬
َ ‫ْج ِد اَأل ْق‬
َ َ‫صى الَّ ِذي ب‬
‫ار ْكنَا َح ْولَهُ لِنُ ِريَهُ ِم ْن‬ ِ ‫ان الَّ ِذي َأس َْرى بِ َع ْب ِد ِه لَ ْيالً ِّم َن ْال َم ْس ِج ِد ْال َح َر ِام ِإلَى ْال َمس‬
َ ‫ُسب َْح‬
ِ َ‫آيَاتِنَا ِإنَّهُ هُ َو ال َّس ِمي ُع الب‬
) 1:‫صي ُر (اإلسراء‬

Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.


Sadaya puji tetep kagungan Allah swt, anu parantos maparin taufek sinareung hidayah
ka urang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah buktosna sholat
jum'at. Khotib nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak di ibadahan anging
gusti Allah Ta'ala, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-
pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi
Muhammad saw. eta hamba Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat
sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw.
ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sinareng
saat.
Sabadana ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah
saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo
hadirin ahli jum'at sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana
kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia parat dugi ka
akherat.
Kange ngisi ajaran taqwa Alloh SWT nguningaken dina salah sawios ayatna dina suroh
Al-Isro’ ayat 1 :

َ ‫ْج ِد اَأل ْق‬


َ َ‫صى الَّ ِذي ب‬
‫ار ْكنَا َح ْولَهُ لِنُ ِريَهُ ِم ْن‬ ِ ‫ان الَّ ِذي َأس َْرى بِ َع ْب ِد ِه لَ ْيالً ِّم َن ْال َم ْس ِج ِد ْال َح َر ِام ِإلَى ْال َمس‬
َ ‫ُسب َْح‬
ِ َ‫آيَاتِنَا ِإنَّهُ هُ َو ال َّس ِمي ُع الب‬
) 1:‫صي ُر (اإلسراء‬
: Hartosna

Maha suci dzat Allah anu parantos ngaberjalankeun hamba-Na di hiji wengi ti kawit Masjidil “
Haram dugi ka Masjidil Aqsha anu parantos kami berkahi disakurilingna agar kami
ningalikeun sebagian tina tanda-tanda (kebesaran) Kami, sayaktosna AnjeunNa Maha
.”Ngadangu oge Maha Uninga

Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.


Alhamdulillahirrobbil alamin muji syukur ka Alloh SWT urang sadayana masih
dipasihan panjang yuswa oge kasehatan dugi ka sasih anu bersejarah ieu.
Di sasih anu mulia ieu,urang salaku umat Islam diemutkeun kana hiji kajadian anu kacida pisan
bersejarah, di mana Kangjeng Nab Muhammad SAW. diisra’ken ku Allah SWT. ti Masjidil
Haram ka Masjidil Aqsha, saterasna di Mirajkeun ti kawit langit ka hiji dugi ka langit ka tujuh
teras ka Sidratul Muntaha.
Dina sasih ieu pisan Kangjeng Nabi Muhammad SAW nampi wahyu parentah solat sacara
langsung ti Allah henteu melalui perantaraan malaekat Jibril,ieu ngabuktoskeun kacida
pentingna solat lima waktu anu mangrupikeun pondasi anu kalintang utamina dina agama sarta
hiji barokah kangge umat Islam. Luyu sareng pidawuh Nabi SAW;

)‫صاَل ةُ ِع َما ُد ال ِّدي ِْن فَ َم ْن َأقَا َمهَا فَقَ ْد َأقَا َمهَا فَقَ ْد َأقَا َم ال ِدي َْن َو َم ْن تَ َر َكهَا فَقَ ْد هَ َد َم ال ِّدي َْن (رواه البيهقي‬
َّ ‫ال‬ 
Hartosna :
“Sholat (lima waktu) mangrupakeun tihangna agama,sing saha jalmina anu ngadrikeun
sholat berarti anjeun na parantos ngadirikeun agamana sareung sing saha jalmana anu
ninggalkeun sholat berarti anjeun na parantos ngarubuhkeun agama”. (HR.Baihaqi) 
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ngalangkungan khutbah awal ieu, mudah-mudahan Allah swt maparin hidayah
sinareung taofik ka urang sadaya sangkan tiasa ngalaksanakeun kawajiban buktosna sholat anu
lima waktu anu nyanak kana kataqwaan, nambah kana kuatna iman sarta tambah kandelna
tauhid k Alloh SWT. Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘Alamin.
‫س ِم ْي ُع ا ْل َعلِ ْي ُم َوقُ ْل‬ ِّ ‫ت َو‬
َّ ‫الذ ْك ِر ا ْل َح ِك ْي ِم َوتَقَبَّ َل ِمنِّ َو ِم ْن ُك ْم تِالَ َوتَهُ اِنَّهُ ُه َو ال‬ ِ ‫ار َك هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم بِاْاآليَاتَا‬
َ َ‫ب‬
ْ ‫ َر ِّب ا ْغفِ ْر َو‬. ….
‫ار َح ْم َواَ ْنتَ ا ْل َغفُ ْو ُر ال َّر ِح ْي ُم‬

You might also like